S BD 1105548 Chapter2

(1)

BAB II

ULIKAN PUSTAKA

Ieu bab medar ngeunaan ulikan tiori perkara kecap sulur katut patalina jeung bahan ajar basa Sunda pikeun SMP, panalungtikan saméméhna ngeunaan kecap sulur, jeung kalungguhan tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan.

2.1Tiori Kecap Sulur jeung Bahan Ajar

Tiori-tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku kecap, kecap sulur, jeung bahan ajar.

2.1.1 Kecap

2.1.1.1 Wangenan Kecap

Aya sawatara wangenan kecap nu ditétélakeun ku para ahli basa di antarana waé: Bloomfield dina Hernawan (2009, kc. 9) nétélakeun yén nu disebut kecap ték nya éta wangun bébas anu lain frasa: biasana disebut ogé wangun bébas anu teu diwangun ku dua atawa leuwih wangun bébas anu pangleutikna.

Wirjosoedarmo (1984, kc. 86) nétélakeun kecap mangrupa wangun anu boga harti léksikal jeung bisa mandeg mandiri dina kalimah.

Sudaryat, spk. (2011, kc. 48) nétélakeun yén kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu. Sedengkeun Tamsyah (2010, kc. 606) dina kamus lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda méré wangenan kecap téh bagian kalimah nu bisa mandeg mandiri sarta ngandung pangartian anu tangtu.

Chaer (2008, kc. 5) nétélakeun kecap dina sintaksis mangrupa bagian pangleutikna anu bisa nempatan salah sahiji fungsi sintaksis (subjek, predikat, objek atawa katerang); dina morfologi mangrupa bagian panggedéna diwangun ngaliwatan salah sahiji prosés morfologi (afiksasi, reduplikasi, komposisi, akronimisasi, jeung konversi).

Kridalaksana dina Hernawan (2009, kc. 10) méré wangenan kecap dumasar kana unsur pangwangunna. Kecap nya éta morfém atawa kombinasi morfém anu mangrupa wangun pangleutikna tur bisa diucapkeun jadi wangun bébas; wangun


(2)

basa nu bisa mandeg mandiri, diwangun ku hiji atawa gabungan sababaraha morfém. Ku kituna, pedaran ngeunaan kecap teu bisa leupas tina pedaran morfém, sabab kecap diwangun ku hiji atawa sababaraha morfém tur bisa mandeg mandiri dina omongan. Morfém bébas anu bisa mandeg mandiri dina omongan disebut kecap. Sakabéh kecap téh mangrupa morfém, tapi teu sakabéh morfém mangrupa kecap.

Tina sawatara pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén kecap nya éta bagian kalimah anu diwangun ku hiji atawa sababaraha morfém sarta bisa mandeg mandiri jeung miboga harti nu tangtu.

2.1.1.2 Sipat Kecap

Kecap téh mibanda sipat kompleméntér. Ku kituna, upama salah sahiji prinsip teu bisa dilarapkeun kana hiji wangun, éta wangun téh lain mangrupa kecap (Hernawan, 2009, kc. 11). Sipat kompleméntér dina kecap téh nya éta kecap mangrupa wangun katatabasaan bébas pangleutikna. Kecap mangrupa wangun basa nu mibanda adegan fonologis jeung adegan semantis. Kecap mangrupa wangun basa anu mibanda stabilitas fonologis anu angger. Kecap mangrupa wangun katatabasaan anu mibanda mobilitas sintagmatis, nya éta 1) bisa dipisahkeun atawa dipindahkeun tempatna, 2) bisa dipatuturkeun tempatna, 3) bisa disuluran atawa disubstitusian, jeung 4) bisa mandeg mandiri dina omongan. Sangkan leuwih jéntré kecap mibanda sipat mobilitas sintagmatis di handap aya contona:

1) Kecap bisa dipisahkeun atawa dipindahkeun tempatna. (01) Tuti mésér acuk lebaran kamari.

(02) Tuti kamari mésér acuk lebaran.

(03) Kamari Tuti mésér acuk lebaran.

2) Kecap bisa dipatuturkeun tempatna.

(04) Imahna loba.


(3)

3) Kecap bisa disuluran atawa disubstitusian. (06) Kuring melak sawo.

(07) Kuring panén sawo. (08) Kuring dagang sawo.

4) Kecap bisa mandeg mandiri dina omongan.

(09) Réngsé?

(10) Halik!

(11) Sumedang.

2.1.1.3 Wangun Kecap

Nurutkeun Wirjosoedarmo (1984, kc. 88) wangun kecap téh aya lima rupa di antarana waé:

1) Kecap salancar (tunggal), nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém.

2) Kecap jembar (kompleks), nya éta kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih.

3) Kecap asal, nya éta kecap nu can ngalaman parobahan wangun, mangrupa wangun nu pangleutikna tina kecap jembar (kompleks).

4) Kecap dasar, nya éta kecap nu jadi dasar wangun kecap jembar (kompleks). 5) Kecap asal nu dirarangkénan, mangrupa kecap dasar nu ditambahan ku

rarangkén hareup, tengah, jeung tukang.

Nurutkeun Sudaryat, spk. (2011, kc. 58) minangka bagian kalimah pangleutikna, kecap miboga wangun atawa adegna nu tangtu. Ari wangun atawa adegan kecap téh mangrupa wujud kecap disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap

salancar, ari nu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan

atawa jembar. Kecap rékaan dina basa Sunda ilaharna sok diwincik jadi kecap rundayan, kecap rajékan, kecap katétan, jeung kecap wancahan. Sangkan leuwih jéntré titénan bagan wangun kecap di handap.


(4)

Bagan 2.1 Wangun Kecap

(Sudaryat, spk., 2011, kc. 59)

a. Kecap Salancar

Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anu sok disebut léksém salancar, tanpa parobahan nanaon (Sudaryat, spk., 2011, kc. 59). Prosés ngawangun kecap salancar disebut ngarékamaya (derivasi zero). Tina jumlah engangna aya rupa-rupa kecap salancar, di antarana:

1) kecap salancar saengang, contona: ah, dug, jung, jig, jrut. 2) kecap salancar dua engang, contona: ucing, diuk, korsi.

3) kecap salancar tilu engang, contona: awéwé, olohok, teureugeus. 4) kecap salancar opat engang, contona: barakatak.

5) kecap salancar lima engang, contona: bolokotondo.

b. Kecap Rékaan 1) Kecap Rundayan

Numutkeun Sudaryat, spk. (2011, kc. 59) kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkénan (afiksasi). Dumasar kana wanda rarangkénna, kecap rundayan bisa diwangun ku lima cara, nya éta ngararangkénan hareup (préfiksasi), ngararangkénan tengah (infiksasi), ngararangkénan tukang (sufiksasi), ngararangkénan barung (konfiksasi), jeung ngararangkénan bareng (ambifiksasi). Contona:

Kecap salancar Kecap rékaan

Kecap rundayan Kecap rajékan Kecap kantétan Kecap wancahan Wangun Kecap


(5)

baca + di- dibaca (rarangkén hareup)

tulis + -in-  tinulis (rarangkén tengah).

2) Kecap Rajékan

Sudaryat, spk. (2011, kc. 60) nétélakeun yén kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan disebut ngarajék (réduplikasi). Aya rupa-rupa kecap rajékan salah sahijina rajékan dwilingga nu kaasup dwimurni (nyebut dua kali wangun dasarna) contona: ibu-ibu.

3) Kecap Kantétan

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua ciri utama, nya éta adegan (struktur) jeung ciri harti (sémantis). Contona: seuri konéng.

4) Kecap Wancahan

Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah

(abréviasi). Contona:

Kecap wancahan (singgetan) Sakola Dasar SD Kecap wancahan (tingkesan) déwék mah dékah.

Cindekna, wangun kecap téh bisa dipasing-pasing dumasar kana morfém nu ngawangunna, aya nu disebut kecap salancar jeung kecap rékaan (rundayan, rajékan, kantétan jeung wancahan).

2.1.1.4 Warna Kecap

Dina leunjeuran kalimah, kecap bisa dipasing-pasing jadi rupa-rupa hal, anu ilaharna disebut warna kecap. Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur


(6)

sintaksis pangleutikna tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangun frasa jeung klausa. Mun aya kecap barang, upamana, aya frasa barang jeung klausa barang (Sudaryat, spk., 2011, kc. 64).

Nurutkeun Chaer (2008, kc. 64) kecap téh bisa dipasing-pasing lantaran miboga karakter, ciri, atawa sipat nu béda. Sacara tradisional kecap-kecap dipasing-pasing dumasar kritéria semantik jeung kritéria fungsi. Kritéria semantik dipaké pikeun ngelompokkeun kelas verba, kelas nomina, jeung kelas ajektiva. Kritéria fungsi dipaké pikeun kelas preposisi, konjungsi jrrd.

Warna kecap nya éta papasingan kecap dumasar kana sipat, fungsi, katut paripolahna dina kalimah (Ramlan dina Hernawan, 2009, kc. 17). Sacara fungsional paripolah kalimah ngawengku:

1) Posisi wangun katatabasaan, boh anu mungkin boh nu nyata dina wangun katatabasaan nu leuwih jembar. Upamana baé; kecap pangantét (préposisi) nya éta kecap-kecap anu salilana aya di saheulaeun nomina dina tatarn frasa: di Bandung.

2) Kamungkinan bisa henteuna wangun katatabasaan séjén dina kontruksi frasa. Upamana baé: kecap barang (nomina) nya éta kecap nu bisa dibarengan atawa dipiheulaan ku kecap bilangan (numera).

3) Kamungkinan wangun katatabasaan disubstitusian ku/kana wangun katatabasaan séjénna. Upamana waé: kecap sipat (ajektiva) nya éta kecap-kecap anu bisa ngaganti kalungguhan kecap-kecap baraseuh dina kalimah

“Papakéanana baraseuh”.

4) Fungsi sintaksis, boh fungsi utama kayanig: jejer, caritaan, objek, panglengkep, katerangan, boh fungsi panambah kayaning: koordinatif, subordinatif, atributif, apositif. Upamana waé: sagala kecap anu bisa nyicingan fungsi jejer jeung caritaan, kagolong kana nomina.

5) Paradigma sintaksis kayaning: aktif-pasig, déklaratif, imperative. Upamana waé: sagala kecap anu dsarna bida diimperatifkeun kagolong kana vérba. 6) Infléksi. Upamana: kecap-kecap anu ngandung konfiks paN—an kagolong

kana nomina, saperti pamoyanan, panyawahan, panaékan (Kridalaksana dina Hernawan, 2009, kc. 42).


(7)

Umumna, tata basa Sunda nyieun papasingan warna kecap dumasar kana babagian warna kecap ti Aristoteles, papasingan warna kecapna téh sok disebut warna kecap tradisional. Ari salah sahiji sipat tata basa tradisional téh nya éta analisisna dumasar kana filsafat jeung harti. Di handap manngrupa papasingan warna kecap nurutkeun tata basa tradisional:

Coolsma dina Hernawan (1904) ngabagi warna kecap jadi salapan golongan. 1) Kecap Pagawéan, contona: ngedeng, ceurik, diuk;

2) Kecap Barang, contona: jalma, sato, bibi, raja; 3) Kecap Bilangan, contona: hiji, dua, tilu, salapan;

4) Kecap Gaganti, anu ngawengku a) kecap gaganti persona, b) kecap gaganti milik, c) kecap gaganti réplésif, d) kecap gaganti panuduh, e) kecap gaganti pananya, f) kecap gaganti teu tangtu, jeung g) kecap gaganti relative, contona:

kuring, bapana, indit sorangan, ieu, naha, naon, nu (anu);

5) Kecap panambah, contona: di dieu, kamari, ayeuna; 6) Kecap pangantét, contona: di Bandung, ka cai; 7) Kecap panyambung, contona: malah, lamun, jeung;

8) Kecap panyeuluk, ngawengku: a) tiruan rasa: wah, b) tiruan sora kérésék, c) kecap anteuran: jung nangtung;

9) Kecap panganteb, contona: nya mah, téa, ogé, téh.

Ardiwinata dina Hernawan (1916) ngabagi warna kecap jadi dua golongan gedé, nya éta:

1) Kecap Utama (Pokok) anu ngawengku lima subgolongan.

a) Kecap Barang nya éta kecap anu nuduhkeun barang, contona: jelema,

imah, batu, lalaki.

b) Kecap Pagawéan nya éta kecap anu nuduhkeun paripolah barang, contona:

nulis, ngajar, nungtung.

c) Kecap sipat nya éta kecap anu nyirian barang, bisa ngajawab pananya kumaha, sarta nuduhkeun rupa, rasa, jeung bau, contona: beureum, pelem,


(8)

d) Kecap Gaganti nya éta kecap anu bisa dipaké ngaganti kecap séjén, ngawengku kecap gaganti jalma, kecap panuduh, kecap pananya, kecap gaganti teu tangtu, contona: kuring, itu, saha, saha-saha.

e) Kecap Bilangan nya éta kecap anu nuduhkeun jumlah barang, contona: hiji, dua, tilu, opat.

2) Kecap Pancén (Partikel) nya éta bagian-bagian kalimah anu lalauetik tapi ngalengkepan kasampurnaan kalimah. Kecap pancén aya opat rupa.

a) Kecap Panuduh (Katerangan) nya éta kecap anu ditambahkeun kana kecap séjén sarta ngabalukarkeun robahna harti, ngawengku katerangan tempat jeung waktu, contona: ti ditu, ka dinya, kamari, isukan.

b) Kecap Tatali nya éta kecap anu matalikeun kalimah katut babagianana, ngawengku kecap pangantét saperti: di, ka, ti jeung kecap panyambung saperti jeung atawa lamun.

c) Kecap Panyeluk nya éta kecap anu diseselkeun dina tengah-tengah kalimah, sok disebut ogé sora pangréwong.

d) Kecap Panganteb, contona: nya, pon, téh, mah, pisan, teuing, sotéh.

Tisnawerdaya dina Hernawan (1975) dina bukuna Tatabasa Sunda ngabagi warna kecap jadi sapuluh golongan.

1) Kecap barang nya éta kecap anu nuduhkeun aya buktina atawa dianggap aya, tur bisa dipaké ngajawab pananya naon, contona: cai, mobil, kadaék jeung

kapinteran.

2) Kecap Sipat (kaayaan) nya éta keap paranti nerangkeun kaayaan atawa ciri barang, saperti hideung, bodo, pinter.

3) Kecap Pagawéan nya éta kecap nuduhkeun usikna atawa kalakuanana barang, bisa dipaké ngajawab “keur naon”, contona: meuncit, maca, mukakeun.

4) Kecap Gaganti (sulur) nya éta kecap paranti ngaganti ngaran barang jeung naon-naon nu dianggap barang, contona: kuring, manéhna, anjeun.

5) Kecap Bilangan nya éta kecap paranti nuduhkeun réana atawa jumlahna barang, contona: opat, sapuluh, sakitu.


(9)

6) Kecap Panambah nya éta kecap anu sok ditambahkeun kana kecap pagawéan, bilangan, sipat, jeung kecap panambahan sorangan, contona: nulis gancang,

saeutik pisan, teuas kacida, maca rusuhteuing.

7) Kecap Pangantét nya éta kecap anu gunana paranti ngantétkeun antara kecap-kecap, contona: dina méja, di pasar, ka sakola.

8) Kecap Panyambung nya éta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap atawa omongan jeung omongan, contona: Maman jeung Umar, ti

dinya, ku sabab.

9) Kecap Sandang nya éta kecap anu dipaké paranti ngabarengan kecap barang sarta nuduhkeun éta barang anu dicaritakeun téh geus tangtu henteuna, contona: hiji poé, nu éta, nu beureum téa, si manis.

10) Kecap Anteuran nya éta kecap pamuka rasa nepi ka omongan téh geus kacipta pikaresepeunana, contona: gék diuk, térékél naék, berebet lumpat.

Sudaryat, spk. (2011, kc. 64) nétélakeun papasingan warna kecap ditangtukeun dumasar kana wangun, sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalimah atawa konstruksi sintaksis. Dumasar kana sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalmia, kecap dina basa Sunda bisa dipasing-pasing jadi dua warna, nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén.

Warna kecap lulugu jeung kecap pancén miboga subwarna bisa jadi henteu sarua pisan, aya ciri hasna, ngan masih sagolong kénéh. Najan kitu, subwarna kecap mah réa sasaruaanana jeung puhu kecap. Lengkepna warna kecap dina basa Sunda bisa dibagankeun saperti di handap.


(10)

Kecap Barang (nomina) Kecap Pagawéan (vérba) Kecap Lulugu Kecap Sipat (adjéktiva)

Kecap Bilangan (numéralia) Warna Kecap

Kecap Panambah (advérbia) Kecap Pancén Kecap Panyambung (konjungsi)

Kecap Pangantét (préposisi)

Kecap Panyeluk (interjéksi) Bagan 2.2

Warna Kecap

(Sudaryat, spk., 2011, kc. 64)

Kecap lulugu (utama) nya éta warna kecap anu mibanda harti léksikal, sipatna peka alam, budaya, jeung tempat, sarta umumna bisa dirobah wangunna. Ari kecap pancén (sarana, partikel) nya éta warna kecap anu umumna jadi pakakas kalimah, ilaharna teu miboga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta hésé dirobah wangunna (Sudaryat, spk., 2011, kc. 64). Ari kecap pancén (sarana,

partikel) nya éta warna kecap anu umumna jadi papakas kalimah, ilaharna teu

miboga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta dirobah wanguna.

2.1.1.5 Kecap Sulur

2.1.1.5.1 Wangenan Kecap Sulur

Aya sawatara wangenan kecap sulur nurutkeun para ahli basa di antarana waé, nurutkeun Wirjosoedarmo (1984, kc. 176) kecap sulur nya éta kecap nu nyiluran hiji barang nu teu tangtu atawa umum. Sedengkeun nurutkeun Chaer (2008, kc. 87) nétélakeun yén kecap sulur téh pronomina anu disebut kecap gaganti, tugasna pikeun ngaganti kecap barang nu aya.

Nurutkeun Danadibrata (2009, kc. 658) harti sulur téh nya éta jelema nu jadi gaganti jelema séjén, bisa disebut ogé wakil; nyuluran, ngawakilan, ngagantian.

Nurutkeun Sudaryat, spk. (2011, kc. 67) nétélakeun yén kecap sulur téh kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Lian ti éta,


(11)

Sudaryat ogé dina bukuna Pedaran Basa Sunda (2010, kc. 66) nétélakeun kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang jeung naon-naon nu diangap barang. Anu disuluranana disebut anteseden, boh aya méméh kecap sulurna (anaforis) boh aya sabada kecap sulurna (kataforis). Sanajan réa pamadegan ngeunaan kecap sulur, cindekna mah kecap sulur mangrupa bagian tina kecap barang. Cindekna, wangenan kecap sulur nya éta kecap nu dipaké pikeun nyuluran naon-naon nu dianggap kecap barang.

2.1.1.5.2 Papasingan Kecap Sulur

Unsur-unsur gramatikal wacana téh nya éta kalimah, klausa, frasa, kecap, jeung morfém. Sudaryat dina bukuna Élmuning Basa (2004, kc. 22) nétélakeun yén dina adegan (struktur) basa kalibet ayana wangunan (konstruksi) jeung babagian (konstituénsi) tina unit-unit basa. Unit-unit basa téh pakait, boh ku cara datar (linear, horizontal, sintagmatis) boh ku cara tegak (Vértikal, paradigmatik). Jaba ti éta, unit-unit basa téh ngawangun hubungan hiérarkial, nya éta unit basa panggedéna diwangun ku unit basa sahandapeunana.

Sudaryat dina bukuna Makna dalam Wacana (2014, kc.153) ngébréhkeun yén “keutuhan wacana dapat diungkapkan dengan unsnur-unsur gramatikal,

seperti: referensi, substitusi, ellipsis, paralelisme, dan konjungsi.”

Référénsi mangrupa patalina antara kecap jeung acuanna. Kecap-kecap anu fungsina salaku pengacu disebut deiksis sedengkeun unsur-unsur nu diacuna disebut antésédén Sudaryat (2014, kc.153).

Référénsi bisa diébréhkeun ku pronomina atawa kecap anu fungsina pikeun nyuluran kecap barang (kecap gaganti). Aya sawatara ahli basa nu ngawincik kecap sulur di antarana waé:

Wirjosoedarmo (1984, kc. 80) nétélakeun yén kecap sulur atawa pronomina nya éta kecap nu ngaganti barang atawa hiji hal nu dianggap barang. Kecap gagantina dibédakeun kana 8 golongan nya éta:

1) Kecap gaganti jalma 2) Kecap gaganti milik 3) Kecap gaganti panuduh 4) Kecap gaganti panyambung

5) Kecap gaganti pananya 6) Kecap gaganti teu tangtu 7) Kecap gaganti mendiri 8) Kecap gaganti gabung


(12)

Tamsyah, spk. (2010, kc. 73), kecap sulur dibédakeun jadi:

1) Kecap gaganti ngaran nya éta kecap anu dipaké pikeun ngagantingaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan, saperti di handap.

a) Kecap gaganti jalma kahiji: kuring, déwék, urang; b) Gaganti jalma kadua: manéh, hidep, di dinya; c) Gaganti jalma katilu: maranéh, aranjeun; d) Kecap sesebutan: bapa, ema, emang, aki.

2) Kecap gaganti milik nya éta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik (anu …) salian ti kecap gaganti jalmma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang-na, nu ngandung harti „nu manéhna‟. Conto katut larapna dina kalimah:

a) “Imah kuring di sisi jalan karéta api.” b) “Kamari kuring nginjeum buku manéhna.” 3) Kecap panuduh dina basa Sunda bisa dibagi jadi:

a) Kecap panuduh dina wacana: ieu, éta, kitu, kieu; b) Kecap panuduh luareun wacana: dieu, dinya, ditu.

4) Kecap pananya nya éta kecap nu dipaké pikeun ngaganti hal anu ditanyakeun atawa pikeun ngukuhan anu geus dikanyahona.

a) Naon nanyakeun barang, hal, sasatoan, jeung tutuwuhan; b) Saha nanyakeun jelema, malaikat, pangéran;

c) Mana nanyakeun tempat atawa hal; d) Iraha nanyakeun waktu;

e) Ku naon nanyakeun kalakuan jeung sabab-musabab hiji kajadian; f) Naha nanyakeun kalakuan jeung sabab-musabab;

g) Kumaha nanyakeun kaayaan hiji hal; h) Sabaraha nanyakeun jumlah jeung bilangan.

Sudaryat dina bukuna Ulikan Wacana Basa Sunda (2010, kc. 37) ngawincik kecap sulur (pronomina) jadi lima bagian nya éta;

1) Kecap gaganti jalma nya éta kecap gaganti nu nuduhkeun jalma. Kecap gaganti jalma ngawengku:


(13)

b) Gaganti jalma II (pamiarsa): anjeun, salira, manéh;

c) Gaganti jalma II (nu dicaritakeun): anjeunna, manéhna, inyana.

2) Kecap gaganti milik (posésif) nya éta gaganti anu nuduhkeun milik. Kecap gaganti milik umumna kecap gaganti jalma nu ditempatkeun ditukangeun kecap barang. Najan kitu, basa Sunda boga kecap gaganti milik husus kayaning:

a) Gaganti milik jalma I: pun anak, pun biang; b) Gaganti milik jalma II: tuang putra, tuang ibu; c) Gaganti milik jalma III: anakna, indungna.

3) Kecap gaganti panuduh (démonstratif) nya éta kecap anu dipaké nuduhkeun naon-naon nu aya jeroeun atawa luareun wacana. Kecap gaganti panauduh ngawengku:

a) Panuduh jeroeun wacana (éndoforis): itu, éta, ieu, kitu, kieu, sakitu, sakieu, ku kituna;

b) Panuduh luareun wacana (éksoforis): dieu, dinya, ditu.

4) Kecap gaganti pananya (interogratif) nya éta kecap anu gunana pikeun nyuluran naon-naon anu hayang dipikanyaho, anu dinyatakeun bisa mangrupa jalma, barang, pilihan, sabab, waktu, tempat, cara suasana.

a) Saha nanyakeun pangéran, malaikat, manusa; b) Naon nanyakeun barang, tutuwuhan, sasatoan; c) Mana nanyakeun tempat, hal, pilihan;

d) Iraha nanyakeun waktu;

e) Kumaha nanyakeun kaayaan atawa suasana; f) Ku naon nanyakeun alesan, sabab atawa kalakuan; g) Sabaraha nanyakeun jumlah.

5) Kecap gaganti nu teu tangtu nya éta kecap anu nuduhkeun naon-naon nu can tangtu. Contona: naon-naon, saha-saha, sakur, saniskara.

Lian ti mangrupa unsur gramatika, kecap sulur ogé bisa kapanggih dina kapragmatisan wacana nya éta déiksis. Déiksis nya éta wangun basa nu miboga fungsi salaku panuduh hal atawa fungsi nu tangtu di luareun basa. Nurutkeun Lyons dina Sudaryat (2014, kc. 121) déiksis dipaké pikeun ngagambarkeun fungsi


(14)

pronominal persona, kecap panuduh atawa demonstrativa, fungsi waktu, sawatara ciri gramatkal jeung léksikal séjéna anu matalikeun omongan, tempat, jeung waktu nalika komunikasi basa. Naon-naon anu disuluran atawa dituduhkeun ku

déiksis disebut antésédén. Dumasar kana antésédénna, déiksis dibédakeun jadi

lima jenis, nya éta: déiksis persona, déiksis temporal déiksis lokatif, déiksis

wacana, jeung déiksis social (Levinson dina Sudaryat, 2014, kc. 121). Sangkan

leuwih jéntré di handap ieu aya bagan ngeunaan papasingan déiksis.

Déiksispersona Déiksis temporal Éksoforis

Déiksis lokatif Déiksis sosial Déiksis

Déiksis anaforis Éndoforis

Déiksis kataforis Bagan 2.3

Wanda Déiksis

(Sudaryat, 2010, kc. 11)

Déiksis anu bisa dieusian atawa diasupan kecap sulur disebutna déiksis persona. Contona: kuring jeung manéhna uplek ngobrol bari nutur-nutur bujur budak, milihan buku (Ma Inung Néwak Cahaya, 2011, kc. 15).

2.1.1.5.3 Fungsi Kecap Sulur

Tiori ngeunaan fungsi jeung ma‟na kecap sulur téh kapanggih dina tiori Sudaryat dina bukuna Ulikan Wacana Basa Sunda. Nurutkeun Sudaryat (2010, kc. 37) Fungsi kecap sulur nya éta peran kecap sulur dina unsur gramatikal wacana. Unsur gramatikal wacana mangrupa salah sahiji unsur pikeun ngagumulungkeun adegan wacana. Jadi nu dimaksud fungsi kecap sulur dina wacana nya éta pikeun nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang jeung naon-naon nu dianggap barang anu kapanggih dina wacana.


(15)

1) Fungsi Kecap Gaganti Ngaran

Fungsi kecap gaganti ngaran nya éta fungsi kecap sulur dina nyuluran atawa nuduhkeun jalma. Fungsi kecap gaganti ngaran jalma dibagi jadi sababaraha golongan saparti diébréhkeun di handap.

a) Kecap Gaganti Jalma Kahiji

Fungsi kecap gaganti jalma kahiji nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma kahiji (nu nyarita atawa panyatur). Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama (undak-usuk) basa Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung kecap gaganti jalma kahiji jama.

(a) Kecap gaganti jalma kahiji tunggal: kuring, déwék, urang, kami, di dieu, sorangan, abdi, sim kuring, kaula, aing;

(b) Kecap gaganti jalma kahiji jama: urang, kuring saréréa, abdi sadayana,

sim kuring saparakanca.

b) Kecap Gaganti Jalma Kadua

Fungsi kecap gaganti jalma kadua nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma kadua (nu diajak nyarita atawa pamiarsa). Aya kecap gaganti jalma kadua tunggal jeung kecap gaganti jalma kadua jama.

(a) Kecap gaganti jalma kadua tunggal: manéh, hidep, di dinya, anjeun; (b) Kecap gaganti jalma kadua jama: maranéh, aranjeun.

c) Kecap gagani Jalma Katilu

Fungsi kecap gaganti jalma katilu nya éta pikeun nyuluran ngaran jalma katilu (nu dicaritakeun). Kecap gaganti jalma katilu ogé dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama (undak-usuk) basa Sunda. Aya kecap gaganti jalma katilu tunggal jeung kecap gaganti jalma katilu jama.

(a) Kecap gaganti jalma katilu tunggal: anjeuna, inyana, manéhna; (b) kecap gaganti jalma katilu jama: aranjeunna, arinyana, maranéhna.

2) Fungsi Kecap Gaganti Milik

Fungsi kecap gaganti milik nya éta pikeun nyuluran milik jalma, sok dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik.


(16)

a) Kecap gaganti milik jalma kahiji, pikeun ngaganti milik jalma minangka panyatur, contona: pun anak, pun biang, pun bapa;

b) Kecap gaganti milik jalma kadua, pikeun ngaganti milik jalma minangka pamiarsa, contona: tuang putra, tuang ibu;

c) Kecap gaganti milik jalma katilu, pikeun ngaganti milik jalma minangka nu dicaritakeun, contona: budakna, bapana, indungna.

3) Fungsi Kecap Gaganti Panuduh

Kecap gaganti panuduh miboga fungsi pikeun nyuluran nanaon anu dituduhkeun ku kecap barang. Fungsi gaganti panuduh wacana dibagi jadi dua nya éta:

a) Kecap gaganti panuduh éksoforis nya éta kecap anu nuduhkeun naon-naon nu aya luareun wacana, contona: dieu, dinya, ditu;

b) Kecap gaganti panuduh éndoforis nya éta kecap nu nuduhkeun naon-naon anu aya dijeroeun wacana. Ieu kecap gaganti téh aya dua kayaning:

(a) Anaforis (anu nudhkeun acuan saméméhna), contona: éta, kitu, anu

(b) Kataforis (anu nuduhkeun acuan sabadana), contona: ieu, kieu, sakieu.

Sudaryat, spk. (2011, kc. 67) nétélakeun yén dumasar kana perenahna tina acuan (Anaforis jeung Kataforis) sarta jarak ti panyatur, nya éta deukeut

(proksimal), anggang (semi-proksimal), jeung jauh (distal), kecap panuduh bisa

ditabélkeun kieu.

Tabél 2.4

Proksimitas Kecap Panuduh Pernahna

Acuan

Jarak ti Panyatur

Proksimal Semi-proksimal Distal Teu tangtu

Anaforis éta itu, kitu,

sakitu anu, saanu

Katafosis ieu, kieu,

sakieu

(Sudaryat, spk., 2011, kc. 68)

4) Fungsi Kecap Gaganti Pananya

Fungsi Kecap Gaganti Pananya nya éta nyuluran naon-naon anu hayang dipikanyaho ku panyatur atawa ngukuhan naon-naon anu dipikanyahona. Anu ditanyakeun téh bisa mangrupa jalma, barang, pilihan, sabab, waktu, tempat, cara,


(17)

alat, jeung panyarta (Sudaryat, 2010, kc. 67). Contona: saha, naon, mana, ku

naon, iraha, kumaha, sabaraha.

5) Fungsi Kecap Gaganti Nu Teu Tangtu

Fungsi dina kecap gaganti nu teu tangtu nya éta pikeun nuduhkeun naon-naon nu can tangtu.

2.1.1.5.4 Ma’na Kecap Sulur

Tamsyah dina kamus lengkep Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda (2010, kc. 572) méré wangenan harti atawa ma‟na téh nya éta maksud nu dikandung ku kecap, omongan, lambing. Samsuri dina Nurlatifah (2013, kc. 24) nétélakeun yén ma‟na kecap sulur nya éta harti gramatikal atawa harti anu kapanggih tina sagemblengna hubungan distribusi atawa wangun-wangun basa. Upamana dina kalimah aya kecap pun biang, fungsina salaku gaganti milik, ma‟nana nya éta gaganti milik jalma kahiji.

Nurutkeun Sudaryat, spk. (2011, kc. 67) ma‟na kecap sulur téh kagambar dina tabél di handap.

