S BD 1002643 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Kahirupan masarakat moal leupas tina aktivitas makéna basa dina kagiatan
komunikasi. Sudaryat (1991, kc. 1) nétélakeun yén basa nyaéta sistem lambang
omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur
ragem (konvensional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa
komunikasi. Kitu ogé, Djajawiguna jeung Wirahadikusumah (1969, kc. 5) dina
Sudaryat (2004, kc. 5) nétélakeun yén basa téh nyaéta réntétan sora anu puguh éntép
seureuhna, anu dikedalkeun ku manusa, pikeun ngébréhkeun eusi haténa, boh rasa,
pikiran, jeung kahayang. Jadi, anu dimaksud basa téh mangrupa pakakas komunikasi
anu penting pikeun ngalakukeun interaksi antarwarga, boh di lingkungan kulawarga
boh di lingkungan masarakat. Salian ti éta, basa ogé bisa nyirikeun kalungguhan
saurang jalma nu hirup di lingkungan masarakat.
Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial budaya anu
makéna. Ku kituna, lian ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda ogé miboga fungsi
jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda.
Kalungguhan basa Sunda di Indonésia nyaéta salaku basa daérah. Dina
kalungguhanana jadi basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa
Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang

kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jatidiri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat
paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa
Nasional, (5) basa panganteur di Sakola Dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun
ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat
pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, 2007, kc. 2).
Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina
hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka-ragam basa, salah sahijina disawang
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tina jihat sikep panyaturna. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina
jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma
nu dicaritakeun. Ragam basa saperti kitu disebut undak usuk basa atawa tatakrama
basa . Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa (Sudaryat,

2007, kc. 3 & 4).
Undak usuk mangrupa salah sahiji unsur dina basa Sunda. Undak usuk ditarima
dina basa Sunda kalayan alesan yén bakat masarakat Sunda mah resep pisan silih

adaban ku basa Sunda (Djajasudarma dina Rosidi, 2007, kc. 41) undak usuk basa
nuduhkeun kalungguhan jeung kasopanan pakait jeung moral atawa étika masarakat
nu makéna.
Undak usuk basa perlu dipaké sarta dipertahankeun keur kapentingan saurang
jalma pikeun nuduhkeun adabna waktu ngomong jeung babaturan atawa jeung jalma
saluhureun. Salian ti éta, undak usuk basa dianggap penting lantaran mangrupa salah
sahiji unsur tina basa Sunda, basa Sunda anu ngawangun kabudayaan Sunda.
Nulis mangrupa hiji kagiatan anu produktif jeung éksprésif (Tarigan, 2008: 3).
Pikeun sawatara siswa diajar nulis téh mangrupa hal anu dianggap hésé, sabab ayana
sababaraha hal di antarana, téori nu ditepikeun ku guru jeung topik tulisan. Hasil
diajar nulis nu aya di lapangan téh kurang nyugemakeun, ku sabab kurangna minat
siswa kana pangajaran nulis. Siswa jaman kiwari masih loba anu teu resep kana nulis.
Salah sahijina dina pangajaran nulis paguneman.
Basa nu dipaké dina nulis paguneman kudu hadé tur bener sangkan paguneman
nu ditulis téh ngirut ati tur dipikaharti. Jadi, basa téh kudu bener larap kecap jeung
pakeman merenah ungkapan kalimahna, undak usuk basana, jeung palanggeran
éjahan sarta aturan tata basa luyu jeung tempatna.
Pangajaran nulis di sakola mangrupa lanjuning laku tina tarékah ngaraksa jeung
ngariksa basa Sunda pikeun nyitak lulusan nu miboga pangaweruh, kaparigelan,
jeung sikep nu hadé ngeunaan pangajaran nulis, hususna nyusun paguneman dina

wangun tinulis ngagunakeun basa Sunda.
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Luyu jeung masalah nu geus dipedar saméméhna, panalungtik miboga kahayang
pikeung ngayakeun panalungtikan ngeunaan “Kamampuh Ngalarapkeun Undak-Usuk
Basa Sunda dina Nulis Paguneman Siswa Kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Taun
Ajaran 2013/2014”.
1.2 Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus ditétélakeun, masalah anu baris dipedar
dina ieu panalungtikan téh nyaéta ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak-usuk
basa Sunda dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun
ajaran 2013/2014.

1.3 Rumusan Masalah
Masalah anu baris diréngsékeun dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina
wangun pananya di handap.
1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina

ngalarapkeun basa Sunda ragam loma waktu nulis paguneman?
2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan waktu nulis paguneman?
3) Kumaha kamapuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur waktu nulis paguneman?

1.4 Tujuan Panalungtikan
1.4.1

Tujuan Umum

Sacara umum, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho
ngeunaan kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina nulis paguneman.

Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


1.4.2

Tujuan Husus

Sacara husus, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam loma dina nulis paguneman siswa
kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya;
2) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan dina nulis
paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya;
3) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur dina nulis
paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya.

1.5 Mangpaat Panalungtikan
1.5.1

Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, mangpaat ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngarojong kana
kamekaran bahan ajar dina pangajaran kaparigelan nulis paguneman.


1.5.2

Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat di antarana:
a. pikeun siswa, méré gambaran ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak usuk
basa Sunda dina nulis paguneman;
b. pikeun guru, dipiharep bisa jadi bahan tinimbang dina nyusun sumber pangajaran
basa Sunda. Hususna pangajaran nulis nu ngagunakeun undak usuk basa Sunda.

1.6 Raraga Nulis
BAB I dina ieu skripsi dijudulan Bubuka, anu ngawengku kasang tukang
masalah, identifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu
ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu
ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga nulis.
BAB II dina ieu skripsi dijudulan Udak Usuk Basa, Nulis, jeung Paguneman. Eusi
dina ieu bab ngawengku undak usuk basa, nulis, jeung paguneman. Dina sub bab
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

undak usuk basa ngawengku wangenan undak usuk basa Sunda, kamekaran undak
usuk basa Sunda, jeung wangun undak usuk basa Sunda. Dina sub bab nulis
ngawengku wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, jeung mangpaat nulis. Dina
sub bab paguneman ngawengku wangenan paguneman, prinsip-prinsip paguneman,
unsur-unsur nu ngawangun prosés paguneman, jeung wangun paguneman.
BAB III dina ieu skripsi dijudulan Métode Panalungtikan, anu ngawengku
sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan
operasional, instrumén panalungtikan anu ngawengku instrumén ngumpulkeun data
jeung instrumén ngolah data, jeung téhnik panalungtikan anu ngawengku téhnik
ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
BAB IV dina ieu skripsi dijudulan Analisis Kamampuh Ngalarapkeun Undak
Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman. Eusina ngeunaan analisis hasil
panalungtikan larapna undak usuk basa Sunda dina paguneman.
Pamungkas BAB V dina ieu skripsi dijudulan Kacindekan jeung Rékoméndasi.
Kacindekan eusina mangrupa gambaran kamampuh siswa dina ngalarapkeun undak
asuk basa Sunda dina nulis paguneman. Rékoméndasi eusina mangrupa saran keur
masarakat Sunda umumna, keur guru di sakola jeung kolot di imah hususna.


Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu