S BD 1201775 Chapter1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Kaparigelan basa Sunda ngawengku opat aspék kaparigelan. Nya éta
kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Éta opat kaparigelan basa
téh mangrupa hal anu kudu ditepikeun dina proses diajar-ngajar disakola.
Ieu hal luyu jeung pamanggih Tarigan (2008: 4) nétélakeun yén kaparigelan
nulis mibanda kalungguhan anu penting nya éta mangrupa alat pikeun nyatet
atawa
ngarékam,
ngayakinkeun,
ngalaporkeun
atawa
méré
nyaho,
jeung
mangaruhan jalma lian. Kaparigelan nulis mangrupa proses komunikasi teu
langsung bisa jadi hiji média pikeun nepikeun gagasan dina wangun tinulis.
Nulis mangrupa salasahiji kaparigelan ngagunakeun basa tina opat aspék
kaparigelan ngagunakeun basa nu diajarkeun di sakola, saluyu jeung Kurikulum
2013 pangajaran basa Sunda, disagigireun ti ngaregepkeun, nyarita, jeung maca.
Salasahiji kompeténsi dina pangajaran nya éta siswa kudu miboga kaparigelan
nulis. Dina nulis sajak siswa kudu bisa ngébréhkeun gagasan nu aya dina pikiran
nu antukna ngajanggélék jadi hiji tulisan. Nalika nulis sajak urang ngabutuhkeun
kréativitas, intuisi, imajinasi sarta pangaweruh jeung pangalaman nu nulis. Dina
proses mikir éta sok mindeng loba bangbaluh pikeun ngalaksanakeunana.
Ku sabab loba bangbaluh nu karandapan ku siswa, hal ieu bisa nyieun minat
siswa dina nulis sajak téh kurang. Loba faktor anu ngalantarankeunana, contona
waé siswa kurang resep kana pangajaran nulis sajak lantaran cara guru nepikeun
matéri anu konvensional, siswa anu kurang maham kana tiori ngeunaan sajak,
kosa kecap siswa anu heureut ngabalukarkeun siswa hésé ngébréhkeun naon anu
hayang ditulis, siswa kurang parigel dina kagiatan nulis, siswa dibéré tugas nyieun
sajak teu dibéré bantuan séjén saperti modél atawa média pangajaran. Matéri
pangajaran nulis sajak mangrupa matéri anu dianggap hésé ku siswa. Aya
sababaraha faktor anu mangaruhanana, faktor siswa jeung sarana. Sarana
mangrupa salah sahiji faktor anu jadi objek dina ieu panalungtikan, sarana nu
dipimaksud nya éta alat atawa média anu dipaké dina prosés pangajaran.
1
Anisa Sylviannisa, 2016
MÉD IA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA D INA NULIS SAJAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Salasahiji cara anu bisa dipaké pikeun ngarojong siswa sangkan produktif dina
nulis, nya éta ku diterapkeunna média pangajaran anu bisa ngirut siswa.
Loba cara anu bisa dilaksanakeun ku guru pikeun ngungkulan éta masalah,
salasahiji tarékahna nya éta ku cara ngagunakeun média pangajaran. Guru
diperedih kréatip dina nyieun atawa ngagunakeun média pangajaran. Guru ogé
dituntut pikeun mampuh ngagunakeun alat-alat teknologi anu saluyu jeung
kamekaran jaman, guru ogé sakurang-kurangna bisa ngagunakeun alat anu murah
jeung éfisien, sanajan alatna basajan tapi éta alat bisa jadi média pikeun ngahontal
tujuan pangajaran sarta ngaronjatkeun kualitas hasil diajar siswa. Saperti nu
ditétélakeun ku Sudjana (2011, kc 7), yén média pangajaran bisa ngaronjatkeun
kualitas proses diajar-ngajar, anu bisa mangaruhan kualitas hasil diajar siswa.
Dumasar hasil observasi awal,
kurangna variasi dina pangajaran nulis
ngabalukarkeun kurangna kamampuh siswa dina pangajaran nulis. Dumasar kana
hal éta, guru kudu parigel milih média pangajaran sarta ngamangpaatkeun sagala
fasilitas nu aya di jero atawa luar kelas. Prosés diajar moal lumangsung sacara
éféktif
upama guru teu parigel milih média pangajaran anu ngirut minat siswa
kana diajar nulis sajak.
Média nyaéta alat atawa bahan pikeun nepikeun informasi atawa pesen boh
sacara lisan atawa tulisan. Média pangajaran miboga peran penting dina
pangajaran lantaran ku digunakeunana média nu luyu bakal ngirut minat jeung
motivasi siswa sangkan resep diajar basa Sunda husuna nulis sajak. Lobana média
anu digunakeun dina proses diajar ngajar bisa jadi sarana pikeun ngahontal tujuan
pangajaran. Média visual anu mangrupa gambar bisa jadi salasahiji média anu
bisa digunakeun salaku alat pikeun ngajarkeun kaparigelan nulis. Salasahijina nya
éta kaparigelan nulis sajak. Gambar bisa ngamotivasi siswa sangkan nyaritakeun
hal-hal naon waé anu aya dina gambar, ngaéksprésikeun naon anu katingali dina
gambar. Salasahiji média gambar anu bisa digunakeun dina pangajaran sajak ieu
nya éta kolase.
Gambar dina wangun kolase bisa ngirut siswa dina diajar sajak, lantaran dina
konsep kolase aya nuansa anu béda. Ku kituna, éta média bisa ngamotivasi siswa
sangkan ngébréhkeun idé, imajinasi, gagasan, sarta pikiranna dina wangun tulisan
anu mangrupa sajak. Gambar kolase nya éta gambar anu ngagunakeun média
2

saperti koran, kertas, foto tina majalah, kaén sésa atawa perca anu ditémpélkeun
dina karton atawa média séjén anu antukna bisa ngawangun hiji objék. Kecap
kolase éta sorangan hartina seni menempel. Média gambar kolase bisa nyiratkeun
gambar
anu
bentuknya
dikolasekeun
anu
antukna
siswa
dipiharep
bisa
ngebrehkeun imajinasi anu ditingali dina wangun tulisan anu mangrupa sajak.
Tujuan diterapkeunna média gambar kolase dina pangajaran nulis sajaknya éta
sangkan pangajaran leuwih variatif sarta bisa méré inspirasi ka siswa ku sabab
ayana média gambar motivasi siswa bisa kabentuk, ogé siswa bisa leuwih maham
kana matéri anu diajarkeun. Ku ayana média gambar kolase dipiharep siswa bisa
leuwih kreatif néangan kosa kecap pikeun nyieun sajak, lewih ngarti kana matéri
sajak sabab gambar kolase midangkeun gambar kalawan unik.
Saméméhna kungsi diayakeun panalungtikan skripsi ngeunaan média gambar
kolase dina pangajaran nulis karangan narasi nya éta panalungtikan nu dilakukeun
ku Maulidia 2011 anu judulna “Eféktifitas Penggunaan Média Gambar Kolase
Dalam Pembelajaran Menulis Karangan Narasi Bahasa Jerman (Studi Eksperimen
Kuasi Pada Siswa Kelas XII SMAN 9 Bandung)”. Ieu panalungtikan museur kana
nulis karangan narasi, sedengkeun média gambar kolase pikeun nulis sajak mah
can aya nu nalungtik.
Dumasar kana pedaran diluhur, panalungtikan anu judulna “Média Gambar
Kolase pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén
ka Siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016)”,
perlu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Saméméh dirumuskeun, ieu masalah panalungtikan téh bisa di watesanan jadi
sababaraha hal, nya éta masalah anu aya patalina jeung kamampuh nulis sajak anu
ngawengku diksi, implengan, gaya basa, téma, jeung amanat, sarta masalah
masalah nu patalina jeung média gambar kolase nu mangrupa salasahiji média anu
bisa dipaké pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas XI SMA
Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016.
Masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di
handap
3

a. Kumaha kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun
Ajaran 2015/2016 dina nulis sajak saméméh ngagunakeun média gambar
kolase?
b. Kumaha kamampuh siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung
Ajaran
Taun
2015/2016 dina nulis sajak sabada ngagunakeun média gambar
kolase?
c. Kumaha ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa Kelas XI B3 SMA
Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 saméméh jeung sabada
dilarapkeuna média gambar kolase?
d. Naha aya béda nu signifikan atawa henteu antara kamampuh siswa kelas XI
B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak saméméh jeung sabada
ngagunakeun média gambar kolase?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.
1.3.1
Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta nguji cocok henteuna Média Gambar
Kolase pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA

1.3.2
Tujuan Husus
Tujuan husus ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun:
a. kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak
saméméh ngagunakeun Média Gambar Kolase;
b. kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak
sabada ngagunakeun Média Gambar Kolase; jeung
c. signifikan atawa henteuna antara kamampuh siswa kelas XI B3 SMA
Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak saméméh jeung sabada ngagunakeun
Média Gambar Kolase.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
4

Ieu panalungtikan tangtuna ngahasilkeun sababaraha mangpaat. Diantarana
aya mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1
Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat élmu ngeunaan média
pangajaran hususna média gambar kolase anu bisa nambahan pangaweruh nu
maca, ogé bisa dijadikeun référénsi pikeun panalungtikan-panalungtikan séjénna
anu aya patula-patalina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, salian éta bisa ogé
pikeun référénsi dina maké média gambar kolase pikeun pangajaran hususna
pangajaran nulis sajak.
1.4.2
Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun siswa, guru, jeung
panalungtik
a. Pikeun siswa, bisa jadi motivasi sakaligus pangalaman anu anyar sarta bisa
nambahan pangaweruh dina nulis sajak;
b. Pikeun guru, bisa jadi référénsi ngagunakeun média hususna média gambar
kolase dina pangajaran nulis sajak; jeung
c. Pikeun panalungtik,
jeung umum bisa nambahan pangaweruh ngeunaan
makéna média dina pangajaran.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina
ngébréhkeun kasang tukang panulis dina panalungtikan, rumusan masalah, tujuan
panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus. Mangpaat tulisan
boh éta mangpaat praktis atawa mangpaat tioritis dina ieu skripsi.
Bab II mangrupa ulikan tiori. Dina ieu bab dipedar ngeunaan
wangenan
media
pangajaran,
mangpaat
média
pangajaran,
tiori média,
fungsi
media
pangajaran, cara milih média pangajaran, papasingan média pangajaran, jenis
média pangajaran, média gambar kolase, kamekaran kolase, léngkah-léngkah
5

kaparigelan kolase, kaonjoyan média kolase, bahan-bahan kolase, wangenan nulis,
fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, rupa-rupa tulisan, wangenan sajak,
jenis-jenis sajak, unsur-unsur sajak, struktur sajak, léngkah-lengkah nulis sajak,
média gambar kolase dina nulis sajak, panalungtikan saméméhna, kalungguhan
tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung hipotesis panalungtikan.
Bab III eusina ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku desain
panalungtikan,
subjek
panalungtikan,
sumber
data
panalungtikan,
instrumen
panalungtikan, prosedur panalungtikan, jeung analisis data.
Bab IV eusina ngeunaan hasil panalungtikan jeung pedaran, anu ngawengku
kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung saméméh
ngagunakeun média gambar kolase, kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3
SMA Pasundan 1 Bandung sabada ngagunakeun média
gambar kolase, beda
signifikansi antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média gambar kolase,
jeung pedaran hasil panalungtikan.
Bab V mangrupa panutup tina skripsi, ngawengku kacindekan tina hasil
panalungtikan jeung saran pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu
panalungtikan.
6