DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ.

(1)

873/FPBS/0251/2015

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Nessa Fauzy Rahayu NIM 1105404

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

(2)

873/FPBS/0251/2015

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Lembar Pengesahan

NESSA FAUZY RAHAYU NIM 1105404

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA MAJALAH MANGLÉ

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(3)

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS

DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ1

Nessa Fauzy Rahayu2

ABSTRAK

Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun déiksis anaforis jeung déiksis kataforis anu kapanggih dina sumber data dumasar (1) tipena, (2) posisina, (3) wangun, (4) acuanna. Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif, instrumen anu digunakeunana nyaéta kartu data. Téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data digunakeun nyaéta téhnik téks atawa téhnik ulikan pustaka. Dumasar kana hasil panalungtikan, tina 14 judul carpon Sunda anu dianalisis, kapanggih 182 data déiksis anu kabagi jadi tipe kapanggih 76 (41,75%) déiksis endoforis anaforis intrakalimah, 106 (58,24%) déiksis éndoforis kataforis intrakaimah. Dumasar posisina, kapanggih 76 (41,75%) déiksis anaforis jeung 106 (58,24%) déiksis kataforis. Dumasar wandana, kabagi jadi 10 (5,50%) déiksis anaforis persona, 13 (7,14%) déiksis kataforis persona, déiksis kataforis témporal 14 (7,70%), déiksis anaforis lokatif 3 (1,64%), déiksis kataforis lokatif 1 (0,54%), déiksis anaforis umum 7 (3,84%), déiksis kataforis umum 37 (20,32%), déiksis anaforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis kataforis hal/cra 3 (1,64%), déiksis anaforis jumlah 2 (1,10%), sarta déiksis kataforis jumlah 2 (1,10%). Pamungkas dumasar acuanna, kabagi kana 40 (21,98%) déiksis anaforis kecap barang, 58 (31,87%) kataforis kecap barang, 36 (19,79%) anaforis frasa barang, sarta 48 (26,38%) kataforis frasa barang.

Kecap Galeuh: déiksis anaforis jeung déiksis kataforis, Majalah Manglé

1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum. dan Hernawan S.Pd., M.Pd

2

(4)

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DÉIKSIS ANAFORIS DAN DÉIKSIS KATAFORIS

DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ3

Nessa Fauzy Rahayu4

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan dan menganalisis déiksis anaforis dan déiksis kataforis yang terdapat dalam sumber data berdasarkan (1) tipenya, (2) posisinya, (3) bentuk, (4) acuannya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, instrumen yang digunakan yaitu kartu data, dan tehnik yang digunakan dalam pengumpulan data dalam penelitian ini adalah tehnik teks atau tehnik ulikan pustaka. Berdasarkan dari hasil penelitian, dari 14 judul cerpen Sunda yang dianalisis, ditemukan 182 data deiksis yang terbagi atas tipe ditemukan 76 (41,75%) deiksis endoforis anaforis intrakalimah, 106 (58,24%) deiksis endoforis kataforis intrakalimah. Berdasarkan posisinya, ditemukan 76 (41,75%) déiksis anaforis dan 106 (58,24%) déiksis kataforis. Berdasarkan bentuknya, terbagi 10 (5,50%) déiksis anaforis persona, 13 (7,14%) déiksis kataforis persona, déiksis kataforis temporal 14 (7,70%), déiksis anaforis lokatif 3 (1,64%), déiksis kataforis lokatif 1 (0,54%), déiksis anaforis umum 7 (3,84%), déiksis kataforis umum 37 (20,32%), déiksis anaforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis kataforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis anaforis jumlah 2 (1,10%), dan déiksis kataforis jumlah 2 (1,10%). Yang terakhir berdasarkan acuannya, terbagi dalam 40 (21,98%) anaforis kecap barang, 58 (31,87%) kataforis kecap barang, 36 (19,79%) anaforis frasa barang, dan 48 (26,38%) kataforis frasa barang.

Kata Kunci: déiksis anaforis dan déiksis kataforis, Majalah Manglé

3

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum. dan Hernawan S.Pd., M.Pd

4

(5)

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANAPHORIC DEIXIS AND CATAPHORIC DEIXIS

IN SHORT STORY MANGLÉ MAGAZINE5

Nessa Fauzy Rahayu6

ABSTRACT

This research aims to describe and analyse anaphoric deixis and cataphoric deixis in Mangle Magazine based on (1) the type, (2) the position, (3) the form, and (4) the reference. In conducting this research, descriptive method is employed. The data were collected by using literature review technique with data card as the instrument of the research. The findings of the research show that there are 182 deixis used in the 14 Sundanese short stories analysed. Based on the type, there are 76 (41,75%) intrasentential anaphoric endophoric deixis and 106 (58,24%) intrasentential cataphoric endophoric deixis. Based on the position, there are 76 (41,75%) anaphoric deixis and 106 (58,24%) cataphoric deixis. Based on the form, there are 10 (5,50%) personal anaphoric deixis, 13 (7,14%) personal cataphoric deixis, 14 (7,70%) temporal cataphoric deixis, 3 (1,64%) spatial anaphoric deixis, 1 (0,54%) spatial cataphoric deixis, 7 (3,84%) common anaphoric deixis, 37 (20,32%) common cataphoric deixis, 3 (1,64%) way anaphoric deixis, 3 (1,64%) way cataphoric deixis, 2 (1,10%) total anaphoric deixis, and 2 (1,10%) total cataphoric deixis. Meanwhile based on the reference, there are 40 (21,98%) anaphoric noun, 58 (31,87%) cataphoric noun, 36 (19,79%) anaphoric noun phrase, and 48 (26,38%) cataphoric noun phrase.

Key words: anaphoric deixis, cataphoric deixis, Manglé Magazine

5

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat M.Hum, dan Hernawan S.Pd., M.Pd

6

(6)

viii

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca LEMBAR PENGESAHAN

INSKRIPSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

ABSTRAK ... v

DAPTAR EUSI ... viii

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

DAPTAR SINGGETA ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Praktis... 4

1.4.2 Mangpaat Tioritis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 6

2.1 Déiksis dina Wacana ... 6

2.1.1 Wangenan Déiksis ... 6

2.1.2 Wanda Déiksis ... 6

2.1.3 Tipe Déiksis ... 7

2.1.4 Posisi Déiksis ... 8

2.1.5 Acuan Déiksis ... 9

2.1.5.1 Wangun Acuan Déiksis ... 9

2.1.6 Wanda Déiksis ... 10

2.1.7 Wacana Minangka Tempat Déiksis ... 12

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 15

2.3 Raraga Mikir ... 16

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 18

3.1 Désain Panalungtikan ... 18

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 19

3.3 Ngumpulkeun Data ... 19

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 19

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data... 21

(7)

ix

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB IV DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA

CARPON MAJALAH MANGLÉ ... 22

4.1 Hasil Panalungtikan ... 22

4.1.1 Data Déiksis ... 22

4.1.2 Tipe Déiksis ... 23

4.1.2.1 Déiksis Éndoforis ... 23

4.1.2.1.1 Tipe Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis... 23

4.1.2.1.1.1 Tipe Déiksis Anaforis Intrakalimah ... 23

4.1.2.1.1.2 Tipe Déiksis Kataforis Intrakalimah... 26

4.1.3 Posisi Déiksis ... 28

4.1.3.1 Déiksis Anaforis ... 28

4.1.3.2 Déiksis Kataforis ... 30

4.1.4 Wanda Déiksis ... 32

4.1.4.1 Wanda Déiksis Persona ... 33

4.1.4.1.1 Wanda Déiksis Anaforis Persona ... 33

4.1.4.1.2 Wanda Déiksis Kataforis Persona ... 39

4.1.4.2 Wanda Déiksis Temporal (waktu) ... 44

4.1.4.2.1 Wanda Déiksis Kataforis Temporal ... 44

4.1.4.3 Wanda Déiksis Lokatif (tempat) ... 47

4.1.4.3.1 Wanda Déiksis Anaforis Lokatif (tempat) ... 47

4.1.4.3.2 Wanda Déiksis Kataforis Lokatif (tempat) ... 49

4.1.4.4 Wanda Déiksis Umum ... 50

4.1.4.4.1 Wanda Déiksis Anaforis Umum ... 51

4.1.4.4.2 Wanda Déiksis Kataforis Umum... 53

4.1.4.5 Wanda Déiksis Hal/cara ... 56

4.1.4.5.1 Wanda Déiksis Anaforis Hal/Cara ... 56

4.1.4.5.2 Wanda Déiksis Kataforis Hal/Cara ... 58

4.1.4.6 Wanda Déiksis Jumlah ... 60

4.1.4.6.1 Wanda Déiksis Anaforis Jumlah ... 60

4.1.4.6.2 Wanda Déiksis Kataforis Jumlah ... 62

4.1.5 Acuan Déiksis ... 63

4.1.5.1 Acuan Ngawujud Kecap Barang (KB) ... 63

4.1.5.1.1 Acuan Ngawujud Kecap Barang (KB) Anaforis ... 63

4.1.5.1.2 Acuan Ngawujud Kecap Barang (KB) Kataforis ... 66

4.1.5.2 Acuan Ngawujud Frasa Barang (FB) ... 68

4.1.5.2.1 Acuan Ngawujud Frasa Barang (FB) Anaforis ... 68

4.1.5.2.2 Acuan Ngawujud Frasa Barang (FB) Kataforis ... 71

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 78

5.1 Kacindekan ... 78

5.2 Saran ... 79

DAPTAR PUSTAKA ... 80

LAMPIRAN ... 82

(8)

x

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(9)

1

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana aturan anu tangtu pikeun ngahontal hiji tujuan. Minangka hiji sistem basa miboga dua sipat nyaéta sistematis jeung sistemis. Disebut sistematis lantaran basa miboga unsur-unsur anu dumuk pola-polana tur bisa diramalkeun, sedengkeun disebut sistemis lantaran basa téh mibanda subsistem kayaning fonologi, gramatika, léksikon, jeung semantik.

Basa anu dipaké pikeun alat komunikasi téh mangrupa wujud kedalna eusi pikiran, kahayang, rasa, jeung rupa-rupa pamaksudan ti hiji jalma ka jalma lianna. Cara nepikeun sarupaning pamaksudan ti diri panyatur sangkan kacangkem maksudna, bisa ngaliwatan basa lisan atawa tulisan. Basa lisan nyaéta basa anu ditepikeun ngaliwatan media tulis, saperti novel, carpon, ésséy, jeung sajak.

Dina hirup kumbuh, basa Sunda téh miboga ragem basa. Ari ragem basa téh disawang tina sababaraha jihat anu makéna anu nyoko kana: 1) wewengkon, 2) tahap atikan, 3) sikep panyaturna, 4) basa omongan, 5) sarana, basa lisan, bisa tulisan, jeung, 6) pasosokna. Mun ditingali tina ragem basa (sarana), karya sastra mangrupa ragem makéna basa tinulis. Sabab, di antarana ngawengku atawa diwangun ku morfém, kecap, frasa, klausa, jeung wacana (Sudaryat, 2011, kc.3).

Nurutkeun Sudaryat (2010, kc.2) wacana mangrupa unsur gramatikal pangjembarnaa, bisa ngawujud karangan anu gembleng (novél, buku, artikel) atawa paragraf, kalawan mawa amanat anu lengkep. Wacana mangrupa wangun basa pangjembarna anu diulik ku pragmatik. Ku kituna, wacana miboga sifat-sifat pragmatis. Kapragmatisan wacana ngawengku, (1) déiksis, (2) praduga, (3) implikatur konvérsasi, (4) adegan konversasi, jeung (5) laku basa (Levinson dina Sudaryat, 2010, kc.10-11).

Déiksis mangrupa unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi nu tangtu di luar basa nu gunana pikeun ngukur gejala semantis nu aya dina kecap

(10)

2

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

atawa adegan kecap nu ngan bisa ditafsirkeun acuanana ku cara ngitung-ngitung situasi omongan. Kecap déiksis asalna tina basa Yunani deiktickos anu hartina

„hal nuduhkeun kalawan langsung‟. Déiksis dipaké pikeun ngébréhkeun fungsi

kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut léksikal séjénna nu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumangsungna komunikasi basa (Lyons dina Sudaryat, 2010, kc. 11).

Naon-naon anu dituduhkeun ku déiksis téh disebutna antésédén. Nilik kana antésédénna, déiksis bisa dibédakeun jadi déiksis persona, déiksis temporal, déiksis lokatif, déiksis wacana jeung déiksis sosial. Nilik kana kahanan antésédén, aya déiksis luar-tuturan (eksoforis) jeung déksis jero-tuturan (endoforis). Nilik kana posisi antésédén, aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Upamana waé, kecap manéhna dina kalimah “Ahmad téh urang Ciamis. Manéhna kuliah di UPI.” Kaasup kana déiksis anaforis. Déiksis anaforis jeung déiksis kataforis téh kapanggih dina kalimah sapopoé boh lisan boh tinulis. Dina komunikasi lisan kapanggih nalika jalma papada gunem catur, sedengkeun dina wacana tinulis biasana kapanggih dina majalah, buku, koran, jeung karya sastra tinulis salah sahijina nyaéta carpon.

Ieu panalungtikan téh museur kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina salasahiji majalah Sunda nyaéta majalah Manglé.

Aya sababaraha panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan déiksis di

antarana waé: (1) “Déiksis dina Kumpulan Carita Pondok Jurig Paséa Jeung Nyi

Karsih karangan Tini Kartini” (Riana, 2005), (2) “Déiksis Sosial dina Novél

Payung Butut karya Ahma Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas

IX” (Purnamasari, 2010). (3) “Wanda déiksis dina Novél Béntang Pasantrén

Karya Usép Romli H.M pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA” (Nuraeni,

2012).

Dina éta tilu panalungtikan téh pada-pada dopedar perkara déiksis, nyaéta unsur basa anu ngacu kana antésédén. Panalungtikan kahiji dipedar kabéh wangun déiksis, panalungtikan kadua medar déiksis sosial, ari panalungtikan ka tilu medar wanda déiksis. Tiluanana miboga sasaruan jeung bédana lebah lega ambahan ngulikna. Ieu panalungtikan ogé sarua medar perkara déiksis, tapi diwatesanan kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Jaba ti éta, sumber datana ogé béda

(11)

3

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyaéta tina majalah Manglé. Garapan séjénna anu béda téh nyaéta dina ieu panalungtikan dipedar ogé perkara antésédén anu diacuna. Ari panalungtikan saméméhna mah teu kungsi nepi ka éta garapan. Ku kituna, panalungtikan perkara déiksis utamana mah déiksis anaforis jeung déiksis kataforis katut antésédénna masih perlu dilaksanakeun. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan anu judulna

“Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis dina Majalah Manglé” perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis téh bisa disawang tina rupa-rupa jihat saperti tina wanda, posisi, tipe, jeung acuan. Disawang tina wanda aya déiksis endoforis jeung déiksis eksoforis. Tina posisina aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna aya déiksis persona, temporal, lokatif jeung sosial. Ku lantaran ambahan déiksis kaitung lega. Ieu panalungtikan diwatesanan kana rupa-rupa déiksis dumasar kana posisina. Jaba ti éta, tina ieu panalungtikan ogé bakal diulik wangun antésédén anu diacu ku déiksis, boh déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana éta idéntifikasi jeung watesan masalah, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun din wangun pananya ieu di handap:

a. Kumaha tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina carpon anu aya dina Majalah Manglé?

b. Kumaha posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé?

c. Kumaha wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé?

d. Kumaha wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina éta carpon?

(12)

4

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan panaluntikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun déiksis anaforis jeung kataforis dina carpon anu aya dina Majalah Manglé.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus panaluntikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. Tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina carpon anu aya dina Majalah Manglé Wangun déiksis anaforis jeung kataforis ékstrakalimah jeung intrakalimah dina éta carpon.

b. Posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé.

c. Wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé.

d. Wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina éta carpon.

1.4 Mangpaat Panaluntikan

Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat teoritis jeung mangpaat praktis:

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, hasil panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun paélmuan, nyaéta:

1) Nambahan pangaweruh deiksis dina katatabasaan sarta leuwih jembar deui. 2) Sumber acuan nu rék nalungtik ieu kapragmatisan wacana ngeunaan déiksis nu

(13)

5

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina panalungtikan sacara praktis, nyaéta:

1) Pikeun panalungtik, dipiharep tina panalungtikan ieu bisa jadi ngajembaran pangaweruh ngeunaan katatabasaan

2) Pikeun guru, jadi bahan informasi ka masyarakat sangkan bisa weruh kana unsur deiksis.

3) Bisa dipaké pikeun ngeuyeuban kaédah-kaédah tata basa nu geus aya, sangkan leuwih jembar.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu panalungtikan disusun dina lima bab

Bab I Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, rumusan, tujuan, mangpaat, jeung raraga tulisan.

Bab II ulikan pustaka, eusina ngeunaan déiksis dina wacana carita pondok anu aya dina Majalah Manglé. Eusina ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis.

Bab III mangrupa métode panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, intrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil panalungtikan.

Bab IV hasil jeung pedaran, anu eusina ngawengku hasil panalungtikan, sarta hasil panalungtikan.

Bab V kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan mangrupa intisari tina sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékoméndasi anu ditepikeun ku nu nulis ka nu maca.

(14)

18 Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif anu ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode anu miboga tujuan pikeun nyieun déskripsi; maksudna nyieun gambaran, lukisan sacara sistematis, factual jeung akurat ngeunaan data, sifat-sifat, sarta hubungan fénoména-fénoména anu ditalungtik. (Djajasudarma, 2010, kc. 9). Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Anapon lengkah-lengkah métode déskriptif, nyaéta :

Bagan 3.1

Désain Panalungtikan

Carpon Manglé

Ngarumuskeun masalah: 1. tipe déiksis 2. posisi déiksis 3. wanda déiksis 4. acuan déiksis

Ulikan Pustaka

Ngumpulkeun data. Ngagunakeun Téhnik Téks

Léngkah-léngkah panalungtikan

Analisis Data. Ngagunakeun analisis unsur langsung

Déskripsi

(15)

19

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nyaéta sakumna kalimah anu ngandung déiksis ekdoforis. Sarta pikeun pangdeudeul ditilik ogé déiksis dumasar kana tipe, jeung acuanna. Data wanda déiksis dicokot tina sumber data. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan, nyaéta sakabéh carpon anu aya dina majalah Manglé Edisi bulan juli nepi ka bulan agustus. Aya 14 carpon anu kapanggih salila sabulan éta, nyaéta:

Manglé No. 2332

(1) “Teteg” Karya Tatang Sutisna

(2) “Peunggasna Wirahma Asih” Karya Hena Sumarni

Manglé No. 2333

(3) “hiji mangs di alam jelemun” Karya Ihung (4) “Ratu Senam Diskrobik” Karya Ano Karsana

(5) “Motor Urut” Karya Ena Rs Manglé No. 2334

(6) “Ucing Garong” Karya Jajang Kusnadi (7) “Bapa jeung Bapa” Karya Indah C (8) “Duh... Ema!” Karya Agus B. Irawan

Manglé No. 2335

(9) “Kacopétan” Karya Nunung Saadah

(10) “Surat keur nu di Saudi” Karya Nida Kania Dewi

(11) “Istri Soléhah” Karya Sudarman

Manglé No. 2336

(12) “Iraha Emaa Balik” Karya Holisoh ME (13) “Si Deblo” Karya Cecep Hermawan

(14) “ Umur Tunggang Gunung” Karya Mariam Sutandyo

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang

(16)

20

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis (Arikunto, 2006, kc. 160).

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina kartu data ieu dipidangkeun sababaraha hal, diantarana nyaéta: 1) kalimah anu ngandung wanda déiksis;

2) nomer jeung kode disalinna kalimah;

3) judul carpon, kaca jeung baris sabaraha kapanggihna déiksis; 4) wanda déiksis anu nagwengku tipe, posisi, jeung acuan déiksis;

Di handap ieu conto kartu data jeung larapna dina wangun déiksis.

Conto kartu data:

Conto Kalimah Déiksis:

Kalimah : ...

Wujud : ... (no. Manglé/judul/kaca) Wangun : ...

Acuan Antésédén : ...

Kalimah : bu Adé Fatimah mah nepi ceurik eueuriheun di rohang guru basa manéhna dicarékan di

hareupeun barudak.

Wujud : manéhna (06/UG/23). Wangun : déiksis anaforis

(17)

21

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Langcker (dina Sudaryat, 2004, kc. 31) nétélakeun yén data basa téh bisa dikumpulkeun ku rupa-rupa téhnik téks, obsérvasi, intuisi, jeung élisitasi.

Dina ieu panalungtikan digunakeun téhnik téks, nyaéta data basa anu dikumpulkeun asalna tina sumber tinulis saperti koran, majalah, jeung buku. Dina panalungtikan umum sok disebut Téhnik Ulikan Pustaka (Studi Pustaka, Studi Bibliografis). Ari léngkah-léngkahna ngumpulkeun data saperti ieu di handap: 1) maca sagemblengna carpon anu aya dina majalah Manglé;

2) nyirian kalimah anu ngandung déiksis anaforis jeung kataforis; 3) nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana;

4) nyalin déiksis anaforis jeung déiksis kataforis anu kapanggih dina carpon anu aya dina majalah Manglé kana kartu data;

5) nyieun papasingan déiksis dumasar kana wujud, wangun, jeung antésédénna; jeung

6) nyusun kartu data sacara alfabétis.

3.4 Analisis Data

Data anu geus kakumpul ngaliwatan prosés ngumpulkeun data tuluy langsung dianalisis atawa diolah. Téhnik anu dipaké pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik analisis unsur langsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran sumber datana dina wangun tulisan, udaganana pikeun nganalisis wanda déiksis ditilik tina tipe, posisi jeung acuanna. Aya sawatara léngkah dina nganalisis datana nyaéta:

1) mariksa deui data posisi déiksis anu geus kakumpulkeun pikeun nangtukeun bener henteuna.;

2) nyieun papasingan déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna; 3) ngaidentifikasi déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna;

4) ngadéskripsikeun déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna; jeung

(18)

78

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Déiksis téh nyaéta unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi nu tangtu di luar basa pikeun ngébréhkeun fungsi kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut léksikal séjénna anu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumagsungna komunikasi basa.

Déiksis anaforis nyaéta déiksis anu nuduhkeun naon-naon anu aya saheulaeunana. Sedengkeun déiksis kataforis anu nuduhkeun naon-naon anu aya sapandeurieunana nyaéta antésédén.

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data dina bab IV, hasil panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina Carpon anu aya dina Majalah Manglé anu lobana aya 14 judul carpon, bisa dititénan di handap ieu.

Dumasar tipena, kapanggih aya 182 (100%) déiksis anu kabagi kana tipe déiksis éndoforis anaforis intrakalimah 76 (41,75%) data. Sedengkeun dina tipe déiksis éndoforis kataforis intrakalimah 106 (58,24%) data.

Disawang tina posisina, aya 182 (100%) déiksis, anu kabagi jadi 76 (41,75%) déiksis anaforis, jeung 106 (58,24%) déiksis kataforis.

Disawang tina wandana, aya 182 (100%) déiksis. Anu kabagi kana 10 (5,50%) déiksis anaforis persona, 14 (7,70%) déiksis kataforis persona, déiksis kataforis temporal 14 (7,70%), déiksis anaforis lokatif 3 (1,64%), déiksis kataforis lokatif 1 (0,54%), déiksis anaforis umum 7 (3,84%), déiksis kataforis umum 36 (19,79%), déiksis anaforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis kataforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis anaforis jumlah 2 (1,10%) jeung déiksis kataforis jumlah kapanggih 2 (1,10%) data.

Disawang tina acuanna, aya 182 (100%) déiksis. Anu kabagi kana anaforis kecap barang aya 40 (21,98%), 58 (31,87%) kataforis kecap barang. anaforis frasa barang 36 (19,79%), kataforis frasa barang 48 (26,38%).

Dumasar kana rangkuman di luhur bisa dicindekkeun yén sakabéh data déiksis anaforis jeung déiksis kataforis kaasup kana tipe déiksis éndoforis

(19)

79

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

intrakalimah, lantaran kabéhanana nuduhkeun kana naon-naon anu aya di jeroeun kalimah. Déiksis éndoforis intrakalimah anu kataforis leuwih loba dibandingkeun déiksis endoforis intrakalimah anu anaforis. Lian ti éta wanda déiksis persona, témporal, jeung déiksis umum anu anaforis leuwih saeutik tibatan déiksis persona anu kataforis. Dibandingkeun jeung déiksis témporal jeung umum anu kataforis jumlahna leuwih loba tibatan anu anaforis. Déiksis hal/cara jeung déiksis jumlah. Jumlah sarua lobana antara déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna kecap barang leuwih loba tibatan frasa barang. Boh anaforisna boh kataforisna.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan sakur nalungtik anu kaasup kana déiksis anaforis jeung kataforis anu aya dina karya sastra lisan nyaéta carita pondok anu aya dina Majalah Manglé ditambahan ku medar acuan déiksis anu ngandung kecap barang atawa frasa barang. Ku kituna, dipiharep aya lajuning laku kana ieu panalungtikan boh déiksis anu séjénna atawa tina karya sastra anu séjénna sangkan pangaweruh ngeunaan déiksis ieu bisa leuwih jembar deui.

(20)

80

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

C, Indah. (2011, 4-10 Agustus). Bapa jeung Bapa. Mangle, kc. 24.

Dewi, N.K. (2011, 11-17 Agustus). Surat nu keur di Saudi. Manglé, kc. 24. Djajasudarma, T.F. (2006). Métode Linguistik. Bandung: Refika Aditama. Hernawan, C. (2011, 18-24 Agustus). Si Déblo. Mangle, kc. 24.

Ihung. (2011, 28-3 Agustus). Hiji Mangsa Di Alam Jelemun. Manglé, kc.22. Irawan, A.B. (2011, 4-10 Agustus). Duh… Ema!. Mangle, kc.28.

Karsan, A. (2011, 28-3 Agustus). Ratu Senam Diskrobik. Mangle, kc. 24. Kusnadi, J. (2011, 4-10 Agustus). Ucing Garong. Mangle, kc. 22.

LBSS. (1983). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Lyon, J. (1995). Pengantar Teori Linguistik. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka M.E. Holisoh. (2011, 18-24 Agustus). Iraha Ema Balik. Mangle, kc. 22.

Nuraeni, Evi. (2012). Wanda Déiksis Dina Novél Béntang Pasantrén Karya Usép Romli H. M Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Nurrachmat S, Riana. (2005). Déiksis dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung

Nyi Karsih Karangan Tini Kartini. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universita Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purnamasari, Ita. (2010). Analisis Déiksis Sosial Dina Novél Payung Butut karya Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita Di SMP Kelas IX. (Skripsi). Fakultas Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purwo, B.K. (1984). Déiksis Dalam Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Rs, Ena. (2011, 28-3 Agustus). Motor Urut. Mangle, kc. 28.

Saadah, N. (2011, 21-27 Juli). Teteg. Manglé, kc. 22.

Saadah, N. (2011, 11-17 Agustus). Kacopétan. Mangle, kc. 22.

Siti Nurhayat, Elis. (2006). Déiksis Temporal jeung Lokatif dina Novel Sri Panggung Karya Tjaraka. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

(21)

81

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sudarman. (2011, 11-17 Agustus). Istri Soléhah. Mangle, kc. 28.

Sudaryat, Y. (2011). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Y. (2014). Makna Dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sugiyono. (2012). Metotode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumarni, H. (2011, 21-27 Juli). Peunggasna Wirahma Asih. Manglé, kc. 24. Sutandyo, M. (2011, 18-24 Agustus). Umur Tunggang Gunung. Mangle, kc. 28. Tarigan, H.G. (1993). Pengajaran Wacana. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(1)

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis (Arikunto, 2006, kc. 160).

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina kartu data ieu dipidangkeun sababaraha hal, diantarana nyaéta: 1) kalimah anu ngandung wanda déiksis;

2) nomer jeung kode disalinna kalimah;

3) judul carpon, kaca jeung baris sabaraha kapanggihna déiksis; 4) wanda déiksis anu nagwengku tipe, posisi, jeung acuan déiksis;

Di handap ieu conto kartu data jeung larapna dina wangun déiksis.

Conto kartu data:

Conto Kalimah Déiksis:

Kalimah : ...

Wujud : ... (no. Manglé/judul/kaca) Wangun : ...

Acuan Antésédén : ...

Kalimah : bu Adé Fatimah mah nepi ceurik eueuriheun di rohang guru basa manéhna dicarékan di

hareupeun barudak.

Wujud : manéhna (06/UG/23). Wangun : déiksis anaforis

(2)

21

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Langcker (dina Sudaryat, 2004, kc. 31) nétélakeun yén data basa téh bisa dikumpulkeun ku rupa-rupa téhnik téks, obsérvasi, intuisi, jeung élisitasi.

Dina ieu panalungtikan digunakeun téhnik téks, nyaéta data basa anu dikumpulkeun asalna tina sumber tinulis saperti koran, majalah, jeung buku. Dina panalungtikan umum sok disebut Téhnik Ulikan Pustaka (Studi Pustaka, Studi Bibliografis). Ari léngkah-léngkahna ngumpulkeun data saperti ieu di handap: 1) maca sagemblengna carpon anu aya dina majalah Manglé;

2) nyirian kalimah anu ngandung déiksis anaforis jeung kataforis; 3) nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana;

4) nyalin déiksis anaforis jeung déiksis kataforis anu kapanggih dina carpon anu aya dina majalah Manglé kana kartu data;

5) nyieun papasingan déiksis dumasar kana wujud, wangun, jeung antésédénna; jeung

6) nyusun kartu data sacara alfabétis.

3.4 Analisis Data

Data anu geus kakumpul ngaliwatan prosés ngumpulkeun data tuluy langsung dianalisis atawa diolah. Téhnik anu dipaké pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik analisis unsur langsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran sumber datana dina wangun tulisan, udaganana pikeun nganalisis wanda déiksis ditilik tina tipe, posisi jeung acuanna. Aya sawatara léngkah dina nganalisis datana nyaéta:

1) mariksa deui data posisi déiksis anu geus kakumpulkeun pikeun nangtukeun bener henteuna.;

2) nyieun papasingan déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna; 3) ngaidentifikasi déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna;

4) ngadéskripsikeun déiksis dumasar kana posisi, wangun jeung antésédénna; jeung

(3)

78 Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Déiksis téh nyaéta unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi nu tangtu di luar basa pikeun ngébréhkeun fungsi kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut léksikal séjénna anu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumagsungna komunikasi basa.

Déiksis anaforis nyaéta déiksis anu nuduhkeun naon-naon anu aya saheulaeunana. Sedengkeun déiksis kataforis anu nuduhkeun naon-naon anu aya sapandeurieunana nyaéta antésédén.

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data dina bab IV, hasil panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina Carpon anu aya dina Majalah Manglé anu lobana aya 14 judul carpon, bisa dititénan di handap ieu.

Dumasar tipena, kapanggih aya 182 (100%) déiksis anu kabagi kana tipe déiksis éndoforis anaforis intrakalimah 76 (41,75%) data. Sedengkeun dina tipe déiksis éndoforis kataforis intrakalimah 106 (58,24%) data.

Disawang tina posisina, aya 182 (100%) déiksis, anu kabagi jadi 76 (41,75%) déiksis anaforis, jeung 106 (58,24%) déiksis kataforis.

Disawang tina wandana, aya 182 (100%) déiksis. Anu kabagi kana 10 (5,50%) déiksis anaforis persona, 14 (7,70%) déiksis kataforis persona, déiksis kataforis temporal 14 (7,70%), déiksis anaforis lokatif 3 (1,64%), déiksis kataforis lokatif 1 (0,54%), déiksis anaforis umum 7 (3,84%), déiksis kataforis umum 36 (19,79%), déiksis anaforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis kataforis hal/cara 3 (1,64%), déiksis anaforis jumlah 2 (1,10%) jeung déiksis kataforis jumlah kapanggih 2 (1,10%) data.

Disawang tina acuanna, aya 182 (100%) déiksis. Anu kabagi kana anaforis kecap barang aya 40 (21,98%), 58 (31,87%) kataforis kecap barang. anaforis frasa barang 36 (19,79%), kataforis frasa barang 48 (26,38%).

Dumasar kana rangkuman di luhur bisa dicindekkeun yén sakabéh data déiksis anaforis jeung déiksis kataforis kaasup kana tipe déiksis éndoforis

(4)

79

Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

intrakalimah, lantaran kabéhanana nuduhkeun kana naon-naon anu aya di jeroeun kalimah. Déiksis éndoforis intrakalimah anu kataforis leuwih loba dibandingkeun déiksis endoforis intrakalimah anu anaforis. Lian ti éta wanda déiksis persona, témporal, jeung déiksis umum anu anaforis leuwih saeutik tibatan déiksis persona anu kataforis. Dibandingkeun jeung déiksis témporal jeung umum anu kataforis jumlahna leuwih loba tibatan anu anaforis. Déiksis hal/cara jeung déiksis jumlah. Jumlah sarua lobana antara déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna kecap barang leuwih loba tibatan frasa barang. Boh anaforisna boh kataforisna.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan sakur nalungtik anu kaasup kana déiksis anaforis jeung kataforis anu aya dina karya sastra lisan nyaéta carita pondok anu aya dina Majalah Manglé ditambahan ku medar acuan déiksis anu ngandung kecap barang atawa frasa barang. Ku kituna, dipiharep aya lajuning laku kana ieu panalungtikan boh déiksis anu séjénna atawa tina karya sastra anu séjénna sangkan pangaweruh ngeunaan déiksis ieu bisa leuwih jembar deui.

(5)

80 Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

C, Indah. (2011, 4-10 Agustus). Bapa jeung Bapa. Mangle, kc. 24.

Dewi, N.K. (2011, 11-17 Agustus). Surat nu keur di Saudi. Manglé, kc. 24. Djajasudarma, T.F. (2006). Métode Linguistik. Bandung: Refika Aditama. Hernawan, C. (2011, 18-24 Agustus). Si Déblo. Mangle, kc. 24.

Ihung. (2011, 28-3 Agustus). Hiji Mangsa Di Alam Jelemun. Manglé, kc.22. Irawan, A.B. (2011, 4-10 Agustus). Duh… Ema!. Mangle, kc.28.

Karsan, A. (2011, 28-3 Agustus). Ratu Senam Diskrobik. Mangle, kc. 24. Kusnadi, J. (2011, 4-10 Agustus). Ucing Garong. Mangle, kc. 22.

LBSS. (1983). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Lyon, J. (1995). Pengantar Teori Linguistik. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka M.E. Holisoh. (2011, 18-24 Agustus). Iraha Ema Balik. Mangle, kc. 22.

Nuraeni, Evi. (2012). Wanda Déiksis Dina Novél Béntang Pasantrén Karya Usép Romli H. M Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Nurrachmat S, Riana. (2005). Déiksis dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung

Nyi Karsih Karangan Tini Kartini. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universita Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purnamasari, Ita. (2010). Analisis Déiksis Sosial Dina Novél Payung Butut karya Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita Di SMP Kelas IX. (Skripsi). Fakultas Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purwo, B.K. (1984). Déiksis Dalam Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Rs, Ena. (2011, 28-3 Agustus). Motor Urut. Mangle, kc. 28.

Saadah, N. (2011, 21-27 Juli). Teteg. Manglé, kc. 22.

Saadah, N. (2011, 11-17 Agustus). Kacopétan. Mangle, kc. 22.

Siti Nurhayat, Elis. (2006). Déiksis Temporal jeung Lokatif dina Novel Sri Panggung Karya Tjaraka. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

(6)

81 Nessa Fauzy Rahayu, 2015

DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sudarman. (2011, 11-17 Agustus). Istri Soléhah. Mangle, kc. 28.