S BD 1102975 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Manusa salaku mahluk hirup miboga dua fungsi, nya éta salaku mahluk
individual jeung salaku mahluk sosial. Salaku mahluk individual hartina
hubungan antara jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial
hartina manusa teu bisa hirup sosoranganan tapi butuh batur pikeun hirup jeung
huripna. Manusa butuh ku batur téh kaungggel dina pupuh Pucung “utamana
jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal
lantaran ti pada jalma”.
Manusa salaku mahluk Pangéran anu dibéré akal jeung budi ngahasilkeun
paripolah jeung kabiasaan-kabiasaan anu ngabédakeun jeung mahluk hirup
séjénna, saperti sato jeung tutuwuhan. Éta kabiasaan-kabiasaan jeung paripolah
anu sarua ti sakelompok jalma, ngawangun hiji beungkeutan anu disebut
masarakat. Kahirupan nu ngawengku paripolah jeung kabiasaan hiji masarakat
leuwih lega deui ku para ahli sok disebut kabudayaan. Nurutkeun E.B Taylor
(dina Lestari, 2013, kc. 1) “kebudayaan adalah seluruh kompleks yang ada
didalamnya terkandung ilmu pengetahuan yang lain, serta kebiasaan yang
didapat manusia sebagai anggota masyarakat”. Sedengkeun nurutkeun Arnold
(dina Liliweri, 2014, kc. 6) kontak individu atawa sakelompok jalma anu miboga

pikiran, omongan, jeung paripolah anu alus ngeunaan dunya disebut kabudayaan.
Kabudayaan raket patalina jeung adat. Adat nya éta istilah dina budaya
Sunda, anu dipikawanoh dina sababaraha harti. Dina Kamus Umum Basa Sunda,
adat nya éta kabiasaan anu turun-tumurun ti karuhun. Dina basa Arab disebut
‘Urf’ nya éta hiji hal anu dipikaweruh, dipikanyaho, tur dipigawé tuluy-tumuluy
nepi ka jadi hiji kabiasaan di masarakat (Ensiklopedi Sunda, 2000, kc. 14).
Adat-istiadat anu aya dina budaya Sunda téh réa pisan, dianatarana aya
upacara tujuh bulanan atawa nu disebut babarit, Muludan, jamasan, pa(n)jang
jimat, jeung réa deui. Salah sahiji adat nu aya dina budaya Sunda anu masih kéneh
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2

dipaké nya éta upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung mangrupa salasahiji prosesi adat
anu dilakonan sacara turun-tumurun anu sok dilaksanakeun dina unggal poé
Senén tanggal welasan ahir bulan Safar. Asal-muasal upacara nyiramkeun pusaka

karajaan Talaga Manggung nurutkeun Rd. Mumu (wawancara Saptu 6 Desember
2014) ieu acara dipatalikeun jeung caritaan kolot anu geus turun-tumurun, yén
waktu Radén Ranggamantri alias Pucuk Umun jeung garwana Ratu Parung
Sunyalarang, ngucapkeun dua kalimah syahadat munggaran. Éta acara
ngislamkeun téh diluluguan ku Sunan Gunung Jati Cirebon téh dina poé Senen
bulan Safar tanggal welasan ahir. Ieu upacara nu nanteng nepi ka kiwari,
minangkaupaya anu dilakonan ku kaprabonan Talaga pikeun ngamumulé barangbarang titinggal Karajaan Talaga Manggung.
Prosesi upacara adat nyiramkeun diayakeun minangka media silaturahmi
antara warga katurunan karajaan Talaga Manggung jeung masarakat sabudeureun
karajaan Talaga. Ieu prosési ogé minangka hiji wangun panghormatan ka luluhur
anu geus ngawariskeun titinggalna anu leubeut ku simbol.
Simbol mangrupa bagian tina tanda. Elmu anu ngabahas ngeunaan tanda
jeung simbol disebut sémiotik. Nurutkeun C.S Peirce (dina Sobur, 2009, kc. 4142) simbol nya éta salah sahiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu
geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat. Maksudna nya éta hiji hal
atawa kaayaan anu ngawakilan pamahaman hiji jalma kana hiji objek. Salian ti
éta, C.S Peirce nétélakeun yén tanda téh ngawengku ikon, indéks, jeung simbol.
Ayana unsur sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol, nu boga
harti husus pikeun kahirupan masarakat, jadi kasang tukang dipilihna upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung pikeun objék panalungtikan.
Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu leubeut ku unsur

sémiotik perlu dianalisis, sangkan masarakat bisa mikawanoh jeung maham kana
naon anu jadi udagan tina éta upacara.
Unsur sémiotik katut ajén-inajénna dina ieu upacara kudu sagancangna
ditalungtik, lantaran beuki dieu beuki loba simbol anu laleungitan kapangaruhan
ku modernisasi. Upamana dina taun 2000-an mah dina cara nyiramkeun arca Ratu
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3

Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Ageung jeung ngan saukur bisa
ditingali ku wanoja, teu meunang aya lalaki hiji-hiji acan anu asup kana éta
rohangan Bumi Ageung. Kadieunakeun nyaluyukeun jeung kamekaran jaman
jeung pikeun kapentingan pariwisata, éta acara nyiramkeun arca Ratu
Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Alit atawa nu disebut museum
Talaga Manggung jeung bisa diliput ku wartawan sanajan wartawanna lalaki ogé
(wawancara H. Tatang, Senén 6 Desember 2014).
Salian ti éta, dumasar observasi di Desa Talaga Wétan dina tanggal 23

Desember 2013, kiwari beuki saeutik nu wanoh kana adat-istiadat, hususna kana
upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Padahal ieu tradisi
penting pisan pikeun dipikawanoh, lantaran loba pisan ma’na-ma’na anu bakal
mangpaat pikeun kahirupan. Bahan ajar ngeunaan tradisi dina buku pangajaran
ogé rélatif saeutik. Kurangna kasadaran ti unggal jalma pikeun milu ngajaga éta
adat-istiadat nu hirup di masarakat ogé jadi salah sahiji pasualan nu
ngabalukarkeun adat-istiadat geus loba nu teu maliré deui, boh ku barudak rumaja
boh ku kolot.
Saméméhna geus aya panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun anu
judulna “Upacara Nyiramkeun di Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka:
(Suatu Tinjauan Sosial Budaya)” ku Arief Rifqi Zakiyudin (2010) (Skripsi jurusan
Pendidikan Sejarah, FPIPS UPI). Salian ti éta can kapanggih deui panalungtikan
anu objekna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Anapon
panalungtikan anu objekna ampir sarupa jeung upacara nyiramkeun nya éta “Ajén
Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu
Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA
Kelas XI” ku Tresna Yuniawati (2012). Salian ti panalungtikan anu objekna ampir
sarua, geus loba ogé panalungtikan ngeunaan unsur semiotik jeung simbol,
diantarana “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Desa Cisarua Kacamatan
Cisarua Kabupaten Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII: Ulikan

Semantik” ku Usép Nandang S (2013), “Upacara Panjang Jimat di Karaton
Kasepuhan Cirebon (Tilikan Sémiotik)” ku Thohir (2006), “Ajén Falsafah dina
Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawunganten Kacamatan
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

Cikaum Kabupaten Subang (Ulikan Struktural Sémiotik)” ku Déasy Hapsari
Suciati Harsono (2008). Tina hasil panalungtikan di luhur teu kapanggih
ngeunaan unsur sémiotik dina upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga
Manggung.
Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dijudulan

“Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan
Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka pikeun Pangajaran Maca Artikel
Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Sémiotik)”.
1.2 Rumusan Masalah

Dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung réa pisan ajénajén jeung unsur anu perlu ditalingtik. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan
ngan medar prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung,
unsur sémiotik dina properti jeung aktifitas dina upacara nyiramkeun pusaka
karajaan Talaga Manggung ieu hasil kajian téh baris dijadikeun bahan pangajaran
maca artikel di SMA kelas XII.
Anapon ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan ieu di
handap:
1. Kumaha deskripsi upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung
dina saméméh upacara, lumangsungna upacara, jeung sabada upacara?
2. Unsur sémiotik naon baé anu nyangkaruk dina upacara nyiramkeun pusaka
karajaan Talaga Manggung?
3. Naon waé ma’na tina unsur sémiotik anu aya dina upacara nyiramkeun
pusaka karajaan Talaga Manggung?
4. Ieu hasil kajian unsur sémiotik téh naha bisa dipaké pikeun pangajaran maca
artikel di SMA kelas XII?

Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


5

1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga
tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu aya di
masarakat Sunda, jeung nambahan pangaweruh ngeunaan budaya nu aya di
sabudeureun urang Sunda.
1.3.2

Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga udagan pikeun nganalisis jeung
ngadéskripsikeun:
1. asal-usul upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;
2. prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;
3. unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga
Manggung;
4. hasil kajian unsur sémiotik baris dipaké bahan pangajaran maca artikel

budaya di SMA kelas XII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1

Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré pangaweruh
ka masarakat dina hal kabudayaan, hususna ngeunaan upacara adat nu aya di tatar
Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan nya éta:
1. Pikeun masarakat, bisa numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda nu aya di
sabudeureunana, anu satuluyna bisa numuwuhkeun karep pikeun ngariksa
budaya Sunda;
2. Pikeun guru bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan
pangajaran maca ku cara nerangkeun unsur sémiotik dina upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dina pangajaran;

Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.

Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

3. Pikeun siswa, bisa mikawanoh upacara adat nu aya disabudeureunana jeung
maham kana unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga
Manggung;
4. Pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan upacara
nyiramkeun pusaka Karajaan Talaga Manggung, jeung numuwuhkeun
kareueus kana budaya Sunda, hususna upacara tradisional nu aya di
sabudeureun panalungtik.
1.5 Raraga Nulis
Tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan dina wangun
skripsi. Sacara gurat badag ieu skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik dina ieu
di handap :
BAB I Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu kabagi jadi tujuan umum jeung
tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat praktis jeung
mangpaat tioritis, anu pamungkas nya éta raraga nulis.

BAB II Tatapakan tiori, dipedar ngeunaan semiotik, tiori kabudayaan, upacara
adat, upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, ngeunaan maca,
bahan pangajaran sarta pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.
BAB III Métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi géografis tempat
panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan,
wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.
BAB IV Déskripsi unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan
Talaga Manggung, prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga
Manggung jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel di SMA
kelas XII.
BAB V Kacindekan jeung saran, anu eusina ngeunaan gurat badag tina naon
anu geus dipedar dina bab I tepi ka bab IV, jeung saran pikeun panalungtikan
saterusna.

Isri Nurwindasari Hadadi, 2015
Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu