Telaah Sastra II sosiologi sosiologi sosiologi
1
NASKAH SANDIWARA RAYAT (LONGSER)
NINI UTI NIMU CEPUK
Naskah
: R. Hidayat Suryalaga
Pamaen :
1. Nini Uti
: 60 taun, balangantrang (teu kawin), tukang sorabi, miskin,
jujur.
2. Mas Uto
: Bandar Lauk, beunghar, hawek.
3. Nyi Mas
: Pamajikan Mas Uto, hawek, 35 taun.
4. Juragan Jaksa
: Jujur, basajan, tegas jeung adil 50 taun.
5. Dodo Surado
: Pelayan Jaksa, munapek, licik, hawek 40 taun.
6. Setiawati
: Veteran 1945 - 70 th
7. ronggeng - ronggeng
8. wiyaga – wiyaga
2
ADEGAN KAHIJI
(Nini Uti ngider ngadagangkeun surabina, bari sakeudeung-sakeudeung ngilik-ngilik
cepuk leutik pamanggih di sisi gang. Bangun kacida hayangna muka, tapi teu wani ).
1. Wiyaga 1
: Teu acan seep Nini, surabi Nini teh ?
2. Nini uti
: Teu
acan, nun! Mangga
atuh bararade sarurabina, ararencep,
arareneng, bararade. Raos geura surabi Nini mah! Tipung beas pulen dikalapaan.
Dadaw... edo elom
3. Wiyaga 2
: Haneut
keneh
kitu
surabi
Nini teh ? Wah geus gaaleun boa
surabina ge Nini!
4. Nini Uti
: Hih, ari
Si Encep haneut keneh surabi Nini mah geura haneut
keneh!
5. Wiyaga 3
: Ah, sieun
bohong, geuning
basa
taeun, Nini Uti, hideung
: Yey ceuk
saha birit Nini hideung, teu hideung teusing birit
biritna!
6. Nini Uti
nini mah, hejo carulang geura, bisi teu percaya...
7. Wiyaga 3
: Eum Nini mah, birit sorabi, Nini, birit sorabi nu hideung teh lain
birit nini!
8. Nini Uti
: Euh, mun ti tatadi, birit surabi kituh nu hideung teh. Nya enya di
mana-mana oge ari surabi mah hideung biritna. Sok atuh garaleuh surabi Nini.
Pelem
dikalapaan!
Pedo
elom
bae
pokona
mah!
(Wiyaga mareuli surabi, nu saurang gap kana cepuk, dialak-ilik)
9. Wiyaga 1
: Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan ?
10. Nini Uti
: Hih, ulah etah! kadieukeun!
11. Wiyaga 2
( ngarebut cepuk )
: “uleuh mani alus kieu. Cepuk perhiasan emas
ieu mah. Geuning di toko emas oge loba nu kieu teh, nya. Tuh nya ! Tuh nya ! Tuh
nya !
12. Nini Uti
: Kadieukeun etah, kadieukeun! Ulah dibuka, nu batur.
13. Wiyaga 3
: Meunang maok ti mana ieu teh Nini ? Kolot-kolot puak -paok!
14. Nini Uti ( morongos, kasigeung )
: Saha nu maok! Gampang we tadah-tuduh teh!
Bararaid teuing make puak-paok sagala! Kajeun miskin Nini mah batan dahar
3
rejeki teu halal. Komo mun beunghar bari meunang halal mah, daek pisan!
Kadieukeun! Kadieukeun! Cepuk batur eta teh!
15. Wiyaga 2
: Enya lah meunang maok, meunang nyolong, meunang ngabangsat,
meunang ngaemeng! ngaku lah ngaku!
16. Nini Uti
: Yeuh bisi teu percaya mah, eta cepuk teh beunang nimu. Tuh di ditu
deukeut gang. Ieu ge rek disalabarkeun! Rek disalabarkeun! kitu tah! Beunang nimu
lain beunang maok! Sumpah ge daek Nini teh ! Daek jadi deui huntu!, daek leungit
singkayo. Hayoh!
