ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG BOGOR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN NGEUNAAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Bahan pangajaran maca pedaran ngeunaan kasenian mangrupa salasahiji bahan pangajaran nu aya di pangajaran Bahasa Sunda. Ieu pangajaran téh kudu ditepikeun ka siswa sacara gembleng. Ku kituna, perlu pisan ayana paktor-paktor pikeun ngahontal tujuan pangajaran maca pedaran ngeunaan kasenian, salah sahijina nya éta Sumber atawa media pangajaran. Dina pangajaran maca pedaran ngeunaan kasenian bisa diajarkeun ragam basa Sunda nu tumerap di masarakat.
Perluna pedaran kasenian pikeun siswa SMA nya éta sangkan peserta didik wanoh sarta mikanyaho kekecapan sarta nambahan kandaga kecap dina widang budaya umumna sarta hususna widang kasenian. Kurangna pedaran ngeunaan kasenian ngabalukarkeun kagiatan maca peserta didik SMA monoton sarta teu ngabogaan aspék mangpaat pikeun leuwih parigel dina maké basa jeung wanoh kana kekecapan anyar. Pedaran ngeunaan kasenian iwal ti nambahan kandaga kecap dina basa Sunda ogé boga maksud pikeun ngawanohkeun deui kasenian-kasenian nu aya di Jawa Barat umumna sarta hususna di wewengkonna séwang-sewangan. Ku kituna perlu loba pedaran ngeunaan kasenian sangkan siswa bisa leuwih parigel dina maké basa, kecap dina unggal paguneman sarta wanoh kana kasenian nu aya di wewengkonna.
Ngawanohkeun kecap dina pedaran kasenian teu sagemblengna dina hiji kalimah ngasupkeun kecap-kecap kasenian. Tapi ku cara méré istilah-istilah sarta dibarung ku kecap-kecap nu loma dipaké ku siswa. Dipiharep ti ayana sisipan istilah-istilah kasenian, siswa boga kereteg pikeun nalar harti ti istilah kasenian éta sangkan maksud ngawanohkeun istilah dina kasenian kahontal.
Ti dinya, panyusun boga maksud pikeun ngaguar sarta nalungtik istilah-istilah nu di paké dina kasenian nu aya di Kabupatén Bogor nya éta kasenian Jigprak. Panalungtikan ngeunaan istilah-istilah nu aya patalina jeung kasenian sabenerna mah geus aya nu nalungtik. Tapi nu nalungtik ngeunaan istilah dina
(2)
kasenian Jigprak masih kénéh can aya. Sababaraha panalungtikan ngeunaan istilah-istilah nu aya patalina jeung kasenian nya éta “Istilah-istilah dina Kasenian Penca Silat Panglipur di Kalurahan Balééndah Kabupatén Bandung pikeun Salah
Sahiji Alternatif Bahan Ajar Maca Bahasan Kasenian di SMA Kelas XII” nu ditalungtik ku (Dini Anggriani, 2009), “Istilah-istilah dina Kasenian Celempungan di Kacamatan Pamulihan Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran
Ngaregepkeun di SMP” ditalungtik ku (Evi Lisniawati, 2008) jeung “Istilah
Tatanén Ngahuma di Desa Bencoy Kecamatan Cireunghas Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII” nu ditalungtik ku (Yuli Siti Rahmawati, 2010). Tina sababaraha panalungtikan di luhur can aya nu nalungtik lewih husus ngeunaan istilah dina kasenian Jigprak, sarta can aya nu matalikeun jeung bahan pangajaran maca pedaran ngeunaan kasenian, sanajan aya hiji panalungtikan nu matalikeun istilah dina kasenian jeung bahan pangajaran nya éta
“Istilah-istilah dina Kasenian Penca Silat Panglipur di Kalurahan Balééndah Kabupatén Bandung pikeun Salah Sahiji Alternatif Bahan Ajar Maca Bahasan Kasenian di SMA Kelas XII” nu ditalungtik ku (Dini Anggriani, 2009).
Dumasar kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) Basa Sunda taun 2006 di SMA kelas XII diajarkeun perkara maca pedaran ngeunaan kasenian. Maca nya éta salah sahiji aspék dina kaparigelan basa nu gunana pikeun narima informasi tinulis. Peran guru jeung siswa dina prosés pangajaran kacida pentingna. Guru salaku subyék dina prosés pangajaran boga peran jeung pungsi dina ngirut siswa sangkan mikareueus, ngariksa, sarta ngamumulé kabudayaan, nu tujuanana sangkan siswa mibanda sikep nu positif. Salian ti éta tujuan pangajaran bisa kahontal lamun guru parigel milih bahan pangajaran, parigel milih jeung nganalisis buku sumber nu luyu jeung tujuan pangajaran, jeung guru bisa nangtukeun tingkat kamampuh siswa luyu jeung waktu nu disadiakeun.
Dua paktor nu sahenteuna bisa ngarojong kana prosés diajar ngajar basa Sunda, nya éta (1) paktor internal, nya éta paktor kamampuh jeung poténsi sarta rupaning usaha nu dilakonan ku siswa, (2) paktor éksternal, nya éta paktor nu aya di sabudeureun diri siswa kayaning lingkungan kulawarga, sakola, jeung lingkungan sosial budaya. Paktor éksternal ngawengku kabiasaan hirup masarakat
(3)
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
(adat istiadat), pola pikir masarakat, jeung média informasi nu sumebar di masarakat. Préstasi diajar basa Sunda bakal hadé saupama dua paktor éta bisa dimangpaatkeun sacara optimal, boh ku siswana sorangan boh dibantuan ku guru. Paktor internal bakal leuwih hadé saupama dimangfaatkeun kalawan bantuan guru salaku pangaping dina prosés diajar ngajar. Ku kituna, ieu paktor téh baris dijadikeun tatapakan panalungtikan.
Siswa SMA nu kiwari beuki heureut nu hayang nyaho ditambah lingkungan hirupna teu ngarojong kana nambahna kandaga kecap dina basa Sunda ngabalukarkeun lobana siswa nu teu apal kekecapan dina basa Sunda. Ku kituna sangkan siswa leuwih mikanyaho kana istilah kasenian, dijieun ieu panalungtikan ngaliwatan panalungtikan ka padépokan kasenian.
Ti dinya, panyusun ngarasa perlu nyieun pedaran ngeunaan kasenian nu teu acan dipikawanoh ku masarakat Jawa Barat nya éta kasenian Jigprak. Pedaran baris medar ngeunaan istilah-istilah pikeun ngaronjatkeun kamampuh maca siswa SMA kelas XII.
Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan di judulan “ Istilah-istilah dina Kasenian Jigprak di Desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor
Pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Ngeunaan Kasenian di SMA Kelas XII”
1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Sangkan puguh garapeunana, ieu panaluntikan perlu diwatesanan. Watesan dina ieu panalungtikan nya éta medar ngeunaan istilah-istilah nu nyangkaruk dina kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor. Hal-hal nu baris ditalungtik nya éta ngadeskripsikeun kasenian Jigprak, istilah dituturkeun hartina, sarta nyusun bahan pangajaran ngeunaan istilah-istilah dina kasenian Jigprak.
(4)
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah sarta kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh miboga sawatara masalah nu kudu dirumuskeun. Masalah nu baris ditalungtik dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap.
1) Kumaha prak-prakan kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor?
2) Kumaha papasingan istilah dina kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor dumasar kana hartina?
3) Kumaha istilah-istilah dina kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor pikeun bahan pangajaran maca pedaran ngeunaan kasenian?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung masalah nu dipedar, ieu panalungtikan ngabogaan tujuan nu baris dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun maluruh ngeunaan istilah-istilah nu nyangkaruk dina kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang – Kabupaten Bogor pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII. Ku kituna, urang kudu maluruh heula proses kasenian Jigprak ti mimiti nepi ka dipungkasna kasenian Jigprak.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nu hayang dihontal, nya éta ngadeskripsikeun:
1) Prosés kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor ti mimiti nepi ka ditutup.
(5)
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
2) Papasingan istilah dumasar hartina dina kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor.
3) Nyieun rarancang bahan pangajaran maca istilah kasenian Jigprak di desa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor pikeun pangajaran basa Sunda di SMA.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat nu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat nu sipatna tioritis jeung sipatna praktis, nu baris ditataan saperti ieu dihandap:
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré sumbangan pikeun sistem pangajaran dina widang kasenian jeung basa, hususna ngeunaan istilah kasenian dina pangajaran maca basa jeung sastra Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis pikeun masarakat, hususna pikeun nu nalungtik, guru, jeung siswa. Sarta bisa nambahan pangaweruh dina mekarkeun bahan ajar basa Sunda ku cara ngagunakeun istilah kasenian pikeun bahan ajar maca.
1.5 Raraga Nulis
Raraga nulis ieu skripsi, nya éta:
1) Eusi BAB I Bubuka ngawengku ngeunaan kasang tukang masalah, watesan sarta rumusan masalah, tujuan nu rék dihontal dina panalungtikan, mangpaat panalungtikan, dipungkas ku raraga nulis. 2) Eusi BAB II Tiori ngawengku ngeunaan tiori nu baris dipaké dina
(6)
3) Eusi BAB III Métodologi Panalungtikan ngawengku ngeunaan métodologi nu dipaké di ieu panalungtikan ngawengku kana lokasi panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan jeung téhnik panalungtikan. 4) Eusi BAB IV ngawengku déskripsi hasil panalungtikan. Eusina medar
ngeunaan hasil obsérvasi, kajian pustaka jeung wawancara sarta saluyu heunteuna pikeun pangajaran.
5) Eusi BAB V Kacindekan jeung Saran ngawengku kana kacindekan panalungtikan jeung saran.
(7)
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
BAB V
KACINDEKAN
5.1 Kacindekan
Istilah-istilah dina kasenian Jigprak di Désa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor mangrupa hiji tarékah pikeun nyieun alternatif bahan ajar. Iwal ti éta boga maksud sangkan peserta didik bisa leuwih apal kana sagala rupa istilah nu aya hususna dina widang kasenian.
Iwal ti éta, ayana panalungtikan ngeunaan istilah dina kasenian Jigprak bisa dijadikeun pangdeudeul kana kamekaran basa Sunda. Patalina jeung bédana harti nu dipaké ku masarakat awam jeung palaku seni kasenian Jigprak. Nyoko kana sakabéh prosés panalungtikan, kapanggih sababaraha istilah dina kasenian Jigprak.
Dumasar kana rumusan masalah, panalungtikan ieu ngahasilkeun sababaraha kacindekan, di antarana:
1) Luyu jeung rumusan masalah kahiji nya éta prak-prakan kasenian Jigprak bisa disusur ngaliwatan tilu bagéan; a) Bagéan ka hiji nya éta bubuka atawa dina kasenian ieu disebutna nyarungsa. Nyarungsa nya éta kaparigelan dina
ibing bubuka. Sangkan leuwih boga ma’na, pangibing mawa lawon bodas
beureum jeung hideung. Sarta maké properti topéng pentul; b) dongéng dina prakna nya éta drama nu dibeungkeut ku unsur komédi jeung sindir sangkan nu hadir dina pintonan ngarasa diélingkeun kalawan sopan. Dipungkas ku Pangabaran; c) pangabaran nya éta pinton kamonésan batiniah. Lamun disaruakeun jeung kagiatan kasenian atawa kabudayaan séjén, pangabaran méh sarua siga debus di Banten, sabab nyoko kana kamonésan dina maké pakarang sarta beling. Kitu ogé dina hal ritual tradisi, sérén taun jeung sedekah bumi minangka tradisi taunan nu diayakeun ku padépokan ieu.
Runtuyana ngaromat atawa ngadu’a maké basa Sunda, Babakti atawa gawé
(8)
hadé sangkan némbongkeun rasa hormat ka karuhun, saraséhan, dipungkas ku jiarah.
2) Sakumaha rumusan masalah kadua, yén dina kasenian Jigprak kapanggih 52 istilah nu dipaké dina kasenian Jigprak. Tina 52 istilah éta, dipasing-pasing deui dumasar kana bagéan nyarungsa aya 15 istilah, di bagéan dongéng kapanggih lima istilah, tuluy di bagéan pangabaran aya genep istilah, di bagéan ritual aya 12 istilah nu dipaké, sedengkeun dina bagéan waditra nu dipaké, aya 10 istilah. Dina harti kecap Jigprak jeung bagéana kapanggih opat istilah nya éta jigprak, nyarungsa, dongéng,jeung pangabaran. Dina bagéan nyarungsa istilah nu kapanggih nya éta: babagongan, bubuntutan,
cempor, colén, dodot, iket, lawon beureum, lawon bodas, lawon hideung, obor, oray-orayan, pangsi, samping, topéng pentul jeung totopéngan. Di
bagéan dongéng istilah nu kapanggih nya éta: demang, knéron, sundung,
ulis jeung upas. Di bagéan pangabaran istilah nu kapanggih nya éta: almadat, bedog, bogem, kadugalan bedog, kékéncéng jeung tusuk jara.
Istilah nu kapanggih dina ritual tradisi nya éta: babakti, beubeutian, buah,
endog, jiarah, kopi, lauk, ngaromat, paré, parukuyan, saraséha jeung, tumpeng. Sarta nu pamungkas di bagéan waditra, kapanggih istilah saperti: bonang, gendang, goong, kacapi, karinding, kendang, rebab, suling, tarompét jeung terebang. Ogé kapaluruh aya 40 istilah nu kaasup ikon,
dalapan simbol sarta opat indéks.
3) Aspék budaya nu nyampak dina kagiatan kasenian Jigprak bisa dikategorikeun ku a) kasenian, b) sistem réligi, c) organisasi sosial, d) basa, jeung e) sistem pakakas jeung téhnologi. Dina sistem réligi, dongéng mangrupa salasahiji bentuk dakwah di désa Situ Ilir utamana di kampung Babakan. Dongéng mimitina disebut salaku média dakwah pikeun ulama di désa Situ Ilir. Ngaliwatan sababaraha carita, dakwah Islamiyah bisa ditepikeun kalawan masarakat nu awam bisa ngarti kana maksud sarta
ma’na dakwah éta. Ti dinya, aspék dakwah teu dileungitkeun tapi ésénsi
kaagamaan geus dileungitkeun leuwih nyoko kana kritik kawijakan. Dina organisasi sosial, masarakat bisa mikawanoh kana sesebutan gelar atawa
(9)
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
silsilah mangsa kademangan ngaliwatan dongéng. Ku sabab dina bagéan dongéng disebutkeun yén dina kademangan aya a) demang, b) ulis, c) upas, jeung d) masarakat awam. Sedengkeun dina unsur basa, iwal ti makéna basa di kasenian Jigprak, kapanggih ogé sababaraha babasan jeung paribasa nu aya patalina jeung kasenian nya éta, a) asa ditabeuh, b) goong nabeuh manéh, c) dogdog pangréwong, d) langka ditabeuh, e) nu burung diangklungan, nu gélo didogdogan, nu édan dikendangan, jeung f) ngadu angklung di pasar. Dina unsur pakakas jeung téhnologi, kapanggih yén pakakas nu dipaké bisa dibagi ku dua bagéan nya éta bagéan tatabeuhan jeung bagéan pintonan. a) Bagéan tatabeuhan: terebang, karinding, bonang, goong, kendang jst. Mangrupa parabot pikeun barangjieun pintonan dina bagéan waditra. Pakakas ieu bisa dikategorikeun salaku pakakas tradisional. Disebut pakakas tradisional ku sabab sababaraha alat masih dipaké pikeun mirig pintonan-pintonan kasenian nu aya di urang Sunda hususna. b) Bagéan pintonan: sundung, colén, cempor, knéron, bedog, kujang, beling jst. Parabot-parabot éta dikategorikeun salaku pakakas nu ngarojong kana pintonan nu bakal dilenyepan ngaliwatan visual atawa panon. Sundung sundung, colén, cempor jeung knéron mangrupa pakakas nu dipaké ti mangsa bihari. Bedog jeung kujang sanajan asupna kana pakarang, tapi dina kasenian ieu asup kana kategori pakakas tradisional nu ngarojong kana suksésna pintonan ti mimiti nepi ka ahir.
4) Sagala rupa istilah nu nyangkaruk dina kasenian Jigprak di Désa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor bisa dijadikeun alternatif bahan ajar sarta alat évaluasi pikeun mikanyaho kaaktifan jeung ngawanohkeun istilah-istilah nu aya dina widang kasenian umumna, di kasenian Jigprak hususna. Istilah kasenian ieu ogé luyu jeung SKKD maca di SMA/SMK/MA pangajaran basa jeung sastra Sunda kelas XII di poin 12.3.3 nu eusina nya éta maca pedaran ngeunaan kasenian. Ti dinya siswa bisa leuwih maham sarta wanoh kana istilah kasenian ngaliwatan maca pedaran ngeunaan kasenian.
(10)
5.2 Saran
Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun kamampuh sarta pikeun nambahan kandaga kecap peserta didik. Saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan di antarana:
1) Pikeun mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daérah, panalungtikan ngeunaan istilah-istilah masih kacida heureut. Sedengkeun kaonjoyan dina panalungtikan istilah-istilah ieu bisa nambahan kandaga kecap boh kahirupan sapopoé, kecap loma jeung kecap wewengkon pikeun kamekaran basa Sunda.
2) Pikeun Lembaga Pendidikan
Dipiharep sagala rupa hasil tina panalungtikan bisa dijadikeun bahan tinimbangan sangkan pedaran kasenian Jigprak hususna bisa dijadikeun bahan ajar alternatif. Sabab, dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan ajén palsapah, unsur pendidikan jeung utamana sangkan apal kana istilah dina kasenian Sunda.
3) Pikeun Guru
Ku sabab guru mangrupa informan pangdeukeutna ka murid disagédéngeun indung jeung bapa, dipiharep guru bisa leuwih kréatif dina nyaluyukeun bahan ajar nu baris ditepikeun ka siswa. Hasil ti panalungtikan, bahan ajar nu medar ngeunaan kasenian geus bisa disebut cocok jeung saluyu jeung SKKD SMA kelas XII.
4) Pikeun Pamaréntah
Hususna pikeun pamaréntah provinsi, leuwih hadé unggal kasenian nu aya di Jawa Barat bisa ditalungtik sangkan bisa wanoh leuwih loba ka kasenian Jawa Barat. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun tingkesan sangkan generasi ngora bisa leuwih wanoh kana kasenian nu aya di sakuliah Jawa Barat umumna, hususna kasenian di unggal dayeuh atawa kabupatén.
Teu hilap sangkan teu weléh naluntik istilah dina kasenian hususna sabab istilah dina kasenian di Jawa Barat kacida lobana. Dipiharep aya
(11)
panalungtikan-Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
panalungtikan nu medar ngeunaan istilah-istilah dina kasenian pikeun nambahan sarta mikawanoh kana sagala rupa kandaga kecap jeung istilah kasenian di Jawa Barat.
(12)
DAPTAR PUSTAKA
Amir. 1996. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan. Depdikbud: Universitas Terbuka.
Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi. Revisi).
Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Depdiknas. 2001. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Edisi ke-3. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama
___________.2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Edisi ke-4. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Dikdasmenum. 2004. Pedoman Umum Pemilihan dan Pemanfatan Bahan Ajar. Jakarta: Depdiknas
Diknas Jawan Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata
Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.
Direktorat Jenderal Manajemen Pendidikan Dasar dan Menengah Direktorat Pembinaan Sekolah Menengah Atas. 2008. Panduan Menulis Butir
Soal. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional.
Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Metode Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta
Gintings, Abdurrakhman. 2008. Essensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.
Harjasujana, Ahmad. S. 1987. Materi Kuliah Seminar Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud
Jurusan Pendidikan Basa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi
(13)
Imam Rakhman Hakim, 2015
ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG
Koenjaraningrat. 1985. Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
___________.2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Mulyati, Yeti. A.S. Harjasujana. 1996. Membaca 2. Jakarta: Depdikbud. Pannin, Paulina. Purwanto. 2001. Penulisan Bahan Ajar. Jakarta: Ditjen Dikti
Diknas.
Rahim, Farida. 2005. Pengajaran Membaca di Sekolah Dasar. Jakarta: Bumi Aksara.
Rahmawati, Yuli Siti. 2014. Istilah Tatanén Ngahuma di Désa Béncoy Kecamatan
Cireunghas Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: Tidak
diterbitkan.
