S BD 1202960 Chapter1
1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Dina pangajaran basa Sunda aya opat aspék kaparigelan, anu ngawengku
kaparigelan ngaregepkeun, kaparigelan nyarita, kaparigelan maca, jeung
kaparigelan nulis. Cara makéna basa bisa ngaliwatan dua media nyaéta media
lisan jeung tulisan, ngaliwatan media lisan ngawengku kaparigelan ngaregepkeun
jeung kaparigelan nyarita, sedengkeun ngaliwatan media tulisan mah ngawengku
kaparigelan maca jeung kaparigelan nulis.
Nulis mangrupa salasahiji kaparigelan basa nu digunakeun pikeun komunikasi
sacara teu langsung. Nulis miboga sipat produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan
nulis, nu nulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung
kosa kecapna. Nulis bisa dina rupa-rupa widang, boh widang fiksi, boh widang
non fiksi. Salasahiji conto nulis dina widang non fiksi nyaéta nulis laporan.
Nulis laporan nyaéta salasahiji cara komunikasi dimana nu nulis nepikeun
informasi ka salasahiji jalma atawa lembaga lantaran tangungjawab anu
diamanatkeun ka manéhna (Keraf, 2004, kc. 324). Nulis laporan téh kaasup
salasahiji pangajaran anu aya di sakola nyaéta di SMP/MTs kelas VIII. Ayana
pangajaran nulis laporan di sakola téh nyaéta pikeun ngalatih siswa sangkan
parigel dina nulis, hususna dina nulis laporan anu mangrupa bekel pikeun siswa
dina nyorang mangsa ka hareupna nyaéta mangsa nalika ancrub ka dunya
masarakat hususna dunya gawé anu di jerona bakal patali jeung nulis laporan. Éta
hal luyu jeung pamanggih Mary Elizabeth Fowler (dina A. Widyamartaya, Spk.
2005, kc. 3) dina bukuna Teaching Language, Literature and Composition“Today
we are finding that the command of the written word is in increasing demand in
the business world, both as a key to job and success in it. ”Hartina nyaéta: “kiwari
kaparigelan ngagunakeun basa tinulis téh beuki diperlukeun dina dunya bisnis,
boh salaku konci pikeun meunang gawé boh pikeun ngahontal kasuksésan
dijerona” ku kituna nulis laporan téh penting pisan diajarkeun nalika di bangku
sakola kénéh.
Nisa, 2016
MODÉL GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS LAPORAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
2
Pangajaran nulis di sakola mangrupa prosés transformasi ide/gagasan tina
pamikiran siswa kana wangun tulisan. Nyieun hiji tulisan téh lain hal anu
gampang, ieu hal luyu jeung pamadegan Heaton (dina Slamet, 2008, kc. 141) yén
nulis téh mangrupa kaparigelan anu hésé jeung kompléks. Loba hal anu kudu
diébréhkeun sacara sistematis nepi ka nu maca bisa ngarti jeung maham kana
naon anu dimaksud ku nu nulis.
Sakuduna nulis téh geus jadi kaparigelan siswa, tapi nilik kana kaayanna, loba
kénéh siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis. Pangajaran nulis anu dianggap
hése ku siswa téh nyaéta nulis laporan, lantaran dina nulis laporan siswa diperedih
sangkan mikir kritis ngébréhkeun eusi pikiranna sacara logis pikeun
ngaruntuykeun kagiatan anu geus dilaksanakeun kana wangun tulisan. Ku kituna
loba siswa anu hésé dina mekarkeun ide atawa gagasanna, mekarkeun rangka
karangan, milih kandaga kecap anu merenah, nyusun kalimah sacara éféktif, jeung
ngalarapkeun
éjahan.
Kurangna
kamampuh
siswa
dina
nulis
laporan
ngabalukarkeun rendahna kualitas karangan anu hasilkeun. Cara ngajar guru ogé
di sakola masih konvénsional, éta hal ngabalukarkeun siswa teu resep kana
pangajaran nulis, kaasup dina nulis laporan.
Pikeun ngungkulan bangbaluh di luhur, diperlukeun rupa-rupa tarékah.
