Wini Widiastuti, 2014 TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN
SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII Ulikan Sémiotik
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Artikel Budaya di SMA Kelas XII Ulikan Struktural Sémiotik” téh perlu ditalungtik. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep hasil tina ieu panalungtikan
téh bisa ngalengkepan sarta jadi bahan bandingan pikeun skripsi nu geus aya.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan tradisi ngaruat lembur di DésaKecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang. Luyu jeung kasang tukang
masalah nu geus dipedar, pasoalan anu aya dina ieu panalungtikan téh baris diidéntifikasi saperti ieu di handap.
1 Kaayaan sosial budaya masarakat Désa Tanjungsiang anu geus sarwa modern
sarta pamikiran-pamikiran
masarakatna anu
geus sarwa
logis, ngalantarankeun loba masarakat anu teu pati maliré kana tradisi-tradisi anu
aya, kaasup kana tradisi ngaruat lembur. 2
Loba masarakat anu nganggap yén tradisi ngaruat lembur téh geus teu luyu jeung kamekaran jaman kiwari.
3 Loba masarakat anu teu apal kana asal muasal sajarah ayana tradisi ngaruat
lembur, prak-prakanana, fungsi jeung tujuanana, simbol-simbol, ajén-inajén, sarta ma’na-mana anu nyampak dina éta tradisi. Ku kituna, loba masarakat
anu ukur sailu-iluna dina ngalaksanakeun éta tradisi.
4 Éta tradisi ngaruat téh jaman kiwari mah dina ngalaksanakeunana geus béda
kawas baheula, bahan-bahan anu digunakeunana geus jarang lengkep.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah patalékan ieu di handap.
1 Kumaha unsur-unsur budaya masarakat Désa Tanjungsiang?
2 Kumaha kasang tukang kasajarahan ayana tradisi ngaruat lembur di Désa
Tanjungsiang? 3
Kumaha runtuyan sarta prak-prakanana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang?
Wini Widiastuti, 2014 TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN
SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII Ulikan Sémiotik
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
4 Kumaha ulikan sémiotika anu nyampak dina tradisi ngaruat lembur anu aya
di Désa Tanjungsiang numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce?
5 Kumaha larapna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat lembur pikeun
bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA?
1.3 Tujuan Panalungtikan