Rosidi, Ajip. 2010. Babasa & Paribasa 2 Kabeungharan Basa Sunda. Bandung: Kiblat
Samsuri. 1985. Tata Bahasa Indonésia Sintaksis. Jakarta: Sastra Budaya. Setiadi, Elly M. dkk. 2010. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Prenada
Media Group
Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
___________ .2009. Tata Basa Sunda Kiwar.i. Bandung: Yrama Widya.
Sudibyo, Agus. 2001. Politik Media dan Pertarungan Wacana. Yogyakarta: LkiS. Sumadiria, A. 2011. Menulis Artikel dan Tajuk Rencana. Bandung: Simbiosa
Rekatama Media.
Sumardjo, Jacob. 2004. Heurmeneutika Sunda: Simbol-simbol Babad
Pakuan/Guru Gantangan. Bandung: Kelir
(14)
Tarigan, H. G. 1979. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa
___________.2008. Membaca. Bandung: Angkasa.
Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Pustaka
Jaya.
Universitas Pendidikan Indonesia. 2014. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Whitney, F. 1960. The Elements of Research (Asian Edition). Overseas Book Co., Osaka
(1)
silsilah mangsa kademangan ngaliwatan dongéng. Ku sabab dina bagéan dongéng disebutkeun yén dina kademangan aya a) demang, b) ulis, c) upas, jeung d) masarakat awam. Sedengkeun dina unsur basa, iwal ti makéna basa di kasenian Jigprak, kapanggih ogé sababaraha babasan jeung paribasa nu aya patalina jeung kasenian nya éta, a) asa ditabeuh, b) goong nabeuh manéh, c) dogdog pangréwong, d) langka ditabeuh, e) nu burung diangklungan, nu gélo didogdogan, nu édan dikendangan, jeung f) ngadu angklung di pasar. Dina unsur pakakas jeung téhnologi, kapanggih yén pakakas nu dipaké bisa dibagi ku dua bagéan nya éta bagéan tatabeuhan jeung bagéan pintonan. a) Bagéan tatabeuhan: terebang, karinding, bonang, goong, kendang jst. Mangrupa parabot pikeun barangjieun pintonan dina bagéan waditra. Pakakas ieu bisa dikategorikeun salaku pakakas tradisional. Disebut pakakas tradisional ku sabab sababaraha alat masih dipaké pikeun mirig pintonan-pintonan kasenian nu aya di urang Sunda hususna. b) Bagéan pintonan: sundung, colén, cempor, knéron, bedog, kujang, beling jst. Parabot-parabot éta dikategorikeun salaku pakakas nu ngarojong kana pintonan nu bakal dilenyepan ngaliwatan visual atawa panon. Sundung sundung, colén, cempor jeung knéron mangrupa pakakas nu dipaké ti mangsa bihari. Bedog jeung kujang sanajan asupna kana pakarang, tapi dina kasenian ieu asup kana kategori pakakas tradisional nu ngarojong kana suksésna pintonan ti mimiti nepi ka ahir.
4) Sagala rupa istilah nu nyangkaruk dina kasenian Jigprak di Désa Situ Ilir Kecamatan Cibungbulang Bogor bisa dijadikeun alternatif bahan ajar sarta alat évaluasi pikeun mikanyaho kaaktifan jeung ngawanohkeun istilah-istilah nu aya dina widang kasenian umumna, di kasenian Jigprak hususna. Istilah kasenian ieu ogé luyu jeung SKKD maca di SMA/SMK/MA pangajaran basa jeung sastra Sunda kelas XII di poin 12.3.3 nu eusina nya éta maca pedaran ngeunaan kasenian. Ti dinya siswa bisa leuwih maham sarta wanoh kana istilah kasenian ngaliwatan maca pedaran ngeunaan kasenian.
(2)
5.2 Saran
Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun kamampuh sarta pikeun nambahan kandaga kecap peserta didik. Saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan di antarana:
1) Pikeun mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daérah, panalungtikan ngeunaan istilah-istilah masih kacida heureut. Sedengkeun kaonjoyan dina panalungtikan istilah-istilah ieu bisa nambahan kandaga kecap boh kahirupan sapopoé, kecap loma jeung kecap wewengkon pikeun kamekaran basa Sunda.
2) Pikeun Lembaga Pendidikan
Dipiharep sagala rupa hasil tina panalungtikan bisa dijadikeun bahan tinimbangan sangkan pedaran kasenian Jigprak hususna bisa dijadikeun bahan ajar alternatif. Sabab, dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan ajén palsapah, unsur pendidikan jeung utamana sangkan apal kana istilah dina kasenian Sunda.
3) Pikeun Guru
Ku sabab guru mangrupa informan pangdeukeutna ka murid disagédéngeun indung jeung bapa, dipiharep guru bisa leuwih kréatif dina nyaluyukeun bahan ajar nu baris ditepikeun ka siswa. Hasil ti panalungtikan, bahan ajar nu medar ngeunaan kasenian geus bisa disebut cocok jeung saluyu jeung SKKD SMA kelas XII.
4) Pikeun Pamaréntah
Hususna pikeun pamaréntah provinsi, leuwih hadé unggal kasenian nu aya di Jawa Barat bisa ditalungtik sangkan bisa wanoh leuwih loba ka kasenian Jawa Barat. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun tingkesan sangkan generasi ngora bisa leuwih wanoh kana kasenian nu aya di sakuliah Jawa Barat umumna, hususna kasenian di unggal dayeuh atawa kabupatén.
Teu hilap sangkan teu weléh naluntik istilah dina kasenian hususna sabab istilah dina kasenian di Jawa Barat kacida lobana. Dipiharep aya
(3)
panalungtikan-panalungtikan nu medar ngeunaan istilah-istilah dina kasenian pikeun nambahan sarta mikawanoh kana sagala rupa kandaga kecap jeung istilah kasenian di Jawa Barat.
(4)
DAPTAR PUSTAKA
Amir. 1996. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan. Depdikbud: Universitas Terbuka.
Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi. Revisi). Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Depdiknas. 2001. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Edisi ke-3. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama
___________.2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Edisi ke-4. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Dikdasmenum. 2004. Pedoman Umum Pemilihan dan Pemanfatan Bahan Ajar. Jakarta: Depdiknas
Diknas Jawan Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.
Direktorat Jenderal Manajemen Pendidikan Dasar dan Menengah Direktorat Pembinaan Sekolah Menengah Atas. 2008. Panduan Menulis Butir Soal. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional.
Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Metode Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta
Gintings, Abdurrakhman. 2008. Essensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.
Harjasujana, Ahmad. S. 1987. Materi Kuliah Seminar Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud
Jurusan Pendidikan Basa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.
(5)
Koenjaraningrat. 1985. Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
___________.2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Mulyati, Yeti. A.S. Harjasujana. 1996. Membaca 2. Jakarta: Depdikbud. Pannin, Paulina. Purwanto. 2001. Penulisan Bahan Ajar. Jakarta: Ditjen Dikti
Diknas.
Rahim, Farida. 2005. Pengajaran Membaca di Sekolah Dasar. Jakarta: Bumi Aksara.
Rahmawati, Yuli Siti. 2014. Istilah Tatanén Ngahuma di Désa Béncoy Kecamatan Cireunghas Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.
Rosidi, Ajip. 2010. Babasa & Paribasa 2 Kabeungharan Basa Sunda. Bandung: Kiblat
Samsuri. 1985. Tata Bahasa Indonésia Sintaksis. Jakarta: Sastra Budaya. Setiadi, Elly M. dkk. 2010. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Prenada
Media Group
Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
___________ .2009. Tata Basa Sunda Kiwar.i. Bandung: Yrama Widya.
Sudibyo, Agus. 2001. Politik Media dan Pertarungan Wacana. Yogyakarta: LkiS. Sumadiria, A. 2011. Menulis Artikel dan Tajuk Rencana. Bandung: Simbiosa
Rekatama Media.
Sumardjo, Jacob. 2004. Heurmeneutika Sunda: Simbol-simbol Babad Pakuan/Guru Gantangan. Bandung: Kelir
(6)
Tarigan, H. G. 1979. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa
___________.2008. Membaca. Bandung: Angkasa.
Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.
Universitas Pendidikan Indonesia. 2014. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Whitney, F. 1960. The Elements of Research (Asian Edition). Overseas Book Co., Osaka