S BD 1105548 Chapter1

1

BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional)
antaranggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat,
2004, kc. 6). Nurutkeun Tarigan (2009, kc. 3) manusa ngagunakeun basa salaku
alat komunikasi pital dina kahirupan sapopoé, basa téh milik manusa, basa nya éta
salah sahiji ciri pangbéda nu utama antara umat manusa jeung mahluk hirup
lianna. Hartina, basa téh dijadikeun alat pikeun ngébréhkeun kahayang jeung
maksud ka jalma lian dina kahirupan sapopoé. Dina penjelasan Pasal 36 UUD
1945 (Sumantri, 1993, kc. 5) salah sahiji basa anu aya di nagara Indonesia téh
basa Sunda anu kaasup kana basa daérah nu dipaké, dipiara, tur dimekarkeun ku
masarakat basana. Ku kituna, nagara ogé miara jeung ngajén kana basa Sunda anu
mangrupa salah sahiji kabudayaan nasional.
Pedaran di luhur nétélakeun yén basa Sunda téh boga kalungguhan salaku
basa daérah nu jadi cicirén bangsa sarta dipaké jadi alat komunikasi di masarakat
nu ngagunakeun basana. Basa Sunda miboga pancén jeung fungsi nya éta (1)
lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (idéntitas) masarakat

Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4)
pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar pikeun
ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, (6) alat
pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Sudaryat, Prawirasumantri, jeung
Yudibrata, 2011, kc. 2).
Niténan pancén jeung fungsi basa Sunda nu diébréhkeun di luhur, salaku
urang Sunda kudu miara jeung maké basa Sunda sangkan henteu kalindih ku basa
séjén. Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji,
mangrupa tahapan diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatanna lumangsung
sacara lisan. Tahap kadua, mangrupa kagiatan diajar maca jeung nulis, kagiatanna
lumangsung ngaliwatan tulisan. Ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis téh
Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2

mangrupa kaparigelan basa anu silih pangaruhan antara kaparigelan nu hiji jeung
nu séjénna.

Fungsi utama basa téh nya éta alat komunikasi pikeun nepikeun pesen anu
ngawengku eusi pikiran, rasa, jeung kahayang ti hiji jalma ka jalma séjénna boh
sacara lisan atawa sacara tulisan. Basa sacara tulisan bisa dipaké dina wangun
fiksi jeung wangun non fiksi. Basa anu dipaké dina wangun fiksi tangtuna aya
dina karya sastra.
Basa dina karya sastra mangrupa wujud ékspresi pangarang anu tujuanna
nepikeun amanat tina carita ka anu maca. Patalina basa jeung sastra bisa katitén
ku ayana runtuyan kecap-kecap anu ngawangun jalan carita. Kecap mangrupa
bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu
(Sudaryat, spk., 2011, kc. 48). Élmu anu ngulik ngeunaan kecap, kandaga kecap,
jeung lélsikon nya éta léksikologi. Sedengkeun tata basa (gramatika) kaasup
widang élmuning basa anu ngulik tata kecap jeung kalimah. Tata kecap minangka
salah sahiji bagéan tina tata basa, maluruh jeung medar adegan kecap, cara
ngawangunna, jeung warna kecap.
Tata kecap mangrupa bagian tina tata basa anu maluruh ngeunaan dua hal
utama nya éta wangun kecap jeung warna kecap. Wangun kecap téh wujud kecap
anu disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku
hiji morfém bébas disebut kecap salancar, kecap anu diwangun ku dua morfém
atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa jembar. Sedengkeun warna kecap
mangrupa bagian tina kalimah anu jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan

frasa jeung klausa.
Warna kecap téh dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén.
Hal ieu dumasar kana sipat, fungsi sarta paripolah dina kalimah. Anu kaasup kana
kecap lulugu nya éta kecap barang (nomina ), kecap pagawéan (vérba ), kecap sipat
(adjéktiva ), kecap bilangan (numeralia ). Dina wanda kecap barang (nomina )
diwincik jadi opat subwarna nya éta kecap sesebutan, kecap sulur, kecap panuduh,
jeung kecap pananya.
Dumasar kana pedaran di luhur panalungtik boga karep pikeun ngaanalisis
ngeunaan kecap sulur atawa kecap gaganti anu dipaké nyuluran kalungguhan
kecap barang. Kecap sulur mangrupa salah sahiji warna kecap basa Sunda anu
Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3

bisa kapanggih dina karya sastra. Panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan ajar
pikeun SMP. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep siswa leuwih maham kana
harti atawa eusi anu aya dina karya sastra contona carpon. Lian ti éta pangajaran

nurutkeun kurikulum 2013 nungtut siswa sangkan bisa nyangkem eusi bacaan
dina karya sastra jeung bisa ngulik kabasaana hususna basa Sunda.
Carpon mangrupa salah sahiji sumber pangajaran pikeun SMP kelas VIII.
Kecap sulur nu aya dina carpon téh bisa dimangpaatkeun pikeun alternatif bahan
ajar sarta bisa digunakeun ku siswa dina ngébréhkeun eusi carpon, éta hal luyu
jeung KIKD kurikulum 2013 nya éta KI 8.4 Mencoba, mengolah, dan menyaji
dalam ranah konkret (menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan
membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan
mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama
dalam sudut pandang/teori. Jeung KD 8.3.8 mengidentifikasi dan menganasilis
Carpon sesuai dengan kaidah-kaidahnya , nu aya dina silabus kelas 8 (Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 19).
Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda geus aya nu nalungtik,
di antarana waé, Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia
pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP (Evi Nopianti Gantika, 2002);
Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan
Pangajaran Basa Sunda di SMP (Ida Yuliani, 2005); Analisis Kecap Sulur dina
Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP (Kania


Nurlatifah, 2013).
Panalungtikan ngeunaan kecap sulur perlu dilakukeun sangkan jadi
pangdeudeul élmu pangaweruh ngeunaan kabasaan jeung pangdeudeul bahan ajar
basa Sunda. Lantaran bahan ajar ogé dijieun dumasar kana kamekaran élmu
pangaweruh jeung téhnologi komunikasi anu leuwih maju.
Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta lian ti
béda sumber datana ieu panalungtikan sacara husus nganalisis ngeunaan kecap
sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana anu kapanggih dina karya
sastra wangun prosa nya éta carpon. Ieu panalungtikan nganalisis kecap sulur dina
buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Ieu
kumpulan carpon dipilih lantaran judul utamana matak ngirut sarta panasaran
Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

sangkan hayang maca. Ku kituna, ieu panalungtikan dibéré judul “Kecap Sulur
dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun

Bahan Ajar di SMP”.

1.2 Rumusan Masalah
Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur sintaksis pangleutikna
tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa. Warna kecap téh
dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Anu kaasup kecap
lulugu nya éta kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap bilangan.
Kecap barang dibagi jadi opat subwarna salah sahijina kecap sulur atawa gaganti,
kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Kecap
sulur téh bisa digunakeun sacara lisan atawa tulisan dina basa Sunda. Sacara
tulisan bisa kapanggih dina karya sastra contona carpon. Masalah nu aya dina ieu
panalungtikan diwatesanan kana warna kecap anu kaasup kana wanda kecap
barang nya éta kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’na katut
patalina kecap sulur dina carpon Ma Inung Néwak Cahaya jeung bahan ajar basa
Sunda di SMP.
Ieu panalungtikan medar ngeunaan kecap sulur. Aya sawatara masalah anu
dirumuskeun patali jeung kecap sulur nu disusun dina wangun pertanyaan ieu di
handap.
1) Kecap sulur naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak
Cahaya Karya Mamat Sasmita?


2) Kumaha wangun, fungsi, jeung harti kecap sulur basa Sunda dina kumpulan
carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita?
3) Kumaha saupama kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya
Karya Mamat Sasmita dijadikeun bahan ajar di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung rumusan masalah di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan nya
éta pikeun nganalisis ngeunaan kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung
Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita dumasar kana wangun, fungsi jeung

ma’nana. Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun
Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5

ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak

Cahaya Karya Mamat Sasmita, fungsi jeung ma’na kecap sulur anu kapanggih

dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun
bahan ajar ngeunaan kecap sulur di SMP. Ari déskripsina ngawengku:
1) Jumlah kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak
Cahaya Karya Mamat Sasmita;

2) Wangun, fungsi jeung ma’na kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung
Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita; jeung

3) Bahan ajar kecap sulur dina maca carpon di SMP kelas VIII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat téoritis
jeung mangpaat praktis.

1.4.1

Mangpaat Tioritis


Sacara téoritis, anu dipiharep tina ieu panalungtikan nya éta:
1) Ngeuyeuban tiori tata basa nu aya, hususna ngeunaan kecap sulur.
2) Pikeun ngajembaran conto-conto kecap sulur.
3) Bisa dijadikeun tatapakan dinya nyusun panalungtikan séjénna ngeunaan
kecap sulur.

1.4.2

Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:
1) Pikeun guru bisa ngaronjatkeun atikan pangajaran basa Sunda utamana dina
pangajaran kecap sulur.
2) Pikeun siswa bisa méré pangaweruh ngeunaan kecap sulur.
3) Pikeun panalungtik boga pangalaman langsung nganalisis kecap sulur dina
karya sastra.
4) Pikeun lembaga, mangrupa sumbangan ilmiah pikeun panaratas panalungtikan
ngeunaan kecap sulur;
5) Pikeun nu maca, nambahan pangaweruhna ngeunaan kecap sulur sangkan
pangaweruhna dina widang katatabasaan leuwih jembar deui.

Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

1.5 Sistematika Tulisan
Ieu di handap diébréhkeun ngeunaan sistematika tulisan dina ieu
panalungtikan anu disusun dina lima bab.
Bab I mangrupa bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina
ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan.
Bab II ulikan tiori, eusina ngeunaan kecap sulur dina basa Sunda katut
patalina kecap sulur pikeun bahan ajar di SMP, panalungtikan saméméhna, jeung
kalungguhan tioritis.
Bab III mangrupa métode panalungtikan anu eusina ngeunaan desain
panalungtikan, data jeung sumber data panalungikan, instrumén panalungtikan,
téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.
Bab IV ngawengku hasil panalungtikan jeung pedaran anu eusina ngeunaan

kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya katut
bahan ajar ngeunaan kecap sulur jeung analisis kecap sulur dumasar kana wangun,
fungsi jeung ma’nana.
Bab V eusina kacindekan tina sakabéh pedaran tina hasil panalungtikan sarta
ditambahan saran sangkan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna.

Resna Setiawati, 2015
KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA
PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu