AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

(1)

851/FPBS/0251/2015

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY

DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

ku

Rida Padilah NIM 1102478

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONÉSIA

2015

(2)

DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN

BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN

BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Oleh Rida Padilah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Rida Padilah 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY

DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN

GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII1

Rida Padilah2

Abstrak

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah anu aya dina upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII. Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Data anu geus dikumpulkeun, dianalisis ngagunakeun métode déskripsi. Sumber datana nya éta ti kuncén Kabuyutan Ciburuy, dulur-dulur kuncén, jeung masarakat sabudeureunna anu ilubiung dina upacara Séba Ciburuy. Ieu upacara mangrupa salasahiji upacara anu miboga udagan pikeun ngaberesihkeun titinggal karuhun saperti naskah-naskah kuno jeung keris anu aya dina peti di Kabuyutan Ciburuy. Anapon udagan utamana nya éta dina raraga mapag taun baru Islam jeung mapag babarna Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Loba ajén inajén falsafah anu nyangkaruk dina upacara Séba Ciburuy, di antarana ditilik tina (properti) panglengkep upacara, waktu upacara jeung prosés prak-prakan upacara. Analisis ajén falsafah anu aya dina ieu panalungtikan nya éta ajén métafisika, ajén épistemologi, ajén éstétika, jeung ajén étik (moral). Ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambah khasanah kabudayaan jeung bahan pangajaran di sakola utamana pangajaran ngeunaan budaya lokal. Alatan kitu, ieu hasil analisis upacara Séba Ciburuy bisa dijadikeun materi pangajaran artikel budaya anu digunakeun pikeun bacaeun di SMA kelas XII.

Kecap Galeuh: Ajén Falsafah, Upacara Séba Ciburuy jeung Bahan Pangajaran.

.

1

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum dan Drs. H. O. Solehudin, M. Pd

2

(5)

i

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NILAI FALSAFAH UPACARA SÉBA CIBURUY DESA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATEN GARUT SÉBAGAI

BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMA KELAS XII3

Rida Padilah4

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan nilai falsafah yang ada dalam upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut sebagai materi pembelajaran membaca artikel budaya di SMA kelas XII. Data dikumpulkan melalui teknik observasi, wawancara dan dokumentasi. Data yang telah terkumpul dianalisis menggunakan metode deskripsi. Sumber data diambil dari kuncen Kabuyutan Ciburuy dan keluarganya, juga masarakat setempat yang ikut berpartisipasi dalam pelaksanaan upacara Séba Ciburuy. Upacara ini merupakan salah satu upacara yang bertujuan untuk membersihkan peninggalan leluhur seperti naskah-naskah kuno dan keris yang ada di Kabuyutan Ciburuy. Adapun tujuan utamanya adalah dalam rangka menyambut tahun baru Islam dan menyambut lahirnya Baginda Besar Habibana wanabiyana Muhammad Saw. Banyak nilai-nilai falsafah yang terkandung dalam upacara Seba Ciburuy di antaranya dilihat dari (properti) kelengkapan upacara, waktu pelaksanaan dan proses pelaksanaan upacara. Analisis nilai falsafah yang ditemukan dalam penelitian ini, yaitu nilai metafisika, nilai epistemologi, nilai estetika, dan nilai etik (moral). Penelitian ini bermanfaat untuk menambah khasanah kebudayaan dan bahan pembelajaran di sekolah terutama pembelajaran tentang budaya lokal. Oleh karena itu, hasil analisis upacara Séba Ciburuy ini dapat dijadikan materi artikel budaya yang dapat digunakan sebagai bahan bacaan SMA kelas XII.

Kata kunci: Nilai falsafah, Upacara Séba Ciburuy, Bahan Pembelajaran.

3

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum dan Drs. H. O. Solehudin, M. Pd

4

(6)

THE PHILOSOPHY VALUE IN SÉBA CEREMONY CIBURUY AT PAMALAYAN VILLAGE KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATEN

GARUT FOR MATERIALS LEARNING IN SMA CLASS XII5

Rida Padilah6

Abstract

The research purpose to describe the value of philosophy in Séba ceremony Ciburuy Pamalayan Village District Bayongbong Garut as teaching materials about read culture of article in SMA class XII. Data were collected through observation, interviews and documentation. The collected data were analyzed using the metode of description. Source of data taken from Kuncen and family Kabuyutan Ciburuy, and local society who participated in the ceremony Ciburuy Séba. This ceremony is a ceremony that aims to clear ancestral heritage as ancient manuscripts and a dagger that exist in the chest in Kabuyutan Ciburuy. The main goal is to celebrate the Islamic new year and the birth of the prophet Muhammad. Many of the values contained in the philosophy of Sheba ceremony Ciburuy including from the property completeness of the ceremony, the execution time and the process of implementation of the ceremony. Analysis value of philosophy found in this research, namely the value of metaphysics, epistemology values, aesthetic values, Jeung ethics (moral). This research is useful to add the repertoire of culture and learning materials in schools, especially learning about the local culture. Therefore, the results of this analysis Ciburuy Séba ceremony can be made of material culture articles that can be used as a literature of SMA class XII.

Keywords: The Philosophy Value, Séba Ceremony Ciburuy, Materials learning

5

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum dan Drs. H. O. Solehudin, M. Pd

6

(7)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR GAMBAR ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 7

2.1 Filsafat, Budaya, Upacara Adat, jeung Bahan Pangajaran ... 7

2.1.1 Filsafat ... 7

2.1.1.1 Objek Filsafat ... 9

2.1.1.2 Klasifikasi (babagian) Filsafat ... 10

2.1.1.3 Ajén Falsafah ... 12

2.1.2 Budaya ... 15

(8)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

2.1.2.2 Wujud Budaya ... 16

2.1.2.3 Unsur-unsur Budaya ... 18

2.1.3 Upacara Adat ... 18

2.1.3.1 Wangenan Upacara Adat ... 18

2.1.3.2 Tujuan Upacara Adat ... 19

2.1.3.3 Properti atawa alat dina Upacara Séba ... 19

2.1.4 Bahan Pangajaran ... 20

2.1.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 20

2.1.4.2 Wangenan Maca ... 20

2.1.4.3 Tujuan Pangajaran Maca ... 21

2.1.4.4 Kriteria Milih Pangajaran Maca ... 21

2.1.4.5 Métode Pangajaran Maca ... 22

2.1.4.6 Nyusun Bahan Pangajaran Maca ... 23

2.1.4.7 Keterbacaan ... 23

2.1.4.8 (Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar) KIKD Maca di SMA/SMK/MA Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 24

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 26

2.3 Raraga Téori ... 27

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 28

3.1 Desain Panalungtikan ... 28

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan ... 29

3.2.1 Patisipan ... 29

3.2.2 Tempat Panalungtikan ... 30

3.3 Ngumpulkeun Data ... 31

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data ... 31

3.4 Analisis Data ... 34

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 35

4.1 Upacara Séba Ciburuy ... 35

(9)

viii

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

4.1.2 Prak-prakan Upacara Séba Ciburuy ... 37

4.1.2.1 Pra Upacara ... 38

4.1.2.2 Prakna Upacara ... 39

4.1.2.3 Pasca Upacara ... 46

4.2 Ajén Palsapah dina Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan ... 47

4.2.1 Déskripsi Ajén Palsapah Upacara Séba Ciburuy Dumasar Hasil Wawancara ... 47

4.2.2 Bahasan Ajén Palsapah dina Upacara Séba Ciburuy ... 54

4.2.3Rélevansi Upacara Séba Ciburuy jeung Kahirupan Masarakat Pamalayan Kiwari ... 56

4.3 Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya (Upacara Séba Ciburuy) di SMA Kelas XII ... 57

4.3.1 Kasaluyuan Dijadikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca ... 57

4.3.2 Maca Artikel Budaya ... 58

4.3.3 Évaluasi Pangajaran ... 60

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 63

5.1 Kacindekan ... 63

5.2 Rékoméndasi ... 64

DAPTAR PUSTAKA ... 66

LAMPIRAN ... 68

(10)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

(11)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB 1

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Budaya mangrupa cicirén hiji bangsa anu turun tinurun ti para karuhun ka turunannana. Saupama budaya teu dimumulé jeung diraksa, mangka éta budaya bakal leungit jeung hiji bangsa tangtuna moal boga cicirén deui. Saupama hiji bangsa geus teu boga cicirén, mangka éta bangsa moal dianggap ku bangsa lianna. Wangun budaya téh teu lepas tina akal, pikiran, jeung paripolah manusa. Alatan kitu, budaya miboga kalungguhan nu penting pisan pikeun kahirupan manusa.

Budaya nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 165), kabagi jadi tujuh unsur kabudayaan. Unsur-unsur budaya éta ngawengku: (1) sistem basa; (2) sistem pangaweruh; (3) organisasi kamasarakatan; (4) sistem pakakas hirup manusa jeung téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi; jeung (7) sistem kasenian. Tina éta tujuh unsur kabudayaan, sistem religi mangrupa unsur budaya anu panghéséna robah atawa kapangaruhan ku budaya séjén. Sistem religi mangrupa kayakinan ka pangéran (Allah Swt). Sistem religi éta bisa nyangkaruk dina rupa-rupa upacara tradisional, boh anu dilaksanakeun sacara rutin boh anu ngan saukur kakapeungan. Dina enas-enasna, éta upacara tradisional téh mangrupa wujud tina

interaksi antara manusa jeung pribadina, manusa jeung masarakat

sabudeureunnana, manusa jeung alamna, sarta utamana manusa jeung Nu maha kawasa.

Dina budaya Sunda, patalina antara upacara tradisional jeung kaagamaan téh geus teu ahéng kadéngéna, alatan budaya Sunda kasohor ku upacara-upacara kaagamaannana. Upacara kaagamaan dina kabudayaan suku bangsa, ilaharna mangrupa unsur kabudayaan anu geus nyampak. Hal ieu saluyu jeung anu ditétélakeun ku Ronald Robertson, yén agama téh raket patalina jeung ajaran-ajaran bebeneran anu luhung jeung mutlak ngeunaan tingkah laku manusa, sarta pituduh pikeun kasalametan hirup di dunya jeung di ahérat atawa dina harti séjén, salaku manusa anu takwa ka Allah Swt, miboga adab sarta manusiawi anu béda

(12)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung cara hirup sato atawa mahluk goib. Ritual atawa upacara, ilaharna lumangsung kalayan tuluy-tumuluy boh saban poé, saban minggu, atawa saban bulan (http://forester-untad./makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html).

Salah sahiji wangun upacara nu aya dina kabudayaan Sunda, nya éta Upacara Séba Ciburuy anu aya di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Sakumaha upacara adat séjénna, upacara Séba Ciburuy miboga maksud jeung tujuan anu tangtu, salah sahijina nya éta pikeun ngaluarkeun jeung ngaberesihkeun barang-barang pusaka anu aya di Kabuyutan Ciburuy.

Nalika bulan Muharam, masarakat Ciburuy anu mukim di suku Gunung Cikuray, sok rutin ngalaksanakeun ieu upacara adat. Ieu perkara, minangka hiji acara dina raraga ngahormat ka karuhun masarakat Ciburuy, sarta jadi upaya pikeun ngamumulé budayana.

