Maca Bedas Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 5 PDF 2014

38 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V Dina hirup kumbuh téh urang kudu guyub jeung batur. Urang teu bisa hirup tanpa batur. Urang kudu akur jeung batur. Hirup rukun sauyunan. Papada urang kudu silih tulungan. Ayeuna hidep bakal diajar paguneman. Eusina nyaritakeun hirup sauyunan.

A. Maca Bedas

Ieu di handap aya paguneman.. Geura pék baca heula dina jero haté, tuluy baca bedaskeun ku genepan Pék giliran genepan- genepan Nganjang Pa Gumilar jenenganana téh. Anjeunna guru SD di Garut. Istrina, jenenganana Bu Eulis. Pa Gumilar sareng Bu Eulis kalebet kulawarga basajan. Putrana aya dua, hiji pameget hiji deui istri. Putra nu pameget wastana Risal, ari putra nu istri wastana Néndén. Risal tos sakola di SMP Kelas 7. Rain amah, Néndén sakolana di SD kelas 4. Kulawarga Pa Gumilar hirup rukun sauyunan, boh jeung tatangga boh jeung baraya. Hiji waktos Pa Gumilar kasumpingan rakana ti Bandung. Jenenganana Wa Jéjén. Wa Jéjén : Assalamualaikum Risal : Waalaikumsalam Aéh geuning Wa Jéjén. Mangga Wa, lebet Wa Jéjén : Mangga, nuhun. Risal ieu téh? Tos ageung, tos bujang ayeuna mah. Risal : Muhun, wa. Wa Jéjén : Tos kelas sabaraha sakola téh? Risal : Kelas 7, Wa. Wa Jéjén : Bapa sareng Mamah araya? Risal : Aya, Wa, nuju di lalebet. Wa Jéjén : Nuhun atuh ari araya mah. Risal : Mah, Pa, aya Wa Jéjén. 39 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V Pa Gumlar : Aéh, Kang Jéjén, haturan. Mangga linggih. Wa Jéjén : Nuhun, yi. Sono Akang téh, tos lami teu tepang. Pa Gumilar : Muhun. Rupina mah sami-sami paciweuh ku padamelan. Néndén : Wa, damang? Wa Jéjén : Pangésto. Néndén, nya? Tos kelas sabaraha sakola? Néndén : Kelas 4, Wa. Bu Eulis : Muhun, Kang. Tos lami teu tepang. Kumaha Tétéh damang? Wa Nénéng : Pangésto, Yi. Kumaha sawangsulna? Bu Eulis : Saé, Téh. Mangga calikna palih dieu. Sakantenan urang taruang heula. Wa Jéjén : Ah, nembé gé dongkap, tos dipiwarang neda. Ieu yeuh sonona Akang ka kulawargi Yi Gugum téh géksor. Bu Eulis : Kaleresan geura, abdi tos mais lauk emas disurawungan. Wa Nénéng : Atuh, kasedep Uwa pameget éta mah. Muhun atuh, kaleresan tos lapar. Kulawarga Pa Gumilar sareng kulawarga Wa Jéjén taruang balakecrakan. Bangun nu ponyo naker katingalina téh. Ma’lum tos lumampah nu kaétang tebih ti Bandung ka Garut, katambih-tambih macét deuih. 40 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas V

B. Nyangkem Eusi Paguneman