Watesan Carita Wayang Bagian-bagian Carita wayang

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 104 1 Ngajéntrékeun bébédaan téks eksemplum jeung wanda téks séjénna nepi ka siswa paham jeung nyangkem kaédah-kaédahna. 2 Wadah atawa sarana barudak diajar basa Sunda sacara kontékstual patali jeung kumaha ngagunakeun jeung mikapaham basa Sunda dina téks-téks carita saperti dongéng atawa carpon. 3 Méré pamahaman jeung gambaran ka siswa pikeun nyusun ngarang téks eksemplum kalawan struktur anu mérénah.

3. Carita Wayang Pikeun SMASMK a. Carita Wayang

Salmun 1942:1 nétélakeun, yén kira-kira dina taun 1050 M, Jaman Raja Erlangga nyakrawati, lalajoaneun anu mangrupa “kulit diréka jalma” téh geus aya, sok sanajan jaman harita masih can maké tatabeuhan, cukup ku diomongkeun didongéngkeun. Satuluyna, Salmun ogé nétélakeun yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jeung sajabana. Lian ti éta ciri séjénna téh nyaéta katara tina mébérna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang, haleuangna Nyi Juru sekarsindén, agemana tatabeuhan, jeung ngigelkeunana wayang.

b. Watesan Carita Wayang

Wayang asal kecapna tina bayang, nu hartina nyaéta lalakon wangwangan adeg-pangadegna jelema boh lahirna boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta modél wangwangan jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan saléndro, ditanceb-tancebkeun dina gebog cau Danadibrata, 2006: 739. Wayang nyaéta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jsté. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sindén KUBS, 2007: 561. Nurutkeun Pranowo dina Gumilar 2014, wayang nyaéta salasahiji wangun téater tradisional anu pangbuhunna. Wayang kaasup seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 105 musik, seni tutur, seni lukis, jeung sajabana. Di tatar Sunda aya nu disebut wayang golék, nyaéta bonéka nu dijieunna tina kai. Wayang golék nyaéta seni pintonan wayang nu dijieunna tina bonéka kai, nu populérna di wewengkon Tanah Pasundan.

c. Bagian-bagian Carita wayang

Bagian-bagian carita wayang anu umumna dibagi jadi opat nyaéta: kakawén, murwa, nyandra, jeung antawacana. 1 Kakawén nyaéta tembang dalang dina pagelaran wayang Golék, ngagunakeun basa Kawi. Eusina mangrupa déskripsi kaayaan adegan nu keur dicaritakeun. Istilah kakawén téh aya ogé nu nyebutkeun suluk élmu tasawuf, siloka perlambang nu sok dikawihkeun. Piriganana maké laras saléndro atawa pélog. Conto; “Saurnira tanhana panjang. Sinenggih sabda uninga. Walabakti ya dening asih. Kang asi aja katara.....” Kosasih, 2010: 103. 2 Murwa nyaéta kekecapan bubuka dalang dina basa Kawi, biasana dipirig ku gamelan nu hawar-hawar Kosasih, 2010: 103. Conto Kalayan asmana Allah nu sifat welas tur asih, Kalayan sifat Rosul, diaping ku para Nabi, dijaga ku para Malaikat hibar berkah para Olia pangjurung para karuhun, kuring amit rék mandalangan Soepandi, 1984: 18. Conto murwa dina basa Sunda dalang Abah Abéng Sunarya: “Kuring dalang Ki Kanda Buana, nu puguh indung bapana, ngadeg di pusering jagat Pawayangan, ngawasa wayang sakotak anu rék dikotéktak, ngawasa bari dikawasa ku Gusti Nu Murba Wisésa, nu ngadamel bumi, langit sagorombiyanging alam. Anjeunna nu jumeneng, bari teu aya nu ngajenengkeun, mula jadi ti méméh jadi sakabéh. Anjeunna nu wajib ayana mustahil euweuhna. Teu arah teu enggon, teu ibuan teu ramaan, teu putraan, jumeneng ngadeg ku Anjeunna..........” Kosasih, 2010: 103. 3 Nyandra nyaéta prolog nu dicaritakeun ku dalang sabada murwa, ngagambarkeun kaayaan karajaan, kagagahan jeung kaagungan raja, kautamaan sipat jeung dangdanan bari dipirig ku gamelan nu hawar- hawar. Saperti kieu contona: “Kacarios salebeting padépokan Karang Kamulyan. Hiji resi kaceluk ka kadang éwu, kakoncara ka janapriya, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 106 kajamparing angin-angin. Pandita weruh sadurung winarah, kakasih Pandita Sidik Mulya, kaparek ingkang putra murid...” Kosasih, 2010: 103. Antawacana nyaéta paguneman atawa dialog antar tokoh wayang dina pagelaran wayang. Unggal tokoh miboga sora nu mandiri, nepi ka nu lalajo nu geus apal mah bisa neguh saha nu keur nyarita najan ukur ngadéngé tina sora baé. Aya sababaraha wanda sora nyaéta: sora satria dangah saperti Kresna, Karna, Samba, jsté. Sora satria lungguh saperti Arjuna, Yudistira, Abimanyu, jste. Sora punggawa gagah saperti Gatotkaca, Suyudana, Bisma, jsté. Lian ti wanda sora, tokoh-tokoh dina wayang téh ngabogaan idiolék nu maneuh saperti tokoh Dorna tara tinggaleun ku ciri has: “Ajow Ajow”. Mun tokoh Batara Narada tara leupas ti: “Lakadalah”. Sedengkeun tokoh Kresna sok dimimitian ku “Eudeuh”, jsté. Kosasih,

2010: 103. d. Sempalan Carita Wayang