Léngkah-Léngkah Panalungtikan

33 Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 nyieun instrumén wawancara. Ieu instrumén téh gunana pikeun patokan panalungtik dina ngawawancara narasumber sangkan nyangking data nu asli jeung faktual ngeunaan kasenian bangkong réang; 4 ngumpulkeun data observasi. Data nu dikumpulkeun nyaéta ngeunaan kasenian bangkong réang, saperti kumaha sajarahna, prak-prakkanna, unsur sémiotikna, boh ngaliwatan wawancara boh studi pustaka; 5 ngolah data. Data nu geus kakumpul téh tuluy diolah, mana data nu bisa digunakeun jeung mana data nu henteu bisa digunakeun dina ieu panalungtikan; 6 nyusun laporan hasil panalungtikan. Data nu geus kakumpul, tuluy disusun kacindekanana.

3.7 Léngkah-Léngkah Panalungtikan

Lumangsungna ieu panalungtikan téh disusun ku sababaraha tahapan, saperti ieu di handap. 1 Tahap Tatahar Dina tahap tatahar aya sababaraha léngkah nu kudu dilakukeun, nyaéta 1 ngajukeun judul panalungtikan; 2 nyusun rarancang panalungtikan; 3 ngumpulkeun sumber; 4 nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; 5 nyieun proposal panalungtikan; 6 ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan; jeung 7 konsultasi ka dosén. 2 Tahap Ngumpulkeun Data Dina ieu tahapan aya sababaraha léngkah nu kudu dilakukeun, nyaéta 1 telaah pustaka pikeun nyangking pamahaman awal jeung pangdeudeul ngeunaan objék panalungtikan; 2 observasi ka tempat kasenian bangkong réang, nyaéta Kampung Cijaura, Désa Lebakmuncang, Kacamatan Ciwidéy, Kabupatén Bandung; 3 wawancara ka narasumber, boh ka kokolot kasenian bangkong réang boh ka masarakat Kampung Cijaura; jeung 4 ngadokuméntasikeun kagiatan panalungtikan. 34 Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Tahap Ngolah Data Dina tahapan ngolah data, léngkah-léngkah nu kudu dilakukeun nyaéta 1 mariksa jeung milah-milah data anu geus dikumpulkeun; 2 ngadéskripsikeun data ngeunaan kasenian bangkong réang; jeung 3 nganalisis data ngeunaan unsur-unsur sémiotik nu aya dina kasenian bangkong réang kalayan ngagunakeun téori sémiotik Charles Sanders Peirce. 4 Tahap Nyusun Laporan Panalungtikan Nyusun laporan panalungtikan mangrupa tahapan pamungkas dina ieu panalungtikan. Sabada hasil panalungtikan dianalisis nepi ka jadi informasi nu bisa disusun dina wangun déskriptif, satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi. Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Hasil nu kapaluruh tina ieu panalungtikan téh nyaéta ngeunaan sajarah kasenian bangkong réang di Kampung Cijaura, Désa Lebakmuncang, Kacamatan Ciwidéy, Kabupatén Bandung, prak-prakanna, unsur sémiotik dina éta kasenian, jeung larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Dina nganalisis objék panalungtikanna ngagunakeun konsép sémiotika Pierce pikeun maluruh unsur sémiotikna, sarta ngagunakeun métode déskriptif pikeun ngadéskripsikeun hasil panalungtikanana. Anapon hasil tina panalungtikanana téh bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. Kasenian bangkong réang geus aya ti taun 1933-an salaku kaulinan barudak waktu keur ngangon. Kakara dina taun 1967-an bangkong réang muncul salaku kasenian nu dipintonkeun ku masarakat, nu diwanohkeun ku Pa Idi alm jeung Pa Méman dina lomba antar désa sa-Kacamatan Ciwidéy minangka wawakil ti Désa Lebakmuncang. Waditra ieu kasenian téh dijieunna tina awi. Pangna dingaranan bangkong réang lantaran sora nu dihasilkeun waktu éta waditra ditabeuh téh saperti sora bangkong anu réang di sawah. Ti harita, ieu kasenian téh jadi kasenian nu dipintonkeun dina acara-acara gedé, saperti Agustusan, nikahan, jeung acara-acara helaran séjénna. Dina prak-prakanna ieu kasenian téh ngawengku tilu bagian, nyaéta gerakan mimiti, lagu, jeung gerakan sarta lagu panutup. Gerakan nu biasa dilakukeun téh aya 11 gerakan, nyaéta lengok ningali ka kénca jeung katuhu, ngungkleuk ka hareup, ngajul, nejek, luklok gerakan luhur handap, rajel siga nu rék luncat, ngayunkeun suku ka kénca jeung katuhu, kembu, senggak ningali ka kénca jeung katuhu bari nyoara, ngaléngkah ka hareup dua kali ka tukang sakali, jeung aclok siga bangkong. Anapon lagu nu biasa dihaleuangkeunna nyaéta kakawihan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

SIKEP BASA KULAWARGA DINA NGUKUHAN BASA SUNDA DI DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG.

0 15 29

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

1 29 24

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

1 34 33