ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR : TILIKAN SEMIOTIK.

(1)

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Skripsi

Diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

Ku Yokeu Darisman

0906561

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Analisis Naskah Drama

Sadrah

Karya Nazarudin Azhar

(Tilikan Semiotik)

Oleh Yokeu Darisman

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Yokeu Darisman 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI YOKEU DARISMAN

NIM 0906561

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I

Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001

Pangaping II

Dian Hendrayana, S. S., M.Pd. NIP

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001

(4)

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SEMIOTIK)1

Oleh Yokeu Darisman2

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Analisis Naskah Drama Sadrah Karya Nazarudin Azhar (Tilikan Semiotik)”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh banyaknya unsur-unsur semiotik yang terkandung dalam naskah drama Sadrah yang dapat diinterpretasikan makna-maknanya. Penelitian ini memiliki tujuan untuk mendeskripsikan kajian struktur-semiotik yang meliputi tema, penokohan, latar, alur cerita, gaya bahasa, sudut pandang, prolog, dialog, pembabakan, adegan, kramagung, solilokui, epilog, serta unsur semiotik yang meliputi ikon, indeks, dan simbol. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah: (1) teknik studi pustaka, (2) teknik analisis, (3) teknik kartu data. Berdasarkan hasil yang telah dikaji, dapat disimpulkan bahwa naskah drama Sadrah memiliki banyak unsur semiotik yang maknanya mengacu pada masalah-masalah sosial yang terjadi pada masa transisi era Orde Baru ke era Reformasi.

Kata kunci: Naskah Drama Sadrah, Nazarudin Azhar, Tilikan Semiotik.

_______________________ 1

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruswendi Permana, M. Hum., dan Dian Hendrayana, S. S., M. Pd. 2

(5)

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DRAMA SCRIPT SADRAH BY NAZARUDIN AZHAR (SEMIOTIC STUDIES)1

By

Yokeu Darisman2 ABSTRACT

This study entitled “Drama Script Sadrah by Nazarudin Azhar (Semiotic studies)”. The background of this research is the number of semiotic elements contained in drama script Sadrah which can be interpreted their meanings. Based on that background, this research goals are to describe study of the structure which includes the theme, characterization, setting, story line, style of language, point of view, prologue, dialogue, plot, scene, kramagung, soliloquy, epilogue, as well as the element of semiotic including icon, index, and symbol. The method that is being used is descriptive method. The technique used in this study are: (1) technical literature, (2) analysis techniques, (3) technical data card. According to the results of data analysis, the conclusion is drama script Sadrah has a strong story structure and has a close connection between an element with the others, and filled with elements of semiotic which the meaning is to describe social discourse and situation of the people in Indonesia country at 1998, the transition of the Orde Baru to the era of Reformasi.

Keyword: Drama Script Sadrah, Nazarudin Azhar, Semiotic Studies.

_______________________ 1

This thesis is guided by Dr. Ruswendi Permana, M. Hum., and Dian Hendrayana, S. S., M. Pd. 2

(6)

1

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Naskah drama nya éta karya sastra anu ngungkabkeun carita ngaliwatan dialog-dialog para tokohna (Sumardjo jeung Saini, 1988, kc. 31). Naskah drama minangka hiji karya sastra tangtu baé mangrupa hasil karya cipta jeung kréativitas manusa anu jadi bagian tina seni. Ari seni tangtu waé mibanda unsur kaéndahan. Unsur kaéndahan nu nyangkaruk dina naskah drama mangrupa imaji-imaji nu diadaptasi tina hirup kumbuhna manusa. Ieu hal luyu jeung Tambajong (1981, kc. 15) anu nyebutkeun yén naskah drama mangrupa hasil tina kontémplasi akal jeung perasaan pangarang dina nyanghareupan kahirupan nu nyata.

Pikeun nyangking ma’na-ma’na imaji tina hiji naskah drama, perlu diolah unsur kaéndahanana sabab unsur éstétis nu dilarapkeunana mangrupa tanda-tanda. Kitu deui ngeunaan naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar anu mibanda tanda-tanda dina ngagambarkeun kahirupan manusa, perlu dianalisis sangkan

leuwih kaharti ma’nana. Ku kituna ulikan anu baris dipaké dina nganalisis naskah

drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nya éta ulikan sémiotik anu nyoko kana tanda.

Sémiotik nya éta élmu ngeunaan tanda-tanda anu nyampak dina kahirupan masarakat. Tanda-tanda téh bisa mangrupa kecap, isarah, lampu lalu lintas, struktur karya sastra, struktur film, kaasup fénoména sosial jeung kabudayaan anu aya di masarakat. Ieu hal luyu jeung Endraswara (2013, kc. 63) nu nétélakeun yén sémiotik nya éta élmu anu maluruh tanda-tanda dina karya sastra. Sémiotik mangrupa élmu anu maluruh tanda-tanda dumasar kana kode-kode anu tangtu. Éta tanda-tanda téh muncul dina tindak komunikasi manusa ngaliwatan basa, boh sacara lisan atawa sacara isarah. Numutkeun Nurgiyantoro (2002, kc. 40) tanda téh nya éta hiji hal anu ngawakilan hal séjén anu bisa mangrupa pangalaman, rasa, sawangan, jrrd.

(7)

2

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sanajan ieu naskah drama ditalungtik kalawan maké pamarekan sémiotik,

tetep kudu diguar kalawan niténan unsur otonomna sangkan leuwih écés ma’nana.

Ieu hal luyu jeung Pradopo (2010, kc. 141) anu nyebutkeun yén panalungtikan anu ngagunakeun pamarekan sémiotik teu bisa leupas tina pamarekan struktural.

Kasang tukang dipilihna naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar pikeun objék panalungtikan, lantaran euyeub pisan tanda-tanda ngeunaan kahirupan manusa anu nyangkaruk di jerona. Tanda-tanda nu aya dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar téh kudu dianalisis jeung dihartikeun

ma’nana sangkan eusi tur maksud tujuanana bisa dipikanyaho kalawan écés.

Di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah anu ngulik kalawan ngagunakeun pamarekan sémiotik kaitung loba, tapi réréana nganalisis novel atawa carpon, sedengkeun nu ngulik naskah drama mah jarang. Anu ngulik naskah drama kalawan ngagunakeun ulikan sémiotik nyaéta: Sandi Setiawan Sentosa (2010) judulna Kajian Sémiotik dina Naskah Drama Jeblog Karya Nazarudin Azhar jeung Sanjani R (2012) judulna Analisis Naskah Drama Meredong Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM Massardi (Ulikan Sémiotik).

Dumasar kana tinimbangan nu dijéntrékeun di luhur, naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar téh luyu pikeun ditalungtik kalawan ulikan sémiotik. Ku kituna ieu skripsi dibéré judul “Analisis Sémiotik Naskah Drama Sadrah Karya

Nazarudin Azhar”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan henteu lega teuing ambahanana tur henteu méngpar tina udagan nu geus dirancang ti saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan téh diwatesanan ku nalungtik naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar kalawan ngébréhkeun struktur jeung aspék sémiotik nu nyangkaruk di jerona. Salian ti éta, ulikan sémiotik dina ieu panalungtikan diwatesanan ku nalungtik aspék ikon, indéks, jeung simbolna.

(8)

3

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh ngaguar unsur-unsur pangwangun naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar jeung aspék sémiotik nu nyangkaruk di jerona. Sangkan leuwih jéntré, masalah-masalah nu aya dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap:

1. Kumaha struktur naskah drama (téma, fakta carita, sarana sastra) jeung unsur naskah drama (prolog, dialog, pembabakan, adegan, kramagung, solilokui, épilog) dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar?

2. Aspék sémiotik (ikon, indéks, simbol) naon waé nu nyangkaruk dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan tina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun struktur naskah drama, unsur naskah drama jeung aspék-aspék sémiotik nu aya dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nu saacanna dipesék kalawan ngagunakeun pamarekan sémiotik.