Nurutkeun Danadibrata (2006, kc. 617), kecap séba hartina ngadeuheus ka raja. Anapon nu dimaksud Upacara Séba di Kabuyutan Ciburuy, mangrupa hiji tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat pikeun ngadeuheus ka karuhun, nyérénkeun sagala rupa hal anu geus dilakonan salila sataun, kalayan ngariksa tempat jeung barang-barang pusaka anu aya di éta situs Ciburuy.

Upacara Séba minangka pangajén ka karuhun nu boga kalungguhan luhung dibarengan ku nyérénkeun perkara nu hadé. Anapon sérénan éta ditujukeun ka arwah-arwah karuhun, hususna ka arwah Prabu Siliwangi jeung Kian Santang alatan dua inohong éta miboga élmu jeung kasaktian anu luhung sarta geus ninggalkeun barang-barang pusaka anu miboga kakuatan goib di Kabuyutan Ciburuy.

Salian ti éta, Upacara Séba ogé mangrupa upacara ngaberesihkeun barang-barang pusaka minangka tanda hormat ka karuhunna. Dina upacara ieu, sok disuguhkeun rupa-rupa sasajén kadaharan anu bahanna tina ketan, sarta dihaja dikumpulkeun ti swadaya masarakat kalayan gotong royong (www.http:///lulu-naziah-Ritual-Seba-Ciburuy.htm).

(13)

3

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina upacara saperti kieu, tinangtu miboga ajén inajen séwang-séwangan, boh ajén kapercayaan, boh ajén falsafahna. Loba définisi ngeunan harti jeung ma’na falsafah (filsafat). Nilik kana ma’nana falsafah miboga harti kamampuh pikeun intropeksi-refleksi sarta kagiatan hiji jalma dina nga-kontémplasi dirina. Pamikiranna museur kana hiji perkara anu abstrak disatukangeun anu katingali wujudna (Suryalaga, 2010, kc.5).

Kasang tukang panalungtik milih ieu panalungtikan alatan hayang nyukcruk ajén inajén anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy, utamana ajén falsafahna. Ajén Falsafah anu kapaluruh téh udagannana pikeun jadi gambaran di masarakat kiwari yén upacara Séba Ciburuy lain ngan saukur simbol budaya wungkul tapi ogé ku ngaliwatan ajén falsafah ieu bisa dijadikeun piwuruk dina ngajalankeun kahirupan sapopoé.

Panalungtikan anu maluruh budaya hiji daérah, mémang geus réa ditalungtik ku mahasiswa, utamana anu patali jeung ajén falsafah sarta nu kairut ku budayana. Di handap ieu, aya sawatara judul-judul skripsi ngeunaan budaya anu geus ditalungtik ku mahasiswa/i S1 Departemen Pendidikan Bahasa Daerah:

1) Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Métode Démonstrasi, ku Temmy Widyastuti taun 2008.

2) Ajén Falsafah anu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al Qur’an dina Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi, ku Risna Setiani taun 2008.

3) Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggoh Désa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupatén Bogor, ku Trias Handoko taun 2009.

4) Fungsi Ajén Falsafah dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kecamatan Ciater Kabupatén Subang, ku Virda Sufia Haetami taun 2011.

(14)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA, ku Euis Siti Fathimah taun 2013.

Panalungtikan ngeunaan ajén falsafah dina Upacara Séba Ciburuy, dipiharep bisa méré mangpaat pikeun bahan dina ngajembaran budaya. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep para nonoman bisa leuwih wanoh, mikanyaah, mikareueus jeung miboga tarékah pikeun ngamumulé, ngariksa, tur ngamekarkeun deui tradisi titinggal karuhunna.

Salasahji cara ngawanohkeun tradisi karuhun ka para nonoman, di antarana bisa ngaliwatan pendidikan formal di sakola. Luyu jeung Kompetensi Inti & Kompetensi Dasar dina KIKD dan Silabus (2013, kc. 47) ngeunaan maca artikel budaya, kaunggeul dina Kompetensi Inti (KI) nya éta “memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait dengan fenomena dan kejadian serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah”.

Satuluyna, éta Kompetensi Inti (KI) téh diijembarkeun deui ngaliwatan Kompetensi dasar (KD), saperti nu kaunggel: “mengidentifikasi, memahami, dan menganalisis teks artikel berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.” Ku kituna, lian ti nepikeun informasi, ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa jadi pangdeudeul pikeun pangaweruh siswa/siswi sangkan apal jeung nyangkem kana upacara Séba Ciburuy sarta weruh kana ajén inajén anu nyangkaruk dina éta upacara.

Dumasar kana pedaran di luhur, utamana pikeun ngawewegan pangajaran basa Sunda, ieu panalungtikan dilaksanakeun tur dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA. Ku kituna, ieu panalungtikan

(15)

5

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA kelas XII”.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén inajén kabudayaan Sunda. Ajén inajén téh jembar ambahannana, di antarana ajén kaagamaan, sosial, politik, ekonomi, éstétis ogé ajén falsafah. Sangkan teu lega teuing ambahannana, mangka dina ieu panalungtikan rék diwatesanan ngan saukur medar ngeunaan ajén falsafahna wungkul.

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina wangun kalimah pananya di handap ieu.

1) Kumaha prak-prakan Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut?

2) Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut?

3) Luyu atawa henteu dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel budaya dina pangajaran di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngawanohkeun Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut, sarta wujud tina tarékah ngamumulé salah sahiji budaya anu sumebar di tatar Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) prak-prakan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan

(16)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) ajén falsafah nu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut;

3) kasaluyuan dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII ngeunaan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun balaréa, hususna pikeun ngalengkepan data jeung référénsi ngeunaan budaya Sunda, sarta jadi bukti yén nepi ka kiwari masih aya kénéh nu ngamumulé budaya Sunda. Lian ti éta, ieu panalungtikan bisa jadi conto pikeun panalungtik ka hareupna nu hayang nalungtik ngeunaan budaya Sunda, hususna nu nalungtik ngeunaan ajén falsafahna.

1.4.2Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana:

1) pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi lokalnu aya di masarakat Sunda, salasahijina upacara Séba Ciburuy;

2) pikeun masarakat Pamalayan, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kareueus kana budaya anu dipimilikna, nya éta upacara Séba Ciburuy; 3) pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran

basa Sunda di kelas XII SMA nu mangrupa salasahiji pangajaran ngeunaan budaya;

4) pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya sunda.

(17)

7

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) BAB I : Bubuka medar perkara kasang tukang panalungtikan, rumusan

masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

2) BAB II : Ulikan pustaka medar ngeunaan falsafah, budaya, upacara adat

jeung bahan pangajaran maca.

3) BAB III : Désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, ngumpulkeun data, panalungtikan saméméhna, jeung raraga téori.

4) BAB IV : Hasil Panalungtikan jeung pedaran.

(18)

(19)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ngalaksanakeun panalungtikan, kudu maké métode anu luyu jeung judul sarta rumusan masalahna, sangkan kahontal tujuan panalungtikan anu sagemblengna. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.

Métode déskriptif mangrupa hiji métode panalungtikan anu miboga tujuan pikeun méré gambaran ngeunaan realitas hiji hal sacara objéktif, nya éta ngeunaan objek nu ditalungtik. Ieu métode mangrupa istilah anu umumna ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif, di antarana ngajéntrékeun, nganalisis, jeung ngelompokkeun kalawan téhnik survey, wawancara jeung observasi (Arikunto, 2013, kc. 6).

Dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun nya éta ajén falsafah dina Upacara Séba Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut.

3.1 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta gambaran prak-prakan dina ieu panalungtikan nu katitén sakumaha nu digambarkeun dina ieu bagan di handap.

(20)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Gambar 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan 3.2.1Partisipan

Tatahar jeung Ngarumuskeun Masalah

Ngumpulkeun Data

Observasi ka Lapangan

Wawancara ka Narasumber

Ngolah jeung Nganalisis Data

Nyieun Kacindekan tina hasil Ngolah jeung Nganalisis Data

(21)

30

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Partisipan dina ieu upacara nya éta jalma-jalma anu ilubiung dina upacara Séba Ciburuy, utamana kuncén Kabuyutan Ciburuy anu jadi sumber data utama dina ieu panalungtikan. Sumber data anu digunakeun 1) ngaliwatan obsérvasi kana banda, gerakan, prosés anu tangtu, jeung sakabéh kagiatan dina upacara Séba Ciburuy anu aya di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong kabupatén Garut. 2) Wawancara anu sumber datana ti kuncén, aparat désa jeung warga masarakat, jeung 3) data tina hasil kajian pustaka di antarana buku-buku anu digunakeun pikeun référénsi.

3.2.2Tempat Panalungtikan

Kabuyutan Ciburuy mangrupa mangrupa lokasi anu dipaké dina ieu panalungtikan, anu sacara geografis aya di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut. Ti kota kecamatan, kira-kira 3,5 Km ka arah kulon, sedengkeun jarak ti puseur dayeuh + 17 km bisa maké mobil atawa motor ngaliwatan désa anu geus di aspal. Aya dina titik koordinat 7° 17' 18" LU, 107° 49' 43" LS.

Sacara administrasi, wates wilayah Désa Pamalayan nya éta: beulah kalér ngawates jeung Gunung Cikuray, beulah kidul ngawates jeung Désa Ciburuy Kecamatan Bayongbong, beulah wétan ngawates Désa Cinisti Kecamatan bayongbong, tur beulah kulon ngawates jeung Désa Cintanagara Kecamatan Cigedug.

Kaayaan alamna nya éta sakuriling bungking pagunungan. Jumlah pendudukna aya kana 5.772 jiwa, nu ngawengku 2.851 jiwa lalaki, jeung 2.921 jiwa awéwé. Pakasabannana rata-rata tani, aya nu ngebon, ternak, (lolobanana ngangon sapi), buruh, aya ogé di antarana anu jadi pengrajin atawa wiraswasta. Disagedengeun éta, masarakat di Désa Pamalayan téh leuwih loba anu nganggurna, aya kana satengahna anu teu miboga pakasaban.

(22)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Gambar 3.2 Lokasi Panalungtikan

(23)

32

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sumber : http://klosetide.wordpress.com/2013/07/11/pemekaran-kabupaten-garut-selatan

3.3Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Dina prosés ngumpulkeun data dibutuhkeun instrumén panalungtikan sangkan panalungtikan bisa kalaksanakeun kalawan lancar sarta babari. Instrumén panalungtikan ngawengku sakabéh alat atawa cara anu dipaké pikeun ngumpulkeun data nu diperlukeun. Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta saperti di handap.

1) Pedoman wawancara nya éta pedoman anu dipaké dina wawancara nu

mangrupa patalékan-patalékan anu rék ditanyakeun ka narasumber.

Tabel 3.1 Format Data Informan

1) Wasta :

2) Yuswa :

3) Status Kawin :

4) Alamat :

5) Pakasaban : 6) Atikan :

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

(24)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

No. Patalékan

1. Kumaha sajarah ngadegna Kabuyutan Ciburuy?

2. Ti iraha ngadegna Kabuyutan Ciburuy?

3. Kumaha sajarah upacara Séba Ciburuy?

4. Iraha lumangsungna upacara Séba Ciburuy?

5. Dimana tempat upacara Séba Ciburuy?

6. Saha waé nu datang dina upacara Séba Ciburuy?

7. Saha nu mingpin upacara Séba Ciburuy?

8. Naon waé kalengkepan upacara anu kudu aya dina upacara Séba

Ciburuy?

9. Kumaha prak-prakan upacara Séba Ciburuy?

10. Kumaha balukarna saupama upacara Séba kaliwat atawa teu

dilaksanakeun?

11. Naon mangfaat tina dilaksanakeunna upacara Séba Ciburuy?

12. Ajén falsafah naon waé anu aya dina upacara Séba Ciburuy?

2) Perekam sora (Hapé recorder) nya éta alat nu dipaké keur ngarekam sora narasumber nu di wawancara sangkan kacangkem sagemblengna.

3) Perekam video (handycam) nya éta alat pikeun mideo kumaha prak-prakan upacara jeung mideo anu di wawancara.

(25)

34

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Tahap mimiti nalika ngalaksanakeun panalungtikan nya éta ngumpulkeun data. Panalungtik ngalakukeun survey ngeunaan objék panalungtikan. Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi lapangan (observasi), téhnik wawancara, jeung studi dokumentasi.

Observasi nya éta ngalakukeun panalungtikan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu faktual kalayan maké media anu bisa ngarojong kana kalaksanana observasi, di antarana kaméra, handphone, jeung handycam.

Wawancara nya éta kagiatan nanya ka narasumber atawa informan pikeun meunangkeun data atawa ménta kajelasan tina naon anu kapanggih dina observasi.

Studi dokuméntasi atawa studi pustaka nya éta ngumpulkeun data ngaliwatan réferénsi sababaraha buku anu ngarojong jeung patali jeung anu ditalungtik.

3.4 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data dina ieu panalungtikan di antarana: b. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasidata hasil kajian pustaka;

c. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasi data hasil obsérvasi ka lapangan; d. ngadéskripsikeun jeung nganalisis data;

e. ngalarapkeun upacara Séba Ciburuy kana bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII;

(26)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Upacara Séba Ciburuy mangrupa salasahiji tradisi anu rutin dilaksanakeun ku masarakat Kampung Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut dina unggal minggu katilu jeung kaopat bulan Muharam. Upacara Séba Cibury mangrupa bukti rasa hormat ka Raja Pajajaran nya éta Prabu Siliwangi katut putrana nya éta Prabu Kian Santang anu parantos ngagem jeung nyebarkeun agama Islam, dina kamekaranna upacara Séba Ciburuy dijadikeun ajang pikeun silaturahmi antara masarakat Ciburuy jeung masarakat sabudeureunnana katut masarakat anu ngahajakeun datang timana méndi pikeun ilubiung dina upacara Séba Ciburuy kalayan tetep masih nyekel pageuh tradisi anu diwariskeun ku para karuhun jeung sesepuh Kampung Ciburuy. Salian ti kitu, upacara Séba Ciburuy ogé minangka acara dina raraga mapag taun baru Islam.

Dina upacara Séba Ciburuy aya nu disebut pra upacara, prakna upacara jeung pasca upacara. Nalika pra upacara nya éta nataharkeun sagala perkara anu bakal ngarojong kana lumangsungna acara puncak upacara di antarana ngawengku pasang kikis ti mimiti nyieun pager, bongkar jeung pasang pager nepi ka nataharkeun sasajén katut kadaharan anu seja disébakeun dina ieu upacara. Ibu-ibu masak di dapur, bapa-bapa nyieun janur,sawén, cakra jeung sajabana. Nincak waktu lohor acara meresihan keris di bumi adat Patamon. Nalika ba’da isya sakitar jam salapanan dimimitian acara puncak upacara Séba Ciburuy nya éta meresihan naskah-naskah anu aya di kabuyutan bumi adat Padaleman sinareng manjatkeun du’a katut pamaksudan séwang-séwangan datang ka éta tempat. Saba’da réngsé acara peuting, isukna ngalakukeun opsih nya éta operasi bersih di lokasi atawa anu disebut bubaran. Sanggeus kitu mulang deui ka bumi adat Patamon. Sasajén anu geus dibaktikeun, anu mangrupa kadaharan tuluy disik-sik di bagikeun ka tamu anu masih araya kénéh di éta patempatan. Tuluy acara

(27)

64

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung ulen. Peutingna nalika ba’da isya, aya riungan haturan tuang ka sakábéh warga anu kamari ilubing dina upacara, dituluykeun ku musafahah, silih hapuntenan atawa sungkeman, terus ngadu’a anu dipingpin ku Ustadz nu hadir dina éta riungan.

Dina upacara Séba Ciburuy aya ajén inajén falsafah anu dijadikeun piwuruk pikeun kahirupan manusa. Sakumaha dumasar kana ajén falsafah numutkeun objékna di antarana: (Ajén Metafisika) Patalina jeung hubungan goib. Hakékat anu nyiptakeun manusa nya éta Allah Swt. Dina ieu upacara ébréh pisan kumaha warga Kabuyutan Ciburuy umumna masarakat sabudeureun Ciburuy miboga kayakinan ka nu Maha nyiptakeun manusa ngaliwatan ku ngirim du’a ménta pangraksa tina sagala cocoba dunya sangkan hirup aya dina kabagjaan. (Ajén epistemologi) atawa ajén élmu pangaweruh katitén dina unggal runtuyan upacara sarta panglengkep atawa sasajén anu dipaké dina ieu upacara. Ngaliwatan éta perkara karuhun baheula geus bisa méré sawangan dina nyanghareupan kahirupan pikeun ngigelan jaman. Para sesepuh méré piwuruk ngaliwatan panglengkep jeung barang sasajén katut dina prak-prakaan upacara Séba saupama disurahan nyangkaruk ajén inajén anu kacida euyeubna. (Ajén etika) anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy nya éta katitén nalika masarakat ngagunakeun etika dina bermasarakat anu kudu silih tulungan, silih ajénan saperti gotong royong nyieun pager, masak jeung gawé bareng pikeun nataharkeun sagala rupa perkara anu diperlukeun dina upacara Séba Ciburuy. ieu mangrupa bukti yén masarakat Ciburuy hirup sauyunan, teu individual. Aya rasa peduli, simpati, béréhan katut miboga etika ka papada jalma hususna tatangga dina pada hirup babarengan di masarakat. (Ajén estetika) mangrupa studi falsafah anu ngaguar ngeunaan kaéndahan. Leumpang ngajajar saurang-saurang nalika rék asup ka Padaleman, kuncén salaku sesepuh di éta Kabuyutan aya di jajaran panghareupna anu mingpin barisan. Didinya aya unsur seni atawa kaéndahan anu mangrupa ciri yén dina ngalakonan hirup téh kudu tartib, ngaheulakeun anu mémang kudu diheulakeun jeung mandeurikeun anu mémang kuduna pandeuri. Tong nepi ka pacorokokod hayang panghareupna padahal lain bagéanana.

