Syarrah silvia,2014 ANALISIS  SOAL  UJIAN  SAKOLA  MATA  PELAJARAN  BASA  SUNDA  DI  SMK  KOTA  BANDUNG  TAUN
AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi, Data, jeung PopulasiSampel Panalungtikan
3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Ieu Panalungtikan dilakukeun di tilu SMK anu aya di Kota Bandung, nya éta SMK Negeri 2 Bandung anu perenahna di Jalan Ciliwung No. 4, SMK Negeri
5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan 3  Bandung  anu  perenahna  di  jalan  Sumatera  no.41.  Katilu  sakola  éta  dijadikeun
lokasi  panalungtikan  kusabab  éta  tilu  sakola  bisa  ngawakilan  SMK  anu  aya  di Kota Bandung.
3.1.2 Data
Data  nu  ditalungtik  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  butir  soal  jeung jawaban  ujian  sakola  mata  pelajaran  basa  Sunda  siswa  SMK  Negeri  2  Bandung,
siswa SMK Negeri 5 Bandung, sarta siswa SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20132014, sarta angka-angka anu mangrupa data pikeun analisis.
3.1.3 Populasi jeung Sampel
3.1.3.1 Populasi
Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh SMK anu aya di Kota Bandung.
3.1.3.2 Sampel
Téknik sampel anu digunakeun pikeun nangtukeun kelas mana anu lembar jawab  siswana  ditalungtik  nya  éta  ngagunakeun  téknik  random  sampling  sacara
undian.  Sabada  dilaksanakeun  téknik  random  sampling  sacara  undian, ditangtukeun  kelas  anu  lembar  jawab  siswana  rék  ditalungtik  nya  éta  kelas  03
jeung  08  SMK  Negeri  2  Bandung,  kelas  07  jeung  kelas  08  SMK  Negeri  5 Bandung,  sarta  kelas  01  jeung  06  SMK  Pasundan  3  Bandung.  Sangkan  leuwih
jéntré, data ngeunaan kelas anu bakal ditalungtik aya dina tabél di handap:
Syarrah silvia,2014 ANALISIS  SOAL  UJIAN  SAKOLA  MATA  PELAJARAN  BASA  SUNDA  DI  SMK  KOTA  BANDUNG  TAUN
AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.1 Sampel Panalungtikan
3.2 Desain Panalungtikan
Desain anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap : 1
Tatahar Kagiatan  anu  dilaksanakeun  dina  tatahar  ieu  nya  éta  nangtukeun  judul
panalungtikan,  ngulik  pustaka,  nyusun  rarancang  panalungtikan,  konsultasi  ka dosén  pangaping  ngeunaan  panalungtikan,  sarta  ngaréngsékeun  surat  ijin  pikeun
panalungtikan. 2
Ngumpulkeun Data Anu  dilaksanakeun  dina  kagiatan  ngolah  data  nya  éta  ngalaksanakeun
obsérvasi,  ngayakeun  wawancara  jeung  narasumber,  sarta  ngumpulkeun  data atawa dokumén-dokumén pikeun panalungtikan.
3 Ngolah data
Anu  dilaksanakeun  dina  kagiatan  ngolah  data  nya  éta  nganalisis  validitas soal,  réliabilitas  soal,  tingkat  hésé-babarina  soal,  daya  pangbéda  soal,  jeung
analisis opsi soal. Anu satuluyna nyieun kacindekan tina hasil analisis soal. Éta desain panalungtikan bisa ditingali dina diagram di handap:
No. Sakola
Kelas Jumlah Kelas
Siswa Jumlah Siswa
1 SMKN 2 Bandung
Kelas 03 Kelas 08
24 Kelas 20 Siswa
20 Siswa 480 Siswa
2 SMKN 5 Bandung
Kelas 07 Kelas 08
13 Kelas 20 Siswa
20 Siswa 251 Siswa
3 SMK Pasundan 3
Bandung Kelas 01
Kelas 06 7 Kelas
20 Siswa 20 Siswa
125 Siswa
Jumlah 6
Ruang 44 Kelas
120 Siswa 856
Siswa
Syarrah silvia,2014 ANALISIS  SOAL  UJIAN  SAKOLA  MATA  PELAJARAN  BASA  SUNDA  DI  SMK  KOTA  BANDUNG  TAUN
AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Diagram 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan