T PBBS 1302804 Chapter1

(1)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Indonesia teh nagara anu mibanda rupa-rupa suku bangsa. Unggal suku miboga tradisi jeung adat-istiadat anu mangrupa kabeungharan bangsa. Tapi luyu jeung kamekaran jaman katut arus modernisasi, aya parobahan, boh di lingkungan ragawi boh lingkungan sosial. Tradisi jeung adat-istiadat sarta basa salaku ciri utama ayana suku bangsa Indonesia laun-laun ngeleungit. Jadi diperlukeun ulikan anu leuwih jero anu ngaitkeun budaya jeung lingkungan pikeun tujuan nyalametkeun jeung ngamumulé sagala kabeungharan budaya jeung lingkungan. Ku kituna, ulikan ékolinguistik dianggap bisa ngaakomodir lajuning laku ngeunaan budaya jeung lingkungan nyaéta telaah linguistik cultural, anu dipiharep bisa jadi upaya pikeun révitalisasi budaya jeung lingkungan kaasup basa salaku interaksi masarakat.

Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna. Kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa sorangan. Kabudayaan bakal tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman.

Dina hakekatna budaya mibanda ajen-inajen anu diwariskeun, ditafsirkeun jeung dilaksanakeun saluyu jeung proses parobahan sosial kamasarakatan. Ajen budaya mangrupa manifestasi, jeung legitimasi masarakat kana budaya. Eksistensi budaya jeung karagaman ajen-inajen luhung kabudayaan anu dipiboga ku bangsa Indonesia mangrupa sarana tina ngawangun karakter warga nagara, anu aya hubunganana jeung karakter pribadi ogé karakter publik.

Nurutkeun Geertz (1992:5) kabudayaan nya éta mangrupa hasil karya manusa anu bisa dimekarkeun ngaliwatan paripolah pikeun kahirupan jeung diwariskeun ti hiji generasi ka generasi séjénna ngaliwatan proses komunikasi jeung diajar supaya generasi anu diwariskeun miboga karakter anu tangguh pikeun ngajalankeun kahirupan.

(2)

Koentjaraningrat (2009:144), nétélakeun yén kabudayaan nyaeta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajen atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajen-inajen nu aya dina budaya bakal mangaruhan kana kamekaran atikan.

Dina kabudayaan, nyangkaruk ajen-inajen nu ngajanggélék dina wujud ide anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa dicabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat dimana eta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud ide bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ide téh pungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat salaku tatakrama atawa sopan santun.

Kabudayaan anu dipiboga ku unggal daerah miboga kaunikan sewang-sewangan. Salian ti kitu, kabudayaan mangrupa ciri has bangsa jeung salaku identitas bangsa. Anu dijelaskeun tina pasal 32 ayat (1) “Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya”.

Budaya nya éta sistem anu aya hubunganana jeung nu sejen. Wangun simbolis anu mangrupa basa, benda, music, kapercayaan, sarta kagiatan-kagiatan masarakat anu babarengan mangrupa cakupan budaya.

Kabudayaan sunda mangrupa salah sahiji kabudayaan anu jadi sumber kekayaan pikeun bangsa Indonesia. Sacara umum masarakat sunda kawentar ku masarakatna anu someah, jeung religius. Anu bisa katingali tina palsapah urang sunda nya éta silih asih, silih asah, jeung silih asuh. Kabudayaan sunda kaasup karifan lokal bangsa Indonesia anu masih kénéh aya nepi ka kiwari.

Kaarifan lokal (lokal wisdom) nya éta kawijaksanaan atawa pangaweruh asli hiji masarakat anu asalna tina ajen luhung tradisi budaya anu ngatur kahirupan masarakat (Sibarani: 112-113). Dumasar UU No 32 taun 2009 kaarifan lokal nya éta ajen luhung anu berlaku tina tata kahirupan masarakat pikeun

(3)

ngalindungan jeung ngurus lingkungan hidup sacara lestari, anu diatur tina pasal 1 butir 30. Masarakat hukum adat tina pasal 1 butir 31, nya éta kelompok masarakat anu sacara turun-temurun cicing di wilayah geografis kusabab ayana iketan asal-usul karuhun, ayana hubungan anu kuat jeung lingkungan, sarta ayana sistem ajen anu nangtukeun pranata ekonomi, politik, sosial, jeung hukum.

Di masarakat, kaarifan lokal bisa kapanggih dina widang kasenian saperti sisindiran, wawangsalan, pamali, jrrd. Kaarifan lokal biasana katingali tina kabiasaan-kabiasaan hirup masarakat anu geus lumangsung lila. Kaarifan lokal mibanda ajen-inajen anu luhung, anu bisa katingali tina paripolah sapopoé masarakatna. Ajen kaarifan lokal anu aya di masarakat, bisa dipraktekkeun, diajarkeun, tur diwariskeun ka hiji generasi ka generasi séjénna anu sakaligus ngawangun jeung nuntun pola prilaku manusa sapopoé.

Nababan (2003) ngébréhkeun yén masarakat adat umumna miboga sistem pangaweruh pikeun ngurus budaya lokal anu diwariskeun jeung mekar anu tuluy-tumuluy sacara turun-temurun. Wangenan masarakat didieu nya éta masarakat anu sacara tradisional gumantung jeung miboga ikatan sosio-kultural jeung religious anu erat jeung lingkungan budayana. Kaarifan lokal teu bisa dilepaskeun tina sistem lingkungan hidup atawa sistem ekologi/ekosistem.

Salah sahiji wewengkon di Jawa Barat nu masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi adat-istiadat warisan ti para karuhun nya éta Kampung Naga. Masarakat Kampung Naga mangrupa komunitas masarakat Sunda nu aya di Jawa Barat. Perenahna di Desa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya. Nu ngabédakeun Kampung Naga jeung Kampung séjénna nya éta pola kahirupanana.

Kampung Naga mangrupa salah sahiji kampong adat Sunda-Islam, nu sacara administrative asup ka wewengkon Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya, nu legana kira kira 10,5 ha. Beda jeung masarakat adat ilaharna, urang Kampung Naga mah campur jeung masarakat modern, ngagem Islam, tapi masih pengkuh miara adat karuhun. Dina hiji sisi masarakatna bisa narima kamoderenan kayaning ayana tipi, jeung sajabana. Tapi dina sisi sejen

(4)

maranehna tetep nyekel adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyaman awi, hateup injuk, miara leuweung, melak pare, jsb.).

Kampung Naga mangrupa perkampungan anu dicicingan ku sakelompok masarakat anu kuat kana adat-istiadat titinggal karuhun, dina hal ieu adat Sunda. Saperti halna Badui, Kampung Naga mangrupa gambaran ngeunaan kahirupan masarakat padésaan Sunda dina mangsa peralihan tina pangaruh hindu kana pangaruh Islam di Jawa Barat. Masarakat Kampung Naga kawentar miboga kaarifan lokal anu henteu luntur ku kamajuan jaman. Ti baheula nepi ka ayeuna masih kénéh taat kana aturan heubeul.

Nurutkeun kapercayaan masarakat Kampung Naga, ku ngajalankeun adat-istiadat warisan nenek moyang miboga harti ngahormat ka karuhun. Sagala hal anu datangna lain ti ajaran karuhun Kampung Naga jeung hal anu henteu dilakonan ku karuhun dianggap hiji hal anu pamali. Lamun éta hal dilakonan ku masysrakat Kampung Naga hartina aturan geus dilanggar, teu ngahormat ka karuhun, ieu hal pasti numuwuhkeun malapétaka. Tradisi anu masih kénéh napel ka masarakat Kampung Naga, éta hal anu jadi panguatan kana nyalametkeun alam jeung lingkungan. Misalna wangun imah masarakat Kampung Naga kudu panggung, pakakas imahna tina kai jeung awi. Lalangit imah tina daun nipah ijuk atawa alang alang, teras imah pakakasna kudu tina awi jeung kai. Imah kudu nyanghareup ka beulah kidul atawa ngaler bari kudu manjang ka arah wétan jeung kulon. Dinding imah tina bilik awi atawa anyaman awi anu wangunna sasag. Imah ulah dicet, iwal dikapur atawa dimeni. Bahan imah ulah ngagunakeun témbok, sanajan mampuh nyieun imah tina témbok atawa gedong.

Pola kahirupan masarakat Kampung Naga masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi tradisi jeung papagon hirup anu diwariskeun. Di antarana pola hirup sederhana, gotong royong, silih tulungan, hirup jeung alam turut tumut kana aturan agama/hukum, pamarentah, adat atawa norma kasundaan. Dina hirup kumbuh sapopoéna, masarakat Kampung Naga turut tumut kana aturan anu ngajanggélék dina wangun adat, nu ngawengku kabiasaan, kawajiban, jeung pantrangan-pantrangan atawa pamali nu mangrupa papagon hirup dina laku lampahna di masarakat. Eta aturan téh dianggap sakral, sabab titinggal karuhun

(5)

anu kudu dipiara pikeun kasaimbangan hirup jeung papadana ogé alam sabudeureunna.

Jaman kiwari masarakat geus poho kana ngaran rupa-rupa kandaga kecap, sabab geus jarang dipaké. Saperti pakakas rumah tangga, boboko geus jarang dipaké di unggal imah sabab geus ka ganti ku kamekaran jaman nya éta magic

com. Kitu ogé hawu, ayeuna geus jarang kapanggih di unggal imah sabab geus ka

ganti ku pakakas modern nya éta kompor gas. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa dipaké bahan pangajaran dina ngawanohkeun pakakas tradisional.

Dina kahirupan sapopoé, manusa interaksi jeung manusa séjénna ngagunakeun basa. Basa nya éta salah sahiji kamampuh dasar jeung alamiah anu dianugerahkeun ka sakabéh umat manusa. Basa ogé erat pakaitna jeung lingkungan. Hubungan basa jeung lingkungan kahirupan dikaji ku élmu antardisiplin anu disebut ekolinguistik.

Dina konteks kabasaan, ayana ngaran pakakas tradisional anu unik, khas tur aneka ragam nembongkeun ayana pamahaman masarakat Sunda kana ulikan ekolinguistik. Eta hal nembongkeun yén dina basa Sunda aya pangajaran/ajen inajen anu luhung ngeunaan pakakas tradisional anu mangrupa gambaran kaselarasan masarakat Sunda jeung alam (silih asah).

Foley (1997) ngébréhkeun yén ulikan ekolinguistik, henteu ngan saukur dina wangun konteks linguistik wungkul, tapi ogé konteks sosial budaya anu leuwih jembar nepi mampuh ngahontal pungsi-pungsi sosial, kultural, jeung lingkungan anu nyoko kana kabudayaan.

Ulikan ekolinguistik pakaitna jeung ajen inajen kaarifan lokal masarakat Sunda. Panalungtikan nu geus aya nyaéta ngeunaan kabudayaan, pakasaban, arsitektur, sistem organisasi jrrd. Tapi panalungtikan ngeunaan ekolinguistik hususna ngeunaan kandaga kecap acan aya anu nalungtik sacara khusus jeung leuwih jero. Ku kituna, dumasar kana hal eta panalungtikan ieu miboga kadudukan anu penting pikeun ditalungtik. Sacara hususna, ulikan ekolinguistik ieu miboga tujuan pikeun nalungtik budaya masarakat Sunda ngaliwatan basana.

Pentingna ieu panalungtikan pikeun tetep ngaraksa ogé ngariksa adat-istiadat di Kampung Naga ditilik tina jihat pakakas tradisionalna. Pangaruh

(6)

modernisasi méh kuat mangaruhan kana ajen-inajen tradisi nu di dijaga ku para karuhunna. Ku kituna, mikabutuh tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, kaasup pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga. Ieu panalungtikan téh jadi hiji tarékah pikeun ngajaga kaarifan lokal bangsa Indonesia. Dumasar kana pedaran di luhur ieu panalungtikan téh dijudulan “

Kandaga Kecap Pakakas Tradisional di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya (Ulikan Ekolinguistik)”.

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan masalah nu ditalungtik ambahanana teu léga teuing, masalah nu dipedar museur dina sabudereun kandaga kecappakakas tradisional anu aya dina Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya maké ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships (interalasi basa jeung

lingkungan), environment (lingkungan ragawi jeung sosial budaya), jeung

diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang, sarta watesan masalah nu geus diébréhkeun saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sapérti dihandap :

1) Kandaga kecap pakakas tradisional naon bae anu aya di Kampung Naga Desa

Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya?

2) Kumaha klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung

Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat interrelationships?

3) Kumaha fungsi pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa

Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

(7)

4) Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat diversity?

5) Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung tradisi masarakat Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya?

1.3Tujuan Panalungtikan

Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadeskripsikeun lima hal, nya éta:

1) kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa

Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya;

2) klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

interrelationships;

3) fungsi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

environment;

4) unsure lingkungan anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional

Kampung Naga ditilik tina jihat diversity; sarta

5) patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional jeung tradisi masarakat Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun ngajembaran kamekaran tiori linguistik hususna élmu ekolinguistik anu ngulik ngeunaan ekologi jeung linguistik.

(8)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Panalungtikan ieu dipiharep bisa méré mangpaat, di antarana nya éta :

1) Pikeun Panalungtik

Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan kabudayaan, utamana dina budaya sunda.

2) Pikeun pangajaran

Ngajembaran pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda dina ngaran-ngaran pakakas tradisional, sarta nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan ekolinguistik.

3) Pikeun sakola

Ku ayana panalungtikan ieu, dipiharep bisa nambahan référensi kajian, utamana dina pangajaran kabudayaan di sakola., Méré informasi, ngawanohkeun tur ngamumule khazanah budaya lokal.

1.5 Sistematika Tulisan

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun hiji laporan dina wangun tesis. Sistematika tulisanana kabagi jadi lima bab, nyaéta:

Bab I mangrupa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngenaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung sistematika panalisan,

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina ieu panalungtikan, anu eusina ngawengku wangenan kecap,pakakas tradisional, ekologi Kampung Naga, wangenan ekolinguistik, hubungan antara basa, jeung lingkungan, panalungtikan nu geus aya, sarta anggapan dasar.

Bab III nyaéta métode panalungtikan, anu ngawengku lokasi panalungtikan, data jeung sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, métode panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

(9)

Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Eusina ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan jeung medar ngeunaan kandaga kecap pakakas tradisional di Kampung Naga Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya maké ulikan ekolinguistik.

Bab V panutup, anu eusina kacindekan hasil panalungtikan sarta saran pikeun panalungtikan satuluyna.

(1)

maranehna tetep nyekel adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyaman awi, hateup injuk, miara leuweung, melak pare, jsb.).

Kampung Naga mangrupa perkampungan anu dicicingan ku sakelompok masarakat anu kuat kana adat-istiadat titinggal karuhun, dina hal ieu adat Sunda. Saperti halna Badui, Kampung Naga mangrupa gambaran ngeunaan kahirupan masarakat padésaan Sunda dina mangsa peralihan tina pangaruh hindu kana pangaruh Islam di Jawa Barat. Masarakat Kampung Naga kawentar miboga kaarifan lokal anu henteu luntur ku kamajuan jaman. Ti baheula nepi ka ayeuna masih kénéh taat kana aturan heubeul.

Nurutkeun kapercayaan masarakat Kampung Naga, ku ngajalankeun adat-istiadat warisan nenek moyang miboga harti ngahormat ka karuhun. Sagala hal anu datangna lain ti ajaran karuhun Kampung Naga jeung hal anu henteu dilakonan ku karuhun dianggap hiji hal anu pamali. Lamun éta hal dilakonan ku masysrakat Kampung Naga hartina aturan geus dilanggar, teu ngahormat ka karuhun, ieu hal pasti numuwuhkeun malapétaka. Tradisi anu masih kénéh napel ka masarakat Kampung Naga, éta hal anu jadi panguatan kana nyalametkeun alam jeung lingkungan. Misalna wangun imah masarakat Kampung Naga kudu panggung, pakakas imahna tina kai jeung awi. Lalangit imah tina daun nipah ijuk atawa alang alang, teras imah pakakasna kudu tina awi jeung kai. Imah kudu nyanghareup ka beulah kidul atawa ngaler bari kudu manjang ka arah wétan jeung kulon. Dinding imah tina bilik awi atawa anyaman awi anu wangunna sasag. Imah ulah dicet, iwal dikapur atawa dimeni. Bahan imah ulah ngagunakeun témbok, sanajan mampuh nyieun imah tina témbok atawa gedong.

Pola kahirupan masarakat Kampung Naga masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi tradisi jeung papagon hirup anu diwariskeun. Di antarana pola hirup sederhana, gotong royong, silih tulungan, hirup jeung alam turut tumut kana aturan agama/hukum, pamarentah, adat atawa norma kasundaan. Dina hirup kumbuh sapopoéna, masarakat Kampung Naga turut tumut kana aturan anu ngajanggélék dina wangun adat, nu ngawengku kabiasaan, kawajiban, jeung pantrangan-pantrangan atawa pamali nu mangrupa papagon hirup dina laku lampahna di masarakat. Eta aturan téh dianggap sakral, sabab titinggal karuhun

(2)

anu kudu dipiara pikeun kasaimbangan hirup jeung papadana ogé alam sabudeureunna.

Jaman kiwari masarakat geus poho kana ngaran rupa-rupa kandaga kecap, sabab geus jarang dipaké. Saperti pakakas rumah tangga, boboko geus jarang dipaké di unggal imah sabab geus ka ganti ku kamekaran jaman nya éta magic com. Kitu ogé hawu, ayeuna geus jarang kapanggih di unggal imah sabab geus ka ganti ku pakakas modern nya éta kompor gas. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa dipaké bahan pangajaran dina ngawanohkeun pakakas tradisional.

Dina kahirupan sapopoé, manusa interaksi jeung manusa séjénna ngagunakeun basa. Basa nya éta salah sahiji kamampuh dasar jeung alamiah anu dianugerahkeun ka sakabéh umat manusa. Basa ogé erat pakaitna jeung lingkungan. Hubungan basa jeung lingkungan kahirupan dikaji ku élmu antardisiplin anu disebut ekolinguistik.

Dina konteks kabasaan, ayana ngaran pakakas tradisional anu unik, khas tur aneka ragam nembongkeun ayana pamahaman masarakat Sunda kana ulikan ekolinguistik. Eta hal nembongkeun yén dina basa Sunda aya pangajaran/ajen inajen anu luhung ngeunaan pakakas tradisional anu mangrupa gambaran kaselarasan masarakat Sunda jeung alam (silih asah).

Foley (1997) ngébréhkeun yén ulikan ekolinguistik, henteu ngan saukur dina wangun konteks linguistik wungkul, tapi ogé konteks sosial budaya anu leuwih jembar nepi mampuh ngahontal pungsi-pungsi sosial, kultural, jeung lingkungan anu nyoko kana kabudayaan.

Ulikan ekolinguistik pakaitna jeung ajen inajen kaarifan lokal masarakat Sunda. Panalungtikan nu geus aya nyaéta ngeunaan kabudayaan, pakasaban, arsitektur, sistem organisasi jrrd. Tapi panalungtikan ngeunaan ekolinguistik hususna ngeunaan kandaga kecap acan aya anu nalungtik sacara khusus jeung leuwih jero. Ku kituna, dumasar kana hal eta panalungtikan ieu miboga kadudukan anu penting pikeun ditalungtik. Sacara hususna, ulikan ekolinguistik ieu miboga tujuan pikeun nalungtik budaya masarakat Sunda ngaliwatan basana.

Pentingna ieu panalungtikan pikeun tetep ngaraksa ogé ngariksa adat-istiadat di Kampung Naga ditilik tina jihat pakakas tradisionalna. Pangaruh

(3)

modernisasi méh kuat mangaruhan kana ajen-inajen tradisi nu di dijaga ku para karuhunna. Ku kituna, mikabutuh tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, kaasup pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga. Ieu panalungtikan téh jadi hiji tarékah pikeun ngajaga kaarifan lokal bangsa Indonesia. Dumasar kana pedaran di luhur ieu panalungtikan téh dijudulan “

Kandaga Kecap Pakakas Tradisional di Kampung Naga Desa Neglasari

Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya (Ulikan Ekolinguistik)”.

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan masalah nu ditalungtik ambahanana teu léga teuing, masalah nu dipedar museur dina sabudereun kandaga kecappakakas tradisional anu aya dina Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya maké ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships (interalasi basa jeung lingkungan), environment (lingkungan ragawi jeung sosial budaya), jeung

diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang, sarta watesan masalah nu geus diébréhkeun saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sapérti dihandap :

1) Kandaga kecap pakakas tradisional naon bae anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya?

2) Kumaha klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat interrelationships?

3) Kumaha fungsi pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

(4)

4) Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat diversity?

5) Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung tradisi masarakat Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya?

1.3Tujuan Panalungtikan

Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun lima hal, nya éta:

1) kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya;

2) klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

interrelationships;

3) fungsi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat

environment;

4) unsure lingkungan anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional Kampung Naga ditilik tina jihat diversity; sarta

5) patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional jeung tradisi masarakat Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun ngajembaran kamekaran tiori linguistik hususna élmu ekolinguistik anu ngulik ngeunaan ekologi jeung linguistik.

(5)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Panalungtikan ieu dipiharep bisa méré mangpaat, di antarana nya éta : 1) Pikeun Panalungtik