T PBBS 1302804 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI
5.1. Kacindekan
Saluyu jeung rumusan masalah, aya opat kacindekan dina ieu
panalungtikan. Ka opatna, leuwih condong kana fenomena basa jeung budaya di
Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya. Budaya jeung basa
anu dimaksud nyaeta kandaga kecap pakakas tradisional di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya, anu mangrupa produk
hasil tina pamangpaatan tutuwuhan sarta ajen tina kaarifan lokal masarakat
Kampung Naga.
Dumasar hasil panalungtikan di Desa Neglasari Kecamatan Salawu
Kabupaten Tasikmalaya, kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di
Kampung Naga aya 79, anu masih keneh dipake aya 63. Klasifikasi kandaga
kecap ditilik tina jihat Interraltionship di bagi jadi opat bagian, nya eta : 1)
kandaga kecap tradisional dumasar pakakas rumah tangga, 2) kandaga kecap
pakakas tradisional dumasar pakakas tatanen; 3) kandaga kecap pakakas
tradisional dumasar pakakas ngebon; jeung 4) kandaga kecap pakakas tradisional
dumasar pakakas ngala lauk.
Kandaga kecap dumasar kana pakakas rumah tangga jumlahna aya 41. Anu
di jieuna tina awi jumlahna aya 14 , anu di jieuna tina taneuh atawa batu
jumlahna aya 8, di jieuna tina kai jumlahna aya 14, jeung anu di jieuna tina beusi

atawa seng jumlahna aya 9. Kandaga kecap dumasar kana pakakas ngebon
jumlahna aya 16. Anu di jieuna tina taneuh atawa batu jumlahna aya 1, di jieuna
tina kai jumlahna aya 8, jeung anu di jieuna tina beusi atawa seng jumlahna aya
7. Kandaga kecap dumasar kana pakakas ngala lauk jumlahna aya 10. Anu di
jieuna tina awi jumlahna aya 4 , di jieuna tina kai jumlahna aya 1, jeung anu di
jieuna tina beusi atawa seng jumlahna aya 4. Kandaga kecap dumasar kana
pakakas ngala lauk jumlahna aya 11. Anu di jieuna tina awi jumlahna aya 4 , di
jieuna tina kai jumlahna aya 1, jeung anu di jieuna tina beusi atawa seng
jumlahna aya 4.
Ai Herlina, 2015
KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN
SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Fungsi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga
ditilik tina jihat Environment kaasup kana fungsi individu. Unsur lingkungan anu
nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat Diversity
kaasup kana lingkungan fisik, nya eta anu ngawengku karakter geografis saperti
topografi (lembah, daratan,gunung, jrrd), lamun dina élmu biologi mah disebut

lingkungan abiotic
Patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional anu aya jeung tradisi
masarakat Kampung Naga erat pisan. Katingali tina bahan anu di jieuna. Kitu deui
masarakat di Kampung Naga erat pakaitna jeung alam. Anu bisa katiten dina
palsafah silih asih silih asah jeung silih asuh. Masarakat Kampung Naga miara
jeung ngamumule kaayaan lingkunganana anu bisa katiten dina sakabeh pakakas
tradisional anu aya di luhur. Sawangan hirup ngeunaan hubungan manusa jeung
lingkungan masarakat mangrupa gambaran kaayaan lingkungan di Kampung
Naga.

5.2. Rekomendasi
Panalungtikan ieu, nembongkeun yén ulikan ekolinguistik kawilang
penting pikeun dimangpaatkeun salaku péso keur nalungtik basa jeung
lingkungan. Ieu panalungtikan

mere wawasan

yén élmu basa bisa

dimangpaatkeun dina sagala widang kahirupan. Ku kituna, élmu basa lain ngan

saukur ngungkab msalah bener jeung salah dina basa, tapi oge ma’na na. Anapon
rekomendasi anu rek ditepikeun di antarana:
1) Panalungtikan ekolinguistik leuwih beunghar lamun leuwih dilegaan bahasan
jeung studina. Komo deui, ulikan ekolinguistik masih keneh jarang ditalungtik.
2) Panalungtikan ekolinguistik bisa oge dijadikeun bahan ngabandingkeun jeung
ngeunaan semiotikna. Ku kituna, kahareupna lamun rek nalungtik ekolinguistik
bisa negunaan semiotikna.

Ai Herlina, 2015
KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN
SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu