S BD 1201775 Chapter3
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Nurutkeun Sukardi (2012, kc. 183) desain panalungtikan nya éta prosés anu diperlukeun dina ngararancang sarta ngalaksnakeun panalungtikan, Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kuantitatif kalawan métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol.
Ieu hal luyu jeung pamanggih Arikunto (2013, kc. 123) nétélakeun yén métode kuasi ékspérimén dibagi jadi tilu rupa, nya éta: 1) one shot case study; 2) pretest and posttest 3) static group comparison. Métode ékspérimén mangrupa hiji métode panalungtikan anu produktif sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun.
Dumasar kana pamarekan jeung métode panalungtikan, desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pretest and posttest group. Ieu panalungtikan dilakukeun ku cara méré pretest tuluy dibéré treatment sangkan ngalatih kamampuh siswa dina pangajaran nulis sajak kalayan ngagunakeun média gambar kolase, tuluy diayakeun posttest. Desainna nya éta baris digambarkeun dina bagan di handap.
O1 X O2
Arikunto (2010, kc. 124)
Katerangan:
O1 = pretest (hasil panalungtikan saméméh perlakuan)
X = treatment ( diajar nulis sajak ngagunakeun média gambar kolase)
O2 =posttest ( hasil panalungtikan sabada ngagunakeun média gambar kolase)
Luyu jeung tujuan panalungtikan, ieu desain digunakeun pikeun ngukur média gambar kolase dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016.
(2)
3.2 Subjék Panalungtikan
Anu jadi subjék dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016. Sabab kamampuh siswa anu héngkér dina nulis sajak.
3.3 Sumber Data
Sumber data nya éta sakabéh subjek anu ditalungtik. Data dina ieu panalungtikan nya éta hasil tulisan nu mangrupa sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 anu jumlahna 43 siswa, ngawengku 21 lalaki jeung 22 awéwé. Sumber datana digambarkeun dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.1
Data siswa SMA Pasundan 1 Bandung
3.4 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 192) instrumén minangka alat bantu pikeun panalungtik dina kagiatan ngumpulkeun data. Instrumén panalungtikan kawilang penting dina prosés panalungtikan, kusabab kahontal atawa henteuna tujuan panalungtikan ditangtukeun ku alus atawa henteuna instrumén anu digunakeun ku panalungtik.
Dina ieu panalungtikan instrumén nu digunakeun nya éta tés. Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 193) tés mangrupa runtuyan patalékan atawa latihan sarta alat nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh atawa bakat anu dipimilik ku individu atawa kelompok.
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:
Kelas Jenis kelamin Jumlah
XI B3 Lalaki 21 siswa
Awéwé 22 siswa
(3)
1) Tés
Tés dilaksanakeun dua kali nya éta pretés jeung postés, tés nu kahiji pretés nya éta ngukur kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média gambar kolase, tés anu kadua postés nya éta ngukur kamampuh siswa sabada ngagunakeun média gambar kolase.
2) Gambar Kolase
Gambar kolase mangrupa bagean anu penting dina ieu panalungtikan, lantaran nganteur siswa dina prosés nyieun sajak jeung mantuan panalungtik dina prosés nepikeun matéri ka siswa. Siswa bisa ngajieun sajak sabari ningali kana gambar anu geus disadiakeun. Gambar anu dijadikeun média nya éta kumpulan-kumpulan gambar anu teu aya hubunganana tapi dina hiji kontéks anu sarua. Gambar kolase anu digunakeun dina panalungtikan dibagi jadi dua téma nya éta kanyaah kolot jeung cinta. Dina prosésna siswa anu diuk belah kénca nyokot téma cinta, anu diuk belah katuhu nyokot téma kanyaah kolot.
LEMBARAN TES NULIS SAJAK
Jieun hiji sajak, témana bébas (teu diwatesanan), maké basa sorangan, nu panjangna paling saeutik dua pada! Kalawan merhatikeun hal-hal saperti ieu di handap!
a. Diksi b. Implengan c. Gaya basa d. Téma e. Amanat
(4)
3.5 Prosedur Panalungtikan
Prosedur panalungtikan kawilang penting dina panalungtikan, lantaran dina prosedur panalungtikan téh nétélakeun léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun ku panalungtik.
Pamarekan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan kuantitatif
anu ngagunakeun métode kuasi ékspérimen, desain anu dipaké nya éta ngagunakeun désain pretest and posttest group design.
Prosedur panalungtikan bakal ditétélakeun deui ieu di handap.
1) Tatahar
Saacan ngalaksanakeeun panalungtikan, panalungtik ngayakeun wawancara jeung guru basa Sunda SMA Pasundan 1 Bandung ngeunaan masalah anu karandapan nalika ngajarkeun matéri sajak ka siswa saluyu jeung kompeténsi dasar kurikulum 2013 dina pangajaran Basa Sunda. Panalungtik nyusun léngkah-léngkah anu baris dilaksanakeun pikeun ngungkulan masalah ngagunakeun média pangajaran. Média anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta média gambar kolase pikeun ngungkulan masalah kamampuh nulis sajak.
Dina ieu panalungtikan katitén aya dua variabel nya éta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nya éta variabel anu mangaruhan kana variabel liana, sedengkeun variabel kauger nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel bebas.
Anu jadi variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta media gamber kolase anu mangaruhan, sedengkeun variabel kauger dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak.
2) Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data
Salian ti maluruh ngeunaan masalah nu karandapan ku siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung fungsi tina panalungtikan ka kelas nya éta pikeun ngumpulkeun data. Téknik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés dilakukeun dua kali , nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun saméméh ngalakukeun perlakuan, tujuanana pikeun mikanyaho kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média gambar kolasé,
(5)
sedengkeun tés ahir dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada ngagunakeun média gambar kolase.
Anapon léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik ngumpulkeun data nya éta ngaliwatan sababaraha léngkah diantarana:
a. Guru nerangkeun matéri ngeunaan sajak; b. Guru méré conto sajak ka siswa;
c. Siswa maca conto sajak;
d. Siswa nyieun sajak anu témana bébas;
e. Guru méré pituduh ngeunaan sajak ngaliwatan média gambar kolase; f. Siswa ngalenyepan maksud tina gambar;
g. Siswa dibagi kelompok jadi dua kelompok;
h. Siswa anu diuk di belah kénca meunang gambar ngeunaan kanyaah kolot; i. Siswa anu diuk belah katuhu meunang gambar ngeunaan cinta; jeung j. Siswa nulis sajak dumasar kana média gambar kolase anu geus dipilih.
Bédana kamampuh nulis sajak nu dipimilik ku sumber data saméméh jeung sabada perlakuan bisa katiten dina babandingan skor pretés jeung postés ngaliwatan ieu panalungtikan.
3) Nganalisis Data
Data anu geus kapaluruh tuluy diolah. Dina tahapan ieu panalungtik miboga pancén pikeun nganalisis data ku cara ngagunakeun rumus-rumus statistik.
(6)
4) Kacindekan
Sanggeus tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, jeung nganalisis data, panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan
3.6 Analisis Data
3.6.1 Tehnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisi jeung ngolah data. Kagiatan nganalisis jeung ngolah data minangka cara anu digunakeun pikeun nyangking jawaban tina pasualan dina ieu panalungtikan. Ngolah data miboga tujuan pikeun mikanyaho hasil tina pretés jeung postés.
Léngkah-léngkah tina téhnik ngolah data diantarana nya éta: 1) Mariksa sarta nganalisis hasil nulis sajak pretest jeung posttest.
2) Méré peunteun kana hasil sajak siswa kalawan ngagunakeun pedoman meunteun nulis sajak (Tabel 3.4). Skor ahir siswa maksimal nya éta 25, sarta minimalna 5. Skor anu kahontal téh dirobah jadi peunteun siswa anu dikalikeun kana 100 (peunteun ideal), kalawan rumus:
Sangkan leuwih écés, peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabel di handap: Tabél 3.2
Peunteun Tés Nulis Sajak Siswa
No Aspk Penilaian ∑ P Katégori
A B C D E
1. 2.
∑
%
= � �
(7)
Katérangan: A = Diksi B = Implengan C = Gaya Basa D = Téma E = Amanat
∑ = Jumlah skor (A+B+C+D+E) P = Peunteun
KKM = 78
Kategori = Peunteun > 78 siswa dianggap mampuh nulis sajak. = Perséntase < 78 siswa dianggap can mampuh nulis sajak.
3) Ngasupkeun data peunteun pretés jeung postés kana tabel ieu di handap. Tabel 3.3
Daptar Peunteun Pretés jeung Postés Nulis Sajak
No Ngaran Siswa Peunteun Pratés Peunteun Postés
1. 2. 3.
Aspék anu dipeunteun dina nulis sajak nyoko kana pedoman meunteun sajak ti Nurgiantoro saperti ieu dihandap.
Tabel 3.4
Pedoman Meunteun Nulis Sajak
No Aspék nu dipeunteun Skala Peunteun
1 Diksi 1 2 3 4 5
2 Implengan/pengimajian 1 2 3 4 5
3 Gaya Basa 1 2 3 4 5
4 Téma 1 2 3 4 5
5 Amanat 1 2 3 4 5
(8)
Tina aspék nu dipeunteun aya skala nu dipake pikeun meunteun sajak. Katerangan pedoman skala penilaian nulis sajak ieu ditetelakeun dina tabél 3.5
Tabél 3.5
Kritéria Meunteun Karangan Nulis Sajak Siswa
No Aspék nu dipeunteun Skor Kritéria
(1) (2) (3) (4)
1 Téma 5 Eusi sajakna alus pisan, luyu
jeung téma anu geus ditepikeun
4 Eusi sajakna alus, aya patalina jeung téma anu ditepikeun 3 Eusi sajakna basajan, rada luyu
jeung téma anu ditépikeun 2 Eusi sajakna kurang alus,
kurang luyu jeung téma anu ditepikeun
1 Eusi sajakna goréng, teu luyu jeung téma anu ditepikeun 2 Implengan/Pengimajian 5 Pengimajian alus pisan, luyu
jeung téma anu ditepikeun 4 Pengimajian alus, luyu jeung
téma anu ditepikeun
3 Pengimajian basajan, rada luyu jeung téma anu ditepikeun 2 Pengimajian kurang luyu jeung
téma anu ditepikeun
1 Pengimajian goréng, teu luyu jeung téma anu ditepikeun 3 Diksi (Pilihan Kecap) 5 Kecap-kecap anu dipilih jeung
disusun alus pisan
4 Kecap-kecap anu dipilih jeung disusun dina nulis sajak alus tur hade
3 Kecap-kecap anu dipilih jeung disusun dina nulis sajak cukup basajan
2 Kecap-kecap anu dipilih jeung disusun dina nulis sajak kurang merenah/kurang alus
1 Kecap-kecap anu dipilih jeung disusun dina nulis sajak goréng
(9)
(1) (2) (3) (4)
4 Gaya Basa 5 Gaya basa anu digunakeun alus
pisan, ma’nana jero pisan tur
rupa-rupa, luyu jeung téma anu ditepikeun.
4 Gaya basa anu digunakeun
alus, ma’nana jero tur rupa
-rupa, luyu jeung téma anu ditepikeun.
3 Gaya basa anu digunakeun
basajan, ma’nana cukup jero,
rada luyu jeung téma anu ditepikeun.
2 Gaya basa anu digunakeun kurang alus/kurang hadé,
ma’nana kurang jero, teu luyu
jeung téma anu ditepikeun. 1 Gaya basa anu digunakeun
goréng, teu ngandung ma’na,
teu luyu jeung téma anu ditepikeun.
5 Amanat 5 Amanat anu ditepikeun alus
pisan, luyu jeung téma anu ditepikeun
4 Amanat anu ditepikeun alus, luyu jeung téma anu
ditepikeun.
3 Amanat anu ditepikeun
cukup/basajan, rada luyu jeung téma.
2 Amanat anu ditepikeun kurang hadé, teu luyu jeung téma anu ditepikeun
1 Amanat anu ditepikeun goréng, teu luyu jeung téma anu
ditepikeun.
3.6.2 Uji Sipat Data
Pikeun nguji sipat data dilaksanakeun ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.
(10)
A. Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa miboga distribusi anu normal. Pikeun nangtukeun yén éta data anu normal atawa henteu bisa ngaliwatan sababaraha lengkah ieu dihandap. 1) Nangtukeun peunteun nu panggedéna jeung nu pangleutikna.
2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.
(Sudjana, 2013, kc.91)
3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:
Katerangan: k = lobana kelas
n = lobana data (frékuénsi) 3,3 = bilangan konstan
(Sudjana, 2013, kc.47)
4) Nangtukeun panjang kelas interval: =
Katerangan:
p = panjang kelas (interval kelas) r = rentang (jangkauan)
k = lobana kelas
(Sudjana, 2013, kc.47)
5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap.
r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna
(11)
Tabel 3.6
Format Frékuénsi Peunteun Pretés jeung Postes
No. Kelas Interval
1 2
∑
6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir ngagunakeun rumus:
̅ = Katerangan:
̅ = rata-rata (mean)
∑ = jumlah
= jumlah data = nilai tengah
(Sudjana, 2013, kc. 67)
7) Ngitung standar deviasi carana nya éta:
= √ Katerangan:
sd = standar déviasi
= jumlah frékuénsi nilai
= jumlah frékuénsi nilai x kuadrat n = jumlah subjek panalungtikan
8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuensi ékspétasi(perkiraan). Carana nya éta:
(12)
Tabel 3.7
Perhitungan Chi Kuadrat
Kelas Interval
BK L
Katerangan:
= frékuénsi obsérvasi BK = batas kelas
= transformasi normal standar bébas kelas = nilai Z tina table distribusi data normal
L = lega kelas interval = frékuénsi ékspétasi
= chikuadrat
b. Nangtukeun (frékuénsi observasi), nya éta lobana data anu kaasup kana hiji kelas interval.
c. Nangtukeun batas kelas (BK)
d. Nangtukeun (transformasi normal standar bébas kelas) = ̅
e. Nangtukeun
f. Ngitung legana unggal kelas interval (L). =
Sudjana, 2013, kc. 293) g. Ngitung frékuénsi ékspétasi ( )
= x L
Sudjana, 2013, kc. 293) h. Nangtukeun Chi kuadrat ( )
=
(13)
i. Nangtukeun drajat kabébasan (dk) dk = k – 3
(Sudjana, 2013, kc.293) j. Nangtukeun harga tabél.
k. Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria di handap.
a. Lamun < hartina data atawa populasi distriabusina normal. b. Lamun > hartina data atawa populasi distribusina teu
normal.
B. Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta hiji uji sipat data nu tujuanna pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua. Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:
a. Ngitung variasi masing-masing kelompok nurutkeun Sudjana (2013, kc. 95) nya éta:
Variasi tés awal =
Variasi tés ahir =
(Sudjana, 2013, kc. 95)
b. Ngitung harga variasi (F)
=
(Sudjana, 2013, kc.250)
c. Ngitung derajat kabébasan (dk) dk = n-1
(Sudjana, 2013, kc. 146)
(14)
e. Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu dihandap.
1) Saupama , hartina variasi sampel homogén. 2) Saupama hartina variasi sampel teu homogén.
3.6.3 Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan tina hasil pratés jeung postés. Hasil tina uji gain , bisa meunangkeun gambaran ngeunaan éféktifitas digunakeunana média gambar kolase dina nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016.
Léngkah-lengkah anu dilakukeun dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu dihandap.
Tabél 3.8
Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Sajak
No Peunteun Pratés Peunteun Postés D
1. 2.
∑
Katerangan: d = daya pembéda
∑ = jumlah
3.6.4 Uji Hipotésis
Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 110), hipotésis asal na tina kecap “hipo” anu
hartina dihandap jeung “tesis” anu hartina bebeneran. Jadi hipotésis nya éta
dugaan anu can tantu bener, bisa disebut bener lamun geus dirojong ku bukti-bukti anu geus diuji ngaliwatan hiji panalungtikan. Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh némbongkeun yén data miboga distribusi anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik non paramétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
(15)
A. Statistik Paramétris
Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu dihandap.
1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara hasil pretés jeung postés. Rumusna nya éta:
=
(Arikunto, 2013, kc. 350)
2) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta: dk = n-1
(Sudjana, 2013, kc. 146)
3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:
∑ =
(Arikunto, 2013, kc. 351)
4) Ngitung t, rumusna nya éta: t =
√
Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑ = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel
(Arikunto, 2013, kc. 350)
5) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria-kritéria ieu dihandap. a. Lamun hartina hipotésis ditarima, yén média gambar
kolase éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
(16)
b. Lamun hartina hipotésis ditolak, yén média gambar kolase teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
B. Statistik Non-Paramétris
Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Sudjana (2013, kc. 450) léngkah- léngkah uji Wilcoxon, nya éta: 1) asupkeun peunteun prates siswa kana kolom ka-2 (XA1); 2) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
3) itung bédana antara pratés jeung postés ku cara XA1-XB1 tuluy asupkeun kana kolom ka-4;
4) nangtukeun jenjang ku cara nataan hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;
5) sanggeus disusun (misalkeun aya nilai anu sarua), pikeun nangtukeun jenjangna éta nilai tuluy dijumlahkeun tuluy dibagi dua, nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
6) sanggeun disusun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;
7) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu negative asupkeun kana kolom ka-7;
8) tingali kana table harga-harga kritis uji Wilcoxon, misalna jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% = 73;
9) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap Tabél 3.9
Tabél Uji Wilcoxon
No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang XA1-XB1 Jenjang + -
(17)
Katerangan:
XA1 = Peunteun prates XB1 = Peunteun postés
10)ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu dihandap.
a. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina Ha ditarima. Média gambar kolase bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
b. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina Ha ditolak. Média gambar kolase teu bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
(1)
Tabel 3.7
Perhitungan Chi Kuadrat
Kelas Interval
BK L
Katerangan:
= frékuénsi obsérvasi BK = batas kelas
= transformasi normal standar bébas kelas = nilai Z tina table distribusi data normal
L = lega kelas interval = frékuénsi ékspétasi
= chikuadrat
b. Nangtukeun (frékuénsi observasi), nya éta lobana data anu kaasup kana hiji kelas interval.
c. Nangtukeun batas kelas (BK)
d. Nangtukeun (transformasi normal standar bébas kelas)
= ̅
e. Nangtukeun
f. Ngitung legana unggal kelas interval (L).
=
Sudjana, 2013, kc. 293) g. Ngitung frékuénsi ékspétasi ( )
= x L
Sudjana, 2013, kc. 293) h. Nangtukeun Chi kuadrat ( )
=
(2)
i. Nangtukeun drajat kabébasan (dk) dk = k – 3
(Sudjana, 2013, kc.293) j. Nangtukeun harga tabél.
k. Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria di handap.
a. Lamun < hartina data atawa populasi distriabusina normal. b. Lamun > hartina data atawa populasi distribusina teu
normal.
B. Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta hiji uji sipat data nu tujuanna pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua. Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:
a. Ngitung variasi masing-masing kelompok nurutkeun Sudjana (2013, kc. 95) nya éta:
Variasi tés awal =
Variasi tés ahir =
(Sudjana, 2013, kc. 95)
b. Ngitung harga variasi (F)
=
(Sudjana, 2013, kc.250)
c. Ngitung derajat kabébasan (dk) dk = n-1
(Sudjana, 2013, kc. 146)
(3)
e. Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu dihandap.
1) Saupama , hartina variasi sampel homogén. 2) Saupama hartina variasi sampel teu homogén.
3.6.3 Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan tina hasil pratés jeung postés. Hasil tina uji gain , bisa meunangkeun gambaran ngeunaan éféktifitas digunakeunana média gambar kolase dina nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016.
Léngkah-lengkah anu dilakukeun dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu dihandap.
Tabél 3.8
Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Sajak
No Peunteun Pratés Peunteun Postés D
1. 2.
∑
Katerangan: d = daya pembéda
∑ = jumlah
3.6.4 Uji Hipotésis
Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 110), hipotésis asal na tina kecap “hipo” anu
hartina dihandap jeung “tesis” anu hartina bebeneran. Jadi hipotésis nya éta
dugaan anu can tantu bener, bisa disebut bener lamun geus dirojong ku bukti-bukti anu geus diuji ngaliwatan hiji panalungtikan. Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh némbongkeun yén data miboga distribusi anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik non paramétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
(4)
A. Statistik Paramétris
Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu dihandap.
1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara hasil pretés jeung postés. Rumusna nya éta:
=
(Arikunto, 2013, kc. 350)
2) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta: dk = n-1
(Sudjana, 2013, kc. 146)
3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:
∑ =
(Arikunto, 2013, kc. 351)
4) Ngitung t, rumusna nya éta: t =
√
Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑ = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel
(Arikunto, 2013, kc. 350)
5) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria-kritéria ieu dihandap. a. Lamun hartina hipotésis ditarima, yén média gambar
kolase éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
(5)
b. Lamun hartina hipotésis ditolak, yén média gambar kolase teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung taun ajaran 2015/2016 dina nulis sajak.
B. Statistik Non-Paramétris
Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Sudjana (2013, kc. 450) léngkah- léngkah uji Wilcoxon, nya éta: 1) asupkeun peunteun prates siswa kana kolom ka-2 (XA1); 2) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
3) itung bédana antara pratés jeung postés ku cara XA1-XB1 tuluy asupkeun kana kolom ka-4;
4) nangtukeun jenjang ku cara nataan hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;
5) sanggeus disusun (misalkeun aya nilai anu sarua), pikeun nangtukeun jenjangna éta nilai tuluy dijumlahkeun tuluy dibagi dua, nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
6) sanggeun disusun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;
7) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu negative asupkeun kana kolom ka-7;
8) tingali kana table harga-harga kritis uji Wilcoxon, misalna jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% = 73;
9) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap Tabél 3.9
Tabél Uji Wilcoxon
No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang