BUKU GURU SUNDA KLS 10 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK
Kelas X

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga

larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan
dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK)
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina
dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal
tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti
rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati
PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Soianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri

Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto
Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar
Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar
Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3
Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.
Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)
978-602-1300-27-5 (Jilid 1)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning
nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan
Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng

buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna
ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud
No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès
mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku
Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana
Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna
ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa
dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar
ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan
anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh
kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna
mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis
basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum
2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal
tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun
sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku
padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.

iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu
tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa
ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé
dongkap.

Bandung, Desember 2013
Ke
K
epa
p la Dinas P
Kepala
Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. M
o Wahyudin Zarkasyi, CPA
oh
Moh.
Pembina Utama Madya

NIP. 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara
nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun
janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna
patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik
Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi,
Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng
kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén
tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya
24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana
janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid

diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid
eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen
anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar
silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar
buku murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi
buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun,
nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintiik sareng
penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu
ngalarapkeun pamerakan saintiik sareng penilaian auténtik dina prosés
pangajaran.
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret
2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada
jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar
kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
v

Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan
Dasar dan Menengah.

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah,
anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung
sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi
kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu
nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan
pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013
Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.
Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP


Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis
Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman,
utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék
teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran
téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran
basa Sunda.
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh,
jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun
pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa
Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka
média jeung wahana pangajaran basa Sunda.
Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi
dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep
ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung
paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun
minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta
luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran
winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning)

anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintiik) kayaning niténan, nanya,
nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun).
Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung
pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék
dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel
maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra
vii

Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur
ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut
pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.
Bandung, Oktober 2013

Panyusun

viii

DAPTAR EUSI


PANGBAGEA:
1. Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat _ iii
2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v
PANGJAJAP _ vii

A.
B.
C.
D.
E.
F.
G.
H.

BA B I: PITUDUH UMUM
Ngeunaan Buku Tuturus Guru .........................................................
Padika Make Buku Tuturus Guru .....................................................

Tatapakan Formal ...........................................................................
Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran .....................................
Standar Kompetensi Lulusan (SKL) ..................................................
Proses Pangajaran ............................................................................
Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X
SMA/MA/SMK/MAK ...................................................................
Péta Konsép ...................................................................................

BAB II: PITUDUH HUSUS
Pangajaran 1: Biantara
A. Maca Téks Biantara ......................................................................
B. Nyangkem Struktur Biantara .......................................................
D. Ngaanalisis Téks Biantara .............................................................
E. Nepikeun Biantara .......................................................................

2
2
4
4
5
5
6
8

10
12
13
14

ix

Pangajaran 2: Paguneman
A. Maca Paguneman .......................................................................
B. Ngaanalisis Paguneman ...............................................................
C. Paguneman dina Karya Sastra ......................................................
D. Nyusun Téks aguneman ...............................................................
E. Mintonkeun Paguneman .............................................................

16
17
18
20
22

Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi
A. Maca Téks Biograi ......................................................................
B. Biograi, Autobiograi, jeung Otobiograi .....................................
C. Unsur-unsur Biograi ..................................................................
D. Mangpaat Biograi ......................................................................
E. Ngaanalisis Téks Biograi .............................................................
F. Nyusun Téks Biograi ..................................................................

25
25
26
26
27
27

Pangajaran 4: Aksara Sunda
A. Maca Téks Aksara Sunda ..............................................................
B. Mikawanoh Aksara Sunda............................................................
C. Paham Sajarah Aksara Sunda ........................................................
D. Nyalin Téks Aksara Sunda ............................................................
E. Ngagunakeun Aksara Sunda ........................................................

31
33
33
34
35

Pangajaran 5: Dongéng
A. Maca Téks Dongéng ....................................................................
B. Papasingan Dongéng ...................................................................
C. Ciri-ciri Dongéng .....................................................................
D. Ngaanalisis Téks Dongéng ...........................................................
E. Ngaéksprésikeun Dongéng ..........................................................

38
39
39
40
41

Pangajaran 6: Carita Wayang
A. Mikawanoh Carita Wayang ..........................................................
B. Pedaran Carita Wayang ................................................................
C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ...............................
D. Ngaanalisis Carita Wayang ...........................................................

43
44
45
47

x

Pangajaran 7: Carita Pondok
A. Maca Carita Pondok ...................................................................
B. Unsur-unsur Carita Pondok ........................................................
C. Kamekaran Carpon ....................................................................
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng .........................................
E. Fiksimini Sunda ..........................................................................
F. Ngaanalisis Carpon .....................................................................
G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini .................................................

50
51
52
52
53
54
55

Pangajaran 8: Guguritan
A. Maca Teks Guguritan ..................................................................
B. Mikawanoh Puisi Guguritan........................................................
C. Ngaanalisis Puisi Guguritan .........................................................
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan ....................................

58
59
60
60

Pangajaran 9: Sisindiran
A. Mikawanoh Sisindiran .................................................................
B. Nyangkem Sisindiran ..................................................................
C. Ngaanalisis Sisindiran ..................................................................
D. Ngarang Sisindiran ......................................................................

63
65
65
67

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN
Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ...............................
Instrumen Meunteun Umum ...........................................................
Instrumen Meunteun Husus ............................................................
Refleksi .........................................................................................

70
71
74
77

PABUKON ..........................................................................................

79

A.
B.
C.
D.

xi

B ab
Bab

I

Pituduh Umum

1

A.

Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina
ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara
hal.
1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru
pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.
2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu
gumulung tur ngamalir.
3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman
diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintiik), kamampuh
ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur
numuwuhkeun rasa basa Sunda.
4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran
pangaweruh murid.
6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing).
7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh
(sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari
paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks,
tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu
ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu
bakal diulik.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem
konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B.

Padika Make Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké
buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas.
Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.
2

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan
pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun
sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”,
pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku
babon murid.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan
séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,
nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna
sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan
(PAIKEM)”;
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa
patali jeung sosial budaya Sunda.
10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun
sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di
sakola.
11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru
kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé
alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa
ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.
12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x
lawungan).
13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung
ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun
(kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung
kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan
ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung
ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
Bab I
PITUDUH UMUM

3

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina
portofolio murid.
15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi
sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.
16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna
téh cerdas tur bisa.
17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya,
tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh
béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun
sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C.

Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana
Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan.
Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD)
Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé
kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum
Daerah (Kurda).
Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu
jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu
maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna,
sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD,
téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah
guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari
sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan
mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun
pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan
lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan
guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong
sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D.

Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku
babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula,
4

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana
babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional,
tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun
lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa
wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E.

Standar Kompetensi Lulusan (SKL)
Ranah

Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/
MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun
Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat,
alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung
ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F.

Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik, anu léngkahléngkahna:
1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton;
2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih
jembar;
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);
5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu
lian.
Bab I
PITUDUH UMUM

5

G.

Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas X SMA/SMK/MA/MAK
KOMPETENSI INTI (KI)

KOMPETENSI DASAR (KD)

10.1

Menghayati dan mengamalkan
ajaran agama yang dianutnya.

10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan
keberadaan bahasa Sunda dan
menggunakannnya sesuai dengan
kaidah dan konteks sosial budaya
sebagai sarana komunikasi melalui
teks BIANTARA, PAGUNEMAN,
BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI,
AKSARA SUNDA, DONGENG,
CARITA WAYANG, CARPON,
GUGURITAN, DAN
SISINDIRAN.

10.2

Menghayati dan mengamalkan
perilaku jujur, disiplin,
tanggungjawab, peduli (gotong
royong, kerjasama, toleran,
damai), santun, responsif dan
proaktif dan menunjukkan
sikap sebagai bagian dari solusi
atas berbagai permasalahan
dalam berinteraksi secara efektif
dengan lingkungan sosial dan
alam serta dalam menempatkan
diri sebagai cerminan bangsa
dalam pergaulan dunia.