(28)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sangkan siswa apal kana tradisi atawa adat kabudayaan anu masih aya kénéh di tatar sunda salasahijina upacara Séba Ciburuy. Mangka dijieun artikel ngeunaan upacara séba Ciburuy pikeun salasahiji tarékah ngamumulé budaya kalayan bisa dijadikeun materi bahan pangajaran maca artikel ngeunaan budaya di SMA kelas XII.

Dina sagala aspék kahirupan, saupama disurahan tinangtu nyangkaruk ajén inajén falsafah anu luhung jeung gedé kitu ogé dina upacara Séba Ciburuy. Jadi bisa dicindekkeun yén dina upacara Séba Ciburuy téh nyangkaruk ajén inajén anu jadi piwuruk pikeun manusa ngalakonan kahirupan.

5.2Rékoméndasi

Panalungtikan ngeunaan Kabuyutan Ciburuy kawilang langka utamana ngeunaan ajén falsafah upacara Séba Ciburuy, alatan kitu panalungtik ngarékoméndasikeun ka para panalungtik séjénna anu kairut pikeun nalungtik leuwih jembar deui ieu panalungtikan nya éta tina sababaraha aspék lianna saperti tina ajén éstétikana, ajén moral, ajén sosial, jsb.

Salian ti éta, panalungtik ogé ngarékoméndasikeun ka masarakat sunda hususna sangkan bisa mikawanoh ajén-ajén falsafah anu nyamuni dina upacara Séba Ciburuy alatan ajén inajén éta bisa dijadikeun piwuruk pikeun ngalakonan kahirupan.

Rékoméndasi panalungtik pikeun sakola, nya éta sangkan dina nyusun bahan ajar leuwih museurkeun paniténna kana budaya sorangan.

Sanggeus panalungtik nalungtik ajén falsafah dina upacara Séba Ciburuy nyampak ajén inajén anu kacida luhungna, ku kituna panalungtik miharep ka sakabéh pihak, hususna ka pamaréntah Disparbud Kabupatén Garut sangkan leuwih ngamumulé jeung ngawanohkeun deui ka masarakatna ngeunaan budaya sunda.

(29)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Ahuja, P & Ahuja, G.C. (2010). Membaca Secara Efektif dan Efisien. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

Arikunto, S. (2003). Prosedur Penelitian. Rineka Cipta: Jakarta

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan. (2013). KIKD dan Silabus. Jawa Barat: Dinas Pendidikan

Fatimah, E.S (2013). “Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa

Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMA” [Skripsi]. Bandung: UPI

Firmansyah, A.B. (2012). “Ajén Falsafah Upacara tradisi Nyuguh di Kampung

Kuta pikeun Bahan Pangjaran Maca Bahasan Budaya di SMA “ [Skripsi].

Bandung: UPI

Haerudin, D & Kardana. K. (2013). Panganteur Telaah Buku Ajar. Bandung: JPBD FPBS UPI

Harras, K. A. (2015, 28 Januari). Bahan ajar dan Keterbacaan. (online). Diakses darihttp://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BHS._DAN_SASTRA_IND ONESIA/196401221989031KHOLID_ABDULLAH_HARRAS/Bahan2_Kuliah/Presen

tasi/BAHAN_AJAR_DAN_KETERBACAAN.pdf

Herianto. (2013). Pengertian Kebudayaan (Online). Tersedia di

(http:///Pengertian-Kebudayaan-Menurut-Para-ahli.htm) 12 November 2014.

Koenjaraningrat. (1974a). Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat. (1985b). Manusia dan Kebudayaan. Jakarta: Rineka Cipta Koentjaraningrat. (2005c). Pengantar Antropologi 1. Jakarta: Rineka Cipta Koentjaraningrat. (2009d). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta Kuswari, U. (2012). Pendekatan dan Kemampuan Membaca. FPBS UPI: Handout

Lunaziah. (2013). Ritual Séba Ciburuy (Online). Tersedia di

http://lunaziah.blogspot.com/2013/05/ritual-séba-ciburuy.html12

(30)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Risanto, Eko. (2013). Budaya Ritual Upacara (Online). Tersedia di http://forester-

untad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html12 November 2014.

Salam, B. (2009). Pengantar Filsafat. Jakarta: PT Bumi Aksara Solehudin, O. (2010). Membaca Cepat. FPBS UPI: Handout. Sudaryat. (2005). Élmuning Basa. Bandung: Walatra

Suhartono. (2008). Filsafat Ilmu Pengetahuan: Jogjakarta: Ar Ruzz Media

Suryalaga, H. R. H. (2010). Filsafat Sunda: Sekilas Intepretasi Folklor Sunda. Bandung: Divisi Penerbitan Yayasan Nur Hidayah

Tafsir, A. (2012). Filsafat Umum. Bandung: PT Remaja Rosdakarya Offset Wiramihardja, S. A. (2009). Pengantar Filsafat. Bandung: PT Refika Aditama

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Tahap mimiti nalika ngalaksanakeun panalungtikan nya éta ngumpulkeun data. Panalungtik ngalakukeun survey ngeunaan objék panalungtikan. Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi lapangan (observasi), téhnik wawancara, jeung studi dokumentasi.

Observasi nya éta ngalakukeun panalungtikan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu faktual kalayan maké media anu bisa ngarojong kana kalaksanana observasi, di antarana kaméra, handphone, jeung handycam.

Wawancara nya éta kagiatan nanya ka narasumber atawa informan pikeun meunangkeun data atawa ménta kajelasan tina naon anu kapanggih dina observasi.

Studi dokuméntasi atawa studi pustaka nya éta ngumpulkeun data ngaliwatan réferénsi sababaraha buku anu ngarojong jeung patali jeung anu ditalungtik.

3.4 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data dina ieu panalungtikan di antarana: b. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasidata hasil kajian pustaka;

c. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasi data hasil obsérvasi ka lapangan; d. ngadéskripsikeun jeung nganalisis data;

e. ngalarapkeun upacara Séba Ciburuy kana bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII;

(2)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Upacara Séba Ciburuy mangrupa salasahiji tradisi anu rutin dilaksanakeun ku masarakat Kampung Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut dina unggal minggu katilu jeung kaopat bulan Muharam. Upacara Séba Cibury mangrupa bukti rasa hormat ka Raja Pajajaran nya éta Prabu Siliwangi katut putrana nya éta Prabu Kian Santang anu parantos ngagem jeung nyebarkeun agama Islam, dina kamekaranna upacara Séba Ciburuy dijadikeun ajang pikeun silaturahmi antara masarakat Ciburuy jeung masarakat sabudeureunnana katut masarakat anu ngahajakeun datang timana méndi pikeun ilubiung dina upacara Séba Ciburuy kalayan tetep masih nyekel pageuh tradisi anu diwariskeun ku para karuhun jeung sesepuh Kampung Ciburuy. Salian ti kitu, upacara Séba Ciburuy ogé minangka acara dina raraga mapag taun baru Islam.

Dina upacara Séba Ciburuy aya nu disebut pra upacara, prakna upacara jeung pasca upacara. Nalika pra upacara nya éta nataharkeun sagala perkara anu bakal ngarojong kana lumangsungna acara puncak upacara di antarana ngawengku pasang kikis ti mimiti nyieun pager, bongkar jeung pasang pager nepi ka nataharkeun sasajén katut kadaharan anu seja disébakeun dina ieu upacara. Ibu-ibu masak di dapur, bapa-bapa nyieun janur,sawén, cakra jeung sajabana. Nincak waktu lohor acara meresihan keris di bumi adat Patamon. Nalika ba’da isya sakitar jam salapanan dimimitian acara puncak upacara Séba Ciburuy nya éta meresihan naskah-naskah anu aya di kabuyutan bumi adat Padaleman sinareng manjatkeun du’a katut pamaksudan séwang-séwangan datang ka éta tempat.

Saba’da réngsé acara peuting, isukna ngalakukeun opsih nya éta operasi bersih di

lokasi atawa anu disebut bubaran. Sanggeus kitu mulang deui ka bumi adat Patamon. Sasajén anu geus dibaktikeun, anu mangrupa kadaharan tuluy disik-sik di bagikeun ka tamu anu masih araya kénéh di éta patempatan. Tuluy acara “pembagian adat sunda” nya éta ngabagikeun kadaharan sarupaning wajit, ladu,

(3)

64

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung ulen. Peutingna nalika ba’da isya, aya riungan haturan tuang ka sakábéh warga anu kamari ilubing dina upacara, dituluykeun ku musafahah, silih

hapuntenan atawa sungkeman, terus ngadu’a anu dipingpin ku Ustadz nu hadir dina éta riungan.

Dina upacara Séba Ciburuy aya ajén inajén falsafah anu dijadikeun piwuruk pikeun kahirupan manusa. Sakumaha dumasar kana ajén falsafah numutkeun objékna di antarana: (Ajén Metafisika) Patalina jeung hubungan goib. Hakékat anu nyiptakeun manusa nya éta Allah Swt. Dina ieu upacara ébréh pisan kumaha warga Kabuyutan Ciburuy umumna masarakat sabudeureun Ciburuy miboga

kayakinan ka nu Maha nyiptakeun manusa ngaliwatan ku ngirim du’a ménta

pangraksa tina sagala cocoba dunya sangkan hirup aya dina kabagjaan. (Ajén epistemologi) atawa ajén élmu pangaweruh katitén dina unggal runtuyan upacara sarta panglengkep atawa sasajén anu dipaké dina ieu upacara. Ngaliwatan éta perkara karuhun baheula geus bisa méré sawangan dina nyanghareupan kahirupan pikeun ngigelan jaman. Para sesepuh méré piwuruk ngaliwatan panglengkep jeung barang sasajén katut dina prak-prakaan upacara Séba saupama disurahan nyangkaruk ajén inajén anu kacida euyeubna. (Ajén etika) anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy nya éta katitén nalika masarakat ngagunakeun etika dina bermasarakat anu kudu silih tulungan, silih ajénan saperti gotong royong nyieun pager, masak jeung gawé bareng pikeun nataharkeun sagala rupa perkara anu diperlukeun dina upacara Séba Ciburuy. ieu mangrupa bukti yén masarakat Ciburuy hirup sauyunan, teu individual. Aya rasa peduli, simpati, béréhan katut miboga etika ka papada jalma hususna tatangga dina pada hirup babarengan di masarakat. (Ajén estetika) mangrupa studi falsafah anu ngaguar ngeunaan kaéndahan. Leumpang ngajajar saurang-saurang nalika rék asup ka Padaleman, kuncén salaku sesepuh di éta Kabuyutan aya di jajaran panghareupna anu mingpin barisan. Didinya aya unsur seni atawa kaéndahan anu mangrupa ciri yén dina ngalakonan hirup téh kudu tartib, ngaheulakeun anu mémang kudu diheulakeun jeung mandeurikeun anu mémang kuduna pandeuri. Tong nepi ka pacorokokod hayang panghareupna padahal lain bagéanana.

(4)

65

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sangkan siswa apal kana tradisi atawa adat kabudayaan anu masih aya kénéh di tatar sunda salasahijina upacara Séba Ciburuy. Mangka dijieun artikel ngeunaan upacara séba Ciburuy pikeun salasahiji tarékah ngamumulé budaya kalayan bisa dijadikeun materi bahan pangajaran maca artikel ngeunaan budaya di SMA kelas XII.

Dina sagala aspék kahirupan, saupama disurahan tinangtu nyangkaruk ajén inajén falsafah anu luhung jeung gedé kitu ogé dina upacara Séba Ciburuy. Jadi bisa dicindekkeun yén dina upacara Séba Ciburuy téh nyangkaruk ajén inajén anu jadi piwuruk pikeun manusa ngalakonan kahirupan.

5.2Rékoméndasi

Panalungtikan ngeunaan Kabuyutan Ciburuy kawilang langka utamana ngeunaan ajén falsafah upacara Séba Ciburuy, alatan kitu panalungtik ngarékoméndasikeun ka para panalungtik séjénna anu kairut pikeun nalungtik leuwih jembar deui ieu panalungtikan nya éta tina sababaraha aspék lianna saperti tina ajén éstétikana, ajén moral, ajén sosial, jsb.

Salian ti éta, panalungtik ogé ngarékoméndasikeun ka masarakat sunda hususna sangkan bisa mikawanoh ajén-ajén falsafah anu nyamuni dina upacara Séba Ciburuy alatan ajén inajén éta bisa dijadikeun piwuruk pikeun ngalakonan kahirupan.

Rékoméndasi panalungtik pikeun sakola, nya éta sangkan dina nyusun bahan ajar leuwih museurkeun paniténna kana budaya sorangan.

Sanggeus panalungtik nalungtik ajén falsafah dina upacara Séba Ciburuy nyampak ajén inajén anu kacida luhungna, ku kituna panalungtik miharep ka sakabéh pihak, hususna ka pamaréntah Disparbud Kabupatén Garut sangkan leuwih ngamumulé jeung ngawanohkeun deui ka masarakatna ngeunaan budaya sunda.

(5)

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Ahuja, P & Ahuja, G.C. (2010). Membaca Secara Efektif dan Efisien. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

Arikunto, S. (2003). Prosedur Penelitian. Rineka Cipta: Jakarta

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan. (2013). KIKD dan Silabus. Jawa Barat: Dinas Pendidikan

Fatimah, E.S (2013). “Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa

Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA” [Skripsi]. Bandung: UPI

Firmansyah, A.B. (2012). “Ajén Falsafah Upacara tradisi Nyuguh di Kampung Kuta pikeun Bahan Pangjaran Maca Bahasan Budaya di SMA “ [Skripsi]. Bandung: UPI

Haerudin, D & Kardana. K. (2013). Panganteur Telaah Buku Ajar. Bandung: JPBD FPBS UPI

Harras, K. A. (2015, 28 Januari). Bahan ajar dan Keterbacaan. (online). Diakses darihttp://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BHS._DAN_SASTRA_IND ONESIA/196401221989031KHOLID_ABDULLAH_HARRAS/Bahan2_Kuliah/Presen tasi/BAHAN_AJAR_DAN_KETERBACAAN.pdf

Herianto. (2013). Pengertian Kebudayaan (Online). Tersedia di (http:///Pengertian-Kebudayaan-Menurut-Para-ahli.htm) 12 November 2014.

Koenjaraningrat. (1974a). Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat. (1985b). Manusia dan Kebudayaan. Jakarta: Rineka Cipta Koentjaraningrat. (2005c). Pengantar Antropologi 1. Jakarta: Rineka Cipta Koentjaraningrat. (2009d). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta Kuswari, U. (2012). Pendekatan dan Kemampuan Membaca. FPBS UPI: Handout Lunaziah. (2013). Ritual Séba Ciburuy (Online). Tersedia di

http://lunaziah.blogspot.com/2013/05/ritual-séba-ciburuy.html12 November 2014

(6)

67

Rida Padilah, 2015

Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Risanto, Eko. (2013). Budaya Ritual Upacara (Online). Tersedia di http://forester-

untad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html12 November 2014.

Salam, B. (2009). Pengantar Filsafat. Jakarta: PT Bumi Aksara Solehudin, O. (2010). Membaca Cepat. FPBS UPI: Handout. Sudaryat. (2005). Élmuning Basa. Bandung: Walatra

Suhartono. (2008). Filsafat Ilmu Pengetahuan: Jogjakarta: Ar Ruzz Media

Suryalaga, H. R. H. (2010). Filsafat Sunda: Sekilas Intepretasi Folklor Sunda. Bandung: Divisi Penerbitan Yayasan Nur Hidayah

Tafsir, A. (2012). Filsafat Umum. Bandung: PT Remaja Rosdakarya Offset Wiramihardja, S. A. (2009). Pengantar Filsafat. Bandung: PT Refika Aditama

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4