Salasahiji tarékahna nyaéta patali jeung modél pangajaran. Modél pangajaran
dipiharep bisa méré stimulus ka siswa sangkan bisa ngébréhkeun ide/gagasanna
ngaliwatan tulisan. Modél pangajaran (model of teaching) nyaéta rarancang dina
nyusun kurikulum, ngatur materi pangajaran, sarta méré gambaran pikeun guru
dina setting pangajaran di kelas (Rahman, 2007, kc. 1). Ku kituna modél
pangajaran bisa leuwih mantuan guru dina nepikeun bahan pangajaran, sangkan
tujuan dina prosés pangajaran bisa kahontal. Modél pangajaran ogé bisa nyieun
suasana diajar sangkan teu monoton.
Dina dasarna ngagunakeun modél pangajaran téh mangaruhan pisan kana
prosés diajar ngajar. Ku kituna dina ieu panalungtikan nu nalungtik ngagunakeun
salah sahiji modél pikeun dilarapkeun dina pangajaran nulis laporan, nyaéta
modél group investigation. Modél group investigation disebut ogé modél
pangajaran kooperatif. Pangajaran kooperatif ngondisikeun sakabéh siswa
sangkan bisa aktif dina ngaréngsékeun pasualan atawa masalah materi anu

3
diungkulan sacara kelompok. Pangajaran anu dilakukeun sacara kelompok bakal
ngaronjatkeun motivasi anu jauh leuwih gedé tibatan pangajaran sacara
individual, sabab siswa bisa silih diajar jeung anggota nu séjénnna (Joyce, Spk.
2009). Modél pangajaran group investigation dipilih sabab dina hakékatna mah
modél pangajaran group investigation mangrupa strategi dina prosés ngajar
pikeun ngarojong guru dina nepikeun bahan ajar, sangkan siswa bisa aktif tur
materi anu ditepikeun ku guru bisa leuwih kacangking ku siswa. Ku kituna
dilarapkeunna modél group investigation dina pangajaran nulis laporan dipiharep
bisa ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis laporan.
Saméméhna, panalungtikan anu ngalarapkeun modél group investigation
pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téh geus aya nu nalungtik, di antarana ku
Rahmat Hidayat (2011) ngeunaan “Éféktivitas Modél Group Investigation pikeun
Ngaronjatkeun Kamampuh Ngalarapkeun Éjahan dina Nulis Pedaran (Studi Kuasi
Éksperimén ka Siswa Kelas IX B SMP Sekolah Laboratorium Percontohan UPI
Taun Ajaran 2010/2011)” ieu panalungtikan ngabuktikeun yén modél group
investigation gedé pangaruhna pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun
éjahan dina nulis pedaran, anu hasilna ngaronjat 32,67%, jeung Nisa Dwi Nuranti
(2015) ngeunaan “Modél Pangajaran Group Investigation pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis ringkesan warta (Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas VIII
D SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2014/2015”, ieu panalungtikan
ngabuktikeun yén modél group investigation gedé pangaruhna pikeun
ngaronjatkeun
nulis
tarjamahan
anu
hasilna
ngaronjat
9,17%.
Bédana
panalungtikan saméméhna jeung ieu panalungtikan nyaéta dina pangajaranna, ari
panalungtikan saméméhna mah dina pangajaran nulis pedaran jeung dina
pangajaran
nulis
ringkesan
warta
kalayan
ngalarapkeun
modél
group
investigation, sedengkeun ieu panalungtikan medar ngeunaan pangajaran nulis
laporan kalayan ngalarapkeun modél group investigation, sarta objék anu
ditalungtik nagé béda, panalungtikan saméméhna mah dilarapkeun ka siswa kelas
IX B SMP Sekolah Laboratorium Percontohan UPI jeung siswa kelas VIII D SMP
Negeri 5 Bandung, sedengkeun ieu panalungtikan dilarapkeun ka siswa kelas
VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung.

4
Dumasar pedaran anu geus diébréhkeun di luhur, nu nyusun perlu
ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan modél group investigation dina
pangajaran nulis laporan. Ku kituna ieu panalutikan dijudulan “Modél Group
Investigation pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran
2015/2016)”.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, hal anu rék ditalungtik nyaéta
larapna modél group investigation dina nulis laporan di kelas VIII-6 SMP Negeri
43 Bandung. Léngkah-léngkah modél group investigation téh ngawengku: 1)
Siswa disanghareupkeun kana kaayaan anu pinuh ku tetebakan (boh
direncanakeun boh henteu), 2) Siswa ngaéksplorasi réaksi kana situasi, 3) Siswa
ngarumuskeun tugas jeung ngatur pangajaran (masalah, definisi, kalungguhan,
jeung pancén, jst), 4) Kamandirian jeung kelompok diajar, 5) Siswa nganalisis
kamekaran jeung prosés, 6) Ngalakukeun deui prosés kagiatan atawa recycle
activities. Kamampuh nulis laporan téh ngawengku: 1) eusi, 2) organisasi, 3)
diksi, 4) makéna basa, jeung 5) mekanik. Dumasar kana watesan masalah di luhur,
masalah dina ieu panalungtikan baris dirumuskeun dina wangun kalimah tanya ieu
di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43
Bandung saméméh dilarapkeun modél group investigation?
2) Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43
Bandung sabada dilarapkeun modél group investigation?
3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6
SMP Negeri 43 Bandung saméméh jeung sabada dilarapkeun modél group
investigation?
1.3 Tujuan
Tujuan ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, anu
baris diébréhkeun ieu di handap.

5
1.3.1
Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun larapna
modél group investigation dina pangajaran nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP
Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016.
1.3.2
Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun:
1) kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung
saméméh dilarapkeun modél group investigation;
2) kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung sabada
dilarapkeun modél group investigation; sarta
3) béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri
43 Bandung saméméh jeung sabada dilarapkeun modél group investigation.
1.4 Mangpaat
Mangpaat dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung
pangpaat praktis, anu baris diébréhkeun ieu di handap.
1.4.1
Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mekarkeun modél
pangajaran basa Sunda dina opat aspék kaparigelan basa nyaéta ngaregepkeun,
maca, nyarita jeung nulis. Anu hususna dina pangajaran nulis laporan.
1.4.2
Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta, ieu di handap.
1) Pikeun siswa sangkan bisa ngaronjatkeun motivasi diajar siswa dina
pangajaran nulis, hususna dina nulis laporan anu mangrupa hasil diajar-ngajar
ngagunakeun modél group investigation.
2) Pikeun guru basa Sunda, sangkan bisa maluruh ngeunaan alternatif modél
pangajaran basa Sunda, hususna pangajaran nulis, anu salah sahijina
ngagunakeun modél group investigation dina pangajaran nulis laporan.
3) Pikeun panalungtik nyaéta bisa nambahan pangaweruh dina ngalarapkeun
modél pangajaran anu éféktif dina pangajaran basa Sunda, jeung mikanyaho
kaéféktifan modél group investigation sarta pangaruhna pikeun siswa dina
pangajaran nulis laporan

6
1.5 Raraga Tulisan
Sacara gurat badag raraga skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik ieu di
handap.
BAB I mangrupa bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.
BAB II mangrupa ulikan pustaka, panalungtikan saméméhna, kalungguhan
tioritis panalungtikan, raraga mikir, jeung hipotésis, anu ngawengku tiori modél
pangajaran, tiori modél pangajaran group investigation, tiori nulis, tiori laporan,
pangajaran laporan dina SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda SMP/MTs
kelas VIII taun 2006, modél group investigation dina pangajaran nulis laporan,
kamampuh nulis laporan, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis
panalungtikan, raraga mikir, jeung hipotésis.
BAB III mangrupa metode panalungtikan, anu ngawengku desain
panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumen panalungtikan, prosedur
panalungtikan, jeung téhnik nganalisi data.
BAB IV mangrupa hasil panalungtikan jeung pedaran, anu ngawengku
kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh
ngagunakeun modél group investigation, kamampuh nulis laporan siswa kelas
VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung sabada ngagunakeun modél group investigation,
béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43
Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél group investigation, jeung
pedaran hasil panalungtikan.
BAB V panutup, anu ngawengku kacindekan tina hasil panalungtikan,
implikasi panalungtikan, jeung saran pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun
sabada ieu panalungtikan.