S BD 1102975 Chapter3

(1)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

Métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data anu miboga tujuan jeung mangpaat anu tangtu. Cara ilmiah hartina kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana cicirén kaélmuan, nya éta rasional, émpiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan kudu asup kana akal manusa. Émpiris nya éta cara anu dilaksanakeun ngagunakeun alat indra manusa, nepi ka jalma nu séjén bisa mikanyaho cara-cara anu dipaké dina panalungtikan. Sistematis nya éta dina prosés panalungtikan ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu jeung ngaruntuy (Sugiyono, 2012, kc. 3). Nurutkeun Sudjana (2011, kc. 52) métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan Aya sababaraha métode panalungtikan, nya éta métode historis, métode deskriptif, jeung métode eksperiméntal. Ku kituna, dina panalungtikan diperlukeun métode anu luyu jeung data nu rék ditalungtik, sangkan hasil panalungtikan bisa luyu jeung kaayaan lapangan. Dumasar kana tujuan ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif.

Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010, kc. 3). Métode deskriptif dipaké saupama tujuanna pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun kajadian anu aya dina jaman kiwari, anu kaasup kana metode ieu nya éta studi kasus, survei, studi pengembangan, jeung studi korélasi Sudjana (2011, kc. 52).

Métode kualitatif nya éta métode panalungtikan anu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék anu alamiah (Sugiyono, 2012, kc. 15). Filsafat postpositivisme disebut salaku paradigma interpretif jeung konstruktif, anu miboga sawangan yén kaayaan sosial salaku hiji hal anu utuh, dinamis, kompleks, pinuh ku ma’na, jeung miboga hubungan anu sipatna interaktif (Sugiyono, 2012, kc. 14). Métode panalungtikan kualitatif sering disebut métode panalungtikan naturalistik, lantaran panalungtikan dilaksanakeun dina kaayaan

(2)

33

alamiah (natural setting); disebut ogé salaku métode étnographi, lantaran ieu métode leuwih loba dipaké pikeun panalungtikan antropologi budaya; disebut métode kualitatif lantaran data anu kakumpul jeung analisisna leuwih miboga sipat kualitatif (Sugiyono, 2012, kc. 14).

Nurutkeun Bodgan jeung Taylor (dina Basrowi & Suwardi, 2008, kc. 21), métode kualitatif salaku prosedur panalungtikan meunangkeun data déskriptif anu mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.

Dina ieu panalungtikan, metode déskriptif kualitatif dipaké pikeun ngadéskripsikeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung nu aya dina properti jeung tingkah laku dina waktu saméméh upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, jeung sabada upacara nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeunna upacara nyiramkeun.

3.1 Desain Panalungtikan

Desain ieu panalungtikan ngawengku tatahar pikeun kasiapan dina panalungtikan, observasi, ngumpulkeun data, wawancara, analisis atawa ngolah data, generalisasi atawa meunangkeun kacindekan, hasilna disusun dina hiji wangun laporan tinulis. Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Tatahar

Ngumpulkeun data Observasi

Wawancara

Analisis Generalisasi

(3)

34

3.2 Lokasi jeung Sumber Data 3.2.1 Lokasi Tempat Panalungtikan

Désa Talaga Wétan nya éta wewengkon diayakeunna panalungtikan, lantaran di dinya ayana museum Talaga Manggung. Museum Talaga Manggung mangrupa tempat diayakeunna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Désa Talaga Wétan aya di wilayah Kacamatan Talaga di Kabupatén Majalengka. Nurutkeun kaayaan géografis, kacamatan Talaga aya dina 108°16’-108°21’ BT jeung 6°58’-7°03’ LS, sarta aya dina ketinggian 626 mdpl. Kacamatan Talaga miboga iklim tropis kalayan kelembaban 1,828 mb jeung suhu rata-rata 18°-25°C.

Désa Talaga Wétan kaasup ka wilayah Majalengka kidul jeung aya di puseur pamaréntahan Kacamatan Talaga. Jarak ti désa Talaga Wétan ka puseur pamaréntahan kacamatan Talaga nya éta 200 m. Sedengkeun jarak ka puseur pamaréntahan kabupatén Majalengka nya éta 27 km. Jarak ka puseur pamaréntahan provinsi Jawa Barat nya éta 115 km. Legana daérah Désa Talaga Wétan kurang leuwih 767,191 ha/m2. Wates Désa Talaga Wétan nya éta:

1) beulah kalér diwatesan ku Désa Sukaperna;

2) beulah Kidul diwatesan ku Désa Cicanir jeung Désa Campaga;

3) beulah Wétan diwatesan ku Désa Genténg, Désa Ganéas jeung Désa Salado; jeung

4) beulah Kulon diwatesan ku Désa Talaga Kulon.

Gambar 3.1

Peta Tempat Panalungtikan Arsip Kecamatan Talaga

(4)

35

3.2.2 Kondisi Sosial Budaya

Kondisi sosial jeung budaya di hiji wewengkon mangaruhan pisan kana ayana hiji adat tradisi nu aya di éta wewengkon. Kitu deui upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu aya di désa Talaga Wétan moal leupas tina pangaruh kaayaan masarakat di sabudeureunana. Kaayaan sosial budaya di désa Talaga Wétan diwincik ieu di handap.

1) Jumlah penduduk

Jumlah penduduk Désa Talaga Wétan dumasar data bulan Désémber taun 2014 aya 5.547 urang, anu ngawengku lalaki 2.801 urang jeung awéwé 2.746 urang. Éta jumlah penduduk kabagi jadi 1.741 kepala keluarga.

2) Atikan

Tabel 3.1

Atikan Masarakat Désa Talaga Wétan

Tingkat Pendidikan Lalaki Awéwé

(1) (2) (3)

Umur 3-6 taun anu sakola di TK/Play group 306 urang 268 urang Umur 7-18 taun anu keur sakola 614 urang 613 urang Umur 18-56 taun anu teu tamat SD 4 urang 4 urang

Tamat SD 290 urang 266 urang

Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 210 urang 205 urang Umur 18-56 taun teu tamat SLTA 351 urang 200 urang

Tamat SLTA 530 urang 620 urang

Tamat SLTA 475 urang 480 urang

Tamat D-1 41 urang 21 urang

Tamat D-2 10 urang 1 urang

Tamat D-3 21 urang 25 urang

Tamat S-1 52 urang 47 urang

Tamat S-2 5 urang 2 urang

Tamat S-3 - -

(5)

36

Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju, lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur. Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA.

3) Pakasaban

Tabel 3.2

Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan

Jenis Pakasaban Lalaki Awéwé

(1) (2) (3)

Tani 484 urang -

Buruh Tani 141 urang -

PNS 71 urang 79 urang

Montir 32 urang -

TNI 3 urang -

POLRI 3 urang -

Pensiunan PNS/TNI/POLRI 85 urang 50 urang

Pengusaha kecil/menengah 35 urang -

Pengusaha besar 1 urang -

Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013

Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang.

4) Agama

Agama anu aya di Indonesia kurang leuwih aya genep, nya éta Islam, Kristen, Katholik, Hindu, Budha, Konghucu jeung kapercayaan séjénna. Agama anu dianut ku masarakat désa Talaga Wétan ngan aya dua, nya éta Islam jeung Kristen. Anu nganut agama Islam nya éta lalaki 2.798 urang jeung awéwé 2.753

(6)

37

urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba anu nganut agama Islam

5) Étnis

Tabel 3.3

Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan

Étnis Lalaki Awéwé

Batak 19 urang 18 urang

Sunda 2.726 urang 2.751 urang

Jawa 57 urang 42 urang

Madura 3 urang 2 urang

Makasar 1 urang -

Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013

Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9% na mangrupa étnis Sunda. Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak, Madura jeung Makasar.

Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta wewengkon.

3.2.3 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké nyangking data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1) Kulawarga turunan karajaan Talaga Manggung anu apal kana ieu upacara nyiramkeun.

2) Kaprabonan anu ilubiung sacara langsung ampir unggal taun kana ieu upacara.

(7)

38

3) Kuncén cinyusu salaku nu nyandak cai ti tujuh cinyusu anu dianggap suci pikeun prosési nyiramkeun.

4) Sesepuh Désa Talaga Wétan anu apal kana upacara nyiramkeun ti jaman baheula tepi ayeuna.

5) Masarakat Désa Talaga Wétan anu ilubiung dina lumangsungna upacara. Format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta saperti ieu di handap.

Tabél 3.4 Format Data Narasumber

No. Poto/

Wasta Umur Alamat Agama Atikan Pakasaban

Kalungguhan dina Upacara Nyiramkeun

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data 3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data

Dina ieu panalungtikan téh digunakeun téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

1) Téhnik Talaah Pustaka

Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan. Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka saperti: tulisan-tulisan dina media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan simbol jeung hal-hal séjénna anu patali jeung ieu panalungtikan.

2) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka lapangan. Téhnk obsérvasi anu dipilih ku panalungtik nya éta obsérvasi

(8)

39

partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi.

3) Téhnik Wawancara

Wawancara nurutkeun Arikunto (2010:198) nya éta dialog anu dilakukeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun meunangkeun informasi ti nu di wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara masarakat anu ilubiung dina ieu upacara.

4) Téhnik Dokumentasi

Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina jeung ieu upacara.

3.3.2 Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2002, kc. 136) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital jeung pedoman wawancara.

(9)

40

1) Handycam

Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara nyiramkeun ti mimiti nepi ka réngsé.

2) Kaméra Digital

Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.

3) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara jalma-jalma atawa tokoh anu ilubiung dina prosési upacara nyiramkeun. Pedoman wawancara disusun saperti ieu di handap.

Tabel 3.5 Pedoman Wawancara

NO Rumusan Patalékan

(1) (2) (3)

1) Sajarah Upacara

1. Ngaran Upacara.

2. Alesan dingaranan Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung.

3. Waktu Upacara Nyiramkeun.

4. Alesan diayakeunna dina bulan Safar. 5. Nu mingpin upacara Nyiramkeun.

6. Mamala upama Upacara Nyiramkeun teu diayakeun.

7. Tujuan Diayakeunna Upacara 2) Prak-prakan

Upacara

8. Kagiatan saméméh diayakeun Upacara Nyiramkeun.

9. Kumaha prosési nyandak cai tina salapan cinyusu? 10.Saha nu nyandak cai?

11.Pakakas naon waé anu dipaké nalika ngala cai ka 7 cinyusu?

12.Prosési nalika nyieun sasajén. 13.Jalma anu nyieun sasajén.

14.Pakakas anu dipaké nalika nyieun sasajén. 15.Ritual husus saméméh upacara diayakeun.

(10)

41

(1) (2) (3)

16.Pihak nu ilubiung dina Upacara Nyiramkeun. 17.Raksuskan jeung asésoris anu dipaké ku tokoh anu

ilubiung.

18.Kuncén nu ilubiung dina Upacara. 19.Prak-prakan Upacara Nyiramkeun. 20.Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara

Nyiramkeun.

21.Pakakas anu digunakeun dina Upacara Nyiramkeun.

22.Mamala upama upacara nyiramkeun teu dilaksanakeun.

23.Pungsi tina pakakas anu dipaké dina Upacara Nyiramkeun.

24.Tempat lumangsungna Upacara Nyiramkeun. 25.Pantrangan dina Upacara Nyiramkeun. 3) Unsur

Sémiotik dina Upacara

26.Unsur sémiotik dina Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.

27.Harti tina unggal unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.

3.4 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nya éta:

1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) milah-milah data saluyu jeung indikatorna, saperti data nu nuduhkeun bagian-bagian sajarah upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun;

3) ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun; 4) nyusun bahan pangajaran maca artikel pikeun siswa kelas XII SMA ngeunaan

unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 5) Nyieun kacindekan tina data nu dipaluruh.

(1)

36

Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju, lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur. Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA.

3) Pakasaban

Tabel 3.2

Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan

Jenis Pakasaban Lalaki Awéwé

(1) (2) (3)

Tani 484 urang -

Buruh Tani 141 urang -

PNS 71 urang 79 urang

Montir 32 urang -

TNI 3 urang -

POLRI 3 urang -

Pensiunan PNS/TNI/POLRI 85 urang 50 urang

Pengusaha kecil/menengah 35 urang -

Pengusaha besar 1 urang -

Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013

Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang.

4) Agama

Agama anu aya di Indonesia kurang leuwih aya genep, nya éta Islam, Kristen, Katholik, Hindu, Budha, Konghucu jeung kapercayaan séjénna. Agama anu dianut ku masarakat désa Talaga Wétan ngan aya dua, nya éta Islam jeung

(2)

37

urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba anu nganut agama Islam

5) Étnis

Tabel 3.3

Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan

Étnis Lalaki Awéwé

Batak 19 urang 18 urang

Sunda 2.726 urang 2.751 urang

Jawa 57 urang 42 urang

Madura 3 urang 2 urang

Makasar 1 urang -

Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013

Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9% na mangrupa étnis Sunda. Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak, Madura jeung Makasar.

Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta wewengkon.

3.2.3 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké nyangking data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1) Kulawarga turunan karajaan Talaga Manggung anu apal kana ieu upacara nyiramkeun.

2) Kaprabonan anu ilubiung sacara langsung ampir unggal taun kana ieu upacara.

(3)

38

3) Kuncén cinyusu salaku nu nyandak cai ti tujuh cinyusu anu dianggap suci pikeun prosési nyiramkeun.

4) Sesepuh Désa Talaga Wétan anu apal kana upacara nyiramkeun ti jaman baheula tepi ayeuna.

5) Masarakat Désa Talaga Wétan anu ilubiung dina lumangsungna upacara. Format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta saperti ieu di handap.

Tabél 3.4 Format Data Narasumber No. Poto/

Wasta Umur Alamat Agama Atikan Pakasaban

Kalungguhan dina Upacara Nyiramkeun

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data 3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data

Dina ieu panalungtikan téh digunakeun téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

1) Téhnik Talaah Pustaka

Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan. Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka saperti: tulisan-tulisan dina media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan simbol jeung hal-hal séjénna anu patali jeung ieu panalungtikan.

2) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka lapangan. Téhnk obsérvasi anu dipilih ku panalungtik nya éta obsérvasi

(4)

39

partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi.

3) Téhnik Wawancara

Wawancara nurutkeun Arikunto (2010:198) nya éta dialog anu dilakukeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun meunangkeun informasi ti nu di wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara masarakat anu ilubiung dina ieu upacara.

4) Téhnik Dokumentasi

Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina jeung ieu upacara.

3.3.2 Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2002, kc. 136) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital