S BD 1202960 Chapter5

76

BAB V
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran, kamampuh nulis
laporan ngagunakeun modél pangajaran group investigation ka siswa kelas VIII-6
SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016, bisa dicindekkeun ieu di handap.
1) Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun
ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél group investigation kurang
nyugemakeun. Hasil pretest nulis laporan siswa miboga peunteun rata-rata
54,4, hartina siswa can mampuh nulis laporan. Ditilik tina kritéria peunteun
nulis laporan anu ngawengku lima aspék, nyaéta: a) kamampuh nulis laporan
aspék eusi miboga peunteun rata-rata 15,98 anu kaasup kategori kurang-alus,
b) kamampuh nulis laporan aspék organisasi miboga peunteun rata-rata 10,77
anu kaasup kategori sedeng-cukup, c) kamampuh nulis laporan aspék diksi
miboga peunteun rata-rata 10,7 ampir kaasup kategori sedeng-cukup, d)
kamampuh nulis laporan aspék makéna basa miboga peunteun rata-rata 13,97
anu kaasup kategori sedeng-cukup, jeung e) kamampuh nulis laporan aspék
mékanik miboga peunteun rata-rata 2,98 anu kaasup kategori sedeng-cukup.

2) Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun
ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun modél group investigation geus
nyugemakeun. Hasil posttest nulis laporan siswa miboga peunteun rata-rata
75,98 hartina siswa geus mampuh nulis laporan. Ditilik tina kritéria peunteun
nulis laporan anu ngawengku lima aspék, nyaéta: a) kamampuh nulis laporan
aspék eusi miboga peunteun rata-rata 20,72 anu kaasup kategori sedengcukup, b) kamampuh nulis laporan aspék organisasi miboga peunteun ratarata 16, anu kaasup kategori cukup-alus, c) kamampuh nulis laporan aspék
diksi miboga peunteun rata-rata 16,05 anu kaasup kategori cukup-alus, d)
kamampuh nulis laporan aspék makéna basa miboga peunteun rata-rata 19,67
anu kaasup kategori cukup-alus, e) kamampuh nulis laporan aspék mékanik
miboga peunteun rata-rata 3,55 ampir kaasup cukup-alus.

Nisa, 2016
MODÉL GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS LAPORAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

77

3) Analisis béda signifikansi kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP
Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél group investigation bisa katitén tina hasil babanding

pretest jeung posttest anu nuduhkeun yén hasil rata-rata pretest jeung posttest
siswa ngaronjat tina 54,4 jadi 75,98. Hartina gedé pangaruh modél pangajaran
group investigation dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan nyaéta
21,58. Ditilik tina kritéria peunteun nulis laporan anu ngawengku lima aspék,
nyaéta: a) kamampuh nulis laporan siswa dina aspék eusi nuduhkeun béda
anu signifikan, hasil pretest miboga peunteun rata-rata 15,98 sabada posttest
peunteun rata-ratana jadi 20,72, hartina modél group investigation gedé
pangaruhna pikeun ngaronjatkeun nulis laporan dina aspék eusi nyaéta 4,74 ,
b) kamampuh nulis laporan siswa dina aspék organisasi nuduhkeun béda anu
signifikan, hasil pretest miboga peunteun rata-rata 10,77 sabada posttest
peunteun rata-ratana jadi 16, hartina modél group investigation gedé
pangaruhna pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan dina aspék
organisasi nyaéta 5,23, c) kamampuh nulis laporan siswa dina aspék diksi
nuduhkeun béda anu signifikan, hasil pretest miboga peunteun rata-rata
10,7sabada posttest peunteun rata-ratana jadi 16,05, hartina modél group
investigation gedé pangaruhna pikeun ngaronjatkeun nulis laporan dina aspék
diksi nyaéta 5,35, d) kamampuh nulis laporan siswa dina aspék makéna basa
nuduhkeun béda anu signifikan, hasil pretest miboga peunteun rata-rata 13,97
sabada posttest peunteun rata-ratana jadi 19,67, hartina modél group
investigation gedé pangaruhna pikeun ngaronjatkeun nulis laporan dina aspék

makéna basa nyaéta 5,7, e) kamampuh nulis laporan siswa dina aspék
mékanik nuduhkeun béda anu signifikan, hasil pretest miboga peunteun ratarata 2,98 sabada posttest peunteun rata-ratana jadi 3,55, hartina modél group
investigation gedé pangaruhna pikeun ngaronjatkeun nulis laporan dina aspék
mékanik nyaéta 0,57.
Hasil uji hipotésis ogé nuduhkeun yén titung > ttabel, nyaéta 14,39 > 2,46 hartina
hipotésis alternatif (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Ku kituna bisa
dicindekkeun yén aya signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP

Nisa, 2016
MODÉL GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS LAPORAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

78

Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung sabada ngagunakeun
modél group investigation.

5.2 Implikasi
Tina kacindekan anu geus dipedar di luhur ngeunaan hasil ieu panalungtikan,
modél pangajaran group investigation méré pangaruh positif atawa implikasi dina

kamampuh nulis laporan. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap ditétélakeun
implikasi tina ieu panalungtikan.
1) Siswa miboga tanggung jawab anu gedé dina ngerjakeun pancén, ieu hal
katitén nalika siswa néangan sumber pikeun ngaréngsékeun pancén.
2) Siswa jadi kréatif jeung mandiri dina ngerjakeun pancén.
3) Siswa jadi miboga rasa percaya diri dina ngébréhkeun sawanganna nalika
prosés invéstigasi/gawé kelompok.
4) Siswa jadi parigel dina mekarkeun karangan, léngkep dina organisasi, bisa
milih kecap anu mérénah, jeung maham kana éjahan basa Sunda.

5.3 Saran
Ieu di handap dijéntrékeun sababaraha saran, dumasar kana hasil
panalungtikan ngeunaan kamampuh nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran
group investigation ka siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran
2015/2016.
1) Tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun némbongkeun yén modél
pangajaran group investigation bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan
siswa, ku kituna ieu modél bisa jadi alternatif pikeun guru dina pangajaran
nulis, hususna dina nulis laporan.
2) Saupama modél group investigation digunakeun deui dina panalungtikan,

dipiharep bisa diterapkeun dina kaparigelan basa nu séjénna saperti: nyarita,
maca, jeung ngaregepkeun.

Nisa, 2016
MODÉL GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS LAPORAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu