Nyawalakeun sajak Nyawalakeun sajak

66 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V

2. Nyawalakeun sajak

Sajak “Candi Cangkuang” disawalakeun ku dua kelompok, nyaéta kelompok 1 jeung kelompok 2. Anu disawalakeunana kieu. KELOMPOK 1: 1. Pada kahiji dina sajak diwangun ku sabaraha jajar? 2. Kumaha kaayaan di Kota Garut téh? 3. Keur naon cenah gunana candi téh? 4. Kudu dikumahakeun candi téh ku seuweuh-siwi? 5. Keur tanda naon ari candi téh? KELOMPOK 2: 1. Pada kadua dina sajak diwangun ku sabaraha jajar? 2. Kumaha kaayaan candi téh cenah? 3. Ti mana cenah meunang candi téh? 4. Kudu dikumahakeun candi téh? 5. Naon sababna urang kudu ngajaga candi? Sawala 2: 1. Nengetan sajak Pék baca heula dina jero haté ieu sajak di handap Lembur Kuring Rahmawati Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh aya bagéa séah angin na daun awi sit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat manuk hujan mopoeun nyadaan hujan ngageuri 67 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V Ngahuleng di tungtung leuweung Cibuluh dipapag sawér kembang mahoni deudeuh teuing jati nu ngarangrangan Béh ditu gunung beuki bedegul kidang tinggal beureumna tikukur ngari sorana jalak di tegalan teu bulu-bulu acan surili dina kiara taya di kieuna Ucang-ucang dina cukang leuwi kuring ngembeng cimata nyangray batu parentul teu disarimbut ka marana ari dulur, baraya poho rumat, hilap riksa Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh Weléh teu bisa tepung jeung amis mata Deudeuh teuing sono kuring Ukur bisa lumengis jeroeun dada Dicutat tina Majalah Manglé, No. 2041

2. Nyawalakeun sajak

Sajak “Lembur Kuring” disawalakeun ku dua kelompok, nyaéta kelompok 3 jeung kelompok 4. Anu disawalakeunana kieu. KELOMPOK 3: 1. Pada kahiji, kadua, jeung katilu dina sajak diwangun ku sabaraha jajar? 2. Kumaha kaayaan basa ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh téh? 68 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V 3. Dipapag naon basa ngahuleng di tungtung leuweung Cibuluh téh? 4. Ceuk pada katilu, kumaha kaayaan di gunung jeung di tegalan téh? 5. Naon nu geus teu nyésa di tegalan jeung di kiara téh? KELOMPOK 4: 1. Pada kaopat dina sajak diwangun ku sabaraha jajar? 2. Ceuk pada katilu, kumaha kaayaan kuring téh? 3. Kumaha sikep dulur jeung baraya téh? 4. Kumaha lampah kuring di jalan satapak leuweung Cibuluh téh? 5. Kumaha sikep kuring kana kaayaan leuweung Cibuluh téh? Sawala 3: 1. Nengetan sajak Pék baca heula dina jero haté ieu sajak di handap Kota Bandung Azahra Annisa Putri Kota Bandung anu asri Tempat kalahiran abdi Kota pendidikan jeung budaya Abdi resep jadi urang Bandung Bandung kota nu seungit lir kembang Hayu urang wangun babarengan Ngarah jadi kota nu bersih tur éndah. 69 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V Bandung Kota Bermartabat Ti bihari jadi pupujaning ati Hayu urang rempug jukung Ngawangun Bandung urang Sangkan nanjung salawasna dipigandrung Ditata-dijaga-diriksa Kota Kembang nu raresik Kama’muran, Pendidikan Agamana, seni Budaya gé penting Tong poho Lingkungan Hirup Dirawat dipiara Kaséhatan, Olahraga ulah suwung Masarakat Bandung cerdas Kréatip jeung berpréstasi. Dicutat tina Majalah Manglé, No. 2263

2. Nyawalakeun sajak