Téhnik Ngolah Data

3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik panalungtikan nyaéta salah sahiji usaha kumaha cara prosedur nu kudu dilaksanakeun kalawan ngagunakeun métode nu tangtu, sangkan tujuan sasaran nu dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal Suyatna, 2002, kc. 19. Luyu jeung pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan téh ngagunakeun téhnik observasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. 1 Téhnik obsérvasi Téhnik obsérvasi nyaéta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka lapangan. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtik sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi. Dina ieu panalungtikan panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara rewahan, pikeun nyangking data nu nyata aya di lapangan. 2 Téhnik Wawancara Téhnik wawancara nyaéta hiji cara pikeun maluruh data anu dilaksanakeun ngaliwatan komunikasi sacara langsung ka narasumber. Wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina kagiatan ieu upacara, di antarana aparat désa, panata calagara upacara rewahan, sawatara warga Désa Taraju. 3 Téhnik Dokuméntasi Téhnik dokuméntasi nyaéta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun motoan kagiatan nu aya patalina jeung upacara rewahan.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nyaéta: 1 niténan deui data nu geus dikumpulkeun; 2 milah-milah data nu nuduhkeun bagian-bagian sajarah upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, jeung unsur sémiotik dina upacara rewahan. 3 ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, jeung unsur sémiotik dina upacara rewahan. 4 nyieun kacindekan tina data anu dipaluruh. Susi Susanti , 2014 Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Unsur sémiotik nu aya dina upacara rewahan nya éta gambaran maksud jeung tujuan nu aya dina upacara adat anu disilokakeun ngaliwatan ikon, indéks, jeung simbol. Lian ti éta, ieu panalungtikan pikeun mikanyaho kumaha lumangsungna upacara rewahan, pikeun mikanyaho unsur sémiotik dina upacara rewahan, pikeun nambahan pangaweruh, jeung pikeun ngamumulé budaya nu aya di sabudeureun panalungtik. Pikeun nyangking data ngeunaan unsur sémiotik dina upacara rewahan, panalungtik ngagunakeun téori sémiotik modél Pierce. Éta modél Pierce ngawengku tilu unsur nu aya dina unsur sémiotik, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif kualitatif, nu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun unsur sémiotik dina upacara rewahan nu aya dina waktu lumangsungna upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, kalengkepan upacara rewahan, jeung kadaharan atawa sasajén upacara rewahan anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeun upacara rewahan. Dumasar kana hasil panalungtikan, ieu panalungtikan ngagambarkeun ngeunaan: 1 sajarah upacara rewahan, 2 prak-prakan upacara rewahan, 3 unsur semiotik dina upacara rewahan, jeung 4 hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran di SMA kelas XII. Sajarah upacara rewahan dimimitian ku Rama Éyang Sunan Manyak dina tanggal 15 Rewah 1417 Hijriah. Ku kituna, upacara rewahan diayakeun pikeun miéling ulang taun jeung wapatna Rama Éyang Sunan Manyak. Lian ti miéling ulang taun jeung wapatna Rama Éyang Sunan Manyak, ieu upacara ogé pikeun miéling wapatna panday Jaya Wiguna, nya éta panday nu munggaran aya di ieu wewengkon. Prak-prakan upacara rewahan dimimitian ku diayakeun sawala para panday. Saméméh upacara rewahan diayakeun, dina peutingna saméméh tanggal

Dokumen yang terkait

Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII : ulikan sémiotik.

1 23 34

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 19 33