Tabél 2.5

Ma‟na Kecap Sulur (Gaganti Jalma)

Jalma Ma’na

Tunggal Jama

Kahiji (Panyatur) abdi, déwék, kuring, kula, kami, aing

uarng, saréréa, urang saréréa,

Kadua (Pamiarsa) anjeung, manéh, salira, (s)ilaing, hidep, andika,

aranjeun, maranéh, (s)arilaing, arandika Katilu (Nu dicaritekun) anjeunna, inyana, manéhna,

mantenna

aranjeunna, ariyana, maranéhna, marantenna (Sudaryat, spk., 2011, kc. 67)

Tabél 2.6

Ma‟na Kecap Sulur (Gaganti Panuduh) Ma’na

Jarak ti Panyatur

Proksimal Semi-prosimal Distal Teu tangtu

Umum ieu éta itu anu

Tempat dieu dinya ditu

Hal/cara kieu - kitu -


(18)

Tabél 2.7

Ma‟na Kecap Sulur (Gaganti Milik)

Jalma Ma’na

Kahiji (Panyatur) pun-

Kadua (Pamiarsa) tuang-

Katilu (Nu dicaritakeun) na-

(Sudaryat, 2010, kc. 38) Tabél 2.8

Ma‟na Kecap Sulur (Gaganti Pananya)

No. Wujud Ma’na

1. saha nanyakeun pangéran, malaikat, manusa

2. naon nanyakeun barang, tutuwuhan, sasatoan

3. mana nanyakeun tempat atawa hal

4. ku naon nanyakeun kalakuan jeung sabab

5. iraha nanyakeun waktu

6. kumaha nanyakeun kaayaan

7. sabaraha nanyakeun jumlah jeung bilangan

(Sudaryat, 2010, kc. 67)

Tabél 2.9

Ma‟na Kecap Sulur (Gaganti Teu Tangtu)

No. Wujud Ma’na

1. saha-saha jalma

2. iraha-iraha waktu

3. sakur jumlah

4. dimamana tempat

(Sudaryat, 2010, kc. 67) 2.1.1.6 Pangajaran Basa Sunda

1) Fungsi jeung Tujuan Pangajaran Basa Sunda

Nilik kana kanyataan, basa Sunda di Jawa Barat téh mangrupa basa indung urang Sunda jeung bahan ajar di sakola-sakola. Éta basa indung téh dina pakumbuhan masih digunakeun kénéh salaku media komunikasi jeung papada panyaturna. Dina kalungguhanana, basa indung téh kiwari jadi puseur panitén dunya. Ieu hal téh teu leupas ku alpukahna UNESCO minangka salah sahiji badan PBB, malah geus netepkeun tanggal 21 Februari salaku Poé Basa Indung Internasional. Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran basa Sunda dumuk fungsi jeung maksudna atawa tujuanana. Fungsi pangajaran basa Sunda di antarana a) ngabina makéna basa Sunda; b) ngadadasaran jeung ngadeudeul


(19)

pangajaran basa Indonesia; c) nyebarkeun sastra katut budaya Sunda; d) ngabina jeung ngabakukeun ragam basa Sunda (Sudaryat, spk., 2007).

Ari tujuan pangajaran basa Sunda di antarana sangkan siswa a) ngajén jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda; b) paham kana basa jeung sastra Sunda (wangun, harti, jeung fungsi); sarta c) mampuh make basa jeung sastra Sunda kalawan bener tur merenah (Sudaryat, 2004, kc. 12).

2) Bahan Ajar

Bahan ajar mangrupa salah sahiji komponén nu bisa ngarojong kana kahontalna tujuan pangajaran (Haerudin jeung Kardana, 2013, kc. 77). Ku ayana bahan ajar dipiharep siswa bisa maham hiji kompetensi dasar kalawan ngéntép seureuh jeung sistematis nepi ka sacara akumulatif mampuh ngawasa sakabéh kompetensi sacara gembleng. Lian ti éta, Rahman (2011, kc. 30) nétélakeun yén bahan ajar dirumuskeun sabada jelas kagiatan anu bakal dilakonan boh ku guru, boh ku siswa. Bahan ajar diarahkeun pikeun ngahontal tujuan instruksional.

3) Nangtukeun jeung Milih Bahan Ajar a) Prinsip Nyusun Bahan Ajar

Sudaryat (2004, kc. 32) nétélakeun yén dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku opat prinsip, nya éta (1) prinsip spiral, (2) prinsip tématis, (3) prinsip kominikatif, jeung (4) prinsip gumulung (intergratif).

(1) Prinsip Meulit (spiral) dilaksanekeun ku cara nimbang-nimbang bahan dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nya éta ti mimiti hal-hal: (a) nu deukeut ka nu jauh, (b) nu basajan ka nu ruwed, (c) nu heureut ka nu lega, (d) nu nembrak ka nu nyumput, (e) nu kauni ka nu nyamuni, (f) nu apal ka nu teu apal, (g) nu wewengkon ka nu lulugu, (h) nu regional ka nu nasional.

(2) Prinsip Tématis dilaksankeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana (a) téma, (b) bahan gembleng, (c) racikan rupining widang bahan, (d) sumaér (fleksibel), (e) kamampuh dasar, sarta (f) karep (minat) jeung kabutuh siswa. (3) Prinsip Komunikasif dilaksanakeun dumasar kana prinsip yén basa téh


(20)

mangrupa prosés panyatur nepikeun pesen (rasa, pikiran, kahayang) ka pamiarsa nepi ka jadi amanat ngaliwatan medium (basa atawa pepeta).

(4) Prinsip Gumulung nya éta ngadumaniskeun rupining bahan (a) kaweruh basa (adegan basa, kandaga kecap), (b) kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita, ngaregepkeun), (c) kaparigelan sastra (kaweruh, apresiasi, jeung ékspési).

Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintergasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar basa boh bahan ajar sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.

b) Milih Bahan Ajar

Cara milih bahan pangajaran téh pohara diperlukeunana lantaran pangajaran nu saéstuna moal bisa kalaksanakeun kalawan hadé lamun sakabéh bahan nu diajarkeun téh teu kawatesanan. Ku kituna, guru kudu bisa milah-milah bahan nu kudu diajarkeun luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Nurutkeun Nasution dina Haérudin, D & Kardana (2013, kc. 77) bahan ajar kudu dipilih dumasar kana lima hal, nya éta (a) tujuan nu hayang kahontal, (b) dianggap mibanda ajén pikeun kahirupan manusa, (c) dianggap mibanda ajén minangka warisan entragan saméméhna, (d) aya gunana pikeun ngawasa hiji paélmuan, jeung (e) luyu jeung kabutuh katut minat murid.

Kritéria nu di luhur bisa dilarapkeun kana sakabéh bahan pangajaran, tapi pikeun milih pangajaran basa, utamana nu patali jeung adegan basa tangtu diperlukeun kritéria husus. Ku kituna, Burhan dina Haérudin, D & Kardana (2013, kc. 78) ngébréhkeun kritéria dina milih bahan pangajaran basa téh patali jeung hal-hal ieu di handap.

(1) Adegan basa nu kudu diajarkeun

(2) Lobana bahan pangajaran adegan basa nu kudu diajarkeun (3) Hal nu jadi dasar dina milih bahan pangajaran adegan basa

Sanggeus milih bahan pangajaran, léngkah satuluyna nu kudu dipilampah ku guru nya éta nangtukeun lobana atawa legana ambahan bahan pangajaran. Dina nangtukeun lobana atawa legana bahan pangajaran téh kawilang perlu, malah


(21)

sarua pentingna jeung milih bahan pangajaran, lantaran bakal jadi pituduh keur guru sangkan bahan pangajaran nu ditepikeun ka siswa téh katarima kalawan bener.

Luyu jeung cara milih bahan pangajaran, aya sawatara hal anu perlu dititénan dina nangtukeun runtuyan bahan pangajaran adegan basa, nya éta:

(1) Adegan basa kudu diajarkeun leuwih ti heula;

(2) Jumlah bahan pangajaran adegan basa nu kudu dibikeun leuwih ti heula tinimbang bahan anu lianna.

Husen jeung Rahman dina Nurlatifah (2013, kc. 28) nétélakeun yén kriteria milih bahan ajar di antarana ieu di handap.

(1) Eusi bahan pangajaran kudu patula-patali jeung tujuan husus pangajaran, lantaran bahan téh mangrupa sarana pikeun ngahontal tujuan pangajaran. (2) Eusi bahan pangajaran kudu valid jeung réliable atawa bisa dipercaya.

(3) Susunan bahan pangajaran kudu logis atawa bisa dipikaharti ku murid, ulah kaluar tina pedaran.

(4) Eusi bahan pangajaran kudu bisa dipertanggungjawabkeun, boh dumasar élmuj jiwa diajar boh dumasar kamekaran jiwa.

(5) Basa nu digunakeun dina bahan pangajaran kudu bener tur luyu jeung bahan nu rék ditepikeun.

(6) Runtuyan kagiatan pangajaran kudu luyu jeung nu geus dirarancang nurutkeun ambahanana.

(7) Bahan pangajaran kudu pikaresepeun.

(8) Bahan pangajaran kudu mampuh ngarojong kamekaran mikir kritis siswa. (9) Ngagunakeun pamarekan nu bisangarangsang multi alat indra. Pamarekan nu

digunakeun dina kagiatan diajar ngajar kudu mampuh ngahudang sagala kasadaran murid.

(10) Mibanda nilai pemindahan (transfer value), dina hakékatna nepikeun pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan murid.


(22)

4) Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Nurutkeun Sudaryat ( 2004, kc. 36) nétélakeun yén Bahan ajar (matéri pokok) basa jeung sastra Sunda ngawengku tilu widang utama, nya éta:

a) Pangaweruh basa, anu ngawengku:

(1) Adegan sora: ucapan, éjahan;

(2) Adegan kecap: wangun kecap, warna kecap;

(3) Adegan kalimah: wangun, warna, fungsi, jeung wanda kalimah;

(4) Kandaga kecap: warna harti, robahna harti, patali harti, kecap serepan, kecap ulikan (istilah), pakeman basa, undak-usuk basa, jeung gaya basa.

b) Pangaweruh, aprésiasi, jeung éksprési sastra, anu ngawengku:

(1) Puisi (wangun ugeran): jangjawokan, sisindiran, kakawihan, pupujian, guguritan, jeung wawacan;

(2) Prosa (wangun lancaran): unsur, warna (carita pantun, carita wayang, dongéng, carpon, novél);

(3) Drama: unsur, warna (purnadrama, gending karesmén);

c) Kaparigelan basa: maca(keun), nulis(keun), nyarita(keun), tur ngaregepkeun.

Lian ti éta, Nurutkeun Haérudin jeung Kardana (2013, kc. 82) ngébréhkeun dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku opat prinsip: prinsip spiral, prinsip tématis, prinsip komunikatif, jeung prinsip gumulung (integratif).

Konsép basa anu bisa dijadikeun matéri poko téh ngawengku (1) adegan sora basa: lafal, éjahan, engang; (2) adegan kecap: wangun kecap, warna kecap; (3) adegan kalimah: wangun kalimah, warna kalimah, fungsi kalimah, wanda kalimah; (4) kandaga kecap: warna harti, parobahan harti, tatali harti léksikal, kecap serepan, istilah, pakeman basa, gaya basa, tatakrama basa; (5) wacana: fiksi (prosa narasi, puisi drama); non fiksi (déskripsi, éksposisi, arguméntasi, pérsuasi).

Pangajaran basa téh diadumaniskeun (terintegrasi) kana pangajaran makéna basa, atawa kaparigelan basa. Dina nepikeun bahan kudu dumasar kana tinimbang (1) ambahan, (2) kagunaan praktis (luyu jeung kabutuhan murid), (3) kasaluyuan satemapat (bédana wangun basa jeung dialék), (4) kasaluyuan kamekaran jiwa murid (umur, tahapan, jeung basa), sarta (5) alokasi waktu (prinsip palamarta, bahan anu perlu meunang hancengan (porsi) anu saimbang tur luyu jeung waktuna) (Haérudin jeung Kardana, 2013, kc. 82).


(23)

Ambahan bahan kabasaan nu ditétélakeun ku Haérudin jeung Kardana (2013, kc. 84) nya éta:

1) Lafal jeung éjahan: lafal (vokal/swara, konsonan/wianjana), éjahan (ngagunakeun aksara, nuliskeun kecap, ngagunakeun tanda kecap), pola engang (sampakan, serepan);

2) Wangun kecap: kecap asal, kecap rundayan, kecap kantétan;

3) Warna kecap: kecap lulugu (kecap barang jeung kecap lulur, kecap pagawéan, kecap sipat, kecap bilangan), kecap pancén (kecap panuduh, kecap pangantét, kecap panyambung, kecap panyeluk);

4) Wangun kalimah: kalimah salancar jeung kalimah ngantét;

5) Warna kalimah: kalimah barang, kalimah pagawéan, kalimah sipat, kalimah bilangan, kalimah pangantét;

6) Wanda kalimah: kalimah aktif jeung pasif, kalimah réfléktif jeung résifrokatif, kalimah langsung jeung teu langsung, kalimah transitif jeung intransitive, kalimah sampurna jeung teu sampurna;

7) Fungsi kalimah: kalimah wawaran, kalimah pananya, kalimah paréntah, kalimah panyeluk;

8) Wacana: narasi, déskripsi, éksposisi, arguméntasi;

9) Warna harti: harti denotative jeung konotatif, harti léksikal jeung gramatikal; 10) Parobahan harti: ngalegaan jeung ngaheureutan, ngaluhuran jeung

ngahandapan;

11) Hubungan harti: kecap sharti, kecap sabalikna, kecap sangaran;

12) Wanda kabeungharan kecap: keccap sampakan jeung serepan, keccap umum jeung kecap husus, kecap popular jeung istilah;

13) Ungkapan kecap: babasan, paribasa, ungkapan séjén;

14) Gaya basa: ngumpamakeun lalandian, mijalma, rautan, ngasor, rarahulan, kadalon, silib, ocon, raguaman, mindoan; sarta

15) Tatakrama basa: basa hormat, basa teu hormat.

Cindekna, ambahan bahan ajar basa ngeunaan kecap sulur téh nyampak dina tiori boh nurutkeun Sudaryat boh nurutkeun Haérudin jeung Kardana. Hartina ieu panalungtikan ngeunaan kecap sulur téh bisa dipatalikeun jeung bahan ajar pikeun


(24)

SMP disaluyukeun jeung kurikulum nu dipaké jeung dumasar tinimbang nu geus ditétélakuen di luhur.

5) Pangajaran Kecap Sulur dina Kurikulum

Hasan, spk. (2012, kc. 2) dina buku Kurikulum dan Pembelajaran ngébréhkeun yén kurikulum miboga opat diménsi harti salah sahijina nya éta harti kurikulum dipatalikeun jeung diménsi rancangan. Dina éta diménsi kurukulum téh mangrupa rancangan jeung cara ngaadministrasikeun tujuan, eusi, jeung bahan ajar, sarta cara digunakeun pikeun pedoman diayakeuna kagiatan diajar-ngajar anu gunana pikeun ngahontal tujuan pendidikan.

Kurikulum mangrupa salah sahiji alat pikeun ngahontal tujuan pangajaran, ogé mangrupa cecekelan dina ngalaksanakeun pangajaran dina sakabéh jinis jeung jenjang pendidikan (Arifin, 2011, kc. 1). Kurikulum kudu luyu jeung falsafah dasar nagara, nya éta Pancasila jeung UUD 1945. Salian ti éta, Arifin (2011, kc. 2) ogé nétélakeun yén kurikulum téh kudu miboga sipat dinamis, hartina kurikulum salawasna ngalaman parobahan luyu jeung mekarna jaman, élmu pangaweruh, téknologi, tingkat kecerdasan peserta didik, kultur, sistem nilai, jeung kabutuhan masarakat. Ku kituna, pihak-pihak nu kalibet kana tim pamekaran kurikulum kaasup guru kudu miboga wawasan anu lega jeung jero.

Luyu jeung hal di luhur, kurikulum nu lumaku di Indonesia geus ngalaman sababaraha kali parobahan, di antarana kurikulum 1974, 1952, 1964, 1968, 1975, 1984, 1994, KBK 2004, KTSP 2006, sarta kurikulum 2013.

Luyu jeung lumakuna kurikulum 2013, aya tilu kurikulum nu kudu dicumponan, nya éta Kurikulum Tingkat Nasional, Kurikulum Tingkat Daérah, jeung Kurikulum Tingkat Sakola. Kurikulum Tingkat Nasional disusun sarta lumaku sacara nasional. Kurikulum Tingkat Daérah disusun sarta lumaku di daérah dumasar Kurikulum Tingkat Nasional luyu jeung kawijakan daérah séwang-séwangan. Ari Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung lumaku dina unggal jengang sakola.

Kalungguhan basa Sunda dina kurikulum 2013, kaasup kana Kurikulum Tingkat Daérah, nya éta muatan lokal. Salaku muatan lokal, ieu mata pelajaran téh miboga landasan yuridis nu ngébréhkeun pentingna pangajaran basa jeung sastra


(25)

Sunda diajarkeun di jenjang sakola dasar jeung menengah, nya éta Peraturan Gubernur Jawa Barat no. 69 taun 2013 (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 3).

Minangka pangajaran basa jeung sastra, basa Sunda téh miboga prinsip anu gumulung (integratif), nya éta ngadumaniskeun rupining bahan kaweruh basa (adegan basa jeung kandaga kecap), kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun), sarta kaparigelan sastra (kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési) (Sudaryat, 2004, kc. 35). Ku kituna, kecap sulur kaasup kana kaweruh basa nu kudu dicangking ku siswa ngaliwatan pangajaran carpon.

