TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

(1)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

DAPTAR EUSI ... v

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifiksi Masalah ... 4

1.2.1 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Rangkay Tulisan... 6

BAB II KABUDAYAAN, UPACARA ADAT, TRADISI, JEUNG BAHAN PANGAJARAN... 7

2.1 Kabudayaan ... 7

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 7

2.1.2 Unsur-unsur jeung Wujud Kabudayaan ... 7

2.1.3 Sipat Kabudayaan... 9

2.1.4 Komponén Kabudayaan ... 10

2.1.5 Kabudayaan Sosial ... 10

2.1.6 Pungsi Kabudayaan di Masarakat ... 13


(2)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.8 Pungsi jeung Ciri Ajén Sosial ... 15

2.2 Upacara Adat ... 15

2.2.1 Jenis-jenis Upacara Adat ... 16

2.2.2 Komponén jeungUnsur Upacara Adat ... 17

2.2.3 Pungsi Upacara adat ... 18

2.2.4 Rupa-rupa Adat Istiadat Sunda ... 18

2.3 Tradisi ... 20

2.3.1 Wangenan Tradisi ... 20

2.3.2 Wanda sarta Komponén-komponén dina Upacara Tradisi ... 21

2.3.2 Pungsi Upacara Tradisi ... 22

2.3.4 Ciri-ciri Tradisi... 23

2.3.4 Tradisi Ngaruat... 24

2.3.5.1 Wangenan Tradisi Ngaruat ... 24

2.3.5.2 Hal-hal nu Kudu Diruat ... 26

2.4 Bahan Pangajaran ... 28

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 29

2.4.2 Perbedaan Bahan Pangajaran jeung BukuTéks ... 30

2.4.3 Mangpaat Bahan Pangajaran ... 31

2.4.4 Stratégi Nyusun Bahan Pangajaran ... 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 33

3.1 Métode Panalungtikan ... 33

3.2 Téhnik Panalungtikan... 33

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33

3.2.2 Téhnik Analisis Data ... 33

3.3 Wangenan Operasional ... 34

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.5 Lengkah-léngkah panalungtikan ... 35


(3)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.2 Ngumpulkeun Data ... 36

3.5.3 Nganalisis Data ... 36

3.5.4 Nyusun Laporan ... 36

3.6 Lokasi jeung Sumber Data ... 37

3.6.1 Lokasi Panalungtikan ... 37

3.6.2 Sumber Data ... 39

BAB IV TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII ... 40

4.1 Carita Ngeunaan Tradisi Ngaruat Coblong di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung ... 40

4.1.1 Sajarah jeung Kamekaran Tradisi Ngaruat Coblong ... 40

4.2 Prak-prakan Tradisi Ngaruat Coblong di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung ... 45

4.2 .1 Waktu Pelaksanaan ... 45

4.2.2 Pihak-pihak nu Kalibet dina Upacara ... 46

4.2.3 Pakakas jeung Panglengkep Upacara ... 48

4.2.4 Prak-prakan Upacara ... 60

4.2.4.1 Rapat/Babadamian ... 61

4.2.4.2 Béwara... 62

4.2.4.3 Muguhkeun ... 62

4.2.4.4 Mera ... 63

4.2.4.5 Kerja Bakti ... 63

4.2.4.6 Aleut-aleutan ... 64

4.2.4.7 Ngalungsurkeun ... 64

4.2.4.7 Numbal ... 65


(4)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.4.10 Nyawér ... 66

4.2.4.11 Hiburan ... 66

4.2.4.12 Panutup ... 66

4.3 Maksud jeung Tujuan ... 67

4.4 Bahan Pangajaran Budaya... 70

4.4.1 Bahan Pangajaran Budaya dina Standar Kompetensi dan Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda ... 70

4.4.2 Rarancang Bahan Pangajaran Budaya pikeun SMA Kelas XII ... 72

BAB V SARAN JEUNG KACINDEKAN ... 79

5.1 Kacindekan ... 79

5.2 Rékoméndasi ... 80

DAPTAR PUSTAKA ... 82

LAMPIRAN ... 84


(5)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN

KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI UNTUK BAHAN

PELAJARAN MEMBACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII

Migi Isna Januar

1

), Dedi Koswara

2

), Retty Isnendes

3

)

Email: migi.vanrooster@yahoo.co.id,

dedi.koswara@upi.edu, retty.isnendes@upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul Tradisi Ngaruat Coblong di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung untuk Bahan Pelajaran Membaca Artikel Budaya di SMA Kelas XII. Penelitian ini dilatar belakangi oleh banyaknya seni dan budaya tradisional yang hampir punah tersisihkan oleh seni dan budaya modern yang ada saat ini. Mengenai upacara adat tradisi ngaruat Coblong banyak masyarakat yang tidak mengetahuinya, padahal dalam upacara tersebut terkandung nilai-nilai penting dalam kehidupan bermasyarakat. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan data yang dikumpulkan melalui teknik studi pustaka, observasi, dan wawancara. Tujuan dari penelitian ini adalah mendeskripsikan dan menganalisis nilai-nilai sosial yang terkandung dalam upacara tradisi ngaruat Coblong. Setelah mengadakan penelitian ke lapangan, data pertama yang didapat adalah terdapatnya empat RT di Kampung Cirateun yang rutin melaksanakan upacara tradisi ngaruat Coblong. Secara turun-temurun upacara tradisi ngaruat Coblong dilaksanakan setiap satu tahun sekali di bulan Syawal (kalender Islam). Hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa dalam tradisi ngaruat Coblong terkandung nilai-nilai sosial yang sangat bermanfaat untuk kehidupan di masyarakat. Nilai-nilai-nilai tersebut muncul secara alami atau muncul dengan sendirinya dalam rangkaian kegiatan tradisi ngaruat Coblong. Penelitian ini diharapkan dapat bermanfaat dalam menambah wawasan tentang tradisi masyarakat Sunda, serta dapat dijadikan bahan pelajaran dalam Dunia Pendidikan.

Kata Kunci: ngaruat Coblong, Cirateun

1

Penulis Utama

2 Penulis Penanggung Jawab 1 3 Penulis Penanggung Jawab 2


(6)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TRADITION IN VILLAGE CIRATEUN NGARUAT COBLONG

VILLAGE DISTRICT ISOLA SUKASARI LESSONS FOR READING

CULTURE ARTICLES IN CLASS XII HIGH SCHOOL

Migi Isna Januar

i

), Dedi Koswara

ii

), Retty Isnendes

iii

)

Email: migi.vanrooster@yahoo.co.id,

dedi.koswara@upi.edu, retty.isnendes@upi.edu

Vernacular (Sundanese) Education Department, Faculty of Language and Arts Education, Indonesia University of Education

ABSTRACT

This thesis titled Tradition Ngaruat Coblong in Village Isola Cirateun District of Bandung Sukasari to read the article Cultural lessons in high school Class XII. This research is motivated by the many traditional arts and culture of endangered excluded by art and modern culture that exists today. Regarding ceremonial traditions ngaruat Coblong many people who do not know, but in the ceremony contained important values in public life. The method used in this research is descriptive method, whereas data collected through library research techniques, observation, and interviews. The purpose of this study is to describe and analyze the social values embodied in traditional ceremony ngaruat Coblong. After conducting research into the field, the first data obtained is the presence of four households in Village Cirateun who routinely carry out ceremonies Coblong ngaruat tradition. Hereditary Coblong ngaruat traditional ceremony held annually in the month of Shawwal (Islamic calendar). The results of this study concluded that the tradition embodied ngaruat Coblong social values that are beneficial to life in the community. These values appear naturally or present themselves in a series of activities ngaruat Coblong tradition. This research is expected to be useful in adding insight into the traditions of the Sundanese people, and can be used as teaching materials in the World of Education.

Keywords: ngaruat Coblong, Cirateun

i

) Author

2

) Authorship 1

3


(7)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Indonesia téh nagara nu kasohor beunghar ku sélér bangsa jeung budaya. Sakabéh kabeungharan budaya kudu dimumulé, diriksa, jeung dimekarkeun sangkan bisa manjang. Kabudayaan nyaéta kabiasaan hiji masarakat nu ditepikeun sacara turun-tumurun ti generasi ka generasi. Hal ieu luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat (Suparto, 2007:39) yén kabudayaan téh mangrupa sakabéh gagasan jeung karya nu kudu dibiasakeun kalayan diajar sacara maluruh tina hasil budi pekerti.

Unggal unsur kabudayaan ngawujud jadi tilu wujud kabudayaan nu ngawengku 1) ideas, 2) activities, jeung 3) artifacts (Koentjaraningrat, 2009:150).

Ideas nyaéta wujud kabudayaan salaku kumpulan gagasan, ide, norma,

papagon-papagon, jeung sajabana. Activities nyaéta wujud kabudayaan salaku kompléks aktivitas jeung tindakan manusa disabudeureun masarakat. Artifacts nyaéta wujud fisik kabudayaan nu ngawujud dina pakakas-pakakas jieunan manusa.

Dumasar kana pamadegan di luhur, katitén yén sagala rupa pamikiran-pamikiran, laku lampah, jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakatna kaasup kana kabudayaan-kabudayaan bisa diwincik jadi kabudayaan matéril jeung nonmatérial. Ari nu dimaksud budaya matéril nyaéta hasil cipta, rasa, jeung karya manusa nu katempo hasilna jeung katempo bengkeuleukanna kayaning gedong, imah adat, upacara adat jeung sajabana. Sedengkeun nu dimaksud budaya nonmatéril nyaéta hasil cipta, rasa, karya, jeung karsa manusa nu euweuh bengkeuleukan wujudna kayaning adat-istiadat, pangaweruh, sistem kapercayaan jrrd (Rosdiana, skripsi 2012:2).

Dina upacara adat nyangkaruk aturan-aturan nu wajib diturut jeung dilaksanakeun ku masarakatna. Ieu aturan-aturan tumuwuh kalayan turun-tumurun. Ku kituna, ieu upacara adat mangrupa pranata sosial nu miboga pungsi


(8)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pikeun jadi kontrol-sosial kana perilaku atawa campur gaul di masarakat. Salaku pranata sosial, upacara adat pinuh ku simbol-simbol nu mangrupa alat komunikasi manusa, nu nyambungkeun dunya nyata jeung dunya goib. Dina hirup kumbuh di masarakat, sacara teu sadar manusa nyiptakeun lambang-lambang salaku hasil kabudayaanna pikeun komunikasi jeung papada manusa. Rupa-rupa wangun lambang nu mangrupa hasil tina kabudayaan salasahijina nyaéta aya nu disebut upacara adat. Jawa Barat mangrupa salasahiji wewengkon nu miboga unsur budaya. Di antarana aya rupa-rupa kasenian, upacara adat, jeung sajabana nu mangrupa bagéan tina kabudayaan nasional. Upacara adat mangrupa bagéan integral tina kabudayaan masarakat. Upacara ieu bakal tumpur saupama teu miboga pungsi. Rojongan ti masarakat bakal aya salila éta upacara adat bisa nyumponan pangabutuh masarakatna boh individu boh sacara kelompok. Ieu upacara bakal laksana saupama aya gawé bareng ti masarakat, nepi bisa ngaraketkeun rasa solidaritas papada anggota masarakat.

Upacara adat miboga cicirén budya nu hakiki, gambaran beungkeutan hiji bangsa nu mampuh ngajaga tur ngamumulé ragam budaya. Salasahiji kabeungharan seni budaya di Kota Bandung nu masih kénéh aya nyaéta tradisi Ngaruat nu aya di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung. Kampung Cirateun nu aya di tungtung bagéan Kota Bandung belah tonggoh, mangrupa hiji modél Kampung wisata di Jawa Barat nu miboga kabeungharan seni budaya, adat-istiadat, jeung tradisi nu luhung. Ieu upacara matuh diayakeun sataun sakali kurang leuwih dua poé ti mimiti tatahar nepi ka réngséna. Warga masarakat Kampung Cirateun masih kénéh nyekel pageuh adat tradisi, hususna nu aya hubunganna jeung upacara atawa tradisi Ngaruat nu disebutna Ngaruat Coblong. Dina ieu upacara sok diasupkeun kasenian-kasenian tradisional has Jawa Barat samodél Pencak Silat, Jaipongan, Kuda Lumping, jeung Ketuk Tilu.

Tradisi Ngaruat di Kampung Cirateun, masih kurang dipikawanoh ku masarakat Cirateun sorangan. Lantaran ieu tradisi Ngaruat katilep ku kasohorna


(9)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kabudayaan-kabudayaan nu leuwih modern. Buktina, saupama diayakeun upacara Ngaruat Coblong, jarang pisan pamuda-pamudi nu ilu-biung kana ieu upacara, padahal ieu upacara ngaruat téh kalintang penting pikeun kahirupan di masarakat Kampung Cirateun hususna. Dina tradisi Ngaruat Coblong nyangkaruk ajén-inajén nu kalintang penting pikeun dipikawanoh jeung diteuleuman. Kusabab kitu, kudu aya tarékah nu tangtu pikeun ngajaga tur nanjeurkeun kabeungharan budaya, di antarana kudu dipikawanoh ku masarakatna. Tradisi Ngaruat Coblong penting pikeun dipikawanoh ku masarakat luar, lantaran aya ajén-inajén nu nyangkaruk dina tradisi ngaruat Coblong. Coblong numutkeun masarakat kampung Cirateun nyaéta tempat cai atawa wadah cai nu diartikeun salaku tempat karaharjaan. Tarékah ngawanohkeun tradisi Ngaruat Coblong bisa ngaliwatan media sakola. Ku nu nalungtik ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan pangajaran pikeun ngawanohkeun tradisi has kampung Cirateun nyaéta Tradisi Ngaruat Coblong. Nu nalungtik méré ieu judul panalungtikan téh nyaéta “Tradisi Ngaruat

Coblong di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangaweruh sarta jadi bahan érongeun kana upacara adat nu aya ditatar Sunda, hususna tradisi Ngaruat.

Tina sawatara skripsi nu geus dibaca, aya sawatara skripsi anu medar ngeunaan tradisi ngaruat sarta medar ngeunaan ulikan sémiotik di antarana: “Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Ruatan Bumi di Désa Parakan Garokgék Kecamatan Kiara Pedes Kabupaten Purwakarta”, ku Asep Johan Komala (2007); “Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampék Désa Salawana Kecamatan Dawuan Kabupatén Majaléngka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”, ku Euis Nur Amalia (2013); “Ajén falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum Kabupatén Subang (Ulikan Struktural Sémiotik)”, ku Deasy Hapsari Suciati (2012); “Fungsi Simbol Dina Upacara Salametan Solokan Coblong di Kampung Cirateun Kecamatan Sukasari


(10)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kodya Bandung”, ku Ganjar Anoegrah (2008); “Simbol Budaya anu Nyampak dina Tradisi Sambel Séréh Sabada Ngalahirkeun di Kampung Cikonéng Langkob Désa Alam Éndah Rancabali Kabupatén Bandung”, ku Fany Oktavia (2010); “Ajén Falsafah nu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al-quran dina Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi”, ku Risna Septiani (2008); jrrd.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung. Luyu jeung kasang tukang masalah nu geus dipedar, pasualan nu aya dina ieu panalungtikan téh baris diidéntifikasi saperti ieu di handap.

1) Kaayaan sosial budaya masarakat Kampung Cirateun nu geus sarwa modern sarta pamikiran-pamikiran masarakatna nu geus sarwa logis, ngalantarankeun loba masarakat nu teu pati maliré kana tradisi-tradisi nu aya, kaasup kana tradisi ngaruat lembur.

2) Loba masarakat nu nganggap yén tradisi ngaruat lembur téh geus teu luyu jeung kamekaran jaman kiwari.

3) Loba masarakat nu teu apal kana asal muasal (sajarah) ayana tradisi ngaruat lembur, prak-prakanna, pungsi jeung tujuanna, simbol-simbol, ajén-inajén, sarta ma’na-ma’na nu nyampak dina éta tradisi. Ku kituna, loba masarakat nu ukur sailu-iluna dina ngalaksanakeun éta tradisi.

4) Tradisi ngaruat dina jaman kiwari geus aya parobahan ti mangsa ka mangsa, bahan-bahan nu digunakeunna gé geus jarang lengkep.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah patalékan ieu di handap.


(11)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Kumaha sajarah jeung kamekaran upacara tradisi ngaruat Coblong di Kampung Cirateun?

2) Kumaha runtuyan sarta prak-prakanna tradisi ngaruat Coblong di Kampung Cirateun?

3) Naon maksud jeung tujuan upacara ngaruat Coblong?

4) Kumaha larapna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat lembur pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah nu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun mikanyaho tradisi ngaruat lembur di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kaayaan unsur sosial masarakat Kampung Cirateun;

2) kasang tukang ayana tradisi ngaruat Coblong di Kampung Cirateun;

3) runtuyan sarta prak-prakanna tradisi ngaruat Coblong di Kampung Cirateun; sarta

4) larapanna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat Coblong pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis hasil tina ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngabeungharan hasil panalungtikan sarta méré pangaweruh ngeunaan tradisi ngaruat atawa ruwatan.


(12)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan bisa katitén saperti ieu di handap. 1) Pikeun panalungtik sarta masarakat umum, ieu panalungtikan dipiharep bisa

nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi lokal nu aya di masarakat Sunda, hususna ngeunaan tradisi ngaruat lembur.

2) Pikeun guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa dipaké pikeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII.

3) Pikeun siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran jeung nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi ngaruat lembur, sarta bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya Sunda.

1.5 Rangkay Tulisan

Sistematika atawa raraga tulisan anu digunakeun dina nulis ieu skripsi téh sacara gurat badag kabagi jadi lima bab, nya éta saperti ieu di handap.

BAB I Bubuka, eusina ngeunaan sub judul nyaéta kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta struktur raraga tulisan.

BAB II Kajian Pustaka, nyaéta ngeunaan tatapakan tiori anu medar ngeunaan kabudayaan, upacara adat, tradisi, jeung bahan pangajaran.

BAB III Métode Panalungtikan, eusina husus medar ngeunaan lokasi panalungtikan, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

BAB IV medar ngeunaan tradisi ngaruat Coblong di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII.

BAB V kacindekan jeung saran, nyaéta salaku bab pamungkas sarta gurat badag jeung intisari tina ieu skripsi. Dina ieu bab ngawengku kacindekan jeung saran.


(13)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB II

KABUDAYAAN, UPACARA ADAT, TRADISI, JEUNG BAHAN PANGAJARAN

Sacara gurat badag, dina ieu bab baris dipedar ngeunaan kabudayaan, upacara adat, tradisi ngaruat, sarta bahan pangajaran. Ku kituna, dina ieu bab baris didéskripsikeun sababaraha tiori, di antarana: wangenan, unsur-unsur, pungsi, komponén, jeung ciri-ciri, sarta dibarung ku tiori-tiori séjénna salaku tambahan tiori.

2.1 Kabudayaan

2.1.1 Wangenan Kabudayaan

Kecap budaya asalna tina basa sangsekerta, nyaéta buddhayah. Bentuk jamakna tina budhi nu hartina “budi” atawa “akal” (Koenjaraningrat, 1984:9). Nurutkeun Ki Hajar Dewantara, kabudayaan mangrupa buah budi manusa. Kluckhohn nétélakeun yén kabudayaan téh mangrupa maniféstasi jeung penjelmaan gawé jiwa manusa dina harti nu jembar (Suparto, 2007:40).

2.1.2 Unsur-unsur jeung Wujud Kabudayaan

Nurutkeun Koentjaraningrat (2002:203), sacara universal kabudayaan manusa miboga tujuh unsur, nyaéta 1) basa; 2) sistem pangaweruh; 3) organisasi sosial; 4) sistem pakakas jeung téhnologi; 5) sistem pakasaban; 6) sistem réligi; sarta 7) kasenian.

Malinowski (Soekanto, 1998:192) nyebutkeun aya opat unsur poko kabudayaan, nyaéta:

1) sistem norma nu ngamungkinkeun ayana gawé bareng papada anggota masarakat pikeun adaptasi jeung lingkunganna;


(14)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) alat-alat jeung lembaga-lembaga atawa patugas-patugas pendidikan (kulawarga mangrupa Lembaga Pendidikan nu utama); sarta

4) organisasi kakuatan politik.

Koentjaraningrat (2002:186) nétélakeun paling saeutik aya tilu wujud kabudayaan, nyaéta:

1) wujud kabudayaan salaku hiji kumpulan atawa ide-ide, pamadegan, ajén-ajén, norma-norma, aturan, jeung sajabana;

2) wujud kabudayaan mangrupa hiji kumpulan aktifitas sarta paripolah manusa nu miboga pola dina hirup kumbuhna di masarakat; sarta

3) salaku barang-barang tina hasil karya manusa.

Wujud kahiji nyaéta wujud idéal tina kabudayaan, sipatna abstrak, teu bisa dicabak atawa dipoto, ayana dina jero alam pikiran warga masarakat nu miboga éta kabudayaan. Ayeuna éta kabudayaan ideal téh geus nyampak dina arsip, koléksi microfilm, computer, jeung sajabana.

Ide-ide jeung gagasan manusa loba nu hirup babarengan di masarakat, méré jiwa ka éta masarakat. Ieu gagasan-gagasan silih pakait jadi hiji sistem, teu bisa misah séwang-séwangan. Para ahli Sosiologi jeung Antropologi loba nu nyebutkeun yén ieu sistem téh mangrupa sistem budaya. Dina istilah séjén bisa disebutkeun yén wujud idéal tina kabudayaan ieu téh nyaéta adat istiadat.

Wujud kadua tina kabudayaan nyaéta sistem pranata sosial, nu mangrupa paripolah manusa. Sistem sosial mibanda aktifitas-aktifitas, paripolah-paripolah manusa dina raraga campur gaul jeung sasama di masarakat. Paripolah-paripolah masarakat ieu tangtuna dumasar adat tata-kalakuan. Ieu sistem sosial sipatna kongkrit, aya dina kahirupan sapopoé, bisa diobsérvasi, sarta bisa didokuméntasikeun.

Wujud katilu dina kabudayaan disebut wujud fisik, nyaéta barang-barang hasil tina paripolah-paripolah manusa di masarakat. Sipatna pangkongkritna, bisa dicabak jeung didokuméntasikeun.


(15)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tina wujud kabudayaan tadi teu bisa dipisahkeun, tapi silih pakait. Kabudayaan ideal, nyaéta adat-istiadat nu ngatur tingkah polah manusa dina hirup kumbuh di masarakatna nu bisa ngahasilkeun barang-barang atawa karya nu kongkrit hasil tina pikiran-pikiran manusa tadi.

2.1.3 Sipat Kabudayaan

Unggal masarakat miboga kabudayaan nu béda, tapi unggal kabudayaan miboga sipat hakékat nu umumna sarua jeung kabudayaan nu séjénna. Sipat hakékat kabudayaan tadi nyaéta:

1) kabudayaan ngawujud sarta ditepikeun ngaliwatan paripolah manusa;

2) kabudayaan aya leuwih tiheula tibatan lahirna hiji generasi nu tangtu, sarta bakal tumpur saluyu jeung tumpurna hiji generasi nu tangtu tadi;

3) kabudayaan dibutuhkeun ku manusa sarta ngawujud dina paripolahna; sarta 4) kabudayaan ngawengku aturan-aturan nu eusina kawajiban-kawajiban,

kalakuan-kalakuan nu ditarima jeung ditolak, sarta kalakuan nu dilarang jeung diijinkeun.

Herskovits dina Soekanto (1998:200) nétélakeun yén sipat hakékat kabudayaan téh mangrupa ciciren unggal kabudayaan. Tapi, nalika hiji jalma rék maham kana éta sipat hakékat, saacanna kudu néangan heula jalan kaluar dina masalah di jerona.

Dina pangalaman manusa, kabudayaan miboga sipat universal. Tapi wujud tina éta kabudayaan miboga ciri husus nu saluyu jeung situasi kalayan lokasina. Dina kanyataanna, masarakat jeung kabudayaan teu bisa dipisahkeun. Hal ieu ngabalukarkeun unggal masarakat miboga kabudayaan atawa bisa ogé disebut yén kabudayaan miboga sipat universal (atribut ti unggal masarakat dunya). Tapi dina waktu anggota masarakat nu hiji campur gaul jeung anggota masarakat nu lian, éta individu bakal sadar yén adat-istiadatna béda. Ieu téh balukar tina bédana pangalaman tina dua kelompok masarakat. Hartina, bébédaan dua kabudayaan téh


(16)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dumasar kana kasang tukangna. Ku kituna, dicindekkeun yén sipat universal kabudayaan bisa ngabalukarkeun kabudayaan nu béda. Conto umumna, bangsa Indonesia, bangsa Malaysia, bangsa Amerika, jeung bangsa Eropa miboga kabudayaan (universal). Tapi, éta kabudayaan miboga ciri-ciri husus sewang-séwangan dumasar kasang tukangna.

Suparto (2007:42) nyindekeun aya tujuh sipat umum kabudayaan, nyaéta: 1) kabudayaan miboga sipat ragem;

2) kabudayaan bisa diteruskeun sacara sosial ku pangajaran;

3) kabudayaan diébréhkeun dina komponén-komponén biologi, psikologi, jeung sosiologi;

4) kabudayaan miboga struktur; 5) kabudayaan miboga ajén;

6) kabudayaan miboga sipat statis jeung dinamis; sarta 7) kabudayaan bisa dibagi kana widang atawa aspék.

2.1.4 Komponén Kabudayaan

Dumasar kana wujudna, kabudayaan bisa dibédakeun kana dua komponén utama, nyaéta kabudayaan matéril jeung kabudayaan non-matéril.

1) Kabudayaan matéril

Kabudayaan matéril nyoko kana sakabéh ciptaan masarakat nu nyata. Nu kaasup kana kabudayaan matéril nyaéta timuan-timuan nu dihasilkeun tina arkéologi. Contona: mangkok tina taneuh, rupa-rupa perhiasan, pakarang, jeung sajabana.

2) Kabudayaan non-matéril

Kabudayaan non-matéril nyaéta ciptaan-ciptaan abstrak nu diwariskeun sacara turun-tumurun ti karuhun, contona: dongéng, carita rakyat, lagu tradisional, jeung sajabana.


(17)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kabudayaan sosial di masarakat Sunda hususna raket pisan patula-patalina jeung nu ngaranna upacara adat. Aya sababaraha tiori ngeunaan kabudayaan sosial. Numutkeun Paul B. Harton dina Koentjaraningrat (2009:246) kabudayaan sosial atawa sosial budaya nyaéta hiji proés pikeun manusa mikaharti ngeunaan norma-norma atawa aturan-aturan nu aya di masarakat alatan bisa ngabentuk hiji kapribadian sacara individu pikeun ngaraketkeun tali duduluran atawa kapribadian sosial pikeun kelompok. Koentjaraningrat (2009:288) ngabagi genep bagian ngeunaan kabudayaan sosial, nyaéta:

1) sistem norma nu ngatur tingkah pola hiji kelompok atawa warga; 2) komunikasi nu lancar papada anggota kelompok;

3) sistem hak jeung kawajiban nu ngatur tingkah laku warga masarakat; 4) pamingpin nu ngatur kana naon hal nu dipigawé ku unggal kelompok;

5) sistem hak jeung kawajiban ngeunaan harta produktif, harta konsumtif, jeung harta pustaka nu tangtu; sarta

6) jiwa sosial kelompok nu sadar pikeun sakabéh anggota.

G.P. Murdock dina Hanneman & Aziz (1997:2) ngabagi kelompok sosial jadi tilu kategori dumasar kana pungsi sosialna, nyaéta 1) kelompook kekerabatan

korporasi, 2) kelompok kekerabatan kadangkala, jeung 3) kelompok kekerabatan

nu ngalambangkeun kesatuan adat istiadat. Définisi ngeunaan tilu kategori nu disebutkeun tadi nyaéta:

1) kelompok kekerabatan korporasi

Jumlah anggota ieu kelompok biasana teu pati loba. Anggotana masih pada apal jeung bisa adaptasi jeung papada anggotana, nyieun hiji kagiatan kelompok nu dilaksanakeun ku cara sababaraha kali jeung mibanda hiji sistem hak jeung kawajiban nu ngatur interaksi anggotana dumasar kana sistem norma nu tangtu. Kelompok saperti kieu ampir aya di unggal daérah. Di Indonesia, sebutan pikeun kelompok ieu rupa-rupa. Misalna, Sipopoli (Ngada, Flores), Sangambato Seboa (Nias), Kaum (Minangkabau), Kuren (Bali), jeung Sara Dapur (Gayo). 2) Kelompok kekerabatan kadangkala


(18)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kelompok ieu miboga sipat samentara atawa teu tangtu. Jumlah anggota kelompokna gé loba jeung teu adaptasi ku cara terus-terusan. Anggota kelompokna ngarumpul saupama aya kagiatan-kagiatan nu tangtu, saperti gotong royong, ngayakeun upacara, atawa ngayakeun upacara tradisi daur hidup. Sababaraha suku bangsa di Indonesia dikenal ku istilah nu ngagambarkeun kelompok kekerabatan ieu, misalna waé golongan-golongan (Sunda), family (Minahasa, Ambon), jeung sanak sadulur (Jawa).

3) Kelomopok kekerabatan nu ngalambangkeun kestuan adat istiadat

Kelompok kekerabatan ieu miboga kelompok nu kacida lobana, jadi di antara anggota kelompokna teu pada wawuh jeung teu miboga hubungan nu terus-terusan. Tapi ku kituna, anggota kelompokna sadar yén manéhna nyaéta salasahiji bagéan tina satu-kesatuan dumasar kana lambang adat nu geus ditangtukeun. Conto kelompok kekerabatan saperti kieu disebutna klan besar atawa paroh

masyarakat. Anggota kelompok klan besar mangrupa katurunan ti karuhunna,

boh éta patrilineal atawa matrilineal nu geus ngaliwatan mangpuluh-puluh angkatan. Anggota kelompokna kaiket ku tanda-tanda gumelarna ka alam dunya, saperti ngaran klan, lambang totem, jeung dongéng-dongéng nu dianggap suci.