10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur,
disiplin, peduli, santun, dan proaktif
dalam berbahasa Sunda untuk
memahami BIANTARA dan
PAGUNEMAN.
10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur,
disiplin, dan tanggung jawab dalam
berbahasa Sunda untuk memahami
BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI
serta AKSARA SUNDA. 10.2.3
Menunjukkan perilaku jujur, disiplin,
dan peduli dalam berbahasa Sunda
untuk memahami DONGENG,
CARITA WAYANG,CARPON,
GUGURITAN, dan SISINDIRAN

10.3

Memahami, menerapkan,
menganalisis pengetahuan
faktual, konseptual, prosedural
berdasarkan rasa ingintahunya
tentang ilmu pengetahuan,
teknologi, seni, budaya, dan
humaniora dengan wawasan
kemanusiaan, kebangsaan,
kenegaraan, dan peradaban
terkait fenomena dan kejadian,
serta menerapkan pengetahuan
prosedural pada bidang kajian
yang spesiik sesuai dengan
bakat dan minatnya untuk
memecahkan masalah.

6

0.3.1 Mengidentiikasi dan menganalisis
teks BIANTARA sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
10.3.2 Mengidentiikasi dan menganalisis
teks PAGUNEMAN sesuai dengan
kaidah- kaidahnya.
10.3.3 Mengidentiikasi dan
menganalisisteks BIOGRAFI dan
OTOBIOGRAFI sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
10.3.4 Mengidentiikasi dan
menganalisisteks AKSARA
SUNDA sesuai dengan kaidahkaidahnya.

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

110.3.5 Mengidentiikasi, menganalisis,
dan membandingkan DONGENG
dan CARITA WAYANG sesuai
dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.6 Mengidentiikasi
danmenganalisisCARPONsesuai
dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.7 Mengidentiikasi dan
menganalisisGUGURITAN sesuai
dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.8 Mengidentiikasi dan
menganalisisSISINDIRANsesuai
dengan kaidah-kaidahnya.
10.4

Mengolah, menalar, dan
menyaji dalam ranah konkret
dan ranah abstrak terkait
dengan pengembangan dari
yang dipelajarinya di sekolah
secara mandiri, dan mampu
menggunakan metoda sesuai
kaidah keilmuan.

10.4.1 Menyusun, menanggapi,
dan memperagakan teks
BIANTARAsesuai dengan kaidahkaidahnya.
10.4.2 Menyusun,menanggapi,
dan memperagakan teks
PAGUNEMAN sesuai dengan
kaidah- kaidahnya.
10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan
membandingkan teks BIOGRAFI
dan OTOBIOGRAFI sesuai
dengan kaidah-kaidahnya.
10.4.4 Menyusun dan menyunting
teks pendek yang menggunakan
AKSARA SUNDA sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan
DONGENG dan CARITA
WAYANG sesuai dengan kaidahkaidahnya.
10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan
CARPON sesuai dengan kaidahkaidahnya.
10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan
GUGURITAN sesuai dengan
kaidah-kaidahnya secara lisan dan
tulisan.
10.4.8 Menanggapi dan mengekspresikan
SISINDIRAN sesuai dengan
kaidah-kaidahnya secara lisan dan
tulisan.
Bab I
PITUDUH UMUM

7

H. Péta Konsép
p
8

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

B ab
Bab

II

Pituduh Husus

Dina ieu bab didadarkeun léngkah-léngkah pangajaran anu kudu
dipilampah ku guru dina ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda. Perlu
dicatet yén ieu wincikan téh minangka tarékah minimal nu kudu dipilampah
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Dina harti, guru
dipiharep bisa mekarkeun kalawan rancagé ieu wincikan nepi ka kapanggih
léngkah-léngkah anu leuwih masagi. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum
2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh
perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna dipiharep bisa parigel maké basa
Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda
katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep anu utama. Keur ngahontal
éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.

9

P angajaran

1

B IANTAR A
KAGIATAN AWAL
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang
jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda.
Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun
basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa.
Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina
komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka
pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara
ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa
rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa ile komputer. Guru ogé bisa ngayakeun
tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa
Sunda.
Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu
jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana
baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntiikasi struktur
teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan
nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan
ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara,
sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun
sora, lentong, jeung wirahma anu merenah.

KAGIATAN INTI
A. Maca Téks Biantara
No

1

10

Kagiatan
Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca
éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu
kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun,
suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun.
Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

2

Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks
biantara. Tugasna:
1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1.
Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina
pancén ka-1 buku murid. Contona:
Bagian Bubuka
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
Bagian Eusi
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
Bagian panutup
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara.
Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid
kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul
kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy
nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu
ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara.
3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin
timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu
ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu
hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba.
Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan
pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu
éta biantara ditepikeun.
4) Kelompok IV ngaanalisis biantara tina jihad ka saha éta biantara
pantesna ditepikeun. Upamana baé ka murid, ka para pamuda,
ka masarakat réa, atawa ka kelompok-kelompok anu tangtu.
Dina nangtukeun saha-sahana anu bisa jadi “obyék” éta biantara,
kelompok kudu nepikeun ogé alesan-alesan ku naon éta “obyek”
merenah keur ngabandungan éta biantara.
Bab II
PITUDUH HUSUS

11

Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok
ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika
hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa
mairan.
4

Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok.

B.

Nyangkem Struktur Biantara

No

Kagiatan
Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks
biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun
neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara).
Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar
rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok
jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran.

5

C. Neuleuman Padika Biantara
No

6

7

8

12

Kagiatan
Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina
bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih
museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu
hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan
téhnik biantara anu hadé.
Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina
bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman
atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar
alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina
basa Sunda boh dina basa séjén.
Sabada rekaman atawa conto biantara diwanohkeun ka murid, guru
tuluy ngajak murid ngaanalisis éta biantara maké unsur “TAMAN”
(tatag henteu nyaritana, aktual henteu témana, munel henteu eusina,
alus henteu basana, jeung naha biantarana téh ngandung wirahma atawa
henteu). Dina ieu kagiatan, murid bisa dibagi jadi lima kelompok anu
masing-masingna ngaanalisis salah sahiji unsur “TAMAN”. Leuwih
réa conto anu diwanohkeun bakal leuwih variatif jeung leuwih hadé.
Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

9

D.

Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré
pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun
conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun
biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara
kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot
lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan
ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé.

Ngaanalisis Téks Biantara

No

Kagiatan

10

Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara
struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara
dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina
ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan
kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék
di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru
atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén
(buku atawa internét) keur bahan analisis.

11

Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok
dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab
pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung
pancén 4).

12

Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu
kurang kaharti.

13

Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib,
ngawengku:
a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét.
b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina
ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel:
Bubuka





Conto téks …………………………………........
Conto paragraf ………………………………….
Conto omongan ………………………………....

Bab II
PITUDUH HUSUS

13

Eusi

Panutup








Conto téks ………………………………………
Conto paragraf …………………………………
Conto omongan ………………………………..
Conto téks ………………………………………
Conto paragraf …………………………………
Conto omongan ………………………………..

c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap
jeung hartina).
d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta
biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta
biantara ditepikeun.

14

Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru
sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil
évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfléksi
patali jeung hasil analisis murid.

E. Nepikeun Biantara
No

Kagiatan

15

Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian
ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di
hareupeun kelas.

16

Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus
ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara
anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C).
Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara
keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana.

17

18

14

Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali
jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham.
Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah
nepikeun biantara, nyaéta:
a. Milih topik.
b. Nyusun téks jeung ngapalkeun téks.
c. Ngéstokeun unsur-unsur TAMAN.
d. Nepikeun biantara di hareupeunn kelas.
Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

19

Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya halhal anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé:
a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun
bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé.
b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit).
c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara
nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa
(upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/”katakata mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.).
Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan,
méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku
murid munel eusina.

20

Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara
enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara
nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid.
Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan.
Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh
ukur bobohongan).

21

Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun
unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon
anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré
peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah.

KAGIATAN PANUTUP
Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung
sajabana.
Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham
perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok
katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibandingbanding jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina.
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara biantara dina basa Sunda.

