Makalah tentang sisindiran Bahasa sunda

Makalah tentang sisindiran
Bahasa sunda

Nama :
Tia Oktaviani Dewi
Kelas :
12 ips

MATA PELAJARAN BASA SUNDA
SISINDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu
disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan
dibalibirkeun.

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku
purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku
dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan
sisindiran teh bisa disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina
dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.


Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap
dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi);
perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar,
sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina.
Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua
cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu
murwakanti the maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari
cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan
maksudna tea.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi
tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik
tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan,
nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN
Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi
dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan

cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu
dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna.

Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun
jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecapakecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti
mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah
kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok

Contona:
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Cangkang:
Jauh-jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun

Eusi:
Jauh-jauh neang abdi,

nyiar-nyiar pimelangeun

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji
jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina.

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung
kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu
aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal
padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.
Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge
murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi,
pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan
nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.
Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa
birahi.

Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna oge hade.

Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.


Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk,
kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.
Contona:
Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Sok haying nyaba ka Bandung,
sok haying nyaho nanjakna.
Sok haying nanya nu pundung,
sok haying nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang,
sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah
anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae
jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana
ti eta.

PAPARIKAN

Paparikan teh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti
deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut
sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina
puhuna.
Contona:
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di
dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut
sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah.
Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi.
Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun
padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas
(purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasingpasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.

Contona:

Daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
Sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin

diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk
saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Jeruk purut Cikaruncang,
jambu aer Wanayasa.
Camerut haying kabujang,
susu laer teu dirasa.

Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang,
sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur
dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.

Contona:
Dengkleung dengkleung dengdek,
buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun anu dewek,
ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
nyeredet hate ningali herang caina.
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
nyeredet hate ningali sorot socana.

Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina
sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana
paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding,
biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN
Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung
eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna
the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the

sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.
Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir
dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah
jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun
wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang
dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the
sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap
dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna
murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut
Conto sejenna:
Reregan sabudeur imah,
Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun
wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon

ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara?
Jawabanana: kasang.
Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua
padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi
wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)

Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya bela.
(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daek ka abdi.
(puyuh)

Teu beunang ditiwu leuweung,
teu beunang sipikasono.
(kaso)