Mardian Chindra Ramadhan, 2013 ANALISIS FUNGSI TINDAK TUTUR DINA NASKAH DRAMA MEREDONG KARYA ROSYID E. ABBY
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté.
Ku kituna, manusa salaku makhluk sosial teu leupas tina patalimarga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan
kalawan ngedalkeun pikiran, gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan. Unggal basa nu dipaké ku panyaturna, pasti dipangaruhan ku rupa-rupa faktor,
di antarana, saha nu nyarita jeung diajak nyarita, katut iraha jeung di mana lumangsungna prosés komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan élmu pragmatik anu
nétélakeun bagbagan makéna basa keur kaperluan anu tangtu dina hiji komunikasi, kumaha patalina kalimah nu luyu jeung pangabutuh nu makéna. Atawa kumaha cara
milih basa anu keuna tur luyu jeung pangabutuh nu makéna Levinson, dina Sudaryat, 2003: 9-10.
Dina pamakéanana, basa bisa dipaké dina wangun fiksi jeung non fiksi. Basa dina wangun fiksi teu saukur ngaitkeun tanda jeung naon nu dimaksudna wungkul,
tapi ogé mangrupa wujud éksprési pangarang anu di jerona aya idé, gagasan atawa amanat anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pakaitna basa jeung sastra téh bisa
katempo tina hasil karya sastra. Sarta tulisan nu diwangun ku élmuning basa. Salah sahiji widang ulikan basa nu ditalungtik nya éta ngeunaan pragmatik.
Pragmatik maluruh patalina tindak basa jeung konteks tempat, waktu, kaayaan pamakéan katut patalina ma’na jeung anéka situasi ungkara. Sakumaha nu
dipedarkeun ku Levison 1983 dina F.X. Nandar 2009: 5: Pragmatik adalah suatu istilah yang mengesankan bahwa sesuatu yang
sangat khusus dan teknis sedang menjadi objek pembicaraan, padahal istilah tersebut tidak mempunyai arti yang jelas.
Mardian Chindra Ramadhan, 2013 ANALISIS FUNGSI TINDAK TUTUR DINA NASKAH DRAMA MEREDONG KARYA ROSYID E. ABBY
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Jadi, pragmatik mah maluruh jeung nalungtik maksud omongan, lain ma’na
omongan, ku kituna pragmatik téh élmu ngeunaan hubungan antara lambang jeung panafsiran Poerwo 1990: 15. Ulikan pragmatik nu ditalungtik ngeunaan fungsi
Lokusi, Ilokusi, jeung Perlokusi. Austin 1962 dina Chaer 2010: 53 ngabagi tindak tutur kana tilu rupa, nu kahiji Tindak lokusi lecutionary act nya éta polah ucap dina
wangun kalimah nu ngabogaan ma’na jeung bisa dipaham. Tindak ilokusi illecitionary act nya éta polah ucap nu biasana dipaluruh ku kalimah performatif nu
éksplisit. Tindak perlokusi perlocutionary act nya éta polah ucap nu aya hubunganana jeung sikep non linguistik ti paregepna sorangan.
Searle 1975 dina Chaer 2010: 29 ngabagi fungsi tindak tutur jadi lima, nya éta fungsi assertif atawa representatif, fungsi anu ngawawarkeun jeung medar
ngeunaan hiji hal saayana, bener atawa salahna, fungsi direktif, fungsi anu meredih sangkan pamiarsa ngalakukeun hiji hal, fungsi komisif, fungsi anu meredih sangkan
panyatur ngalakukeun hiji hal anu aya dina jero omonganana, fungsi éksprésif, fungsi anu ngébréhkeun rasa panyatur sacara psikologis dumasar kana
pangalamanana, jeung fungsi déklaratif, anu tujuanana pikeun ngarobah kaayaan ngaliwatan omonganana.
Dina ieu panalungtikan baris medar ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Salah sahijina nyaéta dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby,
naskah saduran tina naskah judulna “Ke” karya Yudhistira ANM Massardi nu dilélér
pinunjul ka- 3 dina “Sayembara Penulisan Naskah Sandiwara Indonesia”, anu
mibanda unsur-unsur kalimah nu bisa dianalisis dumasar kana tiori katatabasaan. Di antarana ngeunaan analisis fungsi tindak tutur dina naskah drama.
Panalungtikan ngeunaan analisis pragmatik saacanna di antarana waé: “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Naskah Drama Sunda Karangan Siswa
Kelas XII IPA SMA Sindangkasih Kab. Ciamis Taun Ajaran 20102011” ku
Endhang Mardhayanty, 2011, “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Kumpulan
Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem Karangan Duduh D urahman” ku Irma Dewi
Kharisma, 2008, “Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Karangan Paguneman
Mardian Chindra Ramadhan, 2013 ANALISIS FUNGSI TINDAK TUTUR DINA NASKAH DRAMA MEREDONG KARYA ROSYID E. ABBY
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Pérsuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 20102011” ku Dian Cesar Maharani, 2011,
“Adegan Pragmatis Kalimah Singgetan dina Novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbrian Karya Tatang Sumarsono pikeun
Bahan Pangajaran di SMP” ku Andika Wibowo, 2010, “Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus Karangan Ahmad B
akri” ku Aryani Purbasari, 2008,
“Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”ku Septiadi Angga
Yuda, 2012. Panalungtikan saacanna miboga sasaruaan medar ngeunaan wangun, harti,
jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun nya éta panalungtikan nu di luhur teu medar ngeunaan tindak tutur anu
nyoko kana wanda jeung fungsi tindak tuturna. Dumasar kana kasang tukang éta, dicindekkeun yén can aya panalungtikan
séjén ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Ku kituna, ieu panalungtikan museur kana analisis fungsi lokusi, ilokusi, jeung perlokusi dina Naskah Drama
Meredong karya Rosyid E. Abby.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah