BUKU GURU SUNDA KLS 6 2014

(1)

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas VI

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014


(2)

PANYUSUN: Tatang Sumarsono

Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat

Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin

H. Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH:

Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Soianti, M.Pd.

Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.

Budi Riyanto

Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar

Rarancang Jilid :Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)

978-602-1300-21-3 (Jilid 6)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar


(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.


(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001


(5)

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintiik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintiik sareng

penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.


(6)

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Désember 2013 Kepala Balai

Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd


(7)

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.


(8)

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii

DAPTAR EUSI _viii

BAB I PITUDUH UMUM _1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4

D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5

G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _6

H. Tema jeung Bahan Ajar _8

BAB II PITUDUH HUSUS _9

PANGAJARAN 1 _10 Tema : Penyelamatan

Makhluk _10

PANGAJARAN 2 _21

Tema : Kahirupan Turta Nyaah Buméla Ka Lemah Cai _21

PANGAJARAN 3 _29 Tema : Tokoh nu

Manggihkeun _29

PANGAJARAN 4 _37

Tema : Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa _37

PANGAJARAN 5 _42

Tema : Wira Usaha _42

PANGAJARAN 6 _48

Tema : Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat _48

BAB III PITUDUH MEUNTEUN _53

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _54

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _54

C. Rubrik Meunteun Sikep _55 D. Rubrik Meunteun Latihan _55 E. Rubrik Meunteun Maca _56 F. Rubrik Meunteun Nembang _56 G. Rubrik Meunteun Biantara _56 H. Daftar Peunteun Murid _57 I. Daftar Peunteun Murid _58

BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _59

A. Kaweruh Basa jeung Sastra _60 B. Glosarium _66


(9)

Bab

1

Pituduh

Umum


(10)

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.

2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah (saintiik), kamampuh ngaréngsékeun

masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,

anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan.

7. Pituduh maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

diulikna.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.

Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.

1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.

2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.

3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.


(11)

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif

(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi.

15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réleksi sanggeus

hiji téma atawa bahan réngsé.

17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun.

18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.


(12)

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan.

Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.


(13)

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik. Ari léngkah-léngkahna keiu.

1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton 2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)

5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)


(14)

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

Kelas VI SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1) 6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam

memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks pupuh. (Tema 2)

6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh dan penemu melalui teks narasi (Tema 3) 6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan

peduli menghadapi pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4) 6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli,

dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. (Tema 5)

6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin, dan tanggung jawab dalam menjaga memeliharan kesehatan masyarakat melalui teks pidato. (Tema 6)


(15)

6.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati dan mencoba [mendengar, melihat, membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan benda-benda yang dijumpainya di rumah, sekolah, dan tempat bermain

6.3.1 Memahami teks narasi tentang penyelamatan makhluk.

(Tema 1)

6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri kemudian mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri

(Tema 3)

6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang

pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme-lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

6.4 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. (Tema 1)

6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri. (Tema 3)

6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang

pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

6.4.6 Menyusun teks pidato tentang menjaga dan memelihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)


(16)

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 4 : Pangaruh Globalisasi Bahan : Déskripsi

Tema 5 : Wirausaha Bahan : Déskripsi

Tema 6 : Kaséhatan Masarakat Bahan : Biantara

Tema 1 : Nyalametkeun Mahluk

Bahan : Narasi

Tema 2 : Kahirupan Bangsa Nagara Bahan : Pupuh

Tema 3 : Inohong Penemu Bahan : Narasi

TEMA & BAHAN AJAR


(17)

Bab

2

Pituduh

Husus


(18)

PANGAJARAN 1

Tema : Penyelamatan Makhluk

Subtema : Nyalametkeun Mahluk Papada Ciciptan Alloh

Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkeskeun bacaan, ngalarapkeun paribasa, nyaritakeun eusi bacaan, mikaweruh kecap sangaran, ngawih, maca dongeng.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 1 ngeunaan hasil observasi penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran 1 ieu murid dipiharep mampuh nulis laporan téks narasi hasil observasi ngeunaan penyelamatan mahluk. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa kanyaah jeung héman ka papada mahluk nu aya di sabudeureunana, jembarna mah miara kahéman Allah ka manusa.

2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca karangan narasi nu judulna “Penyu Héjo” nu dipilih tina sababaraha sumber WWF Indonesia.

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana karangan narasi nu témana penyelamatan mahluk, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid pikeun mikahéman papada mahluk, hususna nu aya disabudeureunana.


(19)

3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar penyu di basisir.

Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka papada mahluk. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1.gurunitah murid maca jero haté. Saméméhna ngajentrekeun heula yén maca jero haté téh hiji kagiatan maca nu maksudna rék nyangkem eusi bacaan, teu meunang aya sora ngagerendeng komo ditarikkeun atawa dibedaskeun.

2. Guru marentah murid rék ngamimitian maca. Mimiti mah macana ditamatkeun sakabéh wacana.

3. Guru maca malikan deui kalawan taliti saparagraf-saparagraf. Anu maksudana keur nyumponan pangjawab kana maksudna pananya. Saterusna murid dititah ngerjakeun pancén.

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 2. guru nitah murid ngajawab pananya.

2. Guru nyarita, mun murid rengsé migawé tugasna, salah saurang murid dititah macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.


(20)

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

No. Kagiatan

1. Kagiatan 3, guru nitah murid ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok. Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara:

a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna.

b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang kamus.

c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi.

d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah 2. Harti kecap nu dipaluruh, di antarana:

1. Siwur téh dijieunna tina batok.

2. Lampu listrik nu dipasang di kamar caang pisan. 3. Méja téh sorong ka sisi témbok.

4. Kalimah nu disusun ku Adi mah kacida alusna. 5. Nyaho bapana datang, budakna lumpat muru bapana.

6. Si Cépot dibaturan ku Si Déwala ngalalana ka pakidulan nagara sancang.

7. Indungna nu keur ngajaga warung, sok nyelang heula mapagkeun anakna ka sakola.

8. Anak penyu nu dileupaskeun di basisir tingarugil muru ka laut. 9. Tukik atawa anak penyu téh teu sakabéhna salamet hirupna nepi ka

gedé.

10. Kuring mah indit ka sakola unggal poe gé leumpang da deukeut. 3. Saterusna guru ngoméntaran nu salahna kana kalimah nu disusun ku murid.

Murid nyebutkeun koreksian kalimah.

D. Ngaringkeskeun Bacaan

No. Kagiatan

1. Kagiatan 4,guru nitah murid ngaringkeskeun bacaan ku cara nyieun gurat badag


(21)

2 Saméméhna guru nitah murid maca taliti unggal paragraf.

a. Guru nitah néangan kalimah nu jadi poko caritaan dina unggal paragraf ‘Penyu Héjo’.

b. Guru ngabimbing maca gurat badag bacaan nu dijieunna.

c. Guru ngabimbing murid migawé ringkesan carita dumasar kana gurat badag carita.

E. Ngalarapkeun Paribasa

No. Kagiatan

1. Kagiatan 5, guru nitah murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah 2 Guru nerangkeun deui harti paribasa

3. Guru nerangkeun kecap nu aya dina paribasa, atawa nanya ka murid saha nu nyaho harti kecapna. Upamana: nyiuk, ayakan, pegat, simpay, genténg, kadé, kurung, komo.

4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah. 5. Guru ngaroris pagawéan murid.

6. Guru nuduhkeun kasalahan dina kalimah nu disusun ku murid. 7. Guru nitah murid ngaréngsékeun nyusun kalimah.

8. Guru nitah murid-murid bagilir maca kalimah nu disusunna.

F. Nyaritakeun Eusi bacaan

No. Kagiatan

1. Kagiatan 6, pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca deui téks nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina Habitat Aslina”.

2. Saterusna murid dititah ku guru pikeun nyaritakeun deui eusi bacaan, lengkah-lengkahna saperti ieu :

1. Guru nugaskeun murid maca “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina Habitat Aslina”.

2. Guru niténan murid maca jero haté kalawan gemet tur taliti unggal paragraf éta bacaan.


(22)

3. Guru nugaskeun murid sangkan manggihkeun jeung nangtukeun kalimah-kalimhak poko atawa nu jadi téma unggal paragraf.

4. Guru nyaritakeun yén kalimah poko atawa téma kasebut nu jadi cecekelan pikeun dimekarkeun maké basa sorangan.

5. Guru nitah murid nyaritakeun eusi bacaan maké basa sorangan di hareupeun kelas.

G. Mikaweruh Kecap Sangaran

No. Kagiatan

1. Kagiatan 7, guru nuyun murid dina kagiatan mikaweruh kecap sangaran. 1. Guru nerangkeun kecap-kecap sabgaran atawa sawanda nu aya dina

kalimah.

2. Guru nugaskeun murid maca bacaan nu miboga kecap sawanda atawa sangaran. Tur nyangkem kana harti kecapna.

3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kecap sawanda.

4. Guru nugaskeun murid jeung murid lianna nyaritakeun kecap sawanda jeung hartina.

5. Guru nugaskeun murid nengetan deui kecap nepi ka ngarti kana sakabéhna nu patali jeung kecap sawanda.

6. Guru nyindekkeun pangajaran kecap sawanda.

7. Guru méré tugas PR néangan 10 kecap sawanda. Éta kecap tuliskeun hartina, terus larapkeun dina kalimah.

H. Ngawih : Ngawihkeun lagu nu témana manuk

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 8, guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun kanyaahna ka papada mahluk ku cara ngawihkeun lagu nu temana manuk nu judulna “Manuk Dadali”.

Dina Kagiatan 1 guru nitah murid maca bedas rumpaka lagu, mimiti tina judul, terus kana unggal padalisan dina unggal pada.

2. Guru nerangkeun harti kecap nu saujratna jeung nu miboga harti injeuman dina rumpaka lagu, carana:

1. Guru nuduhkeun jajaran nu disebut padalisan jeung pada. 2. Guru nerangkeun téma lagu ‘Manuk dadali’


(23)

3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kawih ‘Manuk dadali’. 4. Guru miharep murid saregep ngabandungan guru ngawihkeun

‘Manuk dadali’.

3. Guru ngawihkeun lagu nu judulna “manuk dadali”

1. Guru nyontoan ngawihkeun ‘Manuk Dadali’ nepi ka tamat. Murid dipiharep saregep ngabandungan guru nu keur ngawih.

2. Guru ngajak murid babarengan ngawih.

3. Guru nerangkeun, murid-murid ngawihkeun sapada séwang sacara bagilir unggal jajaran bangku nepi ka rengsé.

4. Guru nunjuk jajaran murid nu kudu ngawihkeunana. Nu sejen jempé, ngadagoan giliran panunjuk guru.

5. Guru ngatur, nunjuk dua baris jajaran nu kudu ngawih, nu sejenna jarempe, Terus bagilir nepi ka sakabeh jajaran bangku kabagéan. 6. Breng sakabéh murid ngawih.

7. Guru nunjuk murid saurang-saurang ngawihkeun lagu.

4 Pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca sajak nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Manuk Leutik Dina Kurung”.

1. Guru nugaskeun murid kudu museurkeun paniténna kana téks sajak anu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’

2. Guru maca nyoara sajak nepi ka tamat. Maca minangka ngawanohkeun jeung mawa pikir, rasa, jeung panitén, perhatian kana runtuyan basa (kecap) nu ngawangun éta sajak.

3. Guru nugaskeun murid nyirian kecap atawa babasan (babandingan, kecap kiasan) nu aya dina jajaran sajak.

4. Guru nugaskeun néangan harti kecap jeung kiasanana dina kamus jeung dina sumber sejenna.

5. Guru jeung murid ngabahas harti kecap. Judul; ‘Manuk Leutik dina Kurung’.

a. manuk leutik nyaéta rupa-rupa manuk anu laleutik saperti piit, ciblék, kacamata, jsté. Manuk nu karieu nu ayeuna keur dipikaresep, dipiara jeung dikurungan ku masarakat.

b. Régang nyaéta babagian tina dahan tangkal kai atawa tangkal awi anu wangunna leutik.

c. Buruan nyaéta pakarangan, patempatan diluareun imah nu aya di bagian hareup.

d. Susumputan nyaéta hiji rupa kaulinan barudak anu dina kagiatanana aya nu kagabian nyumput anu cicing di tempat nu teu kaciri ku nu boga tugas jadi ucingna (nu néangan).

e. Manuk nyumput nyaéta manuk cicing di tempat anu teu katempo boh ku jelema boh ku ucing upamana.


(24)

f. Ngabring nyaéta indit, hiber babarengan biasana leuwih ti sapuluh.

g. Kurung nyaéta tempet manuk cicing (kandang). Dijieun tina awi nu diraut dijieun sagedé-gedé nyéré daun kalapa, wangyun kurungna aya nu pasagi, buleud, jsté. Aya kurung nu dijieun tina kawat ogé.

h. Gantungan nyaéta tenpat nunda atawa ngagantungkeun.

i. Uclak-aclok nyaéta luluncatan dina panyongcloan atawa panyicinganana.

j. Noong nyaéta nempo tina tenpat anu leutik jeung kacida sempit.

Dina kagiatan 2 guru mére pancén sangkan murid bisa digawé sacara kelompok. Dina ieu kagiatan murid dipenta ngerjakeun pancén 1, pancén 2, jeung pancén 3

Pancén 1 guru nitah murid nyieun Parafrase sajak nu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’ karya Ano Karsana. Saméméhna ngajentrékeun heula nu dimakdud parafrase.

Parafrase nyaéta ngabéjérkeun deui hiji wangun karangan (sajak) kana wangun séjén karana maksud ngécéskeun harti anu nyumput atawa nyamuni jadi babari kahartina.

a. Parafrase 1

Aya manuk ngarasa bébas hirup di alam. Ucla-aclé dina régang, macokan hileud jeung endog sireum. Aya manuk cangkurileung hiber luhureun suhunan taya nu ngaharu biru atawa ngaganggu.

b. Parafrase 2

Aya manuk dina kurung ucla-acle teu bisa bébas hiber c. Parafrase 3

Manuk leutik the ukur bisa noong tina kurung kaluar jiga baturna Pancen 2 guru nitah murid ngajawab pananya

a. Guru nugaskeun ka murid sangkan ngajawab pananya kalawan lisan b. Guru nyebutkeun kalimah pananya ka murid sacara bagilir

c. Guru miharep sakabé murid geus nyaho tur ngarti kana eusi jeung harti kekecapan nu ngawangun rumpaka sajak

Pancén 3 guru ngabimbing maca sajak

a. Guru méré papagon maca sajak . ( Maca téh aya aturanana kudu puguh lentongna, panjang-pendékna, bedas jeung halonna. Lentongna béda hartina ogé bakal béda. Lentongna béda, hartina ogé bakal béda. Contona:

- Bu Guru nitah murid asup ka kelas Bu Guru : Asup! Sing béré barisna Murid : Asup? Tos bél, Bu?


(25)

Tétéla sanajan ngan sakecap nu dilisankeun kecap ’asup’ ari lentongna béda mah, maksudna bakal béda. Aya nu nitah, nanya, jeung wawaran. b. Guru ngalatih murid maca sajak. Saméméhna guru ngalatih maca

sajak maké lentong nu merenah, kitu deui latihan nyebutkeun kecap kalawan béntés. Éta kagiatan laksanakeun sababaraha balikan, supaya biasa dilarapkeun dinamaca sajak sacara bedas. Teu salilana dina nyarita téh urang kudu tarik salalawasna, atwa kudu laun haharewosan. Najan laun, atawa tarik kudu béntés, kitu deui dina maca sajak.

c. Guru nugaskeun murid-murid maca jero haté heula sajak nu rék dibaca bedas. Tengetan mana nu kudu dibaca bedas, dibaca laun, dibaca anca. Pepeta atawa gerak leungeun jeung awak teu ieuh kudu salilana aya, saperluna baé.

d. Guru ngajurung murid macakeun sajak dihareupeun kelas. Murid-murid lianna ngaregepkeun.

e. Guru nitah murid nétélakeun pamanggihna saha-sahana nu hadé macana.

I. Maca Dongeng

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 9, guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Dina ieu kagiatan guru méré sababaraha latihan pikeun siswa sangkan leuwih maham kana pangajaran

Pancén 1 guru ménta murid maca Dongeng “Sakadang Kuya Mamawa Imah’. Lengkah nu dilaksanakeunana:

1. Guru medar cara maca nyoara jeung cara maca jero haté. Dina maca nyoara bakal katitén lentong atawa lagu lagamna. Kitu deui ngajiwaan atawa henteuna eusi bacaan. Maksud maca jero haté téh pikeun ngalenyepan eusi nu nyangkaruk dina bacaan.

2. Guru ngajurung sakabéh murid maca ‘Sakadang Kuya mamawa Imah’ anu maksudna pikeun ngalenyepan jeung mikanyaho eusi dongéng. 3. Guru ngajurung murid macakeun éta dongéng sacara bagilir. Cara

macana nu kagiliran neruskeun sésa bacaan baturna nu ti heula 2. Pancén 2 guru nepikeun pananya ka murid:

a. Sato naon anu ngalalakon dina éta dongéng? b. Dimana tempatna imah si kuya?

c. Naon maksudna si kuya kudu mamawa imahna? d. Perasaan naon nu aya dina diri si monyét ka si kuya?


(26)

e. Kumaha rasa rumasa si kuya ka si monyét? f. Naon éta ema dongéng?

g. Naon nurutaneunana keur murid tina éta carita dongéng téh? 3. Pancén 3, guru nyiapkeun kecap-kecap nu rék ditéangan hartina dina

kamus jeung sumber lianna, lengkah pelaksanaanana:

a. Guru katut murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna di kelas b. Guru ngabimbing murid néangan harti kecap dina kamus jeung

sumber lianna

c. Guru mingpin diskusi hal ngaran pakakas: congkrang, jeung sejen-sejen pakakas nu dipaké ngolah sawah atawa kebon huma.

d. Pikeun ngeuyeuban pangajaran Guru nugaskeun murid molahkeun:

ngagandong, ngakod, nungtun, ngagandong leungeun, nolol. e. Guru ngajurung murid ngagambar ranggon jeung saung

4. Pikeun ngeuyeuban pangajaran, guru nugaskeun ka siswa sacara mandiri nyaritakeun eusi bacaan nu judulna (1) “Lutung Jawa”. Saméméhna:

a. Guru medar pangajaran. Dina pangajaran 1, urang loaba maca rupa-rupa mahluk atawa satwa. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh pangajaran maca, ‘Lutung Jawa’ ogé kudu dijaga ulah nepi ka tumpur.

b. Guru niténan murid nu keur maca jero haté, geusan nyaritakeun deui eusi bvacaan di hareupeun babaturan.

c. Guru mere iasarah ka murid supaya eureun macana.

d. Guru nitah salah saurang murid ka hareup nyaritakeun deui ‘Lutung Jawa’ ku basana sorangan ka babaturanana.

e. Guru niténan murid nu panglancarna nyarita, sarta ngaguluyur dina nepikeun eusi carita.

f. Guru ngajurung murid ngajawab pananya. Carana murid nanya ka babaturanana (aya 5 pananya)

(2) Guru nugaskeun maca ka salah saurang murid, murid nu sejen

ngaregepkeun daria judul babaan ‘Wapalla Rikiran Rakyat Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu”, saterusna:

1. Guru nguriling niténan murid bisi aya nu teu methatikeun kana kagiatan maca, salila eta wacana dibaca.

2. Guru nyebutkeun pananya nu kudu dijawab ku murid.

3. Guru pindah nanya ka murid sejen lamun murid nu dititah yeu bisa ngajawab.

4. Guru nanyakeun saha nu bisa nyindekkeun éta bacaan.

5. Guru jeung murid ngabahas jeung ngadiskusikeun pancen mandiri nu rék dipigawé di imah.

a. Ngabahas karangan narasi b. Nangtukeun panjang karangan


(27)

c. Ngabahas basa nu digunakeun dina karangan

d. Nangtukeun waktu migawé jeung ngumpulkeun tugas 6. Guru ngabahas paribasa

a. Guru méré kasempetan ka murid geusan nanyakeun paribasa b. Guru jeung murid ngabahas ngaran sasatoan nu dilarapkeun

dinaparibasa, saperti : kancra, merak, julang, badak. Bangkong, gajah, lauk, belut, cacing jeung gaang.

7. Guru nyieun kalimah maké paribasa

a. Guru nyontoan ngalarapkeun paribasa dina kalimah.

Conto : murid kelas 6B raribut, blus baé Bapa Guru ka kelas, jep baé murid téh jempé

cara gaang katincak.

b. Guru ngabimbing murid-murid nyusun kalimah

c. Guru nugaskeun murid nuliskeun kalimah nu disusunna dina papan tulis.

d. Guru nanya ka murid kumaha pamanggihna kana éta kalimah nu dijieun ku babaturanana.

e. Guru tanya jawab jeung murid ngeunaan nyieun kalimah maké paribasa,

f. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun pangajaran kalimah maké paribasa.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan

1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna 2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,

meunteun

3. Guru méré tugas mandiri

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.


(28)

PANGAJARAN 2

Tema : Kahirupan Turta Nyaah Buméla Ka Lemah Cai

Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, ngaregepkeun pupuh durma, ngajawab pananya, ngalarapkeun rarangken tengah, ngabandingkeun pupuh jeung kawih, nembangkeun pupuh tina wawacan, maca jero haté, migawé pancén.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 2 ngeunaan hasil observasi ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Tina Pangajaran 2 ieu murid dipiharep mampuh ngaguar eusi pupuh sarta nembangkeun pupuh hasil observasi ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa reueus, toleransi, sarta micinta lemah cai .

2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca pupuh nu judulna “Durma Buméla ka Lemah Cai” karangan Ano Karsana.

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana pupuh nu témana kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid pikeun micinta lemah cai.


(29)

3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar perang nalika jaman penjajahan.

Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka lemah cai.

Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Ngaregepkeun Pupuh Durma

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1 guru saméméhna ngarecah heula wangun pupuh saperti: a. sapada pupuh aya 7 padalisan. ( pada= bait, padalisan= jajaran, baris) b. guru lagu jeung guru wilangan ( sora tungtungdina padalisan, jumlah

engang)

sa-ré-ré-a u-rang téh ku-du sa-ya-ga = 12a nga-ja-ga le-mah ca-i = 7i ti nu ni-at ja-hat = 6a na-ga-ra ja-di teu a-man = 8a ra-yat-na ja-di teu ting-trim = 8i ji-wa ra-ga-na = 5a u-lah ja-di ka-ri-si = 7i 2. Guru nembangkeun pupuh,prak-prakanana:

a. Guru nitah murid merhatikeun rumpaka pupuh

b. Tahap ka-1 guru nembangkeun sapada pupuh durma nepi ka tamat padalisan panungtung

c. Tahap ka-2 guru nembangkeun sapadalisan, murid nurutan. Kitu saterusna nepi ka padalisan panungtung

d. Guru jeung murid bareng nembangkeun sapada pupuh e. Guru sakali-kalieun eureun teu milu nembang

f. Guru marengan nembang, lamun murid ragu-ragu poho lagam laguna, guru marengan deui.

(Kitu baé saterusna malikan deui-malikan deui)

g. Tahap ka-3 guru nitah gunta-ganti nembangkeun ku unggal jajaran bangku, saselang seling jeung padalisan nu ditembangkeunana.


(30)

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Pancén 1 guru nitah salah saurang murid pikeun macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.

2. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya, prak-prakanana:

1. Guru nanyakeun ka murid saurang-saurang pikeun nyangkem eusi nu aya dina rumpaka pupuh. Jawaban murid tangtu bakal béda gumantung kana cangkemanana. Pananya aya 8 nomer. Jawaban murid, boh eusina boh susunan kalimahna bisa teu sarua.

2. Guru nugaskeun murid ngarangkum eusi tina 8 jawaban nu geus disebutkeunana téa. Mun geus rengse éta rumusan téh dibacakeun hareupeun babaturanana.

3. Guru marengan murid nitenan jeung nyangkem harti kecap nu ngawangun rumpaka pupuh. Saperti: sayaga, tingtrim, raga, karisi, bela, ngariksa.

4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun kecap-kecap kasebut dina kalimah.

5. Guru nguriling, mariksa jeung ngabimbing murid-murid nu keur nyusun kalimah.

C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 2 guru méré pancén ka murid sacara kelompok ngalarapkeun rarangken tengah /–um-/, /-al-/, /-in-/

2. Pancén 1 saméméhna guru nuliskeun heula kalimah dina papan tulis: a. Sakumna rayat seja buméla ka lemah cai.

b. Rayat seja dumeuheus nepungan Sultan di gedong kasultanan. c. Urang saréréa kudu ngajaga kabersihan lingkungan, supaya panyakit

DB teu sumebar ka sakuliah lembur.

d. Aki-aki nanggung acau leumpangna dumaligdeug.

Guru ngajurung murid supaya merhatikeun jeung nitenan kalimah nu ditulis ku guru.

Guru nitah murid maca bedas kalimah, murid nu sejen panitenna museur kana kalimah nu dibaca.


(31)

3. Pancén 2 guru nanya ka murid patali jeung opat kalimah nu dibaca. Dina 4 kalimah nu dibaca kasebut aya kecap nu ngandung sora nu sarua. Saterusna murid ngajawab: buméla, dumeuheus, sumebar, dumaligdeug. Sanggeus kitu guru nyaleksek deui ku cara:

1. Guru naya deui, aya sora naon dina kecap nu disebutkeun? Murid ngajawab “ sora /um/” dina buméla, dumeuheus, sumebar, dumaligdeug.

2. Guru nitah ka saurang murid. Kaluarkeun kecap /um/ tina kecap buméla jadi (/bela/ ), dumeuheus jadi (/ deuheus/), sumebar jadi (/ sebar/), dumaligdeug jadi (/daligdeug/)

3. Guru nyindekkeun, wangun –um- dina kecap –kecap kasebut téh nyaéta rarangken tengah.

4. Guru nuliskeun kalimah dina papan tulis

- Loba kaum ibu nu lalieur mikiran harga balanjaan nu beui marahal 5. Guru nanya ka murid, dina kalimah nu ditulis di papan tulis aya kecap

nu ngandung rarangken tengah, nu mana kecapna? Murid : Lalieur, marahal

Guru : kaluarkeun /al/ tina kecap lalieur Kaluarkeun /ar/ tina kecap marahal

6. Guru méré tugas ka murid nyieun kecap nu maké rarangkem tengah /–um-/. /–al-/, /-ar-/.

7. Guru marikasa pagawéan murid-murid, kecap nu maké rarangkem tengah /–um-/, / –al-/, /-ar-/.

4. Guru nugaskeun murid pikeun ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok. Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara:

a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna.

b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang kamus.

c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi.


(32)

D. Ngabandingkeun pupuh Jeung Kawih

No. Kagiatan

1. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh murid guru nitah murid ngabandingkeun Pupuh jeung Kawih. Saméméhna guru netelakeun heula ngeunaan pupuh.

1. Guru nuliskeun pupuh durma maké katerangan babagian guru wilangan, guru lagu, pada jeung padalisan di papan tulis

2. Guru nuliskeun rumpaka kawih di papan tulis.

3. Guru nuduhkeun ka murid Jumlah padalisan unggal pada dina pupuh, jeung dina rumpaka kawih.

4. Guru nuliskeun bagan pupuh - kawih

5. Guru nerangkeun pupuh jeung kawih maké bagan supaya leuwih pertela.

2.

Pupuh

Wangun

1. Diwangun ku pada (bait) anu geus tangtu jumlah padalisanana (jajaran)

2. Unggal tungtung padalisan geus tangtu sorana (guru lagu) 3. Unggal padalisan

geus tangtu jumlah engangna (guru wilangan)

Kawih

Wangun

1. Jumlah pada (bait) teu ditangtukeun kudu sabaraha jumlahna

2. Jumlah jajaran teu ditangtukeun kudu sabaraha jumlahna 3. Unggal padalisan teu

ditangtukeun jumlah

3. Pancén1 guru nitah murid ngadiskusikeun babandingan pupuh jeung kawih: a. Wangun pupuh kumaha, wangun kawih kumaha

b. Eusi nu dicaritakeun dina pupuh kumaha, eusi nu dicaritakeun dina kawih kumaha

6. Guru nitah murid pikeun nyindekkeun hasil diskusina.

7. Guru nugaskeun murid nembangkeun pupuh durma jeung ngawihkeun ‘Karatagan Pahlawan’.

8. Guru nugaskeun murid sacara individu minangaka PR pikeun nyieun sapada pupuh durma.


(33)

E. Nembangkeun Pupuh Tina wawacan

No. Kagiatan

Dina kagiatan 3 guru nitah murid migawé pancén1, pancén 2, pancén 3 Pancén 1 guru nitah murid nembangkeun pupuh tina wawacan. Saméméhna:

a. Guru nyaritakeun ka murid yén nembangkeun pupuh téh bisa dilakukeun sahiji pupuh, teu disambungkeun jeung nu lian deui.

Upamana ieu aya conto: Pupuh Kinanti (1) Guru nembangkeun pupuh Kinanti

Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon baé nu kapanggih

b. Guru nembangkeun deui pupuh sinom dina wangun guguritan

Aya hiji rupa kembang Raranggeuyan tapi leutik Rupana bodas kacida Matak lucu liwat saking Hanjakalna teu seungit Lamun ku urang di ambung Kitu ogé ti beurang

Ari seug mungguh ti peuting Sumeleber nyambuang sapakarangan

Sengit lain kaulinan Leleb manis ngadalingding Matak bungah mamanahan Matak resmi kana pikir Lamun urang ti peuting Seug di buruan ngalantung Keur nuju caang bulan

Ngambeu kembang dupa seungit Karasana sumerep saluar badan

c. Guru nyontoan nembang pupuh kinanti dina wawacan ‘Ratna Suminar Nepangan Déwi Pramanik’. Ratna suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku sang ajeng ratna putri.

Pancen 2 guru nitah murid migawé pancén mandiri. Saméméh guru nanndeskeun deui yén dina pangajaran ieu, murid geus mampuh nembangkeun durma ‘Ratna Suminar’ jeung ‘Karatagan Pahlawan’. Nu disebut bieu téh aya nu diwangun ku pupuh jeung nu kaasup wangun kasengker ku pada jeung rumpaka.


(34)

3. a. Guru nitah murid nengetan deui wangun jeung eusi pupuh durma dina pangajaran saméméhna.

b. Guru nitah murid sacara mandiri nyieun sapada pupuh durma, témana bébas kumaha murid baé.

c. Tengetan deui wangun jeung eusi sajak bébas dina pangajaran saméméhna.

d. Guru nitah murid sacara individu nyieun sajak bébas, témana kumaha murid ogé

F. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

Pancén 3 guru nugaskeun murid maca wacana dina wangun lancaran ‘Banténg Pasirmalang’.

1. Guru nitah ka murid nganomeran unggal paragraf dina wacana kasebut. 2. Guru nitah nuliskeun gurat badag tina unggal paragraf. Geus kitu jieun

ringekesan carita dumasar kana gurat badag nu geus disusun, maké basa sorangan.

3. Guru nitah murid ngalisankeun di hareupeun kelas.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan

1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3. Guru méré tugas mandiri

Guru nitah migawé pancen. Pék tengetan heula naon pancén hidep téh! 1. Jieun sapada pupuh durma. Témana kumaha hidep baé.

2. Jieun sajak bébas sajudul, Témana kumaha hidep oge 3. Tugas nyorangan (individu) dijieun di imah.

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.


(35)

PANGAJARAN 3

Tema : Tokoh nu Manggihkeun

Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngalisankeun jawaban, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkes bacaan, ngalarapkeun kecap rajékan, ngabandingkeun wangun /di/ /ka/ dina kalimah, ngalisankeun sora, maca ngajembaran, nulis sajak, ngadéklamasikeun sajak, nyaritakeun deui, maca ngeuyeuban.

KAGIATAN AWAL

No. Ngondisikeun Murid Ngawangun Konteks

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 3 ngeunaan hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 3 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Tokoh Nu Manggihkeun”. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa reueus,

ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyahona ka tokoh-toh nu nimukeun atawa nyiptakeun hiji barang . Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna “Imah Awi Jatnika” karangan

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.


(36)

3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar Imah nu dijieun tina awi.

Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kareueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1 guru babarengan jeung murid nyiapkeun alat pangajaran jeung sumber pangajaran. Saterusna guru méré pesen ka murid cara maca nu kudu taliti, unggal paragraf kana paragraf. Sarta ngingetkeun yén kudu nandaaan kecap nu teu dipikaharti geusan nyangking gagasan unggal paragraf. 2. Guru ngabimbing murid salila maca tepi ka tamat bacaan. Guru

sakali-kalieun méré pananya geusan neuleuman eusi bacaan.

3. Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna, sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana:

1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya. Ti nomer hiji dugi ka nomer 10.

2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib. 3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya. 4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé. 5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru.

6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun jawaban.

7. Guru nyindekkeun pangajaran.

B. Ngalisankeun Jawaban

No. Kagiatan

1. Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna, sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana:


(37)

1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya. Ti nomer hiji dugi ka nomer 10.

2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib. 3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya. 4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé. 5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru.

6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun jawaban.

7. Guru nyindekkeun pangajaran.

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 2 guru jeung murid saméméhna geus nyadiakeun kamus basa Sunda jeung sumber lianna. Saterusna murid disiapkeun kana kagiatan kelompok pikeun migawé pancén1, pancén 2.

1. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok jeung nangtukeun saurang ketua.

2. Guru ngabingbing limangsungna diskusi kandaga kecap. 3. Guru nitah murid nyindekkeun hasil diskusi.

4. Guru nyebutkeun pancén saterusna ngalisankeun kalimat nu dijieun tina kecap nu sapuluh nu geus didiskusikeun

5. Guru nitah murid ngalisankeun kalimah sacara bagilir.

D. Ngaringkes Bacaan

No. Kagiatan

Pancén 1 guru nitah murid ngaringkes bacaan. Lengkah garapanana: 1. Guru nitah murid nuliskeun gagasan unggal paragraf.

2. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana gagasan nu geus ditulis.

3. Guru nitah macakeun ringkesan nu geus disusun ku murid. 4. Guru ngomentaran ringkesan masing-masing murid.


(38)

Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap rajekan. 1. Guru jeung murid nyadiakeun bahan nu rék dibahas.

2. Guru museurkeun panitén murid kana bahan kecap rajékan. 3. Guru nerangkeun conto kecap rajekan.

4. Guru nitah murid nuliskeun kecap rajékan di papan tulis, terus diterangkeun saterusna dijieun kalimah.

5. Guru nugaskeun nyatet 10-20 kecap rajekan jiga conto tina majalah atawa koran, terus dihartikeun.

6. Guru jeung murid tanyajawab, terus nyindekkeun pangajaran kecap rajekan.

Pikeun ngajembaran pangaweruh dina pangajaran ngeunaan tokoh nu manggihkeun, guru mikeun deui bacaan nu sarupa ngeunaan téks deskripsi tokoh nu manggihkeun.

1. Guru nyaritakeun pangajaran saméméhna nu manggihkeun modél imah awi pikeun diekspor. Saterusna nyaritakeun nu manggihkeun sapatu pikeun kasehatan keung kasalametan diri. Pék baé baca ku murid sing gemet.

2. Guru ngabingbing murid manggihkeun poko carita.

3. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana poko carita maké basa sorangan.

4. Guru mariksa pagawéan murid.

5. Guru jeung murid ngabahas basa nu dipaké dina karangan.

6. Guru jeung murid ngadislusikeun kalimah nu salah jeung nu nyababkeun kasalahan kalimah.

7. Guru nitah murid maca ringkesan bacaan.

E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan

No. Penyusunan Téks Hasil Observasi Sacara mandiri

1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid sacara mandiri pikeun migawé pancén 1. Pancén 2, pancén 3.

Hidep tangtu saméméhna ogé geus diajar rupa-rupa kecap rajékan téa. Tengetan deui ieu conto!

a. Baku éta budak téh, unggal wayah kieu sok ceurik b. Babakuna mah sok diheureuyen ku lanceukna.

Téangan deui dina koran atawa majalah, 10 nepi ka 20 kecap saperti conto di luhur. Sebutkeun harti kecapna.


(39)

F. Ngabandingkeun Wangun /di/ /Ka/ Dina Kalimah

No. Kagiatan

1. Pancén 1 guru nitah murid ngabandingkeun wangun /di/, /ka/ dina kalimah

1. Guru museurkeun panitén murid kana bahan ajar nu ditulis dina papan tulis

a. Tangakal awi dituar ku bapa.

b. Tangkal awi aya di tukangeun imah.

c. Murid-murid teu kabawa kabeh da mobilna leutik. d. kelas 6 indit ka toko buku.

2. Guru ngabandingkeun wangun /di/ rarangkén jeung /di/ kata depan, terus /ka/ rarangkén jeung /ka/ kata depan.

3. Guru nitah murid nyieun wangun kecap nu maké /di/ /ka/ sapuluih kecap.

4. Guru nitah nugaskeun murid ngalarapkeun kecap dina kalimah. 5. Guru nitah murid ngalisankeun éta kalimah.

6. Guru nanya ka murid ngarti jeung henteuna pangajaran nu diterangkeun

7. Guru nanya ka murid saha nu bisa nyindekkeun pangajaran nu dibahas.

8. Guru mairan kacindekan nu dijieun ku murid

G. Ngalisankeun Sora

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid ngalisankeun sora /é/, /e/. Guru dibingbing kagiatan murid salila lumangsungna kagiatan. Guru museurkeun panitén murid kana conto kalimah nu ngandung sora /é/ jeung/e/ di papan tulis.

1. Guru nuliskeun kalimah di papan tulis.

a. Seng téh kaambeu seungit lauk nu keur digoréng. b. Hateup séng lalésot rabeng katiup angin putting beliung.

2. Guru nitah murid maca kalimah nu ditulis di papan tulis sacara bagilir.

3. Guru marentah murid niténan conto nu aya dina buku. Terus di baca tarik nepi ka karasaeun bédana ngucapkeun sora/é/ jeung /e/. 4. Guru nanya murid ngarti jeung henteuna.


(40)

5. Guru nitah murid nuliskeun sababaraha kecap ngaran tutumpakan, atawa transportasi nu aya sora/é/ contona béca. Kitu deui kecap ngaran sayur, lalab nu aya sora /e/ contona wortel.

6. Guru mariksa tugas murid sarta ngabahas pagawéan murid. 7. Guru nitah murid ngucapkeun éta kecap kalawan béntés.

8. Guru nitah murid nyieun kalimah ku kecap kasebut, terus dibahas babarengan.

9. Guru nyindekkeun pangajaran

H. Nulis Sajak

No. Kagiatan

1. Guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun geusan ngahudang karep kreatif, jujur sarta tanggungjawab.

I. Nulis Sajak

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 1 :

1. Guru méré gambaran ka murid wangun carita jeung wangun sajak aya bedana. Hidep bisa ngabandingkeun bacaan carita jeung wangun pupuh, guguritan, wawacan dina pangajaran saméméhna. Kitu deui nuluis sajak nu ayeuna teu sarua jeung nu méméhna.

2. Guru ngajak murid nengetan cara nyieun sajakna, dimimitian ngajajarkeun hurup gede ka handap, geus kitu masing-masing hurup dipanjangkeun ka gigir eusina kumaha maksud nu nulis. Tengetan conto, upamana rék ngaran murid sorangan.

3. Guru nuduhkeun ieu tugas minangka pancén mandiri, bisa dijieun di imah, bisa dibantuan ku kolot atawa ku dulur, resep geura.

4. Guru nitah macakeun sajak karya murid nu geus rengse dijieun, dihareupeun kelas .


(41)

J. Ngadéklamasikeun Sajak

No. Kagiatan

1. Pancén 1 guru nitah murid neuleuman eusi sajak sacara kelompok.

1. Guru maca bedas téks sajak. Tujuanana ngawanohan eusi jeung maksudna.

2. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti kecap saujratna jeung harti injeuman, kitu deui maksud eusi sajak.

3. Guru jeung murid ngadiskusikeun lentong, wirahma, jeung nada dina maca sajak.

4. Guru jeung murid maca ngajiwaan eusi.

2. Pancén 2 guru nitah murid ngadeklamasikeun sajak sacara kelompok: 1. Guru nitah murid maca tepi ka apal.

2. Guru nitah murid déklamasi (maca teu maké téks) sacara bagilir dina kelompok.

3. Guru ngabingbing murid déklamasi.

4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran déklamasi.

K. Nyaritakeun Deui

No. Penyusunan Téks Deskripsi Hasil Observasi Sacara Mandiri

1. Pancén 1 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan ngeunaan tokoh nu manggihkeun sarupa jeung bacaan saméméhna. Prak-prakanana:

1. Guru nitah murid maca jero haté ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’ nepi ka rengsé.

2. Guru ngabingbing muridmaca geusan nimukeun kalimah poko dina unggal paragraf. Terus ngadiskusikeun jeung babaturan.

3. Guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan maké basa sorangan. 4. Guru nuliskeun conto bahasan dina papan tulis. Terus nerangkeun éta

conto nepi ka murid ngarti kana maksudna.

5. Guru nuliskeun conto kalimah di papan tulis, terus nerangkeun kalimah nu kabagi jadi jejer (subjek), caritaan (predikat) jeung objek. 6. Guru mariksa pagawéan jeung ngabingbing murid nyusun sapuluh

kalimah nu polana jejer-caritaan-objek. Murid bagilir nuliskeun kalimahna di papan tulis sarta dipariksa sacara babarengan.

7. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya dumasar tina wacana ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’.


(42)

L. Maca Ngeuyeuban Pangajaran

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid maca ngeuyeuban pangajayan pikeun nambah pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun .

1. Guru nitah murid maca nengetan eusi nepi ka kacangkem eusi bacaanana.

2. Guru langsung nanya ka murid sacara bagilir nepi ka rengse tujuh pananya.

3. (No. 8) Guru nitah murid nu ngacungkeun leungeun, nyaritakeun ku basa sorangan nu nimukeun ‘Nangkadak Ti Mekarsari’.

4. Gurujeung murid nyindekkeun pangajaran.

5. Guru nitah murid migawé tugas mandiri nulis karangan narasi di imah asing-masing.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan

1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3. Guru méré tugas mandiri

1. Téangan, inget-inget, hiji jalma (tokoh), saha ngaranna, urang mana, iraha jeung dimana lahirna, naon pendidikanana, widang naon kaahlianana, atawa naon jasana (bisa nimukeun naon nepi ka kawentar di masarakat)

2. Geus boga acatetan kasebut mah jieun maké karangan narasi maké basa Sunda nu hadé.

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.


(43)

PANGAJARAN 4

Tema : Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa

Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, ngalarapkeun kecap, nyaritakeun deui, neangan harti kecap, maca ngajembaran.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 4 ngeunaan hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 4 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa”. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunan pangaruh globalisasi hususna ka dirina, umumna keur lingkunganjJeung kahirupan manusa. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna karangan “Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa”.

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.


(44)

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi.

Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu diperhatikeun ku murid:

1. Guru méré pesen ka murid maca kudu taliti geusan nyangking maksud eusi bacaan.

2. Guru ngabingbing murid salila maca nepi ka tamat.

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna dilaksanakeun heula kagiatan:

1. Guru ngabingbing murid nu keur migawé jawaban nepi ka rengsé. 2. Guru jeung murid ngabahas eusi bacaan.

3. Guru nitah murid nepikeun pamanggihna ngeunaan globalisasi. 4. Guru jeung murid nyindekkeun eusi bacaan.

C. Ngalarapkeun Kecap

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap nu kapaluruh tina kagiatan pembelajaran méméhna. Kagiatanana:


(45)

1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung bahan sejenna.

2. Guru ngabingbing murid neangan harti kecap dina kamus jeung sumber sejenna.

3. Guru jeung murid ngadiskusikeun kecap-kecap jeung hartina. 4. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap dina kalimah. 5. Guru nitah murid macakeun kalimah nu dijieunna.

6. Guru jeung murid ngabahas kalimah nu dijieun ku murid.

7. Guru ngabingbing murid nuliskeun kecap-kecap jeung istilah nu timbul tina pangaruh globalisasi.

D. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 2 guru ngajak murid maca deui bacaan ‘Hapé’ minangka makaya pangaweruhna tina hal –hal nu mangrupa pangaruh globalisasi. 2. Pancén1 guru nitah murid pikeun mahan heula bacaan, Pikeun kagiatan

kasebut guru nyiapkeun sababarah kagiatan, diantarana: 1. Guru nitah murid ngajawab pananya.

2. Guru jeung murid tanya jawab hal barang-barang nu aya di masarakat dina kahirupan kulawarga.

3. Guru nitah nuliskeun kecap-kecap, istilah anyar dina basa Sunda. 4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran.

E. Nyaritakeun Deui

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan:

1. Guru nitah murid maca deui minangka makayakeun tina hal ‘hapé jeung internet’.

2. Guru nitah murid ngajawab pananya, terus ngadiskusikeun. 3. Guru nitah murid nyindekkeun eusi bacaan.


(46)

F. Néangan Harti Kecap

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 3 guru ngabingbing murid pikeun migawé pancén mandiri. 2. Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap:

1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung sumber bahan sejenna. 2. Guru jeung murid ngahartikeun kecap, terus ngalarapkeun dina

kalimah.

3. Guru nitah murid nengetan kalimah nu ditulis di papan tulis. 4. Guru nerangkeun kecap panglandi: pang, landi.

5. Guru jeung murid tanyajawab rarangken ‘pang’.

6. Guru nitah murid nyieun conto sejen, kecap nu maké rarangkén ‘pang’, terus éta kecap jieun kalimah.

7. Guru ngabahas éta kalimah.

8. Guru ngajak murid nengetan kecap sorangan nu dipaké dina kalimah.

• Aya mangsana sorangan meunang panglandi.

• Soarangan nu narimana.

• Pedah sorangan kabarandungan kokomoan kana internet. 9. Guru nitah deui nengetan kalimah nu maké kecap kuring.

• Aya mangsana kuring meunang panglandi.

• Kuring nu narimana.

• Pedah kuring kabarandungan kokomoan kan ainternet. 10. Guru jeung murid ngabahas kecap ‘sorangan’ jeung kecap ‘kuring’. 11. Guru nitah murid nengetan larapna kecap ‘sorangan’, sarta

ngabandingkeun kecap nu dipaké dina kalimah.

3. Pancén 2 guru nitah murid nyieun kacindekakan kan pangajaran nu geus dilaksanakeun

G. Maca Ngajembaran

No. Kagiatan

1. Pikeun ngajembaran pangaweruh murid ngeunaan pangaruh globalisasi kana lingkungan jeung kahirupan manusa, guru nugaskeun murid maca deui téks sarupa, ku cara:


(47)

1. Guru ngabingbing murid maca ‘Bandung Diusulkeun ka Unesco Jdi Kota Kréatif ’.

2. Guru nitah nyangkem eusi bacaan .

3. Guru nitah nyangking gurat badag bacaan sarta nyieun tingkesanana. 4. Guru nitah murid nenangan harti dalapan kecap nu disadiakeun, sarta

ngalarapkeun dina kalimah.

5. Guru nitah murid nyebutkeun kalimah nu dijieun.

6. Guru nitah murid nyebutkeun poko atawa inti wacana ‘Bandung kota Kréatif ’.

7. Guru nitah murid migawé tugas mandiri, nulis karangan deskripsi.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan

1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3. Guru méré tugas mandiri

1. Nulis karangan deskripsi ngeunaan pangaruh globalisasi. Pék naon baé topikna mah.

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.


(48)

PANGAJARAN 5

Tema : Wira Usaha

Bahan : Déskripsi

Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca ngajembaran, ngabedakeun karangan narasi jeung deskripsi, maca sajak, migawé pancen.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 5 ngeunaan wira usaha. Tina Pangajaran 5 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi ngeunaan wira uasaha. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana dina nyaksian kagiatan wira usaha nu aya di sabudeureun lingkunganana. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna karangan Restoran Sunda Ngawawaas Dahar Cara Sunda”. 3. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan

kawirausahaan, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.


(49)

4. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi.

Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu diperhatikeun ku murid:

2. Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna dilaksanakeun heula kagiatan:

1. Guru ngabingbing murid salila maca lumangsung. 2. Guru nitah nyirian kecap-kecap nu can dipikaharti. 3. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya. 4. Guru nitah murid mikaharti maksud wira usaha.

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid neruskeun kagiatan pembelajaran, ku cara: 1. Guru nitah murid ngajawab pananya.

2. Guru ngabingbing murid ngahartikeun maksud pananya. 3. Guru méré tanda rengsé ngajawab pananya.

4. Guru nitah murid maca pananya, terus langsung maca jawabanana. 5. Guru nitah murid méré kamandang sacara bagilir nepi ka tamat. 6. Guru méré kasempetan ka murid geusan nepikeun pananya. 7. Guru nyindekkeun pangajaran.


(50)

C. Néangan Harti Kecap Dina Kamus

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 2 guru leuwih ti heula méré gambaran umum hal wawangunan imah tradisi, saung jeung sabudeureunana.

2. Guru ngabingbing sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung kecap-kecap ngaran pakakas dina budaya Sunda.

3. Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap dina kamus babarengan jeung batur sabangku.

1. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti jeung maksud kecap.

2. Guru nitah murig ngalarapkeun kecap dina kalimah sarta terus ngabahas.

3. Guru nitah murid nengetan kecap sawanda. .

D. Ngalarapkeun Kecap Sawanda

No. Kagiatan

1. Pancén2 guru nitah murid sacara kelompok (jeung batur sabangku) pikeun ngalarapkeun kecap sawanda. Kagiatanana bisa cara kieu:

1. Guru jeung murid ngabahas kecap tur neangan kecap sasaruanana. 2. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap sawanda dinakalimah. 3. Guru nitah murid ka hareupeun kelas nuliskalimah dina papan tulis.

E. Kecap Tina Basa Arab

No. Kagiatan

1. Pancén 3 guru nitah murid nengetan kecap-kecap nu datangna tina basa deungeun:

1. Guru ngajak murid nengetan conto-conto kecap nu asalna tina basa Arab.

2. Guru nitah murid nyebitkeun kecap nu asalna tina basa Arab, masing-masing murid sakecap, tuluy éta kecap dijieun kalimah. 3. Guru nitah murid ngabadamikeun jeung babaturanana harti kecap


(51)

4. Guru nyindekkeun pangajaran.

5. Guru nitah murid ngainformasikeun hal nu aya dina bacaan ‘Ngawawaas dahar Cara Sunda’ ka batur sabangkuna.

6. Guru nitah murid néangan bagian dina bacaan nu ngadeskripsikeun kaayaan.

7. Guru méré tugas nulis deskripsi saalinea, terus dibacakeun ka batur sabangkuna.

F. Maca Ngajembaran

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid pikeun dipigawé sacara mandiri.

2. Pancén 1 guru nitah murid maca deui bacaan ‘Kiripik Sampeu Ma Icih’. Prak-prakan kagiatanana:

1. Guru nitah murid maca kalawan taliti.

2. Guru nitah maca éta bacaan minangka ngalalanyahan rék nerangkeun karangan narasi jeung karangan deskripsi.

3. Guru nitah murid sangkan nyebutkeun éta bacaan téh narasi atawa deskripsi.

G. Karangan Narasi jeung Deskripsi

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid maca malikan deui tina pangajaran saméméhna: 1. Guru tanya jawab jeung murid carita ‘Ngawawaas Dahar Cara Sunda’

jeung ‘Kiripik Ma Icih’.

2. Guru nitah murid nengetan conto 1, kalimah nu maké kecap : kawas, jiga, saperti sarta conto 2 nu ngagambarkeun kaayaan.

3. Guru nitah maca conto digalantangkeun di hareupeun kelas.

4. Guru nitah murid néangan conto sejen, jeung latihan nulis kalimah-kalimah nu basana éndah.


(1)

mangrupa karya sastra prosa iksi anu ukuranana pondok. Palakuna saeutik, jalan caritana

henteu loba babagianana, waktu lumangsungna caritana ogé sakeudeung. Carita pondok kaasup sastra kaayeunakeun, sumebrna ku cara tinulis, tur jelas nu ngarangna.

Minangka bagian tina prosa iksi, carpon mibanda unsur intrinsik saperti tema,

pakaku, galur, latar (waktu tempat, jeung suasana), puseur sawangan, jeung amanat. Carpon Sunda mimiti aya taun 1929-an, sok dimuat dina Majalah Parahyangan. Buku kumpulan carpon SUnda anu munggaran nyaéta Dogodg Pangréwong karya GS (1930). GS téh aya nu manjangkeun G. Suwandakusumah ayawa ogé nu manjangkeun G. Sastradireja. Dibandingkeun jeung kumpulan carpon dina basa Indonésia nu judulna Teman Duduk karya Muh Kasim (1936), kumpulan carpon Sunda genep taun leuwih ti heula.

Sabada medalna rupa-rupa majalah jeung kalawarta Sunda saperti Warga (1951), SUnda (1952), Candra (1954), Kudjang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan SUnda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Gaura (1974), jeung SIpatahunan (?), carpon Sunda téh terus tumuwuh ku dimuatna dina éta majalah.

Kiwari geus réa carpon Sunda nu dibukukukeun, dinatarana waé, Carita Biasa (RAF, 1959), Dongéng Enténg ti Pasantrén (RAF, 1961), Papacangan (Rusman SUtiasumarga, 1960), Hujan Munggaran (Ayatrohaedi, 1960), Néangan (Caraka, 1962), Jurig (Tii Kartini, 1963), Paséa (Tii Karti, 1965). Jurig (Tii Kartni, 1964), Di Luhureun Jukut Reumis (Yus Rusyana, 1965), Jajaten NInggang Papastén (Yus Rusyana, 1989), Kanyaah Kolot (Karna Yudibrata, 1985), Ceurik Santri (Usep Romli HM, 1985), Halimun Peuting (Iskandarwassid, 1989), Nu Harayang Dihargaan (Darpan).

Sajak

Sajak téh kaasup kana wanda puisi atawa wangun ugeran, anu teu pati kauger ku patokan wangunna saperti guru lagu jeung guru ilangan. Ku kituna, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas. Disebut bébas téh lantaran saenyana mah rélatif sabab tetep waé ari ugeran mah aya. Ngan mun dibandingkeunjeung dangding (gugurtan) anu kauger ku patokan guru lagu jeung guru wilangan, mémang sajak mah leuwih bébas. Purwakanti henteu ditangtukeun ku pola nu matok. Kitu deui, wirahmana henteu angger saperti ébréh tina jumlah jajaran dina sapada jeung jumlah engang dina sapadalisan.

Mimiti gelarna sajak Sunda dina taun 1950-an. Ari saenyana mah ti taun 1946-an ogé ges aya nu nulis sajak dina sastra Sunda téh, di antarana Kis WS. Biasana dimuat dina koran atawa majalah saperti Sipatahunan, Warga, Sunda, Kidjang, Manglé, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Giwangkara, jeung Galura. Harita mah sajak-sajak téh can dibukukeun.

Kiwari geus réa sajak-sajak anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana waé: - Lalaki di Tegal Pati (Sayudi, 1963)

- OMbak Laut Kidul (Rahmat M Sas Karana, 1966) - Jante Arkidam (Ajip Rosidi, 1987)


(2)

64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

- Basisir Langit (SUrachman RM, 19..) - Katiga (Yayat Hendayana, 1975)

- Nu Ngaronghéap Mangsa Surup (Eddy D Iskandar, 1975) - Lalaki Langit (Yuniarso Ridwan, 1979)

- Tepung di Bandung (Rahmat M Sas Karana, 1979) - Jagat Alit (Godi Suwarna, 1979)

- Nu Mahal ti batan Inten (Yus Rusyana, 1980) - Sajak-sajak Cilauteureun (Tauik Faturohman) - Jamparing (Etti RS, 19..)

- Urang Naon di Cinaon (Wahyu Wibisana, 1992) - Kidang Kawisaya (Chye Retty Isnendes)

Purwakanti

Purwakanti (dina basa Indonésia disebutna rima). Istilah “purwakanti” asalna tina kecap purwa anu hartina ‘mimiti’ jeung kecap kanti anu hartina ‘marengan’. Purwakanti téh nuduhkeun sasaruaan sora antara kecap-kecap dina jajaran atawa antarjajaran. Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa rendonan kecap-kecap, utamana dina puisi. Tempat purwakanti bisa ngarendeng dina sakalimah atawa sapadalisan (RANTAYAN), bisa ogé ngaruntuy dina antarpadalisan (RUNTUYAN).

Aya rupa-rupa purwakanti, di antarana waé:

(1) Purwakanti swara:

- Maduswara = sarua vokal a-a-a-a - Cakraswara = beda vokal i-u → u-i

(2) Purwakanti laras:

- Laras purwa : sarua sora/engang di awal - Laras madya: sarua sora/engan di tengah - Larawekas: sarua sora/engang di ahir

(3) Purwakanti mindoan:

- Mindoan kawit: malikan kecap di awal - Mindoan wekas: malikan kecap di ahir - Mindoan kecap: mlikan kecap homonim

(4) Purwakantu luyuan:

- Pangluyu: sarua sora sakalimah

- Margaluyu: kecap ahir dibalikan dina awal kalimah

- Purwakanti pangluyu nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, mangrupa purwakanti rantayan.


(3)

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eu, eu) diteang ti tukang lenjang (ang, ang, ang) ditilik ti gigir lengik (ik, ik)

Pupuh

Pupuh téh salasahiji wangun ugeran atawa puisi anu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan. Jaba ti éta, pupuh téh mibanda watek séwang-séwangan. Pupuh maskumambang kagolong kana sekar alit. Watekna nalangsa, ngageuri, atawa pépéling. Sapadana aya opat jajar, guru wilangan jeung guru laguna: 12-I, 6-a, 8-I, jeung 8-a.

GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN PUPUH MASKUMAMBANG

GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN

Hé ba- ru= dak ku- du mi- kir ti leu- leu- tik 12-i

ma- néh ka- hu- ta- ngan 6-a

ku ko- lot ti ba- tang la- hir 8-1


(4)

66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

B. Glosarium

aksara = lambang ucapan

beukah = mimiti ngagedéan, kembung canémbrang = ngagenclang

digunasika = diganggu

dipigandrung = pikaresep, dipitineung diriksa = dipiara

hanaang = hayang nginum hasiat = kagunaan hirup rukun = hirup sauyunan kacanduan = katagihan, deudeuieun kacapit = kacekel saeutik

kakayon = kakayuan, kai-kaian

leuwi = bagian walungan anu jerona mancawura = awur-awuran ka saban juru

metot = medol, narik; kabetot = katarik, kabedol ngabuburit = ngadagoan waktu magrib

ngangon = nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukut nyékaskeun = ngébréhkeun

pacekel-cekel = silih cekel, silih puntangan paciweuh = rarépot, loba gawé

pahatu = teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapa pananda sora (rarangkén aksara)

pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena. pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena. pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena. panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena. paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena. panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena. panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara … pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena. panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena. panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena. panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena. panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena. panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.


(5)

pupujaning = nu dipuja-puja raruntag = rarungkad, raruntuh rembet = pinuh ku areuy-areuyan rempug jukung = sauyunan

runtag = runtuh, rungkad sagara = lautan, jaladri suwung = kosong tatanén = pertanian

teuleum = ngalelepkeun kabéh awak nepi ka sirah kana cai wangun sastra = rupa-rupa sastra saperti prosa, puisi, jeung drama wastana = ngaranna


(6)

68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Rusyana, Yus. 1997. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang. Sudaryat, Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat, Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.

Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat.

Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.