Bab II
PITUDUH HUSUS

15

P angajaran

2

PAGUNEMAN
KAGIATAN AWAL
Dina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran
paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus
bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina
kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah
urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma.
Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara
anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan”
yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan
sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri
paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman.
Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid
perkara paguneman dina basa Sunda.
Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid
mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék
kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undakusuk basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman
sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun
paguneman di hareupeun kelas.

KAGIATAN INTI
A. Maca Téks Paguneman
No

Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid
dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina
ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa
nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana,
jeung sajaba ti éta.

16

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

2

Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua.

3

Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal
kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1.

4

Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina
pancen 1.

5

Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna
séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun
unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu
pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel
pancén 1 ti anggalna dina ile komputer atawa dina bor sangkan
unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa
dibanding-banding.

B.

Ngaanalisis Paguneman

No

Kagiatan

6

Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab
nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi
kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu
nyampak dina bagian B.

7

Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara
museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi
jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina
paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi
séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun
paguneman.

8

Patali jeung undak-usuk basa dina paguneman – anu ogé disebut
tatakrama basa – guru méré pancén ka murid pikeun ngimeutan
kecap-kecap loma jeung lemes dina téks paguneman kahiji, lantaran
di dinya nyampak kecap-kecap lemes (boh lemes keur sorangan boh
lemes keur ka batur) nu dipaké ku palaku paguneman. Sacara individual
murid sina maluruh kekecapan lemes dina éta paguneman, tur hasilna
didiskusikeun (diakurkeun) jeung hasil analisis babaturanana (tingali
Pancén 2).
Bab II
PITUDUH HUSUS

17

9

C.

Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé
téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung
aspék tatakrama.

Paguneman dina Karya Sastra

No

Kagiatan

10

Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya
patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku
hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna
wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran
kana soal-soal aprésiasi sastra.

11

12

Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina
puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan.
Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid.
Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna,
sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak
dina buku.

13

Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi
kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun
paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman
dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina
drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwangséwangan heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna
nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5.
a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah
langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab.
b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi
kana bentuk prosa.
c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama
jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama.

14

Sabada unggal kelompok réngsé migawé pancénna, kelompok 1 jeung
2 ngagabung keur ngabanding-banding hasil pagawéanana séwangséwangan nepi ka aya persépsi anu sarua. Dina ieu rposés, lumangsung
deui diskusi dua kelompok. Kitu deui kelompok 3 jeung 4, sarta
kelompok 5 jeung 6, migawé diskusi anu sarua keur nyaruakeun
persépsi.

18

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta
5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok
bisa silih pairan.
Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu:
a. Prosa:
Édo
: Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!:
Samsu
: Iraha ka dieu, Jang?
Suganda : Tadi, nyubuh.
Samsu
: Geuning kamari teu béja-béja?
(Suganda teu némbal)
Samsu
: Teu ka sakola?
Suganda : Permios sadinten ieu.
Samsu
: Aya naon?
Suganda : Badé diparios dokter.
Samsu
: Ku naon, gering?
Suganda : Badé diala getih.
Samsu
: Diala getih? Naha?
Suganda : Kanggo ....
Samsu
: Keur Enéng?
(Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak
Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh)
Édo
: Teu nyeri Jang, diala getih téh?
Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa.
Édo
: Naha nya, maké dipariksa heula sagala...?
Suganda : Bisi teu aakur kapan?
Édo
: Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua
getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib).
Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A,
golongan B, golongan... naon deui.
b. Puisi:
Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana
tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari
dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada
ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh
ti Si Ujang.
Budak téh nanya deui, cenah ari nu boga langit téh saha, kitu
deui béntang anu baranang, bulan, beurang jeung peutingna, éta téh
saha nu bogana? Ari jawab indungna, cenah éta kabéh ogé bogana
Si Ujang, paéhna, hirupna, kabéhanana ogé bogana Si Ujang.
Bab II
PITUDUH HUSUS

19

15

16

17

D.
No

18

20

Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah
indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam
dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna.
c. Drama:
Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana:
1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana
pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun
adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun,
jeung sajabana.
2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu
sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan
anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap!
TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA)
Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh.
Musuh keur kadieukeun.
3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup
kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi
(penegasan).
Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta,
pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun
matak kataji anu nongton.
Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa
kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina
karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa,
puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan.
Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina
karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar
conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana
wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi
karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama.

Nyusun Téks aguneman
Kagiatan
Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham kumaha
nyusun dialog atawa paguneman dina wangun tinulis.Wangun paguneman
siga kitu téh sok kapanggih dina karangan-karangan prosa, upamana
dina dongéng, carpon, atawa novel. Nyusun paguneman sarupa kitu téh
mangpaat pisan lamun urang keur diajar ngarang. Tapi téhnik nyusun
dialog sarupa kitu téh henteu babari. Butuh latihan anu daria.
Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

19

20

21

22

23

Guru méré pituduh cara nyusun téks paguneman dina karangan. Di
antarana kudu niténan hal-hal ieu di handap:
a. Kalimah paguneman kudu disusun mangrupa kalimah langsung.
b. Ciri kalimah langsung dina tulisan sok dicirian ku dua tanda
kekenteng (“...”) di awal jeung di ahir omongan nu dikutip.
c. Sabada kutipan langsung bisa ditambahan ku katerangan saha nu
nyaritana atawa bari kumaha nyaritana. Contona:
“Keur naon di dinya?” ceuk Ahmad.
“Gancang atuh leumpangna!” pokna bari rada nyentak.
d. Unggal kutipan langsung hurup mimitina kudu maké aksara
gedé.
e. Keur ngabédakeun paguneman hiji tokoh jeung tokoh séjénna
kudu dibédakeun ku alinéa anyar.
f. Tanda baca di ahir omongan kutipan langsung kudu diluyukeun
jeung kalimahna. Upama, kalimah parentah ditungtungan ku tanda
panyeluk (!), kalimah pananya ku tanda tanya (?), atawa tanda koma
(,) keur kalimah wawaran. Contona:
1) “Tutupkeun pantona!” ceuk Ahmad.
2) “Saha nu nutupkeun panto?” ceuk Ahmad.
3) “Pantona geus nutup,” ceuk Ahmad.
Upama katerangan saha nu nyaritana aya di hareup, dina ahir
kutipan langsung dipungkas ku titik (.). Contona:
4) Ahmad nyarita, “Pantona geus nutup.”
Guru ngawanohkeun conto téks paguneman anu can anggeus dina
bagian D sarta ngajelaskeun kudu dikumahakeun éta téks.
Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok sarta méré pancén ka
unggal kelompok pikeun ngaréngsékeun éta paguneman nepi ka
tamat luyu jeung paréntah dina buku téks. Murid dibéré kabébasan
pikeun mekarkeun éta paguneman naratif luyu jeung pikiran sarta
kréativitasna séwang-séwangan.
Hasil tina pancén kelompok diprésentasikeun di hareupeun kelas
ku masing-masing kelompok, sarta guru mairan saperluna. Guru
ogé ngoérkasi paguneman hasil karya kelompok, utamana dina soal
nuliskeun éjahan, bisi kapanggih kasalahan-kasalahan téknis dina soal
ngalarapkeun éjahan basa Sunda.
Sabadana, guru méré pancén individual (bisa baé di-PR-keun) ka
murid pikeun nyusun paguneman naratif kalawan masalah jeung
tokoh anu béda.
Bab II
PITUDUH HUSUS

21

E.
No
24

25

26

27

28
29
30

31

22

Mintonkeun Paguneman
Kagiatan
Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid rék dibéré pancén pikeun
mintonkeun paguneman di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun
basa Sunda anu merenah jeung bari niténan soal-soal tatakrama dina
paguneman.
Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok. Sakelompokna dua
atawa tilu urang. Unggal kelompok ditugaskeun nyusun heula téks
paguneman anu engkéna bakal dipintionkeun di hareupeun kelas.
Bubuka pagunemanana maké pola nu dis