Lokasi Panalungtikan Sumber Data

Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Kampung Cijaura nyaéta salasahiji kampung nu aya di Désa Lebakmuncang, Kacamatan Ciwidéy. Désa Lebakmuncang téh legana 800,26 Ha. Jumlah pendudukna téh nyaéta 12.840 jiwa, nu ngawengku 7.032 jiwa penduduk lalaki, jeung 5.808 jiwa penduduk awéwé. Ditingali tina tingkatan atikan formalna, lulusan SD aya 4.921 urang, lulusan SMP aya 2.307 urang, lulusan SMA aya 1.730 urang, diploma aya 249 urang, jeung sarjana aya 145 urang. Anapon nu jadi pakasaban masarakat Désa Lebakmuncang téh nyaéta lolobana buruh, nu kadua tani, terus wiraswasta, dagang, pagawé swasta, tukang, jasa, PNS, pangsiunan, jeung aya ogé nu jadi pamulung. Masarakatna téh mayoritas ngagem agama Islam, tapi aya ogé nu ngagem agama Kristen. Ditilik tina wates désana, Désa Lebakmuncang téh di beulah kalér diwatesanan ku Désa Rawabogo jeung Néngkélan, beulah wétan ku Désa Panyocokan, beulah kidul ku Désa Alaméndah, jeung beulah kulon ku Désa Mekarwangi Kab. Bandung Barat. Ditémpo tina topografi jeung kontur taneuhna, Désa Lebakmuncang téh mangrupa dataran tinggi, nyaéta 1200 meter Dpl , jeung suhu rata-ratana téh 18 -20 C. Ieu désa téh kabagi jadi genep dusun, 28 RW, jeung 90 RT. Anapon Kampung Cijaura nu jadi lokasi panalungtikan téh perenahna aya di dusun tilu, RW 26. Supaya leuwih jéntré ngeunaan lokasi panalungtikanna, bisa katitén dina gambar peta wilayah Désa Lebakmuncang di handap. 25 Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sumber: Kantor Désa Lebakmuncang, Kec. Ciwidéy, Kab. Bandung Gambar 3.1 Peta Wilayah Désa Lebakmuncang

3.1.2 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto 2012, kc. 172 sumber data dina panalungtikan nyaéta subjék nu bisa dipaké pikeun nyangking data. Anapon sumber data dina ieu panalungtikan téh data nu dicangking ti para narasumber, nyaéta sesepuh kasenian 3 Ket: Lokasi panalungtikan: Dusun tilu, RW 26, Kp. Cijaura 3 26 Nadia Fitri Wulansari, 2014 UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu bangkong réang Kampung Cijaura, pamaén kasenian bangkong réang, masarakat Kampung Cijaura, rékaman prak-prakan kasenian bangkong réang, jeung studi pustaka buku anu aya patalina jeung hal nu ditalungtik. Anapon dina ngumpulkeun data ti narasumber téh ngagunakeun téhnik wawancara, ku kituna waktu lumangsungna wawancara téh lian ti ngagunakeun pedoman wawancara, ogé ngagunakeun format data pikeun ngeusian data informanna. Éta format data informan téh nyaéta saperti ieu di handap. Tabél 3.1 Format Data Informan

3.2 Desain Panalungtikan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA RUWATAN BUMI HAJAT BURUAN DI KAMPUNG CIKAREUMBI DÉSA CIKIDANG KACAMATAN LÉMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 17 32

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

SIKEP BASA KULAWARGA DINA NGUKUHAN BASA SUNDA DI DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG.

0 15 29

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

1 29 24

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

1 34 33