Téhnik Méré Skor Analisis Validitas Eusi

Devi Meylani Sutarjat, 2013 KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2. Tahap Ngumpulkeun Data

Dina tahap ngumpulkeun data nu dilaksanakeun nya éta ngumpulkeun lembar jawaban siswa MTs Sirnamiskin jeung soal UAS Basa Sunda semester ganjil taun ajar 20122013.

3. Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data: a. méré skor jawaban soal UAS Basa Sunda siswa; b. nganalisis validitas eusi soal; c. nganalisis réliabilitas soal; d. nganalisis tingkat hésé babarina soal; e. nganalisis tingkat daya pangbéda soal.

a. Téhnik Méré Skor

Téhnik méré skor disebut ogé prosés méré angka Arikunto; 2012:259. Méré skor mangrupa tahap kahiji dina prosés pengolahan hasil tés. Téhnik méré skor dibédakeun dumasar kana wangun tésna. Dina ieu panalungtikan wangun tésna nya éta PG Pilihan Ganda jeung éséy. Dina wangun soal objéktif unggal butir soal nu jawabanna bener dibéré skor 1 sedengkeun jawaban salah dibéré skor 0. Skor totalna nya éta sakabéh jawaban anu bener. Dina wangun soal éséy téhnik méré skorna nya éta ku cara méré skor unggal soal dumasar kana bobotna. Aya dua cara pikeun méré skor dina soal éséy. Nu kahiji nya éta ku cara maca jawaban sanomer tina sakabéh siswa, jadi patokan peunteunna aya dina jawaban siswa. Nu kadua jawaban siswa dibandingan jeung konci jawaban nu geus disusun. Devi Meylani Sutarjat, 2013 KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VII Wangun Éséy Nomer Soal Ajén peunteun 1 10 2 4 3 4 4 5 5 7 Skor Total 30 Tabél 3.3 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VIII Wangun Éséy Nomer Soal Ajén Peunteun 1 4 2 7 3 5 4 10 5 4 Skor Total 30 Tabél 3.4 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas IX Wangun Éséy Nomer Soal Ajén Peunteun 1 8 2 7 3 4 4 4 5 7 Skor Total 30 Devi Meylani Sutarjat, 2013 KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dumasar kana tabél di luhur bisa katitén yén jumlah skor kelas VII, VIII, jeung XI nya éta 30. Skor maksimum tiap soal béda-béda dumasar kana bobotna, aya nu 3, 4, 5, 6, 7, 8, jeung 10. Skor minimum soal nya éta 2, tapi lamun éta soal teu dieusian skor minimumna 0. Tabél 3.5 Skoring No. Responden Ngaran Siswa Nomer Soal Skor Total 1 2 3 4 5 ..... ..... 1 2 3 4 5 ..... .....

b. Analisis Validitas Eusi

Dina ieu panalungtikan, analisis tingkat validitasna nyoko kana validitas eusi nya éta dumasar kana 6 aspék nya éta rumusan indikator, patalina soal jeung indikator, luyu henteuna matéri jeung buku ajar, basana, hubungan antara stém jeung option sarta homogénitas alternatif jawaban. Tabél 3.6 Analisis Validitas Eusi Soal UAS Basa Sunda Wangun Pilihan Ganda jeung Éséy No. Aspék nu dianalisis Nomer Soal 1 2 3 4 5 6 7 Jst. 1 Rumusan indikator 2 Patalina soal jeung indikator 3 Matéri luyu jeung buku ajar 4 Basana komunikatif 5 Hubungan antara stém jeung option 6 Homogénitas alternatif jawaban Katerangan Katerangan: soal nu valid dibéré tanda v, soal nu teu valid dibéré tanda - Devi Meylani Sutarjat, 2013 KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Analisis Réliablitas