S BD 1105226 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan
Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh
hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik
budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyarék téh cukup ku dibalibirkeun,
teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap
pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian
anu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang, sabagian masih kénéh sok
diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu
disebutkeun pamali téa.
Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 6 narasumber
anu aya di Kecamatan Subang téh aya 65 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh
didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén
moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur sémiotik anu
nyangkaruk dina éta kapamalian.
Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di
Kecamatan Subang kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin,
kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun
kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta

kapamalian:
1.

Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 6 (3.9%)
kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin. Sababaraha
kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta “Ulah dahar pipir lawang
mantak hésé jodo”, “Ulah diuk dina bangbarung matak burung babakalan”,
jeung “Mun awéwé ulah ngadahar tunggir sok mangnunggirkeun”.

2.

Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 11 (7.15%)
kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun
nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana aspék kelahiran
nyaéta “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil
orokna”, “Nu kakandungan ulah ngalong di lawang panto sok hésé ngajuru”,

Iksan kharis, 2015
Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


88

jeung “Ari keur kakandungan ulah hayang kadaharan batur bisi ngelay
budakna”.
3.

Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (1.3%) kapamalian anu
eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan. Kapamalian anu asup kana
aspék sunat nyaéta “Ulah jangji nerapkeun babango mun rék di sunat bisi
kakeureut kanjutna” jeung “Budak sunat kudu di lulur ku konéng supaya
leungit kokotorna”.

4.

Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 4 (2.6%) kapamalian anu
eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék
maot nyaéta “Mun aya nu maot poé sabtu ulah di angir sok nuturkeun” jeung
“Mun nyangu na hawu ulah ngasupkeun suluh bagal ti heula tapi congona
heula bisi maot gering nangtung”.

Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian

dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life
cycle, nyaéta 42 (27.3%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana

aspék kapamalian umum nyaéta “Ulah mamangkatan mun larangan bulan ku
sabab sok cilaka”, “Kudu amitan mun rek mandi di walungan bisi aya nu
ngageugeuhana”, “Mun urang saré ulah ngujur kalér da éta mah bagéan nu paéh”,
“Mun nu liwat mawa mayit urutna bajur ku cai bisi apes”, jeung “Mun nyarek
budak ulah di teunggeul ku hihid mantak sakalor”.
Hasil analisis semiotik kapanggih aya 22 unsur ikon, unsur ikon nyaéta
tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial
antara penanda jeung petandana , salasahijina nu aya dina kapamalian “Tong
nguah coét bisi meunangkeun randa”, dina ieu kontéks coét

ikon tina wadah

paranti nyambel , Coét lain tempat dahar, salah tempat saupama aya nu dahar tina
coét. Ku lantaran kitu ulah nguah dina coét bisi meunangkeun randa, maksudna
kudu bisa pipilih dina ngagunakeun hiji barang, kitu ogé tina milih pamajikan.nu

bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna.
Lian ti éta aya 20 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur
indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat,
salasahiji contona dina kapamalian “Kudu amitan mun rek mandi di walungan
bisi aya nu ngageugeuhana”, dina ieu kontéks amitan mangrupa indéks tina

89

kalakuan jalma nu ménta ijin pikeun ngalakukeun hijji kagiatan. Anu dipenta
ijinna biasana mangrupa mahluk goib anu teu katingal. Maksud amitan didieu nya
éta pikeun menta ijin ka sasama mahluk ciptaan gusti nu ngageugeuh éta
walungan.
Dina unsur simbol kapanggih 23 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara
tanda

jeung

denotatumna

téh


disapukan

ku

balaréa.

Salasahijina saperti

kapamalian “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil
orokna”, dina ieu kontéks Dina ieu kontéks tengah lawang ngalambangkeun
bagian lawang nu tengahnna, dijieun tina kai, biasana digunakeun pikeun jalma
lalar liwat atawa cicing, nyawang, ngalamun, jeung bingung. Lamun saupamana
nu reuneuh cicing di tengah lawang biasana dipatalikeun jeung kapamalian matak
hésé bijil orokna.
Dina éta kapamalian téh leubeut pisan ku ajén atikan anu ngatik, ngadidik
urang aya dina kahadéan jeung kasalametan, saperti dina ajén atikan moral aya 32
kapamalian anu kaasup kana ajén moral saperti kapamalian “Teu meunang
ngadahar daging tikukur sok barorok atawa ateul” jeung “Ulah meulitkeun anduk
dina beuheung mun keur kakandungan bisi orok di jero beuteungna kabeulit ku

tali ari-ari.”. Aya 23 kapamalian anu kaasup kana ajén sosial saperti kapamalian
“Teu meunang hajat mun taun alif sok kahuruan atawa sok aya nu gelut.” jeung
“Ulah molongokeun panto wanci sareupna, sok aya longlongan asup kajero”.
Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 10 kapamalian saperti kapamalian
“Ulah ngalacuran pamajikan batur matak ripuh hirup di dunya jeung di akherat”
jeung “Ulah nembal ka kolot mantak doraka”.
Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi
éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun
sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot. Éta kapamalian téh teu
ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén
atawa multitafsir.

90

5.2 Rekomendasi
Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu
panalungtikan:
1.

Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu

mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta
dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab
kapamalian

téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula,

anu kudu

dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu
tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern.
2.

Ieu kapamalian nu aya di Kecamatan Subang téh mangrupa salasahiji folklor
sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh
mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun
tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna,
sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat
Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian.

3.


Pikeun panalungtik saterusna, ieu hasil panalungtikan téh masih kénéh jauh
tina sampurna, sabab masih loba kénéh kapamalian-kapamalian anu can
kapanggih tur kapaluruh, ku kituna dipiharep aya nu nalungtik deui leuwih
jero ngeunaan kapamalian.