2.2 Panalungtikan Saméméhna

Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda, saéstuna henteu kakara ditalungtik. Saméméhna aya sawatara panalungtikan ngeunaan kecap sulur, di antarana waé:

Dina panalungtikan Evi Nopianti Gantika (2002) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa

Sunda di SLTP” Evi Novianty, medar yén kecap sulur dina Novél Sekar Karaton

Karangan Aam Amalia téh kapanggih 4 kecap sulur (kecap gaganti) anu frékuénsi makéna 607 kali. Déskripsi kecap sulurna nya éta (1) wangun (asal, rundayan, rajékan, jeung kantétan); (2) fungsi (kecap gaganti jalma, milik, pananya, panuduh, jeung kecap gaganti teu tangtu); (3) ma‟na (kecap gaganti jalma ka I, II, III, kecap gaganti milik jalma ka I, II, III, panuduh umum, cara, tempat, jumlah, pananya jalma, barang, pilihan/tempat/hal, waktu, sabab/alesan/kalakuan, kaayaan/suasana, jumlah, nu teu tangtu, barang, jumlah, waktu, jeung tempat); sarta (4) distribusi (di awal frasa, di ahir frasa, di awal klausa/kalimah, di tengah klausa/kalimah, jeung di ahir klausa/kalimah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka jeung téhnik analisis korpus.

Dina panalungtikan Ida Yuliani (2005) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan Pangajaran Basa Sunda di


(26)

SMP” Ida Yuliani, medar yén kecap sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri téh kapanggih 39 kecap sulur anu frékuénsi makéna 656 kali. Kecap sulur nu di déskripsikeuna nya éta: (1) wangun [wangun asal 25 kecap (84%), frékuénsi makéna aya 522 kali; wangun rundayan aya 5 kecap (13%), frékuénsi makéna 17 kali (3%); wangun rajékan aya 5 kecap (13%) frékuénsi makéna 16 kali (2%); jeung kantétan aya opat kecap (10%) frékuénsi makéna 101 kali (15%)]. (2) fungsi infleksi aya 10 kecap (26%), frékuénsi makéna 33 kali (5%). (3) ma‟na [kecap gagantinjalma ka I, II, III tunggal jeung jama aya 16 kecap (41%), frékuénsi makéna 149 kali (23%); kecap gaganti milik jalma ka I, II, III aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 99 kali (15%) ; kecap gaganti panuduh umum, cara, tempat, aya 8 kecap (20%), frékuénsi makéna 255 kali (34%); kecap gaganti pananya jalma, barang/hal, pilihan/hal/tempat, waktu, alesan/sabab, kaayaan/suasana aya 9 kecap (23%), frékuénsi makéna 171 kali (26%); kecap gaganti teu tangtu hal, barang/hal, cara aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 12 kali (2%)] jeung (4) distribusi [ di awal aya 102 (15%); di tengah aya 475 (73%); di ahir klausa/kalimah aya 77 kali (12%)]. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik analisis téks, téhnik analisis korpus jeung téhnik studi dokumén.

Dina panalungtikan Kania Nurlatifah (2013) nu judulna “Analisis Kecap

Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di

SMP” Kania Nurlatifah, medar yén kecap sulur dina novel Pipisahan karangan RAF aya 58 kecap sulur anu frekuensi makéna 2982 kali.

Kecap sulur miboga wangun, fungsi, jeung ma‟na. Wangun kecap sulur nya éta kecap asal, kecap rundayan, jeung kecap rajékan. Kecap sulur fungsina salaku: kecap gaganti ngaran, kecap gaganti milik, kecap gaganti panuduh, kecap gaganti pananya, jeung kecap gaganti teu tangtu. Kecap sulur dumasar kana ma‟nana aya nu disebut gaganti jalma ka (I, II, III jama jeung tunggal); gaganti milik (jalma ka I, II, III); gaganti panuduh (hal/cara, sabab, tempat, jeung umum); ma‟na gaganti pananya (sabab, cara, jalma, jumlah, jeung umum); ma;na gagani teu tangtu (hal, tempat, jalma, jeung jumlah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap


(27)

sulur dipaké bahan pangajaran maca basa Sunda pikeun siswa SMA kelas XI. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode analisis deskriftif jeung téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka.

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap sulur téh mangrupa subwarna kecap barang anu dina fungsina bisa nyuluran kecap barang. Posisi kecap sulur luyu jeung posisi kecap barang dina kalimah. Minangka salah sahiji subwarna kecap barang, kecap sulur mibanda wangun, fungsi, jeung harti nu tangtu.

Kecap sulur bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana basa Sunda, boh wacana lisan, boh wacana tinulis. Ieu panalungtikan medar kecap sulur nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Éta kecap sulur téh dianalisis tina segi wangun, fungsi jeung ma‟nana. Jaba ti éta, kecap sulur nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita téh disusun deui pikeun dijadikeun bahan ajar di SMP.

Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyoko kana tiori kecap ti Sudaryat, spk. anu nétélakeun yén kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Sangkan leuwih jéntré kalungguhan tioritis dibagankeun saperti ieu di handap.


(28)

Bagan 2.10

Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap Sulur Tiori Kecap Sulur

Bahan Ajar Kecap Sulur

Kecap sulur salancar, rundayan, rajékan, kantétan katut fungsi jeung ma‟nana nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma

Inung Néwak Cahaya.

Wacana

Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya

Wangun Kecap Sulur: Salancar, Rundayan, Rajékan jeung kantétan.


(1)

Ambahan bahan kabasaan nu ditétélakeun ku Haérudin jeung Kardana (2013, kc. 84) nya éta:

1) Lafal jeung éjahan: lafal (vokal/swara, konsonan/wianjana), éjahan (ngagunakeun aksara, nuliskeun kecap, ngagunakeun tanda kecap), pola engang (sampakan, serepan);

2) Wangun kecap: kecap asal, kecap rundayan, kecap kantétan;

3) Warna kecap: kecap lulugu (kecap barang jeung kecap lulur, kecap pagawéan, kecap sipat, kecap bilangan), kecap pancén (kecap panuduh, kecap pangantét, kecap panyambung, kecap panyeluk);

4) Wangun kalimah: kalimah salancar jeung kalimah ngantét;

5) Warna kalimah: kalimah barang, kalimah pagawéan, kalimah sipat, kalimah bilangan, kalimah pangantét;

6) Wanda kalimah: kalimah aktif jeung pasif, kalimah réfléktif jeung résifrokatif, kalimah langsung jeung teu langsung, kalimah transitif jeung intransitive, kalimah sampurna jeung teu sampurna;

7) Fungsi kalimah: kalimah wawaran, kalimah pananya, kalimah paréntah, kalimah panyeluk;

8) Wacana: narasi, déskripsi, éksposisi, arguméntasi;

9) Warna harti: harti denotative jeung konotatif, harti léksikal jeung gramatikal; 10) Parobahan harti: ngalegaan jeung ngaheureutan, ngaluhuran jeung

ngahandapan;

11) Hubungan harti: kecap sharti, kecap sabalikna, kecap sangaran;

12) Wanda kabeungharan kecap: keccap sampakan jeung serepan, keccap umum jeung kecap husus, kecap popular jeung istilah;

13) Ungkapan kecap: babasan, paribasa, ungkapan séjén;

14) Gaya basa: ngumpamakeun lalandian, mijalma, rautan, ngasor, rarahulan, kadalon, silib, ocon, raguaman, mindoan; sarta

15) Tatakrama basa: basa hormat, basa teu hormat.

Cindekna, ambahan bahan ajar basa ngeunaan kecap sulur téh nyampak dina tiori boh nurutkeun Sudaryat boh nurutkeun Haérudin jeung Kardana. Hartina ieu panalungtikan ngeunaan kecap sulur téh bisa dipatalikeun jeung bahan ajar pikeun


(2)

SMP disaluyukeun jeung kurikulum nu dipaké jeung dumasar tinimbang nu geus ditétélakuen di luhur.

5) Pangajaran Kecap Sulur dina Kurikulum

Hasan, spk. (2012, kc. 2) dina buku Kurikulum dan Pembelajaran

ngébréhkeun yén kurikulum miboga opat diménsi harti salah sahijina nya éta harti kurikulum dipatalikeun jeung diménsi rancangan. Dina éta diménsi kurukulum téh mangrupa rancangan jeung cara ngaadministrasikeun tujuan, eusi, jeung bahan ajar, sarta cara digunakeun pikeun pedoman diayakeuna kagiatan diajar-ngajar anu gunana pikeun ngahontal tujuan pendidikan.

