AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

(1)

No. 612/FPBS/0251/2013

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku Ema Rohimah

0907249

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

2013

Halaman Hak Cipta

Ajén Moral dina Struktur Carita

Dongéng

Manglé Alit

anu Medal Taun

2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca

di SMP

Oleh Ema Rohimah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ema Rohimah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

(4)

Ema Rohimah, 2013

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 1)

Ema Rohimah 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng “Manglé Alit” anu Medal Taun 2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan nilai moral yang terdapat dalam struktur cerita dongeng-dongeng majalah Manglé (Manglé Alit), yang terbit pada tahun 2012. Data dianalisis melalui metode deskriptif, dengan menggunakan teknik mengumpulkan data (studi dokumentasi) dan tehnik mengolah data (analisis data). Dongeng-dongeng majalah Manglé Alit yang terinventarisir berjumlah 54 judul dongeng. Dari jumlah tersebut, kemudian dipilih 17 dongeng untuk dianalisis. Analisis nilai moral dalam dongeng meliputi nilai moral yang mempunyai ciri nilai moral tanggung jawab, hati nurani, kewajiban, dan bersifat formal, yang terdapat dalam struktur cerita dongeng tersebut. Struktur cerita yang dianalisis meliputi tema, tokoh, dan amanat. Berdasarkan hasil analisis, diperoleh kesimpulan bahwa terdapat 15 nilai moral dalam dongeng-dongeng tersebut, yaitu: 1) béréhan; 2) sabar jeung daék ihtiar; 3) tawekal; 4) silih tulung ka sasama; 5) wijaksana jeung adil; 6) jujur; 7) nyaah ka papada mahluk; 8) satia; 9) ulah kumed; 10) ulah kufur nikmat; 11) ulah ngagugu teuing napsu; 12) ulah sirik; 13) ulah telenges; 14) ulah agul tur mawa karep sorangan; jeung 15) ulah gagabah. Dari hasil analisis kriteria bahan ajar, terdapat 15 dongeng yang memenuhi kriteria untuk dijadikan bahan pembelajaran, yaitu: 1) Tukang Samangka jeung Baramaén; 2) Tukang Batu; 3) Ibnu Hajar; 4) Bola Gondong; 5) Marebutkeun Orok; 6) Paménta Oray; 7) Sasakala Désa Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda, Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; dan 15) Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Dongeng Tukang Batu kemudian diaplikasikan dalam contoh materi bahan ajar membaca dongeng di SMP.

Kata kunci : ajén moral, struktur carita dongéng, bahan pangajaran maca

1 ) Skripsi di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Ruswendi Permana, M. Hum.

(5)

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 1)

Ema Rohimah 2)

ABSTRACT

This research entitled “Moral values in the structure of Manglé Alit fairy stories who published in 2012 for teaching materials read in the middle school”. This research aims to describe moral values contained in the structure of Manglé Alit fairy stories who published in 2012. This research uses descriptive method. The technics that used in this research is documentation study and analysis of data. Totaled of fairy tales in the Manglé Alit magazine that collected is 54 title of fairy tales. Of that number, then choosed 17 of fairy tales to be analyzed. Analysis of moral value in the fairy tales include the moral values that have moral tanggung jawab, hati nurani, kewajiban, and bersifat formal, that was found in the structure of fairy stories. The structure of fairy stories that analyzed include tema, tokoh, and amanat. The result of this research is 15 moral values that was found in the structure of fairy stories, that is: 1) béréhan; 2) sabar jeung daék ihtiar; 3) tawekal; 4) silih tulung ka sasama; 5) wijaksana jeung adil; 6) jujur; 7) nyaah ka papada mahluk; 8) satia; 9) ulah kumed; 10) ulah kufur nikmat; 11) ulah ngagugu teuing napsu; 12) ulah sirik; 13) ulah telenges; 14) ulah agul tur mawa karep sorangan; jeung 15) ulah gagabah. Based on the analysis criteria of select teaching materials, there are 17 fairy tales who fit that criteria, that is: 1) Tukang Samangka jeung Baramaén; 2) Tukang Batu; 3) Ibnu Hajar; 4) Bola Gondong; 5) Marebutkeun Orok; 6) Paménta Oray; 7) Sasakala Désa Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda, Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; dan 15) Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Tukang Batu tales is applied as example of fairy tales teaching read in the middle school.

Keywords: moral values, structure of fairy stories, teaching materials read

1 ) Skripsi di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Ruswendi Permana, M. Hum.

(6)

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR SINGGETAN ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.1 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II AJÉN MORAL, DONGÉNG, SAJARAH KAMEKARAN MANGLÉ ALIT, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA ... 8

2.1 Ajén Moral ... 8

2.1.1 Ajén ... 8

2.1.2 Moral ... 10

2.1.2 Étika, Moral, Norma, jeung Ajén Moral ... 12

2.1.3 Ciri-ciri Ajén Moral ... 13

2.2 Dongéng ... 16

2.2.1 Wangenan Dongéng ... 16

2.2.2 Sajarah Kamekaran Dongéng ... 17

2.2.3 Papasingan Dongéng ... 19

2.2.3.1 Dongéng Sasatoan (Fabél) ... 19

2.2.3.2 Dongéng Sasakala (Legénda) ... 19

2.2.3.3 Dongéng Babad (Sagé) ... 19

2.2.3.4 Dongéng Jalma Biasa (Farabél) ... 19

(7)

2.2.3.6 Dongéng Pamuk ... 20

2.2.3.7 Carita Paranabi/Wali ... 20

2.2.4 Fungsi Dongéng ... 21

2.2.5 Struktur Dongéng ... 21

2.3 Sajarah Kamekaran Manglé Alit ... 24

2.4 Bahan Pangajaran Maca ... 25

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 25

2.4.2 Milih Bahan Pangajaran ... 26

2.4.3 Maca ... 28

2.4.3.1 Wangenan Maca ... 28

2.4.3.2 Papasingan Maca ... 29

2.4.4 Maca Dongéng Basa Sunda di SMP ... 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 32

3.1 Métode Panalungtikan ... 32

3.2 Téhnik Panalungtikan ... 32

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 32

3.2.2 Téhnik Ngolah Data ... 33

3.3 Instrumén Panalungtikan ... 33

3.4 Desain Panalungtikan ... 37

3.5 Sumber Data ... 39

3.6 Wangenan Operasional ... 43

BAB IV ANALISIS AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 ... 45

4.1 Dongéng-dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012 ... 45

4.2 Déskripsi jeung Analisis Struktur Carita Dongéng ... 48

4.2.1 Dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén ... 48

4.2.1.1 Ringkesan Dongéng ... 48

4.2.1.2 Téma Dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén ... 50

4.2.1.3 Palaku Dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén ... 50

4.2.1.4 Amanat Dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén ... 51

4.2.2 Dongéng Tukang Batu ... 52

4.2.2.1 Ringkesan Dongéng ... 52

4.2.2.2 Téma Dongéng Tukang Batu ... 53

4.2.2.3 Palaku Dongéng Tukang Batu ... 54

4.2.2.4 Amanat Dongéng Tukang Batu ... 54

4.2.3 Dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih ... 55

4.2.3.1 Ringkesan Dongéng ... 55

4.2.3.2 Téma Dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih ... 56

(8)

4.2.3.4 Amanat Dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih ... 57

4.2.4 Dongéng Ibnu Hajar ... 58

4.2.4.1 Ringkesan Dongéng ... 58

4.2.4.2 Téma Dongéng Ibnu Hajar ... 59

4.2.4.3 Palaku Dongéng Ibnu Hajar ... 59

4.2.4.4 Amanat Dongéng Ibnu Hajar ... 60

4.2.5 Dongéng Bola Gondong ... 60

4.2.5.1 Ringkesan Dongéng ... 60

4.2.5.2 Téma Dongéng Bola Gondong ... 61

4.2.5.3 Palaku Dongéng Bola Gondong ... 62

4.2.5.4 Amanat Dongéng Bola Gondong ... 63

4.2.6 Carita Paranabi Marebutkeun Orok ... 64

4.2.6.1 Ringkesan Carita ... 64

4.2.6.2 Téma Dongéng Marebutkeun Orok ... 65

4.2.6.3 Palaku Dongéng Marebutkeun Orok ... 65

4.2.6.4 Amanat Dongéng Marebutkeun Orok ... 66

4.2.7 Carita Paranabi Paménta Oray ... 67

4.2.7.1 Ringkesan Carita ... 67

4.2.7.2 Téma Carita Paranabi Paménta Oray ... 68

4.2.7.3 Palaku Carita Paranabi Paménta Oray ... 68

4.2.7.4 Amanat Carita Paranabi Paménta Oray ... 70

4.2.8 Dongéng Sasakala Désa Bunigeulis ... 71

4.2.8.1 Ringkesan Dongéng ... 71

4.2.8.2 Téma Dongéng Sasakala Désa Bunigeulis ... 72

4.2.8.3 Palaku Dongéng Sasakala Désa Bunigeulis ... 72

4.2.8.4 Amanat Dongéng Sasakala Désa Bunigeulis ... 75

4.2.9 Dongéng Séro jeung Keuyeup ... 75

4.2.9.1 Ringkesan Dongéng ... 75

4.2.9.2 Téma Dongéng Séro jeung Keuyeup ... 77

4.2.9.3 Palaku Dongéng Séro jeung Keuyeup ... 77

4.2.9.4 Amanat Dongéng Séro jeung Keuyeup ... 79

4.2.10 Dongéng Hikmah ... 79

4.2.10.1 Ringkesan Dongéng ... 79

4.2.10.2 Téma Dongéng Hikmah ... 80

4.2.10.3 Palaku Dongéng Hikmah ... 81

4.2.10.4 Amanat Dongéng Hikmah ... 82

4.2.11 Dongéng Sasakala Cabé Lada ... 83

4.2.11.1 Ringkesan Dongéng ... 83

4.2.11.2 Téma Dongéng Sasakala Cabé Lada ... 84

(9)

4.2.11.4 Amanat Dongéng Sasakala Cabé Lada ... 85

4.2.12 Dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus ... 86

4.2.12.1 Ringkesan Dongéng ... 86

4.2.12.2 Téma Dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus ... 87

4.2.12.3 Palaku Dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus ... 87

4.2.12.4 Amanat Dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus ... 88

4.2.13 Dongéng Kasedih Munding ... 89

4.2.13.1 Ringkesan Dongéng ... 89

4.2.13.2 Téma Dongéng Kasedih Munding ... 90

4.2.13.3 Palaku Dongéng Kasedih Munding ... 90

4.2.13.4 Amanat Dongéng Kasedih Munding ... 91

4.2.14 Dongéng Kuring Sakadang Peucang ... 92

4.2.14.1 Ringkesan Dongéng ... 92

4.2.14.2 Téma Dongéng Kuring Sakadang Peucang ... 93

4.2.14.3 Palaku Dongéng Kuring Sakadang Peucang ... 93

4.2.14.4 Amanat Dongéng Kuring Sakadang Peucang ... 94

4.2.15 Dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung ... 95

4.2.15.1 Ringkesan Dongéng ... 95

4.2.15.2 Téma Dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung ... 96

4.2.15.3 Palaku Dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung ... 97

4.2.15.4 Amanat Dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung ... 98

4.2.16 Dongéng Cai Laut Asin ... 99

4.2.16.1 Ringkesan Dongéng ... 99

4.2.16.2 Téma Dongéng Cai Laut Asin ... 100

4.2.16.3 Palaku Dongéng Cai Laut Asin ... 100

4.2.16.4 Amanat Dongéng Cai Laut Asin ... 102

4.2.17 Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét ... 103

4.2.17.1 Ringkesan Dongéng ... 103

4.2.17.2 Téma Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét ... 104

4.2.17.3 Palaku Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét .... 104

4.2.17.4 Amanat Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét ... 106

4.3 Analisis Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng ... 106

4.4 Kacindekan Analisis Dongéng ... 140

4.5 Bahan Pangajaran Maca Dongéng ... 142

4.5.1 Analisis Dongéng pikeun Bahan Ajar Maca Dongéng di SMP ... 142

4.5.2 Conto Matéri Bahan Ajar Maca Dongéng ... 147

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 154

5.1 Kacindekan ... 154

(10)

DAPTAR PUSTAKA ... 159 LAMPIRAN ... 161 RIWAYAT HIRUP ... 247

(11)

DAPTAR BAGAN

Bagan Kaca

(12)

DAPTAR TABÉL

Tabél Kaca

2.1 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar Pangajaran Maca

Dongéng ... 31

3.1 Format Tabél Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit 2012 ... 36

3.4 Format Tabél Penggolongan Ajén Moral Dongéng ... 37

3.1 Tabél Sumber Data Panalungtikan ... 39

3.2 Tabél Dongéng-dongéng anu dianalisis ... 42

4.1 Tabél Dongéng-dongéng Manglé Alit taun 2012 ... 45

4.2 Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit 2012 ... 107

4.3 Penggolongan Ajén Moral Dongéng Manglé Alit 2012 ... 138

(13)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Salah sahiji hal anu teu bisa leupas tina kahirupan manusa salaku mahluk individu jeung sosial nya éta basa. Basa mangrupa média pikeun komunikasi papada manusa dina ngébréhkeun rupaning rasa, eusi haté, kahayang, ide, pikiran, ogé gagasan-gagasanna. Cindekna mah basa téh nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa, kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis), tur ragem (konvénsional), antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004: 6). Salian ti bisa diébréhkeun dina wangun lisan jeung tulisan, basa ogé bisa diébréhkeun dina wangun basa tanda jeung isarat.

Minangka alat komunikasi, basa ogé sok dipatalikeun jeung sastra. Tinangtu dua hal ieu téh raket pisan patalina, silih deudeul jeung mangaruhan. Sastra mangrupa ébréhan éstétis manusa anu diébréhkeun dina wangun basa, boh sacara lisan boh tulisan. Jacob Sumardjo jeung Saini K.M. boga sawangan yén sastra téh nya éta ébréhan pribadi manusa anu mangrupa pangalaman, pamikiran, rasa, ide, jeung kayakinan dina hiji wangun gambaran konkrit, nu ngahudang rasa ngaliwatan média basa (1986: 3). Hartina basa miboga kalungguhan nu mandiri dina sastra.

Hal éta luyu jeung pamadegan Jamaluddin (2003: 69) anu nandeskeun yén:

Bahasa dan sastra merupakan dua sisi mata uang yang harus dipandang secara integral. Bahasa telah diakui sebagai sarana terpenting bagi manusia dalam rangka berkomunikasi dengan sesamanya, sebagai media interaksi sosial. Sastra tak pernah lahir tanpa bahasa, sebaliknya bahasa akan terasa gersang tanpa sentuhan sastra. Namun demikian, jelas bahwa antara keduanya memiliki batas-batas perbedaan.

Sastra hirup jeung mekar sabab ayana éksisténsi manusa salaku mahluk nu miboga akal jeung pikiran, sedengkeun éksisténsi manusa bisa dipangaruhan ku

(14)

2

Ema Rohimah, 2013

sastra anu ngaguar réalitas kahirupan di masarakat téa. Sastra bisa digunakeun salaku sarana hiburan nu nimbulkeun rupa-rupa rasa, saperti bungah, sedih, kesel, jeung ambek. Salian ti éta, sastra bisa dijadikeun eunteung pikeun manusa dina ngalakonan hirupna, sabab réa sastra nu eusina ngagambarkeun potrét réalitas kahirupan manusa di masarakat. Karya sastra nya éta produk sosial, hartina mangrupa hasil réka cipta manusa dina ngulinkeun imajina salaku anggota masarakat. Éta karya sastra nu diciptakeunna téh mangrupa rékaan, tapi teu saeutik ogé anu dumasar kana kajadian nyata, atawa gambaran kahirupan sosial masarakat sabudeureunana.

Nilik kana wangunna, karya sastra Sunda téh bisa dibagi jadi tilu golongan, nya éta puisi, prosa, jeung drama nu sumebarna boh sacara lisan boh tulisan. Salah sahiji karya sastra wangun prosa nu sumebarna sacara lisan téh nya éta dongéng. Hal ieu luyu jeung pamadegan Iskandarwassid (2003: 32) nu nétélakeun yén anu dimaksud dongéng téh, nya éta salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok, diwariskeun sacara turun-tumurun jeung sumebarna sacara lisan, tur kajadian caritana sakapeung sok karasa pamohalan. Tokoh-tokohna, jalan caritana, ogé latarna sakapeung mah hésé ditarima ku akal. Ilaharna dongéng téh sumebarna henteu sarua ti unggal daérah. Dongéng téh kaasup karya balaréa, sabab tara kanyahoan saha nu ngarangna (anonim). Hiji dongéng bisa mibanda rupa-rupa versi. Anu jadi marga lantaranna mah, éta dongéng téh sumebar ti hiji jalma tuluy didongéngkeun deui ka jalma séjén sacara tatalépa, antukna éta dongéng téh jadi ciptaan jeung milik balaréa.

Sakumaha nu ditétélakeun ku Ruhaliah (2002: 87) yén dumasar kana cara nepikeunana, mimitina mah dongéng téh gelar dina basa lisan. Lantaran gelarna sacara lisan atawa tatalépa téa, sipat karya sastra lisan saperti dongéng mah biasana sok robah, leungit, tur babari dipopohokeun. Ku kituna, dina pangajaran basa Sunda di sakola téh perlu diajarkeun ogé ngeunaan sastra, utamana ngeunaan pangajaran dongéng, minangka salah sahiji wangun karya sastra lisan Sunda. Nepikeun dongéng ka para siswa ogé bisa jadi salasahiji tarékah ngawanohkeun budaya karuhun, nu sumebar di masarakat ka generasi ngora.

(15)

3

Ku ayana pangalaman jeung pangaweruh diajar sastra saperti dongéng, dipiharep siswa bisa nimukeun jeung mikanyaho ajén-inajén positif nu nyangkaruk dina éta eusi karya sastra (dongéng). Sabab dongéng téh teu ngan saukur miboga fungsi hiburan, tapi dijerona gé nyangkaruk ajén-inajén nu penting dina kahirupan saperti moral, sajarah, atikan, jeung réa-réa deui. Dongéng mangrupa karya sastra anu réa ngandung ajén moral.

Salaku mahluk nu miboga rasa jeung haté, manusa raket patalina jeung moral. Moral moal bisa leupas tina ukuran hadé goréngna kalakuan manusa. Saenyana mah moral téh lain ngan kudu dipiwanoh wungkul, tapi kudu diturutkeun jeung dilakonan, dina harti ngalakukeun sikep anu bermoral (moral nu hadé) jeung teu ngalakukeun sikep anu teu bermoral (moral nu goréng). Ajén moral perlu diajarkeun ti budak kénéh, sangkan dijadikeun cecekelan hirup kahareupna. Teu ngan saukur di lingkungan kulawarga, pangajaran moral perlu diajarkeun ogé di lingkungan atikan formal saperti sakola, sangkan barudak leuwih bisa ngajaga diri nyanghareupan kahirupan kiwari jeung nu bakal kasorang.

Minangka hasil kréativitas manusa salaku mahluk nu miboga sipat bermoral téa, éta ajaran-ajaran moral téh réa nu dibungkus dina wangun-wangun karya sastra, boh mangrupa sajak, carita pondok, novel, pupujian, kaasup dongéng. Karya sastra bisa dijadikeun média dina nepikeun ajaran moral. Kalawan tapis pisan para sastrawan atawa pangarang nembrakkeun eusi pikiran, imaji, jeung rasa moralitasna ngaliwatan karya-karyana, nepi ka ngajanggélék jadi karya sastra nu sarat moral. Ku kituna, teu ahéng deui mun réa panalungtikan ngeunaan ajén moral dina karya sastra. saperti panalungtikan anu dilakukeun ku para mahasiswa, contona “Ajén Moral dina Novel Rusiah nu Goréng Patut karangan Soekria-Joehana pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP” ku Lina Herlina (2005), “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon karya Duduh Durahman” ku Dadang Yulianto (2006), “Ajén Moral dina Naskah Drama Cucunguk karya Yosep Iskandar” ku Hendi Perdiansyah (2007), jeung réa-réa deui.

(16)

4

Ema Rohimah, 2013

Sok sanajan kitu, sikep moral masarakat jaman kiwari geus mimiti robah. Balukar tina parobahan pola pikir, gaya hirup, jeung kamajuan jaman. Réa nu geus nyapirakeun masalah moral. Karya-karya sastra nu euyeub ngandung ajén moral gé geus mimiti ditaringgalkeun. Ku kituna perlu tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, patali jeung pangajaran ajén moral ka barudak generasi panerus. Contona, ngeunaan pangajaran ajén moral ngaliwatan pangajaran maca karya sastra (dongéng) di sakola.

Salah sahiji tarékah patali jeung mekarkeun deui pangajaran moral di sakola éta téh, saperti ngayakeun panalungtikan ngeunaan ajén moral dina dongéng. Panalungtikan ngeunaan dongéng ogé, kawilang loba dilakukeun. Tapi panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng nu aya dina média (majalah) mah, jiga nu can aya. Pikeun ngarojong pangajaran moral ngaliwatan pangajaran maca karya sastra di sakola, diperlukeun bahan-bahan pangajaran nu sakirana babari ditéangan boh ku guru boh ku siswa. Hal ieu miboga tujuan sangkan para siswa leuwih kairut pikeun diajar sastra, utamana ngeunaan sastra buhun saperti dongéng anu euyeub ngandung ajén moral.

Conto bahan pangajaran anu babari ditéangan téh, salah sahijina nya éta anu aya dina média atawa majalah-majalah nu sumebar di masarakat. Ku kituna, panyusun boga karep nalungtik ngeunaan dongéng-dongéng dina majalah Manglé (Manglé Alit) anu medal saminggu sakali. Widang nu rék ditalungtikna mah nya éta ajén moral dina struktur caritana (téma, tokoh, amanat). Ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun milih bahan pangajaran maca di sakola, hususna di SMP. Ku lantaran kitu, panalungtikan ngeunaan Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit anu Medal Taun 2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP, perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, masalah dina ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén moral dina struktur carita dongéng anu ngawengku téma, tokoh, alur, latar, jeung amanat. Sangkan ambahanna teu lega teuing, ku kituna

(17)

5

diwatesanan ku medar téma, palaku, jeung amanat dina dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012. Dongéng-dongéng di luar Manglé Alit taun 2012 teu kaasup kana ieu objék panalungtikan. Ciri ajén moral anu dianalisis téh ngawengku tanggung jawab, ati nurani, kawajiban, jeung anu sipatna formal.

1.2.2 Rumusan Masalah

Saluyu jeung watesan masalah anu geus dipedar, masalah-masalah anu ditalungtik dirumuskeun saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur carita dongéng (téma, palaku, jeung amanat) nu aya dina dongéng Manglé Alit taun 2012?

2) Kumaha ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita (téma, palaku, jeung amanat) dongéng Manglé Alit taun 2012?

3) Dongéng-dongéng nu mana waé nu aya dina Manglé Alit taun 2012, anu luyu dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran maca di SMP, dumasar kana analisis ajén moral dina struktur caritana (téma, palaku, jeung amanat)?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan téh, nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita dongéng-dongéng majalah Manglé (Manglé Alit) anu medal taun 2012.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Struktur carita dongéng (téma, palaku, jeung amanat) nu aya dina dongéng

Manglé Alit taun 2012;

2) Ajén moral nu nyangkaruk dina dongéng Manglé Alit taun 2012 dumasar kana struktur caritana; jeung

3) Dongéng-dongéng dina Manglé Alit taun 2012 anu luyu dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran maca di SMP, dumasar kana ajén moral dina struktur caritana.

(18)

6

Ema Rohimah, 2013

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu macana, katut jadi salah sahiji referensi pikeun kapereluan-kapereluan anu aya pakaitna jeung panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng, nu aya dina média citak (majalah). Kitu deui ngeunaan dongéng nu ditalungtik, pikeun kapentingan akademik mah bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran maca di SMP.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun :

1) Panalungtik, siswa, jeung umum, sangkan nambahan pangaweruh dina widang sastra, utamana ngeunaan ajén moral dina struktur carita nu nyangkaruk dina dongéng Manglé Alit taun 2012;

2) Guru, dimangpaatkeun jadi pangdeudeul pikeun milih jeung nangtukeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.

1.5 Raraga Tulisan

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap pamungkas dina ieu panalungtikan

nya éta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna dibagi jadi lima bab nya éta saperti ieu di handap.

Bab I nya éta bubuka, anu eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II nya éta tatapakan tiori, anu eusina medar ngeunaan ajén moral, dongéng, wangenan dongéng, papasingan dongéng, struktur dongéng, sajarah kamekaran Manglé Alit, jeung pangajaran maca dongéng.

Bab III nya éta métode panalungtikan, anu medar ngeunaan sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV nya éta déskripsi jeung analisis data, anu medar ngeunaan déskripsi jeung hasil analisis struktur carita dongéng-dongéng dina Manglé Alit,

(19)

7

hasil analisis ajén moral dina dongéng-dongéng Manglé Alit, bahan pangajaran maca dongéng, jeung conto bahan ajarna.

Bab V nya éta kacindekan jeung saran, anu eusina nyindekkeun hasil panalungtikan sarta méré saran pikeun panalungtikan kahareupna.

(20)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode asalna tina basa Latin methodos anu diwangun ku dua kecap nya éta meta jeung hodos. Meta ngandung harti ngaliwatan, jeung sanggeus, sedengkeun hodos ngandung harti jalan, cara, jeung arah. Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu nalungtik ngaliwatan léngkah-léngkah sistematis pikeun ngumpulkeun data panalungtikan, nganalisis, tur napsirkeun jeung nyindekkeun hasilna. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.

Maksud nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan déskriptif téh, nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita dongéng-dongéng Manglé Alit wedalan taun 2012, sangkan meunangkeun gambaran luyu henteuna éta dongéng digunakeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP. Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan déskriptif téh, nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngumpulkeun data, anu mangrupa déskripsi struktur carita dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012;

2) nganalisis ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012;

3) ngadéskripsikeun hasil penapsiran jeung kacindekan hasil analisis.

3.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan nya éta cara atawa léngkah konkrit tina métode nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

(21)

33

dokuméntasi. Ieu téhnik téh digunakeun pikeun ngumpulkeun data ajén moral nu aya dina struktur carita dongéng-dongéng Manglé Alit, anu medal taun 2012.

3.2.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data anu geus dikumpulkeun, ngagunakeun téhnik analisis data anu guna na pikeun nganalisis éta data sarta diteuleuman nepi ka meunangkeun ajén moral dina struktur carita dongéngna. Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan, katitén saperti ieu di handap.

1) Maca sagemblengna dongéng-dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012; 2) milah-milah dongéng anu rék dianalisis ku cara maca jeung neuleuman deui

eusi dongéng, kalawan tinimbangan miboga ciri ajén moral dumasar kana watesan masalah panalungtikan;

3) nganalisis ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit taun 2012, kalawan leuwih museur kana nganalisis téma, palaku, jeung amanat dina dongéng;

4) nyirian téma, palaku, jeung amanat dina dongéng, tuluy diasupkeun kana kartu data;

5) ngawilah-wilah kartu data dumasar kana judul jeung jenis dongéngna; 6) ngasupkeun data-data tina kartu data kana tabél;

7) nyieun kacindekan ajén moral dumasar kana struktur caritana (téma, palaku, amanat), tur nyindekkeun ciri ajén moral nu kapanggih, sarta nyindekkeun sakabéh data anu geus dianalisis.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu dipaké pikeun ngumpulkeun, nganalisis, ngolah, jeung ngainterprétasikeun sagala informasi data. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kartu data jeung tabél. Kartu data dipaké pikeun nganalisis ajén moral dina struktur carita dongéng anu diwatesanan ngeunaan téma, palaku, jeung amanat. Éta data nu geus dianalisis téh dituliskeun dina tabél.

(22)

34

Format kartu datana téh nya éta saperti ieu di handap. 1) Kartu data téma dongéng

Kode data : No : Téma :

Kode dongéng: No. Manglé : Kaca : Paragraf :

Téks :... ... 2) Kartu data palaku dongéng

Kode data : No :

Palaku utama/tambahan: Kode dongéng:

No. Manglé : Kaca : Paragraf :

Téks : ... ... 3) Kartu data amanat dongéng

Kode data : No : Kode dongéng: No. Manglé : Kaca : Amanat : Paragraf :

Téks : ... ...

Data struktur carita nu dianalisis téh dibéré kode saperti ieu di handap. T : Téma

(23)

35

PU : Palaku Utama PT : Palaku Tambahan A : Amanat

Data dongéng nu dianalisis dibéré kode, nya éta saperti ieu di handap. I : Tukang Samangka jeung Baramaén

II : Tukang Batu

III : Sasakala Reungit Nyeuseup Getih IV : Ibnu Hajar

V : Bola Gondong VI : Marebutkeun Orok VII : Paménta Oray

VIII : Sasakala Désa Bunigeulis IX : Séro jeung Keuyeup X : Hikmah

XI : Sasakala Cabé Lada

XII : Oray Salak jeung Daun Pulus XIII : Kasedih Munding

XIV : Kuring Sakadang Peucang XV : Kuda, Uncal, jeung Maung XVI : Cai Laut Asin

XVII : Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét

Conto analisis data tina kartu data téma dongéng, nya éta : ...sikep kumed bakal ngarugikeun diri. (1/T/I/2355/45/4)

Cutatan téks : “Euweuh Aki! Boro-boro bisa méré, puguhan ti tatadi ogé can payu

hiji-hiji acan!” témbal tukang samangka bari jamotrot. “Dibikeun ka didinya mah kuriak waé tambah sial geura engkéh!” pokna deui.

Hartina eusi éta kode data téh, nya éta analisis téma nomer hiji tina dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, dina Manglé nomer 2355, kaca 45, paragraf kaopat. Hasil analisis tina kartu data diasupkeun kana tabél kalawan format saperti dina tabél 3.1 jeung tabél 3.2.

(24)

Tabél 3.1

Format Tabél Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit Taun 2012

No. Kode Dongéng

Jenis Dongéng

Struktur Carita Ajén

Moral Indikator (+/-)

Hubu -ngan (V/H)

Ciri Ajén Moral Téma

Palaku Amanat Tanggung

Jawab

Ati Nurani

Kawaji-ban

Sipatna Formal Utama Tambahan

(25)

37

Tabél 3.2

Format Penggolongan Ajén Moral Dongéng-dongéng Manglé Alit 2012

No. Ajén Moral

Indikator

Kode Dongéng

Hubungan (H/V) Moral

Hadé (+)

Moral Goréng (-)

Katerangan :

+ : Sikep nu saluyu jeung norma moral/ hadé/ positif - : Sikep nu teu saluyu jeung norma moral/ goréng/ négatif H : Horizontal (hubungan jeung Gusti Pangéran)

V : Vértikal (hubungan jeung papada mahluk)

3.4 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta rarancang prosés atawa léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan. Dina ieu panalungtikan aya dalapan léngkah atawa tahapan panalungtikan anu ngawengku: (1) nangtukeun masalah, (2) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, (3) nangtukeun sumber data, (4) nangtukeun instrumén, (5) ngumpulkeun data, (6) nganalisis jeung ngolah data, (7) nyieun kacindekan, (8) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina bagan 3.1.

(26)

38

Ema Rohimah, 2013 Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.5 Sumber Data

Nangtukeun Masalah

Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Sumber Data Nangtukeun jeung Nyusun

Instrumén

Ngumpulkeun Data

Nganalisis jeung Ngolah Data

Nyieun Kacindekan

Nyusun Laporan Nangtukeun jeung Nyusun

Téhnik Panalungtikan Nangtukeun Métode

(27)

39

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sagemblengna dongéng-dongéng dina Manglé Alit taun 2012 anu kainvéntarisir. Jumlahna aya 54 dongéng-dongéng ti édisi Januari 2012 – Désémber 2012.

Tabél 3.3

Sumber Data Panalungtikan

No. Judul Dongéng

Jenis Dongéng

Fabél Farabél Sasakala

Carita Paranabi/Wali

1 2 3 4 5 6

1. Ajag jeung Anjing

2. Wawales ka nu Telenges  3. Ucing Mumusuhan jeung

Maung

4. Séro jeung Keuyeup

5. Kasatiaan Ucing

6. Jangji Kukupu

7. Jangji Kelenci

8. Sireum jeung Cakcak

9. Sakadang Kelenci Nyieun Suling

10. Hileud Bulu

11. Lini jeung Kuuk

12. Kelenci jeung Domba Adu

13. Kasatiaan Manuk Piit

14. Kasedih Munding

15. Sakadang Bango

16. Sasakala Tanduk Uncal  17. Kuring Sakadang Peucang  18. Kuda, Uncal, jeung Maung

(28)

40

Ema Rohimah, 2013

19. Biruang jeung Patani

20. Tukang Samangka jeung nu Baramaén

21. Tukang Batu

22. Ganjaran ka nu Sarakah

23. Ngadu Muncang

24. Kanyaah Raja ka Rayatna

25. Ibnu Hajar

26. Urang Kamasan Cadu Ngukut Japati

27. Dijurung Kanyaah Indung

28. Babalik Pikir

29. Bola Gondong

30. Hikmah

31. Dua Kusir

32. Nu Nyaah ka Sato

33. Kecrik Mamala Diri

34. Wawales ka nu Sirik

35. Sasakala Lembur Tundagan

36. Sasakala Reungit Nyeuseup Getih

37. Raja Sétan

38. Sasakala Cau Manggala

39. Sasakala Maung Leutik Cangkéngna

40. Sasakala Désa Bunigeulis

41. Karang Nini

42. Kampung Jelegur

43. Mutiara Cimata Kerang

(29)

41

44. Sasakala Gunung Guntur

45. Sasakala Guha Rangga Gading

46. Guha Oray

47. Sasakala Cabé Lada

48. Sasakala Ngopi

49. Sasakala Tanduk Uncal

50. Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét

51. Cai Laut Asin

52. Paménta Oray

53. Marebutkeun Orok

54. Abdul Mutholib, Purah

Ngurus jeung Miara Ka’bah

Jumlah 19 15 17 3

% 35,18 % 27,77 % 31,48 % 5,55 %

Dumasar kana tabél di luhur, katitén yén dongéng-dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012 téh bisa digolongkeun jadi opat jenis dongéng. Éta dongéng-dongéng téh, ngawengku dongéng-dongéng fabél anu jumlahna aya 19 dongéng-dongéng (35,18%), dongéng farabél 15 dongéng (27,77%), dongéng sasakala 17 dongéng (31,48%), jeung carita paranabi/wali tilu dongéng (5,55%). Tina éta data, henteu sakabéh dongéng baris dianalisis. Ku kituna, ieu panalungtikan téh ngagunakeun téhnik sampling, sangkan meunangkeun data anu bener-bener luyu pikeun dianalisis. Téhnik anu dipaké nya éta purposive sampling, nya éta téhnik milah-milah data dumasar kana tujuan anu tangtu. Dongéng-dongéng nu dianalisis téh, nya éta dongéng nu saluyu jeung kritéria nu geus dipedar dina watesan masalah. Kritériana téh nya éta dongéng nu miboga ciri ajén moral tanggung jawab, ati nurani, kawajiban, jeung sifatna formal.

(30)

42

Ema Rohimah, 2013

Tina 54 dongéng, dipilihan dongéng-dongéng anu sakirana luyu jeung éta kritéria. Éta dongéng-dongéng pilihan téh ngawengku 5 dongéng fabél, 5 dongéng farabél, 5 dongéng sasakala, jeung 2 carita paranabi/wali. Jadi, jumlah dongéng anu dianalisis ajén moralna téh aya 17 dongéng nu béda-béda jenisna. Hal ieu nyoko kana watesan masalah dina ieu panalungtikan. Ieu hal téh miboga tujuan sangkan panalungtikan bisa leuwih museur, jeung teu lega teuing ambahanana. Dongéng-dongéng nu dianalisis téh kaunggel dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.4

Dongéng – dongéng anu dianalisis

No. Judul Dongéng No. Manglé

Tanggal/Bulan/Taun Medal

Jenis Dongéng

1 2 3 4 5

1.

Tukang Samangka

jeung Baramaén 2355

5 Januari – 11 Januari

2012 Farabél

2. Tukang Batu 2357

19 Januari – 25 Januari

2012 Farabél

3.

Sasakala Reungit

Nyeuseup Getih 2364

8 Maret – 14 Maret

2012 Sasakala

4. Ibnu Hajar 2365

15 Maret – 21 Maret

2012 Farabél

5. Bola Gondong 2368 5 April - 11 April 2012 Farabél 6. Marebutkeun Orok 2368 5 April - 11 April 2012

Carita Paranabi/Wali 7.

Paménta Oray

2368 5 April - 11 April 2012 Carita Paranabi/Wali 8.

Sasakala Désa

Bunigeulis 2368 5 April – 11 April 2012 Sasakala 9. Séro jeung Keuyeup 2368 5 April – 11 April 2012 Fabél

(31)

43

1 2 3 4 5

10. Hikmah 2375 24 Mei – 30 Méi 2012 Farabél

11. Sasakala Cabé Lada 2376 31 Mei – 6 Juni 2012 Sasakala 12. Oray Salak jeung

Daun Pulus 2368 5 April - 11 April 2012 Fabél

13.

Kasedih Munding 2392

27 Séptémber - 3

Oktober 2012 Fabél

14.

Kuring Sakadang

Peucang 2398

8 Nopémber – 14

Nopémber 2012 Fabél

15. Kuda, Uncal, jeung

Maung 2399

8 Nopémber – 14

Nopémber 2012 Fabél

16. Cai Laut Asin 2403

13 Désémber – 19

Désémber 2012 Sasakala 17.

Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét

2404

20 Désémber – 26

Désémber 2012 Sasakala

3.6 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan, jeung udaganna, baris ditataan wangenan istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, nya éta. 1) Ajén moral

Ajén moral nya éta nilai-nilai atawa norma-norma ajaran kasusilaan ngeunaan hadé goréng jeung bener salahna kalakuan, sikep, kawajiban, jeung adat sopan santun, anu dijadikeun alesan atawa cecekelan dina kahirupan.

2) Struktur carita dongéng

Struktur carita nya éta susunan atawa unsur-unsur anu aya dina hiji karya sastra (dongéng), anu saeutikna ngawengku téma, fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana carita (gaya basa, simbol, judul, amanat) anu aya dina dongéng. Struktur carita dongéng anu dianalisis dina ieu panalungtikan, nya éta téma, palaku, jeung amanatna.

(32)

44

Ema Rohimah, 2013

3) Bahan pangajaran maca

Bahan pangajaran maca nya éta matéri anu rék ditepikeun ka siswa dina kagiatan diajar-ngajar sangkan nambahan pangaweruh jeung pangalamanana, patali jeung tarékah ngaronjatkeun kaparigelan maca.

Dumasar kana wangenan-wangenan di luhur, anu dimaksud “Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit anu Medal Taun 2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” téh, nya éta panalungtikan nu dilakukeun ku cara nganalisis ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita dongéng majalah Manglé Alit wedalan taun 2012 anu bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP.

(33)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Tujuan ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral anu aya dina dongéng-dongéng dina majalah Manglé, nya éta dina Manglé Alit anu medal taun 2012, ti édisi bulan Januari nepi ka Désémber 2012. Éta dongéng-dongéng téh dianalisis ajén moralna dumasar kana struktur caritana, tuluy hasil analisisna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca dongéng di SMP.

Tina hasil analisis panalungtikan, dihasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta saperti di handap.

1) Dongéng-dongéng anu kainventarisir dina Manglé Alit anu medal taun 2012, aya 54 judul dongéng. Dumasar kana jenisna, éta dongéng-dongéng téh bisa digolongkeun jadi opat jenis dongéng, anu ngawengku dongéng fabél aya 19 dongéng (35,18%), dongéng farabél 15 dongéng (27,77%), dongéng sasakala 17 dongéng (31,48%), jeung carita paranabi/wali tilu dongéng (5,55%). Tina 54 dongéng, dipilihan dongéng-dongéng anu sakirana luyu jeung kritéria anu geus dipedar dina watesan masalah panalungtikan. Éta dongéng-dongéng pilihan téh ngawengku lima dongéng fabél, lima dongéng farabél, lima dongéng sasakala, jeung dua carita paranabi/wali. Jadi, jumlah dongéng anu dianalisis téh aya 17 dongéng nu béda-béda jenisna. Dongéng anu dianalisis dina ieu panalungtikan téh, nya éta Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, Ibnu Hajar, Bola Gondong, Marebutkeun Orok, Paménta Oray, Sasakala Désa Bunigeulis, Séro jeung Keuyeup, Hikmah, Sasakala Cabé Lada, Oray Salak jeung Daun Pulus, Kasedih Munding, Kuring Sakadang Peucang, Kuda, Uncal, jeung Maung, Cai Laut Asin, jeung Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét.

2) Struktur carita dongéng anu dianalisis téh ngawengku : 1) Tema, aya 14 téma anu kapanggih tina hasil analisis dongéng, nya éta téma sikap kumed bakal mawa mamala, kagambar dina dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén sarta dongéng Cai Laut Asin, téma aral subaha jeung kufur nikmat moal bisa

(34)

155

ngaréngsékeun pasualan, kagambar dina dongéng Tukang Batu jeung Sasakala Cabé Lada, téma ngagugu teuing hawa napsu bakal mawa mamala, kagambar dina dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, jeung dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung, téma daék ihtiar jeung sabar bakal bisa ngahontal naon nu dicita-citakeun, kagambar dina dongéng Ibnu Hajar, téma sirik bakal mawa mamala goréng kagambar dina dongéng Bola Gondong, téma kawijaksanaan jeung kaadilan Nabi Sulaiman A.S., kagambar dina carita paranabi Marebutkeun Orok, téma kawijaksanaan jeung kaluhungan budi Nabi Nuh A.S., kagambar dina carita paranabi Paménta Oray, téma daék ihtiar jeung teu putus pangharepan pikeun ngahontal tujuan, kagambar dina dongéng Sasakala Désa Bunigeulis, téma kalakuan goréng pasti meunang wawalesna, kagambar dina dongéng Séro jeung Keuyeup, téma sabar jeung tawekal bakal mawa berkah kagambar dina dongéng Hikmah, téma nu asih dipulang sengit (kalakuan hadé dibales kagoréngan) kagambar dina dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus, téma agul bakal mawa mamala kagambar dina dongéng Kasedih Munding jeung Kuring Sakadang Peucang, téma unggal kaputusan bakal aya risikona kagambar dina dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét; 2) Palaku, anu ngalalakon dina éta dongéng-dongéng téh réréana manusa, katitén dina salapan dongéng tina 17 dongéng anu dianalisis, nya éta dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, Ibnu Hajar, Bola Gondong, Marebutkeun Orok, Sasakala Désa Bunigeulis, Hikmah, jeung Cai Laut Asin. Palaku séjén anu ngalalakon téh aya ogé bangsa sato, jumlahna aya lima dongéng, nya éta dongéng Séro jeung Keuyeup, Oray Salak jeung Daun Pulus, Kuring Sakadang Peucang, Kuda, Uncal, jeung Maung, jeung Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Dongéng anu palakuna manusa jeung sato aya dua dongéng, nya éta dongéng Kasedih Munding jeung carita paranabi Paménta Oray. Dongéng anu palakuna manusa jeung tutuwuhan aya hiji dongéng, nya éta dongéng Sasakala Cabé Lada; 3) Amanat anu aya dina 17 dongéng anu dianalisis téh nya éta amanat kudu silih tulungan jeung ulah kumed atawa pedit, katitén dina dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, amanat ulah sirik kana milik batur jeung kudu

(35)

156

sukur sarta tumarima kana kaayaan diri, katitén dina dongéng Tukang Batu, Bola Gondong, jeung Cai Laut Asin, amanat ulah ngagugu teuing kana hawa napsu, katitén dina dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, jeung dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung, amanat kudu daék ihtiar jeung sabar tawekal, katitén dina dongéng Ibnu Hajar, amanat ulah sok ngabohong dina carita paranabi Marebutkeun Orok, amanat kudu wijaksana jeung adil dina mutuskeun hiji hal dina dongéng Paménta Oray, amanat kudu daék ihtiar jeung teu putus pangharepan dina dongéng Sasakala Désa Bunigeulis, amanat ulah sok telenges dina dongéng Séro jeung Keuyeup, amanat kudu sabar dina nyanghareupan pasualan, sabab sagala rupa hal nu tumiba ka diri pasti aya hikmahna, katitén dina dongéng Hikmah, amanat kudu sukur kana milik diri, katitén dina dongéng Sasakala Cabé Lada, amanat kudu nyaho dimulang tarima dina dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus, amanat ulah mawa karep sorangan, katitén dina dongéng Kasedih Munding, amanat ulah agul, dina dongéng Kuring Sakadang Peucang, jeung amanat ulah gagabah dina dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét.

3) Ajén moral anu kapanggih téh aya 15 ajén, nya éta béréhan, sabar jeung daék ihtiar, tawekal, silih tulung ka sasama, wijaksana jeung adil, jujur, nyaah ka papada mahluk, satia, ulah kumed, ulah kufur nikmat, ulah ngagugu teuing napsu, ulah sirik, ulah telenges, ulah agul tur mawa karep sorangan, jeung ulah gagabah. Dumasar kana indikatorna, kaguar yén sakabéh ajén moral nu kapanggih téh ngandung unsur moral nu hadé, sabab dina hakékatna mah, ajén-ajén moral téh nungtun kana bebeneran atawa kahadéan. Najan kitu, dina kanyataanana mah, balukar tina pangaruh lingkungan, kasadaran ngawujudkeun éta ajén-ajén moral téh kurang, antukna loba sikep moral goréng nu dilakukeun. Lian ti kaasup moral nu hadé, tina 15 ajén moral nu kapanggih téh, aya tujuh ajén moral diantarana anu ngandung unsur moral goréng, nya éta ulah kumed, moral goréngna nya éta kumed, ulah kufur nikmat, moral goréngna nya éta kufur nikmat, ulah ngagugu teuing napsu, moral goréngna ngagugu napsu, ulah sirik, moral goréngna sirik, ulah telenges, moral goréngna telenges, ulah agul tur mawa karep sorangan, moral goréngna agul

(36)

157

tur mawa karep sorangan, jeung ulah gagabah, moral goréngna gagabah. Dumasar kana nuduhkeun hubunganana, kaguar yén ajén moral anu nuduhkeun hubungan sacara vertikal atawa hubungan langsung jeung Gusti Pangéran téh aya dua ajén, nya éta kufur nikmat jeung tawekal. Sedengkeun anu nuduhkeun hubungan sacara horizontal atawa hubungan jeung papada mahluk mah aya 13, nya éta béréhan, sabar jeung daék ihtiar, silih tulung ka sasama, wijaksana jeung adil, jujur, nyaah ka papada mahluk, satia, ulah kumed, ulah ngagugu kana hawa napsu, ulah sirik, ulah telenges, ulah agul tur mawa karep sorangan, jeung ulah gagabah. Lian ti éta, kapanggih ogé ngeunaan dongéng-dongéng anu eusina ngandung atawa miboga opat ciri ajén moral nu utama nurutkeun Bertens. Éta opat ciri ajén moral téh nya éta tanggung jawab, ati nurani, kawajiban, jeung sipatna formal. Aya tilu dongéng anu kaasup kana ciri ajén moral tanggung jawab, nya éta carita paranabi Marebutkeun Orok, dongéng Séro jeung Keuyeup, sarta dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét. Tuluy, aya 7 dongéng anu kaasup ciri ajén moral ati nurani, nya éta dongéng Ibnu Hajar, Sasakala Désa Bunigeulis, Hukmah, Oray Salak jeung Daun Pulus, Kasedih Munding, Kuda, Uncal, jeung Maung, jeung Cai Laut Asin. Aya tilu dongéng anu kaasup ciri ajén moral kawajiban, nya éta carita paranabi Marebutkeun Orok, Paménta Oray, dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Sarta aya dalapan dongéng nu kaasup kana ciri ajén moral nu sipatna formal, nya éta dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, Ibnu Hajar, carita paranabi Marebutkeun Orok, Paménta Oray, dongéng Hikmah, jeung Sasakala Cabé Lada.

4) Dongéng-dongéng pilihan anu geus ditangtukeun téh, dianalisis deui dumasar kana kritéria milih bahan ajar. Tina 17 dongéng anu dianalisis téh, aya 15 dongéng anu luyu dijadikeun bahan ajar, tur aya dua dongéng anu teu luyu dijadikeun bahan ajar maca dongéng di SMP. Hal ieu nyoko kana kritéria anu geus ditangtukeun. Dongéng-dongéng anu luyu dijadikeun bahan ajar téh, nya éta: 1) Tukang Samangka jeung Baramaén; 2) Tukang Batu; 3) Ibnu Hajar; 4) Bola Gondong; 5) Marebutkeun Orok; 6) Paménta Oray; 7) Sasakala Désa

(37)

158

Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda, Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; jeung 15) Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Dongéng nu teu luyu dijadikeun bahan ajar nya éta Sasakala Reungit Nyeuseup Getih jeung dongéng Séro jeung Keuyeup.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu ditepikeun pikeun kamekaran panalungtikan ka hareupna, nya éta saperti ieu di handap. 1) Pikeun Guru Basa Sunda

Nilik kana kaayaan kiwari, balukar tina kamekaran jaman jeung gaya hirup anu geus kapangaruhan ku budaya luar, teu saeutik di antara parasiswa anu boga sawangan yén diajar dongéng téh teu penting. Faktor séjén anu ngabalukarkeun hal ieu téh, nya éta penyebaran dongéng éta sorangan geus jarang, hésé ditéangan. Pikeun narékahan hal éta, paraguru kudu leuwih rancagé deui dina milih bahan pangajaran anu sakirana babari ditéangan, boh ku parasiswa, boh ku guru éta sorangan. Salah sahijina nya éta nu aya dina majalah, anu sumebar di masarakat umum. Ku kituna, ku ayana panalungtikan ngeunaan analisis ajén moral dina dongéng-dongéng majalah Manglé Alit ieu, bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun ngeuyeuban pilihan bahan ajar pangajaran dongéng di sakola.

2) Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit taun 2012. Tangtu garapan dina ieu panalungtikan téh masih kawilang heureut kénéh. Ku kituna, perlu diayakeun deui panalungtikan séjén anu leuwih jero jeung lega garapanana. Henteu ngan saukur medar ngeunaan ajén moralna wungkul, tapi ngawengku ajén-inajén séjén atawa ulikan sémiotik anu nyangkaruk dina éta dongéng. Lian ti éta, saméméh ngayakeun panalungtikan, leuwih hadé kudu maham heula kana tiori-tiori anu patali jeung éta panalungtikan, sangkan dina medar jeung nganalisis data na ogé, bisa leuwih jero jeung bener tatapakanana.

(38)

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Bertens, K. (2011). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Budiningsih, C. Asri. (2004). Pembelajaran Moral. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Utama. Danandjadja, James. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosip, Dongeng, dan

lain-lain. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Darmadi, Hamid. (2009). Dasar Konsep Pendidikan Moral. Bandung: CV. Alfabeta.

De Vos, H. (1987). Pengantar Etika. Yogyakarta: PT. Tiara Wacana Yogya. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Herlina, Lina. (2005). “Ajén Moral dina Novel Rusiah nu Goréng Patut Karangan Soekria – Joehana pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP”. Skripsi Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing. Jamaluddin. (2003). Problematika Pembelajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta:

Adicita Karya Nusa.

Komalasari, Kokom. (2010). Pembelajaran Kontekstual, Konsep, dan Aplikasi. Bandung: PT. Refika Aditama.

Koswara, Dedi. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Mulyasa, E. (2008). Standar Kompetensi dan Sertifikasi Guru. Bandung: PT. Remaja Rosda Karya.

Perdiansyah, Hendi. (2007). “Ajén Moral dina Naskah Drama Cucunguk Karya Yosep Iskandar”. Skripsi Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

(39)

160

Ruhaliah. (2002). (Diktat) Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sumardjo, Jacob jeung Saini K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT. Gramedia.

Stanton, Robert. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Tamsyah, Budi Rahayu. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka

Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu. spk. (2008). Kamus Sunda-Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tarigan, Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2006). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kutekpen FIP UPI.

Yulianto, Dadang. (2006). “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Karya Duduh Durahman”. Skripsi Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing. Jamaluddin. (2003). Problematika Pembelajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta:

Adicita Karya Nusa.

Komalasari, Kokom. (2010). Pembelajaran Kontekstual, Konsep, dan Aplikasi. Bandung: PT. Refika Aditama.

Koswara, Dedi. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Mulyasa, E. (2008). Standar Kompetensi dan Sertifikasi Guru. Bandung: PT. Remaja Rosda Karya.

Perdiansyah, Hendi. (2007). “Ajén Moral dina Naskah Drama Cucunguk Karya Yosep Iskandar”. Skripsi Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

(6)

160

Ruhaliah. (2002). (Diktat) Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sumardjo, Jacob jeung Saini K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT. Gramedia.

Stanton, Robert. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.