BUKU GURU SUNDA KLS 11 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK
Kelas XI

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI
Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga

larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan
dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK)
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina
dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal
tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti
rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati
PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Soianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri

Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto
Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar
Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar
Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3
Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.
Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)
978-602-1300-28-2 (Jilid 2)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud,
enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang
Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid

sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna
ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud
No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès
mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku
Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana
Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna
ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa
dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar
ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan
anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh
kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna
mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis
basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum
2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal
tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun
sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku
padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.

iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu
tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa
ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé
dongkap.

B
a du
an
d ng, Desem
Bandung,
Desember 2013
K
eppal
a a Dinas Pe
Kepala
Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof

Prof. Dr
Dr. H
H. M
Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP. 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara
nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten
muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali
luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum
2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés,
sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun

ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI,
SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya
24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana
janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid
diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid
eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen
anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar
silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku
murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi
buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun,
nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintiik sareng
penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013
nu ngalarapkeun pamerakan saintiik sareng penilaian auténtik dina prosés
pangajaran.
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26
Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé

v

dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan
Dasar dan Menengah.
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah,
anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung
sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi
kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu
nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan
pameredih sareng kaayaan pajaman.
Bandung, Desember 2013
Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.
Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014


vi

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis
Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman,
utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék
teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran
téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran
basa Sunda.
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh,
jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun
pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa
Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka
média jeung wahana pangajaran basa Sunda.
Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi
dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep
ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung
paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun
minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta
luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran
winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning)
anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintiik) kayaning niténan, nanya,
nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun).
Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung
pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék
dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel
maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra
vii

Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur
ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut
pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.
Bandung, Oktober 2013

Panyusun


viii

DAPTAR EUSI

PANGBAGEA:
1. Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat _iii
2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat _v
PANGJAJAP _vii

A.
B.
C.
D.
E.
F.
G.


BAB I: PITUDUH UMUM
Ngeunaan Buku Tuturus Guru .........................................................
Padika Make Buku Tuturus Guru .....................................................
Tatapakan Formal ...........................................................................
Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran .....................................
Standar Kompetensi Lulusan (SKL) ..................................................
Proses Pangajaran ............................................................................
Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas XI
SMA/SMK/MA/MAK ...................................................................

2
2
4
4
5
5
6

BAB II: PITUDUH HUSUS
Pangajaran 1: Kawih
A. Maca Rumpaka Kawih ...................................................................
B. Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih ..................................................
C. Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka Kawih .............
D. Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih ..........................................

10
12
12
14

Pangajaran 2: Sajak
A. Nyangkem Eusi Sajak ......................................................................
B. Neuleuman Ajén Éstétika dina Sajak ................................................
C. Maham Wanda Sajak .......................................................................
D. Mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi ......................................
E. Ngarang Sajak ................................................................................

17
19
20
21
22
ix

Pangajaran 3: Puisi Mantra
A. Maca Mantra ..................................................................................
B. Nengetan Purwakanti dina Mantra ..................................................
C. Nganalisis Gaya Basa dina Mantra.....................................................
D. Nengetan Wirahma dina Mantra ......................................................
E. Ngabandingkeun Papasingan Mantra ................................................

24
26
27
28
29

Pangajaran 4: Novel
A. Nengetan Sempalan Novel ...............................................................
B. Nyangkem Unsur Novel ..................................................................
C. Neuleuman Unsur-unsur Novel .......................................................
D. Nganalisis Tingkesan Novel .............................................................
E. Nulis Sempalan jeung Tingkesan Novel ...........................................

31
32
33
34
34

Pangajaran 5: Pedaran Pakeman Basa
A. Nyangkem Babasan jeung Paribasa ...................................................
B. Nyangkem Kapamalian ...................................................................
C. Nyangkem Kila-kila .......................................................................
D. Mikaweruh Cacandran ...................................................................
F. Étos Urang Sunda ...........................................................................

36
37
38
39
39

Pangajaran 6: Pedaran Budaya
A. Maca Wacana Pedaran .....................................................................
B. Nganalisis Wacana Pedaran ...............................................................
C. Nulis Pedaran .................................................................................

40
42
42

Pangajaran 7: Wawancara
A. Maham Pedara Ngeunaan Wawancara ..............................................
B. Nyusun Kalimah Pananya Bahan Wawancara .....................................
C. Nuliskeun Bahan jeung Laporan hasil Ngawawancara ........................

44
45
46

Pangajaran 8: Warta
A. Nengetan Warta Tulis .......................................................................
B. Maham Warta Lisan ........................................................................
C. Prakték Maca Warta .........................................................................

47
48
48

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN
Pangajaran 1: Kawih ..............................................................................
Pangajaran 2: Sajak ................................................................................

51
54

x

Pangajaran
Pangajaran
Pangajaran
Pangajaran
Pangajaran
Pangajaran

3: Puisi Mantra .....................................................................
4: Novel ...............................................................................
5: Pedaran Pakeman Basa.......................................................
6: Pedaran Budaya .................................................................
7: Wawancara .......................................................................
8 :Warta ...............................................................................

57
60
63
65
67
69

PABUKON ..........................................................................................

71

xi

B ab

I

Pituduh Umum

1

A.

Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina
ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara
hal.
1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru
pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.
2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu
gumulung tur ngamalir.
3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman
diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintiik), kamampuh
ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur
numuwuhkeun rasa basa Sunda.
4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran
pangaweruh murid.
6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing).
7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh
(sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari
paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks,
tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu
ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu
bakal diulik.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem
konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B.

Padika Make Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké
buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas.
Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.
2

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan
pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun
sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”,
pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku
babon murid.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan
séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,
nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna
sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan
(PAIKEM)”;
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa
patali jeung sosial budaya Sunda.
10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun
sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di
sakola.
11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru
kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé
alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa
ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.
12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x
lawungan).
13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung
ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun
(kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung
kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan
ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung
ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
Bab I
PITUDUH UMUM

3

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina
portofolio murid.
15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réleksi
sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.
16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna
téh cerdas tur bisa.
17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya,
tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh
béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun
sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C.

Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana
Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan.
Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD)
Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé
kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum
Daerah (Kurda).
Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu
jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu
maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna,
sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD,
téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah
guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari
sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan
mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun
pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan
lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan
guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong
sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D.

Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku
babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula,
4

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana
babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional,
tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun
lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa
wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E.

Standar Kompetensi Lulusan (SKL)
Ranah

Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/
MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun
Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat,
alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung
ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F.

Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik, anu léngkahléngkahna:
1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton;
2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih
jembar;
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);
5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu
lian.
Bab I
PITUDUH UMUM

5

G.

Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas XI SMA/SMK/MA/MAK

KOMPETENSI INTI (KI)

KOMPETENSI DASAR (KD)
1.1.1

1.1

Menghayati dan
mengamalkan ajaran
agama yang dianutnya

1.2

Menghayati dan
1.2.1
mengamalkan
perilaku jujur, disiplin,
tanggungjawab, peduli
(gotong royong,
kerjasama, toleran,
1.2.2
damai), santun, responsif
dan proaktif dan
menunjukkan sikap
sebagai bagian dari
solusi atas berbagai
permasalahan dalam
berinteraksi secara efektif
1.2.3
dengan lingkungan
sosial dan alam serta
dalam menempatkan diri
sebagai cerminan bangsa
dalam pergaulan dunia
Memahami, menerapkan, 1.3.1

1.3

menganalisis
pengetahuan faktual,
konseptual, prosedural
berdasarkan rasa
ingintahunya tentang
ilmu pengetahuan,
teknologi, seni, budaya,
6

1.3.2
1.3.3

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

Mensyukuri anugerah Tuhan akan
keberadaan bahasa Sunda dan
menggunakannnya sesuai dengan
kaidah dan konteks sosial budaya
sebagai sarana komunikasi melalui
RUMPAKA KAWIH, SAJAK,
MANTRA, NOVEL, BAHASAN,
DESKRIPSI, WARTA, dan
WAWANCARA
Menunjukkan prilaku jujur,
disiplin, peduli, dan santun dalam
berbahasa Sunda untuk memahami
RUMPAKA KAWIH, SAJAK,
MANTRA, dan NOVEL.
Menunjukkan prilaku jujur,
disiplin, peduli, dan santun dalam
berbahasa Sunda untuk memahami
teks BAHASAN BUDAYA
SUNDA dan DESKRIPSI YANG
MENGANDUNG PAKEMAN
BASA.
Menunjukkan prilaku jujur, disiplin,
peduli, santun, dan proaktif dalam
berbahasa Sunda untuk memahami
teks WAWANCARA serta WARTA
dan/atau IKLAN
Mengidentiikasi dan menganalisis
RUMPAKA KAWIH sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
Mengidentiikasi dan menganalisis
SAJAK sesuai dengan kaidahkaidahnya.
Mengidentiikasi dan menganalisis
MANTRA sesuai dengan kaidahkaidahnya.

1.3.4
dan humaniora dengan
wawasan kemanusiaan,
kebangsaan, kenegaraan,
dan peradaban terkait
fenomena dan kejadian,
serta menerapkan
pengetahuan prosedural
pada bidang kajian yang
spesiik sesuai dengan
bakat dan minatnya
untuk memecahkan
masalah

1.3.5
1.3.6

1.3.7

1.3.8

1.4.1

1.4.2
1.4

Mengolah, menalar, dan
menyaji dalam ranah
1.4.3
konkret dan ranah
abstrak terkait dengan
1.4.4
pengembangan dari yang
dipelajarinya di sekolah
secara mandiri, dan
1.4.5
mampu menggunakan
metoda sesuai kaidah
keilmuan
1.4.6

Mengidentiikasi dan menganalisis
NOVEL sesuai dengan kaidahkaidahnya.
Mengidentiikasi dan menganalisis
bahasan budaya Sunda sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
Mengidentiikasi dan menganalisis
DESKRIPSI yang mengandung
PAKEMAN BASA (babasan jeung
paribasa, cacandran, dan/atau uga)
sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
Mengidentiikasi dan menganalisis
teks WAWANCARA sesuai dengan
kaidah-kaidahnya secara lisan dan
tulisan.
Mengidentiikasi dan menganalisis
teks WARTA dan/atau IKLAN
sesuai dengan kaidah-kaidahnya
secara lisan dan tulisan.
Menanggapi dan mengekspresikan
RUMPAKA KAWIH sesuai dengan
kaidah-kaidahnya secara lisan dan
tulisan.
Menanggapi dan mengekspresikan
SAJAK sesuai dengan kaidahkaidahnya secara lisan dan tulisan.
Menanggapi dan membahas
MANTRA secara lisan dan tulisan.
Menanggapi dan meringkas NOVEL
sesuai dengan kaidah-kaidahnya
secara lisan dan tulisan.
Menyusun dan menanggapi
DESKRIPSI yang mengandung
PAKEMAN BASA sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
Menyusun dan menanggapi
BAHASAN tentang BUDAYA
SUNDA sesuai dengan kaidahkaidahnya.

Bab I
PITUDUH UMUM

7

1.4.7
1.4.8

8

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

Menyusun, memperagakan, dan
menanggapi teks WAWANCARA
sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
Menyusun, menyampaikan, dan
menanggapi teks WARTA dan/
atau IKLAN sesuai dengan kaidahkaidahnya.

B ab

II

Pituduh Husus

9

P angajaran

1

KAW IH
NO.
1

KAGIATAN
Guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran kawih.
Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar
kawih.
Guru ngagali pangaweruh murid ku cara ngayakeun tanya jawab
sabudeureun kawih, di antarana ngajak pikeun nginget-nginget kawih
Sunda anu kungsi diregepkeunana, nepikeun mangpaat maham kana
eusi jeung éndahna kawih salaku seni jeung media diajar basa Sunda.
Guru ngarahkeun sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab,
jeung santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina kaarifan
lokal.

2

Guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri kawih ku
cara nyebutan sawatara judul kawih Sunda nu kasohor. Upamana kawih
Darso, jeung sajabana.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran kawih luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, di antarana:
maluruh unsur rumpaka kawih
maham wangun jeung gaya basa dina rumpaka kawih
nyusun paraprase tina rumpaka kawih, jeung
ngalengkepan rumpaka kawih

A.

Maca Rumpaka Kawih

NO.
4.

10

KAGIATAN
Guru leuwih ti heula ngawanohkeun dua rumpaka kawih ngeunaan
kadaharan jeung inuman anu judulna “És Lilin” jeung “Colénak” nu
satuluyna dibaca ku siswa.

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

5.

Guru ngajak sakumna murid maca éta rumpaka kawih (upama aya)
bari ngaregepkeun rékaman CD, DVD, atawa wangun rékaman séjénna.
Upama teu aya rékamananan bisa dihaleuangkeun ku guru atawa ku
salah saurang siswa.

6.

Pikeun nambahan wawasan siswa, guru ngawanohkeun ihwal rumpaka
kawih, di antarana wangenan kawih, asal muasal istilah kawih, sajarah
kamekaran kawih. Upama dianggap perlu, nepi ka ngaguar bédana
kawih jeung wangun puisi séjénna upamana pupuh. Catetan: guru
ulah kalalanjoan teuing medar istilah kawih, bisi hal poko, nyaéta
neuleuman rumpaka kawih teu kaguar sagemblengna.
Migawé pancén 1
Sangkan prosés pangajaran leuwih museur ka siswa, guru ngabagi siswa
jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok diwangun ku 4 atawa 5
urang.
Guru maréntahkeun siswa pikeun maluruh deui rumpaka kawih “És
Lilin” jeung “Colénak” nu geus diregepkeunana pikeun migawé
pancén ngeunaan:
1. nuliskeun kecap-kecap anu teu kahari sarta maluruh hartina dina
kamus.
“És Lilin”
“Colénak”
Kecap
Harti kamus
Kecap
Harti kamus

7.

8.

Inggis
Kakoncara
Sieun
kasohor
Jsté.
Jsté.
2. maluruh jumlah pada jeung jumlah jajar unggal padalisan
Upamana:
“És Lilin”
“Colénak”
Jumlah
Jumlah
Jumlah Pada
Pada
padalisan
padalisan
diwangun ku - Pada kahiji: diwangun ku - Pada kahiji:
6 pada
4 pada
4 padalisan
4 padalisan
- Jsté
- Jsté
3. maluruh eusi
rumpaka lagu “És Lilin” euina nyaritakeun ngeunaan …
rumpaka kawih “Colénak” euina nyaritakeun ngeunaan…
Guru maréntah siswa pikeun medar hasil gawé kelompok dina kagiatan
(7).
Bab I
PITUDUH HUSUS

11

B.

Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih

No.

Kagiatan

9.

Dina ieu bagian guru babarengan jeung siswa medar perkara unsur
nu aya dina rumpaka kawih “És Lilin” jeung “Colénak” sakumaha anu
diguar dina buku siswa.

10.

Guru ngajak siswa pikeun maluruh rasa, nada, amanat. jeung téma nu
aya dina kawih “És Lilin” jeung “Colénak”.

11.

Migawé Pancén 2
Guru ngabagi siswa jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok
dipapancénan maluruh ngeunaan unsur-unsur nu aya dina rumpaka
kawih nu judulna “Colénak”.
Upamana,
Kelompok 1 maluruh jeung ngajelaskeun rasa
Kelompok 2 maluruh jeung ngajelaskeun nada
Kelompok 3 maluruh jeung ngajelaskeun amanat
Kelompok 4 maluruh jeung ngajelaskeun téma
Jsté.

12.

Guru maréntah siswa pikeun medar hasil gawé kelompok dina kagiatan
(11)

C.

Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka
Kawih

NO.

13.

12

KAGIATAN
Dina ieu bagian guru ngajak siswa pikeun maham wangun jeung gaya
basa dina rumpaka kawih. Guru nétélakeun yén rumpaka kawih “És
Lilin” diwangun ku sisindiran, aya eusi jeung cangkang. Lantaran kitu,
eusi éta kawih lain ukur nyaritakeun ngeunaan kainuman sabangsaning
és lilin, tapi eusi sabenerna mah nyarutakeun kaasih atawa asmara.
Nu satuluyna bisa dipaluruh sabada maham cangkang jeung eusi éta
rumpaka.

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

14.

Guru maréntah siswa pikeun nengetan rumpaka kawih “És Lilin” nu
diwangun ku cangkang jeung eusi, contona:
Itu saha dunungan nu nungtun munding
cangkang
digantélan geuning ku saputangan
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan

Eusi

15.

Guru maréntah siswa pikeun nengetan sora tungtung unggal jajar dina
rumpaka kawih “És Lilin”, contona:
Padeukeut sora I (ding
Itu saha dunungan nu nungtun munding
jeung ing)
digantélan geuning ku saputangan
Padeukeut sora a (ngan
itu saha dunungan nu ginding teuing
jeung nan)
sihoréng mah aduh geuning jungjunan

16.

Guru ngajak siswa pikeun maca rumpaka kawih “Bulan Batu Hiu” bari
ngaregepkeun tape, video, MP3 atawa wangun rékaman séjénna
Satuluyna guru ngajak siswa pikeun maham gaya basa nu aya dina
kawih “Bulan Batu Hiu”, kayaning a) Métapora (metaphor), b) mijalma
(personiikasai), c) ngasor (litotes), d) rarahulan (hiperbola) , jeung d)
rautan (eupimisme) sakumaha anu dipedar dina buku siswa.

17.

Guru ngajak siswa nengetan kecap-kecap nu ngandung gaya basa atawa
kecap nu ngandung harti injeuman (konotasi) dina rumpaka kawih
“Bulan Batu Hiu” sakumaha anu dipedar dina buku siswa.
Conto:
Kecap-kecap nu ngandung gaya basa babandingan (metapora)
kayaning:
Bulan nu ngagantung Æ ngabandingkeun kana barang séjén nu
digantung tur biasana maké tali (gaya basa metafora)
tinggal sapasi
Æ ngabandingkeun kana barang séjén biasana
dahareun nu dibagikeun sapasi séwang (gaya basa metafora)
sésa purnama kamari Æ ngabandingkeun kana barang séjén upamana
dahareun teu béak atawa duit sésa balanja (gaya basa metafora)
sagala rasa dibedah Æ kecap bedah biasana sok dilarapkeun kana
balong atawa tanggul
Dina ruang haté
Æ kecap ruang sok dipaké pikeun nuduhkeun
tempat atawa patempatan (rohangan) (gaya basa metafora)
sapeupeuting nyaksi Æ kecap nyaksi biasana dipaké ku jalma, jadi
saksi atawa nyaksian. (gaya basa personifikasi atawa mijalma).
Bab I
PITUDUH HUSUS

13

18.

Migawé pancén 3
Pikeun migé ieu pancén, hadéna mah siswa dibagi jadi sababara
kelompok. Tuluy dibagi tugas, unggal kelompok meunang tugas anu
béda, upamana:
Kelompok 1 migawé pancén no.1 maluruh cangkang jeung eusi unggal
pada dina rumpaka kawih “És Lilin”
Kelompok 2 migawé pancén no.2 maluruh cangkang jeung eusi nu aya
dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”
Kelompok 3 migawé pancén no.3 maluruh sora nu padeukeut unggal
tungtung padalisan dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”
Kelompok 4 migawé pancén no.4 maluruh gaya basa naon waé nu aya
dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan” .
Kelompok 5 migawé pancén no.5 maluruh kecap-kecap naon waé anu
dibalikan deui dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”

19.

Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun
midangkeun hasil pagawéanana.

D.

Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih

NO.
20.

KAGIATAN
Pikeun maham eusi rumpaka kawih, dina ieu bagian guru ngajelaskeun
di antarana bisa ku cara ngawangun paraphrase.
Guru ngajak siswa pikeun nengetan conto ngawangun paraphrase
rumpaka kawih “Malati di Gunung Guntur” jeung rumpaka kawih
“Kabogoh Jauh” sakumaha anu aya dina buku siswa.
Conto:
Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
Proses ngawangun paraphrase:
(kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis lir ibarat mekarna kembang)
malati (éta wanoja téh ayana) di Gunung Guntur (daérah Garut).
(Éta kembang téh kacida pisan) seungitna (nepi ka jsdi) sungkeman ati

14

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

(Warnana) bodas (nyacas jadi) sésétraning rasa (sakur nu ningali)
(Éta kembang téh) jadina (persis) dina mumunggang (gunung Guntur)
(Nu teu meunang kasaba ku manusa, dan cenah mah éta téh leuweung
larangan)

21.

Hasil ngawangun paraphrase:
Kacaritakeun aya hiji wanoja. Bakat ku geulis, éta kageulisanana téh
diibaratkeun lir kembang malati nu keur mekar. Éta wanoja téh
cicingna di Gunung Guntur daérah Garut.
Ma’lum ka nu geulis. Kabéh jalma pada apal. Tapi teu sagawayah jalma
(lalaki) bisa manggihan éta wanoja, sabab cicingna di mumunggang
gunung Guntur, nu teu meunang kasaba ku manusa, da cenah mah éta
téh leuweung larangan.

22.

Pancén 4:
Guru maréntah siswa pikeun nyaritakeun eusi rumpaka kawih nu
judulna “Malati di Gunung Guntur” jeung “Kabogoh Jauh” dina
wangun paraphrase atawa wangun prosa séjénna kawas conto.
Pikeun migawé ieu pancén, siswa dibagi jadi sababaraha kelompok.
Upamana:
Kelompok 1, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih
“Malati di Gunung Guntur”
Kelompok 2, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih
“Kabogoh Jauh”
Kelompok 3, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih
“Malati di Gunung Guntur”
Kelompok 4, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih
“Kabogoh Jauh”

23.

Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun
midangkeun hasil pagawéanana.

24.

Guru ngoméntaran jeung meunteun hasil pagawéan kelompok.

E. Ngalengkepan Rumpaka Kawih
NO.
25.

KAGIATAN
Dina ieu bagian dipiharep siswa mampuh ngalengkepan sababaraha
rumpaka kawih ngeunaan kadaharan.
Bab I
PITUDUH HUSUS

15

26.

Guru ngajak siswa pikeun ngawangun kelompok, saterusna méré tugas
pikeun:
ngalengkepan éta rumpaka kawih!
maluruh rékaman kawihna dina wangun MP3 atawa wangun rékaman
séjénna!
nyaawalakeun eusina!
Upamana:
Kelompok 1, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna
“Peuyeum Bandung”,
Kelompok 2, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna
“Borondong Garing”,
Kelompok 3, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna
“Tauco Cianjur”,
Kelompok 4, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna
“Goréng Pisang”,
Kelompok 5, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna
“Tahu Sumedang”
Jsté.
Pikeun ngalengkepan rumpaka kawih, siswa bias maluruh dina internet,
atawa ngaregepkeun MP3 sarta wangun rékaman séjénna.

27.

Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun
midangkeun hasil pagawéanana.

28.

Guru ngoméntaran jeung meunteun hasil pagawéan kelompok.

16

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

P angajaran

2

SA JA K
NO.
1

KAGIATAN
Guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran sajak.
Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar
sajak.
Guru nepikeun mangpaat maham eusi sajak sarta ajén kaéndahan
sajak.
Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung
jawab, jeung santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina
kaarifan lokal.

2

Guru ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara
ngayakeun tanya jawab sabudeureun sajak.
Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria kana matéri sajak ku cara
nyebutan sawatara judul sajak Sunda atawa ngajak pikeun ngingetnginget sajak Sunda nu kungsi dibaraca ku siswa.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran sajak luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu
ngaidentifikasi, nganalisis, méré koméntar, ngaeksperikseun sajak
luyu jeung kaidah-kaidahna, ngaliwatan kagiatan.
A. maca pikeun nyangkem eusi Sajak
B. Neuleuman ajén éstétika dina Sajak
C. maluruh Wanda Sajak
D. mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi
E. ngarang Sajak

A.
NO.
4.

Nyangkem Eusi Sajak
KAGIATAN
Dina ieu bagian dipiharep siswa mampuh nyangkem eusi sajak anu
judulna “Priangan” karya Rahmat M. Sas Karana.
Bab I
PITUDUH HUSUS

17

5.

Guru maréntah sakabeh siswa siswa pikeun maca dina jero atawa maca
ngilo sajak nu judulna “Priangan” karya Rahmat M Sas Karana.
Sangkan kacangkem eusi sajak, siswa diparéntah macana bisa sababaraha
kali.

6.

Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh
siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

7.

Guru maréntah siswa maca pedaran singget ngeunanan eusi sajak
“Priangan”.
Upama dianggap perlu guru bisa leuwih jembar deui medar éta eusi
sajak ku cara ngagali pangalaman siswa hasil maca atawa pangalaman
nyata nu kabandungan ku siswa ngeunaan alam Priangan.

8.

Pancén 1
Guru maréntah siswa sangkan migawé pancén 1.
Pikeun ngaréngsékeun pancén 1, hadéna leuwih ti heula siswa dina
sababaraha kelompok (umapana jadi 6 kelompok). Tugas unggal
kelompok teu sarua, upamana
- Kelompok 1: maluruh harti kecap mojang lenjang, hideung santen,
srangéngé, dipépéndé, ngempur, jungjunan, puput umur, kurebkeun,
jeung pangkonan dina kamus.
- Kelompok 2: ngajelaskeun ma’na ungkara dina sajak mojang lenjang
nu hideung santen nu aya dina padalisan kahiji sajak “Priangan”
- Kelompok 3: maluruh gaya basa nu dipaké ku panyajak nepi ka
tatar Sunda atawa alam Priangan téh diibaratkeun mojang lenjang
nu hideung santen
- Kelompok 4: maluruh kecap nu ngandung gaya basa mijalma
(personiikasi) dina padalisan ka-2 jeung ka-3;
- Kelompok 5: maluruh alesan naon sababna panyajak nulis kecap
jungjunan dina padalisan ka-4;
- Kelompok 6: maluruh alesan naon sababna panyajak nulis kecap
pangkonan dina padalisan ka-6?

9.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok.
Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun
hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

10.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala,
nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 1 hasil
sawala.

18

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

B.
NO.

Neuleuman Ajén Éstétika dina Sajak
KAGIATAN

11.

Dina ieu bagian dipiharep siswa mampuh neuleuman ajén ététika nu
aya dina sajak.

12.

Guru leuwih ti heula maréntah siswa pikeun maca dina jero haté atawa
maca ngilo pikeun neuleuman eusi sajak nu judulna “Lemah Cai
Kuring” karya Apip Mustopa.

13.

Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh
siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.
Guru ngajak siswa pikeun neuleuman ajén éstétika sajak “Lemah Cai
Kuring” karya Apip mustopa, di antarana aspék purwakanti.
Contona:
Padeukeutna sora di ahir atawa di tungtung disebutna purwakanti laras
wekas:
Lemah kuring
i
Cai kuring
i
Geuning geus loba nu kurang
a

14.

Gaya basa mindoan kawit atawa gaya basa répetisi:
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang


15.

Pancén 2
Guru maréntahkeun siswa nyawalakeun eusi sajak nu judulna
“Tukeurkeun Ieu Sajak” karya Yus Rusyana.
Pikeun migawé ieu pancén 2, siswa dibagi jadi sababaraka kelompok
(unggal kelompok 4-5 urang). Pancén nu kudu dipigawé ku unggal
kelompok nyaéta:
1. nyatet kecap-kecap nu teu dipikaharti dina sajak, tuluy maluruh
hartina dina kamus;
2. maluruh jumlah padalisan éta sajak;
Bab I
PITUDUH HUSUS

19

3. maluruh ajén éstétika naon waé nu aya dina éta sajak;
4. maluruh eusi nu dicaritakeun dina éta sajak?
5. Ngajelaskeun nu diébréhkeun ku panyajak dina pada kahiji, kadua,
katilu, jeung pada kaopat?
16.

Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun
hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

17.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala,
nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 2 hasil
sawala.

C.

Maham Wanda Sajak

NO.

KAGIATAN

9.

Dina ieu bagian dipiharep siswa miboga pangaweruh jeung pamahaman
ngeunaan wanda sajak, di antarana pangaweruh ngeunaan sajak lirik
jeung sajak lirik.

10.

Guru maréntah ka sababaraha urang siswa pikeun maca bedas sajak nu
judulna “Seuneu Bandung”. Kalawan bagilir nepi ka dua tilu balikan,
nepi ka siswa wanoh kana rumpaka éta sajak.

12.

Guru nanyakeun kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa
neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

13.

Guru maréntah siswa pikeun maca pedaran ngeunaan sajak “Seuneu
Bandung”

14.

Pancén 3
Dipigawé ku unggal kelompok, pancénna nya éta: maluruh kesan eusi
sajak “Seuneu Bandung” nu aya dina padalisan ka-2, ka-3, jeung ka-4.
(ku cara kelompok, siswa bakal leuwih laluasa nepikeun pamanggihna
ka babaturan nu aya dina éta kelompokna, sajaba ti éta guru bisa
leuwih eisien dina ngabandungan bédana pamanggih nu diébréhkeun
ku wawakil unggal kelompok)

15.

Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun
hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

16.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala,
nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 3 hasil
sawala.

20

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

17.

Siswa masih ngagabung jeung kelompokna séwang-séwangan.
Guru maréntah siswa pikeun maca pedaran nu aya dina buku siswa
ngeunaan sajak épik.

18.

Guru maréntah siswa pikeun maca sajak nu judulna “Di Panugaran
Batu Curug Sigay” karya Agus Suriamiharja.

19.

Guru maréntah ka salah saurang siswa minangka wawakil ti unggal
kelompok pikeun maca bedas sajak “Di Panugaran Batu Curug Sigay”
karya Agus Suriamiharja sacara bagilir.

20.

Guru nanyakeun kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa
neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.
Sajeroning siswa nepikeun kesan nu aya dina eusi sajak, guru nuyun
siswa pikeun maham eusi sajak.

21.

Guru ngajelaskeun prosés maham eusi sajak “Di Panugaran Batu Curug
Sigay” ku cara paraphrase.

22.

Pancén 4
Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun
migawé pancén 4 neruskeun nyusun paraphrase sajak “Di Panugaran
Batu Curug Sigay”
(Hasil gawé kelompok téh tangtu moal sarua, gumantung kana kasang
tukang pangalaman jeung pangaweruh siswana séwang-séwangan)

23.

Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun
hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

24.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala,
nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 4 hasil
sawala.

D.
NO.

Mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi
KAGIATAN

25.

Guru ngawanohkeun ka siswa tehnik sajak digalantangkeun atawa
ngadéklamasikeun sajak.

26.

Guru maréntah siswa pikeun maca jero haté salah sahiji sajak nu judulna
Cadas Pangéran karya Yus Rusyana, Grand Prix katya Godi Suwarna,
jeung Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa.
Bab I
PITUDUH HUSUS

21

27.

Guru nanyakeun kesan nu karandapan ku siswa sanggeus maca salah
sahiji sajak nu judulna Cadas Pangéran karya Yus Rusyana, Grand Prix
katya Godi Suwarna, atawa Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa.

28.

Guru ngaréspon sarta ngalelempeng pamanggih siswa, nepi ka siswa
bener-bener maham eusi éta sajak .

29.

Guru maréntah siswa pikeun maca bedas kalawan dijiwaan tur éksprésif
salah sahiji sajak anu dipikaresepna tina tilu judul éta sajak.

30.

Guru maréntah siswa ngapalkeun hiji sajak nu dipikaresepna nepi ka
kacangkem pikeun didéklamasikeun.

31

Guru maréntah ka unggal siswa pikeun ngadéklamasikeun salah sahiji
sajak.
Sajeroning siswa ngadéklamasikeun sajak, siswa séjénna diparéntah
pikeun ngabandungan jeung meunteun babaturanana, nyatet
kakurangan jeung kaunggulanana nepi ka ngasongkeun koméntarna.

E.

Ngarang Sajak

NO.

KAGIATAN

32.

Hasil pangalaman maca sababaraha sajak nepi ka ngadéklamasikeunana
bakal jadi modal minangka bekel siswa dina diajar ngébréhkeun eusi
haté dina wangun sajak.

32.

Dina ieu bagian guru ngajak siswa pikeun diajar nulis sajak.
Guru maréntah siswa pikeun nulis hiji sajak kalawan nataan léngkahléngkahna, kayaning:
1. Nangtukeun Téma. Naha rék téma alam, téma cinta, téma kaagamaan,
atawa téma diajar.
2. Tina téma nu geus ditangtukeun, terus tangtukeun rasa atawa
suasanana. Téma cinta upamana, naha rék cinta nu pikabungaheun
atawa cinta nu pikasediheun. Cinta nu pikabungaheun upamana
keur kasamaran atawa rék jadian, sedengkeun cinta nu pikasediheun
upama keur pepegatan atawa pipisahan.
3. Gunakeun imaji, naha rék dumasar kana paningal, pangdéngé atawa
pangrasa. Dina sajak “Priangan” ungkara basa /bulan ngempur/. Éta
téh dumasar kana paningal, sabab “Cahaya anu moncorong” ukur
bisa kanyahoan upamana ditingali, lain didéngékeun.

22

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

33

34.

35.

4. Gunakeun simbul atawa perlambang. Dina sajak “Cadas Pangéran”
di luhur aya ungkara basa /Kekerot Daendels nyabak gobang/. Éta téh
ngalambangkeun hiji kaayaan jalma nu keur ambek.
5. Léngkah saterusna nyaéta ngarakit kecap. Kecap kudu dipilih sangkan
éndah dibacana, nyaéta miboga wirahma (irama), murwakanti (rima),
jeung ngandung gaya basa.
Lima léngkah diluhur téh kaasup ogé kana unsur pangaweruh sajak,
nyaéta téma, suasana, imaji, simbul, atawa perlambang, wirahma jeung
purwakanti, sarta gaya basa.
Guru maréntah siswa pikeun macakeun sajak meunang nulisna jeung
ngoméntaran éta hasil karya sarta dituduhkeun bagian-bagian sajak nu
dianggap masih héngkér kénéh.
Guru jeung siswa babarengan nyindekkeun pangajaran ngeunaan
sajak.
Guru nepikeun réléksina sarta nepikeun mangpaat hasil diajar sastra
ngeunaan sajak dina kahirupan sapopoé.

Bab I
PITUDUH HUSUS

23

P angajaran

3

MANT R A
NO.
1

KAGIATAN
Guru ngabsén siswa sarta nyiapkeun pangajaran mantra.
Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar
mantra.
Guru nepikeun mangpaat maham eusi mantra sarta ajén kaéndahan
mantra.
Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur jeung
tanggung jawab, sarta santun sanggeus diajar basa Sunda minangka
bagian tina kaarifan lokal.

2

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu
nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun
mantra.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran mantra luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu
ngaidentiikasi, nganalisis, méré koméntar, ngaeksperikseun sajak luyu
jeung kaidah-kaidahna, ngaliwatan kagiatan:
a) maca mantra
b) nengetan purwakanti dina mantra
c) nganalisis gaya basa dina mantra
d) nengetan wirahma dina mantra
e) ngabandingkeun papasingan mantra

A.

Maca Mantra

NO.

KAGIATAN

4.

Dina ieu bagian dipiharep siswa mibanda pangaweruh ngeunaan
mantra ku cara maca sababara conto puisi mantra

24

Pamekar D
Diajar B A S A S U N D A
Buku Tuturus
Tut
Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI

5.

Guru maréntah siswa maca salah sahiji wanda mantra nu sok disebut
jampé. Pikeun museurkeun panitén siswa jeung suasana diajarna
leuwih kondusif alusna mah macana dibedaskeun.

6.

Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta mantra,
saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta mantra nu aya dina
buku siswa.

7.

Guru maréntah siswa maca pedaran singget ngeunanan eusi mantra.
Upama dianggap perlu guru bisa leuwih jembar deui medar éta
eusi mantra ku cara ngagali pangalaman siswa hasil maca atawa
pangalaman nyata nu kabandungan ku siswa ngeunaan mantra di
masarakat kiwari.

8.

Guru ngajak siswa pikeun maham eusi mantra ku cara maca pedaran
ngeunaan eusi sagemblengna jeung ma’na nu aya dina unggal
padalisan dina mantra “Jampé Ngarah Calakan”. nu aya dina buku
siswa.

9.

Pancén1
Guru maréntah siswa sangkan migawé pancén 1.
Pancén nu kudu dipigawé ku siswa nya éta: 1) nyatetkeun kecap-kecap
anu teu kaharti, dina puisi mantra tuluy maluruh hartina dina kamus,
2) nyawalakeun eusi nu aya dina unggal mantra, jeung 3) midangkeun
hasil pagawéan kelompok hidep di hareupeun kelompok séjénna nu aya
dina mantra “Jampé Budak Harééng”, Jampé Raheut/Kakeureut atawa
Kakadék, “Jampé Néangan Rejeki” jeung “Jampé Indit-Inditan”.
Hadéna leuwih ti heula siswa dibagi jadi sababaraha kelompok (unggal
kelompok anggotana 4-5 urang). Pancén nu dipigawé unggal kelompok
teu sarua, upamana
Kelompok 1: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Budak
Harééng”
Kelompok 2: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Raheut/
Kakeureut atawa Kakadék,
Kelompok 3: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Néangan
Rejeki”
Kelompok 4: migawé pancén