70
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
Tengetan kalimah nu maké kecap payung ieu di handap Pék hartikeun.
1. Waktu hujan Bu Guru dipayung.
2. Bapa Presiden jadi papayung nagara.
3. Méga téh
mayungan rombongan nu keur pawéy Agustusan. 4.
Payung-payung geulis keur digambaran kembang. 5.
Langlayangan Usép ngapungna mani mayung.
F. Migawé Pancén
Latihan nulis karangan déskripsi •
Tulis karangan nu ngagambarkeun hiji kaayaan atawa suasana. Panjangna mah saalinéa baé.
• Tugas nyorangan mandiri bisa dijieun di imah masing-
masing
Di unduh dari : Bukupaket.com
MIARA KASÉ ÉHATAN
MASARAKAT M
M
Sumber: www.solopos.com
P A
N GA
JAR A
N
Di unduh dari : Bukupaket.com
72
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
A. Ngaregepkeun Biantara
Hayu urang ngaregepkeun biantara
Jam 09.00. Di buruan kantor RW XII, tos ngarumpul warga, bapa-bapa, ibu-
ibu, jeung barudak. Kitu deui, nu rék masihan biantara, nyaéta patugas ti Dinas Keséhatan Kota. Ceramah nu rék didugikeunana ngeunaan
“demam berdarah”
Kaséhatan Masarakat
Assalamualaikum wr.wb. Bapa-bapa, Ibu-ibu, sadaya nu sami sumping, sim kuring ngahatur-
keun wilujeng tepang. Mugia urang sadaya dipasihan kaséhatan, kabagjaan, kabarokahan, ku Alloh Nu Kagungan, Nu Mahaséhat.
Nu badé didugikeun ku sim kuring dina kasempetan ayeuna, nya- éta perkara kasakit “demam berdarah”
Hadirin sadaya Saleresna mah urang sadaya ogé parantos terang. Naon atuh
kasakit demam berdarah téh?
Sumber: www.rikadanrekan.com
Di unduh dari : Bukupaket.com
73
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
Éta kecap, teu kedah diterjemahkeun kana basa Sunda.Éta mah mangrupa istilah. Teu janten “harééng getihan”. Tuh, apan jadi teu
kahartos, maksudna janten teu puguh. Bapa-bapa, ibu-ibu
“Demam berdarah” téh akibat urang teu maliré kana kabérsihan. Runtah nalambru sapaparat jalan. Pabalatak di juru pakarangan. Kitu
deui, susukan atawa kamalir caina diantep ngeuyeumbeu.Runtah plastik nyocok, mendet. Tah, nu kitu téh bisa ngadatangkeun hawa teu
seger, barau, ngabalukarkeun panyakit. Reungit nyarayang, ngarendog. Megar jaradi utek-utek, jaradi reungit déwasa. Rabeng néangan jelema
cocoeun, dicoco saurang, terusna mah nerekab tatalepa ka unggal jalma.
Tah, ku sabab kitu, urang kedah resep hirup beresih, berséka. Beresih, séhat di lingkungan imah, di sabudeureun buruan. Buruan
lalening, susukan caina lancar ngocorna. Jadi, kaséhatan masarakat kacida pisan ayeuna mah ditangtu-
keunana ku lingkungan anu beresih. Nu teu beresih bisa ngalantarankeun datangna rupa-rupa panyakit.
Panyakit nu kacida dipikasieunna nyaéta panyakit “demam berdarah”
Ngartos, bapa-bapa? Uninga, ibu-ibu ayeuna mah?
Urang kedah kacida bersékana, bersih lingkungan. Kitu deui, diri urang ogé apan kedah séhat.
Urang sadaya kedah merhatoskeun kaséhatan masarakat. Ciri-ciri, gejala “demam berdarah” nyaéta dingawitan ku awak panas ngadadak,
antara 38-40 derajat Celcius, narokrok beureum dina kulit, beureumna téh akibat tina bituna pembuluh darah. Lamun seug dipariksa getih
bakal katangén yén turunna kandungan trombosit.
Nu ngalantarankeun katarajang “demam berdarah” nyaéta alatan virus dangué nu dibawa ku reungit nyamuk Aédés Aegypty. Panyakit
“demam berdarah” bisa disinglar ku cara ngabasmi sayang reungit. Hadirin, tos terang 3M?
Uninga, Pa? Naon panjangna 3M?
Di unduh dari : Bukupaket.com
74
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas VI
M nu kahiji menguras M nu kadua menutup
M nu katilu menimbunmengubur Jadi, 3M téh program kaséhatan masarakat nu ayeuna keur digiat-
keun mariksa utek-utek, jentik reungit ku jumantik juru pemantau jentik Hadirin
Petugas jumantik téh ti Puskesmas, kader posyandu. Tugasna mariksa bak mandi, wadah cai sejenna. Ciri-ciri jentik gerakna ti handap
ka luhur teu eureun-eureun. Cicingna nangtung sisi bak. Geus 6-8 poé jentik jadi cacaka. Saterusna, dina 1-2 poe jadi reungit anyar.
Patugas murulukkeun abaté kana tempat nampung cai, supaya jentikna paraéh. Kitu deui, diayakeun “fogingpengasapan”
Tah kitu Bapa-bapa, Ibu-ibu. Tos terang ayeuna mah, sangkan teu aya panyakit DB, lingkungan kudu beresih.
Sakitu baé biantara ngeunaan DB, sareng cara ngabasmina. Wassalamualaikum, wr.wb.
Hatur nuhun.
B. Ngajawab Pertanyaan