NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik).

(1)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat

ngahontal gelar sarjana pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Yosef Mubarok Ibrahim NIM 1101089

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

2015

Naskah Drama Jeblog Karya Nazarudin

Azhar (Tilikan Strukturalisme génétik)

Oleh Yosef M. Ibrahim

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Sastra

© Yosef M. Ibrahim 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

September 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

(4)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Pendekatan Strukturalisme Génétik)1

Yosef M. Ibrahim2

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pemahaman masyarakat terhadap naskah drama terutama naskah drama sunda. Penelitian ini merupakan penelitian kualitatif dengan menggunakan metode deskriptif. Penelitian terhadap naskah drama masih dianggap langka jika dibandingkan dengan penelitian terhadap genre sastra lain seperti puisi dan novel. Naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar dipilih sebagai objek penelitian. Pendekatan strukturalisme genetik dipilih untuk mempermudah pemahaman masyarakat terhadap naskah drama dan pandangan dunia pengarang yang terdapat didalamnya dengan tidak meninggalkan latar belakang sosial pengarang sebagai satu hal yang mempengaruhi terciptanya sebuah karya sastra. Di dalam penelitian ini ditemukan tokoh problematik dalam naskah serta latar balakang kehidupan pengarang. Kemudian ditemukan juga representasi pandangan dunia pengarang yang tercermin dalam naskah drama yaitu sebagai berikut; (1) Pandangan tentang latar belakang kehidupan seseorang, (2) Pandangan tentang eksistensi perempuan, (3) Pandangan tentang pentingnya mengetahui sejarah, dan (4) Pandangan tentang bentuk naskah drama Sunda.

(5)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1

Skripsi dibawah bimbingan: Dr. Dedi Koswara, M.Hum., dan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum.

2

Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik)1

Yosef M. Ibrahim2

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI

ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kurangna pamahaman masarakat kana naskah drama, utamana naskah drama Sunda. Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan kualitatif nu ngagunakeun metode deskriptip. Panalungtikan ngeunaan naskah drama masih jarang saupama dibandingkeun jeung panalungtikan ngeunaan genre sastra lainna saperti puisi jeung novel. Naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar dipilih minangka objék panalungtikan. Pamarekan strukturalisme génétik dipilih pikeun ngagampangkeun pamahaman masarakat ngeunaan naskah drama jeung sawangan dunya pangarang nu aya di jerona, sarta teu ninggalkeun kasang tukang pangarang salaku hiji hal nu mangaruhan gumelarna hiji karya sastra. Dina ieu panalungtikan, kapanggih tokoh problématik dina naskah jeung kasang tukang kahirupan pangarang. Satuluyna kapanggih répréséntasi sawangan dunya pangarang anu aya dina naskah dramana, diantarana; (1) Sawangan ngeunaan kasang tukang kahirupan jalma, (2) Sawangan ngeunaan éksisténsi awéwé, (3) Sawangan ngeunaan pentingna mikanyaho sajarah, jeung (4) Sawangan ngeunaan bentuk naskah drama Sunda.

(6)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1

Skripsi dibawah bimbingan: Dr. Dedi Koswara, M.Hum., dan Dr. Ruswendi Permana, M. Hum.

2

Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

JEBLOG’S DRAMA MANUSCRIPT BY NAZARUDIN AZHAR (Genetical Structuralism Approach)1

Yosef M. Ibrahim2

Department of Education Regional Language, FPBS, UPI

ABSTRACT

This research is based by less peopels knowledge about drama, especiallu insundanesse drama. This research is qualitative which use descriptive method. Research about drama rarely found if we compare with another genre

of literature, such as poetry and novel. Jeblog’s drama manuscipt by Nazarudin Azhar is chosen as the object of this research. Genetical strukturalism used to facilitate people in knowing about drama manuscipt an

point of view from the writer’s social activity than influence to his drama manuscript. In this drama manuscriptwe can find some caracters with their

own problem. We also can see writer’s background. In this research we can find writer’s point of view of his world that reflect in his drama manuscript.

His poin of view are 1) point of view in someone’s background; 2) point of view of woman existence; 3) point of view of historyical; 4) point of view of Sundanesse drama structure.

(7)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1

Thesis under the guidance of Dr. Dedi Koswara, M. Hum., And Dr. Ruswendi Permana, M. Hum.

2

(8)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

COVER ... i

HALAMAN PENGESAHAN ... ii

HALAMAN PERNYATAAN ... iii

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... v

ABSTRAK ... vii

DAPTAR EUSI ... x

DAPTAR BAGAN ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 3

1.3Tujuan Panalungtikan... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 3

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat pikeun Lembaga ... 4

1.4.3 Mangpaat Praktis ... 4

1.4.4 Mangpaat pikeun Masarakat ... 4

1.5Raraga Tulisan ... 4

BAB II ULIKAN TÉORI ... 6

2.1 Wangenan Sastra ... 6

2.1.1 Sastra ... 6

2.1.2 Karya Sastra ... 6

2.1.3 Naskah Drama ... 7

2.1.4 Unsur-unsur Naskah Drama ... 9

2.2 Sosiologi Sastra ... 13

(9)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

2.3.1 Prinsip Dasar Pamarekan Strukturalisme Génétik ... 14

2.3.2 Sasaran Pamarekan Strukturalisme Génétik ... 17

2.4 Panalungtikan Saméméhna ... 19

2.5 Raraga Téori ... 19

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 20

3.1 Desain Panalungtikan ... 20

3.2 Sumber Data ... 21

3.2.1 Naskah Drama Jeblog Karya Nazarudin Azhar ... 22

3.2.2 Pangarang ... 22

3.3 Ngumpulkeun Data ... 24

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 24

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 25

3.4 Téhnik Analisis Data ... 25

BAB IV BAHASAN JEUNG HASIL PANALUNGTIKAN ... 27

4.1 Kasang Tukang Kahirupan Pangarang ... 27

4.1.1 Kasang Tukang Nulis Naskah Drama jeblog ... 27

4.1.2 Karya-karya Nazarudin Azhar ... 28

4.1.3 Konsép Kapangarangan Nazarudin Azhar ... 29

4.2 Struktur Naskah Drama Jeblog ... 30

4.2.1 Ringkesan Naskah Drama Jeblog... 30

4.2.2 Téma ... 32

4.2.3 Tokoh ... 34

4.2.4 Latar ... 41

4.2.5 Alur ... 44

4.2.6 Amanat ... 46

4.2.7 Tokoh Problématik dina Naskah Drama Jeblog... 47

4.2.7.1 Problématika Tokoh Dalka ... 48

4.2.7.2 Problématika Tokoh Sarwani ... 51

4.2.7.3 Problématika Tokoh Burhan ... 55

4.2.7.4 Problématika Tokoh Wanoja... 58

(10)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

4.3.1 Sawangan ngeunaan Kasang Tukang Jalma ... 62

4.3.2 Sawangan ngeunaan Éksisténsi Awéwé... 64

4.3.3 Sawangan ngeunaan Pentingna Mikanyaho Sajarah ... 64

4.3.4 Sawangan ngeunaan Bentuk Naskah Drama Sunda... 65

4.4 Pedaran ... 66

4.4.1 Karya Sastra Salaku Struktur ... 66

4.4.2 Karya Sastra Salaku Subjék Koléktif ... 67

4.4.3 Karya Sastra Salaku Fakta Kamanusaan ... 68

4.4.4 Karya Sastra Salaku Répréséntasi Sawangan Dunya ... 68

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 69

5.1 Kacindekan ... 69

5.2 Implikasi ... 69

5.3 Rékoméndasi ... 70

DAPTAR PUSTAKA ... 71

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 73

(11)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Manusa salaku mahluk sosial hirup kumbuhna teu bisa leupas ti masarakat séjén, pikeun nyumponan sagala kabutuhan rohani jeung jasmanina. Sangkan bisa ngebréhkeun sagala kahayang, pamikiran, jeung rasa ngaliwatan komunikasi lisan atawa tulisan. Salian ti éta sajeroning nyorang hirup kumbuhna, manusa mindeng nyurahan rupaning masalah dina kahirupanana. Salah sahiji wangun tulisan basa nu digunakeun ku panyatur dina nyurahan rupaning masalah téh diantarana dina karya sastra.

Karya sastra raket patalina jeung konsep mimesis, hartina karya sastra dianggap minangka eunteung tina kahirupan masarakat. Sanajan kitu, karya sastra teu sagemblengna hasil tina mindahkeun kahirupan nyata kana karangan. Karya sastra mangrupa hasil rékaan pangaran dina nyurahan kahirupan kalawan jihat sawangan nu ragem.

Karya sastra narima pangaruh ti masarakat, sakaligus mampuh méré pangaruh pikeun masarakat. Malah masarakat mindeng nangtukeun ajén karya sastra dina hiji jaman, sedeng pangarang karya sastra taya lian ti anggota masarakat di sabudeureunana (dina Semi, 2012, kc. 92).

Pangarang salaku nu ngalaman proses kreatif dina nyieun hiji karya sastra miboga posisi nu penting, tapi hiji karya satra lain ngan saukur pangabisa pangarang, tapi mangrupa réfleksi kaayaan masarakat sabudeureunana. Nu dijieun ngaliwatan pangalaman, pamikiran, réfleksi, jeung rékam budaya pangarang kana sagalarupa hal nu kaalaman ku manéhna, ogé nu aya di masarakat.

Saupama ditilik kana wujudna, karya sastra téh kabagi tilu bagian nya éta puisi, prosa jeung drama. Salah sahiji wangun karya sastra nya éta drama. Naskah

(12)

2

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

drama nurutkeun Luxemburg spk (1992, kc. 158) nya éta sakabéh teks anu bentukna diwangun ku dialog-dialog anu jadi hiji galur carita.

Kamekaran kasusastraan sunda hususna jenis naskah drama bisa disebut paling tinggaleun batan jenis kasusastraa lainna, lantaran nepika ayeuna nu nulis naskah drama basa sunda bisa kénéh kaitung ku ramo. Béda jeung jenis kasusastraan nu lainna ti mimiti sajak, carpon jeung novel geus mimiti mekar sanajan masih kénéh jauh saupama dibandingkeun jeung kasusastraan Indonesia.

Panalungtikan ngeunaan naskah drama utamana naskah drama sunda kawilang langka, lantarang ngan sababaraha hiji naskah drama anu diterbitkeun pikeun bacaeun umum. Lolobana ngan saukur ditulis pikeun kabutuhan pagelaran téater, jadi nu macana ngan sababaraha urang nu aya dina komunitas téater.

Pikeun naluntik hiji karya sastra, réa téori jeung pamarekan nu bisa digunakeun. Malah teu saeutik nu dipatalikeun jeung élmu séjén. Salah sahijina nya éta sosiologi. Pamarekan sosiologi sastra nya éta ulikan sosiologi ngeunaan karya sastra dumasar prinsip élmu sosiologi jeung sastra. Sosiologi sastra miboga pamadegan yén antara karya sastra, pangarang, jeung kasang tukang sosial téh miboga hubungan anu sipatna silih pangaruhan.

Strukturalisme génétik minangka cabang ulikan sosiologi sastra anu nekenkeun kana karya sastra sarta hubunganana jeung pangarang ogé kasang tukang sosial pangarangna kawilang mampuh pikeun naluntik naskah drama ngaliwatan pamarekan anu béda batan panalungtikan ngeunaan naskah drama anu saméméhna.

Nu jadi objék panalungtikan nya éta naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar. Ieu naskah drama dipilih dumasar tinimbangan, (1) miboga tokoh anu ngawakilan salah sahiji kelas sosial, nu ngarandapan masalah atawa miboga problematika dina nyanghareupan hirupna, (2) kasang tukang kahirupan pangarang loba mangaruhan ieu naskah drama, (3) ngandung ajén jeung kritik sosial.

Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar geus kungsi aya, di antarana “Karakteristik Tokoh dina Naskah Drama Jeblog Karya

Nazarudin Azhar” ku Ridwan Saidi taun 2009, jeung “Kajian Semiotik dina Naskah

(13)

3

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

can aya panalungtik anu naluntik ngeunaan naskah drama Jeblog ngaliwatan pamarekan strukturalisme génétik. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna “Naskah Drama Jeblog Karya Nazarudin Azhar (Tilikan Strukturalisme Génétik)” perlu dilaksanakeun sangkan méré sawangan séjén dina naluntik naskah drama.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kasang tukang nu aya, aya sababaraha rumusan masalah nu dipidangkeun dina wangun kalimah patalékan :

1. Kumaha kasang tukang kahirupan sosial pangarang nu patali jeung gumelarna naskah Jeblog karya Nazarudin Azhar?

2. Naon waé problématika tokoh anu aya dina naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar?

3. Kumaha répréséntasi kamandang pangarang nu aya hubunganana jeung problématika tokoh utama, ogé kasang tukang sosial kahirupanana?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung rumusan masalahnu geus dipedar, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun pamahaman masyarakat kana naskah drama ngaliwatan analisis strukturalisme génétik.

1.3.2 Tujuan Husus

Panalungtikan ieu ogé dipiharep:

1. Ngadéskripsikeun kasang tukang kahirupan sosial pangarang nu patali jeung gumelarna naskah drama Jeblog;

2. Ngadéskripsikeun problématika tokoh dina naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar.

3. Ngadéskripsikeun répréséntasi kamandang pangarang nu dipatalikeun jeung problématika tokoh utama jeung kasang tukang kahirupan sosialna, ogé;

(14)

4

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa dipaké ngalengkepan ogé ngabeungharan élmu pangaweruh ngeunaan karya satra sunda hususna génré naskah drama.

1.4.2 Mangpaat pikeun Lembaga

Ngariksa basa jeung budaya daerah aya dina undang-undang sarta perda. Ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngahudang kasadaran masarakat sangkan leuwih méré panitén sarta ngajaga kabeungharan basa jeung budaya daerah hususna widang sastra.

1.4.3 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber informasi sarta jadi pangdeudeul pikeun studi di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, sarta pikeun saha waé anu ngabutuhkeun sangkan ngalegaan informasi sarta pangaweruhna ngeunaan naskah drama.

1.4.4 Mangpaat pikeun Masarakat

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan naskah drama sacara ringkes, sarta jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang leuwih apal kana tilikan strukturalisme génétik dina naskah drama.

1.5 Raraga Tulisan

Raraga tulisan mangrupa gambaran umum sistematika nyusun skripsi nu méré gambaran eusi dina unggal bab sarta hubungan antara hiji bab jeung bab saterusna.

(15)

5

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1. Bab 1, bubuka medar gambaran umum ngawengku kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

2. Bab 2, ulikan tiori atawa landasan tioritis pikeun masalah nu dijieun objék panalungtikan, eusina ngajelaskeun sacara déskriptif tiori-tiori nu luyu dipaké pikeun panalungtikan, rujukan séjén nu aya pakaitna jeung panalungtikan sarta panalungtikan saméméhna.

3. Bab 3, métode panalungtikan nu ngajelaskeun prosedur panalungtikan, ti mimiti tiori nu dipaké, informasi ngeunaan lokasi atawa objék nu ditalungtik, desain panalungtikan, instrumén panalungtikan, tahapan ngumpulkeun, ngolah sarta analisis data.

4. Bab 4, hasil panalungtikan, hasil ngolah jeung analisis panalungtikan pikeun ngajawab rumusan masalah ku cara ngadéskripsikeun sacara proporsional. 5. Bab 5, kacindekan, impleméntasi jeung rékoméndasi. Réfleksi tina hasil

analisis panalungtikan sarta saran pikeun nu nyieun kawijakan atawa nu ngamangpaatkeun hasil panalungtikan.

(16)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif, nu ngagunakeun métode déskriptif. Panalungtikan kualitatif nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif nu mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan ti jalma-jalma jeung paripolahna nu bisa ditalungtik (Bogdan jeung Taylor dina Moleong, 2007, kc. 4).

David Wiliam (dina Moleong, 2007, kc. 5) nétélakeun nu disebut panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan ngumpulkeun data tina hiji latar alamiah, ngagunakeun métode alamiah, sarta dilakukeun ku panalungtik anu ka irut sacara alamiah.

Tegesna panalungtikan kualitatif téh nya éta panalungtikan nu miboga maksud pikeun maham fenomena naon nu kaalaman ku hiji subjék panalungtikan, misalna: paripolah, sawangan, motivasi, tindakan, jrd., sacara holistik, jeung ku cara ngadéskripsikeun ngaliwatan kecap-kecap jeung basa, tina hiji kontéks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun metodé alamiah.

Kecap déskriptif asal kecapna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan atawa hal séjén, nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 3).

Désain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Désain dina rarancang panalungtikan antukna bisa meunangkeun hiji logika. Desain panalungtikan nu dilaksana miboga sababaraha tahapan, saperti ieu di handap.

(17)

21

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Panalungtikan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif. Nurutkeun Lofland jeung Lofland (dina Moleong, 2007, kc. 157) sumber utama dina panalungtiksn kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, saterusna mangrupa data tambahan saperti dokumen, jrrd. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sagala rupa réferénsi, boh buku, jurnal, éséy, jeung warta dina média massa ngeunaan naskah drama Jeblog, pangarangna, jeung kasang tukang

Masalah Panalungtikan

Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik:

1) Kajian pustaka 2) Obsérvasi 3) Wawancara

Instrumén panalungtikan: 1) Catétan lapangan 2) Padoman wawancara 3) Alat rékam

Analisis data Déskripsi data

Kacindekan

(18)

22

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

sajarah dina prosés nyiptakeunana, hasil wawancara, ogé buku sumber nu patali jeung ieu panalungtikan. Sumber data utama dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar nu diterbitkeun ku Téater Sunda Kiwari (TSK) minangka salah sahiji naskah dina pasanggiri festival drama basa sunda (FDBS) X taun 2008.

3.2.1 Naskah Drama Jeblog karya Nazarudin Azhar

Naskah drama Jeblog ditulis taun 2006 nepika 2007 ku Nazarudin Azhar. Dina taun éta kénéh, naskahna dikirimkeun ka Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) pikeun miluan pasanggiri nulis naskah drama, nepika kapilih jadi pinunjul I. Naskah drama Jeblog jadi salah sahiji naskah dina gelaran Festival Drama Basa Sunda (FDBS) X taun 2008. Naskah Jeblog Nazarudin Azhar téh loba nu ngaaprésiasi, hal éta katingal lantaran loba peserta dina FDBS X nu maké naskahna pikeun dipagelarkeun. Pinunjul I dina FDBS X ogé ngagunakeun naskah Jeblog dina pintonannana (Teater Tarian Mahesa/TTM Bandung, Sutradara Gusjur Mahesa).

3.2.2 Pangarang

Nazarudin Azhar atawa sering disebut Kang Nunu lahir di Salawu, Tasikmalaya, 23 Agustus 1973. Lahir ti kulawarga basajan, kolotna ngan jadi penjaga sakola. Miboga budak hiji nu masih kelas 5 SD ti pamajikanana nu ayeuna geus pepegatan. Pagawéan kolotna nu jadi panjaga sakola mawa kabiasaan hadé pikeun kahirupan Nunu, lantaran salila jadi panjaga sakola, bapana sok rajeun mawa buku anyar ti kacamatan, saméméh dikasakolakeun biasana sok ditunda heula di imahna. Ti dinya kabiasaan maca Nunu dimimitian.

Lantaran hirup di keluarga nu teu bisa nyakolakeun nepika paguron luhur, Nunu sakola ngan nepika SMIK (Sekolah Menengah Industri Kerajinan) jurusan ukir kayu. Kadang Nunu ngarasa leutik hate, nalika keur aya kumpul jeung komunitas sastra, baturna ampir sarakola ngan manéhna nu lulusan SMIK téh. Tapi harita Nunu digedéan hate ku Kang Acep, cenah mah kudu leuwih reueus laantaran teu sakola luhur gé bisa nulis (jadi pangarang).

(19)

23

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Kabiasaan nulis Nunu dimimitian nalika masih kénéh sakola di SMIK salila sakola Nunu sok nguruskeun mading ogé sok rejeun ngirimkeun tulisannana ka Koran Mitra Desa nepika dimuatna. Salian aktif nulis, Nunu gé aktif di téater Gawé disakolana, karesepna kana téater kadang nepikeun sok ngabangbalérkeun sakolana.

Tahun 1990, Nunu masih kénéh sakola di SMIK, Nunu jadi salah saurang pendiri Teater Dongkrak nu konsén kana widang seni teater jeung sastra. Salian pentas teater, juga sababaraha kali nyieun event kesenian utamana lomba baca sajak sunda, seminar sastra, paméran buku, jrrd.

Tahun 1992 Nunu lulus ti SMIK, sabada lulus manéhna beuki neuleuman dunya téater jeung teater dongkrak. Sagala hal dina dunya téater geus kacabak ku Nunu, timimiti aktor, penata musik, penata artistik nepika jadi sutradara geus dialaman ku Nunu.

Tahun 1996, bareng jeung Acép Zamzam Noor ogé Saeful Badar, nyieun hiji komunitas “Sanggar Sastra Tasikmalaya (SST)” nu ngabina penulis ogé penyair ngora di Tasikmalaya dan Ciamis.

Ti taun 1996 nepika 2013, Nunu gawé freelance salaku penyiar jeung penata program di radio RSPD Tasikmalaya, diantarana ngasuh acara Cakrawala Sastra Kita (eusina ngeunaan maca puisi, dialog ngeunaan sastra jeung narasumber, musikalisasi puisi, maca esai sastra, jrrd), Dialog Budaya, jeung Langari (Panglawungan Urang Kiwari; majalah udara sastra jeung budaya Sunda).

Tanggal 16 September 2011, nyieun grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) di media sosial facebook, nu disambut kalayan antusias ku masarakat Sunda di sawatara bagéan dunya. FBS jadi sejenis tempat persemaian dan tumbuhnya gairah pikeun nulis karya fiksimini basa Sunda. Akhirnya, fiksimini tersebut jadi landasan pikeun sawatara pangarang ngora pikeun diajar nulis fiksi jeung ngamekarkeun diri nulis karya sastra lainna, saperti puisi atawa cerpén/carpon. Nepika ayeuna anggota grup FBS nu tercatat leuwih ti 10.000 jalma, anggota aktif nu nulis lebih ti 1.500 jalma (data fikminsunda.com, web resmi FBS). Sababaraha fikminer (pangarang fiksimini Sunda) geus nerbitkeun buku karya fikminna. Salian „ngenalkeun‟ fiksimini dina

(20)

24

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Basa Sunda, ogé ngamimitian nyieun grafis fiksimini, nu engkéna karya fiksimini bisa dipamérkeun selaku karya senirupa.

Pernah meunang sawatara penghargaan pikeun sajak sundana, nya éta Hadiah Sastra LBSS ti Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda, taun 2005, 2007, 2009, dan 2010. Ogé jadi pinunjul I lomba menulis naskah drama Hadiah Sastra DK Ardiwinata, ngaliwatan naskah Blor! (1996), dua kali jadi pinunjul I lomba nulis naskah drama nu diselenggarakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) ngaliwatan naskah Jeblog (2007) jeung naskah Sadrah (2009).

Salian maca puisi di sawatara acara sastra diantarana, dina acara Forum Sastra Indonesia Hari Ini: Jawa Barat di Komunitas Salihara Jakarta (2010), Temu Sastrawan Mitra Praja Utama di Bandung (2008) jeung di Lampung (2010), ogé sering jadi juri lomba maca puisi jeung jadi pembicara seminar atawa lokakarya seni dan budaya.

Ayeuna, Nunu gawé salaku rédaktur di harian Kabar Priangan, diantarana ngasuh rubrik Budaya, ogé aktif di lembaga riset sejarah, sosial, jeung budaya Soekapoera Institute, anu nerbitkeun jurnal Historia Soekapoera (persemester) jeung majalah anak-anak basa Sunda Loka (terbit bulanan).

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan, diantarana: a. Padoman Wawancara

Padoman wawancara nya éta runtuyan pananya nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék nu ditaluntik, narasumber nu diwawancara kudu ditulis idéntitasna. Informan dipilih dumasar purvosive atawa tinimbangan husus.

Format laporan wawancara. 1. Idéntitas informan

Wasta : Jenis kelamin : Umur :

(21)

25

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Kalungguhan : Alamat : Pakasaban : Jenjang atikan : 2. Pananya

--- b. Alat Rékam

Alat rékam nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta handphone pikeun alat rékam sora jeung dokuméntasi gambar.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data a. Téhnik Kajian Pustaka

Kajian pustaka nya éta néangan sumber informasi tinulis nu kaasup wanda ilmiah, sumber nu dipaké mangrupa buku, dokumén, jurnal, éséy, jrrd. Data nu geus aya tuluy dikaji pikeun néangan informasi pikeun jadi solusi dina nganggeuskeun masalah panalungtikan.

b. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma pikeun néangan

informasi jeung ideu ngaliwatan kagiatan Tanya jawab nepika kapanggih hiji ma‟na

tina hiji topik.

c. Téhnik Dokumentasi

Sugiyono nétélakeun yén hasil panalungtikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku rupa-rupa bentuk dokuméntasi (foto, video, karya tulis, seni nu geus aya saméméhna).

3.4 Téhnik Analisi Data

Téhnik analisis nu dipaké dina pamarekan strukturalisme génétik nya éta metode dialéktik (Endaswara, 2003; Faruk, 2005; Ratna, 2013). Metode dialéktik

ngautamakeun ma‟na nu koheren. Prinsip dasarna nya éta ayana pengetahuan ngeunaan fakta-fakta kemanusiaan nu bakal tetep abstrak saupama teu dijieun

(22)

26

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

kongkrit kucara ngaintegrasikeun kana totalitas (keseluruhan). Metode dialéktik ngamekarkeun dua konsep, nya éta “keseluruhan-bagian” jeung “pemahaman -penjelasan”. Artina dina panalungtikan euweuh titik awal nu sacara mutlak sahih, jeung euweuh pasualan nu sacara final jeung pasti terpecahkan (Faruk, 2005, kc. 19-20).

Istilah dialéktik dina konsép ieu nya éta cara narik kasimpulan kucara matalikeun sacara dua arah (dialogis) antara struktur karya sastra jeung struktur sosial masarakat pangarang. Salaku struktur nu koheren, karya sastra mangrupakeun hiji kesatuan nu diwangun tina bagian-bagian nu leuwih leutik. Ku kituna, pamahamanana bisa dilakukeun maké konsép “keseluruhan-bagian”. Nu dimaksud pemahaman nya éta usaha ngadéskripsikeun struktur objék nu dipelajari, sedengkeun penjelasan nya éta usaha keur ngagabungkeun kana struktur nu leuwih gedé. Bisa disebut, pemahaman nya éta usaha pikeun ngarti idéntitas bagian, sedengkeun penjelasan nya éta usaha pikeun ngarti ma‟na bagian éta, ku cara nempatkeun dina keseluruhan nu leuwih gedé (Faruk, 2005, kc. 21).

Konsép “keseluruhan-bagian” jeung “pemahaman-penjelasan” sacara prosedural nya éta: Kahiji, nganalisis drama per bagian. Nu jadi perhatian utama panalungtik nya éta nganalisis hubungan antara tokoh jeung tokoh séjén, ogé tokoh jeung lingkunganana. Terus ditéang problématika nu disanghareupan ku tokoh-tokoh éta. Kadua, méré penjelasan ngeunaan data nu kapanggih. Ngajelaskeunana dilakukeun ku cara matalikeun struktur karya sastra jeung struktur sosial pangarang. Panalungtik bisa ogé ngajelaskeun sababaraha aspék problématika sosial nu aya dina naskah drama. Katilu, ngébréhkeun sawangan dunya pangarang nu terefleksi dina naskah drama. Kasimpulan data dina léngkah katilu beunang ku cara dialéktik tina data kahiji jeung kadua (Hadiansah, 2011, kc. 22).

(23)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Bisa dicindekeun yén naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar ngaguar rupaning kaayaan sosial ngaliwatan problématika tokoh-tokohna. Ditingal tina intensitas problématika nu dialamanana, aya opat tokoh problématik: 1) Dalka, 2) Sarwani, 3)Burhan, jeung 4) Wanoja. Luyu jeung peranna dina naskah, opatanana bisa nganggeuskeun problématikana ku cara séwang-séwangan. Hasil analisis ngeunaan kasang tukang kahirupan Nazarudin Azhar ngawengku: biografina, karya-karyana, jeung konsép kapangaranganana. Bisa dicindekeun yén Nazarudin Azhar nya éta pangarang Sunda lantaran anjeunna pituin Sunda ogé loba karyana dina basa Sunda. Salaku pangarang anjeunna miboga konsép kapangarangan sorangan, utamana dina bentuk naskah drama Sunda. Naskah-naskah dramana miboga bentuk jeung eusi carita nu béda tinu lian. Sawangan dunya Nazarudin Azhar dina naskah drama Jeblog ngawengku kasang tukang, éksisténsi awéwé, pentingna mikanyaho sajarah jeung kamandangna ngeunaan bentuk naskah drama Sunda nu masih kénéh bisa robah sangkan teu karasa monoton.

5.2 Implikasi

Panalungtikan naskah drama Jeblog teu ngansaukur naluntik naskah salaku teks sastra tapi pangarang salaku nu nulis ogé masarakat nu mangaruhan kana warna tulisan pangarang. Kaayaan sosial masarakat jadi salah sahiji élemén pikeun jadi objék dina ieu panalungtikan. Salah sahiji mangpaat ieu panalungtikan nya éta salaku gambaran umum pikeun masarakat ngeunaan naskah drama jeung strukturalisme génétik salaku tilikanana.

Tina ieu panalungtikan dipiharep anggota masarakat sacara umum maham yén karya sastra dipangaruhan ku kahirupan sosial masarakat anu cicing sabudeureunana, jeung ngalegaan informasi ngeunaan naskah drama.

(24)

71

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

5.3 Rékoméndasi

Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar tangtu loba kénéh kurangna. Lantaran dina naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar masih loba hal anu perlu ditaluntik ngagunakeun pamarekan atawa teori nu lian. Ku kituna perlu aya panalungtikan lain boh sacara struktural ogé sosiologis, ngaliwatan pamarekan intertekstual jeung karya sastra séjén. Ku cara éta dipiharep bisa méré kamandang lain tina sawangan dunya pangarang jeung makna lainna, nu leuwih nyosok jero.

Panalungtikan karya sastra ngagunakeun pamarekan strukturalisme génétik pikeun naskah drama ogé karya sastra Sunda sacara umum can loba dilakukeun. Kukituna masih loba kénéh kasempetan pikeun nalungtikna.

(25)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Damono, Sapardi Djoko. (1979). Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan & Pengembangan Bahasa Depdikbud.

Endraswara, Suwardi. (2003). Metodologi Penelitian Sastra: Epistemologi, Model, Teori, dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.

Faruk. (2013). Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post-modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Hadiansah, Deni. (2011). Novel Perang Bubat Karya Yoseph Iskandar Kajian Strukturalisme Genetik. Bandung: Teu medal.

Hariyanto, P. (2000). Pengantar Belajar Drama. Yogyakarta: PBSID Universitas Sanata Dharma.

Harymawan. (1988). Dramaturgi. Bandung: Rosda.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2007). Teori Sastra (Diktat). Bandung: Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Junus, Umar. (1986). Sosiologi Sastra: Persoalan Teori dan Metode. Kuala Lumpur: Dewan Bahasa dan Pustaka Kementrian Pelajaran Malaysia. Luxemburg, Jan van spk. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia. Minderop, Albertine. (2005). Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta:

Yayasan Obor Indonesia.

Moleong, L.J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Stanton, Robert. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Ratna, Nyoman Kutha. (2012). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra dari

Strukturalisme hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

__________________. (2013). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

(26)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suwondo, Tirto. (2003). Analisis Struktural Salah Satu Model Pendekatan dalam

Penelitian Sastra”, dalam Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Hanindita.

Teeuw, A. (1984). Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penelitian Karya Ilmiah UPI Tahun Akademik 2014&2015.

Waluyo, Herman. J. (2002). Drama Teori dan Pengajarannya. Yogyakarta: Hanindita Graha Widya.

Wardani, Nugraheni Eko. (2009). Makna Totalitas dalam Karya Sastra. Surakarta: LPP UNS dan UPT Penerbitan dan Pencetakan UNS.

Wellek, Rene jeung Austin Warren. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

WS, Hasanuddin. (1996). Drama Karya dalam Dua Dimensi Kajian Teori, Sejarah, dan Analisis. Bandung: Angkasa.

(1)

25

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Kalungguhan : Alamat : Pakasaban : Jenjang atikan : 2. Pananya

--- b. Alat Rékam

Alat rékam nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta handphone pikeun alat rékam sora jeung dokuméntasi gambar.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data a. Téhnik Kajian Pustaka

Kajian pustaka nya éta néangan sumber informasi tinulis nu kaasup wanda ilmiah, sumber nu dipaké mangrupa buku, dokumén, jurnal, éséy, jrrd. Data nu geus aya tuluy dikaji pikeun néangan informasi pikeun jadi solusi dina nganggeuskeun masalah panalungtikan.

b. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma pikeun néangan informasi jeung ideu ngaliwatan kagiatan Tanya jawab nepika kapanggih hiji ma‟na tina hiji topik.

c. Téhnik Dokumentasi

Sugiyono nétélakeun yén hasil panalungtikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku rupa-rupa bentuk dokuméntasi (foto, video, karya tulis, seni nu geus aya saméméhna).

3.4 Téhnik Analisi Data

Téhnik analisis nu dipaké dina pamarekan strukturalisme génétik nya éta metode dialéktik (Endaswara, 2003; Faruk, 2005; Ratna, 2013). Metode dialéktik ngautamakeun ma‟na nu koheren. Prinsip dasarna nya éta ayana pengetahuan ngeunaan fakta-fakta kemanusiaan nu bakal tetep abstrak saupama teu dijieun

(2)

26

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

kongkrit kucara ngaintegrasikeun kana totalitas (keseluruhan). Metode dialéktik ngamekarkeun dua konsep, nya éta “keseluruhan-bagian” jeung “pemahaman -penjelasan”. Artina dina panalungtikan euweuh titik awal nu sacara mutlak sahih, jeung euweuh pasualan nu sacara final jeung pasti terpecahkan (Faruk, 2005, kc. 19-20).

Istilah dialéktik dina konsép ieu nya éta cara narik kasimpulan kucara matalikeun sacara dua arah (dialogis) antara struktur karya sastra jeung struktur sosial masarakat pangarang. Salaku struktur nu koheren, karya sastra mangrupakeun hiji kesatuan nu diwangun tina bagian-bagian nu leuwih leutik. Ku kituna, pamahamanana bisa dilakukeun maké konsép “keseluruhan-bagian”. Nu dimaksud pemahaman nya éta usaha ngadéskripsikeun struktur objék nu dipelajari, sedengkeun penjelasan nya éta usaha keur ngagabungkeun kana struktur nu leuwih gedé. Bisa disebut, pemahaman nya éta usaha pikeun ngarti idéntitas bagian, sedengkeun penjelasan nya éta usaha pikeun ngarti ma‟na bagian éta, ku cara nempatkeun dina keseluruhan nu leuwih gedé (Faruk, 2005, kc. 21).

Konsép “keseluruhan-bagian” jeung “pemahaman-penjelasan” sacara prosedural nya éta: Kahiji, nganalisis drama per bagian. Nu jadi perhatian utama panalungtik nya éta nganalisis hubungan antara tokoh jeung tokoh séjén, ogé tokoh jeung lingkunganana. Terus ditéang problématika nu disanghareupan ku tokoh-tokoh éta. Kadua, méré penjelasan ngeunaan data nu kapanggih. Ngajelaskeunana dilakukeun ku cara matalikeun struktur karya sastra jeung struktur sosial pangarang. Panalungtik bisa ogé ngajelaskeun sababaraha aspék problématika sosial nu aya dina naskah drama. Katilu, ngébréhkeun sawangan dunya pangarang nu terefleksi dina naskah drama. Kasimpulan data dina léngkah katilu beunang ku cara dialéktik tina data kahiji jeung kadua (Hadiansah, 2011, kc. 22).

(3)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Bisa dicindekeun yén naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar ngaguar rupaning kaayaan sosial ngaliwatan problématika tokoh-tokohna. Ditingal tina intensitas problématika nu dialamanana, aya opat tokoh problématik: 1) Dalka, 2) Sarwani, 3)Burhan, jeung 4) Wanoja. Luyu jeung peranna dina naskah, opatanana bisa nganggeuskeun problématikana ku cara séwang-séwangan. Hasil analisis ngeunaan kasang tukang kahirupan Nazarudin Azhar ngawengku: biografina, karya-karyana, jeung konsép kapangaranganana. Bisa dicindekeun yén Nazarudin Azhar nya éta pangarang Sunda lantaran anjeunna pituin Sunda ogé loba karyana dina basa Sunda. Salaku pangarang anjeunna miboga konsép kapangarangan sorangan, utamana dina bentuk naskah drama Sunda. Naskah-naskah dramana miboga bentuk jeung eusi carita nu béda tinu lian. Sawangan dunya Nazarudin Azhar dina naskah drama Jeblog ngawengku kasang tukang, éksisténsi awéwé, pentingna mikanyaho sajarah jeung kamandangna ngeunaan bentuk naskah drama Sunda nu masih kénéh bisa robah sangkan teu karasa monoton.

5.2 Implikasi

Panalungtikan naskah drama Jeblog teu ngansaukur naluntik naskah salaku teks sastra tapi pangarang salaku nu nulis ogé masarakat nu mangaruhan kana warna tulisan pangarang. Kaayaan sosial masarakat jadi salah sahiji élemén pikeun jadi objék dina ieu panalungtikan. Salah sahiji mangpaat ieu panalungtikan nya éta salaku gambaran umum pikeun masarakat ngeunaan naskah drama jeung strukturalisme génétik salaku tilikanana.

Tina ieu panalungtikan dipiharep anggota masarakat sacara umum maham yén karya sastra dipangaruhan ku kahirupan sosial masarakat anu cicing sabudeureunana, jeung ngalegaan informasi ngeunaan naskah drama.

(4)

71

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

5.3 Rékoméndasi

Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar tangtu loba kénéh kurangna. Lantaran dina naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar masih loba hal anu perlu ditaluntik ngagunakeun pamarekan atawa teori nu lian. Ku kituna perlu aya panalungtikan lain boh sacara struktural ogé sosiologis, ngaliwatan pamarekan intertekstual jeung karya sastra séjén. Ku cara éta dipiharep bisa méré kamandang lain tina sawangan dunya pangarang jeung makna lainna, nu leuwih nyosok jero.

Panalungtikan karya sastra ngagunakeun pamarekan strukturalisme génétik pikeun naskah drama ogé karya sastra Sunda sacara umum can loba dilakukeun. Kukituna masih loba kénéh kasempetan pikeun nalungtikna.

(5)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Damono, Sapardi Djoko. (1979). Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan & Pengembangan Bahasa Depdikbud.

Endraswara, Suwardi. (2003). Metodologi Penelitian Sastra: Epistemologi, Model, Teori, dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.

Faruk. (2013). Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post-modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Hadiansah, Deni. (2011). Novel Perang Bubat Karya Yoseph Iskandar Kajian Strukturalisme Genetik. Bandung: Teu medal.

Hariyanto, P. (2000). Pengantar Belajar Drama. Yogyakarta: PBSID Universitas Sanata Dharma.

Harymawan. (1988). Dramaturgi. Bandung: Rosda.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2007). Teori Sastra (Diktat). Bandung: Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Junus, Umar. (1986). Sosiologi Sastra: Persoalan Teori dan Metode. Kuala Lumpur: Dewan Bahasa dan Pustaka Kementrian Pelajaran Malaysia. Luxemburg, Jan van spk. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia. Minderop, Albertine. (2005). Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta:

Yayasan Obor Indonesia.

Moleong, L.J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Stanton, Robert. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Ratna, Nyoman Kutha. (2012). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra dari

Strukturalisme hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

__________________. (2013). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

(6)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suwondo, Tirto. (2003). Analisis Struktural Salah Satu Model Pendekatan dalam Penelitian Sastra”, dalam Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Hanindita.