S BD 1105226 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan
Budaya mangrupa idéntitas hiji bangsa nu bisa ngabedakeun antara hiji bangsa
jeung bangsa lianna. Darajat hiji bangsa bisa katitén tina budayana éta sorangan.
Kabudayaan jembar pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu ngagem kana
éta budaya. Kabiasaan masarakat anu dilakukeun sacara turun-timurun disebut ogé
tradisi. Ku kituna, budaya jeung tradisi téh aya pakaitna, sarta kudu di jaga sangkan
ulah nepi ka leungit ku sabab tradisi nu jadi ciri bangsa urang. Nilik kaayan barudak
ayeuna nu geus teu pati maliré kana pamalina éta sorangan, malah aya nu teu apal
naon ari pamali.
Budaya téh asalna tina basa Sansakerta tina kecap “budhi” jeung “daya ” anu
hartina usaha, tanaga, karep, pikiran jeung parasaan jelema. Sedengkeun harti
kabudayaan nyaéta hasil, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema guna
nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akal jelema (dina
Danadibrata, 2009, kc.108).
Koentjaraningrat (2009, kc.144) nétélakeun yén kabudayaan nya éta sistem
gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga
manusa ku cara diajar.
masarakatna.


Kitu

ogé

Kabudayaaan kacida mangaruhan kana ajén atikan
sabalikna

kabudayaan

mangaruhan

kana

kamekaran

kabudayaan éta sorangan. Dina kabudayaan nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék
dina tilu wujud budaya, tegesna wujud ideas (gagasan, ide), wujud activities
(paripolah), jeung wujud artifacts (barang hasil karya manusa). Tina tilu wujud
budaya éta, ajén-inajén anu aya dina wujud ideas teu bisa ditempo, teu bisa dicabak,

ku sabab tempatna aya dina alam pikiran masarakat. Najan kitu, wujud ideas téh
fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana pari polah manusa dina masarakat
salaku tatakrama.
Dina budaya téh ngandung ajén-inajén dina wujud ideel anu sipatna abstrak, teu
bisa ditempo, teu bisa dicabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat,
Iksan kharis, 2015
Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2
dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Koentjaraningrat (2009, kc. 145)
nétélakeun yén kabudayaan téh mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé
sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang
bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran
jaman, ogé ajén-inajén nu dina budaya bakal managaruhan kana kamekaran atikan.
Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain
hartina harga nu bisa diukur ku angka tapi ajén di dieu nu aya patalina jeung norma
atawa aturan kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk aturan-aturan nu
aya patalina jeung atikan, ngatik manusa sangkan aya dina norma-norma kahirupan.
Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc. 39) nya éta pangajaran kana jalan

kahadéan, méré matikan, warah, jeung ngaping.
Dina kahirupan masarakat Sunda, hususna dina atikan kahirupan mibanda
rupaning cara pikeun ngaaplikasikeun naon nu dimaksud atikan. Salasahiji atikan anu
aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal nu dipahing atawa
dilarang, sabab saupama dilakonan atawa dirempak pasti bakal aya balukarna.
Salasahiji hal anu mindeng dijadikeun alat dina ngadidik téh nya éta ngaliwatan
kapamalian anu dipaké ku masarakat.
Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc. 489) nya éta larangan sepuh urang
anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé
anu bangga nepi ka hésé katimuna ku akal waras. Ku lantaran teu apal nyurahanana,
antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana
jeung kecap dongéng anu sok jadi kaheureuyan “ngabobodo budak céngéng”, tur
padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc. 41).
Mulkan (2007) dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur
Sunda” nétélakeun yén pamali nya éta larangan antara ucapan kana hiji hal nu matak
mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka sabudeureunana. Upamana hal-hal nu
dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.
Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand (dina
Danandjaya, 2007, kc. 21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nya éta folklor lisan, folklor


3
sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nya éta folklor anu wangunna
murni lisan. Folklor sabagian lian nya éta folklor anu wangunna mangrupa campuran
unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nya éta folklor anu wangunna lain
lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan di luhur téh jéntré
pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan.
Pamali, biasana raket patalina jeung mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma
minangka carita nu teu asup akal. Ari mitos mangrupa kumpulan carita atawa hal-hal
anu dipercaya sacara turun-timurun ku hiji masarakat. Ku kituna mitos dianggap aya
patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul. Loba kolot nu masih
kénéh nyekel deleg kana éta mitos.
Pamali lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi kapamalian
téh ngandung ajén-inajén pikeun ngatik ku cara dibalibirkeun. Pamali téh
sipat

miboga

nyingsieunan nu eusiana patali jeung cilaka, mamala, jeung musibah sangkan


budak bisa nurut jeung tuhu kana naon nu diucapkeun ku kolotna. Dina ungkara
kapamalian ogé, miboga simbol jeung tanda (sémiotik) anu ma’nana nyamuni.
Sémiotik nya éta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu nu nganggap yén
pénoména sosial jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Sémiotik ngaguar
ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvénsi-konvénsi nu ngayakinkeun éta
tanda-tanda téh ngabogaan harti. Tegesna tanda téh lain ngan saukur dina basa
wungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc.
119).
Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang pentingna pikeun maluruh sarta
maham ajén atikan tina éta pamali, nu satuluyna bakal mangaruhan kana sikep
masarakatna. Ku kituna, pamali téh bisa dijadikeun alat pikeun kolot dina ngatik
barudakna. Upama urang ngatik ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal
anu matak ngarugikeun, budak téh tangtu bakal merhatikeun ku sabab ngarasa sieun
kana omongan kolotna. Contona “ulah ngadiukan bantal bisi bisulan!” nu hartina
kudu bisa nyaluyukeun tempat, da puguh bantal mah lain tempat keur diuk.
Panalungtikan ngeunaan ajén atikan téh kawilang loba, di antarana ngeunaan
kaulinan, sisindiran, jeung kapamalian. Panalungtikan ajén atikan dina kapamalian

4
kungsi dilaksanakeun ku sadérék Diani Permasih (2010), kalayan judul “Ajén Atikan

dina Istilah Kapamalian Anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka
Kabupatén Bandung (Tilikan Sémiotik)”, Sri Mulyani “Ajén Atikan Dina Kaulinan
Barudak Lembur Di Désa Sukamaju Kecamatan Cigedug Kabupatén Bogor Pikeun
Bahan Pangajaran Di SD”, Ayu Mustika Maya Sinta “Ajén atikan Dina Sisindiran Nu
Aya Di Kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut
Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP”.
Sedengkeun panalungtikan ngeunaan ajén atikan kapamalian sa-kécamatan
hususna Kecamatan Subang mah can aya nu nalungtik . Ku kituna, perlu diayakeun
panalungtikan kana éta hal nu dijudulan “Aj én Atikan dina Folklor Kapamalian nu
Aya di Kécamatan Subang Kabupatén Subang (Ulikan Sémiotik)”.

1.2. Rumusan Masalah
Sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina
ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1)

Aspék kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang?

2)


Unsur sémiotik naon waé nu aya dina folklor kapamalian di Kecamatan Subang,
Kabupatén Subang?

3)

Ajén atikan naon waé

nu nyampak dina folklore kapamalian nu aya di

Kecamatan Subang, Kabupatén Subang?

1.3. Tujuan Panalungtikan
Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu
panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1. Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh ngeunaan ajén atikan
dina istilah kapamalian anu aya di Kecamatan Subang Kabupaten Subang

5

1.3.2. Tujuan Husus
Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta
ngadéskripsikeun:
1)

Aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

2)

Unsur sémiotik dina éta istilah pamali di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

3)

Ajén atikan nu nyampak dina istilah pamali nu aya di Kecamatan Subang,
Kabupatén Subang.

1.4. Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat ieu panalungtikan dijembaran dina dua bagian, nya éta mangpaat
tioritis jeung mangpaat praktis.


1.3.3. Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis,

ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh

ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang istilah kapamalian. Pikeun
pamaréntah (nu mutuskeun kawijakan), hasil tina ieu panalungtikan bisa jadi bahan
tinimbangan dina mutuskeun hiji kawijakan

1.4.2. Mangpaat pikeun Kawijakan
Kapamalian ngeunaan hiji hal mangrupa salah sahiji kabeungaran budaya nu
nepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu
dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut
kereteg

masarakat

pikeun

mikanyaho


deui

aspék

kapamalian

nu

aya

disabudeureunanna. Ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep pamaréntah bisa nyieun
hiji kawijakan nu antukna bisa mertahankeun budaya kapamalian.
.
1.4.3. Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran
ngeunaan ajén atikan dina istilah pamali nu sumebar hususna di sabudeureun

6
masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli

kana kabudayaan.

1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial
Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan
kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa
jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya
nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.

1.4. Raraga Tinulis
Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti
di handap ieu.
1)

BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,
tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina
ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik.

2)

BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna,
jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori
anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta
tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta
tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun
ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa
Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait
jeung

kapamalianana.

Dina

bagaian

kalungguhan

tioritis

dijelaskeun

kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan.
3)

BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan,
intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data

4)

BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di
antarana ngabahas ngeunaan kaayaan sosial budaya Kecamatan Subang,
déskripsi kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, déskripsi hasil jeung

7
fungsi aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, sémiotik nu aya dina
aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang Kabupatén Subang, sarta
analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang.
5)

BAB

V : eusina ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung

rékoméndasi ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya pakuat-pakaitna salila
panalungtikan pikeun panalungtik kaharepna