FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

(1)

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA

DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Neneng Jeni Tri Wahyuni 1006630

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Folklor dina Tradisi Nujuh Bulanan

di Kecamatan Cilawu Kabupaten

Garut pikeun Bahan Pangajaran

Maca Artikel Budaya

di SMA kelas XII

Oleh

Neneng Jeni Tri Wahyuni

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Neneng Jeni Tri Wahyuni 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Maret 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL

BUDAYA DI SMA KELAS XII1) ABSTRAK

Neneng Jeni Tri Wahyuni2)

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pengetahuan masyarakat terhadap tradisi nujuh bulanan. Masyarakat sudah tidak terlalu mementingkan tradisi nujuh bulanan, padahal tradisi ini merupakan warisan dari nenek moyang kita yang dapat menjadi ciri khas orang Sunda. Penelitian ini untuk mendeskripsikan: 1) tatacara pelaksanaan tradisi nujuh bulanan, 2) folklor apa saja yang terdapat dalam tradisi nujuh bulanan, 3) hasil penelitian untuk bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif kualitatif, dengan menggunakan tehnik observasi rekaman, wawancara dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah kamera dan pedoman wawancara. Hasilnya adalah: pertama, bahwa dalam pelaksanaan tradisi nujuh bulanan terdapat tiga hal yang biasa dilakukan, diantaranya pengajian, membuat rujak dan memandikan yang sedang mengandung. Kedua, dalam tradisi nujuh bulanan terdapat folklor lisan, folklor setengah lisan dan folklor non lisan. Ketiga, hasil penelitian ini dapat digunakan sebagai bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA kelas XII. Hasil dari penelitian ini diharapkan agar masyarakat lebih mengenal tradisi-tradisi leluhur, kemudian dapat menjaga dan melestarikannya. Saran ditujukan kepada peneliti selanjutnya agar lebih mencari dan menggali lebih dalam mengenai tradisi masyarakat Sunda.

(5)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

FOLKLORE ON TINGKEBAN TRADITION IN CILAWU SUB-DISTRIC OF GARUT IN TEACHING READING CULTURE ARTICLE FOR 12th

GRADE SENIOR HIGH SCHOOL1)

ABSTRACT

Neneng Jeni Tri Wahyuni2)

This study is based on the lack of people knowledge about Tingkeban tradition. People have not been prioritizing Tingkeban tradition lately, meanwhile this tradition is a heritage from the descent which can be defined as a thew for Sundanese. The aims of this study are to describe: 1) procedure of Tingkeban tradition, 2) folklore on Tingkeban tradition, 3) the finding of this study as teaching material for reading culture article at senior high school. This study uses desctiptive qualitative method by using technic observation, interview and documentation. Instrument that is used in this study is a camera and a handbook of interview. The finding shows that: first, in the implementation of Tingkeban tradition there are three steps that should be done, those are reading Holly

qur’an, making traditional fruits and vegetables salad dish (Rujak) and bathing pregnancy woman. Second, there are three kinds of folklore in Tingkeban tradition, those are oral folklore, half-oral folklore, and verbal folklore. Third, the finding of this study can be used as teaching material for reading culture article on 12th grade of senior high school. The result of this study is expected to people especially Sundanese in order to know more about their traditions so that it can be maintained and preserved. A recommendation is aimed for the next researcher to analyze and to have deeper exploration about Sundanese tradition.

(6)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) This final paper is under guidance of Bapak Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Ibu Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

(7)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

kaca

JILID ... i

HALAMAN PENGESAHAN ... ii

HALAMAN PERNYATAAN ... iii

ABSTRAK ... iv

PANGJAJAP ... v

TAWIS PANUHUN ... vi

DAPTAR EUSI ... viii

DAPTAR TABEL ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB 1 BUBUKA ... 1

1.1 Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Sistematika Tulisan ... 4

BAB II TRADISI NUJUH BULANAN, FOLKLOR JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA ... 6

2.1 Tradisi Nujuh Bulanan ... 6

2.1.1 Wangenan Tradisi ... 6

(8)

ix

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2 Folklor ... 8

2.2.1 Wangenan Folklor ... 8

2.2.2 Ciri-ciri Folklor ... 8

2.2.3 Wangun Folklor ... 9

2.2.3.1 Folklor Lisan ... 9

2.2.3.2 Folklor Sabagian Lisan ... 10

2.2.3.3 Folklor Non Lisan ... 11

2.3 Bahan Pangajaran ... 11

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 11

2.3.2 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ... 12

2.3.3 Pungsi jeung Mangpaat Bahan Pangajaran ... 12

2.3.3.1 Pungsi Bahan Pangajaran ... 12

2.3.3.2 Mangpaat Bahan Pangajaran ... 13

2.3.3 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar Pangajaran Basa Sunda ... 14

2.3.4 Pangajaran Maca ... 15

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 19

3.1 Lokasi jeung Sumber Data ... 19

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 19

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan ... 20

3.2 Desain Panalungtikan ... 20

3.3 Metode Panalungtikan ... 21

3.4 Wangenan Operasional ... 22

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 23

3.5.1 Kamera Digital ... 23

3.5.2 Pedoman Wawancara ... 23

3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data ... 24

BAB IV HASIL ANALISIS JEUNG PEDARAN FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT ... 25

(9)

x

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.1 Pangajian ... 25

4.1.2 Ngarujak ... 27

4.1.3 Ngamandian nu keur Ngandeg ... 28

4.2 Analisis Folklor dina Tadisi Nujuh Bulanan ... 32

4.2.1 Folklor Lisan ... 32

4.2.2 Folklor Sabagian Lisan ... 32

4.2.3 Folklor Lain Lisan ... 33

4.2.3.1 Barang-barang nu dipaké Sarat ... 33

4.2.3.2 Kadaharan anu Biasa Aya ... 34

4.3 Alternatif Bahan Ajar Maca Artikel ... 35

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 38

5.1 Kacindekan ... 38

5.2 Saran ... 38

DAPTAR PUSTAKA ... 40

(10)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Garut téh salah sahiji Kabupatén di Propinsi Jawa Barat, ieu Kabupatén kabagi jadi sababaraha kacamatan, salah sahijina Kecamatan Cilawu. Di ieu kacamatan aya salah sahiji kabiasaan anu masih kénéh sok dipilampah ku masarakatna, salah sahijina kabiasaan ngurus nu keur kakandungan. Éta tradisi téh disebut salametan nujuh bulanan.

Upacara nujuh bulanan mangrupa salah sahiji adat istiadat Sunda anu masih kénéh sok dilaksanakeun dina waktu aya salah saurang awéwé anu keur ngandeg nincak umur kandungan tujuh bulan. Biasana salametan nujuh bulan dilaksanakeun ku awéwé anu ngandeg dara atawa ngandeg mimitian, ari ngandeg kadua jeung katilu mah jarang dilaksanakeun deui. Dina nangtukeun salametan nujuh bulanan biasana kolot baheula sok ngitung tanggal nu aya tanggal tujuhna.

Dina salametan nujuh bulanan aya tradisi anu biasa dilaksanakeun waktu salametan. Estén (dina Oktaviani, 2010, kc. 18) nétélakeun yén anu dimaksud tradisi téh nya éta kabiasaan turun-tinurun sakelompok masarakat dumasar kana ajén budaya masarakatna. Tradisi ogé mangrupa kabiasaan atawa adat istiadat (Danadibrata, 2006, kc. 655).

Tradisi salametan nujuh bulanan bisa disawang tina kajian folklor. Folklor nya éta bagéan tina budaya anu diwariskeun sacara turun-tinurun ti hiji generasi anu leuwih kolot ka generasi satuluyna ngaliwatan ku cara lisan (tatalepa). Dina salametan nujuh bulanan dianggap ngandung rupa-rupa wangun folklor, boh folklor lisan, boh folklor satengah lisan boh folklor non lisan. Tina éta folklor urang bisa nyangking atawa apal kana pesen-pesen moral anu guna pikeun kahirupan.

(11)

2

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Salametan nujuh bulanan kiwari geus jarang dilaksanakeun sabab sacara umum masarakat geus henteu mentingkeun kana ieu tradisi. Padahal ieu tradisi téh bisa dianggap minangka ciri idéntitas urang Sunda. Ku kituna, Urang Sunda kudu bisa miara tur ngajaga hal-hal anu diwariskeun ku karuhunna, sabab moal samata-mata dilaksanakeun lamun euweuh mangpaatna. Salah sahiji cara pikeun miarana téh bisa diasupkeun kana pangajaran di sakola, sangkan generasi satuluyna apal kana tradisi kolotna.

Bahan pangajaran gedé pangaruhna kana kahontal henteuna tujuan pangajaran, sabab mangrupa eusi tina kagiatan diajar-ngajar. Ku kituna, bahan téh kudu dipilih. Ari sarat pikeun nangtukeun bahan pangajaran téh nya éta ku jalan milih jeung nimbang-nimbang bahan pangajaran anu diluyukeun jeung tingkat kamekaran siswa. Jadi salametan nujuh bulanan téh bisa disusun jadi artikel pikeun bahan pangajaran maca di SMP atawa di SMA. Dina ieu panalungtikan mah di ajukeun di SMA.

Panalungtikan ngeunaan tradisi saméméhna geus aya nu ngalaksanakeun, di antarana ku Ikhsan Nugraha 2011 nu judulna, “Ajen Sosiologis dina Tradisi Upacara Adat Ngalaksa di Desa Rancakalong Kecamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA kelas XII”, Ari Firman, 2012 nu judulna “Ajen Falsafah dina Upacara Tradisi Nyuguh di Kampung Kuta Desa Karangpaningal Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA”, ieu panalungtikan medar ngeunaan tradisi nyuguh, nya éta prak-prakan tradisi nyuguh sarta ajén falsafahna. Tresna Yuniawati, 2012 nu judulna “Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XI”, ieu panalungtikan medar ngeunaan tradisi nyangku, nya éta tradisi meresihan pakakas pusaka titinggal Karajaan Panjalu. Anu dipedar dina ieu panalungtikan nya éta sajarah upacara nyangku, prakprakan upacara nyangku, pungsi upacara nyangku sarta ajén falsafah anu aya dina upacara nyangku. Siti Fitriyasih, 2012 nu judulna “Tradisi Gusaran di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan

(12)

3

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pangajaran Maca Bahasan di SMA”, ieu panalungtikan medar ngeunaan tradisi gusaran nya éta kagiatan pikeun ngislamkeun atawa nyalametkeun budak awéwé. Anu dipedar dina ieu panalungtikan nya éta gambaran umum ngeunaan tradisi gusaran, medar ngeunaan maksud jeung tujuan dilaksanakeun tradisi gusaran, nyangking ajén-inajén anu nyampak dina tradisi gusaran. Aya deui skripsi menang anu judulna “Simbol Budaya anu Nyampak dina Tradisi Sambel Séréh Sabada Ngalahirkeun di Kampung Cikoneng Langkob Désa Alam Endah Kecamatan Rancabali Kabupatén Bandung”, tapi éta panalungtikan medar bahasan sanggeus lahiran, tradisi nujuh bulanan mah can aya nu nglaksanakeun. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna Folklor dina Tradisi Nujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan diwatesan sangkan teu méngpar tina objék nu ditalungtik sarta luyu jeung tujuannana. Panalungtikan dipuseurkeun kana folklor nu nyampak dina upacara nujuh bulanan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, nya éta:

1) kumaha prak-prakan tradisi nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut?

2) Jenis folklor naon waé nu aya dina tradisi nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut?

3) Kumaha hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel kabudaayaan di SMA kelas XII?

(13)

4

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan ieu panalungtikan nya éta mikanyaho jenis folklor dina tradisi nujuh bulanan, boh barang-barang boh prak-prakanna sangkan bisa jadi bahan pangajaran maca artikel budaya kelas XII SMA.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan nu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

1) prak-prakan tradisi nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut. 2) Jenis folklor nu nyampak dina tradisi nujuh bulanan di Kacamatan

Cilawu Kabupatén Garut.

3) Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel kabudayaan dikelas XII SMA.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan bisa méré analisis keur kamekaran paélmuan budaya Sunda boh pikeun aprésiasi budaya, boh pikeun bahan pangajaran. Tina ieu panalungtikan bisa dicangking folklor nu aya dina upacara nujuh bulanan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan folklor dina upacara adat atawa sistem réligi. Sarta bisa méré gambaran hususna ka masarakat satempat ngeunaan upacara nujuh bulanan.

1.5Sistematika Tulisan

Ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta: bab I bubuka, bab II folklor, tradisi nujuh bulanan jeung pangajaran maca, bab III metode panalungtikan, bab IV déskripsi hasil panalungtikan, jeung bab V panutup.

(14)

5

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina bab I, eusina medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina tujuan panalungtikan, aya tujuan umum jeung husus. Sedengkeun dina mangpaat panalungtikan, aya mangpaat sacara tioritis jeung sacara praktis. Tuluy dipedar ogé ngeunaan sistematika tulisan ti mimiti bab I nepi ka bab V.

Dina bab II, eusina mangrupa landasan tioritik. Medar ngeunaan folklor, tradisi nujuh bulanan jeung bahan pangajaran. Dina sub bab folklor, medar ngeunaan jenis-jenis folklor anu jadi ambahan tiori pikeun ngahontal pedaran anu poko dina ieu panalungtikan. Dina sub bab tradisi nujuh bulanan medar ngeunaan wangenan tradisi, jeung wangenan nujuh bulanan. Dina sub bahan pangajaran medar ngeunaan bahan pangajaran pikeun kaparigelan maca.

Dina bab III, eusina ngeunaan métode panalungtikan. Eusina nya éta medar sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan jeung téhnik panalungtikan, nu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung ngolah data.

Dina bab IV, eusina ngadéskripsikeun jeung nganalisis folklor dina tradisi nujuh bulanan, nya éta folklor lisan, satengah lisan jeung folklor non lisan dina tradisi nujuh bulanan, di jerona ngawengku prak-prakan sarta brang-barang nu dipaké nalika tradisi nujuh bulanan.

Bab anu pamungkas nya éta bab V, eusina medar ngeunaan kacindekan tina sakabéh hasil panalungtikan, jeung rékoméndasi kana panalungtikan anu satuluyna.

(15)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Kecamatan Cilawu téh salah sahiji Kacamatan nu aya di Kabupaten Garut. Kecamatan Cilawu legana 7.763 ha, wates wilayahna nya éta Pamulihan, Talégong, Ciséwu, Caringin, Pakénjéng, Mekarmukti, Kabupaten Bandung, jeung Samudra Hindia. Jumlah penduduk di ieu kacamatan téh 96.029 jiwa anu ngawengku 48.592 lalaki jeung 47.437 awéwé. Jumlah désa di ieu kacamatan aya 18 désa, sedengkeun tempat nu dijadikeun panalungtikan mah aya di Désa Pasanggrahan, Désa Karyamekar jeung Désa Ngamplang.

Pasanggrahan

Karyamekar ngamplang

(16)

20

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kaayaan tempat anu aya dina suku Gunung Cikuray anu ngalantarankeun pagawéan atawa mata pencaharian penduduk téh kana tatanén, ternak sato, perkebunan, jeung anu deket ka basisir mah jadi pamayang. Hasil tatanén di Kecamatan Cilawu ngawengku bawang daun, ganas, cau, gedang, siam atawa keprok, markisa, jeung peuteuy. Ternak mah biasana sapi, domba jeung hayam. Tina hasil perkebunan Cilawu katelah ku hasil perkebunan nya éta akar wangi atawa biasa disebut usar, salian éta aya oge cengkéh, entéh, jeung bako.

Kaayaan pendidikan di Kecamatan Cilawu kaitung maju, katingali aya sababaraha sakola ti mimiti TK nepi ka SMA/SMK. Jumlah TK di ieu kacamatan aya genep, RA opat, SD 68, MI tilu, SMP dalapan, MTs genep, SMA dua, jeung SMK dua.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina panalungtikan mangrupa subjék ti mana urang menangkeun éta data. Waktu panalungtik ngagunakeun kuisionér atawa wawancara dina ngumpulkeun datana, sumber datana disebut réspondén, nya éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik sacara tinulis atawa lisan (Arikunto, 2010. kc. 172). Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kagiatan dina upacara nujuh bulanan, barang-barang nu dipaké dina upacara nujuh bulanan, informasi ti indung berang sarta tina buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung judul panalungtikan.

3.1.3 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa studi pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyusun laporan panalungtikan.

Gambar 3.1 Lokasi panalungtikan

(17)

21

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Unggal panalungtikan téh salawasna baris merlukeun métode anu luyu jeung udagan anu baris dihontalna.

TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun :

1. Prak-prakan nujuh bulanan.

2. Jenis folklor anu nyampak dina upacara nujuh bulanan. 3. Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel

kabudayaan di SMA kelas XII.

NGUMPULKEUN DATA TINA BUKU-BUKU SUMBER NGEUNAAN TRADISI NUJUH BULANAN

NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KECAMATAN CILAWU JEUNG NGAWAWANCARA PARAJI

ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA

(18)

22

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Arikunto (2006, kc. 160) nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanna. Harti métode sacara jembar dianggap mangrupa stratégi pikeun nyangkem réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab-akibat anu satuluyna. Salaku alat, sarua jeung téori, métode miboga fungsi pikeun ngabasajankeun supaya leuwih babari ditalungtik jeung dicangkem.

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif kualitatif. Nurutkeun Bodgan jeung Taylor (dina Basrowi, 2008, kc. 21), métode kualitatif salaku prosédur panalungtikan nyangking data déskriptif anu mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.

Jadi, métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadékripsikeun folklor nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Métode panalungtikan ieu dipiharep bisa ngahontal tujuan panalungtikan anu baris dihontal.

3.2.1 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nya éta hiji hal anu dipercaya bebeneranna ku panalungtik anu miboga pungsi salaku hal-hal nu dipaké pikeun tempat nangtung panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikanna (Arikunto, 2006, kc. 24).

1) Tradisi Nujuh Bulanan

Upacara nujuh bulanan nya éta salasahiji upacara salametan nu keur kakandungan nalika umur kandungan geus nincak tujuh bulan, dina upacara nujuh bulanan biasana aya adat ngamandian nu keur kakandungan jeung ngarujak.

2) Folklor

Folklor nya éta bagéan tina budaya anu mangrupa carita rayat anu ngawengku kapercayaan, adat istiadat, paribasa, katahayulan, mitos, legénda,

(19)

23

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dongéng anu diwariskeun sacara turun-tinurun ti hiji generasi anu leuwih kolot ka generasi anu leuwih ngora kalawan ku cara lisan.

3) Bahan Pangajaran Maca

Bahan pangajaran nya éta salah sahiji komponén sistem pangajaran anu miboga peran penting dina ngabantuan siswa sangkan bisa ngahontal SKKD anu eusina pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep atawa ajén anu kudu dipikaweruh ku siswa (Yuniawati, 2012, kc. 37). Maca nurutkeun Hodgson (dina Tarigan, 2008, kc. 7) maca nya éta hiji proses nu dilakukeun sarta dipaké ku nu maca pikeun menangkeun pesen, anu baris ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan kekecapan atawa basa tinulis. Bahan pangajaran maca nya éta bahan pangajaran anu dijerona ngawengku aspék kaparigelan maca.

3.3Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat-alat nu dipaké pikeun menangkeun atawa ngumpulkeun data pikeun ngabéréskeun pasualan panalungtikan atawa ngahontal tujuan panalungtikan.

3.3.1 Kaméra Digital

Kaméra foto digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan dina prak-prakan nujuh bulanan.

3.3.2 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara indung berang atawa paraji. Dina ieu panalungtikan maké sistem wawancara terstruktur.

Tabel 3.1

Daftar informan no :

wasta : umur : alamat :

(20)

24

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.2

Pedoman Wawancara

3.4Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa salah sahiji upaya dina panalungtikan ngagunakeun métode anu baris ditangtukeun sangkan tujuanna bisa kahontal. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi, téhnik dokuméntasi, jeung téhnik wawancara.

a) Téhnik obsérvasi

Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha prak-prakan tradisi nujuh bulanan jeung prak-prakan ngajarkeun materi maca artikel.

b) Téhnik dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti sumber lain manusa, diantarana dokumén jeung rékaman. Dokuméntasi asalna tina kecap dokumén, anu hartina barang-barang anu tertulis. Dina ngalaksanakeun métode dokuméntasi, panalungtik nalungtik kana barang-barang tertulis saperti buku, majalah, dokumén, peraturan,jsb (Arikunto, 2010. Kc. 201).

c) Téhnik wawancara

No Pedoman patalékan wawancara 1. Prak-prakan tradisi nujuh bulanan.

2. Pakakas nu digunakeun dina tradisi nujuh bulanan.

3. Kadaharan has nu aya dina tradisi nujuh bulanan.

(21)

25

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Wawancara mangrupa hiji paguneman anu dilakukeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun menangkeun informasi ti nu diwawancara. Interviu digunakeun ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan salah sahiji jalma.

(22)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tradisi nujuh bulanan mangrupa salah sahiji tradisi anu masih kénéh sok dilaksanakeun di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut. Ieu tradisi dilaksanakeun dina waktu aya salah saurang awéwé ngandeg anu umur kandunganna nincak tujuh bulan. Tradisi nujuh bulanan mangrupa warisan ti kolot urang baheula anu kudu dijaga ku urang salaku urang Sunda ngarah henteu leungit kalindes jaman.

Prak-prakan tradisi nujuh bulanan dimimitian ku pangajian, dituluykeun ku ngarujak jeung ngamandian nu keur ngandeg. Dina Pangajian dipingpin ku saurang ustad, biasana dilaksanakeun peuting saméméh isukna ngamandian. Dina pangajian biasana disadiakeun sarat-sarat kayaning samping tujuh, sasajén, duwegan, cai kembang, hihid tujuh, coét, hahampangan, wajit ngora jeung dodol, damar jeung bolat bodas katut jarumna. Surat anu dibacakeun dina pangajian nya éta Surat Yusuf, Surat Mariyam, Surat Yasin jeung Solawat Kamilah. Dina ngarujak, kulawarga geus nyiapkeun bungbuahan keur nyieun rujak kanitrén, aya hui, bonténg, jambu, dalima, balingbing, ganas, jeung gedang. Bungbuahan éta diteukteukan laleutik tuluy digalokeun jeung bumbu rujak anu satuluyna sanggeus bérés dimandian engkéna didagangkeun ku nu ngandeg. Satutas ngarujak, paraji nyiapkeun sakabéh sarat pikeun ngamandian. Beuteung nu keur ngandeg diusapan ku paraji anu saméméhna diusapkeun kana waluh maké minyak keletik. Dina prosés ngamandian, nu keur ngandeg dibawa ka buruan kayaning maké samping. Ngamandian nu keur ngandeg téh ku tujuh jalma. Dina unggal jalma nu ngamandian, samping nu dipaké kudu diganti nepi ka tujuh kali. Sésa cai ngamandian diguyurkeun ka nu keur ngandeg, belutna diasupkeun kana beuteung tuluy disolosorkeun kana beuteung nu keur ngandeg ngarah lancar dina waktu

(23)

39

ngalahirkeun. Dina waktu paraji ngaguyurkeun cai, duwegan dibeulah ku salakina nu keur ngandeg ku cara dikadék jadi dua. Satutas éta nu keur ngandeg dibawa ka imah pikeun dibenerkeun kandunganna, ogé di cék naha lila kénéh atawa geus téréh ngalahirkeun.

Dina tradisi nujuh bulanan miboga folklor, nya éta opat folklor lisan, lima folklor sabagian lisan, jeung 16 folklor lain lisan.

Tradisi nujuh bulanan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Tradisi nujuh bulanan mangrupa tradisi urang anu kudu dipikanyaho ku masarakat Sunda umumna, sarta siswa SMA hususna, salaku generasi satuluyna. Éta tradisi téh luyu jeung SKKD Standar Kompetensi Maca di SMA/SMK/MA Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda kelas XII, nya éta nomer 12.3 jeung kaasup dina poin anu aya dina SKKD pangajaran Basa Sunda nya éta maca artikel budaya.

5.2 Saran

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan:

1) Pikeun pamaréntah kudu bisa, hususna Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan kudu mikaweruh deui tradisi-tradisi anu masih kénéh aya di masarakat, anu bisa diasupkeun kana bahan pangajaran di sakola sangkan leuwih dipikanyaho ku siswa salaku generasi anyar.

2) Pikeun masarakat hususna Kecamatan Cilawu, umumna sakabéh masarakat Sunda, urang kudu bisa ngajaga tur ngamumulé ieu tradisi. 3) Pikeun panalungtik saterusna, ieu panalungtikan téh masih jauh tina

sampurna, sabab masih loba tradisi nujuh bulanan anu aya di masarakat Sunda séjénna nu can kapaluruh, ku kituna dipiharep aya panalungtik nu nalungtik leuwih jero ngeunaan nujuh bulanan.

(24)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Basrowi, & Suwardi. (2008). Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rhineka Cipta. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Departemen Pendidikan Nasional. (2002). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Bahasa.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Mustapa, H.R.H. (1996). Adat Istiadat Sunda. (disunting ku Maryati Sastrawijaya). Bandung: Alumni.

Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers.

Sujarwa. (2010). Ilmu sosial Dan Budaya Dasar: Manusia dan Fenomena

Sosial Budaya . Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Susilana, R. dkk. (2006). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurtekpen FIP UPI.

(25)

41

Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya

Ilmiah. Bandung: UPI Press. Skripsi:

Gunawan, Y.(2009). Carita Rakyat Anu Aya Di Kecamatan Talaga

Kabupaten Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran di SMP. Bandung:

JPBD UPI.

Oktaviani, F.(2010). Simbol Budaya Nu Nyampak Dina Tradisi Sambel

Séréh Sabada Ngalahirkeun Di Kampung Cikoneng Langkob Desa Alam Endah Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung. Bandung:

JPBD UPI.

Yuniawati, T.(2012). Ajén Falsafah Dina Upacara Adat Nyangku Di

Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu

Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XI. Bandung: JPBD UPI.

Internet :

Jalius. (2009). Tradisional. [Online]. Tersedia di:

http;//jalius12.wordpress.com/2009/10/06/tradisional/. Diakses 4 Januari 2014

Chandrarini. (2010). Upacara Tingkeban Nujuh Bulanan. [Online]. Tersedia di http://chandrarini.com/upacara-tingkeban-nujuh-bulanan. Diakses 4 Januari 2014

Pamupulbayu. (2011). Upacara Daur hidup Masyarakat Sunda. [Online]. Tersedia di http://pamupulbayu.wordpress.com/2011/12/26/upacara-daur-hirup-masarakat-sunda/. Diakses 4 Januari 2014

(26)

42

Juono, R.P. (2013). Penyusunan Bahan Pembelajaran. [Online]. Tersedia di

(1)

25

Wawancara mangrupa hiji paguneman anu dilakukeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun menangkeun informasi ti nu diwawancara. Interviu digunakeun ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan salah sahiji jalma.

(2)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tradisi nujuh bulanan mangrupa salah sahiji tradisi anu masih kénéh sok dilaksanakeun di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut. Ieu tradisi dilaksanakeun dina waktu aya salah saurang awéwé ngandeg anu umur kandunganna nincak tujuh bulan. Tradisi nujuh bulanan mangrupa warisan ti kolot urang baheula anu kudu dijaga ku urang salaku urang Sunda ngarah henteu leungit kalindes jaman.

Prak-prakan tradisi nujuh bulanan dimimitian ku pangajian, dituluykeun ku ngarujak jeung ngamandian nu keur ngandeg. Dina Pangajian dipingpin ku saurang ustad, biasana dilaksanakeun peuting saméméh isukna ngamandian. Dina pangajian biasana disadiakeun sarat-sarat kayaning samping tujuh, sasajén, duwegan, cai kembang, hihid tujuh, coét, hahampangan, wajit ngora jeung dodol, damar jeung bolat bodas katut jarumna. Surat anu dibacakeun dina pangajian nya éta Surat Yusuf, Surat Mariyam, Surat Yasin jeung Solawat Kamilah. Dina ngarujak, kulawarga geus nyiapkeun bungbuahan keur nyieun rujak kanitrén, aya hui, bonténg, jambu, dalima, balingbing, ganas, jeung gedang. Bungbuahan éta diteukteukan laleutik tuluy digalokeun jeung bumbu rujak anu satuluyna sanggeus bérés dimandian engkéna didagangkeun ku nu ngandeg. Satutas ngarujak, paraji nyiapkeun sakabéh sarat pikeun ngamandian. Beuteung nu keur ngandeg diusapan ku paraji anu saméméhna diusapkeun kana waluh maké minyak keletik. Dina prosés ngamandian, nu keur ngandeg dibawa ka buruan kayaning maké samping. Ngamandian nu keur ngandeg téh ku tujuh jalma. Dina unggal jalma nu ngamandian, samping nu dipaké kudu diganti nepi ka tujuh kali. Sésa cai ngamandian diguyurkeun ka nu keur ngandeg, belutna diasupkeun kana beuteung tuluy disolosorkeun kana beuteung nu keur ngandeg ngarah lancar dina waktu

(3)

39

ngalahirkeun. Dina waktu paraji ngaguyurkeun cai, duwegan dibeulah ku salakina nu keur ngandeg ku cara dikadék jadi dua. Satutas éta nu keur ngandeg dibawa ka imah pikeun dibenerkeun kandunganna, ogé di cék naha lila kénéh atawa geus téréh ngalahirkeun.

Dina tradisi nujuh bulanan miboga folklor, nya éta opat folklor lisan, lima folklor sabagian lisan, jeung 16 folklor lain lisan.

Tradisi nujuh bulanan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Tradisi nujuh bulanan mangrupa tradisi urang anu kudu dipikanyaho ku masarakat Sunda umumna, sarta siswa SMA hususna, salaku generasi satuluyna. Éta tradisi téh luyu jeung SKKD Standar Kompetensi Maca di SMA/SMK/MA Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda kelas XII, nya éta nomer 12.3 jeung kaasup dina poin anu aya dina SKKD pangajaran Basa Sunda nya éta maca artikel budaya.

5.2 Saran

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan:

1) Pikeun pamaréntah kudu bisa, hususna Dinas Pariwisata jeung

Kabudayaan kudu mikaweruh deui tradisi-tradisi anu masih kénéh aya di masarakat, anu bisa diasupkeun kana bahan pangajaran di sakola sangkan leuwih dipikanyaho ku siswa salaku generasi anyar.

2) Pikeun masarakat hususna Kecamatan Cilawu, umumna sakabéh

masarakat Sunda, urang kudu bisa ngajaga tur ngamumulé ieu tradisi. 3) Pikeun panalungtik saterusna, ieu panalungtikan téh masih jauh tina

sampurna, sabab masih loba tradisi nujuh bulanan anu aya di masarakat Sunda séjénna nu can kapaluruh, ku kituna dipiharep aya panalungtik nu nalungtik leuwih jero ngeunaan nujuh bulanan.

(4)

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014

Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Basrowi, & Suwardi. (2008). Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rhineka Cipta. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Departemen Pendidikan Nasional. (2002). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Bahasa.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda.

Bandung: CV Geger Sunten.

Mustapa, H.R.H. (1996). Adat Istiadat Sunda. (disunting ku Maryati Sastrawijaya). Bandung: Alumni.

Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers.

Sujarwa. (2010). Ilmu sosial Dan Budaya Dasar: Manusia dan Fenomena Sosial Budaya . Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Susilana, R. dkk. (2006). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurtekpen FIP UPI.

(5)

41

Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Skripsi:

Gunawan, Y.(2009). Carita Rakyat Anu Aya Di Kecamatan Talaga

Kabupaten Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran di SMP. Bandung: JPBD UPI.

Oktaviani, F.(2010). Simbol Budaya Nu Nyampak Dina Tradisi Sambel Séréh Sabada Ngalahirkeun Di Kampung Cikoneng Langkob Desa Alam Endah Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung. Bandung: JPBD UPI.

Yuniawati, T.(2012). Ajén Falsafah Dina Upacara Adat Nyangku Di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu

Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XI. Bandung: JPBD UPI.

Internet :

Jalius. (2009). Tradisional. [Online]. Tersedia di:

http;//jalius12.wordpress.com/2009/10/06/tradisional/. Diakses 4 Januari 2014

Chandrarini. (2010). Upacara Tingkeban Nujuh Bulanan. [Online]. Tersedia di http://chandrarini.com/upacara-tingkeban-nujuh-bulanan. Diakses 4 Januari 2014

Pamupulbayu. (2011). Upacara Daur hidup Masyarakat Sunda. [Online]. Tersedia di http://pamupulbayu.wordpress.com/2011/12/26/upacara-daur-hirup-masarakat-sunda/. Diakses 4 Januari 2014

(6)

Juono, R.P. (2013). Penyusunan Bahan Pembelajaran. [Online]. Tersedia di

Dokumen yang terkait

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

5 81 53

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 19 33

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1006630 Title

0 0 3