Kurikulum mangrupa salah sahiji alat pikeun ngahontal tujuan pangajaran, ogé mangrupa cecekelan dina ngalaksanakeun pangajaran dina sakabéh jinis jeung jenjang pendidikan (Arifin, 2011, kc. 1). Kurikulum kudu luyu jeung falsafah dasar nagara, nya éta Pancasila jeung UUD 1945. Salian ti éta, Arifin (2011, kc. 2) ogé nétélakeun yén kurikulum téh kudu miboga sipat dinamis, hartina kurikulum salawasna ngalaman parobahan luyu jeung mekarna jaman, élmu pangaweruh, téknologi, tingkat kecerdasan peserta didik, kultur, sistem nilai, jeung kabutuhan masarakat. Ku kituna, pihak-pihak nu kalibet kana tim pamekaran kurikulum kaasup guru kudu miboga wawasan anu lega jeung jero.

Luyu jeung hal di luhur, kurikulum nu lumaku di Indonesia geus ngalaman sababaraha kali parobahan, di antarana kurikulum 1974, 1952, 1964, 1968, 1975, 1984, 1994, KBK 2004, KTSP 2006, sarta kurikulum 2013.

Luyu jeung lumakuna kurikulum 2013, aya tilu kurikulum nu kudu dicumponan, nya éta Kurikulum Tingkat Nasional, Kurikulum Tingkat Daérah, jeung Kurikulum Tingkat Sakola. Kurikulum Tingkat Nasional disusun sarta lumaku sacara nasional. Kurikulum Tingkat Daérah disusun sarta lumaku di daérah dumasar Kurikulum Tingkat Nasional luyu jeung kawijakan daérah séwang-séwangan. Ari Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung lumaku dina unggal jengang sakola.

Kalungguhan basa Sunda dina kurikulum 2013, kaasup kana Kurikulum Tingkat Daérah, nya éta muatan lokal. Salaku muatan lokal, ieu mata pelajaran téh miboga landasan yuridis nu ngébréhkeun pentingna pangajaran basa jeung sastra


(3)

Sunda diajarkeun di jenjang sakola dasar jeung menengah, nya éta Peraturan Gubernur Jawa Barat no. 69 taun 2013 (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 3).

Minangka pangajaran basa jeung sastra, basa Sunda téh miboga prinsip anu gumulung (integratif), nya éta ngadumaniskeun rupining bahan kaweruh basa (adegan basa jeung kandaga kecap), kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun), sarta kaparigelan sastra (kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési) (Sudaryat, 2004, kc. 35). Ku kituna, kecap sulur kaasup kana kaweruh basa nu kudu dicangking ku siswa ngaliwatan pangajaran carpon.

2.2 Panalungtikan Saméméhna

Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda, saéstuna henteu kakara ditalungtik. Saméméhna aya sawatara panalungtikan ngeunaan kecap sulur, di antarana waé:

Dina panalungtikan Evi Nopianti Gantika (2002) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP” Evi Novianty, medar yén kecap sulur dina Novél Sekar Karaton

Karangan Aam Amalia téh kapanggih 4 kecap sulur (kecap gaganti) anu frékuénsi makéna 607 kali. Déskripsi kecap sulurna nya éta (1) wangun (asal, rundayan, rajékan, jeung kantétan); (2) fungsi (kecap gaganti jalma, milik, pananya, panuduh, jeung kecap gaganti teu tangtu); (3) ma‟na (kecap gaganti jalma ka I, II,

III, kecap gaganti milik jalma ka I, II, III, panuduh umum, cara, tempat, jumlah, pananya jalma, barang, pilihan/tempat/hal, waktu, sabab/alesan/kalakuan, kaayaan/suasana, jumlah, nu teu tangtu, barang, jumlah, waktu, jeung tempat); sarta (4) distribusi (di awal frasa, di ahir frasa, di awal klausa/kalimah, di tengah klausa/kalimah, jeung di ahir klausa/kalimah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka jeung téhnik analisis korpus.

Dina panalungtikan Ida Yuliani (2005) nu judulna “Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan Pangajaran Basa Sunda di


(4)

SMP” Ida Yuliani, medar yén kecap sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri téh kapanggih 39 kecap sulur anu frékuénsi makéna 656 kali. Kecap sulur nu di déskripsikeuna nya éta: (1) wangun [wangun asal 25 kecap (84%), frékuénsi makéna aya 522 kali; wangun rundayan aya 5 kecap (13%), frékuénsi makéna 17 kali (3%); wangun rajékan aya 5 kecap (13%) frékuénsi makéna 16 kali (2%); jeung kantétan aya opat kecap (10%) frékuénsi makéna 101 kali (15%)]. (2) fungsi infleksi aya 10 kecap (26%), frékuénsi makéna 33 kali (5%).

(3) ma‟na [kecap gagantinjalma ka I, II, III tunggal jeung jama aya 16 kecap (41%), frékuénsi makéna 149 kali (23%); kecap gaganti milik jalma ka I, II, III aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 99 kali (15%) ; kecap gaganti panuduh umum, cara, tempat, aya 8 kecap (20%), frékuénsi makéna 255 kali (34%); kecap gaganti pananya jalma, barang/hal, pilihan/hal/tempat, waktu, alesan/sabab, kaayaan/suasana aya 9 kecap (23%), frékuénsi makéna 171 kali (26%); kecap gaganti teu tangtu hal, barang/hal, cara aya 3 kecap (8%), frékuénsi makéna 12 kali (2%)] jeung (4) distribusi [ di awal aya 102 (15%); di tengah aya 475 (73%); di ahir klausa/kalimah aya 77 kali (12%)]. Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap sulur dipaké bahan pangajaran basa Sunda tina sub bahasan jenis kecap pikeun SMP. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode deskriftif dilengkepan ku téhnik analisis téks, téhnik analisis korpus jeung téhnik studi dokumén.

Dina panalungtikan Kania Nurlatifah (2013) nu judulna “Analisis Kecap

Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di

SMP” Kania Nurlatifah, medar yén kecap sulur dina novel Pipisahan karangan RAF aya 58 kecap sulur anu frekuensi makéna 2982 kali.

Kecap sulur miboga wangun, fungsi, jeung ma‟na. Wangun kecap sulur nya

éta kecap asal, kecap rundayan, jeung kecap rajékan. Kecap sulur fungsina salaku: kecap gaganti ngaran, kecap gaganti milik, kecap gaganti panuduh, kecap gaganti

pananya, jeung kecap gaganti teu tangtu. Kecap sulur dumasar kana ma‟nana aya

nu disebut gaganti jalma ka (I, II, III jama jeung tunggal); gaganti milik (jalma ka I, II, III); gaganti panuduh (hal/cara, sabab, tempat, jeung umum); ma‟na gaganti

pananya (sabab, cara, jalma, jumlah, jeung umum); ma;na gagani teu tangtu (hal, tempat, jalma, jeung jumlah). Dina éta panalungtikan ogé dipedar kumaha kecap


(5)

sulur dipaké bahan pangajaran maca basa Sunda pikeun siswa SMA kelas XI. Métode anu dipaké dina éta panalungtikan nya éta métode analisis deskriftif jeung téhnik studi pustaka atawa ulikan pustaka.

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap sulur téh mangrupa subwarna kecap barang anu dina fungsina bisa nyuluran kecap barang. Posisi kecap sulur luyu jeung posisi kecap barang dina kalimah. Minangka salah sahiji subwarna kecap barang, kecap sulur mibanda wangun, fungsi, jeung harti nu tangtu.

Kecap sulur bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana basa Sunda, boh wacana lisan, boh wacana tinulis. Ieu panalungtikan medar kecap sulur nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita. Éta kecap sulur téh dianalisis tina segi wangun, fungsi jeung ma‟nana. Jaba ti éta,

kecap sulur nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karya Mamat Sasmita téh disusun deui pikeun dijadikeun bahan ajar di SMP.

Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyoko kana tiori kecap ti Sudaryat, spk. anu nétélakeun yén kecap sulur nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Sangkan leuwih jéntré kalungguhan tioritis dibagankeun saperti ieu di handap.


(6)

Bagan 2.10

Kalungguhan Tioritis Panalungtikan

Kecap Sulur Tiori Kecap Sulur

Bahan Ajar Kecap Sulur

Kecap sulur salancar, rundayan, rajékan, kantétan katut fungsi jeung ma‟nana nu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya.

Wacana

Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya

Wangun Kecap Sulur: Salancar, Rundayan, Rajékan jeung kantétan.