T PBBS 1302804 Chapter3

(1)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun pamarekan kualitatif. Numutkeun Sugiyono (2009:15) panalungtikan kualitatif hiji panalungtikan dumasar filsafat postpositivisme, anu gunana pikeun nalungtik kondisi objek alamiah,anu cirina panalungtik salaku instrument konci, sumber data dilakukeun sacara purposive, téhnik pangumpulan data ku cara triangulasi, analisis data sifatna induktif/kualitatif, jeung hasil panalungtikan kualitatif leuwih nandeskeun ma’na tibatan generalisasi. Panalungtikan kualitatif dumasar kana kasang tukang alamiah sacara holistik, ngagunakeun jalma salaku alat panalungtikan, nganalisis data sacara induktif, leuwih mentingkeun proses tibatan hasil sarta hasil panalungtikan dilakukeun dumasar kasepakatan panalungtik jeung subjek panalungtikan.

Nurutkeun Sugiyono (2010:283), métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data anu miboga tujuan jeung mangpaat. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta panalungtikan nu miboga tujuan pikeun nalungtik kaayaan atawa kondisi hiji hal nu digambarkeun dina wangun laporan panalungtikan, (Arikunto, 2010: 3). Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalis ku cara déskriptif. Dina masalahna méré gambaran sacara sistématis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, jeung sipat-sipat populasi.

Panalungtikan déskriptif disebut ogé panalungtikan basajan dibandingkeun panalungtikan-panalungtikan anu séjénna. Ku sabab, ieu panalungtik teu ngarobah, nambahan, atawa ngamanipulasi data kana objék nu ditalungtik. Digambarkeun sacara lugas, sakumaha ayana. Luyu jeung pamanggih Suyatna (2002:14) nu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dina cara

(2)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngagambarkeun hungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi.

Anu jadi dadasar panalungtik ngagunakeun ieu métode, nya éta pikeun ngungkab sacara jero kaarifan lokal kahirupan masarakat Kampung Naga, minangka tradisi nu diwariskeun ku karuhunna. Analisis kualitatif dilakukeun pikeun maluruh fenomena sosial kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga ditilik jihat interrelationships, environment, jeung tina jihat

diversity. meunangkeun informasi ti sudut pandang palakuna. Ngumpulkeun data ngaran-ngaran pakakas tradisional anu aya patalina jeung kaayaan lingkungan biotik jeung fisik ku cara wawancara anu inténs jeung kuncén atawa warga kampung adat anu maham pisan jeung bisa méré informasi sajelas-jelasna. Hal éta dilakukeun pikeun ngaguar sabab jeung prosés kajadianana hiji peristiwa kaarifan budaya lokal, utamana kana rupa-rupa ngaran pakakas tradisional nu aya di Kampung Naga. Dina ieu panalungtikan, maké desain panalungtikann kualitatif hususna leksikografi.

Desain ieu panalungtikan ngawengku (1) ngarumuskeun masalah, (2) nyiapkeun instrumén panalungtikan, (3) ngumpulkeun data ku cara obsérvasi, (4) transliterasi rekaman, nganalisis, jeung (5) nyieun kacindekan.

Desain ieu panalungtikan bisa dititénan dina bagan ieu di handap:

3.1 Desain Panalungtikan

Masalah

Téhnik Ngumpulkeun Data: Obsérvasi

Instrumén Panalungtikan: Format obsérvasi jeung

pedoman wawancara

Téhnik Ngolah Data: Transkrip Rekaman,

analisis deskripsi

(3)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Partisipan jeung tempat Panalungtikan

3.2.1 Partisipan

Prosedur nangtukeun partisipan jeung sumber data panalungtikan kualitatif umum kudu merhatikeun karakteristik jalma (Sarantakos, dina Poerwandarim 2005:95), nya éta:

a. Henteu ngutamakéun jumlah sampel anu loba tapi kasus tipikal saluyu jeung masalah anu rek di talungtik.

b. Henteu ditangtukeun timimiti, tapi bisa barobah dina hal jumlah oge karakteristik partisipasina, saluyu jeung pamahaman konseptual anu mekar dina panalungtikan.

c. Henteu diarahkeun dina katerwakilan dina harti jumlah atawa kajadian acak. Dumasar kana prosedur diluhur, dihandap pamilihan karakteristik, jeung jumlah partisipan anu digunakeun dina ieu panalungtikan.

3.2.2 Karakteristik Partisipan

Sacara umum, karakteristik partisipan anu aya dina ieu panalungtikan mibanda kriteria saperti di handap.

a) Umur antara 30-70 taun, lantaran aya patalina jeung kamampuh ngeunaan pakakas tradisional masarakat Kampung Naga anu masih keneh dipake ku masarakatna.

b) Ditilik tina pakasabanana, nya éta Kuncén, Patani, Tukang Ngala Lauk, Tukang ka Kebon, jeung Tukang nyieun parabot tina bahan tradisional. c) Ditilik tina kalungguhanana di masarakat Kampung Naga saperti Punduh, jrd. d) Jenis kelamin, bebas bisa awéwé atawa lalaki.

(4)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saperti anu geus disebutkeun samemehna, panalungtikan kualitatif henteu ngutamakéun jumlah partisipan anu loba, tapi kasus tipikal saluyu jeung masalah anu rek ditalungtik (Sarantakos, dina Poerwandari, 2005). Ieu hal dumasar kana pamikiran yén panalungtikan kualitatif henteu condong kana lobana jumlah partisipan, tapi leuwih jero kana informasi anu bisa di cokot di unggal partisipan, nepi ka muncul panemuan anu nembongkeun pangaweruh partisipan. Panalungtik, netepkeun jumlah partisipan opat jalma anu dipihareup bisa ngawakilan informasi anu rek ditalungtik ngeunaan pakakas tradisional anu aya di masarakat Kampung Naga.

3.2.4 Tempat Panalungtikan

Tempat panalungtikan dilaksanakeun di Kampung Naga, Desa Neglasari Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak tempuh ti kota Tasikmalaya sakitar 30 km, ti kota Garut mung 25 km atawa sakitar 90 km ti Bandung ngaliwatan Garut (Disbudpar, 2008:14).

Numutkeun data ti Desa Neglasari wangun tanah di Kampung Naga mangrupa bukit anu produktivitas tanahna subur. Luas tanah Kampung Naga kurang leuwih 10,5 hektar, sabagian dipaké pikeun imah, pakarangan, empang jeung saleuwihna digunakeun pikeun tatanén. Dusun Naga ayana di hiji lembah anu rata-rata 500 meter dpl. anu sarupa ciga mangkok gede. Hawana seger, suhu rata-rata 21,5-23 derajat celcius. Angka curah hujan unggal taun ngahontal 3.468 mm.

Pikeun nepi ka Kampung Naga kudu ngaliwatan jalan anu leutik tur ngaliwatan tangga anu lobana 344. Sanggeus ngaliwatan tangga tuluy ngaliwatan ciwulan anu bersih tur kapiara. Sacara global masarakat Kampung Naga dibagi jadi dua kelompok, nya eta:

a) kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di pamukiman Kampung Naga, jeung

b) kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di luar pamukiman anu disebut Sanaga.

(5)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Penduduk Kampung Naga jumlahna 325 jiwa anu mibanda 106 pupuhu kulawarga jeung jumlah bangunan 111, 108 imah, 1 bale, 1 masjid, jeung 1 bumi ageung. Kasang tukang masarakat Kampung Naga teu dijelaskeun sacara jelas timana asalna, sabab buku anu ngajelaskeun ngeunaan sajarah Kampung Naga kaduruk waktu jaman DI/TII. Tapi numutkeun masarakat Kampung Naga, karuhun anu kawentar Sembah Dalem Singaparna jadi panutan sakabeh tatanan kahirupan adat istiadat sarta hukum adat salaku penghormatan ka anjeunna, ku kituna anjeunna dimakamkeun sabeulah kulon Kampung Naga.

Pakasaban masarakat Kampung Naga, lolobana Patani. Tapi, dina kamekaran jaman aya sababaraha parobahan diantarana, salaku Patani jeung ditambah buka usaha leuleutikan saperti kerajinan tangan, buruh, jrrd. Dina umumna atikan masarakat Kampung Naga masih keneh handap, tapi aya oge tamatan SMP boh SMA. Urang Naga, ngagem agama Islam. Anu kawentar ku falsafah hirupna silih asah, silih asih, tur silih asuh.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Jenis Data

Data anu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nya éta, data kualitatif. Data kualitatif mangrupa data dina wangun kalimah, lain dina wangun angka. Data kualitatif bisa di beunangkeun ngaliwatan pangumpulan data saperti analisis dokumen, wawancara, diskusi, observasi. Wangun data kualitatif nya éta mangrupa poto atawa gambar.

Data dina ieu panalungtikan nyaéta ngaran pakakas tradisional masarakat Kampung Naga maké ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships

(interalasi basa jeung lingkungan), environment (lingkungan ragawi jeung sosial budaya), jeung diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).

Hubungan antara basa jeung lingkungan katiten dina pribasa Sunda; Kudu pindah cai pindah tampian, anu hartina yén urang Sunda kudu bisa hirup dimana bae. Hubungan eta basa dipaluruh maké jihat interrelationships (interalasi basa jeung lingkungan).

(6)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Lingkungan hirup manusa nyoko kana lingkungan fisik jeung lingkungan budaya. Ku sabab kitu, manusa bisa ditingali salaku mahluk biososiobudaya (Adimiharja, dina Sudaryat:2014). Dina ieu hal, pangaweruh manusa bisa digunakeun pikeun maham, ngamumule, jeung mere harti lingkungan sarta pangalaman anu bakal nguatan kana paripolah pikeun hirup babarengan. Dina kahirupan manusa, basa patalina jeung sababaraha aspek, kaasup kana lingkungan. Eta kabeh dipaluruh maké jihat environment.

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopat santun makéna basa, ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma, atawa teu hormat) anu dipaluruh tina jihat diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Téhnik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta, téhnik obsérvasi, jeung wawancara. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun ngumpulkeun data kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga. Dina téhnik ieu ogé digunakeun alat nu bisa ngarojong prosés panalungtikan, nya eta kaméra, jeung Hp. Wawancara dimaksudkeun pikeun meunangkeun data kandaga kecap pakakas tradisional ditilik tina jihat

interalationship,environment jeung diversity langsung ti informan atawa tokoh masarakat nu langsung mikawanoh data-data anu baris dikumpulkeun.

3.3.2.1Téhnik Obsérvasi

Marshall dina Sugiyono (2010:316) nétélakeun yén tina obsérvasi, anu nalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina éta paripolah. Obsérvasi mangrupa hiji proses anu kompléks, anu kasusun ku sababaraha proses biologis jeung psikologis.

(7)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék data pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga.anu bakal ditalungtik. Dina ieu kagiatan panalungtikan, obsérvasi dilakukeun ku cara rekaman gambar. Pikeun ngarojong proses panalungtikan tangtuna ngagunakeun média atawa alat saperti kaméra,

handphone, jste. Obsérvasi dilaksanakeun sangkan meunang gambaran anu nyata

ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna pakakas tradisional. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik obsérvasi, nya éta:

1) nyieun pedoman obsérvasi,

2) ngalaksanakeun observasi ka lapangan

3) niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga

4) Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman obsérvasi.

3.3.2.2Téhnik Wawancara

Esterberg (dina sugiyono, 2010:317) nétélakeun yén wawancara mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya jawab nepi ka bisa meunang ma’na dina hiji topik.

Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung atawa Tanya jawab jeung Kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil ti kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun téhnik wawancara, di antarana nya éta:

1) nyieun pedoman wawancara;

2) yusun daptar patalékan jeung tujuan panalungtikan;

3) néang narasumber pikeun meunangkeun informasi ku cara wawancara; tuluy

4) nulis jawaban anu dipibeunang ku narasumber

3.3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat-alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi sagala informasi anu ditarima.

(8)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun Arikunto (2010:192) instrumén panalungtikan nyaéta alat anu digunakeun dina waktu panalungtikan nu nyoko kana métode jeung téhnik panalungtikan nu digunakeun. Instrumén panalungtikan nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Pédoman Obsérvasi

Pédoman wawancara nu baris aya di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid.

Tabél 3.1 Pedoman Obsérvasi

Lokasi Obsérvasi : Jenis Obsérvasi : Tgl Obsérvasi :

Observer :

No Kode Daftar Tanya Dipake Ngartieun Istilah Sejen

b. Pédoman Wawancara

Pédoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Kampung Naga, meunangkeun data dumasar kana masalah nu ditalungtik.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

Wasta :

Jenis Kelamin :

(9)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kalunggguhan di kulawarga :

Pakasaban :

Jenjang atikan :

Kalungguhan di masarakat :

Patalékan :

No Patalékan

1. Naon waé pakakas anu digunakeun ku masarakat Kampung Naga, dina kahirupan sapopoé, hususna:

a. Pakakas Rumah tangga: b. Pakakas Tatanén: c. Pakakas Ngala lauk : d. Pakakas Ngebon :

2. Kumaha fungsina, éta pakakas tradisional teh?

3. Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional?

4. Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung tradisi masarakat Kampung Naga?

e. Kaméra jeung Hp

Ieu alat digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sakabéh kagiatan panalungtikan. Hasil ieu instrumén nya éta mangrupa gambar dua diménsi atawa visual.

3.4 Analisis Data

Miles dan Huberman (Sugiyono, 2007), ngebrehkeun yén aktivitas dina nganalisis data kualitatif dilakukeun sacara interaktif jeung lumangsung tuluy-tumuluy, nepi ka data jenuh. Eta aktivitas nya éta reduksi data (data reduction),

penyajian data (data display), jeung conclusiondrawing/verification (Sugiyono, 2007).

(10)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. Reduksi data (data reduction)

Reduksi data nya éta analisis data anu dilakukeun pikeun milih hal-hal anu utama, fokus neangan kode pakakas rumah tangga, pakakas tatanen, pakakas ngala lauk, jeung pakakas ka kebon, sarta data ditilik tina jihat interrelationships,

environment, jeung diversity . Data anu dipibeunang di lapangan ditulis/diketik dina wangun uraian atawa laporan terperinci.

b. Penyajian data (data display)

Panyajian data dilakukeun dina wangun uraian singgget, bagan, hubungan antar kategori, flowchart¸jst. Miles dan Huberman ( Sugiyono, 2007) ngebrehkeun yén anu palingmindeng digunakeun pikeun nyajikeun data dina panalungtikan kualitatif nya éta teks anu sipatna naratif.

Tabél 3.3 Kode Data

No Kode Data Data

c. Conclusion drawing/verification

Tina data anu geus dipibeunang, satuluyna dikategorikeun, diteangan téma jeung polana, tuluy nyieun kacindekkan. Kacindekkan awal anu diebrehkeun masih kenah sipatna samentara, jeung bakal barobah lamun teu kapanggih bukti anu kuat pikeun ngarojong kana tahap pangumpulan data.

3.4.1 Lengkah Ngolah Data

Téhnik ngolah data nyaéta téhnik nu dilakukeun ku panalungtik sanggeus data dikumpulkeun. Dina ieu téhnik data anu geus dikumpulkeun dipaluruh tuluy dipasing-pasing dijieun hiji kacindekan. Numutkeun Arikunto (2010:53), ngolah

(11)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data nya éta mikir patalina data jeung kasang tukang nu ngabalukarkeun ayana sasaruan atawa bédana éta data, nu tuluy bisa dijieun hiji kacindekan panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, di antarana:

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun; 2) Ngayakeun transkrip rékaman wawancara; 3) Nyieun papasingan data;

4) Nganalisis data;

5) Ngadéskripsikeun data; jeung

6) Nyieun kacindekan tina data anu dipaluruh.

Tabél 3.4 Analisis Kandaga Kecap Pakakas Tradisional

No Data Kandaga

Kecap

Klasifikasi Fungsi Unsur

lingkungan Pungsi

PRT PT PNL PN I S F E S

Keterangan : 1. Klasifikasi

1) PRT : Pakakas Rumah Tangga

2) PT : Pakakas Tatanén

3) PNL : Pakakas Ngala Lauk

4) PN : Pakakas Ngebon

2. Fungsi

(12)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) S : Sosial

3. Unsur Lingkungan

1) F : Fisik/abiotik

2) E : Ekonomis

(1)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék data pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga.anu bakal ditalungtik. Dina ieu kagiatan panalungtikan, obsérvasi dilakukeun ku cara rekaman gambar. Pikeun ngarojong proses panalungtikan tangtuna ngagunakeun média atawa alat saperti kaméra, handphone, jste. Obsérvasi dilaksanakeun sangkan meunang gambaran anu nyata ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna pakakas tradisional. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik obsérvasi, nya éta:

1) nyieun pedoman obsérvasi,

2) ngalaksanakeun observasi ka lapangan

3) niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga

4) Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman obsérvasi.

3.3.2.2Téhnik Wawancara

Esterberg (dina sugiyono, 2010:317) nétélakeun yén wawancara mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya jawab nepi ka bisa meunang ma’na dina hiji topik.

Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung atawa Tanya jawab jeung Kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil ti kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun téhnik wawancara, di antarana nya éta:

1) nyieun pedoman wawancara;

2) yusun daptar patalékan jeung tujuan panalungtikan;

3) néang narasumber pikeun meunangkeun informasi ku cara wawancara; tuluy

4) nulis jawaban anu dipibeunang ku narasumber

3.3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat-alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi sagala informasi anu ditarima.

(2)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun Arikunto (2010:192) instrumén panalungtikan nyaéta alat anu digunakeun dina waktu panalungtikan nu nyoko kana métode jeung téhnik panalungtikan nu digunakeun. Instrumén panalungtikan nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Pédoman Obsérvasi

Pédoman wawancara nu baris aya di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid.

Tabél 3.1 Pedoman Obsérvasi Lokasi Obsérvasi :

Jenis Obsérvasi :

Tgl Obsérvasi :

Observer :

No Kode Daftar Tanya Dipake Ngartieun Istilah Sejen

b. Pédoman Wawancara

Pédoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Kampung Naga, meunangkeun data dumasar kana masalah nu ditalungtik.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

Wasta :

Jenis Kelamin :

(3)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kalunggguhan di kulawarga :

Pakasaban :

Jenjang atikan :

Kalungguhan di masarakat :

Patalékan :

No Patalékan

1. Naon waé pakakas anu digunakeun ku masarakat Kampung Naga, dina kahirupan sapopoé, hususna:

a. Pakakas Rumah tangga: b. Pakakas Tatanén: c. Pakakas Ngala lauk : d. Pakakas Ngebon :

2. Kumaha fungsina, éta pakakas tradisional teh?

3. Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional?

4. Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung tradisi masarakat Kampung Naga?

e. Kaméra jeung Hp

Ieu alat digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sakabéh kagiatan panalungtikan. Hasil ieu instrumén nya éta mangrupa gambar dua diménsi atawa visual.

3.4 Analisis Data

Miles dan Huberman (Sugiyono, 2007), ngebrehkeun yén aktivitas dina nganalisis data kualitatif dilakukeun sacara interaktif jeung lumangsung tuluy-tumuluy, nepi ka data jenuh. Eta aktivitas nya éta reduksi data (data reduction), penyajian data (data display), jeung conclusiondrawing/verification (Sugiyono, 2007).

(4)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. Reduksi data (data reduction)

Reduksi data nya éta analisis data anu dilakukeun pikeun milih hal-hal anu utama, fokus neangan kode pakakas rumah tangga, pakakas tatanen, pakakas ngala lauk, jeung pakakas ka kebon, sarta data ditilik tina jihat interrelationships, environment, jeung diversity . Data anu dipibeunang di lapangan ditulis/diketik dina wangun uraian atawa laporan terperinci.

b. Penyajian data (data display)

Panyajian data dilakukeun dina wangun uraian singgget, bagan, hubungan antar kategori, flowchart¸jst. Miles dan Huberman ( Sugiyono, 2007) ngebrehkeun yén anu palingmindeng digunakeun pikeun nyajikeun data dina panalungtikan kualitatif nya éta teks anu sipatna naratif.

Tabél 3.3 Kode Data

No Kode Data Data

c. Conclusion drawing/verification

Tina data anu geus dipibeunang, satuluyna dikategorikeun, diteangan téma jeung polana, tuluy nyieun kacindekkan. Kacindekkan awal anu diebrehkeun masih kenah sipatna samentara, jeung bakal barobah lamun teu kapanggih bukti anu kuat pikeun ngarojong kana tahap pangumpulan data.

3.4.1 Lengkah Ngolah Data

Téhnik ngolah data nyaéta téhnik nu dilakukeun ku panalungtik sanggeus data dikumpulkeun. Dina ieu téhnik data anu geus dikumpulkeun dipaluruh tuluy dipasing-pasing dijieun hiji kacindekan. Numutkeun Arikunto (2010:53), ngolah

(5)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data nya éta mikir patalina data jeung kasang tukang nu ngabalukarkeun ayana sasaruan atawa bédana éta data, nu tuluy bisa dijieun hiji kacindekan panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, di antarana:

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) Ngayakeun transkrip rékaman wawancara;

3) Nyieun papasingan data;