Conto ngaran klan besar lianna nyaéta marga dina suku bangsa Batak. Misalna marga Siahaan, Ginting, Simanjuntak, Nasution, Sembiring, jeung sajabana. Dina kelompok kekerabatan, aya sababaraha istilah-istilah nu ngalambangkeun kesatuan kelompok dina hiji masarakat. Istilah-istilahna nyaéta disebut kinred, keluarga luas, ambilineal kecil, ambilineal besar, klan fratri, jeung paroh masyarakat.

a) Kinred

Dina rupa-rupa masarakat nu aya di alam dunya, manusa sok milu ilu-biung jeung silih tulungan jeung papada manusa lianna. Kesatuan kekerabatan nu ilahar disebutna kinred ieu dimimitian ku salah saurang warga nu ngabalakan hiji kagiatan, misalna upacara atawa salametan. Kajadian saperti kieu téh biasana ngan ditungkulan ku dulur-dulur jeung baraya nu imahna teu pati jauh


(19)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung tempat diayakeunna upacara atawa salametan. Sok sanajan aya baraya atawa dulur nu jauh ngusahakeun bisa nungkulan pangangkir ieu acara alatan ieu acara téh dianggap penting. Kulantaran kinred teu jelas watesanna, jadi kinred sipatna teu korporasi, tapi ngan saukur occasional (kadangkala).

b) Keluarga Luas

Kelompok ieu mangrupa hiji kelompok sosial nu nyeukeul pageuh kana kayakinan jeung kapercayaan nu diagemna. Keluarga luas dibagi jadi tilu kelompok dina kahirupan masarakatna, nyaéta 1) ultralokal, 2) virilokal, jeung 3) uxorilokal.

c) Ambilineal Kecil

Kelompok ieu bisa kabentuk saupama hiji kulawarga ngabentuk hiji ciri nu husus, nu mana ciri éta téh dipikanyaho ku balaréa. Ieu kelompok sosial téh ngan 25-30 urang.

d) Ambilineal Besar

Saupama aya hiji kulawarga nu teu kawatesanan dina 3-4 turunan wungkul, leuwih loba katurunan nu diturunkeun ti karuhunna, jadi kelompok sosial ieu disebutna Ambilineal Besar.

e) Klan

Klan nyaéta hiji kelompok sosial nu asal-muasal anggota kelompokna ti hiji katurunan ngaliwatan katurunan ti aki atawa ti nini.

f) Fratri

Kelompok sosial fratri leuwih ditujukeun ka kelompok-kelompok patrilineal atawa matrilineal sipatna lokal nu mangrupa gabungan ti kelompok-kelompok klan nu aya disabudeureunna.

g) Paroh Masarakat

Kelompok sosial paroh masarakat nyaéta kelompok sosial nu ngadumaniskeun kelompok sosial nu ampir sarua jeung kelompok sosial fratri jeung klan. Tapi kelompok sosial ieu miboga ciri nu has nyaéta yén dimana hiji


(20)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masarakat kelompok sosial ieu téh mangrupa satengahna tina sakabéh masarakat nu aya dina hiji wilayah nu tangtu.

2.1.6 Pungsi Kabudayaan di Masarakat

Kabudayaan mangrupa hal nu teu bisa dipisahkeun ti masarakat. Dimana aya masarakat, di dinya pasti aya kabudayaan. Kabudayaan miboga pungsi nu kalintang gedé pikeun masarakat. Rupa-rupa kakuatan negatif atawa positif nu tangtu kudu disanghareupan ku anggota masarakat, saperti kakuatan alam atawa kakuatan séjénna. Salian ti éta, manusa jeung masarakat perlu ogé ka naon nu disebut kasugemaan, boh di widang spiritual boh di widang material. Kabutuhan-kabutuhan masarakat nu tadi disebutkeun, sacara gurat badagna bisa kaungkulan ku kabudayaan ti masarakat éta sorangan.

Hasil karya masarakat jadi hiji téhnologi atawa kabudayaan matérial nu antukna guna pikeun nangtayungan masarakat di lingkungan jerona. Téhnologi dina hakékatna mibanda sababaraha unsur, di antarana alat-alat produktif, alat perang, alat organisasi, kadaharan jeung inuman, sandang, tempat nyalindung, sarta alat-alat transport. Kabudayaan miboga pungsi nu tangtu di masarakat. Éta pungsi bisa ditilik dumasar sudut pandang tiori sosiologi.

Nurutkeun tiori fungsional-struktural, kabudayaan miboga pungsi pikeun miara sakabéh prosés di masarakat. Kabudayaan ogé miboga pungsi ngaraketkeun masarakat sarta nyiptakeun stabilitas. Hal éta ngawujud ngeunaan kasiapan masarakat pikeun narima ajén-ajén inti salaku cecekelan hirupna. Satuluyna, kabudayaan ngamungkinkeun masarakat nyumponan rupa-rupa pangabutuhna, boh pangabutuh fisik boh pangabutuh non-fisik.

Di sisi séjén, nurutkeun sudut pandang tiori konflik sosial, kabudayaan utamana miboga pungsi pikeun ngajaga jeung miara ragem sosial. Bisa disebutkeun ogé yén kabudayaan sabenerna miboga pungsi pikeun ngajaga dominasi hiji kelompok di masarakat. Ayana éta dominasi tangtu nimbulkeun rasa


(21)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

teu panuju ti kelompok séjén. Hal ieu antukna bisa nimbulkeun parobahan sosial (Nugraha, skripsi 2011:14).

Saupama ditengetan, dua kasang tukang di luhur miboga bebeneran séwang-séwangan. Ku sabab kitu, duanana miboga sawangan nu silih lengkepan dina raraga maham pungsi kabudayaan. Dumsar kana dua sawangan tadi, Saptono dina Sulasmono (2006:41) nyindekkeun yén kabudayaan sahenteuna miboga pungsi:

1) ngaraketkeun jeung ngahijikeun masarakat; 2) minuhan pangabutuh-pangabutuh masarakat; sarta 3) ngadorong ayana parobahan sosial.

2.1.7 Rupa-rupa Ajén Sosial di Masarakat

Sacara umum, ajén-inajén sosial di masarakat bisa dibédakeun jadi dua, nyaéta ajén sosial dominan jeung ajén sosial mendarah daging. Ajén sosial

dominan nyaéta ajén sosial nu dianggap ku masarakatna leuwih penting tibatan

ajén sosial séjénna. Ukuran dominan henteuna hiji ajén sosial diukur ku sababaraha indikasi, di antarana:

1) aya rasa reueus nalika ngajalankeun éta ajén; 2) éta ajén dianut ku lolobana masarakat;

3) ayana kasapukan ti warga masarakat pikeun bisa ngajalankeun éta ajén, sarta 4) éta ajén geus lila dianut ku warga masarakat.

Sedengkeun ajén sosial mendarah daging nyaéta ajén sosial nu geus ngakar sarta jadi kabiasaan warga masarakat. Ajén sosial ieu téh umumna dilakukeun kalayan teu sadar ku masarakat. Contona kabiasaan hormat ka guru atawa ka nu jadi kolot (Nugraha, skripsi 2011:22).

Koentjaraningrat (Saptono & Sulasmono, 2006:45) nétélakeun yén dina masarakat Indonesia aya sababaraha ajén sosial nu dominan, boh éta ajén nu kawilang positif atawa nu negatif. Ajén sosial nu positif di antarana gawé bareng (gotong royong), silih tulungan, ihtiar, toléransi jeung kakulawargaan.


(22)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sedengkeun ajén negatif di antarana nyapirakeun, teu percaya diri, teu disiplin, jeung teu daék tanggung jawab.

2.1.8 Pungsi jeung Ciri Ajén Sosial

Ayana ajén-inajén sosial di masarakat tangtu miboga pungsi Saptono dina Sulasmono (2006:44). Aya sababaraha pungsi ajén sosial, di antarana:

1) alat pikeun numuwuhkeun solidaritas di masarakat; 2) ngarahkeun masarakat dina mikir jeung paripolahna;

3) alat pikeun ngawas paripolah sangkan jalma miboga paripolah dumasar kana ajén nu dianutna; sarta

4) jadi panangtu pikeun masarakat dina raraga nyumponan peranan sosialna.

2.2 Upacara Adat

Hiji sistem réligi dina hiji kabudayaan teu weléh percaya kana ciri-ciri pikeun ngajaga émosi kaagamaan dina diri masarakatna. Ku sabab kitu, émosi kaagamaan mangrupa unsur penting dina hiji réligi salian ti tilu unsur séjénna, nyaéta sistem kayakinan, sistem upacara kaagamaan, sarta umat nu ngagem éta réligi.

Tina opat unsur réligi tadi, nu bakal diguar leuwih jero nyaéta sistem upacara kaagamaan. Ieu sistem tangtuna ogé aya patula-patalina jeung tradisi masarakat nu ngagem éta réligi. Saperti nu geus dipedar, tradisi nyaéta kabiasaan nu turun-tumurun di hiji kelompok masarakat dumasar ajén budayana. Tradisi némbongkeun paripolah anggota masarakat boh nu sipatna duniawi boh nu sipatna kaagamaan (goib). Dina tradisi diatur kumaha manusa ngayakeun hubungan jeung papadana, alamna, sarta alam séjén di luareun dirina.

Saperti nu geus disebutkeun, saméméhna yén kabudayaan téh miboga tilu wujud. Adat-istiadat mangrupa salasahiji wujud idéal nu gunana pikeun ngatur tata-laku. Koentjaraningrat (1984:11) ngabagi adat istiadat kana opat tingkatan, nyaéta:


(23)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) tingkat ajén budaya nu mangrupa tingkat nu pangabstrakna; 2) tingkat norma-norma;

3) tingkat hukum; sarta

4) mangrupa tingkat aturan husus.

2.2.1 Jenis-jenis Upacara Adat

Masarakat Sunda umumna katelah ku kahirupan masarakatna nu agamis. Minangka simbol tina masarakat nu agamis, nyaéta ayana sajumlahing kagiatan ibadah jeung upacara-upacara adat di masarakatna. Upacara-upacara adat nu nepi ka kiwari masih kénéh dilaksanakeun nyaéta 1) acara jeung upacara sabudeureun kahirupan manusa (upacara saméméh lahiran, waktu lahiran, sunatan, kawin, ngubaran nu gering, jeung kapapaténan); 2) bagenténna waktu (kapercayaan kana poé hade jeung poé goréng, bagenténna bulan, jeung palintangan); 3) tatanén; 4) makam karamat; sarta 5) upacara sakral (ngaruat, syukuran, jeung salametan).

Koentjaraningrat (1984:147) nétélakeun yén sistem upacara adat mangrupa wujud kalakuan tina réligi. Sistem upacara adat di masarakat Sunda bisa dipasing-pasing jadi opat jenis upacara adat, nyaéta:

1) upacara adat nu aya patalina jeung tatanén;

2) upacara nu patali jeung lalakon hirup (daur hidup), contona upacara tingkeban (kakandungan tujuh bulan), Ngeuyeuk Seureuh (waktu kawin), jeung natus (saratus poé maot);

3) upacara nu patalina jeung alam; sarta 4) upacara nu patalina jeung sistem religi.

Kaopat jenis upacara adat nu disebutkeun biasana dilaksanakeun dina raraga miéling poé nu aya hubunganna jeung kaagamaan, atawa bisa ogé miéling jalma nu geus nyieun jasa pikeun Nagara.


(24)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun sababaraha ahli Antropologi, upacara adat moal leupas tina komponén-komponén utamana, sarta silih pakait nu hiji jeung nu lianna. Koentjaraningrat (2002:377) sacara husus ngabagi upacara adat kana opat komponén utama, nyaéta 1) tempat upacara; 2) waktu upacara; 3) kalengkepan jeung pakakas upacara; sarta 4) jalma nu mingpin jeung kalibet kana upacara.

Komponén kahiji patali jeung tempat keramat dimana éta upacara dilaksanakeun, nyaéta bisa di makam, candi, pura, kuil, gereja, masigit, jeung sajabana. Komponén kadua nyaéta ngeunaan waktu-waktu ibadah, poé-poé nu dianggap keramat jeung suci, jeung sajabana. Komponén nu katilu nyaéta panglengkep jeung pakakas nu mangrupa barang-barang nu dipaké dina upacara. Kaasup patung-patung nu ngalambangkeun déwa-déwa, pakakas sora saperti locéng, suling, jeung sajabana. Komponén kaopat nyaéta komponén ngeunaan para palaku upacara, misalna para pandita, biksu, dukun, jeung sajabana.

Dina enas-enasna, upacara adat miboga rupa-rupa unsur, di antarana 1) sasajén; 2) ngorbankeun; 3) ngado’a; 4) dahar bareng kalawan kadaharan nu geus disucikeun ku do’a; 5) tari; 6) nyanyi; 7) pawéy; 8) nampilkeun seni drama suci; 9) puasa; 10) ngosongkeun pikiran ku jalan ngadahar ubar paranti ngaleungitkeun kasadaran dirina; 11) tapa; jeung 12) semédi.

Di antara unsur-unsur upacara adat tadi, aya nu dianggap penting pisan dina hiji agama, tapi aya ogé nu malah teu dipikawanoh pisan dina agama séjén. Iwal ti éta, upacara-upacara adat biasana mibanda hiji susunan nu eusina sajumlahing unsur-unsur tadi. Contona dina upacara kasuburan, para palaku upacara ngayakeun pawéy heula nu tujuanna ka tempat neundeun sasajén, tuluy ngorbankeun hayam, nyiapkeun kekembangan keur déwa kasuburan, ngado’a, nyanyi (ngahaleuang babarengan), sarta ahirna ditutup ku dahar babarengan (balakécrakan).

2.2.3 Pungsi Upacara Adat

Numutkeun Rostiati, spk. (1995:4), upacara adat dina mangsa kiwari miboga tilu pungsi, nyaéta pungsi spiritual, pungsi sosial, sarta pungsi pariwisata.


(25)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pungsi spiritual, maksudna pelaksanaan upacara adat salawasna patali jeung pamujaan ka karuhun, roh, atawa Pangéran dina raraga ménta kasalametan. Upacara adat mibanda pungsi spiritual sabab upacara adat mampuh ngahudangkeun émosi kaagamaan, nimbulkeun rasa aman, tengtrem, jeung salamet.

Pungsi sosial, maksudna sakabéh nu nyaksian upacara adat bisa meunangkeun atawa nyerep pesen-pesen nu ditepikeun dina éta upacara adat. Dina ha lieu, upacara adat bisa dipaké salaku kontrol sosial, interaksi, integrasi, jeung komunikasi papada warga masarakat, nu antukna bisa ngaraketkeun warga dina hirup kumbuhna.

Pungsi parawisata bisa katitén dina lobana masarakat nu datang pikeun

nyaksian upacara. Masarakat nu datang bisa ti masarakat lokal (nu ngalaksanakeun éta upacara) jeung masarakat luar (nu ngan saukur nyaksian).

2.2.4 Rupa-rupa Adat Istiadat Sunda

Loba pisan adat istiadat ti tatar Sunda téh, tapi jaman kiwari geus teu pati loba kawas jaman baheula, ari di pilemburan mah ayeuna ogé masih kénéh aya. Atuh di kota-kota gedé, ku sabab pangaruh jaman, dina ayana kénéh gé geus loba parobahanna. Biasana meunang ngaluyukeun jeung pajamanan. Nya kitu deui tujuanna, euweuh patalina jeung kapercayaan. Palingna gé ngan samet ngaramékeun acara. Éta meurueun bédana ngalaksanakeun adat-istiadat Sunda, antara di kota gedé jeung di padésaan.

Taufik Faturohman (2006:42) nyebutkeun aya sababaraha rupa adat-istiadat Sunda jaman baheula, di antarana:

1. Babarit

Babarit nyaéta nyalametkeun (salametan) lembur. Carana, salembur nyangu kawas rék nyinghareupan poé lebaran. Di antarana nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Di pupuhuan ku kokolot lembur, ngariung di hiji tempat, atawa ngajajar di sisi-sisi jalan lembur. Sanggeus kokolot lembur nyeungeut


(26)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

menyan, terus ngadu’a ka Gusti Allah, sangkan lembur nu ditempatan téh dijaga kalayan dijauhkeun tina sagala rupa musibat. Sanggeus ngadu’a, tuluy acara diteruskeun kana dalahar balakécrakan.

2. Ngaliwan Orok

Ngaliwan orok dilaksanakeun saban Jumaah Kaliwon. Orok umur bubulanan atawa mimingguan téh, isuk-isuk dibawa ka paraji atawa ka dukun. Tuluy dimandian cai kembang tujuh rupa. Biasana sakalian dicekok, diinuman peresan konéng meunang marud. Bérés dimandian tuluy dijampéan. Maksudna, sangkan éta orok ulah babari katerap ku panyakit.

3. Tujuh Bulanan

Di kota-kota gedé sok aya kénéh nu baris ngalaksanakeun upacara tujuh bulanan. Nyaéta salametan nu keur kakandungan tujuh bulan. Biasana nu keur kakandungan dimandian cai kembang tujuh rupa. Lian ti éta sok nyieun rurujakan, (rujak bebek). Rujakna tuluy dijual, ari duit keur meulina ku talawéngkar (sesemplékan kenténg atawa gagarabah). Engkéna duduitan ladang rujak ku nu kakandungan dipiceun ka parapatan jalan. Cenah, lamun rujakna lada anakna pasti lalaki. Upamana rujak rasana semu amis anakna nya awéwé.

Lian ngarujak bebek, bapana orok nu dikandung, ngagambaran dawegan kalapa konéng, maké péso méncos atawa paku. Biasana digambaran wayang Arjuna atawa Subadra. Kudu dawegan konéng, sangkan engké kulit anak nu keur di kandung warnana konéng.

4. Meuncit Sato Béla

Naon baé satona mah, rék hayam jago, domba jalu, atawa munding jalu ogé. Tapi, biasana mah mun lian hayam, paling mahal domba atawa embé. Sato nu rék dipaké béla, dipeuncit bareng jeung nyunatan budak. Budak sempring disunatan, sato nu dipaké béla gérésél dipeuncit. Tujuanna sangkan budak nu disunatan teu ngarasa nyeri. Cenah, lantaran rasa nyerina dipindahkeun ka sato nu dipaké béla téa. Nu matak disebutna ogé sato béla.


(27)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5. Hajat Laut

Urang basisir kidul umumna percaya, yén laut téh aya nu ngarajaan, nyaéta Nyi Roro Kidul. Ku kituna hasil-henteu maranéhna ngala lauk, kumaha ceuk Nyi Roro Kidul. Sangkan Nyi Ratu bageur, saban taun, unggal tempat waktuna béda-béda, biasana mah dina mangsa ombak gegedéna, sok diayakeun hajat laut.

Ari nu dihajatkeunna, lian ti tumpeng salengkep-lengkepna jeung sok ditambahan ku hulu munding. Cara nanggakeunna ka Nyi Ratu, ku cara dipalidkeun ka tengah laut. Bareng jeung hajat laut, sok aya raraméan, biasana sok nanggep wayang atawa ronggéng.

2.3 Tradisi

2.3.1 Wangenan Tradisi

Tradisi atawa tradition dina basa Inggrisna, bisa dihartikeun salaku hiji kabiasaan sosial nu diturunkeun ti hiji generasi ka generasi séjénna ngaliwatan hiji prosés nu disebut sosialisasi (Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, 1989:95). Sacara basajan tradisi téh nyaéta hiji hal nu geus dilakonan ti baheula (geus lila), sarta jadi bagéan tina kahirupan sakelompok masarakat nu biasana miboga kabudayaan sarta agama nu sarua. Hal nu utama dina tradisi téh nyaéta ayana informasi nu ditepikeun sacara turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi séjénna boh sacara lisan boh sacara tinulis http://id.wikipedia.org/wiki/Tradisi. Tradisi nyaéta paripolah atawa kalakuan manusa nu geus biasa dilakonan sarta dilaksanakeun sacara turun-tumurun ku hiji kelompok masarakat. Tradisi némbongkeun paripolah masarakat boh nu sipatna duniawi boh nu sipatna kaagamaan (goib).

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (1989:95) nétélakeun yén tradisi téh némbongkeun kapercayaan, ajén-inajén, sarta cara mikir ti sakelompok masarakat. Saupama niténan sawangan-sawangan di luhur, kabiasan sosial nu salaku inti dina tradisi téh dina enas-enasna mah asalna tina hubungan-hubungan


(28)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sosial papada warga masarakat. Ku kituna, corak jeung eusina ogé ditangtukeun dumasar kana éta hubungan sosial. Ku lantaran sumberna tina hubungan sosial téa, struktur sosial masarakat jadi salasahiji hal nu nangtukeun wangun tradisi nu aya dina sakelompok masarakat.

Esten dina Anoegrah (2008:17) nétélakeun yén nu dimaksud tradisi téh nyaéta kabiasaan turun-tumurun kelompok masarakat dumasar kana ajén budaya masarakatna. Tradisi némbongkeun kumaha cara paripolah masarakat, boh dina kahirupan nu sipatna duniawi, boh ngeunaan hal-hal nu sipatna goib atawa kaagamaan.

Cindekna, tradisi téh nyaéta hal atawa kabiasaan nu aya sarta masih sok dilakonan dina kahirupan sakelompok masarakat, salaku gambaran sikep sarta paripolah manusa nu geus ngalaman prosés dina jangka waktu nu geus lila sarta dilaksanakeun sacara turun-tumurun ti karuhun. Dina prak-prakanna, nu disebut tradisi téh biasana sok dipatalikeun jeung upacara-upacara adat nu sok dilakonan ku hiji kelompok masarakat, nu dipercaya miboga ajén-inajén nu luhung, nu tangtu luyu jeung kaayaan masarakatna.

2.3.2 Wanda sarta Komponén-komponén dina Upacara Tradisi

Koentjaraningrat dina Nugraha (2011:24), nétélakeun yén upacara adat téh nyaéta wujud kalakuan tina réligi. Sistem upacara adat masarakat Sunda dipasing-pasing jadi opat wanda nyaéta:

1) upacara adat nu aya patalina jeung tatanén;

2) upacara nu patali jeung lalakon hirup atawa daur hirup, contona upacara tingkeban (kakandungan tujuh bulan), ngeuyeuk seureuh (waktu kawin), natus (saratus poé maot), jeung rea-réa deui;

3) upacara nu patali jeung alam;

4) upacara nu patali jeung sistem réligi.

Koentjaraningrat dina Nugraha (2011:24) nétélakeun yén sistem upacara tradisi téh sacara husus ngawengku opat aspék nyaéta saperti ieu di handap.


(29)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Tempat ngalaksanakeun upacara, nyaéta aspék nu patali jeung tempat-tempat karamat, tempat dimana éta upacara tradisi dilaksanakeun. Éta tempat-tempat téh bisa di makam, candi, pura, kuil, masigit, gereja, jeung sajabana.

2) Waktu dilaksanakeunna upacara, nyaéta waktu-waktu ngalaksanakeun upacara tradisi upamana waktu ibadah, poé-poé nu dianggap karamat atawa poé nu dianggap suci.

3) Kalengkepan jeung pakakas upacara, nyaéta kalengkepan jeung pakakas-pakakas nu mangrupa barang-barang nu dipaké sarta dianggap karamat. Upamana patung-patung mangrupakeun déwa-déwa, pedang, keris, kujang, jeung pakakas nu séjénna.

4) Jalma-jalma nu ngalakonan jeung mingpin upacara, nyaéta ngeunaan palaku-palaku dina upacara upamana pendeta, biksu, dukun, jeung sajabana.

Dina enas-enasna, upacara adat miboga rupa-rupa unsur nyaéta ngadu’a, sasajén, ngorbankeun, dahar babarengan kalawan kadaharan nu geus disucikeun ku du’a, tari, nyanyi, pawéy, mintonkeun seni drama suci, arak-arakan, puasa, ngosongkeun pikiran ku jalan ngadahar ubar paranti ngaleungitkeun kasadaran dirina, tapa, jeung semédi (Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daérah, 1979:117).

2.3.3 Pungsi Upacara Tradisi

Dina upacara tradisi nu dilaksanakeun ku hiji masarakat téh pasti miboga tujuan sarta fungsi-fungsi anu tangtu. Budhisantoso jeung Geers dina Hambali dina http://forester-unpad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html nétélakeun ngeunaan pungsi-pungsi upacara tradisi. Numutkeun Budhisantoso pungsi tina upacara tradisi téh bisa ditingali dina kahirupan sosial budaya masarakatna, nyaéta ayana pengendalian sosial, média sosial, jeung norma sosial. Upacara tradisi sarta sistem-sistem simbol nu aya di jerona miboga pungsi pikeun nga-integrasi-keun antara étos jeung sawangan hirup. Nu disebut étos nyaéta sistem ajén budaya, sedengkeun sawangan hirup téh nyaéta konsepsi warga


(30)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masarakat nu ngawengku dirina, alam, sarta sagala rupa nu aya disabudureunna. Smith dina Koentjaraningrat (1985:24) nétélakeun yén upacara tradisi téh salaku upacara keramat miboga pungsi pikeun ngaronjatkeun solidaritas ka para déwa. Dina ieu hal, déwa téh dianggap salaku bagian tina kelompok warga, nyaéta salaku warga nu istiméwa.

Numutkeun Rostiati, spk (2001:26), upacara adat dina mangsa kiwari miboga tilu pungsi nyaéta pungsi spiritual, pungsi sosial, sarta pungsi pariwisata. 1) Pungsi spiritual nyaéta patali jeung muja ka karuhun, roh, atawa Pangéran,

pikeun ménta kasalametan. Upacara adat disebut miboga pungsi spiritual sabab mampuh ngahudang émosi kaagamaan, ngadatangkeun rasa aman, tengtrem, jeung salamet.

2) Pungsi sosial nyaéta miboga maksud yén nu nyaksian upacara adat téh bisa meunang atawa nyerep ajén-inajén atawa pesen-pesen nu ditepikeun dina éta upacara adat. Ku kituna, upacara adat bisa dipaké salaku kontrol sosial,

interaksi, integrasi, sarta komunikasi jeung papada masarakat, nu antukna

bisa ngaraketkeun masarakat dina hirup kumbuhna.

3) Pungsi pariwisata nyaéta bisa katitén tina lobana masarakat nu nyaksian kana éta upacara adat, boh masarakat lokal (nu ngalaksanakeun upacara), boh masarakat luar (nu ngan saukur nyaksian).

2.3.4 Ciri-ciri Tradisi

Ari nu disebut tradisi téh kaasup kana folklore sabagian lisan. Hal ieu luyu jeung pamadegan Brunvand dina Soeganda (2007:21), nu ngabagi-bagi folklore kana tilu wanda nyaéta folklore lisan (verbal folklore), folklore sabagian lisan (partly verbal folklore), jeung folklore lain lisan (non verbal folklore). Nu kaasup kana folklore lisan nyaéta basa rakyat, ungkapan tradisional, pertanyaan tradisional, puisi rakyat, prosa rakyat, jeung nyanyian rakyat. Ari nu kaasup kana folklore sabagian lisan nyaéta kapercayaan rakyat, téater rakyat, kaulinan rakyat, tari rakyat, adat istiadat, upacara, pésta rakyat, jeung sajabana. Ari nu kaasup kana


(31)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

folklore lain lisan nyaéta arsitektur rakyat jeung gerak isarat rakyat. Danandjaja dina Soeganda (2007:3) nétélakeun yén ciri-ciri tradisi (folklore) téh ngawengku: 1) dina nyebarkeun sarta ngawariskeunna biasana sok dilakukeun sacara lisan,

nyaéta disebarkeun ku cara tatalépa ti hiji jalma ka jalma lianna;

2) miboga sipat tradisional, nyaéta disebarkeun dina wangun nu standar sarta disebarkeun di antara kelompok masarakat nu tangtu dina jangka waktu nu lila (paling saeutik dua generasi);

3) aya dina versi nu béda-béda, lantaran cara sumebarna leuwih nyoko ku cara tatalépa atawa lisan;

4) miboga sipat anonim, nyaéta teu dipikanyaho ngaran nu nyiptakeunna; 5) miboga sipat polos atawa lugu;

6) miboga wangun nu berumus atawa berpola;

7) miboga pungsi sarta kagunaan pikeun kahirupan balaréa;

8) miboga sipat nu teu logis, nyaéta miboga logika sorangan nu teu luyu jeung logika umum; sarta

9) tradisi téh nyaéta milik balaréa dina sakelompok masarakat.

2.3.5 Tradisi Ngaruat

2.3.5.1 Wangenan Tradisi Ngaruat

Bangsa Indonésia, hususna suku bangsa Jawa miboga sipat sérémonial. Ampir dina unggal kagiatan nu dianggap penting, boh nu patali jeung kahirupan hiji jalma, boh nu sipatna kaagamaan atawa kapercayaan, boh ngeunaan usaha hiji jalma dina ngalakonan kahirupan, dina ngalaksanakeunna sok dibarengan ku upacara-upacara. Dina kahirupan hiji jalma, ti mimiti keur aya dina kandungan nepi ka tilar dunya, dina waktu-waktu nu tangtu sok diayakeun upacara pikeun éta jalma, upamana upacara tingkeban, hitanan, tedak siten, jeung réa-réa deui. Dina antropologi, éta upacara-upacara téh sok disebut ritus peralihan. Dina bulan-bulan nu tangtu sok diayakeun upacara nu sipatna kaagamaan, upamana ruwahan atawa rewahan, salikuran, sawalan, saparan, muludan, jeung réa-réa deui. Saupama


(32)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

patali jeung tukang tani biasana sok diayakeun upacara-upacara nu patali jeung tatanén, upamana upacara tandur (Mulder dina Koentjaraningrat, 1985:108).

Salian ti ngaran-ngaran upacara di luhur, di masarakat Sunda aya upacara nu patali jeung kapercayaan nyaéta upacara ruat atawa ruatan. Ngaruat saupama ditilik tina asal kecapna nyaéta tina kecap “ruat” nu miboga harti “kariaan nyalametkeun” (Danadibrata, 2009:587). Dina basa Jawa, kecap ruat téh sarua jeung kecap “luwar” nu miboga harti leupas. Diruat hartina dileupaskeun atawa dibébaskeun. Ku kituna upacara ngaruat ngandung harti ngaleupaskeun atawa ngabébaskeun tina hukuman atawa kutukan déwa nu ngadatangkeun bahaya. Ngaruat bisa ogé dihartikeun dicageurkeun kana kaayaan mimiti, nolak balai nu dipercaya bakal keuna ka hiji jalma, sarta nyingkahan kakuatan goib nu dianggap bahaya (Koentjaraningrat, 1985:109).

Koéntjaraningrat (1985:112) nétélakeun yén di Jawa mah ngaruat téh maksudna pikeun ngaruat budak, nyaéta pikeun ngajaga tina kacilakaan Déwa Batarakala. Kasang tukang ayana tradisi ngaruat di Jawa téh dumasar kana kapercayaan ngeunaan datangna malapetaka nu bakal karandapan ku budak nu dianggap miboga nasib sial (budak sukerta). Éta kapercayaan téh asalna tina carita heubeul nyaéta carita wayang purwa, nu biasa disebut murwakala atawa purwakala. Purwa hartina asal atawa mimiti sedengkeun kala hartina musibah, ku kituna disebut asal-muasal musibah.

Ruat dina basa Sunda miboga harti ngumpulkeun jeung miara. Ari nu dikumpulkeun téh nyaéta masarakat jeung hasil bumina. Ku kituna ngaruat téh bisa disebut salasahiji cara pikeun ngedalkeun rasa sukur kana sagala rupa hasil bumi, pangharepan keur sataun kahareupna, sarta salaku ébréhan rasa hormat ka karuhun http://blogs.unpad.ac.id/radifanr/2010/06/12/upacara-adat-hajat-bumi/.

Ngaruat nu aya di Kampung Cirateun mah ngandung harti tradisi salametan lembur atawa kampung nu dilaksanakeun saban bulan Syawal, sangkan éta lembur dipaparin kasalametan ku Pangéran. Ieu tradisi ngaruat lembur téh miboga tujuan pikeun némbongkeun rasa sukur ka Pangéran lantaran geus maparin rejeki


(33)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

utamana tina hasil pakasaban, sarta geus dipaparin rupa-rupa ni’mat ku Pangéran. Ku lantaran kitu, kolot baheula sok ngagero nu dipingpin ku para tokoh (lulugu) pikeun ngayakeun hajat lembur. Dina prak-prakanna, ieu tradisi téh biasana sok diayakeun ku cara ngariung, sukuran ka Pangéran nu ngalibetkeun sakabéh unsur masarakat, hadiah ka kanjeng Nabi jeung ka para sohabatna bari ngagunakeun pakakas-pakakas nu geus ditangtukeun. Dina éta riungan téh biasana sok dibarengan ku susuguh, ngukus nu seungit-seungit (menyan), pikeun ngahormat ka para karuhun, bari sok diayakeun hiburan saperti nabeuh kasenian tradisional kayaning jaipongan atawa ketuk tilu. Dina mangsa kiwari mah biasana dina ngaruat téh sok dibarengan ku istigosahan.

2.3.5.2 Hal-hal nu Kudu Diruat

Numutkeun Koentjaraningrat (1985:109) tradisi ngaruat nu biasa diayakeun nepi ka ayeuna téh kaasup kana tradisi nu miboga tujuan pikeun nyingkahan bahaya nu dianggap bakal karandapan ku hiji jalma. Saupama niténan waragad nu diperlukeunna, tradisi ngaruat téh ka asup tradisi nu gedé sarta merlukeun waragad nu teu saeutik. Sanajan kitu, pikeun jalma nu percaya kana éta tradisi mah, moal ngarasa lebar sok sanajan kudu ngaluarkeun waragad nu kawilang gedé sangkan bisa aya dina kasalametan jeung kabagjaan. Ku kituna, pikeun ngayakeun tradisi ngaruat téh kudu bener-bener disiapkeun dina sagala rupana. Koentjaraningrat (1985:110) nétélakeun ogé yén di Jawa mah ngaruat téh ditujukeun pikeun tilu golongan nyaeta:

1) Jalma

a) untang-anting: budak tunggal (bisa awéwé bisa lalaki);

b) tunggelis: budak tunggal, awéwé atawa lalaki nu ditinggalkeun maot ku dulurna;

c) nanggung bugang: anak tilu nu panengah boh awéwé boh lalaki nu ditinggalkeun maot ku lanceukna atawa dulurna;


(34)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) nyuhun bugang: anak tilu, nu kadua awéwé atawa lalaki ditinggalkeun maot ku dulurna nu cikal;

e) ngajingjing bugang: anak tilu, nu kadua awéwé atawa lalaki ditinggalkeun maot ku dulurna nu bungsu;

f) talaga dihapit pancuran: anak panengah awéwé sedengkeun lanceuk jeung adina mah lalaki;

g) pancuran dihapit talaga: anak panengah lalaki, sedengkeun lanceuk jeung adina mah awéwé;

h) sarimpi: anak opat awéwé wungkul; i) saramba: anak opat lalaki wungkul;

j) pandawi olih-olih: anak lima awéwé hungkul; k) pandawa olah-olah: anak lima lalaki hungkul;

l) sangga kala: anak awéwé atawa lalaki, nu ti barang lahir aya tanda bodas dina awakna;

m) kala durga: jalma nu indit nyaba salah wanci;

n) kawalangsung: budak awéwé atawa lalaki nu dilahirkeunna kaburusutan; sarta

o) budak panas: budak nunggelis (tunggal pinang) nu geus henteu sanak henteu kadang.

2) Wawangunan

a) imah, pabrik, kantor jeung sajabana, nu sagala weuteuh sarta diadegkeunna dina taneuh nu anyar (lelemahan anyar, bebedahan); sarta

b) imah, pabrik, kantor jeung sajabana, sanajan teu ngaweuteuhan ogé, ari rék diruat mah nya alus wé (istilah ceuk agama Islam mah nomer hijina wajib nomer duana sunat).

3) Lembur atawa jagat lianna

a) tanah atawa lembur sangar: tanah atawa lembur nu diadegkeun taya kamulusan keur nu ngeusianna;


(35)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) tanah atawa lembur geueuman: tanah atawa lembur nu canéomku tatangkalan nu kaayaanna pikasieuneun jeung pikakeueungeun;

c) tanah atawa lembur garudla ngupuk: tanah atawa lembur nu pikabeutaheun hararieum ngan sok nyusukeun cai;

d) tanah atawa lembur kajepit: tanah atawa lembur nu kaseundeuhan ku dedemit. Watekna panyéréwédan, pibahayaeun, jeung sapapadana;

e) tanah atawa lembur kancah nangkub: tanah atawa lembur nu bulistir tengah-tengahna rada luhur, bahéna ka opat madhab;

f) tanah atawa lembur nadah poé: tanah atawa lembur nu bahé ngétan, hade keur tatanén, tapi arikeur lembur mah bangga miarana;

g) tanah atawa lembur nonggong kuya: tanah atawa lembur bahé ngulon, goréng keur tatanén jeung sok panyéréwédan; sarta

h) tanah atawa lembur bahé ngalér-ngidul: tanah atawa lembur nu alus pikeun pilemburan ngan sok dipaké liliwatan pikeun nu garaib.

Numutkeun Mustapa dina Koentjaraningrat (1985:207) ngaruat téh nyaéta pangaruh ti Jawa, ari di Sunda mah sok disebut dilokat. Ari nu diruat téh lain ngan saukur budak nu gering, tapi bisa ogé lantaran éta budak téh nyaéta budak hiji-hijina nu teu boga adi atawa lanceuk, budak bungsu awéwé nu lanceukna lalaki wungkul, budak bungsu lalaki nu lanceukna awéwé wungkul, budak nu jumlah lanceuk jeung adina sarua lobana, budak nu dianggap sial, jauh jeung jodona, atawa miboga tanda wisnu (tanda bodas dina awakna), sarta budak nu beuki ceurik jeung teu puguh panyakitna (budak kamalu). Ku kituna, éta jalma atawa budak téh sok diruat ku cara dimandian ku kembang tujuh ruat Batara Kala.

Ngaruat téh aya ngaruat pikeun ngahormat Batara Kala nu asalna tina wayang Jawa, aya ogé ngaruat nu asalna tina pantun nyaéta ngaruat taneuh, tempat, cara ngaruat hulu wotan, ngaruat solokan, ngaruat talaga, ngaruat lembur anyar. Éta ngaruat téh boga tujuan pikeun nyingkahan kajahatan mahluk goib nu aya di éta tempat. Lalampahan nu kudu dilakonan waktu ngaruat téh nyaéta


(36)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kucara ngayakeun salametan meuncit munding atawa embé hideung, huluna dikubur pikeun dijadikeun tumbal di éta tempat nu dianggap pikasieuneun.

2.4 Bahan Pangajaran

Pangajaran nyaéta membelajarkan siswa ngagunakeun asas pendidikan. Pangajaran mangrupa prosés komunikasi dua arah, ngajar dilakukeun ku pihak guru salaku pendidik, sedengkeun diajar dilakukeun ku siswa salaku peserta didik. Corey (Sagala, 2010:61) nétélakeun yén pangajaran mangrupa hiji proses ngokolakeun lingkungan sacara dihaja ku hiji jalma pikeun ngamungkinkeun manéhna ilu-biung dina paripolah nu tangtu dina kondisi-kondisi atawa husus ngahasilkeun réspon kana hiji situasi, pangajaran mangrupa subset husus tina pendidikan.

Sawangan ngeunaan istilah pangajaran mangsa kiwari terus-terusan ngalegaan jeung ngalaman kamajuan. Aya nu nyawang yén pangajaran sarua hartina jeung kagiatan ngajar nu dilakukeun ku guru dina nepikeun pangaweruhna ka siswa. Aya ogé nu nyebutkeun pangajaran téh mangrupa interksi diajar-ngajar, hartina hiji prosés silih pangaruhan antara guru jeung siswa. Duanana mibanda hubungan atawa komunikasi jeung interaksi. Guru ngajar jeung siswa diajar. Duanana némbongkeun aktivitas nu saimbang tapi béda peran (Nugraha, skripsi 2011:27).

Proses pangajaran lumangsung dina situasi pangajaran nu di jerona aya komponén-komponén atawa paktor-paktor, nyaéta bahan ngajar, penilaian, jeung situasi pangajaran. Dina proses pangajaran, sakabéh komponén di luhur gerak babarengan dina hiji rarangka kagiatan dina raraga ngadidik siswa pikeun tujuan nu hadé ka hareupna.

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran

Fathurrohman (2007:14) nétélakeun yén bahan atawa matéri nyaéta médium pikeun ngahontal tujuan pangajaran nu “dikonsumsi” ku peserta didik.


(37)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bahan ajar mangrupa matéri nu terus mekar sacara dinamis luyu jeung kamajuan sarta kamekaran masarakat. Bahan ajar nu ditarima ku peserta didik kudu mampuh ngaréspon unggal parobahan sarta bisa ngantisipasi unggal kamekaran nu aya dina mangsa ka hareupna. Bahan pangajaran mangrupa unsur inti nu aya dina kagiatan pangajaran, sabab bahan pangajaran éta téh nu diusahakeun pikeun dikawasa ku peserta didik. Ku sabab éta ogé, guru hususna kudu bisa mikirkeun nepi kamana bahan pangajaran nu nyampak dina silabus bisa saluyu jeung pangabutuh peserta didik dina mangsa kahareupna.

Gintings (2008:152) méré sawangan yén bahan pangajaran nyaéta rangkuman matéri nu diajarkeun ka siswa dina wangun cétak atawa wangun séjén, boh lisan atawa tulisan. Pikeun ngupayakeun sangkan siswa miboga pamahaman awal ngeunaan matéri nu baris dipedar, alusna bahan pangajaran ditepikeun ka siswa saacan bahan pangajaran lumangsung. Ku kituna, dipihareup siswa bisa leuwih aktif dina diskusi atawa tanya jawab di kelas.

Bahan pangajaran nu hadé kudu matak ngababarikeun, lain sabalikna ngahésékeun siswa dina maham matéri. Ku sabab kitu, bahan pangajaran kudu miboga kritéria-kritéria saperti di handap.

1) saluyu jeung topik nu dibahas;

2) mibanda intisari atawa informasi nu ngadukung pikeun maham nu dibahas; 3) ditepikeun dina wangun jeung basa nu singget, padet, jeung sistematis;

4) lamun perlu, dilengkepan ku conto jeung ilustrasi nu rélevan sarta narik ati sangkan leuwih gampang dipikaharti eusina;

5) alusna ditepikeun saméméh lumangsungna kagiatan pangajaran sangkan siswa bisa leuwih ngarti; sarta

6) mibanda gagasan nu sipatna tantangan jeung rasa hayang nyaho siswa.

2.4.2 Perbedaan Bahan Pangajaran jeung Buku Téks

Henteu saeutik nu salah paham dina ngartikeun bahan pangajaran nepi ka nyaruakeun antara bahan pangajaran jeung buku téks. Ku sabab kitu, perlu dipedar


(1)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu H. Asa Kosasih

Bandung, 22 Juni 1950

Jalan Dr. Setiabudhi No. 76 RT02/01 Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung

Didi Mulyadi

Bandung, 24 September 1949

Jalan Dr. Setiabudhi No. 36 RT02/02 Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung

Sulaeman

Bandung, 5 November 1955

Jalan Dr. Setiabudhi No. 5 RT 01/01 Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung


(2)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Upacara tradisi ngaruat Coblong mangrupa salasahiji tradisi masarakat Kampung Cirateun nu masih kénéh aya nepi ka kiwari. Ieu upacara tradisi ngaruat Coblong dilaksanakeun saban taun dina bulan Syawal. Sakabéh RT nu aya di Kampung Cirateun milu ilu-biung kana ieu upacara tradisi.

Kabiasaan warga Kampung Cirateun ngayakeun kagiatan tradisi upacara ngaruat Coblong geus aya dina mangsa puluhan taun ka tukang. Dina prak-prakanna, masarakat Kampung Cirateun sarumanget kalayan daria dina ngayakeun ieu upacara. Sabab, saupama ieu upacara teu diayakeun atawa teu dilaksanakeun, numutkeun sesepuh katurunan langsung ti Éyang Ngabeui, Kampung Cirateun hususna bakal meunang mamala nu kacida pikahariwangeunna. Mamalana nyaéta saluran irigasi nu diwangun ku Éyang Ngabeui baheula, caina bakal saat saupama teu diayakeun upacara tradisi ieu.

Upacara dilaksanakeun dina sababaraha tahap, nyaéta babadamian, béwara, muguhkeun, jeung mera. Tapi, dina prak-prakanna aya tahapan séjén nu kudu dilaksanakeun ogé, saperti ayana tahap kerja bakti (ngabersihan jalan jeung ngabersihan makam Éyang Ngabeui), aleut-aleutan, ngalungsurkeun, nyimpen pusaka, nyawér, sarta hiburan.

Maksud jeung tujuan dilaksanakeunna upacara tradisi Ngaruat Coblong, nyaéta:

1) Sarana pikeun ngalaksanakeun pamujaan ka Pangéran nu nyiptakeun alam kalayan pangeusina. Masarakat sadar, yén alam katut pangeusina ieu aya nu nyiptakeun jeung boga kawajiban pikeun munajat rasa syukur jeung nganuhunkeun ka Pangéran. Pikeun ngébréhkeun rasa kabungah jeung nganuhunkeun téa, masarakat ngedalkeun jangji yén saupama saluran irigasi


(3)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nu diwangun ku Éyang Ngabeui bisa mangpaat pikeun masarakat Kampung Cirateun hususna, baris ngayakeun hiji kagiatan upacara salametan.

2) Sarana pikeun ngahormat ka Éyang Ngabeui. Saperti nu disebutkeun, hasil tatanén nu mangrupa pangabutuh dina widang ékonomi masarakat Kampung Cirateun kalayan ngamangpaatkeun saluran irigasi pikeun kabutuhan sapopoé masarakat Kampung Cirateun. Masarakat moal bisa ngarasakeun kabéh mangpaat nu bieu disebutkeun saumpama baheula Éyang Ngabeui teu ngawangun saluran irigasi pikeun kabutuhan sapopoé. Cai anu ngocor téh kudu dimangpaatkeun sacara bener tur hadé. Saupamana dipaké teu bener, dianggap bakal aya wawalas ti Éyang Ngabeui.

3) Sarana pikeun nyumponan amanat dina raraga meunangkeun kabarokahan ti nu Maha Kawasa. Hal ieu téh méré mangpaat nu kalintang gedé pikeun kalumangsungan hirup. Ku kituna masarakat Kampung Cirateun hususna miharep nu Maha Kawasa deukeut jeung masarakat sangkan kabarokahan tetep ngocor ngagolontor ka masarakat Kampung Cirateun.

Upacara tradisi Ngaruat Coblong mibanda ajén-inajén penting pikeun palakuna. Salasahijina ajén-inajén sosial nu kalintang penting pikeun masarakat Kampung Cirateun, nyaéta: musawarah, gotong-royong, persatuan jeung kesatuan, kesetiakawanan sosial, komunikasi, jeung nu paling utama nyaéta ngaraketkeun tali silaturahmi. Ajén-inajén ieu teu kabéh katémbong langsung sarta dihaja, tapi sacara henteu sadar masarakatna sorangan nu nyiptakeun éta ajén.

Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén upacara tradisi ngaruat Coblong kudu dijaga tur dimumulé ka masarakat sangkan henteu tumpur sabab dina upacara tradisi Ngaruat Coblong kasampak ajén-inajén sosial pikeun masarakat nu kacida pentingna pikeun kahirupan di masarakat. Ieu hasil panalungtikan ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA.


(4)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sanggeus ngaréngsékeun panalungtikan upacara tradisi ngaruat Coblong, nu nyusun miharep pisan hasil ieu panalungtikan téh bisa ngeuyeuban pangaweruh nu maca, hususna ngeunaan tradisi-tradisi nu aya di masarakat tatar Sunda. Ku sabab kitu, nu nyusun méré saran ka sababaraha pihak, di antarana ka pihak lembaga pendidikan, pihak guru, pihak siswa, sarta pihak masarakat.

1) Pihak Lembaga Pendidikan

Dumasar kana hasil panalungtikan, upacara tradisi ngaruat Coblong bisa dijadikeun bahan pangajaran, sabab salian tina déskripsi ngeunaan tradisi upacara ngaruat Coblong ogé aya ajén-inajén nu bisa diajarkeun.

2) Pihak Guru

Hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran pikeun guru sangkan siswa apal tur nyaho ngeunaan upacara tradisi ngaruat Coblong sarta ajén-inajén nu nyangkaruk dina ieu upacara tradisi. Guru kudu bisa ngadéskripsikeun ngeunaan tradisi upacara ngaruat Coblong sangkan babari kacangking ku siswa.

3) Pihak Siswa

Siswa dipiharep wanoh kana kabudayaan sorangan hususna kabudayaan nu aya di tatar Sunda sarta kudu bisa ngajaga tur ngamumulé éta kabudayaan. 4) Pihak Masarakat

Masarakat kudu bisa nyangking naon maksud jeung tujuan diayakeunna upacara tradisi ngaruat Coblong. Komo deui supama masarakat nepi ka bisa nyokot hal-hal nu positif sarta bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.


(5)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Anoegrah, Ganjar. (2008). Fungsi Simbol dina Upacara Salametan Solokan

Coblong di Kampung Cirateun Kecamatan Sukasari Kodya Bandung.

Skripsi JPBD UPI Bandung (tidak diterbitkan).

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1989). Kamus Besar Bahasa

Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Fatturohman, P. (2007). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: Refika Aditama. Faturohman, T. (2006). Pamager Basa XI. Bandung: CV Geger Sunten.

Gintings, A. (2008). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Hamalik, O. (2009). Proses Belajar Mengajar. Jakarta: PT Bumi Aksara. Hanneman & Azis S. (1997). Sosiologi 1. Jakarta: Depdikbud.

Harton, P. B. (1987). Sosiologi. Jakarta: Erlangga

http://blogs.unpad.ac.id/radifanr/2010/06/12/upacara-adat-hajat-bumi/.

http://forester-unpad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html.

http://id.wikipedia.org/wiki/Tradisi.

Indriaty, E. (2001). Menulis Karya Ilmiah. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Koentjaraningrat. (1984). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta:

PT Gramedia.

Koentjaraningrat.(1985). Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta. Rineka Cipta. Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1980). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Tarate.

Mulders, J.A.N (1993). Kepribadian Jawa dan Pembangunan Nasional. Yogyakarta. Gajah Mada University Press.

Nugraha, I. (2011). Ajén Sosioologis dina Tradisi Upacara adat Ngalaksa di Désa

Rancakalong Kacamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang pikeun


(6)

Migi Isna Januar, 2014

Tradisi Ngaruat Coblong Di Kampung Cirateun Kelurahan Isola Kecamatan Sukasari Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya Di Sma Kelas Xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bahan pangajaran Maca di SMA Kelas XII. Skripsi JPBD UPI Bandung

(tidak diterbitkan).

Pontjosutirdo, S. (1961). Laporan Ethnography Dari Daerah Kabupaten

Wanasaba. Yogyakarta: Panitia Sosial Research UGM.

Rosdiana, R. (2012). Ajén Falsafah dina Kasenian Tarawangsa. Skripsi JPBD UPI Bandung (tidak diterbitkan).

Rostiati, spk. (2001). Fungsi Upacara Tradisional Bagi Masyarakat

Pendukungnya. Bandung: Depdikbud.

Sagala, S. (2010). Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta. Saptono & Sulasmono B.S. (2006). Sosiologi. Jakarta: PT Phibeta Aneka Gama. Soeganda, A.P. (2007). Upacara Adat di Pasundan. Bandung: Wahana IPTEK. Soekanto, S. (1998). Sosiologi: Suatu Pengantar. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Sudjana, N. (2009). Penilaian Hasil Belajar Mengajar. Bandung: PT Remaja

Rosida Karya.

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian (Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif dan

R&D). Bandung: Alfabeta.

Suharismi, O. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Suparto. (2007). Sosiologi. Jakarta: Literarur Media Sukses. Tutungkusan-uing.blogspot.com.2008/2007/ngaruat.html

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah .Universitas Pendidikan Indonesia.


Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI KAMPUNG NAGA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA.

0 11 27

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

ISTILAH TATANÉN NGAHUMA DI DESA BENCOY KECAMATAN CIREUNGHAS SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 49 34

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1006630 Title

0 0 3