PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMANKUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG KARYA AAM AMILIA.

(1)

PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMAN

KUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG

KARYA AAM AMILIA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN NIM 1000808

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014

(2)

Prinsip jeung Maksim Omongan

dina Paguneman Kumpulan Carpon

Panggung Wayang Karya Aam

Amilia

Oleh

Neno Rahmawati Samsudin

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Neno Rahmawati Samsudin 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMAN KUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG

KARYA AAM AMILIA1)

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia.” Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif analisis dengan teknik dokumentasi. Dari hasil penelitian, tercatat 841 data ujaran dalam percakapan yang dianalisis berdasarkan prinsip dan maksim ujaran, maksud ujaran, dan tahapan pragmatis. Berdasarkan prinsip dan maksim, terbagi menjadi prinsip kerjasama dan prinsip kesopanan. Di dalam prinsip kerjasama terdapat maksim kuantitas, maksim kualitas, maksim relevansi, dan maksim pelaksanaan. Sedangkan prinsip kesopanan di dalamnya terdapat maksim kebijaksanaan, maksim kedermawanan, maksim kemufakatan, maksim simpati, maksim penghargaan, dan maksim kesederhanaan. Berdasarkan maksud ujarannya ditemukan kalimat komisif, impositif, ekspresif, dan asertif. Berdasarkan tahapan pragmatisnya ditemukan tahapan pragmatis sopan, wajar, kasar, dan campuran. Diharapkan dari penelitian ini dapat bermanfaat untuk ilmu kebahasaan, dijadikan bahan pengajaran untuk guru, dan dijadikan referensi oleh mahasiswa dalam mata kuliah yang berkaitan dengan ilmu kebahasaan bahasa Sunda, khususnya yang berkaitan dengan prinsip dan maksim.

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

2)

(5)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PRINSIPLE AND MAXIM UTTERANCES IN CONVERSATION

IN COLLECTION OF SHORT STORY

ON

PANGGUNG WAYANG

BY AAM AMILIA

1)

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN2)

ABSTRAK

This research has the purpose to describe the prinsiple and maxims utterances in conversation that contained in collection of short stories Panggung Wayang by Aam Amilia. As for the description is including utterances that contained in the conversation, principle and maxims utterances, speech intent and pragmatic stages maxim. The method used in this research is analytic descriptive method. The technique used in this research is documentation. The source of research is a collection of short story Panggung Wayang by Aam Amilia. From the result of the research recorded 841 utterances that analysis based on the principle and maxim utterances, speech intent and pragmatic stages maxim. Based on principle and maxim, it is divided into cooperative principle and politeness principles. In cooperation principles contained in the maxim of quantity, maxim of quality, maxim of relevance, and the maxim of implementation. Meanwhile the principles of politeness maxim contained wisdom maxim, generosity maxim, cooperative maxim, sympathy maxim, awards maxim, and the simplicity maxim. Based on the mean of utterances are divided into comissive, impositive, expressive, and assertive. Based on stages of pragmatic is divided into polite pragmatic, reasonable, rough, and mix. That is expected from this study can be beneficial for the science of language, used as teaching material for teachers, and used as a reference by student in courses related to the science of language of Sundanese, particularly with respect to principles and maxims.

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

2)

(6)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

LEMBAR PENGESAHAN ... ....ii

INSKRIPSI ... ...iii

PERNYATAAN ... ...iv

ABSTRAK ... ...v

PANGJAJAP ... ...vi

CATUR NUHUN ... .viii

DAFTAR EUSI ... ...x

DAFTAR TABÉL ... .xiv

DAFTAR BAGAN ... .xv

DAFTAR LAMPIRAN ... .xvi

BAB I BUBUKA ... ...1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... ...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... ...4

1.2.1 Watesan Masalah ... ...4

1.2.2 Rumusan Masalah ... ...4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... ...5

1.3.1 Tujuan Umum ... ...5

1.3.2 Tujuan Husus ... ...5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... ...5

1.4.1 Mangpaat Tioritis... ...5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... ...6

1.5 Sistematika Tulisan ... ...6

BAB II KAPRAGMATISAN WACANA, PAGUNEMAN, JEUNG ASUMSI ... ...8

2.1 Kapragmatisan Wacana ... ...8

2.1.2 Tahapan Pragmatis ... ..14

2.2 Omongan dina Paguneman ... ..16

2.2.1 Wangenan Omongan jeung Paguneman ... ...16

2.2.2 Adegan Paguneman ... ...16

(7)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2.2 Kaédah Paguneman ... ...18

2.2.2.3 Prinsip Paguneman ... ...19

2.2.3 Maksim Paguneman... ...20

2.2.3.1 Maksim Kuantitas ... ...21

2.2.3.2 Maksim Kualitas ... ...21

2.2.3.3 Maksim Kasaluyuan (Relevansi) ... ...22

2.2.3.4 Maksim Cara ... ...22

2.2.3.5 Maksim Kawijaksanaan (Kebijaksanaan) ... ...22

2.2.3.6 Maksim Katumarima (Kedermawanan) ... ...23

2.2.3.7 Maksim Pangcocog (Kemufakatan) ... ...23

2.2.3.8 Maksim Handap Asor (Kesederhanaan) ... ...23

2.2.3.9 Maksim Balabah (Penghargaan) ... ...24

2.2.3.10 Maksim Kasimpatian (Simpati) ... ...24

2.2.4 Maksud Omongan dina Paguneman ... ...25

2.2.4.1 Kalimah Komisif ... ...25

2.2.4.2 Kalimah Impositif ... ...25

2.2.4.3 Kalimah Éksprésif ... ...25

2.2.4.4 Kalimah Asértif ... ...26

2.3 Asumsi ... ...26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... ...28

3.1 Sumber Data ... ...28

3.2 Désain Panalungtikan ... ...29

3.3 Métode Panalungtikan ... ...30

3.4 Wangenan Operasional ... ...30

3.5 Instrumén Panalungtikan ... ...31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... ...32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... ...33

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... ...35

4.1 Data Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...35

4.2 Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...36

(8)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.1.1 Maksim Kuantitas ... ...36

4.2.1.2 Maksim Kualitas ... ...37

4.2.1.3 Maksim Kasaluyuan (Relevansi) ... ...39

4.2.1.4 Maksim Cara ... ...40

4.2.2 Prinsip Kasopanan ... ...41

4.2.2.1 Maksim Kawijaksanaan (Kebijaksanaan) ... ...41

4.2.2.2 Maksim Katumarima (Kedermawanan) ... ...43

4.2.2.3 Maksim Pangcocog (Kemufakatan) ... ...45

4.2.2.4 Maksim Kasimpatian ... ...46

4.2.2.5 Maksim Balabah (Penghargaan) ... ...47

4.2.2.6 Maksim Handap Asor (Kesederhanaan) ... ...48

4.3 Maksud Omongan dina Téks Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...49

4.3.1 Kalimah Komisif ... ...49

4.3.2 Kalimah Impositif ... ...50

4.3.3 Kalimah Éksprésif ... ...50

4.3.4 Kalimah Asértif ... ...51

4.4 Tahapan Pragmatis... ...51

4.4.1 Tahapan Pragmatis Lemes (Hormat) ... ...51

4.4.2 Tahapan Pragmatis Wajar (Loma) ... ...52

4.4.3 Tahapan Pragmatis Kasar (Cohag) ... ...53

4.4.4 Tahapan Pragmatis Campuran ... ...53

4.5 Pedaran Hasil Panalungtikan ... ...54

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... ....58

5.1 Kacindekan ... ....58

5.2 Rékoméndasi... ....59

DAPTAR PUSTAKA ... ....61

LAMPIRAN ... ....63

RIWAYAT HIRUP ... ..180

(9)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Di jaman ayeuna, loba masarakat Sunda anu teu nyunda, upamana waé henteu reueus kana budayana sarta ngapilainkeun kana basana sorangan, nya éta basa Sunda. Padahal basa Sunda téh mangrupa kabeungharan urang Sunda anu kudu dijaga jeung dipaké sangkan henteu tumpur atawa punah. Lantaran saha deui nu bisa ngajaga kabeungharan basa Sunda ari lain urang Sundana sorangan.

Basa téh mangrupa alat komunikasi anu penting dina kahirupan sapopoé manusa. Sabab ku ayana basa, manusa bisa nepikeun kahayangna, eusi pikiranna, sarta sagala rupa pamaksudanana. Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004: 6).

Panalungtikan ngeunaan basa Sunda bisa dilaksanakeun ku mangpirang-pirang widang katatabasaan, saperti: fonologi, morfologi, sintaksis, semantik, jeung pragmatik. Fonologi medar perkara tata sora, morfologi medar ngeunaan adegan kecap, sintaksis medar perkara tata kalimah, semantik medar perkara tata harti basa, jeung pragmatik medar perkara harti di saluareun basa. Salasahiji élmu basa anu ngulik ngeunaan kontéks éksternal basa nya éta pragmatik. Parker dina Rahardi (2005: 48) nétélakeun yén pragmatik nya éta cabang élmu basa anu ngulik struktur basa sacara éksternal.

