AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

(1)

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA

KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Reni Angraeni

NIM 1002628

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA

KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Oleh Reni Angraeni

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Reni Angraeni

Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2014

Hak Cipta dilindungi Undang-undang

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, Dengan dicetak ulang, difoto copy, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis


(3)

(4)

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII


(5)

Reni Anggraeni, 2014

DAPTAR EUSI

kaca

PERNYATAAN...i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN...xii

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR SINGGETAN...xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5


(6)

viii

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB II ÉSTÉTIKA, KASENIAN LODAYA WINDURAJA JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA

2.1 Filsafat ... 6

2.2 Éstétika ... 7

2.2.1 Wangenan Éstétika ... 7

2.2.2 Éstétika jeung Seni ... 8

2.2.3 Filsafat Seni ... 9

2.2.4 Ajén Éstétika jeung Ajén Seni ... 10

2.2.4.1 Ajén Éstétis ... 10

2.2.4.2 Ajén Seni ... 13

2.3 Kasenian Lodaya Winduraja ... 14

2.3.1 Wangenan Kasenian ... 14

2.3.2 Kamekaran Kasenian ... 15

2.3.2.1 Kamekaran Kasenian Dumasar kana Waktu ... 15

2.3.2.2 Kamekaran Kasenian Dumasar kana Tempat jeung Lokasi ... 16

2.3.3 Tujuan Kasenian... 17

2.3.4 Kasenian Lodaya Winduraja...18

2.4 Bahan Pangajaran Basa Sunda jeung Sastra Sunda... ...18

2.4.1 Kritéria Milih Bahan Pangajaran...19

2.4.2 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 20

2.4.3 Pangajaran Maca ... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


(7)

ix

Reni Anggraeni, 2014

Winduraja...24

3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Tempat Panalungtikan ... 24

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya ... 25

3.1.2.1 Penduduk/Demografi ... 25

3.1.2.2 Pakasaban ... 26

3.1.2.3 Pendidikan ... 26

3.1.2.4 Agama ... 27

3.1.2.4 Basa ... 27

3.2 Sumber Data Panalungtikan...27

3.3 Desain Panalungtikan...28

3.4 Métode Panalungtiakn ... 29

3.5 Wangenan Operasional ... 29

3.6 Instrumén Panalungtikan...30

3.6.1 Pedoman Wawancara...31

3.6.2 Alat Rékam Audio...32

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data...32

3.7.1 Studi Pustaka...32

3.7.2 Observasi...33

3.7.3 Wawancara...33

3.7.4 Studi Dokuméntasi...33

3.8 Téhnik Ngaanalisi Data...34

BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN 4.1 Déskripsi kasenian Lodaya Winduraja...35

4.1.1 Sajarah Kasenian Lodaya Winduraja ... 35

4.1.2 Unsur-unsur Seni dina Kasenian Lodaya Winduraja... 36


(8)

x

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2.2 Unsur Seni Musik (Waditra) ... 44

4.1.2.3 Unsur Seni Sora ... 49

4.1.2.4 Unsur Seni Tari (Gerakan)...49

4.1.5 Prak-prakan Kasenian Lodaya Winduraja ... 53

4.1.6 Pungsi Kasenian Lodaya Winduraja ... 55

4.2 Taksonomi Umum Hakékat Seni jeung Ajén Estétika dina Kasenian Lodaya Winduraja...56

4.2.1 Taksonomi Umum Hakékat Seni ... 56

4.2.2 Ajén Éstétika dina Kasenian Lodaya Winduraja...59

4.2.2.1 Ajén Éstétis atawa Ajén Murni dina Wujud Lodaya Winduraja...60

4.2.2.2 Ajén Ékstra Éstétis atawa Ajén Tambahan...66

4.3 Larapna Ajén Éstétika anu Nyangkaruk dina Kasenian Lodaya Winduraja pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII...67

4.3.1 Matéri Pangajaran...67

4.3.2 Évaluasi Pangajaran...70

4.3.2.1 Latihan Soal...70

4.3.3 Silabus jeung Conto Rencana Pelaksanaan pembelajaran (RPP)...73

4.3.3.1 Silabus...73

4.3.3.2 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP)...74

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1Kacindekan ... 81

5.2Saran ... 83

DAPTAR PUSTAKA ... 85

LAMPIRAN...87


(9)

xi


(10)

1

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Di Tatar Sunda unggal wewengkon umumna miboga kasenian has séwang-séwangan anu luyu jeung kaayaan géografisna sarta sosial budayana. Éta kasenian téh aya anu warisan ti karuhun, aya ogé nu mangrupa réka-kréasi tina kasenian-kasenian buhun. Kiwari, éta kasenian-kasenian-kasenian-kasenian téh teu pati dipikawanoh sarta kurang dipikareueus ku nonoman ngora, sabab éta kasenian téh dianggapna tinggaleun jaman, pikaboseneun, ngeuyeumbeu (monoton), jsb. Antukna, nonoman leuwih migandrung kana kasenian ti nagara deungeun, nepi ka nonoman poho kana jati diri sarta kana budayana sorangan.

Désa Winduraja Kecamatan Kawali mangrupa salasahiji wewengkon di Kabupatén Ciamis nu masarakatna masih kénéh ngaraksa jeung ngariksa kasenian warisan ti karuhun, nya éta kasenian Méng Mléng. Tina hasil wawancara jeung Bapa Enda Juanda (sesepuh Winduraja) Méng Mléng geus aya ti taun 1150, baheula Méng Mléng dijieun pikeun tutunggangan Éyang Maharaja Sakti anu disunatan. Maharaja Sakti téh nya éta salasahiji raja di karajaan Kawali nu miboga ngaran asli Tripermawa Kusumah atawa Pangéran Cakra Déwa.

Méng Mléng téh wujudna saperti maung. Ceuk kapercayaan masarakat Winduraja mah Méng Mléng wujudna saperti ucing nu badag. Kiwari, ngaran Méng Mléng teu dipaké deui, tapi diganti jadi Lodaya Winduraja. Salian ti ngaranna robah, Méng Mléng nu aslina geus teu dipaké deui tapi dijieun réka-kréasina alatan aya sababaraha alesan nu ngalantarankeun éta hal. Éta alesan téh umpamana waé Méng Mléng saacan dipintonkeun kudu aya heula ritual nu husus lamun teu kitu, pasti aya waé mamala jeung hal nu matak teu kaharti ku akal. Contona waé nu mintonkeun kasenian Méng Mléng téh sok ngadadak arateul atawa budug, malahan sok dibarengan ku hujan angin dor dar gelap.


(11)

2

Reni Anggraeni, 2014

Méng Mléng mangrupa kasenian buhun, sedengkeun Lodaya Winduraja mangrupa wujud kasenian nu kainspirasian ku seni Méng Mléng. Nu ngabédakeunnana nya éta Méng Mléng mah baheula dipaké helaran pikeun nu disunatan, ari Lodaya Winduraja mah dipintonkeunnana bisa dina rupa-rupa acara, sarta jejerna bisa disaluyukeun jeung paménta nu boga acara.

Kasenian téh kaasup kana unsur kabudayaan, nu mangrupa alat pikeun ngaraketkeun tali mimitraan di masarakat. Ku kituna, kasenian téh mangrupa kabudayaan masarakat, anu kudu dimumulé, sarta diriksa pikeun dipikanyaho ku unggal masarakat, paling copélna nyaho kana kasenian anu aya di wewengkon sorangan.

Kasenian mangrupa hal nu raket patalina jeung kaéndahan. Santayana (dina Ratna, 2011, kc. 199) nétélakeun yén kaéndahan nya éta ajén, sipatna ideal, abstrak, sarta teu bisa dirampa ku indra. Nu bisa dirasakeun nya éta pakakas atawa paripolah nu nyangkaruk dina éta ajén-ajén.

Nurutkeun Kartika & Prawira (2004, kc. 6), éstétika téh mangrupa cabang tina filsafat, nya éta filsafat nu medar ngeunaan kaéndahan. Pasualan éstétika ngawengku opat hal, nya éta: (1) ajén éstétika (esthetic value); (2) pangalaman éstétis (esthetic experience); (3) paripolah jalma nu nyieun karya (seniman); jeung (4) seni.

Tina éta hal, kasenian Lodaya Winduraja disawang perlu ditalungtik leuwih jero ngeunaan ajén éstétikana. Saméméhna geus aya nu nalungtik perkara ajén éstétika, di antarana:

1) Eka Purwati (2011) Universitas Pendidikan Indonésia, nu judulna “Ajén Éstétis dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang”.

2) Rita Rahayu (2013) Universitas Pendidikan Indonésia, nu judulna “Ajén Éstétika Kasenian Toléat di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Nulis Éséy di Kelas XII”.

3) Amelia Agustina Pratiwi (2013) Universitas Pendidikan Indonésia, nu judulna “Ajén Éstétika dina Kasenian Rudat di Dusun Cirahayu Désa


(12)

3

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Subang Kacamatan Subang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di Kelas VIII”.

4) Tiya Komalasari (2013) Universitas Pendidikan Indonésia, nu judulna “Ajén Éstétis dina Kasenian Pencak Silat (Macan Kumbang) di Désa Nyingkir Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.

Dina kasenian Lodaya Winduraja nyangkaruk ajén-inajén nu can kapesék boh patali jeung sajarah boh patali jeung pintonan. Ku kituna, kudu aya tarékah pikeun nalungtikna, umpamana ku cara dipatalikeun jeung bahan pangajaran Basa Sunda di sakola. Ku ayana pangajaran Basa Sunda di sakola, siswa dipiharep wanoh jeung nyangkem kana tujuan pangajaran. Ieu hal mangrupa jalan pikeun ngamumulé kabudayaan sangkan teu kadéséh ku kabudayaan séjén.

Panalungtikan baris dilaksanakeun di Désa Winduraja Kecamatan Kawali, sabab di ieu wewengkon aya hiji yayasan kasundaan anu masih aktif mintonkeun kasenian Lodaya Winduraja. Éta yayasan téh dina sataun kurang leuwih bisa mintonkeun opat kali Kasenian Lodaya Winduraja, di antaranna nya éta: purnakala, nyiar lumar, milangkala Kabupatén Ciamis, jeung acara ti Badan Narkotika Nasional (BNN) Kabupatén Ciamis. Ngaran éta yayasan téh nya éta Yayasan Galoeh Ethnic Winduraja.

Nu nalungtik miboga harepan sangkan ieu panalungtikan bisa mangpaat pikeun dunya atikan jeung bisa ngangkat ajén-inajén budaya kasenian Lodaya Winduraja sangkan sakabéh masarakat leuwih mikawanoh. Judul anu baris ditalungtik nya éta “Ajén Éstétika Kasenian Lodaya Winduraja di Yayasan Galoeh Éthnic Winduraja Désa Winduraja Kecamatan Kawali pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”


(13)

4

Reni Anggraeni, 2014

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Ieu panalungtikan baris diwatesanan nalungtik ngeunaan ajén éstétika nu nyampak dina kasenian Lodaya Winduraja, lantaran hiji karya seni tangtu waé miboga kaéndahan di jerona.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah, rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap:

1) Kumaha déskripsi kasenian Lodaya Winduraja Désa Winduraja Kecamatan Kawali?

2) Ajén éstétika naon nu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali?

3) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasaan di Kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya katut kasenian nu aya di masarakat sangkan teu leungit.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) Sajarah, unsur-unsur seni nu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja, prak-prakan sarta fungsi kasenian Lodaya Winduraja.


(14)

5

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Ajén estétika nu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja.

3) Larapna téks kasenian Lodaya Winduraja pikeun bahan pangajaran maca bahasan di kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Panalungtikan dipiharep kudu ngabogaan mangpaat. Panalungtikan ieu miboga sawatara mangpaat, nya éta:

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) pikeun nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan kasenian Lodaya Winduraja, hususna pikeun dunya atikan;

2) pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun salasahiji sumber bahan pangajaran di SMA;

3) pikeun panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku média pikeun nambahan pangaweruh dina widang kasenian Lodaya Winduraja.

1.5 Raraga Tulisan

BAB I Bubuka, nu ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. BAB II Ulikan Tiori, nu ngawengku éstétika, kasenian Lodaya Winduraja, jeung bahan pangajaran.

BAB III Métodologi Panalungtikan, nu ngawengku lokasi jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung analisis data.


(15)

6

Reni Anggraeni, 2014

BAB IV Hasil jeung Pedaran Panaluntikan, eusina ngeunaan déskripsi, ajén éstétika nu nyampak dina kasenian Lodaya Winduraja, sarta larapanna dina bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.


(16)

81

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Éstétitika dina Kasenian Lodaya Winduraja di Yayasan Galoeh Éthnic Winduraja Désa Winduraja Kecamatan Kawali pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana kana pedaran éstétika dina kasenian Lodaya Winduraja. Dina ieu panalungtikan, ngagunakeun métode kualitatif déskriptif, kalayan maké téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, di antarana: sajarah kasenian Lodaya Winduraja, prak-prakanna, pungsi Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali, Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja, sarta ngalarapkeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina Lodaya Winduraja pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.

Sajarah Lodaya Winduraja. Gelarna kasenian Lodaya Winduraja kira-kira taun 2011 di Désa Winduraja Kecamatan Kawali. Ieu kasenian téh mangrupa hasil réka kréasi Kang Gusmara (Pupuhu Yayasan Galoeh Éthnich Winduraja) tina kasenian titinggalan karuhun nya éta Méng Mléng. Jaman baheula Méng Mléng téh dipaké pikeun tutunggangan Éyang Maharaja Sakti waktu disunatan, taun 70-an ieu kasenian téh ngan ukur dipintonkeun dina helaran acara Agustusan wungkul. Lantaran, Méng Mléng mangrupa kasenian anu sakral, sarta teu sagawayah jalma bisa mintonkeun, ti dinya éta kasenian diréka kréasi deui ku Kang Gusmara nepi ka robah ngaran jadi Lodaya Winduraja. Prak-prakan kasenian Lodaya Winduraja. Dina mintonkeun kasenian Lodaya Winduraja aya dua wangun pagelaran nya éta helaran jeung drama tétrikal. Pintonan dina drama tétrikal jejerna sok disaluyukeun ogé jeung jejer acarana, sangkan panongton teu ngarasa bosen. Dina mintonkeunna euweuh sarat kudu nyadiakeun sasajén atawa ritual husus sakumaha ilaharna, paling dina copélna ngan ukur hadorohan, sangkan pintonanna lungsur-langsar. Pungsi Kasenian Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali. Unggal kasenian tangtu miboga pungsi sarta


(17)

82

Reni Anggraeni, 2014

tujuan nu béda-béda, kitu ogé jeung kasenian Lodaya Winduraja salian ti jadi hiburan pikeun masarakat, tapi ogé mibanda pungsi pikeun kaéndahan, kréativitas, komérsial jeung ékspresivitas.

Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja ditilik tina ajén éstétis atawa ajén murni nu ngawengku wujud (kostum lodaya, baju jeung panglengkep, gerak, sora, waditra jeung drama), sarta ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan. Kaéndahan anu nyangkaruk dina kostum lodaya, aya dina pamilihan bahan-bahan saperti karung goni, tapas (sabut kalapa), koran, jeung ban mobil nu dipaké pikeun nyieun wangun lodaya tangtu katempo ajén ékstrinsikna, lantaran nu tadina bahan-bahan anu geus teu dipaké deui dirobah jadi karya seni anu ngahasilkeun kaéndahan, nya éta kostum lodaya anu mirip jeung maung. Dina kostum jeung panglengkep, kostum nu dipaké nayaga nya éta baju kamprét hideung jeung calana pangsi, tuluy maké panglengkep saperti iket, pin kujang, kalung, jeung geulang. Salian ti miboga pungsi pikeun kaéndahan, kostum nu dipaké ogé miboga ma’na sarta ngalambangkeun idéntitas diri palaku nu maén dina éta kasenian. Gerakan dina kasenian Lodaya Winduraja ogé miboga fungsi kaéndahan, éta hal bisa ditilik tina gerakanna, disaluyukeun jeung témpo sarta wirahmana. Dina waditra kaéndahanna nyangkaruk dina sora anu kaluar tina unggal waditra, sanajan béda-béda tapi bisa jadi harmonisasi anu éndah. Salian ti éta, seni drama anu dipintonkeun dina Kasenian Lodaya Winduraja téh kaasup kana drama tétrikal, kaéndahanna nyangkaruk tina gerak-gerik pamaén nu saluyu jeung watekna, tuluy dina cara neuleuman peranna séwang-séwangan. Ajén éstétika nu ditilik tina ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahanna aya dina dedeg pangadeg manusana salaku palaku seni dina kasenian Lodaya Winduraja, jadi lamun euweuh nu merankeun mah tangtu moal katempo éndah atawa henteuna. Satuluyna, aya ogé alam jeung sasatoan. Alam nyadiakeun bahan-bahan pikeun ngajieun wujud lodaya saperti hulu lodaya dijieun tina rangka kai, tuluy panglengkepna saperti geulang jeung kalung dijieun tina kai jeung awi. Umpama sasatoan mah, jadi inspirasi pikeun gerakan-gerakan jeung wujudna. Sato nu jadi inspirasina nya éta maung.


(18)

83

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan

budaya nya éta “Maca bahasan kasenian”. Ku lantaran matéri ngeunaan éstétika

kaasup kana matéri nu rada hésé, jadi nu saluyu pikeun nyumponan ieu pangajaran téh nya éta siswa SMA kelas XII. Dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII aya pangajaran maca bahasan kasenian, jadi ieu matéri ngeunaan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali bisa dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian anu luyu jeung Kurikulim Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP).

5.2 Saran

Dumasar kana kacindekan, aya sawatara saran pikeun lajuning laku ieu panalungtikan maca, hususna maca bahasan ngeunaan kasenian. Dipiharep ieu hasil panalungtikan ngeuyeuban kana kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat, hususna kasenian Lodaya Winduraja. Sangkan ieu kasenian teu tumpur, aya sababaraha saran nu ditujukeun ka: 1) lembaga-lembaga kasenian; 2) guru; 3) mahasiswa; jeung 4) masarakat umum.

1) Lembaga-lembaga Kasenian

Lembaga-lembaga kasenin dipiharep sangkan leuwih ngainvéntarisir kana budaya jeung seni, hususna kasenian-kasenian nu aya di Jawa Barat.

2) Guru

Ieu hasil panaluntikan bisa dipaké bahan pangajaran, saluyu jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu geus disadiakeun dina bab IV.

3) Mahasiswa

Kasenian Lodaya Winduraja bisa ditalungtik deui leuwih jero jeung leuwih husus, sangkan kaguar deui hal-hal séjénna.


(19)

84

Reni Anggraeni, 2014 4) Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salasahiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan Kasenian Lodaya Winduraja. Salian ti eta, masarakat dipiharep bisa leuwih ngaraksa jeung ngariksa kabudayaan urang, sanajan éta kasenian Lodaya Winduraja mangrupa hasil réka kréasi tina kasenian titinggalan karuhun.


(20)

85

Reni Anggraeni, 2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Aferrando. (2014). Capoeira. [Online]. Tersedia di: http://id.m.wikipedia.org/wiki/Capoeira. Diakses tgl 13 Juni 2014.

Bakker. (2000). Filsafat Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius.

Dinas Pendidikan Jawa Barat (2006) Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Effendi, M. (2013). “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Fathoni, A. (2005). Metodologi Penelitian & Tehnik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Kartika, D.S. & Perwira, N.G. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalis dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Kubarsah, U. (1994). Waditra. Bandung: STSTI.

Purwanti, E. (2011). “Ajén Éstétika dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén

Subang”. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqa Prisma Interdelta.

Ratna, K.N. (2011). Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A dkk. (2000). Ensiklopedi Sunda alam, manusia, dan budaya termasuk

Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.


(21)

86

Reni Anggraeni, 2014

Sopandi, A. 2012. Analisis Struktur Semioti Dongéng-Dongéng di Désa Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sukmadinata, N S. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sumardjo, J. (2000). Filsafat Seni. Bandung: ITB.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional. Universitas Pendidikan Indonesia.

Syaripudin, T. & Kurniasih. (2008). Pengantar Filsafat Pendidikan. Bandung: Percikan Ilmu.

Tarigan, H.G. (2008). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang. (2011). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Rajawali Pers.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI.


(1)

81

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Éstétitika dina Kasenian Lodaya Winduraja di Yayasan Galoeh Éthnic Winduraja Désa Winduraja Kecamatan Kawali pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana kana pedaran éstétika dina kasenian Lodaya Winduraja. Dina ieu panalungtikan, ngagunakeun métode kualitatif déskriptif, kalayan maké téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, di antarana: sajarah kasenian Lodaya Winduraja, prak-prakanna, pungsi Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali, Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja, sarta ngalarapkeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina Lodaya Winduraja pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.

Sajarah Lodaya Winduraja. Gelarna kasenian Lodaya Winduraja kira-kira taun 2011 di Désa Winduraja Kecamatan Kawali. Ieu kasenian téh mangrupa hasil réka kréasi Kang Gusmara (Pupuhu Yayasan Galoeh Éthnich Winduraja) tina kasenian titinggalan karuhun nya éta Méng Mléng. Jaman baheula Méng Mléng téh dipaké pikeun tutunggangan Éyang Maharaja Sakti waktu disunatan, taun 70-an ieu kasenian téh ngan ukur dipintonkeun dina helaran acara Agustusan wungkul. Lantaran, Méng Mléng mangrupa kasenian anu sakral, sarta teu sagawayah jalma bisa mintonkeun, ti dinya éta kasenian diréka kréasi deui ku Kang Gusmara nepi ka robah ngaran jadi Lodaya Winduraja. Prak-prakan kasenian Lodaya Winduraja. Dina mintonkeun kasenian Lodaya Winduraja aya dua wangun pagelaran nya éta helaran jeung drama tétrikal. Pintonan dina drama tétrikal jejerna sok disaluyukeun ogé jeung jejer acarana, sangkan panongton teu ngarasa bosen. Dina mintonkeunna euweuh sarat kudu nyadiakeun sasajén atawa ritual husus sakumaha ilaharna, paling dina copélna ngan ukur hadorohan, sangkan pintonanna lungsur-langsar. Pungsi Kasenian Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali. Unggal kasenian tangtu miboga pungsi sarta


(2)

82

Reni Anggraeni, 2014

tujuan nu béda-béda, kitu ogé jeung kasenian Lodaya Winduraja salian ti jadi hiburan pikeun masarakat, tapi ogé mibanda pungsi pikeun kaéndahan, kréativitas, komérsial jeung ékspresivitas.

Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja ditilik tina ajén éstétis atawa ajén murni nu ngawengku wujud (kostum lodaya, baju jeung panglengkep, gerak, sora, waditra jeung drama), sarta ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan. Kaéndahan anu nyangkaruk dina kostum lodaya, aya dina pamilihan bahan-bahan saperti karung goni, tapas (sabut kalapa), koran, jeung ban mobil nu dipaké pikeun nyieun wangun lodaya tangtu katempo ajén ékstrinsikna, lantaran nu tadina bahan-bahan anu geus teu dipaké deui dirobah jadi karya seni anu ngahasilkeun kaéndahan, nya éta kostum lodaya anu mirip jeung maung. Dina kostum jeung panglengkep, kostum nu dipaké nayaga nya éta baju kamprét hideung jeung calana pangsi, tuluy maké panglengkep saperti iket, pin kujang, kalung, jeung geulang. Salian ti miboga pungsi pikeun kaéndahan, kostum nu dipaké ogé miboga ma’na sarta ngalambangkeun idéntitas diri palaku nu maén dina éta kasenian. Gerakan dina kasenian Lodaya Winduraja ogé miboga fungsi kaéndahan, éta hal bisa ditilik tina gerakanna, disaluyukeun jeung témpo sarta wirahmana. Dina waditra kaéndahanna nyangkaruk dina sora anu kaluar tina unggal waditra, sanajan béda-béda tapi bisa jadi harmonisasi anu éndah. Salian ti éta, seni drama anu dipintonkeun dina Kasenian Lodaya Winduraja téh kaasup kana drama tétrikal, kaéndahanna nyangkaruk tina gerak-gerik pamaén nu saluyu jeung watekna, tuluy dina cara neuleuman peranna séwang-séwangan. Ajén éstétika nu ditilik tina ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahanna aya dina dedeg pangadeg manusana salaku palaku seni dina kasenian Lodaya Winduraja, jadi lamun euweuh nu merankeun mah tangtu moal katempo éndah atawa henteuna. Satuluyna, aya ogé alam jeung sasatoan. Alam nyadiakeun bahan-bahan pikeun ngajieun wujud lodaya saperti hulu lodaya dijieun tina rangka kai, tuluy panglengkepna saperti geulang jeung kalung dijieun tina kai jeung awi. Umpama sasatoan mah, jadi inspirasi pikeun gerakan-gerakan jeung wujudna. Sato nu jadi inspirasina nya éta maung.


(3)

83

Ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya nya éta “Maca bahasan kasenian”. Ku lantaran matéri ngeunaan éstétika kaasup kana matéri nu rada hésé, jadi nu saluyu pikeun nyumponan ieu pangajaran téh nya éta siswa SMA kelas XII. Dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII aya pangajaran maca bahasan kasenian, jadi ieu matéri ngeunaan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Lodaya Winduraja di Désa Winduraja Kecamatan Kawali bisa dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian anu luyu jeung Kurikulim Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP).

5.2 Saran

Dumasar kana kacindekan, aya sawatara saran pikeun lajuning laku ieu panalungtikan maca, hususna maca bahasan ngeunaan kasenian. Dipiharep ieu hasil panalungtikan ngeuyeuban kana kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat, hususna kasenian Lodaya Winduraja. Sangkan ieu kasenian teu tumpur, aya sababaraha saran nu ditujukeun ka: 1) lembaga-lembaga kasenian; 2) guru; 3) mahasiswa; jeung 4) masarakat umum.

1) Lembaga-lembaga Kasenian

Lembaga-lembaga kasenin dipiharep sangkan leuwih ngainvéntarisir kana budaya jeung seni, hususna kasenian-kasenian nu aya di Jawa Barat.

2) Guru

Ieu hasil panaluntikan bisa dipaké bahan pangajaran, saluyu jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu geus disadiakeun dina bab IV.

3) Mahasiswa

Kasenian Lodaya Winduraja bisa ditalungtik deui leuwih jero jeung leuwih husus, sangkan kaguar deui hal-hal séjénna.


(4)

84

Reni Anggraeni, 2014

4) Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salasahiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan Kasenian Lodaya Winduraja. Salian ti eta, masarakat dipiharep bisa leuwih ngaraksa jeung ngariksa kabudayaan urang, sanajan éta kasenian Lodaya Winduraja mangrupa hasil réka kréasi tina kasenian titinggalan karuhun.


(5)

85

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Aferrando. (2014). Capoeira. [Online]. Tersedia di:

http://id.m.wikipedia.org/wiki/Capoeira. Diakses tgl 13 Juni 2014. Bakker. (2000). Filsafat Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius.

Dinas Pendidikan Jawa Barat (2006) Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Effendi, M. (2013). “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Fathoni, A. (2005). Metodologi Penelitian & Tehnik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Kartika, D.S. & Perwira, N.G. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalis dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Kubarsah, U. (1994). Waditra. Bandung: STSTI.

Purwanti, E. (2011). “Ajén Éstétika dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang”. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqa Prisma Interdelta.

Ratna, K.N. (2011). Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A dkk. (2000). Ensiklopedi Sunda alam, manusia, dan budaya termasuk

Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.


(6)

86

Reni Anggraeni, 2014

Sopandi, A. 2012. Analisis Struktur Semioti Dongéng-Dongéng di Désa Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sukmadinata, N S. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sumardjo, J. (2000). Filsafat Seni. Bandung: ITB.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional. Universitas Pendidikan Indonesia.

Syaripudin, T. & Kurniasih. (2008). Pengantar Filsafat Pendidikan. Bandung: Percikan Ilmu.

Tarigan, H.G. (2008). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang. (2011). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Rajawali Pers.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI.


Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

0 35 27

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSSÉY DI SMA KELAS XII.

1 29 34

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1200810 Title

0 0 4

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1002628 Title

0 1 4