Téknik Méré Skor Analisis Validitas

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun obsérvasi pikeun maluruh informasi ngeunaan soal jeung lembar jawab siswa basa Sunda di SMK Negeri 2 Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20132014.

3.7.3 Tahap Ngolah Data

3.7.3.1 Téknik Méré Skor

Nurutkeun Slameto, 2001 dina Sukardi, 2009, kc.129, méré skor tés pilihan ganda PG umumna dibédakeun jadi dua rupa, nya éta kucara: 1 Méré skor anu merhitungkeun jawaban salah. Kucara ieu, jawaban salah diperhitungkeun sarta digunakeun jadi denda pikeun ngurangan jawaban anu bener. Rumus anu digunakeunana: Sukardi, 2009 Kat. : N = Niléy B = Jumlah jawaban bener S = Jumlah jawaban salah n = lobana pilihan Konsékuénsi tina ayana denda ieu, siswa jadi leuwih ati-ati dina ngajawab soal. Siswa bakal leuwih taliti sarta ati-ati tina ngajawab soal. 2 Méré skor anu teu merhitungkeun jawaban salah. Jawaban salah teu mangaruhan kana peunteun tina jawaban bener. Niléy ahir tina tés pilihan ganda PG sarua jeung jawaban bener. Rumus anu digunakeunana nya éta: N = B - � −1 Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sukardi, 2009 Kat. : N = Niléy B = jumlah jawaban bener

3.7.3.2 Analisis Validitas

Validitas anu dipaké nganalisis dina ieu panalungtikan nya éta validitas eusi jeung validitas konstruksi. Validitas eusi nya éta ngabandingkeun valid henteuna soal jeung Starndar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar SKKD basa Sunda, indikator, jeung buku ajar, sedengkeun validitas konstruksi leuwih nyoko kana soal jeung tujuan pembelajaranna. 1 Analisis Validitas Eusi Dina validitas eusi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid henteuna soal jeung Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar SKKD, indikator, sarta buku ajar anu di gunakeun di SMK. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas eusi: Tabél 3.3 Conto Tabél Analisis Validitas Eusi No. Soal Soal Standar Kompeténsi dan Kompeténsi Dasar SKKD Silabus SK KD Indikator Buku Sumber 1 2 3 N = B Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Analisis Validitas Konstruksi Dina validitas konstruksi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid- henteuna soal jeung tujuan pembelajaran, anu miboga harti bisa henteuna soal ujian pikeun ngukur hal anu aya dina matéri anu diukurna. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas konstruksi: Tabél 3.4 Conto Tabél Analisis Validitas Konstruksi No. Soal Tujuan Pembelajaran indikator Kat. 1. 2. 3.

3.7.3.3 Analisis Réliabilitas