17. Wiyaga 3
: Euh beunang nimu! Ka kuringkeun bae atuh Nini eta cepuk teh,
engke urang dibikeun ka Pa RT, supaya disalabarkeun. Sok Ni ka kuringkeun! (Si
Nini bangun asa-asa. Torojol Wiyaga 1, ngolo )
18. Wiyaga 1
: His, ka kuringkeun bae, Nini da Nini mah bageur, geulis, lucu !
Engke ku kuring di ka Pa RW-keun sina disalabarkeun. Sok ka kuringkeun bae sok
Ni. Sing percaya bae ka kuring atuh, sok !
19. Wiyaga 3
: Ka kuringkeun bae sok Nini, engke ku kuring di ka Pa Jaksakeun,
supaya disalabarkeun. Sok ka kuringkeun bae, urang ka Pa jaksakeun, sok!
20. Nini Uti
: Taaaaaaah ........ enya urang pasrahkeun bae ka Juragan Jaksa nya!
Juragan Jaksa mah jelema jujur bejana mah nya? Lain itu bumina, nu di pengkolan
tea nya ?
21. Wiyaga 3
: Enya, sok atuh ka kuringkeun. Engke ge ku kuring dilaporkeun
yen anu manggih ieu cepuk teh
Nini Uti nu bageur nu demplon, nu lucu, nu
surabina hideung. Nu henteu singkayoan. Sok lah sok!
22. Nini Uti
: Moal ah, rek dibikeun ku Nini Sorangan bae.
23. Wiyaga 3
: Na teu percaya ka kuring ? Heh batur-batur, pira ge tanaga awewe,
awewe kolot deuih. Rebut bae rebut. Kepung sok kepung !
24. Wiyaga ngarepung
Beunang
: Beunang ............! (Si Nini nyingcet henteu beunang),
...........! Beunang .........! Wiyaga ngarontok surabi), Beunang ................
Hanjakal euy beunang surabina wungkul
kaluar)
(Nini Uti lumpat muru imah Jaksa. Wiyaga
4
ADEGAN KADUA
(Datang Mas Uto jeung Nyi Mas, garinding rek jalan-jalan, leumpangna pageye-geye,
nyaritana gaya wayang uwong)
25. Nyi Mas
: Kang Mas Uto, kunaon angkatna mani
rusuh. Sanes bade
shoping ka Cicadas tea, Kang Mas Uto?
26. Mas Uto
: Leres
Rayi
Mas, urang
meser seeng, dulang sareng tetenong,
Rayi.
27. Nyi Mas
: Rayi pangjenengan oge nuju nyiram, tujuh bulan, hoyong gurandil.
Angkatna ulah rusuh Kang Mas, bilih kaluron, Kang Mas. Angkatna kedah nurutan
peragawan
sareng peragawati, Kang Mas !
28. Mas Uto
: Kumaha kitu ari Pergiwa lan Pergiwati angkatna, Rayi Mas !
29. Nyi Mas
: Peragawan sareng Peragawati, Kang Mas sanes Pergiwa sareng
Pergiwati. Kieu Kang Mas, ngagitekna dua kali - dua kali. Ka kenca dua gitek ka
katuhu dua gitek, Kang Mas Uto. (Nyi Mas nyontoan ngagitek dua kali - dua kali,
diturutan ku Mas Uto. Wiyaga 1,2,3, ka laluar, nurutan leumpang tinggaritek)
30. Wiyaga 1
: Nyeri cangkeng euy, iraha tepina ka Cicadas nya. Mangkaning ieu di
Ujungberung keneh.
31. Wiyaga 2
: Na enya kitu euy leumpang peragawati teh dua kali-dua kali.
32. Wiyaga 3
: Teuing atuh, urang nagog di dieu bae yu, lalajo nu ngagitek.
(Nu tiluan, naragog, bari nyenggakan nu ngagitek):
Gitek ! Gitek ! Keplok ! Keplok !
Gitek ! Gitek ! Cendol ! Cendol !
Ari tek gitek-gitekkeun. Ari dol jendol-jendolkeun!
Ampun, jadi teu bisa nangtung ajeg euy, kudu moyongkod kieu. Hihih..
33. Wiyaga 1
: Bade kamarana Den Mas Uto sareng Nyi Mas teh ?
34. Mas Uto
: Kulo bade shoping ka Cicadas. Monggo permisi !
35. Wiyaga 2
: Euh bade shoping, bade ngagaleuh naon Nyi Mas ?
5
36. Nyi Mas
: Kulo bade meser buntil, gurandil sareng surabi. Nuju nyiram, tos
tujuh bulan, bisi ngacay.
37. Wiyaga 3
: Har naha tebih-tebih teuing meser surabi-surabi bae kedah ka
Cicadas. Ka Nini Uti atuh meser surabi mah. Raos teh, jaba bujurna hideung!
38. Wiyaga 1
: Sareng Den Mas, Nini Uti nimu cepuk perhiasan, emas eusina ge,
nya?
39. Wiyaga 2
: Is puguh emas mah, 100 gram emasna oge!
40. Wiyaga 3
: Leres Nyi Mas, Nini Uti mendakna teh caket gang. Sigana gang nu
caket bumi Nyi Mas tea. (Mas
Uto jeung
Nyi Mas, rada nyingkur
terus
tingharewos. Ngomongna ayeuna mah jadi teureugeus saperti biasa)
41. Nyi Mas
: Euh jadi ku surabi Nini, kapanggihna perhiasan kuring teh ?
42. Wiyaga 1
: Surabi Nini Uti kitu. Tapi nu manggihanana mah Nini Utina, lain
surabina. Naha Nyi Mas ical perhiasan kitu?
43. Nyi Mas
: Puguh enya kuring teh leungit perhiasan, saratus gram nya kang
Mas. Naon teh nu leungitna teh nya Kang Mas?
44. Wiyaga 3
: Piraku tepi ka poho deui. Bohong meureun ah !
45. Nyi Mas
: Daek kieu tah, daek kieu mun bohong teh (bari bebengoan). Loba
tuda cepuk perhiasan kuring mah. Tah nu leungit teh cepuk nu warnana bulao.
Cepukna bulao nya!
46. Wiyaga 3
: Da asana hideung cepukna teh ceuk panenjo kuring mah!
47. Nyi Mas
: Aeh enya cepukna teh hideung. Hideung nya Kang Mas (Kang Mas
gogodeg. Ku Nyi Mas sirah Si Kang Mas diunggeuk-unggeukeun). Tuh enya ceuk
Kang
Mas
oge,
hideung!
48. Wiyaga 1
: Da koneng ceuk kuring mah yey. Koneng !
49. Nyi Mas
: Pokona mah rék bulao, teu hideung rek beureum, rek koneng
rek beureum. Pokona mah eta cepuk teh nu kuring. Naon eusina teh nya Kang Mas.
(Mas Uto bingungeun. Nyi Mas mere isarah kana ramona)
6
50. Mas Uto
: Tah enya ali,
Tah mun teu ali, geulang ...
Tah....tah mun teu geulang, anting ..
mun teu anting kongkorong.
51. Nyi Mas
: Kamana ayeuna surabi Ninina teh hah?
52. Wiyaga 2
: Untuk satu kali informasi, berapa Nyi Mas berani bayar?
53. Nyi Mas
: Hih Si piduit siah! Informasi-informasi bae kudu dibeuli!
54. Wiyaga 2
: Ari Nyi Mas, jaman komunikasi jeung informasi atuh ayeuna
mah.
Jaman moderen, sagala diduitkeun !
55. Mas Uto
: Jadilah : Satu persen dari harga taksiran !
56. Wiyaga 3
: Mirah teuing atuh sapersen mah teu usum !
57. Nyi Mas
: Lima persen dari harga netto.
58. Wiyaga 1
: Sapuluh persen tina harga taksiran. Geus biasa sakitu mah atuh Nyi
Mas. Presentase umum. Geura mangga taroskeun ka nu nongton ? Umum nya
umum.... ( ka nu lalajo ). Tuh umum cenah ge!
59. Nyi Mas
: Jadi lah sapuluh persen. Tah kumaha informasina teh, cingan pok!
60. Wiyaga 1
: Nini Uti teh rek indit ka Juragan Jaksa.
61. Mas Uto
: Rek
nanaonan ka imah Jaksa sagala rupa. Rek naon cenah
maksudna?
62. Wiyaga 2
: Untuk informasi kedua, bayar lagi..... bayar. Ku roko ge kajeun !
63. Mas Uto
: Huh tukang meres! Kop tah kuntung, lumayan! Rek naon ceunah
los-los ka Jaksa?
64. Wiyaga 2
: Rek mikeun cepuk emas nu eusina 100 gram tea!
65. Nyi Mas
: Naha bogana Juragan Jaksa kitu eta cepuk emas teh?
66. Wiyaga 2
: Lain, lain nu Juragan Jaksa.
67. Nyi Mas
: Ari enggeus rek naon mikeun eta cepuk ka Jaksa?
68. Wiyaga 3
: Untuk informasi ketiga bayar lagi......bayar lagi!
69. Nyi Mas
: Aduh biung, biung.......jaman nanahaon ieu teh, sagala kudu ku duit!
70. Wiyaga 3
: Jaman informasi Nyi Mas, mahal nya? Euh Nini Uti teh pangna
mikeun cepuk perhiasan ka Juragan Jaksa teh, supaya dipangnyalabarkeun, kitu
cenah! Informasi h a b i s (gaya ngomong robot)
71. Nyi Mas
: Hayu Kang Mas gancang. ( Kang Mas leumpangna dua gitek-dua
gitek, Nyi Mas rusuh )
7
72. Nyi Mas (norojol)
: ”Hih leumpang nanahaon siga kitu patut! Jaman informasi
jeung komunikasi atuh ayeuna mah. Hayu.... bisi rejeki beakeun ku batur.
(Kang Mas dibebedol, rusuh)
ADEGAN KATILU
(Di imahna Juragan Jaksa. Si Dodo, pelayanna keur beberes. Gawena heuay da geus jadi
kabiasaanana)
73. Dodo ( bari heuay )
: “ Huaaah, aing mah rajeun boga dunungan, jelema euweuh
gadag, euweuh kamau, kuuleun, teu beunang dijagokeun, teu beunang dipikareueus.
Geura ieuh, korsi naon siga kieu. Imah naon siga kieu. Piraku imah Jaksa siga kieu!
74. Wiyaga 1
: Na kudu kumaha kitu ari imah Jaksa. Dodo?
75. Dodo
: Hang naho..... hang naho. Imah Jaksa mah atuh
kudu
sigrong da gedongna agreng da mantereng. Di garasina pajejel ku tutumpakan roda
dua, roda tilu, roda opat, roda lima, roda dalapan. Kitu tah!
76. Wiyaga 2
: Treuk gandengan atuh roda dalapan mah. Na kumaha kitu
dunungan Dodo teh?
77. Dodo
: Nya eta jujur teuing, basajan. Gengsi dong imah gegeden
siga kieu mah.
78. Wiyaga 3
: Har puguh alus nu kitu teh. Pola hidup sederhana. Turutaneun
rayat. Turutaneun dunungan maneh mah Do, turutaneun !
79. Dodo
sederhana.
: Ah embung dewek mah nurutan malarat, Naon basajan,
Pokona
'Kalau
ada
kesempatan,
jangan
dikasih
lewat
do...oooooooooooongngng!
( Ti luar aya nu pupuntenan, sora awewe )
80. Wiyaga 1
: Semah tah Do, awewe deuih, awewe !
81. Dodo
: Hah semah, AWEWE.....?? AWEWE hah ?
82. Wiyaga 2
: Enya awewe, tukang surabi, Nini Uti.
83. Dodo
: Kabeneran beuki euy. Mangga surabi, aeh Nini kalebet !
84. Nini Uti
: Leres ieu bumi Juragan Jaksa teh. Boa aden Juragan Jaksa
teh nya?
8
85. Dodo : (Ka Wiyaga) : Alah dewek disebut Jaksa euy, na aya potongan kitu ? I m a
j i , bae nya euy ?
86. Wiyaga 3
: Siga euy, bujurna. Naon Imaji teh Do?
87. Dodo
: Tinggaleun okem maneh mah. Imaji? Imaji.....Ikut majikan !
(Nalikeun serebet dina beuheung jadi dasi).“Enya kuring Jaksa Muda. Perlu naon
ema Nini ka dieu, boga perkara?
88. Nini Uti
: Sumuhun, Nini teh bade titip cepuk, kenging nimu ti sisi
gang. Ku Aden Jaksa Anom mugi dipangnyalabarkeun, hawatos ka nu gaduhna.(Ku
Dodo cepuk rek dibuka)
89. Nini Uti
: His, Juragan Anom Jaksa, ulah dibuka, barang nu batur eta
teh!
90. Dodo
: (Kuram-kireum). Emas sigana eusina teh nya Nini.
91. Nini Uti
: Puguh bae, emas Juragan, inten, mutiara, jamrut, berlian.
92. Dodo
: Na ari Nini teu hayang boga emas berlian. Na teu hayang
ramo digeulangan,
ceuli
dikongkorongan, beuheung dipanitihan, leungeun
diantingan. Na teu hayang Nini?
93. Nini Uti
: Atuh puguh, na saha piaweweeunnana nu teu hayang
reunceum. Ngimpi ge acan Nini mah hayang nu kitu teh!
94. Dodo
: Is ceuk saha ngimpi. Emh na aya Nini-Nini sakieu geulisna,
ieu geura pakulitan mani lemes siga jeruk purut. Rambut bodas siga Lady
Dayana. Waos..... eta waos...... mani keueuseun kitu keur hideung teh. Geura eta cepil
mani siga supa lemer kenging ngaleob. Upama diantingan teh, tada teuing Nini
Uti enyoy-enyoyanana. Nyaan Nini hayang perhiasan teh ?
95. Nini Uti
: Hayang ....... hayang pisan. Can kalaksanakeun ti jaman
parawan jekekan tepi ka Nini pongpet kieu.
96. Dodo
: His gagabah nyarita teh, naon nu pongpet teh Nini?
9
97. Nini Uti
ieu
: Iih, Juragan Jaksa Anom mah Viktor. Pikiran Kotor. Pongpet,
liang
98. Dodo
ceuli,
aeh
tindik
ceuli
Nini
pongpet.
: Tah liang ceuli Nini, aeh tindik Nini moal pongpet deui da
bakal diantingan. Urang buka bae ieu cepuk teh, eusina urang bagi dua, keur Nini
antingna, supaya ulah pongpet, nu sejenna keur kuring!
99. Nini Uti
: His ulah juragan, barang batur eta mah. Kajeun pongpet bae
Nini mah tibatan make barang haram.
100.
Dodo
: Ceuk saha barang haram, barang perhiasan ieu mah Nini,
meunang nimu ieuh. Asal Nini bae tong loba omong. Engke Nini jadi beunghar teu
kudu dagang deui surabi, engke mah dagang hot dog.
101.
Nini Uti
: Ah embung dagang dogdog mah, na aya nu meuli kitu?
102.
Dodo
: Hih Nini ku dusun. Dagang Hamburger atuh nya!
103.
Nini Uti
: Piraku Juragan, piraku na saha nu rek meulina dagang
bubur hayam make ager. Comro,
oncom dijero. Hamburger, daging
hayam dibubur make ager. Yey geuleuh !
104.
Dodo
: Ari ngomong jeung urang Sunda mani ripuh. Buka bae nya
Nini Uti
: Ulah Juragan ulah, haram, doraka......ulah!!!(Ti luar aya nu
Nini !
105.
pupuntenan, Mas Uto jeung Nyi Imas)
106.
Wiyaga 1
: Semah
Do........semah. Pamajikan jeung salakina sigana
mah. Jelema beunghar Do, Tuh bieu turun tina taksi carteran.
107.
Dodo
: Aya semah cenah Nini. Nini nyingkur heula. keun ieu cepuk
urang teundeun dina meja. Nginjeum tiung Nini keur turubna. Tah buni pan!
10
108.
Nyi Mas
: Leres ieu bumina Pa Jaksa teh ?
109.
Mas Uto
: Juragan nya, Juragan Jaksa teh ?
110.
Dodo
: Sanes, nun abdi mah sanes Juragan Jaksa...
111.
Mas Uto
: Ah, leres Bapa, Jaksa teh. Geuning eta didasi. Tuh mani
rubak kieu dasina oge, sareng seungit deui. Warnana oge mani modis jeung trendi,
warna nu nuju i n , pink......tuh nya warnana pink-ping nu nuju polpuler tea.
Rayi Mas, parfum Juragan Jaksa mah, mani melenghir kieu.
112.
Nyi Mas
: Parfum merek naon ieu teh Juragan. Mani bau jurig Juragan !
113.
Dodo
: His sanes dasi ieu mah, elap, serebet, numatak seungit
karbol. Hoyong terang merekna : Parfum cap Kloset.
114.
Mas Uto
: Heheh, sugan teh Juragan Jaksa, bane bae didasi. Kieu, tadi
sigana aya Nini-Nini ka dieu, rek mihapekeun cepuk wadah perhiasan. Eta teh
cepuk nu kuring, eusina emas 100 gram. Eta cepuk rek dicokot deui ku kuring
ayeuna. Kitu! Mana cepukna?
115.
Dodo
: Upama eta cepuk nu Bapa, cing kumaha warnana?
116.
Mas Uto
: Koneng !
117.
Dodo
: Henteu koneng da yey !
118.
Nyi Mas
: Naon atuh warnana eta cepuk teh?
119.
Dodo
: Untuk informasi, bayar dulu ongkosnya.
120.
Nyi Mas
: Tah...tah...tah...tah. Cukup sakitu.
11
121.
Dodo
: B e u r e u m . ( ka
nu
lalajo) :
Bararade ngagaleuh
informasi, bararade.(Asup Juragan Jaksa)
122.
Jaksa
: Aeh geuning aya tamu. Mangga aya naon. Saha nu ti payun
sumping?
123.
Nini Uti
: Abdi Juragan. Abdi teh mendak cepuk rupina wadah
perhiasan, tadi di sisi jalan. Abdi bade nyanggakeun eta cepuk ka Juragan,
supados disalabarkeun saha nu gaduhna. Sakitu nun !
124.
Jaksa
: Dupi Bapa sareng Ibu bade aya naon ka dieu (ka Mas Uto)
125.
Mas Uto
: Abdi teh ngahaja nyusul itu Nini Uti Surabi, bade ngabantun
cepuk perhiasan nu kapendak ku Nini Surabi tea. Eta teh cepuk nu abdi.
126.
Jaksa
: Euh kitu. Cing sabaraha beuratna perhiasan nu ical teh
jeung eusina naon bae, mun enya nu anjeun?
127.
Nyi Mas
: Eusina teh, sumuhun perhiasan beuratna 100 gram.
128.
Jaksa
: Sigana di bumi seueur keneh perhiasan Ibu teh nya, da Ibu
mah jalmi beunghar rupina mah.
129.
Nyi Mas
: Henteu seueur mah, mung emas batangan gaduh 9 batang,
logam nya kinten-kinten aya tujuh ons mah. Atuh di garasi numpuk beusi tua,
icaleun ka Ciroyom. Anu engkena bade dieksprot ka Jepang.
130.
Jaksa
: Atuh minangka buruhan ka nu manggihna, minangka peresen
kana kajujuran Nini Uti, sanggup meresenan sabaraha. Ayeuna kontan ?
131.
Mas Uto
: Wah
Juragan, abdi
parantos seep seueur, dompet abdi
parantos lepet kanggo meseran info aeh informasi. Tapi mangga ieu masihkeun
deui artos kanggo tanda 'ucapan terima kasih' ka Nini surabi
12
132.
Jaksa
: Iklas ieu teh. Yeuh Nini keur kajujuran Nini, rawatan!
( Keur kitu aya semah deui, anggota veteran awewe geus tawehwoh)
133.
Satyawati
: Punten bade lapor, abdi leungiteun cepuk warna beureum
dilebetna aya barang nu teu kinten luhur ajenna kanggo abdi mah.
134.
Jaksa
: Ieu cepuk nu ku Ibu teh. Cing naon eusina, upami leres
kagungan Ibu
135.
Setiawati
: Sanes barang nu ageung hargana, di toko oge seueur,
nanging kanggo abdi mah luhur pisan ajenna. Margi jadi tanda kasatiaan sareng
sumpah abdi ka Nagara. Mangga geura buka bae ku bapa.
( Jaksa muka cepuk, di
jerona
lencana VETERAN/…………… ………)Barang Mas
Uto nenjo yen di jero cepuk teh ngan ukur lencana , kelepek kapaehan )
136.
Mas Uto
: Lencana ........... ukur
Lencana. Meuli oge di Kosambi
gampang. Adooouh bioooouuuung. Kelenger Kulo!)
13
RANGKUMAN :
Nini Uti Nimu Cepuk
Dina ieu naskah, dicaritakeun sabaraha tokoh kahirupan sosial manusa, diantawisna
dina naskah ieu dicaritakeun, hiji tokoh utama nyaeta Nini uti, sosok wanoja sepuh anu
umurna 60 tahun, anjenna balangantrang (teu kawin). Padamelanna téh dagang sorabi,
sanajan miskin mung anjeunna jalmi anu soméah, sareng jujur. Dina hiji dinten, kaleresan
anjeunna nuju ngider, dagang sorabi, nalika di jalan anjeunna nimu cepuk di sisi gang jalan,
mung Nini Uti teu wantun ningal éta eusi cepuk panimu téa. Nalika ngider, Nini Uti patepang
sareng para wiyaga, anjeunna nawarkeun éta sorabi sangkan payu. Sabari nawarkeun sorabi
ka para wiyaga anu aya didinya, Nini Uti nyarita cepuk panimu na, éta para wiyaga ku kacida
atohna, pahi haroyongeun éta barang, mung Nini Uti teu mikeun, kumargi anjeunna panceg
sangkan éta cepuk lain barang anjeunna. Para wiyaga mah tos pada keheuleun ka Nini uti, da
bongan cepukna sesah pisan dipénta na. Nini Uti na leuwih mercayakeun éta barang timuanna
diserahkeun ka Juragan Jaksa, sangkan ku Juragan Jaksa disalebarkeun.
Dina adegan sanesna, nyaritakeun Nyi mas, ieu jalmi gaduh sifat goréng, hawek,
sarakah, saliyan ti éta aya oge salakina nyaéta Mas Uto, sarua sifatna sareng Nyi mas,
manéhna téh bandar lauk, kacida ogé hawek sareng sarakahna, kabeungharanna téh teu
dimanfaatkeun bener-bener. Dina hiji mangsa, kaduana aya kagiatan balanja, nalika dijalan
Nyi Mas sareng Mas Uto ngupingkeun omongan para Wiyaga, nyaritakeun Nini Uti nimu
cepuk, anu eusi na oge tacan terang naon. Nyi mas ujug-ujug kacida ku reuwasna nguping
carita para Wiyaga, anjeunna miboga niat goréng, nyaéta hoyong ngabogaan éta cepuk,
padahal éta cepuk lain oge anu manéhna. Anu tadina niat balanja ogé malah teu jadi,
manéhna nyusul ka tempat Juragan jaksa sangkan hoyong mendakan Nini Uti pikeun ngaku
éta cepuk téh anu manéhna. Ai nalika saatos Nyi mas sareng Mas Uto ditaros ku Juragan
Jaksa sareng si Dodo (pembantuna Jaksa) kanggo mastikeun éta barang, mung aya syaratna
sangkan Nini uti kedah kénging persenan ti Nyi mas sareng Mas Uto. Nini Uti mung tiasa
pasrah weh, da mercayakeun ieu perkara ka Juragan jaksa. Nalika cepukna badé diserahkeun
ka Nyi Mas, sihoréng aya nu gaduhna nyusulan, sangkan éta cepuk anjeunna, pas disidiksidik téh nya, naon ciri anu disebutkeun ku anjeunna téh leres sareng kaayaan, Nyi Mas
Kacida wirangna kumargi anjeunna kanyahoan ngabohongna.
14
ANALISIS TIAP ADEGAN
1. Adegan Kahiji :
Dina adegan hiji ieu, tokoh anu muncul diantawisna nyaéta Nini uti, Wiyaga 1,
Wiyaga 2, Wiyaga 3. Kacaritakeun nalika Nini Uti nuju ngider sorabi, anjeunna nimu
cepuk anu tempatna di sisieun gang jalan, kumargi Nini uti mah jalmina jujur, janten
éta cepuk téh teu langsung diarah pikeun anjenna, mung ku para Wiyaga anu aya
didinya Nini Uti teras digoda sangkan éta cepuk bisa jadi milik maranéhna, sanajan
kitu, Nini uti namah teu sama sakali kagoda, anjeunna tetep badé nyerahkeun éta
cepuk kanu bertanggung jawab. Tah tidinya anjeunna mercayakeun ka Juragan jaksa,
numutkeun Nini Uti mah, kumargi Juragan Jaksa mahjalmi na soméah, jujur dina
kahirupananna, sabab kitu seeur jalmi anu reseupeun ka Juragan jaksa.
2. Adegan Kadua :
Dina adegan kadua, muncul tokoh anyar, nyaéta Nyi Mas, jalmi anu kacida korétna,
hawek kana harta, beunghar mung tara babagi, anu kadua nyaéta Mas Uto, salaki na
Nyi Mas anu sarua laku lampahna dua-dua na téh. Nalika, dina hiji wanci, Ni Mas
sareng Mas Uto kaleresan nuju dijalan pikeun baralanja ka pasar, teu kahaja, duanana
nguping obrolan para Wiyaga nyaritakeun Nyi Uti Nimu cepuk téa, saatos kitu, teu
seueur basa-basi Nyi Mas nyamperkeun éta Wiyaga sangkan hoyong terangeun carita
na anu leuwih jéntré. Saatos dicaritakeun Nyi Nyi Mas sareng Mas Uto kacida kabita
na ku éta cepuk, sanajan sanes nu aanjeunna, dua-duana miboga niat ngarebut éta
cepuk ti Nini Uti ku cara ngaku sangkan éta cepuk téh anu anjeunna, da ceunah moal
curigaeun sanajan diaku ogé, da anjeunna téh ngarasa jalmi anu pangboga na,
pangbeungharna.
3. Adegan Katilu
Dina adegan Katilu ieu, nyaritakeun Nyi Mas sareng Mas Uto anu bade
ngadongkapan rorompokna Juragan Jaksa, sangkan ukeun éta cepuk ti anjeunna. Di
rorompokna Juragan Jaksa téh aya si Dodo nyaéta pembantuna, nalika dongkapna Nyi
Mas, sareng Mas Uto anu maksadna badé ngaku éta cepuk téh barang manéhna. Sidik
nalika ditarosan ngeunaan éta barang, teu leres sareng kaayaan cepuk nu nya na.
Sihoreng cepuk natéh anu gaduhna nyaéta si Setiawati, anu eusi cepukna nyaéta
lencana veteran. Kacida wirangna pisan Nyi Mas sareng Mas Uto ku kajadian éta.
Jalmi sarakah tur hawek dina kahirupanana.