Idéntifikasi Masalah Rumusan Masalah

Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang masalah anu geus dijéntrékeun, nya éta kumaha kualitas soal Ujian Ahir Semester basa Sunda di MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014. Ku kituna, ieu panalungtikan medar ngeunaan tingkat validitas jeung réliabilitas soal ditilik tina validitas eusi, validitas empiris, réliabilitas soal jeung tingkat kalayakan soal. Nurutkeun Sukardi 2012, kc. 32 sacara métodologis, validitas dibagi kana opat rupa, nya éta validitas eusi, konstruk, konkuren, jeung prédiksi. Kaopat rupa validitas éta ogé dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta validitas logis jeung validitas émpiris. Dina ieu panalungtikan, panyusun medar dumasar kana validitas eusi jeung validitas émpiris. Hartina validitas eusi nya éta, soal dibandingkeun jeung rumusan indikator jeung kompetensi dasar, patalina antara rumusan soal jeung indikator, eusi matéri, basa anu dipaké dina soal, patalina antara rumusan soal jeung option jawaban, sarta homogénitas option jawaban. Sedengkeun validitas émpiris nya éta soal anu dipaké téh babari atawa hésé, sarta kumaha daya pangbéda soal.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kasang tukang sarta idéntifikasi masalah anu geus dijéntrékeun di luhur, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah ieu di handap. 1 Kumaha tingkat validitas eusi Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? 2 Kumaha tingkat validitas émpiris Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 1 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Kumaha tingkat réliabilitas Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? 4 kumaha tingkat kalayakan Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014?

1.3 Tujuan Panalungtikan