1.3.2 Tujuan Husus

Salian ti miboga tujuan umum, ieu panalungtikan miboga tujuan husus pikeun ngadéskripsikeun:

1. Struktur naskah drama (téma, fakta carita, sarana sastra) jeung unsur naskah drama (prolog, dialog, pembabakan, adegan, kramagung, solilokui, épilog) dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar.

2. Aspék sémiotik (ikon, indéks, simbol) nu nyangkaruk dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun ngeuyeuban kamajuan élmu pangaweruh sastra Sunda hususna dina nganalisis hiji karya sastra drama ngaliwatan pamarekan sémiotik.

(9)

4

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan sacara praktis nya éta: a. Pikeun méré informasi yén naskah drama bisa diulik tina jihat sastrana, teu

saukur tina jihat pintonanana.

b. Méré informasi ngeunaanan analisis karya sastra wangun naskah drama dumasar kana struktur pangwangunna.

c. Pikeun méré gambaran ngeunaan analisis karya sastra naskah drama kalawan ngagunakeun ulikan sémiotik.

1.5 Wangenan Operasional

Istilah-istilah nu perlu dipedar dina ieu panalungtikan nyaéta:

1. Naskah drama nya éta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, digarap pikeun dijieun hiji pintonan.

2. Analisis sémiotik nya éta panalungtikan anu nyoko kana tanda-tanda anu nyampak dina karya sastra kalayan pedaran anu jero tur sistematis.

3. Sadrah nyaéta judul naskah drama basa Sunda nu dikarang ku Nazarudin Azhar.

1.6 Anggapan Dasar

Anggapan dasar nyaéta asumsi nu jadi cecepengan dina sakabéh sawangan tina kagiatan kana masalah nu keur disanghareupan (Surakhmad dina Sanjani, 2012, kc.8). Ku kituna ieu panalungtikan miboga sababaraha anggapan dasar, nyaéta:

1. Naskah drama Sadrah mangrupa karya sastra. 2. Naskah drama bisa dianalisis unsur-unsur caritana. 1.7 Sistematika Tulisan

BAB I ngawengku kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, sarta sistematika tulisan.

(10)

5

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III ngawengku métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung sumber data.

BAB IV ngawengku analisis struktur-sémiotik naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar.

BAB V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.

(11)

19

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Ieu luyu jeung Ratna (2013, kc.53) anu nétélakeun yén métode déskriptif analisis téh nya éta métode anu ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis.

Prosedur anu bisa dilakonan tina métode déskriptif ngawengku (a) analisis, (b) interprétasi, (c) évaluasi. Éta tilu tahap téh dilakonan kalawan sistematis, faktual, jeung akurat, luyu jeung puseur masalah anu geus ditetepkeun dina nyanghareupan objék utama panalungtikan (Ratna, 2013, kc.53).

3.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ulikan studi pustaka, téhnik analisis, jeung téhnik kartu data.

1) Téhnik Ulikan Studi Pustaka

Téhnik Ulikan Studi Pustaka dipatéakeun pikeun ngumpulkeun data atawa bahan-bahan ku cara macaan sarta neuleuman eusi jeung nalaah sababaraha pustaka anu raket patalina jeung masalah anu rék ditalungtik. Ieu téhnik ogé pikeun nyangking gambaran tatapakan tiori struktural-sémiotik.

2) Téhnik Analisis

Téhnik analisis data digunakeun pikeun analisis data nu mangrupa struktur naskah drama nu dipatalikeun ma’nana maké kajian sémiotik dina naskah drama Sadrah.

3) Téhnik Kartu Data

Téhnik Kartu data dipaké dina nganalisis unsur-unsur nu ditéangan sangkan gampang dina ngolah data. Anapon format kartu datana saperti di handap.

(12)

20

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1 Latar

No Kode Tipe Latar Data Interprétasi

Sos Géo Wkt

Contona: a) Kode 33/ 24/ II b) Kode a/ 24/ II Katerangan:

33 : nomor urut dialog a : nomor urut kramagung 24 : kaca

II : adegan

Tabél 3.2 Gaya Basa

No. Kode Réferent Tipe Interprétasi

Contona: a) Kode 33/ 24/ II b) Kode a/ 24/ II Katerangan:

33 : nomor urut dialog a : nomor urut kramagung 24 : kaca

(13)

21

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Format Tabél 3.3 Kartu Data Interprétasi kana ikon

No Kode Tipe Objék Analisis Interprétasi

Img Dmg Mtf

Contohna: a) Kode 33/ 24/ II b) Kode a/ 24/ II Katerangan:

33 : nomor urut dialog a : nomor urut kramagung 24 : kaca

II : adegan

Format Tabél 3.4 Kartu Data Interprétasi kana indeks

No. Kode Objék Analisis Tipe Interprétasi

Contohna: a) Kode 33/ 24/ II b) Kode a/ 24/ II Katerangan:

33 : nomor urut dialog a : nomor urut kramagung 24 : kaca

(14)

22

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Format Tabél 3.5 Kartu Data Interprétasi kana Simbol

No. Kode Objék Analisis Interprétasi

3.3 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar. Naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar mangrupa salasahiji judul naskah drama dina Festival Drama Basa Sunda (FDBS) anu ka-13 taun 2010. Sadrah mangrupa naskah drama nu diwangun ku sapuluh adegan. Kandelna 21 kaca nu dicétak dina kertas HVS ukuran A4.

(15)

78

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dina panalungtikan struktur-sémiotik naskah drama Sadrah, masalah nu dipedar téh nya éta struktur prosa naskah dramana nu ngawengku téma, fakta carita, sarana sastra, jeung struktur dramana nu ngawengku prolog, dialog, babak, kramagung, solilokui, jeung épilog, sarta unsur sémiotik nu mangrupa ikon, indéks, jeung simbol. Dina ieu panalungtikan, dipedar tiori-tiori nu dijadikeun tatapakan pikeun nalungtik masalah nu rék dianalisis sangkan teu méngpar jauh jeung hasilna bener. Sedengkeun metode nu digunakeun pikeun panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis.

Hasil analisis sémiotik naskah drama Sadrah bisa dicindekkeun:

1. Struktur prosa jeung unsur drama nu kapanggih dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nya éta:

a. Téma nu kapanggih dina ieu naskah drama nya éta kateuadilan anu neungteuinganan hirup balukar tina kurangna panitén jeung kawijaksanaan jalma-jalma anu ngajalankeun pamaréntahan.

b. Tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah drama aya salapan tokoh nu kabagi kana palaku utama jeung palaku tambahan. Tokoh-tokoh nu aya dina ieu naskah di antarana: Sadrah, Romlah, Ajengan Oha, Kepala Dinas, Surti, Pamuda, Néng Siti, Pasukan nu maraké baju hideung jeung Para Démontran.

c. Latar nu kapanggih dina ieu naskah drama kabagi kana latar sosial, latar géografis, jeung latar waktu. Latar sosial dina ieu naskah drama nya éta jelama anu status sosialna handap. Latar géografis dina ieu naskah drama nya éta di hiji tempat di Jawa Barat anu suasanana perkotaan. Latar waktu dina ieu naskah drama nya éta taun 1998 mangsa transisi Orde Baru ka jaman Réformasi.

(16)

79

d. Alur dina naskah drama Sadrah ngagunakeun alur sorot balik (flash back). Konflik dina ieu naskah drama mangrupa konflik internal jeung eksternal. e. Cara nyawang pangarang dina naskah drama Sadrah ngagunakeun puseur

implengan persona katilu.

f. Tina ieu naskah drama, kapanggih aya 34 gaya basa nu kabagi kana gaya basa rétoris jeung gaya basa kiasan.

g. Prolog dina naskah drama Sadrah nyaritakeun kumaha kaayaan palaku nu rék ngalalakon.

h. Dialog dina ieu naskah drama kabagi kana dialog batin nu jumlahna aya lima sarta dialog pribadi nu jumlahna aya 158 dialog.

i. Naskah drama Sadrah diwangun ku sababak. j. Naskah drama “Sadrah diwangun ku 10 adegan.

k. Kramagung dina naskah drama Sadrah aya 113 kramagung. l. Solilokui dina naskah drama Sadrah aya lima.

m. Kapanggih ayana épilog dina naskah drama Sadrah anu nuduhkeun kumaha ahirna carita drama.

2. Aspék sémiotik nu kapanggih dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nya éta:

a. Tanda ikon nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 21 tanda ikon anu ngawengku ikon imagi jeung ikon métaforis anu lolobana ngacu kana masalah-masalah nu jadi gagasan dasar pangarang dina ieu naskah drama. b. Tanda indéks nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 55 tanda

indéks anu ngindikasikeun ayana gejala sosial nu karandapan ku rahayat leutik anu diwakilan ku tokoh Sadrah.

c. Tanda simbol nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 71 tanda

simbol anu ma’nana mangrupa gambaran kaayaan rahayat anu miskin

alatan kateuadilan anu dilakukeun ku oknum pamaréntah. 5.2 Saran

(17)

80

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1. Panalungtikan ngeunaan analisis sémiotik kana karya sastra anu mangrupa naskah drama kacida héngkér jeung saeutikna. Ku kituna, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi panataran pikeun panalungtikan nu satuluyna, sarta bisa nambahan pangaweruh dina nalungtik karya sastra hususna naskah drama ngaliwatan pamarekan sémiotik.

2. Ieu hasil panalungtikan dipiharep ngabogaan kontribusi pikeun bahan aprésiasi sastra hususna naskah drama boh di sakola-sakola atawa umum. Ku kituna, perlu diayakeun lajuning laku tina ieu panalungtikan pikeun ngajembaran jeung ngaronjatkeun ajén panalungtikan anu satuluyna.

3. Karya sastra wangun drama dina basa Sunda kawilang henteu loba sarta pangarangna ogé kacida saeutikna. Ku kituna dipiharep pangarang-pangarang nu aya di tatar Sunda jeung nu ngarang ku basa Sunda leuwih euyeub dina nulis naskah drama dina basa Sunda.

4. Ka kelompok-kelompok téater nu aya di sakumna tatar Sunda leuwih euyeub magelarkeun pintonan téater anu ngadramatisasikeun naskah drama dina basa Sunda. Sabab ngaliwatan pintonan drama basa Sunda, ajén-ajén budaya Sunda jadi leuwih ngaronjat di antara kalangan rumaja jaman kiwari anu geus ngajadikeun basa Sunda jadi budaya minor.

5. Ka kelompok-kelompok téater nu aya di sakumna tatar Sunda, dipiharep magelarkeun drama basa Sunda anu naskah dramana leuwih ti heula

dianalisis ma’na-ma’na anu nyangkaruk di jerona, sangkan unsur-unsur éstétisna kaékspos kalawan maksimal. Analisisna bisa ngagunakeun analisis sémiotik anu nyoko kana tanda.

(18)

82

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Azhar, Nazarudin (2010). Naskah Drama Sadrah. Bandung: Teater Sunda Kiwari. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Endraswara (2013). Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: CAPS

Iskandarwassid (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang.

Koswara, Dedi (2009). Racikan Sastra. (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Mitra, Hasta. (2011). Mencatat jasa besar Suharto. [Online]. Diakses tina: www. hastamitra.org/2011/09/mencatat-jasa-besar-suharto.html?m=1. Diaksés 16 Desember 2014.

Nurgiyantoro, Burhan (2002). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Pradopo, Rachmat Djoko (2010). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

R, Sanjani (2012). Analisis Naskah Drama Meredong Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM Massardi (Ulikan Semiotik). (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia

Ratna, Nyoman Khuta (2013). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rendra, W. S. (2004). Tentang Bermain Drama. Jakarta: Gramedia Rusyana, Yus (1982). Panyungsi Sastra. Bandung: CV Gunung Larang.

Santosa, Sandi Setiawan (2010). Kajian Sémiotik dina Naskah Drama “Jeblog” Karya Nazarudin Azhar. (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

(19)

83

Yokeu Darisman, 2015

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sumardjo, Jakob jeung K.M, Saini (1988). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Tambajong, Japi (1981). Dasar-dasar Dramaturgi. Bandung: Pustaka Prima. Tim Penyusun Penulisan Karya Ilmiah (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wikipedia. (2014). Partai Politik. [Online]. Diaksés tina: Id.m.wikipedia.org//- wiki/partai_politik. Diakses 16 Desember 2014.

You tube. (2012). Gusdur in Kick Andy. [Online]. Diakses tina: https://www. youtube.com/watch?v=yHCEdZ4iuWw. Diaksés 16 Desember 2014 .

(1)

Format Tabél 3.5 Kartu Data Interprétasi kana Simbol

No. Kode Objék Analisis Interprétasi

Contohna: a) Kode 33/ 24/ II b) Kode a/ 24/ II Katerangan:

33 : nomor urut dialog a : nomor urut kramagung 24 : kaca

II : adegan

3.3 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar. Naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar mangrupa salasahiji judul naskah drama dina Festival Drama Basa Sunda (FDBS) anu ka-13 taun 2010. Sadrah mangrupa naskah drama nu diwangun ku sapuluh adegan. Kandelna 21 kaca nu dicétak dina kertas HVS ukuran A4.

(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dina panalungtikan struktur-sémiotik naskah drama Sadrah, masalah nu dipedar téh nya éta struktur prosa naskah dramana nu ngawengku téma, fakta carita, sarana sastra, jeung struktur dramana nu ngawengku prolog, dialog, babak, kramagung, solilokui, jeung épilog, sarta unsur sémiotik nu mangrupa ikon, indéks, jeung simbol. Dina ieu panalungtikan, dipedar tiori-tiori nu dijadikeun tatapakan pikeun nalungtik masalah nu rék dianalisis sangkan teu méngpar jauh jeung hasilna bener. Sedengkeun metode nu digunakeun pikeun panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis.

Hasil analisis sémiotik naskah drama Sadrah bisa dicindekkeun:

1. Struktur prosa jeung unsur drama nu kapanggih dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nya éta:

a. Téma nu kapanggih dina ieu naskah drama nya éta kateuadilan anu neungteuinganan hirup balukar tina kurangna panitén jeung kawijaksanaan jalma-jalma anu ngajalankeun pamaréntahan.

b. Tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah drama aya salapan tokoh nu kabagi kana palaku utama jeung palaku tambahan. Tokoh-tokoh nu aya dina ieu naskah di antarana: Sadrah, Romlah, Ajengan Oha, Kepala Dinas, Surti, Pamuda, Néng Siti, Pasukan nu maraké baju hideung jeung Para Démontran.

c. Latar nu kapanggih dina ieu naskah drama kabagi kana latar sosial, latar géografis, jeung latar waktu. Latar sosial dina ieu naskah drama nya éta jelama anu status sosialna handap. Latar géografis dina ieu naskah drama nya éta di hiji tempat di Jawa Barat anu suasanana perkotaan. Latar waktu dina ieu naskah drama nya éta taun 1998 mangsa transisi Orde Baru ka jaman Réformasi.

(3)

d. Alur dina naskah drama Sadrah ngagunakeun alur sorot balik (flash back). Konflik dina ieu naskah drama mangrupa konflik internal jeung eksternal. e. Cara nyawang pangarang dina naskah drama Sadrah ngagunakeun puseur

implengan persona katilu.

f. Tina ieu naskah drama, kapanggih aya 34 gaya basa nu kabagi kana gaya basa rétoris jeung gaya basa kiasan.

g. Prolog dina naskah drama Sadrah nyaritakeun kumaha kaayaan palaku nu rék ngalalakon.

h. Dialog dina ieu naskah drama kabagi kana dialog batin nu jumlahna aya lima sarta dialog pribadi nu jumlahna aya 158 dialog.

i. Naskah drama Sadrah diwangun ku sababak. j. Naskah drama “Sadrah diwangun ku 10 adegan.

k. Kramagung dina naskah drama Sadrah aya 113 kramagung. l. Solilokui dina naskah drama Sadrah aya lima.

m. Kapanggih ayana épilog dina naskah drama Sadrah anu nuduhkeun kumaha ahirna carita drama.

2. Aspék sémiotik nu kapanggih dina naskah drama Sadrah karya Nazarudin Azhar nya éta:

a. Tanda ikon nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 21 tanda ikon anu ngawengku ikon imagi jeung ikon métaforis anu lolobana ngacu kana masalah-masalah nu jadi gagasan dasar pangarang dina ieu naskah drama. b. Tanda indéks nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 55 tanda

indéks anu ngindikasikeun ayana gejala sosial nu karandapan ku rahayat leutik anu diwakilan ku tokoh Sadrah.

c. Tanda simbol nu kapanggih dina naskah drama Sadrah aya 71 tanda simbol anu ma’nana mangrupa gambaran kaayaan rahayat anu miskin alatan kateuadilan anu dilakukeun ku oknum pamaréntah.

5.2 Saran

(4)

1. Panalungtikan ngeunaan analisis sémiotik kana karya sastra anu mangrupa naskah drama kacida héngkér jeung saeutikna. Ku kituna, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi panataran pikeun panalungtikan nu satuluyna, sarta bisa nambahan pangaweruh dina nalungtik karya sastra hususna naskah drama ngaliwatan pamarekan sémiotik.

2. Ieu hasil panalungtikan dipiharep ngabogaan kontribusi pikeun bahan aprésiasi sastra hususna naskah drama boh di sakola-sakola atawa umum. Ku kituna, perlu diayakeun lajuning laku tina ieu panalungtikan pikeun ngajembaran jeung ngaronjatkeun ajén panalungtikan anu satuluyna.

3. Karya sastra wangun drama dina basa Sunda kawilang henteu loba sarta pangarangna ogé kacida saeutikna. Ku kituna dipiharep pangarang-pangarang nu aya di tatar Sunda jeung nu ngarang ku basa Sunda leuwih euyeub dina nulis naskah drama dina basa Sunda.

4. Ka kelompok-kelompok téater nu aya di sakumna tatar Sunda leuwih euyeub magelarkeun pintonan téater anu ngadramatisasikeun naskah drama dina basa Sunda. Sabab ngaliwatan pintonan drama basa Sunda, ajén-ajén budaya Sunda jadi leuwih ngaronjat di antara kalangan rumaja jaman kiwari anu geus ngajadikeun basa Sunda jadi budaya minor.

5. Ka kelompok-kelompok téater nu aya di sakumna tatar Sunda, dipiharep magelarkeun drama basa Sunda anu naskah dramana leuwih ti heula dianalisis ma’na-ma’na anu nyangkaruk di jerona, sangkan unsur-unsur éstétisna kaékspos kalawan maksimal. Analisisna bisa ngagunakeun analisis sémiotik anu nyoko kana tanda.

(5)

DAPTAR PUSTAKA

Azhar, Nazarudin (2010). Naskah Drama Sadrah. Bandung: Teater Sunda Kiwari. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Endraswara (2013). Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: CAPS

Iskandarwassid (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang.

Koswara, Dedi (2009). Racikan Sastra. (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Mitra, Hasta. (2011). Mencatat jasa besar Suharto. [Online]. Diakses tina: www. hastamitra.org/2011/09/mencatat-jasa-besar-suharto.html?m=1. Diaksés 16 Desember 2014.

Nurgiyantoro, Burhan (2002). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Pradopo, Rachmat Djoko (2010). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

R, Sanjani (2012). Analisis Naskah Drama Meredong Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM Massardi (Ulikan Semiotik). (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia

Ratna, Nyoman Khuta (2013). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rendra, W. S. (2004). Tentang Bermain Drama. Jakarta: Gramedia Rusyana, Yus (1982). Panyungsi Sastra. Bandung: CV Gunung Larang.

Santosa, Sandi Setiawan (2010). Kajian Sémiotik dina Naskah Drama “Jeblog” Karya Nazarudin Azhar. (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa