S BD 1104898 Chapter5
BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Saluyu jeung hasil tina pedaran bab saméméhna hal nu didéskripsikeun nya éta
(1) lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung, (2) sikep basa siswa kelas VII
SMPN 44 Bandung kana nyarita basa Sunda, jeung (3) hubungan lingkungan atikan
jeung sikep basa siswa kelas VII di SMPN 44 Bandung.
Kaayaan Lingkungan Atikan Sakola di SMPN 44 Bandung mangrupa komponénkomponén sakola ngawengku; 1) tujuan atikan, 2) manusa, nya éta guru, siswa,
kapala sakola, laboran, pustakawan, tanaga administrasi, patugas kabersihan, jrrd, 3)
kurikulum, 4) media atikan jeung téhnologi atikan,5) sarana, prasarana, jeung
fasilitas, sarta 6) nu ngokolakeun sakola, nu
di watesanan jadi manusa nu
ngawengku, guru, siswa, kapala sakola, pustakawan, penjaga sakola, tanaga
administrasi, pedagang kantin, jeung penjaga kaamanan. Jumlah sakabéh guru nu aya
di SMPN 44 Bandung hampir 50 urang nu dibagi-bagi deui jadi guru nu saluyu jeung
mata pelajaranna séwang-séwang. Aya 12 mata pelajaran téh nya éta basa Sunda,
basa Inggris, basa Indonésia, PKN, IPA, IPS, matematika, Penjaskés atawa olahraga,
seni budaya, keterampilan, agama, jeung bimbingan konseling atawa biasa disebut
BK. Unggal taun siswa nu diajar di SMPN 44 Bandung tangtu jumlahna béda-béda,
ieu hal némbongkeun yén ti taun ka taun jumlah siswa nu sakola di SMPN 44
Bandung ngaronjat nu nyirikeun minat jeung kahayang siswa pikeun ngalanjutkeun
jenjang atikan di SMPN 44 Bandung téh gedé. Sarua halna jeung kepala sakola,
penjaga sakola, penjaga kantin, pustakawan, penjaga kaamanan, jeung tanaga
administrasi nu sewang-séwang miboga peran penting pikeun kamajuan jeung
ngaronjatkeun kualitas SMPN 44 Bandung. Tangtuna pikeun ngahontal tujuan
86
Siti Meisaroh, 2015
HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG
TAHUN AJARAN 2014/ 2015
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu
87
sakolana sorangan, warga sakola nu ilubiung dina prosés kamajuan sakola, milu
partisipasi nepika mangtaun-taun ngabdi di SMPN 44 Bandung.
Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék pentingna ngagunakeun basa Sunda
dina komunikasi nu lumangsung di Sakola, rata-rata siswa ngajawab satuju nu
jumlahna tilu puluh dua urang
kana pananya nu nétélakeun ngeunaan kudu
ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Sedengkeun pananya ngeunaan
pentingna diajar basa Sunda, rata-rata siswa ngajawab satuju pisan, jumlahna tilu
puluh genep urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék ngeunaan kasatiaan,
kareueus ngagunakeun basa Sunda, jeung kasadaran ayana norma basa, bisa katitén
yén rata-rata siswa ngajawab satuju pisan kana pananya anu nétélakeun ngeunaan
ulah ngarasa éra ngagunakeun basa Sunda nalika paguneman jeung babaturan,
jumlahna tilu puluh opat urang. Pananya ngeunaan basa Sunda kudu dipaké, rata-rata
siswa ngajawab satuju, jumlahna tilu puluh tilu urang. Pananya ngeunaan aspék kudu
leuwih resep nyarita maké basa Sunda tibatan nyarita maké basa Indonésia nalika
ngobrol jeung warga SMPN 44 Bandung, rata-rata siswa ngajawab biasa waé,
jumlahna dua puluh dalapan urang. Aspék ngeunaan kudu ngagunakeun basa sunda
nalika ngobrol jeung penjaga kantin jeung pustakawan, rata-rata siswa ngajawab
biasa waé, jumlahna aya dua puluh salapan urang. Pananya ngeunaan aspék kudu bisa
ngajawab maké
basa Sunda nalika aya nu nanya rata-rata siswa ngajawab satuju,
jumlahna dua puluh salapan urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék undak
usuk basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlah siswana
aya tilu puluh opat urang kana aspék kudu wanoh kana undak usuk basa Sunda.
Aspék kudu bisa ngagunakeun basa Sunda nu sopan nalika ngobrol jeung kapala
sakola, guru, penjaga sakola, jeung penjaga kaamanan, rata-rata siswa ngajawab
satuju pisan, jumlahna lima puluh urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék
penggunaan basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab biasa waé kana
aspék teu nganggep kuno nyarita ngagunakeun basa Sunda., jumlahna dua puluh hiji.
Hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa silih pakuat pakait hiji
jeung
séjénna. Nu katémbong tina komponén lingkungan atikan
manusa nya éta

88
guru hususna kelas VII, siswa, kapala sakola, penjaga sakola, pustakawan, penjaga
kaamanan, penjaga kantin, jeung tanaga administrasi nu interaksi langsung jeung
siswa di sakola, nu nyababkeun ieu komponén miboga pangaruh nu kuat kana sikep
basa siswa. Komponén manusa nu dimaksud nya éta warga SMPN 44 Bandung nu
leuwih sering ngagunakeun basa Sunda jeung basa Indonésia dina komunikasi
sapopoé di sakola. Ieu hal nu jadi sala sahiji alesan nu nyababkeun siswana sorangan
ngagunakeun basa Indonésia jeung basa Sunda di lingkungan sakola.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran atawa
rékoméndasi nu hayang ditepikeun ku panalungtik. Panalungtik miharep saran atawa
rékoméndasi téh miboga mangpaat pikeun siswa, guru, jeung masarakat. Guru SMPN
44 Bandung dipiharep bisa miboga karep pikeun ngaronjatkeun minat jeung
kahayang siswa kana nyarita basa Sunda. Siswa SMP, husus. na SMPN 44 Bandung ,
dipiharep bisa numuwuhkeun deui rasa satia, kareueus, siswa dina ngamumulé basa
Sunda tur bisa ngahudangkeun minat siswa sangkan teu ninggalkeun basa Sunda
salaku basa Indungna.
Instansi Pendidikan dipiharep miboga karep pikeun méré informasi jeung data
sangkan bisa jadi acuan dina panalungtikan saterusna.Masarakat dipiharep bisa
nalungtik leuwih teleb kana ulikan sosiolinguistik salian ti sikep basa, saperti
interferénsi, campur kodeu.
Hasil
tina
ieu
panalungtikan
dipiharep
panalungtikan séjénna nu sabidang.
bisa
jadi
hiji
référeénsi
pikeun
Sartabisa numuwuhkeun élmu pangaweruh
sangkan leuwih jembar ngeunaan sikep basa.