Morris dina Sudaryat (2009: 6) ngawatesanan pragmatik salaku hubungan tanda-tanda jeung nu nafsirkeunana. Téori pragmatik ngajelaskeun alesan atawa pamikiran para panyatur jeung pamiarsa dina nyusun korélasi kontéks hiji kalimah. Dina ieu hal téori pragmatik mangrupa bagéan tina performansi.

(10)

2

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Performansi basa bisa katiten dina komunikasi basa. Komunikasi basa asup kana aktivitas sosial, sabab dina komunikasi aya interaksi atawa hubungan timbal balik antara panyatur jeung pamiarsa. Komunikasi ieu bisa disebut ogé salaku paguneman. Lian ti éta, komunikasi basa bisa lumangsung ngaliwatan média tulis saperti carpon jeung novél. Tarigan (2009: 73) nétélakeun yén kagiatan nyarita jeung nulis mangrupa dua tindak basa anu kawengku dina widang rétorika. Dumasar kana éta hal, rétorika kabagi jadi dua nya éta rétorika antarpribadi (interpersonal rhetoric) jeung rétorika tékstual (textual rhetoric). Boh rétorika antarpribadi, boh rétorika tékstual mikabutuh prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan kaasup maksim sangkan omongan atawa caritaan nu ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa bisa kahontal.

Prinsip jeung maksim omongan dina paguneman diperlukeun ku unggal jalma dina ngalakukeun paguneman sangkan komunikasina lancar. Ku ayana ieu prinsip anu dijerona kaasup maksim, tangtu waé urang bakal apal jeung maham kana kontéks dimana urang nyarita atawa kontéks dimana urang ngomong. Tapi, dina prak-prakanana jarang pisan jalma anu niténan kana ieu prinsip jeung maksim nalika ngalakukeun paguneman dina kahirupan sapopoé, padahal éta paguneman téh dilakukeun sacara langsung, komo deui upama nilik paguneman anu aya dina wangun tinulis anu sifatna tékstual, anu eusi atawa maksud caritaanana kudu diteuleuman ngaliwatan maca, tangtu waé prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan anu aya dina éta téks moal bisa katitén.

Dina prinsip gawé bareng, antara panyatur jeung pamiarsa kudu bisa méré pangdeudeul nalika nepikeun omongan. Éta hal tangtu kudu dilakukeun sangkan maksud anu aya dina pikiran panyatur bisa katepikeun sacara jéntré, tur kacangkem maksudna ku pamiarsa (Nursalam, 2011: 3). Sedengkeun dina prinsip kasopanan, aya patalina jeung tatakrama basa. Sabab omongan nu rék ditepikeun raket pisan patalina jeung kalungguhan, kakawasaan, kaakraban, kontak panyatur jeung pamiarsa, sarta jalma nu dicaritakeun.

Dumasar kana pedaran di luhur, prinsip jeung maksim paguneman bisa katitén dina wangun wacana lisan jeung tulisan. Dina wangun wacana lisan,

(11)

3

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tangtu nu dipidangkeunana maké basa lisan ngaliwatan omongan langsung antara panyatur jeung pamiarsa. Contona waé wangkongan jeung diskusi. Dina wangun tulisan, saperti ragam basa sastra dina carpon, biasana sok manggih sawatara obrolan atawa paguneman para tokohna. Anapon dina ieu panalungtikan, objék anu rék dijadikeun panalungtikan téh nya éta ragam basa sastra anu aya dina carpon. Carpon anu dipilih nya éta kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

Alesan dipilihna kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia dina ieu panalungtikan, lantaran dina ieu carpon loba téks wacana paguneman anu bisa dijadikeun data dina ieu panalungtikan. Salian ti éta, eusi caritana alus, nyaritakeun dinamika kahirupan sapopoé manusa, ogé basa nu dipakéna utamana pagunemanana katitén geus ngagunakeun prinsip jeung maksim dina unggal caritaanana, nepi ka pamaca bakal kataji ku basa nu dipaké ku pangarang.

Tina sababaraha pananglutikan anu geus kapanggih aya sababaraha babandingan anu bisa katitén, boh objékna, boh hasil panalungtikanana. Tétéla, éta panalungtikan téh aya nu méh sarua jeung ieu panalungtikan, di antarana

“Analisis Wacana Paguneman dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi AKS

pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP” (Oxtavia, 2010), “Adegan Pragmatis

Kalimah Paréntah dina Karangan Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun

Ajaran 2010/2011” (Maharani, 2011), jeung “Prinsip jeung Maksim Paguneman

dina Kumpulan Carpon Si Kabayan Tapa Karya Min Resmana” (Nursalam, 2012).

Dina panalungtikan Oxtavia dipedar prinsip-prinsip paguneman anu lumangsung dina kumpulan carpon Oknum. Dina éta panalungtikan dipedar papasingan prinsip jeung maksim paguneman, tuluy ditangtukeun luyu henteuna pikeun bahan pangajaran nyarita di tingkat SMP. Ari dina panalungtikan Maharani mah, sok sanajan medar prinsip jeung maksim paguneman, tapi éta panalungtikan téh leuwih nyoko kana wangun kalimah paréntahna hungkul. Sedengkeun dina panalungtikan Nursalam, dipedar ngeunaan téks adegan

(12)

4

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

paguneman, prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Si Kabayan

Tapa, sarta maluruh maksud unggal omongan nu aya dina téks pagunemanana.

Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu saméméhna nya éta, lian ti nangtukeun téks adegan paguneman, prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang, maluruh maksud omongan anu aya dina téks paguneman, dipaluruh ogé tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

Luyu jeung kasang tukang masalah di luhur, ieu panalungtikan anu

judulna “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon

Panggung Wayang Karya Aam Amilia” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh perlu diwatesanan sangkan masalahna jelas, nya éta medar prinsip jeung maksim omongan dina paguneman, kayaning maksim kuantitas, maksim kualitas, maksim kasaluyuan, maksim cara, maksim kawijaksanaan (kebijaksanaan), maksim katumarima (kedermawanan), maksim balabah (penghargaan), maksim handap asor (kesederhanaan), maksim pangcocog (kemufakatan), jeung maksim kasimpatian (simpati) anu aya dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

1.2.2 Rumusan Masalah

Saluyu jeung watesan masalah nu geus dipedar, di handap ieu dirumuskeun masalah-masalah anu ditalungtik.

a. Omongan naon waé anu kapanggih dina paguneman nu aya dina carpon

(13)

5

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Kumaha prinsip jeung maksim omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia?

c. Maksud omongan naon waé nu nyampak dina unggal téks paguneman, dumasar prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Panggung

Wayang karya Aam Amilia?

d. Kumaha tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun sistem paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan, nya éta pikeun ngadéskripsikeun: a. omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam

Amilia;

b. prinsip jeung maksim omongan paguneman anu nyampak dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

c. maksud omongan anu nyampak dina unggal téks paguneman, dumasar prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia; jeung

d. tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ulikan élmu kabasaan, utamana pangaweruh ngeunaan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman.

(14)

6

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan aya opat, nya éta saperti ieu di handap.

a. Pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh dina widang kabasaan, utamana ngeunaan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman.

b. Pikeun guru, dimangpaatkeun jadi pangdeudeul pikeun milih jeung nangtukeun bahan pangajaran.

c. Pikeun masarakat, dijadikeun bahan pangaweruh kana ajén-ajén moral ngaliwatan téks paguneman anu aya dina kumpulan carpon Panggung

Wayang karya Aam Amilia.

d. Pikeun mahasiswa, dijadikeun réferénsi dina mata kuliah anu aya patalina jeung widang kabasaan, atawa réferénsi dina mata kuliah séjén anu aya patalina jeung panalungtikan ilmiah.

1.5Sistematika Tulisan

Ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta: bab I bubuka, bab II kapragmatisan wacana, jeung asumsi, bab III metode panalungtikan, bab IV déskripsi hasil panalungtikan, jeung bab V panutup.

Dina bab I, dipedar kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina tujuan panalungtikan, aya tujuan umum jeung husus. Sedengkeun dina mangpaat panalungtikan, aya mangpaat sacara tioritis jeung sacara praktis. Tuluy dipedar ogé ngeunaan sistematika tulisan ti mimiti bab I nepi ka bab V.

Dina bab II, eusina mangrupa landasan tioritik. Medar ngeunaan kapragmatisan wacana, tahapan pragmatis, jeung paguneman. Dina sub bab kapragmatisan wacana, medar perkara kapragmatisan wacana anu jadi ambahan tiori pikeun ngahontal pedaran anu poko dina ieu panalungtikan. Lian ti éta, dipedar ogé ngeunaan tahapan pragmatis. Dina sub bab paguneman medar perkara wangenan paguneman jeung adegan paguneman. Adegan paguneman miboga

(15)

7

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pola, kaédah, jeung prinsip paguneman sarta miboga sababaraha maksim paguneman.

Dina bab III, dipedar metode panalungtikan. Eusina nyaéta medar sumber data, desain panalungtikan, metode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan jeung téhnik panalungtikan, nu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung ngolah data.

Dina bab IV, ngadéskripsikeun jeung nganalisis prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, di jerona ngawengku wangun téks paguneman, prinsip katut maksim paguneman, maksud unggal omongan dina paguneman, jeung tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

Bab anu pamungkas nya éta bab V, eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh hasil panalungtikan jeung rékoméndasi kana panalungtikan anu satuluyna.

(16)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar sumber data, desain panalungtikan, metode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, sarta téhnik jeung prosedur panalungtikan.

3.1 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010: 172), sumber data mangrupa subjékna panalungtikan. Ku ayana sumber data, masalah anu baris ditalungtik bisa dipikanyaho. Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta sampel sababaraha carpon dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Anapon anu dimaksud sampel nya éta sabagéan atawa wakil populasi anu baris ditalungtik (Arikunto, 2010: 174).

Kumpulan carpon Panggung Wayang anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan téh dipedalkeun ku Geger Sunten Bandung, pedalan katilu taun 2007, kandelna 412 kaca anu dijerona aya 50 carpon.

Sampel anu dicokot pikeun dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan jumlahna aya sapuluh carpon. Ari cara nangtukeun carponna, nya éta dipilih anu sakirana loba pagunemanana sarta ngandung prinsip jeung maksim nu tangtu. Anapon carpon nu dicokot nya éta: (1) Talaga nu Liuh, (2) Kikisik Sisi

Basisir, (3) Sabot Panonpoé Surup, (4) Rarakitan, (5) Satria Gagah Sakti, (6) Laut Kidul Kabéh Katingali, (7) Sumuhun Dawuh, (8) Éyang Putri Ronggéng Sari, (9) Angin Rintih Langit Lénglang, jeung (10) Kongkorong Emas.

3.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa rancangan atawa rencana ngeunaan cara ngumpulkeun, nganalisis data sangkan bisa dilaksanakeun sacara éféktif sarta luyu jeung tujuan panalungtikan (Nasution, 2009: 23).

(17)

29

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir dijieun désain. Ieu désain panalungtikan, diadaptasi tina Arikunto (2010: 171). Éta désain bisa katitén dina bagan saperti kieu.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan diadaptasi tina Arikunto (2010: 171)

Milih jeung Nangtukeun Masalah

Ulikan Pustaka

Ngarumuskeun Anggapan Dasar Studi Pendahuluan

Studi Dokuméntasi

Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Métode Panalungtikan

Instrumén Data

Ngumpulkeun Data

Ngolah Data

Nyieun Kacindekan Nangtukeun Papasingan Data

Nyusun Laporan Nganalisis

Data

Ngadéskripsikeun Data

(18)

30

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010: 203). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis.

Nurutkeun Ratna (2004: 53) métode déskriptif analisis dilaksanakeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Suyatna (2012: 14) nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta:

Dalam penelitian secara harfiah, penelitian deskriptif adalah akumulasi data dasar dalam cara deskriptif semata, serta tidak saling berhubungan, tidak menguji hipotesis, tidak membuat ramalan, atau tidak mendapatkan makna implikasi (walaupun banyak penelitian yang ingin mendapatkan makna implikasi masih termasuk metode deskriptif).

Dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun téh nya éta sakur omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, nyieun papasingan prinsip jeung maksim omongan anu nyampak dina téks paguneman, ngadéskripsikeun maksud omongan anu aya dina téks paguneman, jeung ngadéskripsikeun tahapan pragmatis omongan anu nyampak dina téks paguneman.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, ieu panalungtikan ngébréhkeun wangenan-wangenan operasional anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

a. Omongan

Omongan mangrupa kalimah atawa babagian kalimah, anu diucapkeun kalawan miboga harti (Sudaryat, 2005:113).

b. Prinsip paguneman

Prinsip paguneman nyaéta dasar anu dijadikeun acuan dina ngalakukeun paguneman sangkan eusi omongan anu ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa bisa kahontal. Tarigan (2009: 73), kagiatan nyarita jeung nulis mangrupa dua tindak basa anu kawengku dina widang rétorika. Dumasar kana éta hal, rétorika dibagi jadi dua jenis, nya éta rétorika antarpribadi (interpersonal

(19)

31

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

boh rétorika tékstual, mikabutuh sababaraha prinsip sangkan jejer omongan nu baris ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa bisa katepikeun kalawan lancar. Éta prinsip-prinsip anu dibutuhkeun dina rétorika kaasup kana prinsip paguneman.

c. Maksim Paguneman

Maksim paguneman nyaéta gaya hiji ungkara anu digunakeun dina paguneman luyu jeung prinsipna. Dina maksim paguneman aya maksud omongan anu nyoko kana lakuning basa luyu jeung kontéks situasina (Nursalam, 2011: 51).

d. Kumpulan Carpon

Kumpulan carpon dina ieu panalungtikan nyaéta salahsahiji sumber data utama anu dijadikeun bahan panalungtikan. Anapon anu dimaksud carpon nya éta karangan pondok dina wangun prosa anu sifatna rékaan (fiksi).

Jadi, sacara operasional ieu panalungtikan anu judulna “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya

Aam Amilia” téh maksudna nyaéta nalungtik jeung nyieun papasingan prinsip

jeung maksim omongan dina paguneman anu aya dina kumpulan carpon

Panggung Wayang karya Aam Amilia, ngadéskripsikeun maksud omongan anu

aya dina unggal téks paguneman, sarta ngadéskripsikeun tahapan pragmatis omongan anu nyampak dina téks pagunemanana.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan panyusun sacara sistematis bisa leuwih gampang ngolah data, nepi ka éta panyusun bisa ngahasilkeun panalungtikan anu hadé (Arikunto, 2010: 203).

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Kartu data digunakeun sangkan data leuwih babari diolah, leuwih lengkep, leuwih taliti, sarta leuwih sistematis. Dina kartu data disalin data téks paguneman, tuluy dianalisis dumasar prinsip pagunemanana, maksim pagunemanana, maksud

(20)

32

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

omonganana, jeung tahapan pragmatis dina pagunemanana. Dina data téks paguneman maké kode anu nerangkeun judul buku, judul carpon, kaca buku, jeung nomer jajaran, saperti PW/TL/K26/J17, maksudna judul bukuna Panggung

Wayang, judul carponna Talaga nu Liuh, kaca 26, jeung aya dina jajaran ka-17.

Éta kartu data téh dijieun saperti kieu.

01 KARTU DATA

Data :

Maksim : Prinsip :

Maksud Omongan : Tahapan Pragmatis :

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntasi. Nurutkeun Arikunto (2010: 274) téhnik studi dokuméntasi dipaké pikeun néangan data ngeunaan hal-hal atawa variabel anu mangrupa catetan, transkrip, buku, surat kabar, majalah, prasasti, notulén rapat, lengger, agénda, jeung sajabana. Data dina ieu panalungtikan mangrupa buku fiksi nya éta kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

Dumasar téhnik di luhur, data dikumpulkeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

a. Maca sagemblengna kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. b. Milih jeung nangtukeun carpon nu dijadikeun sampel pikeun sumber data. c. Nyirian omongan dina paguneman anu aya dina carpon.

d. Nyalin sakabéh omongan dina téks paguneman nu geus dicirian kana kartu data.

(21)

33

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina téhnik ngolah data, data anu geus dikumpulkeun dianalisis pikeun dipilah jeung dipilih dumasar kana tujuan panalungtikan anu geus ditangtukeun saméméhna. Anapon léngkah-léngkah anu dilaksanakeun pikeun ngolah data nya éta saperti ieu di handap.

a. Mariksaan deui data omongan dina téks paguneman anu geus dicirian.

b. Nganalisis data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip, maksim, maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

c. Nyieun papasingan data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip, maksim, maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

d. Ngadéskripsikeun data omongan dina paguneman anu geus dianalisis. e. Nafsirkeun hasil analisis data omongan dina paguneman.

(22)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung déskripsi data, hasil panalungtikan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon

Panggung Wayang kapanggih 841 omongan anu ngawujud jadi téks adegan

paguneman, anu satuluyna dianalisis dumasar kana (1) prinsip jeung maksim omongan dina paguneman, (2) maksud omongan dina téks paguneman, jeung (3) tahapan pragmatis omongan dina téks paguneman.

Kahiji, prinsip jeung maksim omongan dina paguneman mangrupa

salasahiji wengkuan tina wangun adegan paguneman. Prinsip dina paguneman aya dua, nya éta prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan. Prinsip gawé bareng dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia kapanggih dina opat maksim, nya éta: 1) maksim kuantitas aya 295 omongan; 2) maksim kualitas aya 100 omongan; 3) maksim kasaluyuan aya 173 omongan; jeung 4) maksim cara aya 125 omongan. Satuluyna dina prinsip kasopanan kapanggih aya genep maksim, nya éta 1) maksim kawijaksanaan aya 73 omongan; 2) maksim katumarima aya 74 omongan; 3) maksim pangcocog aya 27 omongan; 4) maksim kasimpatian aya 41 omongan; 5) maksim balabah aya 32 omongan; jeung 6) maksim handap asor aya 49 omongan.

Kadua, aya sawatara omongan dina paguneman anu ngandung sababaraha

maksim. Éta hal bisa jadi lantaran antara maksim hiji jeung maksim nu lianna saling ngadeudeul dina lumangsungna paguneman sangkan komunikasina lancar.

Katilu, tina papasingan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman,

(23)

59

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tétéla omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, prinsip gawé bareng leuwih loba dilaksanakeun tibatan prinsip kasopanan. Éta hal bisa jadi lantaran lumangsungna hubungan timbal balik dina paguneman dibutuhkeun gawé bareng antara panyatur jeung pamiarsa, sangkan komunikasina lancar. Béda deui jeung prinsip kasopanan, anu dina paguneman dilaksanakeun sangkan papada jalma bisa silihajénan, silihhormat, jeung méré kauntungan ka jalma lian.

Kaopat, maksud omongan magrupa pesen nu aya dina omongan. Dumasar

kana prinsip paguneman, maksud omongan anu kapanggih dina kumpulan carpon

Panggung Wayang karya Aam Amilia aya opat rupa kalimah, nya éta kalimah

komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif. Maksud kalimah/omongan dina prinsip gawé bareng, di antarana: 1) komisif aya 178 kalimah/omongan; 2) impositif aya 88 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 112 kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 134 kalimah/omongan. Ari maksud kalimah/omongan dina prinsip kasopanan, di antarana: 1) komisif aya 132 kalimah/omongan; 2) impositif aya 70 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 50 kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 77 kalimah/omongan.

Kalima, tahapan pragmatis omongan dina paguneman nyaéta tatakrama

basa atawa undak-usuk basa, anu mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Tina hasil analisis data, kapanggih aya opat tahapan pragmatis, nya éta 1) tahapan pragmatis lemes jumlahna aya 299 omongan; 2) tahapan pragmatis wajar aya 450 omongan; 3) tahapan pragmatis kasar aya 16 omongan; jeung 4) tahapan pragmatis campuran aya 18 omongan.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara anu rék ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kabasaan dina ragam tinulis, nya éta karya sastra dina wangun carpon, anu medar ngeunaan prinsip

(24)

60

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Ku kituna, dipiharep aya nu bisa nalungtik prinsip jeung maksim omongan dina paguneman nu lumangsung dina kahirupan sapopoé.

Kadua, ieu hasil panalungtikan téh can dijadikeun bahan pangajaran. Ku kituna, ieu panalungtikan téh bakal leuwih hadé upama bisa diterapkeun kana bahan pangajaran.

(25)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta. Amilia, A. (2007). Panggung Wayang. Bandung: Geger Sunten. Chaer, A. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa

Sunda. Bandung: Sonagar.

Isman, W. (1996). Kamus Lengkap Bahasa Indonesia. Bandung: Citra Umbara Leech. (1993). Prinsip-prinsip Pragmatik. (Terjemahan Oka). Jakarta: Universitas

Indonesia.

Nasution, A.H. (2009). Panduan Berpikir dan Meneliti Secara Ilmiah bagi

Remaja. Jakarta: Gramedia Widia Sarana Indonesia.

Nursalam, S. (2012). Prinsip jeung Maksim Paguneman dina Kumpulan Carpon

Si Kabayan Tapa Karya Min Resmana. Skripsi Sarjana Pendidikan Bahasa

Daérah FPBS UPI Bandung.

Rahardi, K. (2005). Pragmatik Kesantunan Imperatif Bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.

. (2009). Sosiopragmatik. Jakarta: Erlangga.

Ratna, K.N. (2011). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Belajar.

Sudaryat, Y. (2009). Pragmatik dalam Bahasa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. . (2007). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

. (2011). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. . (2008). Makna dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya.

. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: CV Karya Iptek.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Depdiknas.

(26)

62

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Syamsuddin. (1992). Studi Wacana Teori Analisis Pengajaran. Bandung: Mimbar Pendidikan Bahasa dan Seni FPBS IKIP Bandung.

Tarigan, H.G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(1)

33

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina téhnik ngolah data, data anu geus dikumpulkeun dianalisis pikeun dipilah jeung dipilih dumasar kana tujuan panalungtikan anu geus ditangtukeun saméméhna. Anapon léngkah-léngkah anu dilaksanakeun pikeun ngolah data nya éta saperti ieu di handap.

a. Mariksaan deui data omongan dina téks paguneman anu geus dicirian.

b. Nganalisis data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip, maksim, maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

c. Nyieun papasingan data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip, maksim, maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

d. Ngadéskripsikeun data omongan dina paguneman anu geus dianalisis. e. Nafsirkeun hasil analisis data omongan dina paguneman.

(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung déskripsi data, hasil panalungtikan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang kapanggih 841 omongan anu ngawujud jadi téks adegan paguneman, anu satuluyna dianalisis dumasar kana (1) prinsip jeung maksim omongan dina paguneman, (2) maksud omongan dina téks paguneman, jeung (3) tahapan pragmatis omongan dina téks paguneman.

Kahiji, prinsip jeung maksim omongan dina paguneman mangrupa salasahiji wengkuan tina wangun adegan paguneman. Prinsip dina paguneman aya dua, nya éta prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan. Prinsip gawé bareng dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia kapanggih dina opat maksim, nya éta: 1) maksim kuantitas aya 295 omongan; 2) maksim kualitas aya 100 omongan; 3) maksim kasaluyuan aya 173 omongan; jeung 4) maksim cara aya 125 omongan. Satuluyna dina prinsip kasopanan kapanggih aya genep maksim, nya éta 1) maksim kawijaksanaan aya 73 omongan; 2) maksim katumarima aya 74 omongan; 3) maksim pangcocog aya 27 omongan; 4) maksim kasimpatian aya 41 omongan; 5) maksim balabah aya 32 omongan; jeung 6) maksim handap asor aya 49 omongan.

Kadua, aya sawatara omongan dina paguneman anu ngandung sababaraha maksim. Éta hal bisa jadi lantaran antara maksim hiji jeung maksim nu lianna saling ngadeudeul dina lumangsungna paguneman sangkan komunikasina lancar.

Katilu, tina papasingan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman, kapanggih babandingan antara prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan.

(3)

59

Tétéla omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, prinsip gawé bareng leuwih loba dilaksanakeun tibatan prinsip kasopanan. Éta hal bisa jadi lantaran lumangsungna hubungan timbal balik dina paguneman dibutuhkeun gawé bareng antara panyatur jeung pamiarsa, sangkan komunikasina lancar. Béda deui jeung prinsip kasopanan, anu dina paguneman dilaksanakeun sangkan papada jalma bisa silihajénan, silihhormat, jeung méré kauntungan ka jalma lian.

Kaopat, maksud omongan magrupa pesen nu aya dina omongan. Dumasar kana prinsip paguneman, maksud omongan anu kapanggih dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia aya opat rupa kalimah, nya éta kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif. Maksud kalimah/omongan dina prinsip gawé bareng, di antarana: 1) komisif aya 178 kalimah/omongan; 2) impositif aya 88 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 112 kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 134 kalimah/omongan. Ari maksud kalimah/omongan dina prinsip kasopanan, di antarana: 1) komisif aya 132 kalimah/omongan; 2) impositif aya 70 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 50 kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 77 kalimah/omongan.

Kalima, tahapan pragmatis omongan dina paguneman nyaéta tatakrama basa atawa undak-usuk basa, anu mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Tina hasil analisis data, kapanggih aya opat tahapan pragmatis, nya éta 1) tahapan pragmatis lemes jumlahna aya 299 omongan; 2) tahapan pragmatis wajar aya 450 omongan; 3) tahapan pragmatis kasar aya 16 omongan; jeung 4) tahapan pragmatis campuran aya 18 omongan.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara anu rék ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kabasaan dina ragam tinulis, nya éta karya sastra dina wangun carpon, anu medar ngeunaan prinsip

(4)

60

jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Ku kituna, dipiharep aya nu bisa nalungtik prinsip jeung maksim omongan dina paguneman nu lumangsung dina kahirupan sapopoé.

Kadua, ieu hasil panalungtikan téh can dijadikeun bahan pangajaran. Ku kituna, ieu panalungtikan téh bakal leuwih hadé upama bisa diterapkeun kana bahan pangajaran.

(5)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta. Amilia, A. (2007). Panggung Wayang. Bandung: Geger Sunten. Chaer, A. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa

Sunda. Bandung: Sonagar.

Isman, W. (1996). Kamus Lengkap Bahasa Indonesia. Bandung: Citra Umbara Leech. (1993). Prinsip-prinsip Pragmatik. (Terjemahan Oka). Jakarta: Universitas

Indonesia.

Nasution, A.H. (2009). Panduan Berpikir dan Meneliti Secara Ilmiah bagi Remaja. Jakarta: Gramedia Widia Sarana Indonesia.

Nursalam, S. (2012). Prinsip jeung Maksim Paguneman dina Kumpulan Carpon Si Kabayan Tapa Karya Min Resmana. Skripsi Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.