STRUKTUR CARITA RAYAT DINA KUMPULAN BUKU CARITA RAYAT CIREBON PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMP.

(1)

DAFTAR ISI

ABSTRAKSI ... i

PANGJAJAP ... ii

DAFTAR EUSI ... iii

DAFTAR TABEL ... vii

DAFTAR SINGGETAN ... viii

DAFTAR LAMPIRAN ... ix

BAB I BUBUKA Kasang Tukang Masalah……….. .. 1

1.1 Watesan jeung Rumusan Masalah……….. . 7

1.1.1 Watesan Masalah………. . 7

1.1.2 Rumusan Masalah……… . 7

1.2 Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan……….. .. 7

1.2.1 Tujuan Panalungtikan………... 7

1.2.2 Mangpaat Panalungtikan……… ... 8

1. 3 Wangenan Operasional………. .. 8

1.4 Anggapan Dasar……… ... 9

1.5 Landasan Teori………. .... 10

BAB II STRUKTUR CARITA RAYAT DINA KUMPULAN CARITA RAYAT CIREBON 2.1 Wangenan Dongeng ... 11

2.1.1 Sajarah Kamekaran Dongeng ... 16

2.1.2 Jenis-jenis Dongeng ... 17

2.1.2.1 Dongeng Mite ... 17

2.1.2.2 Dongeng Legenda ... 18

2.1.2.3 Dongeng Biasa ... 21

2.2 Struktur Dongeng ... 22

2.2.1 Tema ... 22


(2)

2.2.3 Palaku ... 24

2.2.4 Latar ... 26

2.3 Pungsi Dongeng ... 26

2.4 Unsur Budaya dina Dongeng ... 29

BAB III METODOLOGI PENELITIAN 3.1 Metode jeung Tehnik Panalungtikan ... 33

3.1.1 Metode Panalungtikan... 33

3.1.2 Tehnik Panalungtikan ... 33

3.1.2.1 Tehnik Talaah Pustaka... 33

3.1.2.2 Tehnik Observasi ... 33

3.1.2.3 Tehnik Wawancara ... 34

3.1.2.4 Tehnik Analisis Data ... 34

3.2 Lokasi jeung Sumber Data ... 34

3.2.1 Lokasi ... 34

3.2.2 Sumber Data ... 35

3.3 Instrumen Panalungtikan ... 35

3.4 Lengkah-lengkah ... 35

BAB IV ANALISIS STRUKTUR DINA DONGENG BABAD CIREBON 4.1 Sejarah singkat Kesultanan Cirebon ... 37

4.2 Data ... 37

4.3 Deskripsi Dongeng Kesultanan Cirebon ... 38

4.3.1 Dongeng “Syekh Subakir” ... 38

4.3.1.1 Teks ... 38

4.3.1.2 Analisis Struktur ... 40

4..3.2 Dongeng “Kerajaan Banjaransari” ... 42

4.3.2.1 Teks ... 42

4.3.2.2 Analisis Struktur ... 44

4.3.3 Dongeng “Cikal Bakal Kota Cirebon” ... 47

4.3.3.1 Teks ... 47


(3)

4.3.4 Dongeng “Silsilah Sunan Gunung Jati” ... 52

4.3.4.1 Teks ... 52

4.3.4.2 Analisis Struktur ... 54

4.3.5 Dongeng “ Mengemban Tugas Yang Semakin Besar” ... 57

4.3.5.1 Teks ... 57

4.3.5.2 Analisis Struktur ... 60

4.3.6 Dongeng “Wafatnya Prabu Siliwangi” ... 63

4.3.6.1 Teks ... 63

4.3.6.2 Analisis Struktur ... 66

4.3.7 Dongeng “Pangeran Cakrabuana” ... 68

4.3.7.1 Teks ... 68

4.3.7.2 Analisis Struktur ... 71

4.3.8 Dongeng “Lahirnya Kesultanan Demak” ... 74

4.3.8.1 Teks ... 74

4.3.8.2 Analisis Struktur ... 76

4.3.9 Dongeng “Jatuhnya Raja Galuh” ... 78

4.3.9.1 Teks ... 78

4.3.9.2 Analisis Struktur ... 81

4.3.10 Dongeng “Bergabungnya Talaga dan Majalengka”... 84

4.3.10.1 Teks ... 84

4.3.10.2 Analisis Struktur ... 86

4.3.11 Dongeng “ Indramayu bergabung dengan Ciebon” ... 90

4.3.11.1 Teks ... 90

4.3.11.2 Analisis Struktur ... 92

4.3.12 Dongeng “Taman Air Sunyaragi” ... 95

4.3.12.1 Teks ... 95

4.3.12.2 Analisis Struktur ... 96

4.3.13 Dongeng “Makam Jabang Bayi” ... 98

4.3.13.1 Teks ... 98


(4)

4.3.14 Dongeng “Sumur Jalatunda Tegangpati dan Kaprabonan ... 101

4.3.14.1 Teks ... 101

4.3.14.2 Analisis Struktur ... 103

4.3.15 Dongeng “Maulid Nabi dan Acara Panjanga Jimat” ... 105

4.3.15.1 Teks ... 105

4.3.15.2 Analisis Struktur ... 107

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 110

5.2 Saran ... 112

DAFTAR PUSTAKA ... 113

LAMPIRAN ... 108 RIWAYAT HIDUP


(5)

1 BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh salah sahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna, boh lisan, boh tulisan. Hirup kumbuhna jeung tumuwuhna basa téh ngan aya dina kahirupan manusa. Tanpa basa, manusa hésé ngayakeun komunikasi. Éta sababna, basa téh jadi “alat vital” dina pakumbuhan manusa. Basa salah sahiji sistim komunikasi ku sora ngaliwatan alat ucap katut pangdéngé di antara anggota kolompok atawa masarakat nu tangtu kalawan make lambang sora nu boga harti arbitrer tur konvensional. Basa ogé alat nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku rentétan sora nu geus ditangtukeun éntép-seureuhna ku masarakat nu make éta basa. Nurutkeun Wirakusumah & Djajawiguna (1969 : 5) dina (De Vito, 1970: 7), “Language is a potentionally self-reflexive, structured system of symbols which catalog the objects, events, and relation in téh word.

Nurutkeun Sudaryat (1991: 1), basa nyaéta sistim lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistimatis) tur ragam (konvensional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patalimarga atawa komunikasi. Basa éta sistim lambang nu kalawan potensional museur ka dirina tur nyetruktur ngadaptar obyek, kajadian jeung tatalian di dunya. Basa téh sipatna ngabudaya atawa cultural lantaran basa téh salian ti “unsur” budaya, jadi “wahana” pikeun miara jeung mekarkeun budaya deui. Basa ngagambarkeun kahirupan kabudayaan masarakat nu makéna. Basa sipatna fisis (alamiah), nyaéta


(6)

boga asal-usul sarta aya hubungan basa jeung objekna. salah satu objék anu make media basa nyaéta sastra.

Sastra mangrupa salah sahiji média hiburan sarta salaku média atikan moral pikeun nu macana, sabab sastra miboga ajén atikan anu bisa ngabeungharan rohani, sarta bisa némbongkeun sawangan anu bener ngeunaan kahirupan. Salian ti éta, ku neuleuman karya sastra, bisa nyeukeutan uteuk tur ngalemesan rasa. Ieu hal luyu jeung pamandegan Edgar Allan Poé dina Wellek jeung Warren (1989: 25), yén sastra téh miboga pungsi pikeun ngahibur sakaligus ngajarkeun hiji hal.

Karya sastra mangrupa hasil karya cipta jeung hasil kreativitas manusa anu jadi bagian tina seni. Seni bisa diasumsikeun minangka proses jeung hasil tina pamilihan jalur medium atawa nepikeun adat kapercayaan, gagasan, rasa atawa perasaan dina bentuk panghadena. Dina éta jalur loba pisan wangenan seni anu ditepikeun ku para ahli. Umpamana, nurutkeun Munro (1963: 419), “saurang ahli teori seni ti Amerika nyebutkeun yén seni nyaéta alat buatan manusa keur nimbulkeun efek-efek psikologis keur manuia lain nu nempona”. Beda deui jeung Semiawan spk. (1987a: 8), yén kréativitas nyaéta kamampuh dina nyiptakeun hiji produk anyar ciptaanna teu kudu anyar, bisa waé gabungan atawa kombinasi tina unsur-unsur nu geus aya. Nurutkeun Guilford (1985: 138), “creativity is aquatity thought to be make up of associate and ideational fluency, originality, adoptive, spontaneous, flexibility and obility to make logical evaluation”. Saperti dina widang kabasaan, mekarkeun pangembangan bisa dilaksanakeun dina widang sastra. Dina wates-wates nu tangtu kamekaran sastra bisa dipangaruhan tanpa ngurangan kabebasan pangarang dina nyiptakeun karya seni. Dina élmu sastra


(7)

sering pabedol-bedol antara nalar jeung analis paélmuan dina ngalenyepan pangalaman éstétis. Sakumaha nu ditepikeun ku Iskandarwassid (1992: 135), yén “karya sastra nyaéta karya seni nu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni warna ning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan basa). Ku lantaran alatna basa, nya nu diarolah ku pangarang téh sakabéh poténsi éstétis anu kapimilik ku basa, kaasup rupa-rupa pungsina atawa makéna basa”.

Dumasar kana katerangan di luhur, tétéla yén karya sastra téh ngolah kaendahan, tapi ku lantaran alatna basa nu diarolah téh sakabéh poténsi kaéndahan anu kapimilik ku basa. Masalah hirup jeung kahirupan manusa digambarkeun dina karya sastra, eusina téh bisa ngeunaan kasangsaraan manusa, perjuanganana, kanyaah, napsu, jeung hal-hal anu sok ka alaman ku manusa.

Dina kahirupan sastra Sunda bisa dipaluruh sastra lisan jeung tulisan. Salah sahiji karya sastra lisan anu nyampak dina sastra Sunda nyaéta dongéng. Dongéng kaasup kana carita balaréa (folktale).

Rusyana (1984: 18) nétélakeun yén dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Dina dongéng sok aya bagian anu pamohalan, umpamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung sok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih. Dina prakna didongéngkeun, wangun lancaran dicaritakeun ari wangun ugeran dikawihkeun.


(8)

Anu kaasup wangun lancaran (prosa) di antarana skétsa, carita pondok, jeung roman atawa novel. Anu kaasup wangun ugeran (puisi) diantarana mantra (jangjawokan, singlar, asihan, jampé, ajian), kakawihan, sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), sair, pupuh, guguritan, jeung carita wawacan. Ari anu kaasup wangun carita (drama), diantarana sandiwara, opera, jeung gending karesmén (Iskandarwassid, 1992: 135).

Nalungtik ngeunaan dongéng téh tangtuna moal leupas tina struktur nu ngawangunna. Struktur éta téh teu bisa dileungitkeun hiji-hiji tapi kabéhanana silih lengkepan ngawangun hiji karya anu gumulung.

Salian ti neuleuman struktur, nalungtik dongéng hartina ngaguar mangpaat nu aya di jerona, nepi ka panalungtikan téh miboga ma’na jeung bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé. Dina ngaguar mangpaat bakal kapanggih pungsi jeung unsur-unsur budaya nu nyampak di masarakat nu ngagelarkeunana. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sukada (1987: 101) anu nétélakeun yén: dongéng nyaéta hiji hasil sastra lila (folktale) nu sacara lisan hirup terus, atawa sabagian tina hiji kabudayaan daérah satempat.

Luyu jeung parobahan jaman sarta kamajuan téhnologi, dongéng anu asalna dicaritakeun sacara lisan jeung turun-tumurun kiwari geus loba anu dibukukeun. Tapi sok sanajan kitu, dina kanyataanana barudak ayeuna leuwih resep maca komik atawa dongéng anu datangna ‘ti luar’, nu can tangtu ajén caritana luyu jeung budaya daérah. Ieu hal balukar tina leungitna tradisi ngadongéng di masarakat. Kiwari masarakat leuwih mentingkeun kasejahteraan ékonomi tibatan pangabutuh spiritual, nepi ka dongéng dianggap teu penting. Ieu


(9)

kaayaan mangrupa pasualan, ku kituna kudu ditéangan tarékah pikeun ngungkulanana.

Panalungtikan ngeunaan dongéng geus kawilang loba boh nu dilakukeun ku mahasiswa pikeun kapentingan tugas ahir boh nu dilakukeun ku lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék Pembinaan jeung Pengembangan bahasa.

Panalungtikan nu dilakukeun ku mahasiswa di antarana nyaéta: Carita Rayat anu aya Di Kecamatan Ciparay pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP, ku Shinta Iskandar (2000); Analisis Struktur Kumpulan Carita Pondok Kanagan, ku Emi (1999); Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén, ku Fatimah (1997). Sedengkeun panalungtikan nu dilakukeun ku lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék di antarana Sastra Lisan Karo, ku Fakultas Keguruan Sastra dan Seni, Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan, Bandung (1979/1980).

Sanajan geus loba buku jeung panalungtikan ngeunaan carita rayat, tangtuna loba kénéh carita rayat nu can katalungtik jeung kakumpulkeun. Ieu hal bisa ngabalukarkeun carita rayat nu aya di sakabéh wewengkon kurang bisa dipaluruh ku masarakatna malah bisa leungit. Panalungtikan ilmiah ngeunaan carita rayat mangrupa salah sahiji tarékah pikeun nambahan pangaweruh sarta pikeun ngamumulé carita rayat anu sumebar di masarakat sangkan teu musnah.

Di Désa Klangenan, Kecamatan Klangenan anu tepatna di Kabupaten Cirebon aya kénéh seniman nu nuluykeun kasenian nu diadegkeun ku Mursyid nyaéta Drama Gaya Cirebonan. Mursyid ngumpulkeun para pemuda nu aya di


(10)

lingkungan sabudereunana. Drama gaya kacirebonan téh hiji kasenian nu mangrupa seni anu diwangun dina iringan musik, didukung ku waditra prawa dipadu jeung tarian réog sepat, jeung tonil Cahya Widodo, anu katelah ku ngarana kasenian Jeblosan. Numutkeun masarakat, gedé pisan hartina Idquo tanpa layar tutup téh. Idquo (jeblas-jeblos : bahasa Cirebon), salain ti éta, aya nu nyebutna Bungkrék basa Cirebon nu hartina bujangan (pemuda) anu sering angkrak-engkrék (menari). Kasenian jeblosan, loba dipangaruhan ku ketoprak/ tonil/ stambul Cahya Widodo. Matakna teu héran lamun dina kasenian ieu téh, aya carita rayat ngeunaan asal-muasalna daérah, atawa dongéng-dongéng rayat nu aya di sabudeuranana ku sabab kitu masarakat leuwih gumbira mapag kasenian jeblosan.

Dumasar kana hal anu geus ditétélakeun saméméhna, ieu panalungtikan dijudulan Struktur Carita Rayat Dina Kumpulan Buku Carita Rayat Cirebon Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMP Negeri 1 Gempol, sabab dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan struktur Carita Rayat nu aya dina buku Carita Rayat Cirebon. Hasil tina ieu panalungtikan engkéna bisa dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran apresiasi sastra di sakola-sakola, ieu hal luyu jeung kurikulum 2006 anu nétélakeun yén guru jeung kepala sakola dibéré kawenangan salega-legana pikeun nangtukeun bahan pangajaran anu diluyukeun jeung kondisi sarta kabutuhan murid.


(11)

1.1. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.1.1. Watesan Masalah

Luyu jeung judul panalungtikan, anu jadi bahan garapan dina ieu panalungtikan, panalungtik mere watesan kana ieu skripsi nyaéta struktur carita rayat dina kumpulan buku Carita Rayat Cirebon.

1.1.2. Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, sangkan leuwih jéntré naon baé anu dipedar dina panalungtikan, diwincik rumusan masalah dina wangun patalékan ieu di handap.

1) Naon Struktur carita naon waé anu kapanggih dina buku Carita Rayat Cirebon téh?

2) Kumaha panokohan dina buku Carita Rayat Cirebon?

3) Papatah naon waé anu nyampak dina Carita Rayat Cirebon?

Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan 1.1.3. Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan téh nyaéta kaasup ngadeskripsikeun.

1) Struktur carita anu aya dina buku Carita Rayat Cirebon.

2) Panokohan Carita Rayat Cirebon anu aya dina buku carita Cirebon, jeung


(12)

1.1.4. Mangpaat Panalungtikan a. Secara Téoritis

Nerapkeun tiori kana karya sastra luyu jeung élmu kasusastraan. b. Secara Praktis

1) Pikeun nu nalungtik

Nu nalungtik bisa leuwih paham kana carita asli Cirebon, sarta nambahan élmu pangaweuruh ngeunaan dongéng.

2) Pikeun guru

Bisa jadi pangdeudeul atawa alternatip pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra.

3) Pikeun murid

Murid bisa leuwih wanoh jeung mikaresep kana kabudayaanana sorangan.

1.2. Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu nimbulkeun salah tapsir, baris dipedar istilah anu aya dina judul ieu panalungtikan.

1) Struktur

Struktur nu dimaksud dina ieu panalungtikan nyaéta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na. Dina kagiatan nganalisis kana unsur-unsur intrinstik dina dongéng, nyaéta téma, galur, palaku, jeung latar.


(13)

2) Carita Rayat

Carita Rayat anu dimaksud dina ieu panalungtikan nyaéta sakabeh kumpulan Carita Rayat (dongéng) anu aya dina buku Kumpulan Carita Rayat Cirebon.

1.3. Anggapan Dasar

Anggapan dasar mangrupa hal anu jadi dadasar dina panalungtikan. Anu dijadikeun anggapan dasar dina ieu panalungtikan, nyaéta:

1) Carita Rayat (dongéng) mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda anu sumebar di masarakat perlu diinventarisasi sangkan teu musnah;

2) Carita Rayat (dongéng) bisa diklasipikasikeun kana sababaraha golongan (dongéng mite, dongéng legenda, jeung dongéng biasa);

3) Carita Rayat (dongéng) mangrupa aset budaya anu miboga ajén-inajen anu luhung;


(14)

1.4. Landasan Teori

Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta Babad Tanah Sunda Babad Cirebon (Sulendraningrat:1984), Asal Mula Kasultanan Cirebon (Asep Setiawan, & U. Syahbudin: 2006), Folklore Indonesia: Ilmu Gosip, Dongéng, jeung sajabana (Danandjaja:2002), Kabudayaan Sunda (Edi S. Ekadjati: 1995), RAKSARASA ( Iskandarwassid: 2004), Apresiasi Basa jeung Seni (Amir, spk: 2007), Kamus Istilah Sastra (Iskandarwassid:1996), jeung sumber séjén nu ngarojong kana ieu panalungtikan.


(15)

11 BAB II

STRUKTUR CARITA RAYAT

DINA KUMPULAN CARITA RAYAT CIREBON

2.1. Wangenan Dongéng

Carita rayat mangrupa bagian tina folklore. Folklor nyaéta bagian kabudayaan hiji kolektip, anu sumebar jeung diwariskeun turun-tumurun, diantara kolektip naon waé, sacara tradisional dina versi anu sejen, tiasa dina bentuk lisan atanapi conto anu dibarengan gerak isyarat atawa alat pangingeutna, (mnemonic device), Danandjaya (2002:2).

Dumasar wangenan di luhur, folklor bisa diwincik jadi tilu bagian, nyaéta: a) folklore lisan (verbal folklore), anu ngawengku basa rayat (folk speech),

ungkapan tradisional, puisi rayat, carita prosa rayat, jeung nyanyian rayat; b) folklore satengah lisan, nyaéta folklore anu wangunna campuran antara unsur

lisan jeung unsur lain lisan, saperti kapercayaan rayat kana babatuan nu dianggap mibanda kakuatan gaib, adat-istiadat, jsb.Folklore lain lisan, seperti arsitektur, karajinan tangan, pakéan, sora kohkol, musik rayat, jsb.

Danandjaya (2002: 3-5) ngébréhkeun ciri-ciri folklore saperti ieu di handap :

1) sumebarna jeung diwariskeun sacara lisan, ngaliwatan omongan ti generasi ka generasi;

2) sipatna tradisional, sumebar dina wangun nu relatip anggeur atawa dina wangun standar, sumebar dina kolompok nu tangtu;


(16)

3) loba rupana, balukar sumebarna turun-tumurun ku cara lisan; 4) teu kapaluruh pangarangna (anonim);

5) biasana mibanda wangun anu anggeur tur tangtu; 6) mibanda kalungguhan pungsi atikan jeung hiburan;

7) eusi katut jalan caritana umumna teu kaharti ku akal atawa loba pamohalanana;

8) dianggap milik balaréa; 9) polos jeung lugu;

Dongéng nyaéta carita anu réa teu pikahartieunana ku akal, umpamana cara nyaritakeun nu bisa hiber, nyaritakeun sato bisa ngomong, nyaritakeun jelema nu teu lumrah, nyaritakeun sasakala, jsb. (M.A. Salmun, 1957:97-98) lian ti ceuk M.A Salmun, Semi (1984:70) ogé ngébréhkeun yén nu disebut dongéng téh nyaéta carita hayal atawa fantasi anu nyaritakeun kaanéhan jeung kajadian naon waé saperti nyaritakeun ngeunaan asal mula tempat atawa hiji negri, atawa ngeunaan kajadian anéh jeung nu nyieun takjub ngeunaan kahirupan manusa atawa sasatoan.

Dongéng nyaéta carita pondok kolektip kasusastraan lisan. Aya ogé anu nepikeun pamadeganana yén dongéng nyaéta prosa rayat nu dianggap bener-bener kajadian, ngutamakeun hiburan, sanajan loba nu ngalukiskeun bebeneran, anu eusina ngandung moral, jeung sindiran.

Istilah-istilah anu sinonim sareng dongéng dina ragam basa di dunia nyaéta fairy tales (carita peri), nursery tales (carita barudak), atawa wonder tales (carita ajaib) dina basa Inggris; marchen dina basa Jerman, aevertyr dina basa


(17)

Denmark; sprookje dina basa Belanda; siao suo dina basa Mandarin; satua dina basa Bali, jeung sajabana. Dongéng biasana ngabogaan kalimat pamuka jeung panutup anu sipatna klise. Dina basa Inggris biasana sok dimimitian ku kalimat pamuka: Once upon a time, three lived a…..dina hiji waktu hirup saurang….) jeung kalimat panutup….and téhy lived happily ever after (….jeung maranéhna hirup gumbira salawasna). Dina dongéng Jawa biasana aya kalimat pamuka, Anuju sawijining dina….( Dina hiji poé…..), jeung ditutup ku kalimat : A lan B urip rukun bebarengan kaya mimi lan mantuna (….A jeung B hirup babareungan rukun siga kétam belangkas jalu jeung kétam belangkas bikang), Dananjaja ( 2002:83).

Dongéng mangrupa carita singget ngeunaan hal-hal anu anéh jeung teu asup akal. Rupa-rupa kaajaiban jeung kasaktian. Biasana ngisahkeun déwa, raja, pangéran, jeung putri. Pedaran ngeunaan dongéng kadang-kadang dipedar kalayan jero umpamana waé dongéng Bidadari Mandi anu nyariteun bajuna dicokot ku jajaka tani jeung sateurusna, nepi ka teu bisa balik ka surga jadi dikawinkeun jeung éta jajaka, tuluy dipaparin putra. Dongéng éta téh asalna ti bangsa Thai di Provinsi Yunan, Cina Barat Daya tapi sateurusna sumebar ka Asia Tenggara. Di Indonesia dongéng Bidadari mandi sumebar ti Aceh nepi ka Maluku Tenggara, ti Jawa Tengah/Timur disebutna Nawang Wulan jeung Jaka Tarub (Ensiklopedi Indonesia…:854).

Dongéng téh salah sahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaseulapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun-tumurunna jeung sumebarna sacara lisan. Tara kapaluruh saha pangarangna atawa


(18)

nu nyiptana. Nilik wandana jeung eusina, dongéng téh kaasup rékaan baheula. Patempatan nu jadi latarna tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma (Iskandarwassid, 2003:31-32). Dongéng kaasup carita balaréa. Hartina geus jadi milik rayat anu ngagelarkeun éta dongéng, teu puguh saha nu ngarangna.

Dongéng (carita rayat), mangrupa hiji kisah nu diangkat dina pamikiran piktip jeung kisah nyata, jadi hiji alur perjalanan hirup pinuh pesen moral, nu ngandung makna hirup jeung cara ngabaur jeung manusa liana. Dongéng ogé mangrupa dunya hayal jeung imajinasi manusa anu saterusna dicaritakeun sacara turun-temurun ti generasi ka generasi. Sakapeung kisah dongéng bisa mawa pandenge kapepende dina jero dunya pantasi, gumantung cara nepikeun dongéng éta jeung pesen moral nu aya dina éta dongéng.

Legenda (Latin; legere) nyaéta carita prosa rayat anu dianggap ku pangarang carita mangrupa kajadian anu bener-bener nyata. Legenda sering pisan dianggap “sajarah” kolektip (folk history). Sanajan henteu katulis, kisah éta ngalaman distoris nepi ka sering pisan beda jeung carita anu sabenerna. (Thomas Henry Huxley: téh secret of genius is to carry téh spirit of childhood into maturity).

Antropolog James Dananjaya ngabedakeun dongéng mite jeung legenda. Mite nyaéta carita prosa rayat anu dianggap bener-bener pernah kajadian. Tokoh-tokoh dina mite umumna nyaéta para déwa atawa mahluk satengah déwa. Mite


(19)

kajadian jaman baheula jeung ngabogaan sipat kasucian. Ari nu disebut Legenda nyaéta carita prosa rayat nu dianggap bener-bener kajadian, ngan sipatna teu suci ku lantaran tokohna nyaéta manusa biasa. Jeung Dongéng nyaéta carita prosa rayat anu teu kajadian (fiksi) sarta heuteu ngikeut waktu jeung tempat.

Legenda nyaéta carita prosa rayat, dianggap ku nu boga carita mangrupa kajadian anu bener-bener kajadian. Beda jeung mite, legenda sipatna sekuler (kaduniawian). Kajadianana dina waktu anu can lila, jeung tempatna di dunya nu ku urang dipikawanoh ayeuna. Legenda biasana sipatna migratoris, teu tumetep, matakna dipiwanoh luas di daérah-daérah anu beda. Salian ti éta, legenda sumebar dina bentuk pangolompokan anu disebut siklus (cycle), nyaéta kumpulan carita anu ngisahkeun hiji tokoh atawa kajadian anu tangtu (Dananjaja, 2002:66-67).

Nurutkeun Alan Dundes (dalam Endraswara, 2005:67) “aya kamungkinan jumlah legenda tiap kabudayaan jauh leuwih lpba dibandingkeun mite atawa dongéng. Hal ieu disababkeun mite ngabogaan jumlah tipe dasar nu kawatesanan, contona waé dina palebah penciptaan dunya jeung asal muasalna perkara maot, sedengkeun legenda ngabogaan jumlah tipe dasar anu teu kawatesanan, utamana legenda satempat (local legends), anu jauh leuwih loba lamun dibandingkeun jeung legenda anu bisa ngagambarkeun hiji daérah jeung daérah sejenna (Endraswara, 2005:67)”.


(20)

2.1.1. Sajarah Kamekaran Dongéng ( Carita Rayat)

Gelarna sastra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu (Rosidi, 1983:30). Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabel-pabel, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan sastra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.

Dina kamekaranana, dongéng di sagigireun ditepikeun ngaliwatan basa lisan, ogé ditepikeun ngaliwatan cara séjén, nyaéta :

1) Dongéng (Carita Rayat) disalin kana tulisan

Sanggeus téhnologi ngambah kana kasusastraan sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi & U. Syahbudin, Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A. Setiawan & U. Syahbudin, Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat.

2) Dongéng (Carita Rayat) dirobah jadi wawacan

Salian ditulis, dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nyaéta jadi wawacan. Wawacan minangka sastra tulisan salian dibaca ogé ditembangkeun. Contohna : “Sajarah Kanjeng Nabi Paras” Dina Salinan saking naskah kuno kaagungan ku P. Ardi Wijayakusurnah, dina ‘Pupuh Kasmaran’

“ Bismillahirrohmanirrohiim


(21)

Anebut asmaning Allah

Kang murah ing dunya réke

Kang asih aning akerat

Kang pinuja datan pegat

Kang rumeksa alamipun

Kang asih Nabi Muhammad”

2.1.2. Jenis-jenis Dongéng

Nurutkeun Rusyana (2000:208-212) dongéng dibagi kana tilu golongan, nyaéta : 1). dongéng mite, 2). dongéng legénda, jeung 3) dongéng biasa.

2.1.2.1. Dongéng Mite

Dongéng mite nyaéta carita tradisional anu palakuna mahluk supernatural nu di antarana ngabogaan kasaktén jeung bisa milimpah hal-hal anu di luareun kamampuan manusa biasa, kalayan ngagunakeun latar tempat suci dina jaman buhun (tempatna teu bisa dipaluruh), misalna kahiangan tempat cicingna batara jeung widadari. Eusina digambarkeun ngeunaan kajadian asal-muasal dunya katut sagala eusina jeung parobahanana, misalna asal-muasal tutuwuhan, hal-hal nu dianggap pamali jeung asal-usul diayakeunana upacara adat. Masarakat nu migandrungna nganggap ieu carita mangrupa hiji hal nu dipercaya (Rusyana, 2000:208-210).

Luyu jeung pamadegan di luhur Bascom dina Danandjaya (2002:50), nétélakeun yén:


(22)

Mite nyaéta carita prosa rayat,anu dianggap bener-bener kajadian sarta dianggap suci ku anu boga carita. Mite tokohna para déwa atawa mahluk satengah déwa. Peristiwa kajadian di dunia lain, atawa di dunia saperti anu ku urang dipikawanoh, jeung kajadianana di jaman baheula.

Carita hiji bangsa ngenaan déwa atawa pahlawan jaman baheula,anu ngandung penapsiran ngeunaan asal-usul alam, manusia jeung bangsa éta sorangan anu ngandung arti jero jeung diungkapkeun ku cara gaib, nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1999:660).

Umumna dina mite dicaritakeun ngeunaan muasal alam dunya, asal-muasal manusa, ciri husus sasatoan, bentuk topograpi, jste. Mite ogé nyaritakeun ngeunaan lalampahan para déwa, carita percintaanana, carita peperanganana, jsb. (Bascom dina Danandjaja, 2002:51).

Dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekeun yén dongéng mite nyaéta dongéng anu lumangsungna dina jaman buhun, dina ieu dongéng digambarkeun ngeunaan asal-muasal manusa, asal-muasal dunya katut sagala eusi jeung parobahanana. Palakuna mangrupa mahluk supranatural, latar tempatna teu bisa dipaluruh, sarta dongéng mite dipercaya ku masarakat nu migandrungna.

2.1.2.2. Dongéng Legénda

Rusyana (2000:210-211) nétélakeun yén dongéng legénda nyaéta carita tradisional anu palakuna aya dina sajarah, lantaran ogé digambarkeun dina mangsa lumangsungna éta kajadian. Kajadian anu dicaturkeun dina dongéng


(23)

legénda dieunya-eunya mangrupa carita sajarah. Dina kajadian caritana aya hal-hal anu teu ilahar.

Dongéng legénda biasana sok dipatalikeun jeung kajadian atawa benda-benda nu mangrupa titinggal karuhun jaman harita, saperti sumebarna agama Islam dina mangsa sababaraha abad ka tukang, benda-benda sajarah katut tempatna. Latar tempatna lumangsung di dunya nyata, biasana sok disebatkeun ngaranna sarta bisa dipaluruh. Waktu kajadian dina jaman baheula, luyu jeung sajarah nu kacaritakeun sarta diyakinkeun ku bukti-bukti sajarahna, luyu jeung anggapan masarakat nu migandrungna, yén palaku sarta kajadian-kajadian nu dicaritakeun bener-bener aya dikieuna.

Luyu jeung pamadegan di luhur Danandjaya (2002:66) nétélakeun yén “Legenda nyaéta carita prosa rayat anu dianggap kunu boga carita mangrupa hiji kajadian anu saeunyana pernah kajadian beda jeung mite, legenda sipatna sekuler (kaduniawian), anu kajadianna can lila pisan, jeung tempatna di dunia anu anyeuna ku urang dipikawanoh.”

Ngeunaan papasingan legénda, Jan Harold Brunyand dina Danandjaja (2002:67) ngabagi jadi opat golongan, nyaéta:

(1) Legénda kaagamaan (religious legends), nyaéta legénda manusa-manusa suci (saints) Nasrani. Legenda éta téh disahkeun ku Gereja Katolik Roma anu jadi bagian kasusastraan agama nu disebut hagiography (legends of téh saints), artina tulisan, karangan, atawa buku ngeunaan kahirupan manusa-manusa soléh. Di jawa legenda manusa-manusa saleh nyaéta ngenaan Wali agama


(24)

Islam nyaéta para penyebar agama (proselytizers) Islam dina masa awal perkembangan Islam.

(2) Legénda alam gaib (supernatural legends), nyaéta biasana ngabentuk carita nu dianggap bener-bener kajadian jeung geus dialaman ku manusa. Pungsi legenda ieu nyaéta keur ngadeugkeun kabeneran “ta’hayul” atawa kapercayaan rayat. Nanging ti kitu mangrupakeun pangalaman pribadi manusa, ngan eusi pangalaman éta ngandung seuer motip carita tradisional nu has aya dina kolektipna, (Endraswara, 2005:71).

(3) Legénda hiji jalmi/perseorangan (personal legends), nyaéta carita ngeunaan tokoh-tokoh tertentu, nu dianggap kunu boga carita bener-bener pernah kajadian. Misalkeun Di Jawa Timur legenda tokoh “Panji” anu kawéntar. (4) Legénda wewengkon/satempat (local legends), nyaéta carita anu

hubunganana jeung hiji tempat, nami tempat, jeung bentuk topografi, nyaéta bentuk permukaan hiji daérah, naha bubukitan, jurang, jeung sajabana. Legenda satempat nu hubunganana pageuh jeung ngaran hiji tempat nyaéta legenda Kuningan. Kuningan nami hiji kota leutik anu ayana di léréng Gunung Ciremai, di sabelah kalér Kota Cirebon, Jawa Barat.

Dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén dongéng legénda nyaéta dongéng anu lumangsungna dina jaman baheula, palaku caritana manusa biasa, biasana tokoh nu aya dina sajarah, jeung latar tempatna bisa dipaluruh. Legénda biasana dikuatkeun ku ayana bukti-bukti sajarahna, sarta dipercaya ku masarakat nu migandrungna yén éta carita téh bener-bener kajadian.


(25)

2.1.2.3. Dongéng Biasa

Dongéng biasa nyaéta carita tradisional anu palaku jeung latarna dibayangkeun saperti dina kaayaan sapopoé, sok sanajan dina carita loba kajadian anu teu ilahar, contona baé sasatoan anu bisa ngomong jeung manusa. Waktuna digambarkeun dina jaman baheula. Ku masarakat nu migandrungna teu dipatalikeun jeung kapercayaan atawa sajarah, tapi dianggap carita rékaan biasa (Rusyana, 2000:211-212).

Dongéng biasa nyaéta jenis dongéng nu tokohna manusa jeung biasana kisah sedih manusa. Di Indonesia dongéng biasa nu paling populer nyaéta anu tipe saperti “Cinderella” jeung motip Unpromising heroin (tokoh awewe nu teu boga hareupan dina hirupna). Dongéng biasa anu jinisna Cinderella ieu sipatna universal geus sumebar di mancanagara. Dongéng biasa anu tipe Cinderella di Indonesia kaitung loba. Di Jawa Tengah jeung Jawa Timur contona dongéng “ Ande-Ande Lumut” jeung “Si Melati dan Si Kecubung”, di Jakarta “Bawang Putih dan Bawang Merah”, jeung di Bali “I Kesuna lan I Bawang” (Dananjaja, 2002:99).

Danandjaja ngébréhkeun yén

“Dongéng nyaéta carita prosa anu teu dianggap bener-bener kajadian. Dongéng dicaritakeun utamana keur hiburan, sanajan loba ogé nu ngagambarkeun bebeneran, eusina ngandung moral, jeung sisindiran.”

Dumasar pedaran di luhur nu disebut dongéng biasa nyaéta carita rékaan biasa nu teu dianggap bener-bener kajadian, teu dipatalikeun jeung kapercayaan atawa sajarah, tapi eusina tetep mibanda ajén-inajén bebeneran.


(26)

2.2 Struktur Dongéng

Struktur dina karya sastra leuwih muser kana unsur intrinsik karya sastra. Ngajanggélékna hiji karya sastra téh moal leupas tina unsur-unsur nu ngawangunna. Unsur-unsur éta téh kabehanana ngawangun hiji karya sastra anu gumulung

Ieu hal luyu jeung pamadegan Pradopo,spk. (2001:54) anu nétélakeun yén: Hiji konsep dasar nu jadi ciri has teori struktural nyaéta ayana anggapan lamun di jero dirina sorangan karya sastra mangrupa hiji struktur anu otonom anu bisa dimutolaah salaku hiji beungkeutan anu buled jeung unsur-unsur pangwanguna terus sajalan.

Unsur intrinsik nyaéta unsur anu ngawangun hiji karya sastra saperti ltéma, alur, latar, penokohan, jeung gaya basa (Semi, 1989:44). Nurutkeun Jakob Sumardjo jeung Saini K.M (1991:37) carita diwangun ku tujuh unsur nyaéta (1) galur, (2) palaku, (3) ltéma, (4) suasana, (5) latar, (6) titik caturan; sarta (7) gaya. Dongéng mangrupa salah sahiji karya sastra anu ngabogaan struktur. Struktur dongéng sakurang-kurangna ngandung opat unsur, nyaéta ltéma, galur, palaku, jeung latar (Faturohman, 1983;7).

Dina ieu panalungtikan, struktur carita anu baris dipedar nyaéta: téma, galur, palaku, jeung latar.


(27)

2.2.1 Téma

Iskandarwassid (2003:162) nétélakeun yén ltéma nyaéta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstrak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca; ltéma ieu jadi pameungkeut sagemblengna carita. Pamadegan sejen ngébréhkeun yén ltéma téh nyaéta ide dina hiji carita ( Sumardjo jeung Saini K.M 1991:56).

Aminudin (2002:91) nétélakeun yén anu disebut ltéma téh nyaéta:

Ide anu ngadadasaran hiji carita jeung mere peran ogé salaku tolak ukur pangarang dina ngadadarkeun karya fiksi nu dikarangna.

Satuluyna Brooks,spk dina tarigan (1984:125) ngebrehkeun yén:

Ltéma nyaéta sawangan hirup anu tangtu ngeunaan kahirupan atawa runtuyan nilai-nilai nu tangtu pikeun ngawangun dasar atawa gagasan utama dina hiji karya sastra.

Nilik kana sababaraha pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén téma téh nyaéta ide dasar carita anu hayang ditepikeun ku pangarang sangkan nu maca nyaho kana tujuan anu nyangkaruk dina eusi hiji karya sastra .

2.5.2 Galur

Nurutkeun Iskandarwassid (2003:25) galur carita atawa leunjeuran carita, runtuyan kajadian carita anu patarema nepi ka ngarakit jadi lalakon anu gembleng.

Luyu jeung éta pamadegan, Aminudin nétélakeun yén alur téh nyaéta : Runtuyan carita nu diwangun ku kajadian-kajadian nepi ka ngawangun carita nu disodorkeun ku para palaku dina hiji carita.


(28)

Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, bisa dicindekeun yén nu disebut galur téh nyaéta runtuyan kajadian dina hiji carita.

Faturohman (1983:8-9) ngebrehkeun yén galur téh bisa dibagi jadi tilu golongan nyaéta:

1) Galur merélé

Galur mérélé nyaéta runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun sacara marélé ti awal nepi ka ahir. Di mimitian ku mangkat carita, diltéma ku dicaritakeun lalakon, nepi ka pungkasna.

2) Galur mobok tengah

Galur mobok tengah téh nyaéta runtuyan jeung patalina kajadian nu dicaritakeun ti tengah heula, biasana dicokot tina kajadian anu dianggap pangramena, aya nu malikan deui ka awal carita tuluy ahir, aya ogé anu langsung kana ahir carita.

3) Galur ti heula pandeuri

Galur ti heula pandeuri sabalikna tina galur mérélé. Dicaritakeun ti mimiti ahir carita, tuluy maju ka bagian tengah carita, nepi ka bagian awalna minangka pamungkas caritana.

Ngeunaan galur anu dipaké dina dongéng, umumna galur merélé, sabab dongéng mah ditepikeunana sacara lisan.

2.5.3 Palaku

Palaku carita, tokoh carita, atawa palaku nyaéta ngaran-ngaran (jalma) anu ngalalakon dina carita (dongéng, carita pondok, novel, atawa roman, wawacan), atawa drama (Iskandarwassid, 2003:25).


(29)

Pamadegan di luhur luyu jeung nu ditétélakeun ku Abrams dina Nurgiantoro (2002:165) yén

“tokoh carita (character) nyaéta jelema-jelema nu ditampilkeun dina hiji karya naratip atawa drama, ku nu maca ditapsirkeun ngabogaan kualitas moral jeung kacenderungan nu tangtui saperti nu diekspresikeun dina ucapan jeung naon nu dilakukeun dina tindakan.”

Palaku dina hiji carita biasana mibanda watek nu tangtu. Nurutkeun pamadegan Sumarjo jeung Saini K.M (1991:65) aya lima cara pikeun ngagambarkeun watek palaku, nyaéta:

1) ngaliwatan paripolahna, umpamana kumaha kétakna dina nyanghareupan hiji kaayaan;

2) ngaliwatan omongan, tina sakabéh nu diomongkeun bakal kapanggih kumaha watek hiji tokoh;

3) ngaliwatan dedeg-pangadegna, umpamana baé kagambarkeun ngaliwatan papakeanana, dédéganana, jste;

4) ngaliwatan pikiranana, naon-naon anu dipirkeun ku palaku bakal ngagambarkeun watekna;

5) ngaliwatan katerangan langsung nu ditepikeun langsung ku pangarang. Para palaku nu aya dina hiji carita tangtu miboga peran séwang-séwangan, aya palaku nu mibanda peran penting dina carita, aya ogé palaku nu mibanda peran salaku panglengkap jeung pangrojong.


(30)

Dumasar kana pedaran di luhur, palaku nyaéta ngaran jalma anu ngalalakon dina hiji carita sarta mibanda pasipatan nu bisa dipaluruh ngaliwatan omonganana jeung paripolahna.

2.5.4 Latar

Latar atawa setting nyaéta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jste. Anu ngalantarankeun kajadian carita (Iskandarwassid, 2003: 74)

Dina latar bakal kapanggih ngeunaan hiji tempat, jeung daérah tempat lumangsungna hiji kajadian. Ieu katerangan dumasar kana pamadegan Brooks dina Tarigan (1985:136) anu nétélakeun yén “sacara singkat, latar nyaéta “latar belakang pisik, unsur tempat jeung ruang, dina hiji carita”.

Tina pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén latar téh nyaéta waktu, jeung tempat anu aya dina hiji carita.

2.3. Pungsi Dongéng

Nurutkeun Edgar Allan Poé dina Wellek jeung Warren (1989: 25), sastra téh miboga pungsi pikeun ngahibur sakaligus ngajarkeun hiji hal. Ngaliwatan karya sastra nu maca teu ngan saukur ngarasa kahibur tapi bisa meunang mangpaat tina karya sastra nu dibacana.

Luyu jeung anu ditétélakeun ku Wellek jeung Warren (1989:26) yén “Lamun hiji karya sastra pungsina sarupa jeung sipatna, kadua-duana segi tadi (kasenangan jeung mangpaat) lain saukur aya hungkul, tapi kudu silih ngeusi.”


(31)

Kasenangan nu dipiboga tina sastra lain saukur kasenangan anu leuwih luhur, iwal ti kontemplasi nu teu neangan kauntungan.

Folklore mangrupa salah sahiji karya sastra miboga pungsi pikeun masarakat nu migandrungna. Éta hal luyu jeung pamadegan Bascom anu netelakakeun yén folklore (kaasup dongéng) miboga opat pungsi nyaéta kapedar ieu di handap.

a) Sistim proyeksi;

b) Alat pikeun disahkeunana pranata-pranata jeung lembaga-lembaga kabudayaan;

c) Alat atikan pikeun barudak;

d) Alat pikeun nalingakeun sangkan norma-norma masarakat salawasna dianut ku masarakatna;

Salian ti pungsi anu disebutkeun ku Bascom, Dundes dina Seli (1996:33) ngebrehkeun yén “dina sababaraha pungsi folklor, aya sababaraha nu sipatna umum nyaéta: 1) alat pendidikan; 2) pangikeut perasaan solidaritas kolompok ; 3) pangunggul jeung pencela batur lain; 4) pelipur lara; jeung 5) kritik masarakat.”

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaanana. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaanana.

Faturohman (1983:4) nétélakeun yén dumasar kana basa kirata, dongéng téh sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh


(32)

leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditetelakeun ieu di handap.

1) Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan; 2) Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki;

3) Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat;

4) Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina;

5) Ngarah anak incu urang manggih luang tina pagawean karuhun pikeun bekel hirupna, jeung;

6) Ngarah pagawean beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 (Sukada, 1987:112) tetela yén dongéng mampuh ngaronjatkeun

Itelegence Question ( I.Q ) budak. Budak kakeunaan ku “Virus n Ach” (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir

jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti samemehna tur salawasna bisa ngahontal prestasi kalayan optimal. Panalungtikan sejen nu ngebrehkeun yén dongéng téh penting, ditetelakeun ku Mustapa (2002: 47-54),yén ngaliwatan dongéng bisa mere kani’matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amerika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amerika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amerika, sabab warga Asia nu cicing di Amerika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng- dongéng ngeunaan karuhunna ka budakna.


(33)

Dumasar kana pedaran di luhur dongéng téh loba mangpaatna, lian ti méré hiburan, dongéng bisa méré atikan ngeunaan kasabaran, silih asih, silih tulungan, silih ajenan, nuwuhkeun rasa kawani jeung sajabana. Tetela dongéng téh gede mangpaatna keur psikologi budak. Luyu jeung pamadegan psikiater Bruno Bettelheim dina Made Taro (www.cybersastra.com) yén dongéng téh mangrupa kabutuhan vital barudak. Ku kituna, dongéng perlu pisan dipikawanoh sarta ditepikeun ka barudak.

Dumasar kana pedaran di luhur tetela yén dongéng téh kacida pentingna, miboga pungsi atikan, pungsi hiburan, jeung pungsi sosial.

2.4 Unsur Budaya dina Dongéng

Kecap kabudayaan asal tina basa Sansekerta buddayah, nyaéta wangun jamak tina buddhi nu hartina budi atawa akal. Jadi kabudayaan secara harfiah ngandung harti sagala rupa hal anu patalina jeung akal.

Kabudayaan mangrupa hasil tina pikiran jeung paripolah balarea, boh di kelompok masarakat nu tangtu boh ku sakabéh bangsa. Ku kituna sistim sosial budaya mibanda unsur-unsur nu sarua (universal) dina sakabéh kabudayan nu aya di dunya.

Pikeun nalungtik unsur budaya nu nyampak di hiji masarakat, bisa dipaluruh ngaliwatan hasil karya sastrana. Hasil karya sastra umumna mangrupa ébréhan pikiran dina mangsa digelarkeunana éta karya. Tangtuna baé di jerona miboga unsur-unsur budaya anu dipaké di masarakatna harita. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sukada (1987:101) anu nétélakeun yén


(34)

“dongéng nyaéta hiji hasil sastra lila (folktale) anu sacara lisan hirup leuwih jero, atawa mangrupa bagian dina hiji kabudayaan daérah sabudeureunana. Tetela ngaliwatan karya sastra bisa kapanggih unsur budaya anu aya di masarakat.”

Sastra lisan dina hal ieu dongéng mangrupa salah sahiji hasil karya sastra anu gelar di masarakat, bisa dipaluruh ngeunaan unsur budaya anu nyampak dina kahirupan masarakat nu ngagelarkeunana. Ku kituna dongéng mangrupa bagian tina sistim kabudayaan anu miboga ajen-inajen anu luhung dina hiji masarakat. Ieu hal luyu jeung nu diebrehkeun ku Semi (1984:69) yén “carita masyarakat mangrupa hiji kabeungharan balarea anu lahir dina dasar dorongan pikeun komunikasi jeung sasama.” Dina jero sastra masarakat atawa sastra lisan, ngahasilkeun kréatipitas basa pikeun ngawujudkeun ajen-inajen nu aya di jero masarakat.

Dongéng mangrupa bagian tina kabudayaan. Ku kituna, ngaliwatan dongéng bisa dipaluruh unsur-unsur budaya nu nyampak ti mimiti jaman digelarkeunana éta dongéng. Salian ti éta, dongéng mangrupa sarana atawa média nu bisa dipaké pikeun ngawariskeun ajen-inajen budaya nu aya di hiji masarakat.

Unsur-unsur budaya nu universal mangrupa eusi tina sakabéh kabudayaan nu aya di dunya. C.Kluckholn dina Simantjuntak (1999:24) nétélakeun yén unsur-unsur budaya anu lumaku disakabéh budaya aya tujuh ieu di handap.

1) Sistim kapercayaan atawa religi;

2) Sistim kakerabatan jeung organisasi sosial; 3) Sistim pakasabah;


(35)

4) Sistim téhnologi jeung pakakas; 5) Sistim basa;

6) Sistim kasenian;

7) Sistim élmu pangaweruh.

Nurutkeun B. Malinowski dina Sulaeman unsur kabudayaan nu aya didunya nyaéta saperti ieu di handap :

1) Basa;

2) Sistim téhnologi; 3) Organisasi Sosial; 4) Sistim pakasabah;

5) Sistim élmu pangaweruh; 6) Religi;

7) Kasenian.

Tina tujuh unsur budaya di luhur, dina ieu panalungtikan dipaluruh lima unsur budaya, saperti anu ditetelakeun ieu di handap.

1) Sistim kapercayaan atawa religi

Sakabéh aktipitas manusa nu aya patalina jeung kapercayaan/réligi, nu didadasaran ku hiji geteran jiwa nu disebut emosi keagamaan atawa religious emotion. Aya nu boga sawangan yén réligi téh nyaéta agama, pikeun nu ngagemna, tapi aya ogé anu nyebutkeun yén agama nyaéta sakabéh sistim religi nu sacara resmi diakui ku nagara.


(36)

2) Sistim kakerabatan jeung organisasi sosial

Sistim sosial nyaéta sistim kelompok sosial dumasar kana umur, jenis kelamin, jeung hubungan kakerabatan. Sedengkeun organisasi kamasarakatan nyaéta patalina indipidu atawa kelompok indipidu dina kahirupan nu geus matok, puguh aturanana.

3) Sistim pakasaban

Nurutkeun para ahli antropologi dina Simanjuntak (1999:27) sistim pakasaban tina sakabéh kabudayaan ieu di handap.

a. Moro jeung ngaramu; b. Nernak;

c. Nandur di kebon; d. Newak lauk; jeung

e. Nandur jeung neteup sareng irigasi. 4) Sistim téhnologi jeung pakakas

Sistim téhnologi jeung pakakas di dieu nyaéta sakabéh pakakas anu digunakeun pikeun nyumponan kahirupan sapopoé. Mimiti manusa nyieun pakakas pikeun kapentingan sapopoé estu basajan pisan. Biasana éta pakakas dijieunna tina batu jeung kai.

5) Sistim kasenian

Kasenian dibagi jadi tilu bagian nyaéta:

a. Seni rupa (patung, relief, rias, lukis jeung gambar); b. Seni pertunjukan (tari, drama, vocal jeung instrumental); c. Seni satra (prosa jeung puisi).


(37)

33 BAB III

METODOLOGI PENELITIAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskripsi, tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadeskripsikeun Struktur Carita Rayat Cirebon, anu satuluyna dipaluruh, tuluy ditataan pungsi jeung unsur budaya anu nyampak dina éta carita (dongéng).

3.1.2. Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik talaah pustaka, téhnik observasi, téhnik wawancara, jeung téhnik analisis.

3.1.2.1 Téhnik Talaah Pustaka

Talaah pustaka, salian ti pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis ogé maluruh ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung panalungtikan.

3.1.2.2 Téhnik Observasi

Téhnik observasi nyaéta téhnik ngumpulkeun data kalawan datang langsung ka lokasi panalungtikan, ngagunakeun sakabéh alat indera, sarta ngagunakeun instrumén pikeun niténan objék panalungtikan.


(38)

3.1.2.3 Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nyaéta pikeun néangan inpormasi jeung ngalengkepan katerangan-katerangan anu aya patalina jeung panalungtikan.

Nurutkeun Arikunto (1993: 127) pelaksanaan wawancara kabagi jadi tilu bagian, nyaéta:

1) wawancara bebas, dina ieu wawancara, nu ngawawancara bebas nanyakeun naon waé ka nu diwawancarana;

2) wawancara terpimpin, dina ieu wawancara, nu ngawawancara biasana dumasar kana lembar pertanyaan anu geus di tangtukeun;

3) wawancara bébas-terpimpin, ieu wawancara mangrupa campuran antara wawancara bébas jeung wawancara terpimpin.

Dina ieu panalungtikan téhnik anu di gunakeun nyaéta téhnik wawancara bébas-terpimpin.

3.1.2.4 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis bahan atawa data anu geus dikumpulkeun, nyaéta data dipaluruh dumasar kana struktur caritana, satuluyna diklasipikasikeun dumasar kana jinisna, sarta dipaluruh jeung ditataan pungsi jeung unsur budaya nu nyampak dina Carita Rayat Cirebon.


(39)

3.2 Lokasi jeung Sumber Data 3.2.1. Lokasi

Lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di Kota Cirebon, sabab di kota ieu masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi hususna sastra lisan, contona waé mantra-mantra jeung dongéng masih kénéh kapanggih dina kahirupan sapopoéna.

3.2.2 Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta meunang tina literatur jeung inpormasi ti warga satempat.

3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta tape recorder, kaset, kamera, jeung alat tulis.

3.4 Lengkah-lengkah

Rarancang garapan dina ieu panalungtikan ngawengku opat léngkah, nyaéta tahap tatahar, tahap ngumpulkeun data, tahap ngolah data, jeung tahap nyusun laporan.

a. Tahap tatahar

1) Ngalaksanakeun ulikan pustaka; 2) Ngasongkeun judul;

3) Nyusun rarancang panalungtikan; 4) Konsultasi ka dosén pangaping


(40)

b. Tahap Ngumpulkeun Data 1) Ngalaksanakeun observasi;

2) Ngayakeun wawancara jeung nara sumber; 3) Ngumpulkeun jeung ngadokumentasikeun data; 4) Ngainpentarisir data nu asup.

c .Tahap Nganalisis Data

1) Nengeutan data nu geus dikumpulkeun;

2) Data diolah dumasar kana indikator nu geus ditangtukeun dina bab 2; 3) Nyieun kacindekan tina data nu geus diolah.

a. Tahap Nyusun Laporan

Laporan disusun dina wangun skripsi dumasar kana pedoman penulisan karya ilmiah sarta menang apingan ti dosen-dosen pangaping.


(41)

37 BAB IV

ANALISIS STRUKTUR

DINA DONGÉNG BABAD CIREBON

4.1. Sejarah singkat Kesultanan Cirebon

Sajarah asal muasalna Kasultanan Cirebon aya kaitanana jeung sajarahna para Walisongo salaku penyebar agama Islam di Pulau Jawa hususna, umumna di Indonesia. Cikal bakal Kota Cirebon diwangun dina raraga nguatkeun pangaruh ajaran Islam di Nusantara.

Ngadegna Kasultanan Cirebon mawa pangaruh anu gede dina kamekaran Islam. Tokoh Sunan Gunung Jati anu jadi puseur sajarah ieu geus napak utamana sipat kateladanan nu bakal diinget sapanjang jaman.

4.2 Data

Saeutikna aya 17 judul carios dina sajarah ngadugna Kasultanan Cirebon, nyaéta tingali ieu tabel di handap.

Tabel 1

Judul dongéng anu aya di sabudeureun kota Cirebon

No Judul Dongéng Kode Dongéng

1. “Syékh Subakir” SS

2. “Karajaan Banjaransari” KB

3. “Cikal Bakal Kota Cirebon” CBKC


(42)

5. “Mengemban Tugas Yang Semakin Besar” MTYSB

6. “Wafatnya Prabu Siliwangi” WPS

7. “Pangéran Cakrabuana” PC

8. “Lahirnya Kesultanan Demak” LKD

9. “Jatuhnya Raja Galuh” JRG

10. “Bergabungnya Talaga dan Majalengka” BTDM 11. “Indramayu bergabung dengan Cirebon” IBDC

12. “Taman Air Sunyaragi” TAS

13. “Makam Jabang Bayi” MJB

14. “Sumur Jalatunda Tegangpati dan Kaprabonan”

SJTDK

15. “Maulid Nabi dan Acara Panjang Jimat” MNDAPJ

16. “Asal Usul” AU

17. “Perjuangan Sunan Gunung Jati” PSGJ

4.3. Deskripisi Dongéng Kesultanan Cirebon 4.3.1 Dongéng “Syékh Subakir”

4.3.1.1 Téks

Nyaéta dongéng anu nyaritakeun pendéta ti Keling, Bizanthium (Kerajaan Romawi Timur) sarébu kota ti Konstantinopel atawa Istanbul, nalika mingpin, warga ti Keling sangkan netep di sabudeureun Pulau Jawa, tepatna di Jawa Barat. Jumlahna kira-kira aya dua rebu kulawarga. Rombongan téh nepi ka Teluk Jakarta jeung Pulo Gadung. Saacan manggihan tempat anu stratégis pikeun di


(43)

tempatan, Syékh Subakir salaku pendéta mikir. Nututkeun anjeunna teu sagampang éta dumuduk di daérah anu can dipikawanoh.

“Ceuk urang mah ulah saukur nempatan daérah ieu waé, tapi urang kudu mencar ambéh engké bisa badami, jeung urang bakal nyaho kumaha kaayaan di pulo ieu nu saeunyana. Sabagéan nempatan sapanjang walungan Cisadané jeung Citarum, Sabagianna deui nempatan Pasambangan Caruban, Muara Jati, jeung Jatimerta. Pokona anjeun kudu nempatan daérah anu can aya wargana, sabab urang mangrupa pendatang. Jeung hiji hal nu kudu dicepeng “ulah nepi ka urang nyieun masalah di tempat nu ku urang dicicingan”. Lamun batur nyieun masalah, rengsekeun sacara musawarah. Biasana masalah téh datangna ti urang sorangan. Tapi lamun bener maranéh boga masalah anu hese tur teu bisa dibéréskeun, burukeun datang ka Kaula, ” Ceuk Syékh Subakir ka anak buahna.

Dina waktu nu teu lila Jawa Barat geus pinuh ku warga anu asalna ti Keling pimpinan Syékh Subakir. Di tempat-tempat anu anyar éta, warga ti Keling miboga turunan nepi ka anyeuna. Saterusna kararawin di antara maranéhna, nambahan rame kahirupan di waktu harita. Nepi ka ngahasilkeun seni jeung budaya anu tumuwuh tina pola kahirupan masarakatna.

Lila –kalilaan kahirupan maranéhna tambah maju, jeung waktu terus lumangsung nepi ka daérah sabudeureun walungan Cisadane aya hiji Karajaan anu dibéré ngaran Tarumanagara. Ieu karajaan téh dipercaya Karajaan Tarumanagara anu aya di Bogor ayeuna, anu ceuk silsilah mah mangrupa Karajaan pangkolotna di Jawa Barat. Raja nu munggaran nyepeng kakuasaan téh nyaéta Purnawarman.


(44)

4.3.1.2 Analisis Struktur 4.3.1.2.1 Téma

Téma anu diangkat dina dongéng ieu nyaéta ngajaga paripolah jeung tata krama dina kahirupan masarakat.

4.3.1.2.2 Galur

Runtuyan kajadianana nyaéta sakumaha anu dipedar ieu di handap.

1) Mantan pendéta ti Keling mimpin langsung pidahna warga ti Keling sangkan netep di Jawa Barat;

2) Rombonganna mimiti datang ka Teluk Jakarta jeung Pulo Gadung;

3) Sabagean nempatan sapanjang walungan Cisadane jeung Citarum, sabagean deui di Pasambangan Caruban, Muara Jati jeung Jatimerta; 4) Warga ti Keling miboga turunan;

5) Masing – masing pada kararawin; 6) Kahirupan maranéhna tambah maju;

7) Muncul Karajaan Tarumanagara, anu dipingpin ku raja mimitina nyaéta Purnawarman.

4.3.1.2.3 Palaku

Nu jadi palaku dina ieu dongéng nyaéta Syékh Subakir, anak buah Syékh Subakir, jeung masarakat sabudewureunana.

Syékh Subakir ngabogaan sipat bijaksana, jeung tanggung jawab ka anak buahna, ieu téh kagambarkeun nyaéta nalika Syékh Subakir mere piwuruk ka anak


(45)

buahna sangkan salawasna ngajaga paripolah jeung ngajauhan sagala rupa masalah.

Anak buah Syékh Subakir digambarkeun salawasna taat jeung patuh ka pimpinanna. Hal ieu kagambar dina paripolah anak buah Syékh Subakir anu bisa campur gaul jeung kahirupan warga sabudeureunana.

4.3.1.2.4 Latar a. Latar Tempat

Latar tempat dina dongéng ieu nyaéta daérah Jawa Barat, Teluk Jakarta, Pulo Gadung, Walungan Cisadane, Walungan Citarum, Pasambangan Caruban, Muara Jati, Jatimerta. Kagambarkeun dina ieu catétan di handap:

“ … warga ti Keling sangkan netep di sabudeureun Pulau Jawa, tepatna di Jawa Barat. (baris ka-2)

“…Di Teluk Jakarta jeung Pulo Gadung.”(baris ka-4)”

“…Sapapanjang Walungan Cisadané jeung Citarum.” (paragraph ka-2, baris ka-3)

“…Sabagéan deui di Pasambangan Caruban, MuaraJati, jeung Jati Merta.” (paragraph ka-2, baris ka-3).

b. Latar Waktu

Latar waktu dina dongéng ieu nyaéta nalika Karajaan Romawi jeung nalika pamarentahan Raja Purnawarman. Digambarkeun dina cutatan ieu di handap.


(46)

“ …Pendéta ti Keling, Bizanthium (Karajaan Romawi Timur).” (baris ka-1);

“Raja anu kahijina Purnawarman.”(paragraph ka-4, baris ka-4).

4.3.1.3 Papatah dina Carita (Dongéng)

Carita Syéh Subakir eusina méré papatah ka kulawargana sangkan hirup rukun. Kudu bisa hirup silih élédan, kudu silih pikanyaah silih hargaan. Ngagedékeun hirup ku musawarah nalika loba masalah. Lian ti éta, nalika aya di lembur batur kudu bisa ngahargaan tempat nu ku urang dicicingan.

4.3.2 Dongéng “Kerajaan Banjaransari” 4.3.2.1 Téks

Kurang leuwih abad ka-7 di Ciamis, Banjar tepatna di daérah Rawa Lakbok ngadeg hiji Karajaan nu ngaranna Banjaransari. Patilasanna nepi anyeuna masih kénéh aya jeung sering didatangan. Patilasan éta disebut Pameradan Ciung Wanara. Raja Banjaransari nu kahiji ngarana Adimulya, katelah Pangéran Lelean Anom. Salila mimpin Pamarentahan, Raja Adimulya miboga sipat adil jeung bijaksana. Rayat hirup damai jeung tentrem, teu kakurangan sandang atawa pangan. Ku sabab marentahana kalayan bijaksana, Karajaan Banjaransari nepi ka bisa ngahontal masa kajayaan. Harita rayat Banjaransari nganut agama Sanghyang atawa disebut kapercayaan Hindu-Budha.

Sarengsena Raja Adimulya maot, putra nu panggedena Ciung Wanara naek tahta ngagantikeun bapana. Salila pamarentahana, Karajaan Banjaransari teu


(47)

loba ngalaman parobahan, jeung nu panglobana dicaritakeun nyaéta ngeunaan Prabu Ciung Wanara, nyaéta hayam jagona nu tara eleh lamun ditarungkeun di pakalangan.

Sarengsena Prabu Ciung Wanara maot, korsi karajaan dibikeun ka anak panggedéna nu namina Ratu Purbasari. Sanaos Purbasari mangrupa wanoja, tapi pikiranna teu kahéngkér ku statusna. Manéhna saéstuna ngemutkeun kumaha carana pikeun majukeun karaharjaan masarakat, ogé kamamuran bangsana. Salah sahiji kabijakanana anu pangpentingna nyaéta ngalihkeun puseur kota karajaan ka wilayah sakitar Bogor. Ti dinya ngarana robah jadi Pakuan, nu katelah Pakuan Pajajaran.

Karajaan Pajajaran ngalaman parobahan anu kalintang gedéna nalika dipimpin ku Rajana nu dipiwanoh Prabu Siliwangi. Teu lila sanggeus jadi raja, agama Islam ogé asup ka pulau Jawa, dibawa ku para pedagang ti Gujarat. Lila- kalilaan pangaruh Islam jadi kuat anu antukna dianut ku masarakat sabudeureunana.

Dina hiji poé, Prabu Siliwangi ngayakeun pamariksaan ka wilayah kakuasaanna di daérah Karawang. Harita Karawang geus ngadeg hiji pasantrén Islam nu dipimpin ku Syékh Kuro. Di pasantrén aya hiji murid geulis ngarana Rara Subanglarang, ningali kageulisanana Prabu Siliwangi langsung kapincut tuluy boga maksud ngajanteunkeun istri. Satuluyna Subanglarang ngedalkeun sarat nu dipikahayangna. “Kahiji urang kudu nikah sacara Islam, kadua, abdi menta maskawin tasbé ti Mekah. Satuluyna turunan urang kudu agama Islam.” Saenggeus amit mundur, Prabu Siliwangi tatapa nyungkeun piwuruk ti Sanghyang


(48)

Tunggal. Kadenge aya sora tanpa wujud, nu ngaharewos yén éta tasbé ayana di Kota suci Mekah. Satuluyna bentuk tasbé éta ditingalikeun wujudna. Kalayan maké élmuna, dina waktu singget Prabu Siliwangi geus nepi di kota Mekah. Di Mekah Prabu Siliwangi papanggih jeung sobatna. Saenggeus apal ka nu jadi tujuan datangna Raja Pajajaran, sobatna tuluy nyarita bari nunjukkeun tasbé nu dicepeng. “Lamun anjeun bener-bener mikahayang tasbe ieu, Heug! Ucapkeun dua kalimah syahadat, ku kuring bakal dibikeun ieu tasbe.”

Saarengsena ngucapkeun dua kalimah syahadat, tasbe nu dicepeng ku sobatna dibikeun ka Prabu Siliwangi. Ngan sajorélat sobatna téh leungit tina titingalian Prabu Siliwangi. Teu kungsi lila Prabu Siliwangi sadar, lamun élmu Islam leuwih luhur dibandingkeun jeung élmuna.

Teu lila ti dinya, Prabu Siliwangi jeung Rara Subanglarang nikah, Syékh Kuro salaku walina. Tina hasil kawinna dipaparin tilu putra, nyaéta Pangéran Walangsungsang Cakrabuana, Ratu Mas Rara Santang, jeung Pangéran Raja Sengara atawa leuwih kasohor Kian Santang.

Katurunan Raja Pajajaran ieu ahirna anu gaduh peran ageung dina ngadegna Nagara Islam Caruban atawa Cirebon, nu ngadegkeun Karajaan Islam nu kahiji di pulau Jawa, jeung Demak jadi Karajaan kaduana.

4.3.2.2 Analisis Struktur 4.3.2.2.1 Téma

Téma dina ieu dongéng nyaéta kakuatan Gusti Allah pernahna agama Islam salaku agama paling sampurna tibatan agama nu aya di dunya sakumaha


(49)

ditétélakeun dina surat Al-Imran ayat 3. Ieu kagambar dina carita nalika Prabu Siliwangi papanggih jeung sobatna di Mekah. Nepi ka Prabu Siliwangi antukna pindah agama.

4.3.2.2.2 Galur

Galur dina ieu carita nyaéta galur merélé. Runtuyanana kapedar ieu di handap.

1) Raja Adimulya mangrupa raja kahiji ti Karajaan Banjaran;

2) Saenggeus maot digantikeun ku putra cikalna nyaéta Ciung Wanara; 3) Saenggeus Prabu Ciung Wanara maot, diganti ku putri panggedena, Ratu

Purbasari;

4) Karajaan Pajajaran ngalaman kamajuan dina kapamimpinan Prabu Siliwangi;

5) Prabu Siliwangi kapincut ku kageulisan Ratu Subanglarang;

6) Ratu Subanglarang ngedalkeun sarat maskawin ka Prabu Siliwangi mangrupa tasbe ti Mekah ;

7) Prabu Siliwangi indit ka Mekah;

8) Prabu Siliwangi papanggih jeung sobatna;

9) Prabu Siliwangi kenging tasbe saatosna ngucapkeun dua kalimah syahadat;

10)Prabu Siliwangi kawin jeung Rara Subanglarang;

11)Tina hasil kawinna, dipaparin tilu urang putra nyaéta Prabu Cakrabuana, Ratu Mas Rara Santang, jeung Prabu Kian Santang.


(50)

4.3.2.2.3 Palaku

Nu jadi palaku utama dina ieu dongéng nyaéta Prabu Siliwangi, Rara Subanglarang, jeung Syékh Kuro.

1) Prabu Siliwangi miboga watek wani jeung sakti. Hal ieu kagambar nalika

Prabu Siliwangi rék nyumponan pamundut Rara Subanglarang, nalika indit ka Mekah. Kagambarkeun dina cutatan di handap.

“Ngetrukeun sakabéh élmuna,dina waktu nu singget Prabu Siliwangi geus nepi ka kota suci Mekah.” (paragraph ka-5, baris ka-5).”

2) Rara Subanglarang sipat ramah tamah jeung solehah. Ieu téh kagambar dina obrolan Rara Subanglarang nalika nyarita jeung Prabu Siliwangi. Kapanggih tina cutatan ieu di handap.

“Kahiji urang kudu nikah sacara Islam, kadua, abdi menta maskawin tasbe ti Mekah. Satuluyna turunan urang kudu agama Islam.”

3) Syékh Kuro miboga sipat welas asih jeung bijaksana

4.3.2.2.4 Latar a. Latar tempat

Latar tempat dina ieu dongéng nyaéta di Ciamis, Banjar jeung tatar Pajajaran. Hal ieu katitén tian cutatan di handap.

“…Abad ka-7 di Ciamis, Banjar.” (baris ka-1)

“….anu pangpentingna nyaéta ngalihkeun puseur kota karajaan ka wilayah sakitar Bogor. Ti dinya ngarana robah jadi Pakuan, nu katelah Pakuan Pajajaran.”


(51)

b. Latar waktu

Latar waktu dina ieu dongéng nyaéta waktu abad ka-7. Kagambarkeun dina cutatan ieu di handap.

“ Kurang leuwih abad ka-7 di Ciamis.” (baris ka-1)

4.3.2.3 Papatah dina Carita (Dongéng)

Papatah anu nyangkaruk dina carita Karajaan Banjarsari, nyaéta papatah kabudayaan anu patali jeung religi. Dina eusi carita éta ditétélakeun kapengkuhan Nyi Rara Subanglarang dina nyepeng agamana nyaéta Islam. Nyi Rara Subanglarang mere sarat nalika anjeunna rék dipigarwa ku Prabu Siliwangi. Ku sabab, nyaah jeung éta agama téh bias kaharti ku akal Prabu Siliwangi pindah kayakinan jadi muslim kalayan maca dua kalimah syahadat.

4.3.3 Dongéng “Cikal Bakal Kota Cirebon” 4.3.3.1 Téks

Nalika nincak umur déwasa, Pangéran Cakrabuana jeung istrina Indyhang Ayu sarta Ratu Mas Rarasantang, guguru agama Islam ka Syékh Nurul Jati di Gunung Jati Pasambangan Caruban. Tiluanana diajar ngeunaan Islam.Tina katekunanna maranéhna lulus. Saeungeus lulus guguru, Syékh Nurul Jati marentahkeun Pangéran Cakrabuana sangkan nyieun hiji dusun atawa dukuh sababaraha kilometer ka kalér.

Isukna, Pangéran Cakrabuana jeung adina Ratu Mas Rara Santang jeung Indyhang Ayu turun gunung, niat rék néangan tempat nu cocok keur mimitian


(52)

nyieun dusun. Saeunggeus nepi di daérah basisir, ti kajauhan katempo saurang pamayang nu ngarana Ki Gedheng Alang-Alang kakara turun tina parahuna.

“Leres Bapa nu nempatan ieu daérah ?”

“Leres, Jang. Saha tea ujang téh jeung bade kamana?” Tanya Ki Gedheng Alang-Alang.

Tuluy Pangéran Cakrabuana ngajelaskeun maksud kadatangana ka daérah basisir ieu. “Bapa, maksad abdi ka dieu téh badé ngabangun dusun, saluyu sareng kahoyong jeung pituduh guru abdi, Syékh Nurul Jati, “jawab Pangéran Cakrabuana.”

Dibantu Ki Gedheng Alang-Alang, Pangéran Cakrabuana mimiti ngabangun dukuh, sababaraha minggu ti dinya jadi imah anu bisa di tempatan. Isukanana, daratang murid-murid nu rék dialajar ngeunaan Islam, utamana ti daérah Galuh. Beuki lila murid Pangéran Cakrabuana beuki nambahan loba. Pangéran Cakrabuana ngarasa ngemplong sabab titah guruna geus dilaksanakeun. “Alus pisan, jadikeun tempat ieu keur ngajadikeun cikal bakal kota Cirebon,” ceuk Syékh Nurul Jati ka putra putrina Prabu Siliwangi. Dina poé jeung bulan nu geus tangtu, umpamana waé bulan Mulud, sok diayakeun acara iring-iringan nu mimitina ti Karaton Kanoman. Anéhna, iring-iringan éta kudu aya di tengah jalan, sanajan keur paamprok jeung angkutan, teu meunang ingkah, najan ka sisi.

Dina poé nu geus ditangtukeun, sakabéh murid Pangéran Cakrabuana ngababad leweung keur dijadikeun tempat nyieun tarasi jeung cai rebon atawa cai udang make pakakas halu jeung lumping batu. Lamun geus rengse, Pangéran Cakrabuana jeung muridna ngabangun hiji Surau jang kaperluan ibadah. Di dieu


(53)

cikal bakal kota Cirebon ngadeg. Saterusna dibangun Karaton Pakungwati, Karaton Kasepuhan jeung Masjid Agung Cirebon.

Beuki lila warta téh kadéngé ku warga di luar dusun éta. Maranéhna daratang ka dusun éta rék meuli tarasi jeung cai rebon keur nyieun petis. Ti saprak harita, dukuh téh katelah ku balarea Dukuh Cirebon, singkatan tina Cai jeung Rebon.

4.3.3.2 Analisis Struktur 4.3.3.2.1 Téma

Téma dina ieu dongéng nyaéta paréntah sangkan ngabakti ka kolot jeung nurut kana sagala titahanana. Ieu hal kagambar dina carita nyaéta nalika Pangéran Cakrabuana, Indyhang Ayu jeung Ratu Mas Rara Santang ngalaksanakeun parentah ti guruna, Syékh Nurul Jati keur ngabangun hiji dusun.

4.3.3.2.2 Galur

Galur dina ieu carita nyaéta galur mérélé. Runtuyan kajadianana kapedar ieu di handap.

1) Prabu Cakrabuana, Indhang Ayu jeung Ratu Mas Rara Santang guguru ka Syékh Nurul Jati;

2) Syékh Nurul Jati nitah katilu muridna sangkan nyieun hiji dusun.

3) Prabu Cakrabuana, Indyhang Ayu jeung Rara Santang panggih jeung Ki Gedheng Alang-Alang.


(54)

4) Dibantos Ki Gedheng Alang-Alang, Prabu Cakrabuana bisa ngadegkeun hiji dukuh.

5) Pangéran Cakrabuana jeung muridna ngababad leuweung keur dijadikeun tempat nyieun tarasi jeung cai rebon.

6) Pangéran Cakrabuana jeung muridna ngadegkeun hiji Surau keur ibadah. 7) Saterusna dibangun ruruntuyan karaton Pakungwati, karaton Kasepuhan

jeung Masjid Agung Cirebon.

8) Pendatang daratang ka dusun keur meuli tarasi jeung cai rebon. Ti harita éta dukuh téh ku balaréa katelah Dukuh Cirebon, singkatan tina cai jeung rebon.

4.3.3.2.3 Palaku

Nu jadi palaku dina ieu carita ny éta Syékh Nurul Jati, Prabu Cakrabuana, Indyhang Ayu, Rara Santang, Ki Gedheng Alang-Alang jeung warga di sabudeureunana.

1) Syékh Nurul Jati digambarkeun ngabogaan sipat welas asih jeung bijaksana. 2) Prabu Cakrabuana, Indyhang Ayu jeung Rara Santang ngabogaan sipat

wanian jeung patuh ka titah guruna.

“Bapa, maksad abdi ka dieu téh bade ngabangun dusun, saluyu sareng kahoyong jeung pituduh guru abdi, Syékh Nurul Jati….”


(55)

4.3.3.2.4 Latar a. Latar tempat

Latar tempat dina dongéng nyaéta di Gunung Jati, Pasambangan Cirebon, daérah pesisir jeung leuweung geledegan. Kagambarkeun dina cutatan ieu di handap.

“…Di Gunung Jati, Pasambangan Cirebon.”( baris ka-1) “…Sadatangna di daérah basisir.”(paragraph ka-2, baris ka-2)

“…Sakabéh murid Pangéran Cakrabuana ngababad leuweung.”(paragraph ka-5, baris ka-1).

b. Latar waktu

Latar waktu dina dongéng nyaéta waktos Pangéran Cakrabuana nincak déwasa. Digambarkeun dina cutatan ieu di handap.

“Nalika nincak déwasa…….”( baris ke-1)

4.3.3.3 Papatah dina Carita (Dongéng)

Papatah anu nyangkaruk dina carita rayat Cikal bakal Kota Cirebon nyaéta miaharep sangkan unggal jalma miboga maksud anu junun, sangkan hasil pamaksudan. Lamun keying tangtu pareng. Sakumaha anu digambarkeun dina ieu dongéng. Anu antukna bias nyieun dusun luyu jeung anu dipikahayang.


(56)

4.3.4 Dongéng “Silsilah Sunan Gunung Jati” 4.3.4.1 Téks

Ngadahupna Ratu Mas Rara Santang jeung Syarif Abdullah, dipaparin dua urang putra, nyaéta Syarif Hidayatullah jeung adina nu dingaranan Syarif Nurullah. Duanana gagah jeung pinter. Maranéhna hirup di lingkungan karaton anu kuat kana atikan Islamna ngabalukarkeun kaimanan jeung katakwaan kuat.

Saparantos Syarif Hidayatullah déwasa, ibuna menta ka manéhna sangkan daek indit ka Jawa Barat keur nyiarkeun Islam ka warga di sabudeureunana. “Upami éta kahoyong Ibunda, dinten ieu ogé Ananda bade angkat ka pulau Jawa. Tapi kedah kamana? Sabab Ananda teu acan kantos ka ditu.” Tuh ka ditu nepungan ka Uwa manéh di daérah Cirebon. Manéh moal hésé néanganan sabab Uwa manéh téh Kuwu di dukuh Cirebon. Meureun anakna ogé anyeuna mah geus gedé, teu béda jauh jeung manéh,” ceuk indungna.

Syarif Hidayatullah tuluy indit ka Cirebon. Dibaturan ku Uwana, nyaéta Pangéran Cakrabuana. Manéhna bisa ngislamkeun sakabéh urut kakuasaan Pajajaran. Saterusna tugas nu dipanggul ku Syarif Hidayatullah didukung ku para Wali séjéna nu ahirna ngabentuk déwan Walisongo nu dipimpin ku Sunan Ampél.

Saenggeus nyebarkeun Islam ka sakabéh daérah kakuasaan Pajajaran, Syarif Hidayatullah nu gelarna Sunan Gunung Jati dumuk di Karaton Pakungwati atawa Karaton Kasepuhan. Tuluy Sunan Gunung Jati jadi kapala Nagara di Jawa Barat sakaligus jadi Wali. Saparantosna sesepuh Walisongo wafat, nyaéta Sunan Ampel, para Wali ngukuhkeun Sunan Gunung Jati jadi pupuhu Walisongo.


(57)

Nu jadi dadasar para Wali sapakat keur ngangkat Sunan Gunung Jati jadi pupuhu ku sabab maranéhna ningali garis katurunan Sunan Gunung Jati.

Silsilah ti garis bapa, Kanjeng Nabi Muhammad Rasullullah SAW. 1. Siti Fatimah ( istri Sayidina Ali r.a )

2. Sayid Husein

3. Sayid Zaenal Abidin 4. Muhammad Bakir 5. Jafar Siddiq (di Irak) 6. Kasim Al Kamil 7. Idris

8. Albakir 9. Akhmad 10.Baidillah 11.Muhammad 12.Alwi

13.Ali Gayam 14.Muhammad 15.Alwi (di Mesir)

16.Abdul Malik (di India) 17.Amir

18.Jalaludin

19.Jamaludin (di Kamboja) 20.Nurul Alim


(58)

21.Syarif Abdullah ( istrina Rara Santang ) 22.Syarif Hidayatullah/ Sunan Gunung Jati.

Silsilah Sunan Gunung Jati ti garis ibu, Prabu Panji Kuda Lelean (Maharaja Adimulya).

1. Prabu Ciung Wanara 2. Ratu Dewi Purbasari 3. Prabu Lingga Hiang 4. Prabu Lingga Wesi 5. Prabu Wastu Kencana 6. Prabu Susuktunggal 7. Prabu Banyak Larang 8. Prabu Banyak Wangi 9. Prabu Mundingkawati 10.Prabu Anggalarang 11.Prabu Siliwangi

12.Ratu Mas Rara Santang

13.Syarif Hidayatullah/ Sunan Gunung Jati.

4.3.4.2 Analisis Struktur 4.3.4.2.1 Téma

Téma dina ieu dongéng nyaéta parentah sangkan ngabakti ka Ibu Bapa jeung nurut kana sagala paréntahna anu hadé, komo dina memperjuangkeun agama Islam salaku agama Rahmatan Lil’alamin.


(59)

4.3.4.2.2 Galur

Galur dina ieu carita nyaéta galur mérélé. Runtuyan kajadianana nyaéta kapedar ieu di handap.

1) Syarif Hidayatullah mangrupa putra hasil ngadahupna Rara Santang jeung Syarif Abdullah;

2) Saatosna Syarif Hidayatullah déwasa, ibuna menta ka anjeunna sangkan indit ka Jawa Barat pikeun nyebarkeun Islam ka warga nu aya di sbudeureunana;

3) Syarif Hidayatullah tuluy indit ka Cirebon;

4) Dibaturan ku Uwana nyaéta Pangéran Cakrabuana, manéhna bisa ngislamkeun sakabéh kakuasaan Pajajaran;

5) Saparantosna Sunan Ampel wafat, teras Sunan Gunung Jati diangkat jadi pupuhu Walisongo.

4.3.4.2.3 Palaku

Nu jadi palaku dina ieu dongéng nyaéta Syarif Hidayatullah/ Sunan Gunung Jati, Rara Santang, Syarif Abdullah, Syarif Nurullah, Prabu Cakrabuana, jeung Wali Songo.

1) Syarif Hidayatullah kagambarkeun ngabogaan sipat soleh jeung bakti ka sepuhna, ogé ngagaduhan katakwaan nu kiat ka Allah Swt. Kagambarkeun dina cutatan ieu di handap.


(60)

“Syarif Hidayatullah tuluy indit ka Cirebon. Dibaturan ku Uwana, nyaéta Pangéran Cakrabuana. Manéhna bisa ngislamkeun sakabéh urut kakuasaan Pajajaran…..”

2) Rara Santang kagambarkeun miboga sipat pengkuh kana agama jeung katakwaan anu kiat ka Allah Swt sareng nyaah pisan ka putra – putrana. 3) Prabu Cakrabuana ngagaduhan sipat bijaksana jeung welas asih.

“Dibaturan ku Uwana, nyaéta Pangéran Cakrabuana. Manéhna bisa ngislamkeun sakabéh urut kakuasaan Pajajaran….”

4.3.4.2.4 Latar a. Latar tempat

Latar tempat dina ieu carita nyaéta di lingkungan karaton, Jawa Barat jeung Cirebon. Digambarkeun dina cutatan ieu di handap:

1) “Maranéhna hirup di lingkungan karaton…” (baris ka-2) 2) “…Kersa angkat ka Jawa Barat.”(paragraph ka-2, baris ka-1) 3) “…Uwa manéh di daérah Cirebon.”(paragraph ka-2, baris ka-3) b. Latar waktu

Latar waktu dina dongéng nyaéta nalika Syarif Hidayatullah déwasa. Digambarkeun dina cutatan ieu di handap:


(61)

4.3.4.3 Papatah dina Carita (Dongéng)

Papatah budaya anu nyangkaruk dina ieu carita rayat téh nyaéta nu patali jeung réligi. Dina éta carita ditétélakeun ajaran agama Islamla anu disebarkeun ku Sunan Gunung Jati salaku salah sahiji wali songo di pulo Jawa. Lian ti éta, ditétélakeun ogé silsilah Sunan Gunung Jati ti luluhurna.

4.3.5 Dongéng “Mengemban Tugas Yang Semakin Besar” 4.3.5.1 Téks

Saparantos Prabu Siliwangi wafat, tahta karajaan Pajajaran dipaparinkeun ka Pangéran Cakrabuana, Anjeunna linggih di karaton Pakungwati. Ngan rupina Pangéran Cakrabuana teu ngagaduhan niat janten raja Pajajaran. mangkana dina taun 1479 M, Pangéran Cakrabuana nyerahkeun kakuasaanna ka Sunan Gunung Jati.

“Anaking, anyeuna aki manéh Prabu Siliwangi geus wafat. Salaku putra mahkota, Uwa kudu jadi raja di Pajajaran. Ngan Uwa geus teu hayang kana dunya jeung kadudukan. Kusabab kitu, kumaha lamun manéh bae nu jadi raja Pajajaran, sakaligus ngabawahan Cirebon. Salain manéh masih ngora, salaku saurang sunan leuwih merlukeun kakuasaan ieu, ambeh Islam bisa babari dianut warga . Kulantaran kadudukan saurang raja mangrupa jabatan paling penting jeung terhormat di dunia ieu,”Ceuk Pangéran Cakrabuana nu harita umurna geus kolot.

“Mangga atuh upami kitu mah. Ayeuna Cirebon mutlak jadi karajaan Islam kaasup sakabéh bawahan Pajajaran. Abdi teu cangcaya deui pikeun nyebarkan Islam kasakabéh daérah di Jawa Barat. Mudah-mudahan Allah Swt


(62)

salawasna nangtayungan jeung ngarido’an perjuangan urang saléréa ieu,” jawab Sunan Gunung Jati. Salaku bukti lamun Pajajaran geus dihijikeun jeung Cirebon, Sunan Gunung Jati mawa hiji balai gede, di tengahna aya singgasana tempat Prabu Siliwangi ngayakeun rapat jeung para gegeden Pajajaran jeung wiku.

Pikeun ngalengkapan misina, Sunan Gunung Jati angkat ka negeri Cina. Sunan Gunung Jati linggih di hiji kota nu deukeut jeung Peking. Waktu harita anu jadi kaisar nyaéta Hong Gie atawa disebut ogé kaisar Ong Kian. Salila di ditu Sunan Gunung Jati maké sandiasma,nyaéta Insan Kamil. Kaisar Hong Gie wanoh Sunan Gunung Jati lain salaku ulama tapi salaku tabib.

Dina hiji waktu, Sunan Gunung Jati atawa Insan Kamil dipénta datang kaisar di Istanana. Sang kaisar maksudna rék nguji kamampuan tabib nu salila ieu dipiwanoh boga kaistimewaan.

“Anjeun nu ngaranna Insan Kamil?” ceuk kaisar. “Sumuhun.manawi aya nu tiasa dibantos?”

“Kieu tabib. Urang boga dua urang anak parawan. Ceuk anjeun naha bener kadua anak kaula téh keur hamil?” ceuk Kaisar bari mawa dua budak awéwéna.

Sakedap Sunan Gunung Jati ngado’a ka hadirat Allah SWT pinuh ku khusyuk. Tuluy Sang Sunan neuteup patuangan dua budak awéwé Kaisar.

“Numutkeun abdi, kadua putri Baginda nuju hamil ngora,” jawab Sunan Gunung Jati tenang.

“Tebakan manéh salah, tabib. Anu hamil ngan salah saurang . Sedengkeun putri Ong Tien mah gadis kénéh. Gening kakuatan anjeun teu sasakti nu ku Kaula dibayangkeun,” ceuk Kaisar bari adigung.


(63)

“Hapunteun Baginda, abdi teu sangeunahna nebak. Sadayana numutkeun pituduh Nu Kawasa.”

“Dasar tukang bohong! Geura indit siah manéh ti dieu!” Teu kungsi lila Sunan Gunung Jati ngantunkeun istana sareng teras wangsul ka tanah Jawa.

Nanging gening hate putri Ong Tien kapincut ku Sunan Gunung Jati. Sareng tilu sasih satuluyna putri Ong Tien rewas yén anjeunna nuju hami,l padahal statusna masih kénéh gadis. Geger sakabéh Istana. Sajeroning rewas luar biasa, Kaisar ngaraos salah tetela gening tebakan Sunan Gunung Jati téh teu salah.

Kaisar buru-buru ngarundingkeun jeung para penaséhatna. Nu ahirna diputuskeun ngintunkeun putri Ong Tien ka Jawa kanggo ditikahkeun sareng Sunan Gunung Jati. Saparantos pendak sareng Sunan Gunung Jati, putri Ong Tien sareng para pengiringna suka rela lebet Islam. Putri Ong Tien teras gentos nami janteun Ratu Mas Rarasumanding. Ngadahupna dilaksanakeun di Luragung.

Saatos nikah salami opat taun, Ratu Mas Rarasumanding pupus. Tina hasil kawina Sunan Gunung Jati teu ngagaduhan putra, nanging, sateuacan ngantunkeun Ratu Mas Rarasumanding ngangkat putra, putra ti Raja Luragung. Orok pameugeut éta kenging ngalironan sareng bokor kuningan anu dicandakna ti negeri Cina. Pikeun ngingngeut asal mula éta orok , dipasihan nami Dipati Kuningan.


(1)

110 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dina kumpulan buku carita rayat Cirebon salaku sumber data dina skripsi ini aya 17 judul carita nyaéta: “Syékh Subakir”, “Karajaan Banjaransari”, “Cikal Bakal Kota Cirebon”, “Silsilah Sunan Gunung Jati”, “Mengemban Tugas Yang Semakin Besar”, “Wafatnya Prabu Siliwangi”, “Pangéran Cakrabuana”, “Lahirnya Kesultanan Demak”, “Jatuhnya Raja Galuh”, “Bergabungnya Talaga dan Majalengka”, “Indramayu bergabung dengan Cirebon”, “Taman Air Sunyaragi”, “Makam Jabang Bayi”, “Sumur Jalatunda Tegangpati dan Keprabonan”, “ Maulid Nabi dan Acara Panjang Jimat”.

Struktur anu dipedar dina ieu panalungtikan nyaéta téma, galur, palaku jeung latar. Sacara umum ltéma dina kumpulan carita rayat Cirebon mangrupa téma sosial jeung kapercayaan atawa religi, di jerona aya pesen moral anu bisa dibawa pikeun bekel, alur anu digunakeun alur maju, sedengkeun tokoh nu dicaritakeun didominasi ku Sunan Gunung Jati salaku tokoh sentral dina berdirina Kasultanan Cirebon, latar caritana nyaéta Kasultanan Cirebon, Kuningan, Majalengka, Indramayu sarta tanah pakuan Pajajaran.

Tina sampel nu aya dina Kumpulan Carita Rayat Cirebon, dumasar kana analisis struktur jeung papatah anu aya dina unggal carita bisa dicindekeun kieu:


(2)

1) Struktur Carita Rayat Cirebon a) Téma

Luyu jeung Carita Rayat anu didadarkeun dina sempalan-sempalan carita di luhur nyaéta lolobana patali jeung kaagamaan-religi, anu museur kana masalah syiar agama Islam di daerah Cirebon jeung sabudeureunana. Nyabit-nyabit perkara Wali Songo di Jawa Sunan Gunung Jati.

b) Palaku

Palaku dina sempalan Carita Rayat Cirebon téh nyaéta sabudeureun jalama-jalma anu miboga pangaruh kana nyiarkeun agama Islam nalika asup ka pulo Jawa. Najan éta ogé aya anu jadi puseur palakuna nyaéta Prabu Siliwangi salaku pamingpin karajaan Tarumanagara (karajaan Hindu pangkolotna di pulo Jawa) jeung Sunan Gunung Jati (salaku wali songo nu miboga pancén nyiarkeun agama islam di pulo Jawa utamana Jawa Barat).

c) Galur

Galur anu kapidangkeun dina sampel Carita Rayat Cirebon réréana make galur mérélé. Kalayan carita ngawanohkeun heula palaku jeung kajadian, medar kajadian, klimaks, tuluy dipungkas ku anti klimaks dipungkas ku ngaréngsékeun kajadian.

2) Papatah Budaya dina Carita Rayat Cirebon

Luyu jeung sampel Carita Rayat Cirebon, papatah budaya anu kapanggih dina éta carita lolobana patali jeung system Religi. Dina Carita ditétélakeun sangkan kaom muslim bisa nyiarkeun agama Islam kalayan kaffah luyu jeung ajaran Al-qur’an jeung Al-hadist. Sangkan bagja dunya ahérat.


(3)

112

5.2 Saran

Sangkan hasil panalungtikan leuwih mangpaat, ditepikeun sababaraha saran.

1) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pikeun ngajarkeun dongéng di sakola, utamana keur di wewengkon Cirebon, sangkan murid leuwih apal kana budaya daérahna sorangan.

2) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun salah sahiji tatapakan pikeun panalungtikan satuluyna.

3) Dina skripsi ieu hayu urang diajar keur leuwih mikawanoh kabudayaan daérah urang sewang-sewangan sarta terus ngupayakeun keur ngajaga jeung ngamumulé.


(4)

113

DAFTAR PUSTAKA

Ash-Shiddieq, Hasbi,TM. 1988. Tafsir Al-Bayan. Bandung: Al Maarif. Atmodarminto. 1955. Babad Demak. Yogyakarta: Pesat.

De Graaf,H.J, Pigeaud,Th.G.Th. 1986. Kerajaan-Kerajaan Islam di Jawa. Jakarta: Grafiti Pers.

Effendi, Zarkasih, H. 1961. Unsur Islam dalam Pewayangan. Jakarta: Alfa Daya. Fatah, Nur Amin. 1994. Metode dakwah walisongo. Batang. Pekalongan: C.V. Bahagia.

Hamdan Hs, Harnaeni. Sang Penjaga Merapi. Citra Budaya.

Husein, sayid AL-Murtadho, H. 1999. Keteladanan dan Perjuangan Walisongo.Bandung: Pustaka Setia.

Iskandar, Yosep. 1990. Sejarah budaya Jawa Barat. Bandung: Geger Sunten. Khalid, Abu M.A. Kisah Walisongo. Surabaya: Terbit Terang.

Nurdi, Herry. 2003. Risalah Islam Nusantara. Majalah Sabili, No.9, Th.X, Edisi Sejarah Emas Muslim Indonesia.

Pemerintah Kabupaten Cirebon. 2005. Asal-usul Desa di Kabupaten Cirebon bagian pertama. Cirebon: Badan Komunikasi Kebudayaan dan

Pariwisata Kabupaten Cirebon.

Pemerintah Kabupaten Cirebon. 2005. Asal-usul Desa di Kabupaten Cirebon bagian kedua. Cirebon: Badan Komunikasi Kebudayaan dan Pariwisata


(5)

114

Pemerintah Kabupaten Cirebon. 2007. Asal-usul Desa di Kabupaten Cirebon bagian kelima. Cirebon: Badan Komunikasi Kebudayaan dan Pariwisata

Kabupaten Cirebon.

Tandanagara, K.R.T. 1959. Darmagandul. Solo: Sadu-Budi.

Poédjosoebroto, R. 1978. Wayang Lambang Ajaran Islam. Jakarta: Pradnya Paramita.

Soekmono, Drs.R. 1973. Pengantar Sejarah Kebudayaan Indonesia. Yogyakarta: Yayasan Kanisius.

Sulendraningrat, P.S. 1985. Sejarah Cirebon. Jakarta: Balai Pustaka. Wiryapanitra. 1950. Babad Tanah Jawa. Solo: Sadu-Budi.


(6)

LAMPIRAN

Peta Kota Cirebon