S BD 1006712 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaranna, bisa dicindekkeun
sakumaha ieu di handap.
1) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa
kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nyaéta C atawa cukup. Éta hal
téh katitén tina hasil panalungtikan nu nuduhkeun yén 19 urang atawa 65,52%
siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014
dikatégorikeun mampuh katut 10 urang atawa 34,48% siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun can mampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman saméméh
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.
2) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa
kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nyaéta B atawa hadé. Éta hal
téh katitén tina hasil panalungtikan nu nuduhkeun yén 27 urang atawa 93,09%
siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014
dikatégorikeun mampuh jeung dua urang atawa 6,91% siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun can mampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.
3) Aya béda nu signifikan antara kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu
dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
induktif. Éta hal téh bisa katitén dina uji gain anu hasil kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I

Elsa Nurlia, 2014
Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal
e,e,jeung eu dina nulis pangalaman
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

89

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif-na téh nyaéta 66,38% jeung
77,83%. Ku kituna, kapanggih rata-rata gainna 11,45%. Salian éta, tina hasil
uji hipotésis, kapaluruh niléy

hipotésis gawé (

>

nyaéta 4,60 > 2,76 nu hartina

) ditarima jeung hipotésis nol (

) ditolak. Ku kituna,

modél pangajaran mikir induktif téh bisa ngaronjatkeun kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I
SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014.
5.2 Rékoméndasi
Sanggeus panalungtikan nu dijudulan “Modél Pangajaran Mikir Induktif
pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis
Pangalaman (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29
Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” dilakukeun, aya sawatara rékoméndasi nu
ditepikeun ku panalungtik sakumaha ieu di handap.
1) Sangkan modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman hasilna leuwih bisa
dipercaya, katut bisa digeneralisasikeun kana populasi nu leuwih lega; ku
kituna perlu dilakukeun panalungtikan ékspérimén murni.
2) Gunakeun modél pangajaran mikir induktif dina matéri-matéri pangajaran
basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku
kituna hasilna téh leuwih optimal.
3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus ayana ieu
panalungtikan, dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang pangajaran
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.
4) Dina unggal pangajaran nulis basa jeung sastra Sunda, perlu diperhatikeun
pisan larapna vokal é, e, jeung eu dina kecap téh. Ieu hal saluyu ogé jeung
paribasa “bisa alatan biasa”.

Elsa Nurlia, 2014
Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal
e,e,jeung eu dina nulis pangalaman
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

90


5) Talungtik modél-modél pangajaran séjénna nu bisa mantuan siswa
ngaronjatkeun kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu.

Elsa Nurlia, 2014
Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal
e,e,jeung eu dina nulis pangalaman
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu