BUKU GURU SUNDA KLS 2 2014

(1)

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas II

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014


(2)

PANYUSUN:

Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat

Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin

H. Yayat Sudaryat Risnawati

PENELAAH:

Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

Dr. Hj. Ai Soianti, M.Pd.

Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.

Budi Riyanto

Rarancang Eusi :Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)

978-602-1300-17-6 (Jilid 2)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar


(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.


(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001


(5)

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintiik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintiik sareng

penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.


(6)

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Désember 2013 Kepala Balai

Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd


(7)

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013


(8)

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii

DAPTAR EUSI _viii

BAB I PITUDUH UMUM _1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4

D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5

G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _5

H. Tema jeung Bahan Ajar _8

BAB II PITUDUH UMUM _9

PANGAJARAN 1 _10

Tema : Hirup sauyunan _10

PANGAJARAN 2 _18

Tema : Kaulinan di imah jeung sabudeureun _18

PANGAJARAN 3 _26

Tema : Pancén sapopoé _26

PANGAJARAN 4 _33

Tema : Lingkungan sakola _33

PANGAJARAN 5 _40

Tema : Hirup beresih tur séhat _40

PANGAJARAN 6 _48

Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia _48

PANGAJARAN 7 _55

Tema : Miara sasatoan

jeung tutuwuhan _55

PANGAJARAN 8 _62

Tema : Ngajaga kasalametan di imah jeung di jalan _62

BAB III PITUDUH MEUNTEUN _69

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _70

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _70

C. Rubrik Meunteun Sikep _71 D. Rubrik Meunteun Latihan _71 E. Daftar Peunteun Murid _72

F. Releksi Guru _72

BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _73

A. Kaweruh Basa jeung Sastra _74 B. Glosarium _77


(9)

Bab

1

Pituduh

Umum


(10)

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.

2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah (saintiik), kamampuh ngaréngsékeun

masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,

anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan.

7. Pituduh maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

diulikna.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.

Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.

1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.

2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.

3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.


(11)

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif

(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi.

15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réleksi sanggeus

hiji téma atawa bahan réngsé.

17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun.

18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.


(12)

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dinaieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Husuna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sund anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim. Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedara, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan.

Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).


(13)

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik. Ari léngkah-léngkahna keiu.

1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton 2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)

5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)

6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

Kelas II SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

2.1 Menerima dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

2.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks pupuh,

narasi, deskripsi, PAGUNEMAN, dan kakawihan.


(14)

2.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, dan percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, dan guru

2.1.2 Memiliki perilaku santun, disiplin, dan jujur dalam menjalin kerukunan hidup dalam kemajemukan melalui teks pupuh (Tema 1)

2.1.3 Memiliki perilaku santun, jujur, rukun, dan toleransi dalam kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar melalui teks narasi. (Tema 2)

2.1.4 Memiliki perilaku disiplin, jujur, tanggung jawab dalam melaksanakan tugasku sehari-hari melalui teks narasi atau deskripsi. (Tema 3)

2.1.5 Memiliki perilaku tanggung jawab dan disiplin sebagai pelajar yang baik dalam merawat lingkungan sekolah melaui teks deskripsi. (Tema 4)

2.1.6 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam menjaga hidup bersih dan sehat melaui teks PAGUNEMAN (Tema 5). 2.1.7 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung

jawab dalam memelihara lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari) melaui teks deskripsi. (Tema 6)

2.1.8 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara hewan dan tumbuhan melaui teks deskripsi. (Tema 7) 2.1.9 Memiliki perilaku tertib, tanggung jawab

dan disiplin dalam menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan melaui teks kakawihan. (Tema 8)

2.2 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati [mendengar, melihat, membaca] dan menanya berdasarkan rasa ingin tahu tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan benda-benda yang dijumpainya di rumah, sekolah

2.2.1 Mengenal teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1) 2.2.2 Mengenal teks narasi tentang kegiatan

bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar (Tema 2)

2.2.3 Mengenal teks narasi tentang tugasku sehari-hari (Tema 3)

2.2.4 Mengenal teks deskripsi tentang

pentinngnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4)


(15)

2.2.5 Mengenal teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5). 2.2.6 Mengenal teks deskripsi tentang

lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6)

2.2.7 Mengenal teks deskripsi tentang cara pemeliharaan hewan dan tumbuhan. (Tema 7)

2.2.8 Mengenal teks kakawihan atau pupuh tentang menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8)

2.3 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

2.3.1 Melantunkan teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1)

2.3.2 Menceritakan isi teks narasi tentang kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar. (Tema 2) 2.3.3 Menceritakan isi teks narasi tentang

pelaksanaan tugasku sehari-hari . (Tema 3)

2.3.4 Menuliskan isi teks deskripsi tentang pentingnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4)

2.3.5 Memperagakan teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5)

2.3.6 Menuliskan isi teks deskripsi tentang lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6)

2.3.7 Menuliskan isi teks deskripsi tentang cara merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7) 2.3.8 Melantunkan teks kakawihan tentang

menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8)


(16)

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman

Tema 6 : Lingkunga alam (Cai, Bumi, Panonpoé) Bahan : Sajak

Tema 7 : Miara sasatoan jeung tutuwuhan Bahan : Déskripsi

Tema 8 : Kasalametan di imah jeung di jalan Bahan : Kakawihan/Pupuh

Tema 1 : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh

Tema 2 : Ulin di Lingkungan Bahan : Déskripsi

Tema 3 : Pancén sapopoé Bahan : Déskripsi

Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman

TEMA &


(17)

Bab

2

Pituduh

Husus


(18)

PANGAJARAN 1

Tema : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh

Média : Téks jeung Gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa, nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) ngaregepkeun tembang, (2) ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, (3) mikanyaho sasaruaan kecap, (4) nulis kalimah, (5) ngalemeskeun kecap, (6) nembangkeun pupuh, (7) maham pupuh, (8) ngalengkepan kalimah, jeung (9) nyaritakeun gambar. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “Hirup Sauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawan saregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok. 2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu,

murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.

B. NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep. 2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuh

pucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeun kamampuh murid kana pupuh pucung.


(19)

3. Jawaban ti murid cukup ku ngalengkepan naon-naon nu ditanyakeun. Pananya jeung jawabanana kieu.

Pék jawab pananya ieu di handap!

1. Jalma téh kaasup kana naon? Mahluk hirup.

2. Teu bisa naon jalma téh? Hirup nyorangan.

3. Kudu loba naon urang téh? Loba wargi.

4. Keur naon urang loba wargi? Pikeun hirup babarengan sauyunan.

5. Kudu kumaha jeung batur? Kudu sauyunan.

6. Keur naon loba batur? Hirup urang jadi loba duduluran.

7. Asalna batur bisa jadi naon? Jadi wargi.

8. Sangkan naon silih tépakeun pangarti? Sangkan nambahan kabisa.

9. Urang kudu nyiar naon? Pangabisa.

10. Tungtungna bakal kumaha? Loba pangalaman.

C. MIKANYAHO KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap dina kalimah. wargi = dulur

Urang kudu loba wargi. Urang kudu loba dulur.

2. Guru nitah murid sangkan weruh kana harti kecap ku cara dibéré sinonimna tur larapna dina kalimah.

D. NULIS KALIMAH

1. Murid disina diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya. 2. Bisi héséeun, murid dibéré heula conto makéna kecap pananya.

3. Kecap pananya anu kudu dilarapkeun nyaéta di mana jeung saha.

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap pananya di mana jeung saha

dina kalimah.

1. Yadi meuli buku.

_______ Yadi meuli buku? Di mana Yadi meuli bukuna? 2. Yadi meuli buku.

_______ nu meuli buku? Saha nu meuli bukuna?


(20)

2. Guru nitah murid sangkan diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya. Murid ngan ngalengkepan ku kecap pananya di mana jeung saha.

Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya di mana. 1. Déni rék mandi.

Di mana Déni rék mandina? 2. Barudak keur arulin.

Di mana barudak keur arulinna? 3. Murid keur dialajar basa Sunda. Di mana murid diajar basa Sundana? 4. Nénéng jeung Yési keur sapintrong. Di mana Nénéng jeung Yési sapintrongna? 5. Dadang ngagambar gunung.

Di mana Dadang ngagambar gunungna?

Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya saha. 1. Déni rék mandi.

Saha nu rék mandi? 2. Barudak keur arulin. Saha nu keur arulin?

3. Murid-murid diajar ku bu guru. Saha nu diajar ku bu guru?

4. Nénéng jeung Yési keur apintrong. Saha nu keur sapintrong?

5. Dadang ngagambar gunung. Saha nu ngagambar gunung?

E. NGALEMESKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kecap kasar jeung kecap lemes dina kalimah nu patali jeung anggahota awak.

leungeun = panangan

Dédé dahar ku leungeun katuhu. Dédé dahar ku……….. katuhu. Bapa tuang ku panangan tengen.


(21)

2. Guru nitah murid ngeusian kalimah nu dicopongkeun ku kecap lemes. Pikeun mantuan murid, dipidangkeun gambar nu patali jeung anggota awak. Pananya jeung jawaban ngalemeskeun kecap dina kalimah.

1. pipi = damis

Pipi aya di kénca jeung katuhu.

Damis aya di kénca jeung katuhu. 2. panon = soca

Gunana panon paranti nempo. Gunana soca paranti ningal. 3. ceuli = cepil

Ucing téh ceulina getihan. Dadang téh cepilna getihan. 4. biwir = lambey

Biwir Déni dibalemkeun. Téh Susi lambey nuju balem. 5. irung = pangambung

Dina irung Féri aya karang.

Karang dina pangambug Téh Déwi aya dua. 6. huntu = waos

Kudu ngosok huntu unggal poé.

Kang Rudi mah ngosok waos unggal dintén. 7. tarang = taar

Wawan tarangna tidagor kana panto. Kang Ujang taarna tidagor kana panto. 8. suku = sampéan

Nana, sukuna titajong kana batu.

Téh Wiwin sampéanana titajong kana batu. 9. ramo = réma

Cik, nempo ramo nu belah katuhu.

Réma Téh Yanti mani laléncop. 10. beuteung = patuangan

Wéndi, beuteungna dibaluran ku balsem. Wanti nuju nyeri patuangan.


(22)

F. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

1. Sanggeus murid ngaregepkeun, guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung babarengan.

2. Guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung bagilir saurang-saurang. Hé barudak urang kudu loba batur,

ngarah duduluran, jauh rasa hiri dengki,

mana komo ka batur bari culika.

3. Guru meunteun murid dina nembangkeun pupuh pucung tina jihat titilaras, wirahma, jeung éksprési.

G. MAHAM PUPUH

No. Kagiatan

1. Pikeun maham pupuh, murid disina ngalengkepan kalimah nu patali jeung teks pupuh pucung. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh.

2. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh. Pananya jeung jawaban pikeun maham eusi pupuh kieu.

Pék lengkepan ieu kalimah!

1. Hé barudak urang kudu loba batur. 2. Urang kudu jauh tina rasa hiri dengki. 3. Mana komo ka batur bari culika. 4. Hirup guyub babarengan jeung batur. 5. Barang gawé kudu ihlas tina manah. 6. Henteu jail kaniaya ka babaturan 7. Sobat dalit sarua baé jeung dulur. 8. Sobat dalit bisa silih pikanyaah. 9. Daék ngahibur nu keur sedih.


(23)

H. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Murid disina paham kana sasaruaan kecap (sinonim). Ari sinonim téh

nyaéta kecap anu wangunna béda tapi hartina sarua. Singgetan, sinonim téh kecap anu sarua hartina.

2. Murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap sinonimna. 1. sobat dalit = babaturan deukeut

Urang kudu boga sobat dalit. Urang kudu boga babaturan deukeut. 2. hiri dengki = goréng haté

Ulah sok hiri dengki ka batur téh. Ulah sok goréng haté ka batur téh. 3. guyub = akur

Hirup kudu guyub jeung batur. Hirup kudu akur jeung batur. 4. culika = jail

Budak culika mah sok pada mikangéwa. Budak jail mah sok pada mikangéwa. 5. sirik pidik = dengki

Ulah sok sirik pidik mun batur boga untung téh. Ulah sok dengki mun batur boga untung téh. 6. kaniaya = telenges

Henteu hadé sok jail kaniaya ka batur téh.. Henteu hade sok telenges ka batur téh. 7. nandangan = ngarandapan

Kudu ngahibur nu keur nandangan kasusah. Kudu ngahibur nu keur ngarandapan kasusah.

3. Guru meunteun pagawéan murid bener henteuna dina ngalarapkeun sinonim.


(24)

I. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan gambar kajadian, tuluy disina nyaritakeun dina wangun kalimah.

Didi jeung Wawan keur silihcekel.

2. Gambar nu dipidangkeun patali jeung sikep sauyunan atawa sabalikna. Eusina kieu.

1. Hardi keur neunggeul ucing. 2. Susan keur ngala kembang. 3. Néndah keur sasapu di imah. 4. Bébén keur maraban hayam.

5. Angga keur méré duit ka nu barangmaén.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina nyaritakeun deui gambar.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 1, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung pupuh “Hirup Sauyunan”.

Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh

murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).


(25)

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG B. NGALISANKEUN JAWABAN C. MIKANYAHO KECAP

D. NULIS KALIMAH

E. NGALEMESKEUN KECAP F. NEMBANGKEUN PUPUH G. MAHAM PUPH

H. NGALENGKEPAN KALIMAH I. NYARITAKEUN GAMBAR


(26)

PANGAJARAN 2

Tema : Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun Bahan : Narasi

Média : Téks jeung Gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun téks narasi, maham eusi téks, nyangkem harti, nyaritakeun, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaulinan, ngahartikeun kecap, ngalarapkeun kecap anteuran, sarta nyebutan ngaran bungbuahan jeung tatangkalan.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) ngaregepkeun téks narasi, (2) maham eusi téks narasi, (3) nyangkem harti kecap, (4) nyaritakeun kaulinan, (5) ngalarapkeun kecap, (6) ngajembaran kaulinan, (7) ngahartikeun kecap, (8) nyebutan kecap anteuran, jeung (9) nyebutan ngaran bungbuahan jeung tatangkalan. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid ngaregepkeun ték narasi nu témana “Kaulinan” nu ditepikeun ku guru. Nu dipilih kaulinan “Pacublek-cublek Uang” lantaran katimbang babari jeung pondok.

3. Guru ngalatih murid sina niténan téks lisan ku cara ngaregepkeun kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI TEKS

No. Kagiatan

1. Sanggeus ngaregepkeun téks nu diucapkeun ku guru, murid disina maham eusi téks narasi ku cara ngajawab pananya.


(27)

2. Murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun. Jawaban dumasar kana téks narasi nu geus ditepikeun ku guru.

Pananya jeung jawabanana kieu.

1. Urang tangtu boga naon? Boga babaturan. 2. Babaturan deukeut disebutna naon? Sobat dalit.

3. Sok kumaha waé ari babaturan deukeut? Sok bareng di mana waé

4. Kumaha babaturan deukeut mun di kelas? Diuk sabangku. 5. Mun aya nanaon, sok kumaha babaturan deukeut?

Sok nulungan jeung ngabéla urang.

6. Arulin naon barudak awéwé téh? Pacublek-cublek uang. 7. Dikumahakeun dampal leungeunna? Dikeupeulkeun.

8. Budak nu purah mepegan peureup batur disebutna naon? Indung. 9. Di kamanakeun leungeun nu sabeulah deui? Dikahandapkeun. 10. Saha nu kudu kakawihan dina éta kaulinan?

Nu jadi indung (Néng Uni).

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan. Jawaban nu bener dipeunteun 10.

C. NYANGKEM HARTI KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna sarta larapna dina kalimah.

2. Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap nu mibanda sinonim kana kalimah.

1. ulin = ameng

Maranéhna ulin babarengan. Maranéhna ameng babarengan. 2. babarengan = sasarengan

Mun urang jajan ka warung sok babarengan. Mun urang jajan ka warung sok sasarengan.

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan kecap katut sinonimna.


(28)

D. NYARITAKEUN KAULINAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid nyaritakeun deui kaulinan pacublek-cublek uang. Hal-ha anu dicaritakeun aya tilu hal.

1. Saha waé nu arulin pacublek-cublek uang téh?

Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti.

2. Kumaha prak-prakanana “Pacublek-pacublek Uang” téh?

Anu arulin ngeupeulkeun dampal leungeun, tuluy leungeun nu sabeulah disimpen di handap. Engké aya saurang nu jadi indung nyaéta purah mepegan. Salahsaurang neunggeulan peureup babaturan nu séjén. Leungeun nu kénca ogé sarua dikahandapkeun.

Tuang mepegan leungeun nu keupeulkeun, tuluy ngawih. 3. Kumaha kakawihan “Pacublek-pacublek Uang” téh?

Pacublek-cublek uang, Si Ujang maung lentér, matata-matiti

Si Titi mau kawin pa emh, pa emh emh…..

2. Guru meunteun murid dina nyaritakeun deui kaulian pacublek-cublek uang.

E. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap asal jeung kecap rundayan nu dirarangkénan tengah –ar-.

deukeut → dareukeut

Aya babaturan anu deukeut aya babaturan anu jarauh. Barudak téh imahna dareukeut jeung sakola.

2. Kecap asal jeung kecap rundayan dicontoan heula dina dua kalimah. 3. Murid disina ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah –ar-.


(29)

4. Murid disina ngalarapkeun éta kecap rundayan kana kalimah. 1. kumpul →karumpul

Tilu budak kumpul di imah Uni.

Para siswa keur karumpul di buruan sakola. 2. jauh →jarauh

Adang mah imahna jauh ka sakolana.

Di lembur mah, barudak téh jarauh ka sakolana. 3. indit →arindit

Yudi indit ka sakola isuk-isuk.

Nu rék ka sawah téh geus arindit bieu. 4. ulin →arulin

Tiluanana keur ulin di imahna Néng Uni. Barudak awéwé keur arulin di pos Ronda. 5. ngariung →ngarariung

Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti ngariung tiluan. Nu rék kerja bakti geus ngarariung di sisi lapang. 6. ngajawab →ngajarawab

Yudi ngajawab pananya ti Bu Guru.

Waktu ditanya, Barudak cicing teu ngajarawab 7. dipeureupkeun →dipareureupkeun

Leungeun Féri dipeureupkeun. Sok ayeuna leungeunna dipareureupkeun. 8. dikeupeulkeun →dikareupeulkeun

Sanggeus namprak, leungeun Néng Uni dikeupeulkeun. Barudak téh dikareupeulkeun leungeunna.

9. cicing →caricing

Risa jeung Yanti cicing deukeut tangkal jambu. Geura prak digawé, ulah caricing baé atuh. 10. nginum →ngarinum

Héna nginum make cangkir pelastik.

Hayam téh keur ngarinum dina wadah cai nu disadiakeun.

5. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngawangun jeung ngalarapkeun kecap nu dirarangkénan tengah –ar-.


(30)

F. NGAJEMBARAN KAULINAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan kaulinan barudak ku cara maca ték nu judulna “Lalandakan”.

2. Guru nitah murid maham eusi téks ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

Pék jawab pananya ieu di handap!

1. Keur naraon barudak lalaki téh? Keur karumpul.

2. Saha waé nu karumpul téh? Yudi, Rangga, Wawan, Acép, jeung Réja. 3. Di mana barudak téh arulinna? Di lapang badminton.

4. Arulin naon barudak téh? Lalandakan. 5. Saha nu mimiti ngajak ulin téh? Yudi.

6. Naon hartina lalandakan téh? Niru-niru landak.

7. Sakalian naon cenah lalandakan téh? Sakalian olahraga. 8. Cau jeung tiwu téh keur dahareun iraha? Hakaneun janari. 9. Cau jeung tiwu téh keur bekel ka mana? Bekel miang ka Batawi. 10. Jurig naon waé nu disebutan ku barudak téh? jurig jarian,

jurig tangkod, juring pacilingan, jeung jurig onom.

3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi teks kaulinan.

G. NGAHARTIKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna.

2. Pikeun leuwih maham hartina, guru nitah murid niténan kecap nu sinonim téh dilarapkeun dina kalimah.

1. niru-niru = nurutan

Ari lalandakan téh hartina niru-niru landak. Ari lalandakan téh hartina nurutan landak. 2. ngabeberik = ngudag-ngudag

Nu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénna Nu jadi landak kudu ngudag-ngudag babaturan séjénna


(31)

H. NGALARAPKEUN KECAP ANTEURAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap anteuran jeung larapna. kop

Kop jurig jarian tah méré. ………jurig jarian tah méré. Kop jurig jarian tah méré.

2. Guru nitah murid ngalarapkeun kecap anteuran nu geus disadiakeun kana kalimah.

Pigawé cara conto!

1. jol

Ragga jol datang. 2. gék

Gék Wawan diuk. 3. Jung

Jung Yudi nangtung. 4. berebet

Barudak téh berebet lalumpatan. 5. térékél

Jang Adun téh térérék naék kana tangkal jambu. 6. léos

Ngan léos wéh Maman téh indit. 7. jrut

Mamah jrut turun tina béca. 8. trét

Réza téh tuluy trét nulis dina keretas sacewir. 9. gorowok

Atuh gorowok baé Yudi téh ngagentraan babaturanana. 10. nyéh

Basa panggih jeung Wa Iding, nyéh Yana imut.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngaarapkeun kecap anteuran kana kalimah.


(32)

I. NYEBUTAN NGARAN BUBUAHAN JEUNG

TATANGKALAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid niténan conto kecap nu patali jeung bubuhan atawa tatangkalan. Contona:

Kop cau kop tiwu…. Cau saturuy.

2. Guru nitah murid ngajawab pananya nu geus disayagikeun ku cara milih kecap tur ngalengkepan kalimah.

Ayeuna hidep nyebutan ngaran bubuahan atawa tatangkalan. Piliha jawaban ku kecap nu aya gigireunana.

1. Jéngkol sapérékét. A. kalapa 2. Peutuy sapapan. B. awi 3. Kalapa samanggar. C. jéngkol 4. Awi saleunjeur. D. tanah 5. tanah sahéktar. E. peuteuy Pék sebutan naon ngaranna. Pilih jawaban nu aya gigireunana!

6. Buah nu carucukan tur seungit disebut kadu A. rambutan 7. Buah nu ngagonyok loba cucukan disebut salak B. mélon 8. Buah nu bareureum loba buluan disebut rambutan C. kadu 9. Buah nu semu amis jeung haseum disebut jeruk D. jeruk 10. Buah nu buleud kulitna semu konéng disebut mélon É. salak 3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngajawab pananya. Nu

jawabanana bener dipeunteun 10.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 2, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di

lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan

diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).


(33)

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI B. MAHAM EUSI TEKS C. NYANGKEM HARTI

D. NGALARAPKEUN KECAP E. NGAJEMBARAN KAULINAN F. NGAHARTIKEUN KECAP G. NGALARAPKEUN

KECAP ANTEURAN H. NYEBUTAN NGARAN

BUBUAHAN JEUNG TATANGKALAN


(34)

PANGAJARAN 3

Tema : Pancén sapopoé Bahan : Narasi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, ngalisankeun jawaban, mikaweruh kecap, nyaritakeun, ngalarapkeun undak usuk basa, maca narasi ngajembaran, ngalengkepan kalimah, jeung néangan deui narasi séjén.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu témana “Pancén Sapopoé” nu judulna “Rajin”.

3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi wacana lisan ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGAJAWAB PANANYA : Maham Eusi Téks

No. Kagiatan

1. Sanggeus maca téks narasi, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.


(35)

2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan. 1. Kumaha watek Yudi téh? Bageur.

2. Kumaha Yudi di sakolana? Pinter. 3. Kumaha sobat-sobat Yudi? Réa pisan. 4. Kumaha sikep Yudi ka batur? Soméah. 5. Iraha Yudi mandina? Subuh-subuh.

6. Tara poho naon mun Yudi mandi? Disabun jeung ngosok huntu. 7. Kumaha kaayaan awak Yudi téh? Séhat tur berséka.

8. Geus ngamparkeun sajadah, tuluy naon Yudi téh? Solat subuh. 9. Réngse solat dikumahakeun sajadah téh? Ditilepan.

10. Keur naon Yudi ngeunteung? Bisa aya nu kaliwat tur teu rapih. 11. Dina naon dasi téh cicingna? Dina beuheung.

12. Ari topi paranti nutupan naon? Sirah.

13. Sasarap téh ngarah teu naon? Sangkan teu salatri.

14. Mun sasarap, tanaga urang bakal kumaha? Kuat tur séhat. 15. Mun aya tanaga, kumaha dina narima pangajaran?

Kana mikir jeung narima pangajaran bakal sayaga.

C. MIKAWERUH KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna.

2. Guru nyontoan kecap jeung sinonimna nu ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah. 1. mandi = ibak

Subuh-subuh Yudi mah geus mandi. Subuh-subuh Yudi mah geus ibak. 2. soméah = lemah-lembut

ka sasaha ogé Yudi mah soméah. ka sasaha ogé Yudi mah lemah-lembut.

3. Guru ngaroris murid paham heteuna kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana kalimah.

D. NYARITAKEUN EUSI BACAAN

No. Kagiatan


(36)

2. Geus kitu, murid disina nyaritakeun deui eusi bacaan di hareupeun babaturanana. Tujuanana murid dilatih wanter jeung parigel nyarita.

3. Dina nyaritakeun eusi bacaan, murid dibéré jejer pikiran nu kudu diaritakeun. 1. Kagiatan Yudi isuk-isuk.

2. Kagiatan Yudi sanggeus mandi. 3. Kagiatan Yudi sanggeus solat. 4. Kagiatan Yudi saméméh sakola.

E. NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap lemes jeung kecap kasar dina kalimah.

Titénan ieu conto kalimah:

mios = indit

Abdi mios ka sakola. Bapa angkat ka kantor.

2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu geus disadiakeun.

Eusikeun kecap-kecap ieu di handap kana tempat nu dikosongkeun!

nyandak sumping ngagaleuh ngadangukeun nyarios teu damang mastaka siram waos panangan

1. dongkap = ………. Rudi dongkap ti sakola.

Bapa Rudi ………. ti Jakarta. 2. ngupingkeun = ……….

Abdi ngupingkeun radio.

Bapa ogé nuju ………radio. 3. ngabantun = ……….

Abdi ka sakola ngabantun sapédah.

Bapa guru mah ka sakola ……… motor. 4. nyanggem = ……….

Abdi nyanggem ka bu guru.


(37)

5. mésér = ………. Abdi mésér roti ka warung.

Pa guru mah ……….. roko ka warung. 6. udur = ………

Rudi téh teu sakola lantaran udur.

Pa guru ………. da teu ngawulang. 7. mandi = ………..

Sateuacan ka sakola, abdi mandi heula.

Sateuacan angkat ka kantor, Bapa ……….. heula. 8. sirah = ………..

Dadan téh sanggemna nuju nyeri sirah.

Aya wartos pa guru téh nuju nyeri ……….. 9. huntu = ………

Wawan pipina kembung keur nyeri huntu. Kang Dadang ogé nuju nyeri ………. 10. leungeun = ………..

Lamun dahar kudu maké leungeun katuhu.

Upami tuang kedah nganggo ……… tengen.

F. MACA NARASI NGAJEMBARAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu judulna “Kabiasaan” pikeun ngajembaran wawasan murid.

2. Guru nitah murid niyéna eusi téks narasi nu nu judulna “Kabiasaan”.

3. Guru ngalatih murid sina paham kana eusi téks ku cara diskusi kelompok. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

Pananya jeung jawaban nu kudu didiskusikeun téh kieu. 1. Samémeh sakola, Yudi sok kumaha heula ka mamahna?

Uluk salam heula.

2. Naon nu dibawa ku Yudi ka sakola? Nyoréndang kantong buku. 3. Mun geus datang ka sakola, sok naraon barudak téh?


(38)

4. Dikumahakeun kuku barudak ték ku guru? Dipariksa. 5. Bari kumaha barudak diuk dina korsi? Sidakep.

6. Saméméh diajar, barudak sok naon heula? Ngadunga heula. 7. Kudu kumaha urang kana sagala piwuruk guru?

Siperhatikeun enya-enya.

8. Naon kawajiban urang sapopoé jadi budak sakola? Diajar. 9. Kudu kumaha urang diajar boh di imah boh di sakola?

Kudu suhud jeung rajin.

10. Urang bakal kumaha mun teu diajar soson-soson?

Bakal kaduhung ahirna.

G. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna sarta larapna dina kalimah. Contona:

Indit = mios

Isuk-isuk Yudi indit ka sakola. Isuk-isuk Yudi ………….. ka sakola. Isuk-isuk Yudi mios ka sakola.

2. Guru nitah murid maham kecap nu sinonim tur ngalarapkeun kana kalimah. Pigawé cara conto!

1. uluk salam = ngucapkeun salam

Méméh indit sok uluk salam heula ka mamahna. Méméh indit sok ngucapkeun salam heula ka mamahna. 2. nyoréndang = ngagantungkeun dina taktak

Yudi ka sakola nyoréndang kantong buku.

Yudi ka sakola ngantungkeun kana taktak kantong buku. 3. ngarariung = karumpul

Isuk-isuk barudak geus ngarariung di buruan sakola. Isuk-isuk barudak geus karumpul di buruan sakola. 4. dipariksa = dititénan

Unggal kuku ramo barudak dipariksa saurang-saurang. Unggal kuku ramo barudak ditténan saurang-saurang.


(39)

5. ngadunga = nunuhun ka Gusti Alloh Saméméh diajar barudak ngadunga heula.

Saméméh diajar barudak nunuhun ka Gusti Alloh heula. 6. ditungtun = dipingpin, dituyun

Ngadunga ditungtun ku ibu atawa bapa guru. Ngadunga dipingpin ku ibu atawa bapa guru. 7. Jaligrah = ijigimbrang bari atoh

Babaturan jaligrah lantaran aralus niléyna.

Babaturan ijigimbrang bari atoh lantaran aralus niléyna. 8. lalawora = gagabah

Ulah sok melid komo bari jeung diajar lalawora. Ulah sok melid komo bari jeung diajar gagabah

9. suhud = getol

urang kudu diajar sing suhud jeung rajin. urang kudu diajar sing getol jeung rajin. 10. Kaduhung = hanjakal

Mun teu diajar soson-soson bakal kaduhung ahirna. Mun teu diajar soson-soson bakal hanjakal ahirna.

H. MIGAWÉ PANCÉN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun ku kecap-kecap tina kagiatan sapopoéna.

2. Murid ngajawab pananya cukup ku ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun luyu jeung kabiasaan dirina. Jawaban kumaha murid.

1. Hudang saré hidep sok tuluy mandi. 2. Isuk-isuk hidep sok sasarap heula.

3. Saméméh ka sakola, hidep ka mamah sok amitan heula. 4. Samémeh dahar, hidep sok kokocok panangan.

5. Lamun geus dahar, hidep sok ngadunga. 6. Saméméh mondok, hidep sok kokocok suku.


(40)

7. Lamun mandi hidep sok disabun jeung ngosok huntu. 8. Lamun diajar hidep kudu suhud tur rajin.

9. Lamun leumpang hidep kudu di sisi jalan belah kénca. 10. Lamun panggih jeung guru kudu uluk salam tur rengkuh.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 3, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di

lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan

diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE

B. NGALISANKEUN JAWABAN C. MIKAWERUH KECAP D. NYARITAKEUN

E. MENERKEUN KALIMAH F. MACA NGAJEMBARAN G. NGALENGKEPAN KALIMAH H. MIGAWE PANCEN


(41)

PANGAJARAN 4

Tema : Lingkungan Sakola Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeun undak usuk basa.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”.

3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN

No. Kagiatan

1. Sanggeus maca téks déskripsi “Di Sakola Yudi”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.


(42)

2. Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya tina bacaan ku cara lisan.

Ayeuna hidep kudu ngajawab pananya. Jawaban dituliskeun heula, engké dilisankeun.

1. Di mana Yudi sakolana? Di SD Guna Darma.

2. Sok kumaha barudak di buruan sakolana? Arulin. 3. Arulin naon barudak lalaki di buruan sakola?

Sok méngbal ku bal pelastik.

4. Geus dialajar naon barudak di sakolana? Beberesih sakola. 5. Mun aya runtah sok dikumahakeun?

Sok dicokot ka wadah runtahkeun.

6. Kumaha kaayaan lingkungan sakola? Beresih tur raresik. 7. Murid-murid geus dilatih naon? Dibéré tanggung jawab. 8. Dibéré tugas naon barudak téh? Tugas pikét.

9. Kumaha barudak téh pikétna? Tugas pikétna béda-béda.

10. Naon nu kudu dilaksanakeun enya-enya téh? Tanggung jawab. 3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

C. NYEBUTAN GAMBAR

No. Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun. 2. Guru nitah murid nyebutan gambar tina segi gunana.

Sapu injuk gunana paranti ……… Sapu injuk gunana paranti sasapu di jero imah. Pigawé kawas conto!

1. Sapu nyéré gunana paranti sasapu di buruan.

2. Wadah runtah gunana paranti ngawadahan runtah. 3. Embér téh gunana paranti ngala atawa wadah cai. 4. Pamupus gunana paranti mupus.

5. Elap tina lamak gunana paranti ngelap.

6. Pamupus bor gunana paranti mupus tulisan dina bor. 7. Spidol gunana paranti nulis saperti dina whiteboard. 8. Mangkok cai gunana paranti wadah cai.

9. Kapur gunana paranti nulis dina bor.

10. Kamocéng gunana paranti meresihan kekebul.


(43)

D. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina diajar mikir ku cara milih kecap.

2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu geus diadiakeun.

beberesih, sasapu, ngelapan, mupus, miceun, ngangkut, dipulungan, mantuan, ngeprukan, mérésan

Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap nu dikurungan. 1. Barudak keur mérésan korsi di kelas .

2. Keretas nu ngabarak di kelas keur dipulungan ku barudak. 3. Déwi keur sasapu di buruan sakola.

4. Jajang mantuan bu guru némpélkeun gambar. 5. Bandi ngelapan kaca jandéla ku elap.

6. Réndi ngeprukan kekebul dina méja ku kamocéng. 7. Panji ngangkut cai ku émbér.

8. Ari miceun runtah kudu kana wadahna. 9. Barudak keur beberesih di jero kelas.

10. Atuh ari mupus Bor mah kudu ku pamupus.

E. NYARITAKEUN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina maca bacaan nu judulna “Pasapon” dia jero haté. 2. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Pasapon” kalawan

gemet.

3. Guru nitah murid sina nyaritakeun deui eusi bacaan. Bacaan “Pasapon” téh caritakeun deui ku basa sorangan. Hal-hal anu kudu dicaritakeun deui:

1. Di sakola aya saha? Pasapon.


(44)

3. Sok maké naon pasapon beberesihna? Maké sapu.

4. Sok dikumahakeun runtah téh? Digundukkeun, tuluy diduruk. 5. Kumaha watek Mang Barna? Bageur pisan.

6. Di mana imahna Mang Barna? Tukangeun sakola. 7. Saha nu sok ngonci sakola? Mang Barna.

8. Kumaha panto gerbang sakola mun isuk-isuk? Dibuka. 9. Kumaha barudak téh ka pasapon? Mantuan beberesih di kelas. 10. Naon tujuan beberesih di sakola? Sangkan sakola beresih tur asri. 4. Guru meunteun bener henteuna komponén nu dicaritakeun ku murid.

F. NGAWANGUN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah aktif jeung kalimah pasif. ngonci → dikonci

Mang Barna téh sok ngonci panto gerbang sakola. Panto gerbang sakola téh sok dikonci ku Mang Barna.

2. Guru nitah murid sina latihan ngarobah kecap nu maké rarangkén hareup N- ku rarangkén hareup di-.

3. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pasif nu geus diwangunna kana kalimah.

Pananya jeung jawaban ngawangun kecap tur larapna kana kalimah saperti kieu.

1. mupus →dipupus

Rijki mupus bor maké pamupus. Bor dipupus ku Rijki make pamupus. 2. ngelap →dielap

Déwi keur ngelap kaca jandéla. Laca jandéla keur dielap ku Déwi. 3. meuli →dibeuli

Barudak meuli cilok di pipir sakola. Cilok dibeuli ku barudak di pipir sakola. 4. nulis →ditulis

Murid-murid keur nulis kalimah. Kalimah keur ditulis ku murid-murid.


(45)

5. maca →dibaca

Yadi keur maca buku basa Sunda. Buku basa Sunda keur dibaca ku Yadi. 6. ngarang →dikarang

Barudak keur ngarang sajak. Sajak keur dikarang ku barudak. 7. ngagambar →digambar

Wéndi keur ngagambar gunung. Gunung keur digambar ku Wéndi. 8. ngariung →diriung

Barudak keur ngariung Kang Nandi. Kang Nandi keur diriung ku barudak. 9. ngajul →diajul

Kang Undang keur ngajul buah. Buah keur diajul ku Kang Undang. 10. Ngeduk →dikeduk

Mang Dadi keur ngeduk solokan. Solokan keur dikeduk ku Mang Dadi.

G. MENERKEUN TULISAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah nu awalna ditulis ku huruf leutik. Eta kalimah tuluy dibenerkeun cara nulisna ku huruf kapital.

hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait. Hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.


(46)

2. Guru nitah murid disina ngarobah kalimah nu dimimitian ku huruf leutik, dirobah jadi ku huruf kapital.

Kalimah ieu di handap, ku hidep benerkeun cara nulis aksara gedéna. 1. nénéng melak kembang dina pot.

Nénéng melak kembang dina pot. 2. yudi sakola di sd sukamaju.

Yudi sakola di SDSukamaju. 3. rangga keur diajar maca. Rangga keur diajar maca. 4. ajat téh putrana bu euis. Ajat téh putrana Bu Euis. 5. bapa kawitna ti tasik. Bapa kawitna ti Tasik. 6. dédé boga ucing dua.

Dédé boga ucing dua. 7. di lembang réa sapi diingu. Di Lémbang réa sapi diingu. 8. barudak keur arulin di buruan. Barudak keur arulin di buruan. 9. dadang resep macaan buku carita. Dadang resep macaan buku carita. 10. urang kudu diajar apik jeung berséka. Urang kudu diajar apik jeung berséka.

3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngarobah hurif kecil menjadi huruf kapital dalam kalimah.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 4, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di

lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan

diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).


(47)

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN C. NYEBUTAN GAMBAR

D. NGALENGKEPAN KALIMAH E. NYARITAKEUN

F. NGAWANGUN KALIMAH G. MENERKEUN TULIAN


(48)

PANGAJARAN 5

Tema : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa molahkeun paguneman, maham eusi paguneman, ngalarapkeun kecap, ngalengekepan kalimah, ngajembaran paguneman, jeung nembangkeun pupuh.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Hirup Beresih jeung Séhat” nu judulna “Apik jeung Berséka”.

3. Guru nitah murid ngelompok, tuluy disina molahkeun paguneman nu judulna “Apik jeung Berséka”.

4. Guru ngalatih murid sina niténan eusi paguneman ku cara maca deui kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.


(49)

B. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan

1. Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun. 2. Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur

sabangkuna.

Jawaban tina pananyana téh kieu.

1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén. 2. Ari nu gering téh saha? Rangga.

3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung. 4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és.

5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan (gagabah). 6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik.

7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh. 8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh. 9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun.

10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham eusi paguneman.

C. NGALARAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.

2. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan paham hartina.

Titénan ieu conto:

tambarakan = sagala didahar

Rangga téh sok jajan tambarakan. Rangga téh sok jajan sagala didahar.


(50)

3. Guru nitah murid sina néangan sasaruaan kecap atawa sinonimna, tuluy dilarapkeun kana kalimah.

Pigawé kawas conto!

1. apik = taliti

Urang kudu apik dina dahar. Urang kudu taliti dina dahar. 2. berséka = apik

Urang kudu ngajaga awak sing berséka. Urang kudu ngajaga awak sing apik

3. odoh = jorok

Ulah odoh kana papakéan. Ulah jorok kana papakéan. 4. kokocok = kukumbah

Mun rék dahar kudu kokocok panangan heula. Mun rék dahar kudu kukumbah panangan heula. 5. dikumbah = diberesihan

Piring kotor kudu dikumbah heula. Piring kotor kudu diberesihan heula. 6. Tengi = hapeuk

Kadaharan nu geus tengi matak jadi panyakit. Kadaharan nu geus hapeuk matak jadi panyakit. 7. dituruban = ditutupan

Nyimpen dahareun kudu dituruban bisi ku laleur. Nyimpen dahareun kudu dututupan bisi ku laleur.

D. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina niténan kalimah nu dicopongkeun jeung kecap gigireunana. 2. Guru nitah murid sina milih kecap nu disadiakeun, tuluy dieusikeun kana

kalimah anu copong kalawan merenah. Kalimah jeung jawabanana téh kieu. Lengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu aya gigireunana! 1. Méméh dahar, urang kudu … F … leungeun heula. A. katuhu 2. Lamun mandi, kudu maké …… J ………. B. sikat seuseuh 3. Awak kudu diruru maké ………… G ……….. C. pamitan 4. Lamun buuk dikuramas, kudu maké…… I ……… D. ngadunga 5. Ari dahar kudu maké leungeun………… A ……… E. laleur


(51)

6. Samémeh reup saré, urang kudu… D …. heula. F. kokocok 7. Ari ngosok huntu kudu maké………… H ……… G. batu 8. Ari rék indit ka sakola, kudu …… C … heula. H. odol 9. Dahareun kudu ditutupan bisi ku ……… E …….. I. sampo 10. Sikat seuseuh béda jeung …… B ……. huntu J. sabun 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah.

E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “Ka Puskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas. 2. Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria.

3. Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nu geus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh.

Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap! 1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris.

2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan. 3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas.

4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét.

5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur.

6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun. 7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop.

8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung Beuteung Randi.

9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat. 10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali.

4. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeung ngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.


(52)

F. NYUSUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.

2. Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun dina paguneman.

Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepan ku murid. Paguneman lengkepna kieu.

Yudi : Ran, ku naon kamari teu sakola? Randi : Udur.

Yudi : Naon anu karaos?

Randi : Awak karasana paranas tiris. Yudi : Oh, demam atuh, nya?

Randi : Enya, ceuk dokter ogé demam. Yudi : Iraha ka dokterna kitu? Randi : Kamari dua poé ka tukang. Yudi : Ka dokter mana?

Randi : Eta dokter di Puskesmas. Yudi : Jeung saha ka dokterna? Randi : Jeung Mamah.

Yudi : Dikumaha waé ku dokter téh?

Randi : Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada. Yudi : Oh, maké stétoskop meureun.

Randi : Enya, maké Stétoskop éta ogé. Yudi : Disuntik henteu?

Randi : Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul.

Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan. Dipeunteun cara maca jeung lentongna.

3. Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeun paguneman.


(53)

G. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali jeung hirup berséka.

2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana. 3. Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilir

sajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang. 4. Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuh

asamarandana.

5. Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun dina buku.

Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu jawabanana kieu.

1. Murangkalih téh kudu éling. 2. Urang ulah odoh ka panganggo. 3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan. 4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan. 5. Kana pakéan buruk masing butuh. 6. Ari kana pakéan anyar masing lebar.

6. Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah. Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona.

Contona:

éling-éling = sadar-sadar

Éling-éling murangkalih ………murangkalih

Sadar-sadar murangkalih

Pigawé kawas conto di luhur! Jawabanana kieu. 1. murangkalih = barudak

Éling-éling murangkalih. Éling-éling barudak.


(54)

2. panganggo = pakéan Ulah odoh ka panganggo. Ulah jorok ka pakéan. 3. geuwat = gancang

Mun kotor geuwat seuseuhan. Mun kotor gancang seuseuhan. 4. buruk = butut

Ka nu buruk masing butuh. Ka nu butut masing butuh. 5. lebar = nyaah

Ka nu anyar masing lebar. Ka nu anyar masing nyaah.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di

lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réléksi ngeunaan kamajuan

diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).


(55)

EVALUASI

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria Meunteun Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN C. NGALARAPKEUN KECAP D. NGALENGKEPAN KALIMAH E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN F. NEMBANGKEUN PUPUH


(56)

PANGAJARAN 6

Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia Bahan : Dadaran (déskripsi)

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, miwanoh kecap, ngarobah kalimah, nyusun omongan, nadomkeun pupujian, jeung ngajembaran dadaran.

Kagiatan Diajar:

Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ

No. Kagiatan

1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan Alam Sabudeur” nu judulna “Urang jeung Alam”.

3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGALISANKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.


(1)

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran sing tulatén jeung rumaksa miara pakaya mémang sawajibna getén titén rumawat tanah pusaka. Titén kana harta banda

Mo kaduhung waktu jaga Anu lian moal bisa

Ngatur ngolah jeung ngariksa. Gembleng sauyunan Singkil babarengan

Ngangkat darajat Ki Sunda

Sunda kukuh kuat diraksa dirumat Pasti jembar wibawa Indonésia.

Jaba ti tembang jeung kawih, aya nu disebut kakawihan. Kakawihan mangrupa kawih anu umumna dihariringkeun ku barudak dina waktu arulin. Kakawihan sok babarengan jeung kaulinan barudak. Upamana waé, kakawihan “Cing cangkeling”.

CING CANGKELING

Cing cangkeling

Manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong

Bapa Satar buleneng.

2. Kecap Pananya

Kecap pananya téh kagolong kana warna kecap sulur atawa kecap gaganti nyaéta kecap anu gunana pikeun nyuluran hal atawa barang anu ditanyakeun. Lebah dieu, kecap pananya nyaéta kecap anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian. Kecap pananya ngawangun kalimah pananya, nyaéta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal sarta miharep rénsponsi nu mangrupa jawaban. Aya rupa-rupa kecap pananya saperti (1) saha

nanyakeun jalma, (2) iraha nanyakeun waktu, (3) (di, ti, ka) mana nanyakeun tempat, (4),

naha nanyakeun alesan, jsté.

Aya deui kecap pananya séjénna kayaning kecap pananya waktu: iraha, kecap pananya sabab: naon sababna, kecap pananya alesan: ku naon; kecap pananya palaku: ku saha; kecap pananya tujuan: keur saha.


(2)

3. Kecap Lemes

Kecap lemes mangrupa bagian tina tatakrama basa atawa undak usuk basa. Tatakrama basa mangrupa kaédah sopan santun dina makéna basa patali jeung status sosial, kaakraban, sarta hubungan antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Kecap lemes digunakeun keur ngajénan batur jeung diri sorangan. Aya dua kecap lemes nyaéta kecap lemes keur diri sorangan (Jalma 1 (J-1)) saperti neda, aya kecap lemes keur ka batur (Jalma 2 (J-2)) saperti tuang. Boh kecap lemes keur diri sorangan boh keur ka batur boga kecap sedengna saperti dahar atawa kecap kasarna nyatu.

4. Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif

Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna ngalakukeun pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaan kecap pagawéan nu ngandung rarangkén hareup N-. Ari kalimah pasif nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan ku pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaab kecap pagawéan nu ngandung raarangkén di-, ka-, jeung ti-. Ku kituna, pikeun ngalatih murid ngawangun kalimah aktif jeung kalimah pasif, murid disina ngarobah kecap nu dirarangkénan hareup N- ku kecap nu maké rarangkén hareup di-.

5. Rarangkén

Rarangkén (BI: imbuhan atawa afiks) nyaéta wangun basa pangleutikna (morfém) kauger anu milu nangtukeun harti kecap. Aya lima rupa rarangkén dina basa Sunda saperti ieu di handap.

(a) Rarangkén hareup (awalan), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél hareupeun kecap saperti di-, N-, ka-, ti- dina kecap dibaca, maca, kabaca, tidagor, jsté.

(b) Rarabfkén tengah (seselan), nyaéta rarangkén anu cicingna nyelap di tengah-tengah kecap saperti –ar-/-al-, -um-, jeug –in- dina kecap barudak, laleuleus, gumeulis, tinulis, jsté.

(c) Rarangkén ahir (ahiran), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél tukangeun kecap saperti –an, -eun, -keun, -ing/-ning dina kecap seuseuhan, seuseuheun, asupkeun, mungguhing, wantuning, jste.

(d) Rarangkén barubg (koniks) nyaéta dua rarangkén anu ngawangun kecap kalawan

babarengan saperti pa—an, ka—an, sa—eun dina kecap padataran, kadaharan, sahuapeun, jsté.

(e) Rarangkén gabung (ambiiks) nyaéta dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun

kecap henteu babarengan saperti di-+-keun jeung N-+-keun dina kecap diasupkeun


(3)

B. Glosarium

apik = taliti

balénan = balikan

berséka = apik

berséka = apik tur beresih

buleneng = gundul

buruk = goréng

butut = goréng

caangna mabra = caang ngebrak, caang pisan

capétang = pinter nyarita

ciciptan = ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+-an, jieunan

cindeten = eunteup, cicing

cinyusu = cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina gawir

culika = jail, julig, resep nyilakakeun batur

dalém = ménak

dangdaunan = rupa-rupa daun

diomékeun = dibenerkeun

diparaban = dibére kahakanan

disénglédkeun = diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén gabung di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur. diundeur = daun nu dipetik pucungna wungkul

gemuk = pupuk

genaheun = ngeunaheun

getén = tulatén, némbohkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongokan/ngurus

geuwat = gancang

gurunggusuh = gagancangan

guyub = akur

harééng = muriang, paranas turus

hiri dengki =

jaligrah = arataoh, barungah

janari = waktu samémeh subuh

jarian = juru buruan pamiceunan runtah

kabuyutan = diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung ka—an, pancakaki kalima ka luhur atawa turunan katilu; kabuyutan hartina karamat.

kakaut = kokoét ku kuku


(4)

kaniaya = telenges, nganyenyeri

kecap bilangan panangtu = kecap nu nangtukeun wanda bilangan

urang keur jalma: Barudak téh aya lima urang.

turuy keur cau: Cau téh aya lima turuy.

Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima pérékét mah.

kokocok = kukumbah leungeun

kujur = awak, badan

lagondi = laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna dipaké ubar.

lalawora = gagabah, ceroboh

layeut = sauyunan, tara pasé

lebar = nyaah

makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun atawa ngokolakeun

melid = males

meuheuy = leubeut buahna

mimitran = mimitraan, duduluran, sosobatan

mindeng = sering

moyan = cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu katirisan

muncugug = nonjol ka luhur

mupus = ngaberesihan

nandangan = ngalaman

ngahiliwir = diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-, niup lalaunan (angin)

ngarandeg = eureun

ngémploh = dangdaunan anu gomplok

ngingu = miara sasatoan

ngukut = miara sasatoan

nyoréndang = nyalindangkeun kantong kana taktak

océs = bangor, teu daék cicing

odoh = jorok, lodroh

omat-omatan = wanti-wanti

ompong = euweuh huntuan

osok = sok, biasa

pacilingan = pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di balong.

pamandangan = panénjoan, panorama


(5)

pangaweruh = kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind) papanggé = golodog, babancik

pasapon = pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken barung pa—an

pinanggih = diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah –in-, papanggih

poék mongkléng = poék meredong, poék pisan teu katémbong curuk-curuk acan

rarat-rérét = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon raresik = beresih, bérés sarta alus

réngsé = anggeus

rikat = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak sabilulungan = babarengan, sauyunan

saged = siap-siap, sayaga

sasarap = dahar isuk-isuk

satengahing = tengah-tengah

sauyunan = babarengan

sayaga = siap-siap

silih asah = silih béré kanyaho atawa pangalaman silih asih = silih pikanyaah

silih asuh = silih aping, silih bimbing

sirik pidik = dengki

sobat dalit = babaturan deukeut

soméah = handap asor

soson-soson = enya-enya, daria, giat

srangéngé = panonpoé

suhud = getol, rajin

susuci = beberesih awak

tambarakan = sagala didahar

tapis = parigel, mahér

tarapti = bérés, sagala sadia pikeun indit

tengi = hapeuk

tigin = tukuh, kukuh, pageuh

tiis tingtrim = adem ayeum

tingkarelip = tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh tumuwuh = diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-,

jadi.

tutuwuhan = diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur tangkal nu


(6)

DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat, Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.

Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat.

Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.