Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28 Peniléyan hasil ditujulkeun pikeun ngukur hasil diajar siswa dina tungtung pangajaran. Peniléyan kudu nyumponan dua hal: 1 maké prosédur baku jeung 2 maké instrumén standar. Prosédur baku nyaéta peniléyan anu dilakukeun kudu maké léngkah-léngkah nu tangtu jeung sikep anu adil ka siswa sarta tinimbangan nu diluyukeun jeung situasi, waktu, tempat, jeung kamampuhna. Ari instrumén baku nyaéta instrumén anu disusun maké prosédur mekarkeun instrumén anu baku jeung bisa dipertanggungjawab- keun, boh tingkat validitas boh réliabilitasna. Tés bisa didéfinisikeun minangka prosédur sistematik dina ngukur paripolah individu. Éta definisi téh ngandung dua hal utama, nyaéta prosédur sistematis jeung ngukur paripolah individu. Tés kaparigelan basa nyoko kana aspék 1 tés ngaregepkeun, anu ngukur kamampuh nyangkem basa lisan; 2 tés maca, anu ngukur kamampuh nyangkem basa tulis; 3 tés nyarita, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa lisan; jeung 4 tés nulis, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa tulis.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 29 Réfléksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis wanda peniléyan oténtik, prosés, jeung hasil, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat.

1. Ngalatih guru dina

nganalisis matéri wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK.

2. Ngalelempeng guru dina

ngamang- paatkeun hasil analisis wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 30 1 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 31 KAGIATAN DIAJAR 2 PROSÉDUR, PRAKTÉK, JEUNG INSTRUMÉN PENILÉYAN, KATUT KKM

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar II, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun prosédur, prakték, instrumén peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda katut KKM Kritéria Ketuntasan Minimal kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta Sadérék dipiharep bisa 1. ngajéntrékeun prosédur peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; 2. ngaidéntifikasi cara prakték jeung ngolah peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif; 3. ngaidéntifikasi instrumén peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif; 4. ngajéntrékeun tujuan jeung prinsip nyusun peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; sarta 5. nganalisis KKM Kritéria Ketuntasan Minimal pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan gawé bareng. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 32

C. Pedaran Matéri