Prosés Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda Wangun Stratégi Komunikasi

13 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

b. Prosés Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda

Waktu pangajaran basa Sunda keur lumangsung, aya prosés komunikasi. Nurutkeun Djamarah 2002: 44 ngajar mangrupa kagiatan ngatur lingkungan siswa pikeun nepikeun amanat mangrupa pangawéruh, kaparigelan, tur sikep ti guru ka siswa. Dina nepikeun éta amanat, kalawan teu langsung guru tinangtu kudu boga pangabisa ngeunaan tata cara komunikasi sangkan siswa bisa éféktif nyangkem matéri. Ku kituna, guru kudu paham prosés komunikasi salila pangajaran lumangsung. Dina prosés komunikasi nepikeun amanat atawa ide, tinangtu baris aya atrisi penyusutan ma’na komunikasi. Dina prosés komunikasi baris aya atrisi, antukna matéri anu ditarima ku siswa baris béda jeung matéri anu ditepikeun ku guru. Ku kituna, guru diperedih sangkan ngagunakeun stratégi-stratégi komunikasi anu éféktif pikeun ngaminimalisir ayana atrisi. Dina milih stratégi komunikasi dipangaruhan ku faktor internal jeung éksternal. Tarone 1983 nétélakeun yén dina milih stratégi komunikasi dipangaruhan ku faktor: sistem basa, situasi dipakéna basa, jeung pangalaman komunikasi.

c. Wangun Stratégi Komunikasi

Nurutkeun Tarore 1983 aya lima wangun stratégi komunikasi, saperti dina gambar ieu di handap. Nyingkahan Parafrase Strategi Komunikasi Transfer Appeals for Assistance Mine Ieu di handap pedaranana. 1 Nyingkahan, dilakukeun ku jalan nyingkahan tina masalah anu ngaganggu tujuan. Stratégi komunikasi nyingkahan ngawengku: stratégi nyingkahan pesan jeung stratégi nyingkahan topik. 2 Parafrase dilakukeun ku cara ngaganti wangun atawa konsép, saperti: ngagunakeun kecap-kecap sorangan, ngagunakeun conto, atawa ngarékonstruksi kalimah. 14 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 Transfer anu dilakukeun ku jalan nginjeum wangun basa tina basa nu séjén anu leuwih gampang dicangkem pikeun nepikeun maksud komunikasi maké basa kadua B-2. 4 Appeals for assistance anu dilakukeun ku jalan siswa ménta bantuan atawa gawé babarengan jeung babaturanana pikeun ngungkulan hambatan komunikasi ngeunaan hiji hal kalawan ngagunakeun basa kadua. 5 Mine, dilakukeun ku cara ngagunakeun mimik jeung gestur pikeun nepikeun maksud. Dornyei Brown, 2007; Cook, 2008 ngagolongkeun stratégi komunikasi jadi dua, nyaéta stratégi komunikasi nyingkahan jeung stratégi komunikasi konpénsatoris. Stratégi nyingkahan avoidence strategies nyaéta: stratégi anu dilakukeun siswa ku jalan ngajauhan bangbaluh atawa hal anu dianggap hésé. Stratégi nyingkahan ngawengku: stratégi nyingkahan pesen jeung stratégi nyingkahan topik. Stratégi nyingkahan pesen, nyaéta stratégi anu dilakukeun ku cara ngantepkeun amanat teu réngsé lantaran héngkérna basa Stratégi Komunikasi Stratégi Komunikasi Nyingkahan Stratégi Komunikasi Kompénsatoris Stratégi Komunikasi Nyingkahan Topik Stratégi Komunikasi Nyingkahan Amanah Gambar 1. 2 Stratégi Komunikasi 15 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 anu dipimilik. Stratégi nyingkahan topik nyaéta stratégi anu dilakukeun pikeun ngébréhkeun ma’na leksikal basa sasaran dumasar kana pang awéruh ma’na basa anu dikawasa. Stratégi kompénsatoris dilakukeun ku cara ieu di handap. a. Nepikeun teu langsung circumlocution; b. Ngagunakeun istilah alternatif anu ngébréhkeun ma’na leksikal basa sasaran approksimasi; c. Ngagunakeun kecap-kecap serba guna; d. Ngawangun kecap-kecap anyar; e. Ngagunakeun frase cadangan anu diingetna lantaran siswa teu maham komponén morfologis basa target; f. Sinyal non-linguistik, saperti: gerak awak, gestur, éksprési wajah, atawa niru sora; g. Nerjemahkeun kalawan harfiah idiom, struktur leksikal; h. Ngaasingkeun; i. Alih kode; j. Ménta bantuan lawan nyarita kalawan langsung atawa teu langsung; k. Ngagunakeun piranti ragu-ragu pikeun ngeusian jéda jeung ayana waktu pikeun mikir. Gambar 1.2 Stratégi Konpénsatori Stratégi kompensatoris nyaéta stratégi anu digunakeun pikeun kompénsasi teu hadirna pangawéruh dina diri panyatur Stratégi Kompénsatoris 16 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

d. Stratégi Komunikatif sarta Patalina jeung Kamekaran Kognitif