36
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
H. Maca Ngajembaran
Baca sing gemet
Sapatu Hibar Syahrul Gafur
Kungsi aya berita, boh dina koran boh dina acara salah sahiji televisi swasta. Eusi warta téh nyaéta dipanggihkeunana hiji modél
sapatu anu fungsina kacida pisan pentingna pikeun kasalametan. Di masarakat beuki dieu téh beuki mahabu kajahatan. Kajahatanana
kayaning ‘penjambretan, penodongan, hipnotis, ngabius penumpang’. Kitu deui, nu jail ngaganggu ka kaom wanita, boh dina angkot, boh
dina beus kota, atawa di jalan pasampangan. Mindeng kajadian kaom wanita anu ditodong direbut perhiasanana, direbut HP-na, dijéwang
tasna. Malah aya nu dirogahala sagala.
Tah, jigana ku mindeng manggihan kajadian kawas kitu, boa deuih , karandapan ku babaturanana, siswa SMP Negeri I Bogor anu umurna
kakara 14 taun téh, ngarasa melang. Kumaha mun éta kajadian tumiba ka kulawargana. Éta budak, boga gagasan hayang nyalametkeun
papada jalma, hususna kaom wanita. Nya, manéhna mikir, janggélék baé pilihan téh kana sapatu. Sapatu mah bisa langsung ditajongkeun
kana suku nu jahat. Tangtu baé kudu maké sapatu anu husus. Kacipta
Sumber: health.kompas.com
Di unduh dari : Bukupaket.com
37
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
kawasna, siswa anu ngaran Hibar téh terus konsultasi jeung guru pembimbingna. Éta gagasan diwujudkeun dina sapatu anu dimodifi kasi,
maké tegangan listrik 450W. Éta sapatu téh meunang sababaraha kali percobaan.
Sapatu anti kekerasan hasil karya Hibar Syahrul Gafur 14 taun, nyaéta siswa kelas VIII SMPN I Bogor téh diilukeun dina ajang kompetisi
“Sain Internasional Exhibition of Young Inventors IEYI 2013 di Kuala Lumpur, Malaysia”. Malah hasilna ogé meunang medali emas pikeun
kategori Safeti and Health.
Babaturan sasakolana, umumna warga SMPN I Bogor kacida bungaheunana. Saréréa milu reueus ku préstasina meunang medali
emas. Kitu deui, Wakil Kepala SMPN I Bogor, Bapa Budiman BW
nyebutkeun, pangalaman Hibar ngajadikeun tumuwuhna sumanget keur murid-murid séjénna geusan némbongkeun préstasina supaya teu
éléh ku bangsa séjén.
Diropéa tina
sumber internét
Dina bacaan 1 “Imah Awi Jatnika”. Geus dipedar tokoh ngaran Jatnika nu geus manggihkeun, nyiptakeun, modél imah pikeun ékspor
ka daérah jeung nagara séjén. Dina bacaan 2 tokoh nu ngaran Hibar Syahrul Gafur 14 taun geus manggihkeun, nyiptakeun sapatu
anti kekerasan, ”Safety and Health.” Dua barang ciptaan anu kacida mangpaatna keur nu séjén.
Nyaritakeun Bacaan
Baca deui kalawan taliti carita sapatu téh a.
Panggihkeun poko-poko caritana. b.
Jieun ringkesan carita dumasar kana poko-pokona, maké keke- capan sorangan.
c. Geus réngsé, pék baca sing tartib .
Di unduh dari : Bukupaket.com
38
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
I. Nulis Sajak
Ayeuna mah hayu urang nulis sajak maké cara manjangkeun kecap nu dibéréndélkeun ka handap, upamana ngaran sorangan atawa
naon baé. Mun geus réngsé, tukeurkeun sajak nu urang téh jeung nu babaturan. Pék lisankeun, resep geura
Ieu ayeuna contona.
Basa Sunda B
asa Sunda basa daérah urang
A
yana di Propinsi Jawa Barat
S
ering nu nyebut basa urang Priangan
A
ya ogé nu maké di Cirebon jeung Banten
S
aha baé kudu miara basana
U
rang kudu ngarasa reueus
N
agara jadi beunghar budaya basana
D
ina globalisasi, basa Sunda mageuhan idéntitas bangsa
A
lhamdulillah, mugia tetep manggung di propinsina
Pancen mandiri, bisa dijieun di imah
Tulis sajak bébas ngeunaan ieu hal. Judulna, Imah atawa Sapatu impleng, ciptakeun, tuluy tulis
• Wangun sajakna bébas, teu kauger ku jumlah jajaran, kumaha
• kahayang atawa karep murid. Rék naon nu digambarkeundicarita-
keunana bébas. Kitu deui média basana bébas, Naon-naon nu rék digambarkeun
• dicaritakeun bisa maké kekecapan nu boga harti saujratna, harti
injeumangaya basa atawa babasan Baca keur babaturan sabangku, pék sina ngoméntaran
• Diskusikeun.
•
Di unduh dari : Bukupaket.com
39
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
J. Ngadéklamasikeun Sajak