MÉDIA STRIP STORY DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA : Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajar 2013/2014.
MÉDIA STRIP STORY DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium
Percontohan UPI Taun Ajar 2013/2014)
SKRIPSI
diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Ranu Sudarmansyah NIM 1000976
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014
(2)
MÉDIA STRIP STORY DINA
PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA
(Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Sainték 1 SMA
Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajar 2013/2014)
Oleh
Ranu Sudarmansyah
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Ranu Sudarmansyah 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(3)
LEMBAR PENGESAHAN
RANU SUDARMANSYAH NIM 1000976
MÉDIA STRIP STORY DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium
Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014) disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Pangaping II,
Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
(4)
Ranu Sudarmansyah, 2014
MÉDIA STRIP STORY DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium
Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014)1)
RANU SUDARMANSYAH 2)
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya penggunaan média pembelajaran dalam suatu prosés belajar mengajar dan adanya anggapan bahwa aksara Sunda sulit untuk dipelajari dan dihapalkan sehingga akan mempengaruhi pada keberlangsungan aksara Sunda sebagai salah satu aset kebudayaan. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: (1) pengetahuan siswa dalam menulis aksara Sunda dengan menggunakan media strip story yang mencakup kemampuan awal (pra-tes) dan kemampuan akhir (paska-tes); (2) beda signifikansi antara kemampuan awal dan kemampuan akhir siswa dalam menulis aksara Sunda dengan menggunakan media strip story. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah kuasi eksperimen dengan menggunakan one group pretest and posttest group design. Sumber data dalam penelitian ini adalah seluruh siswa kelas X Saintek 1 Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 yang berjumlah 30 siswa. Instrumen penelitian yang digunakan adalah tes uraian terstruktur dengan jenis soal alih aksara. Hasil penelitian menujukan adanya peningkatan kemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda. Hal ini dapat dilihat dari hasil uji gain. Nilai rata-rata siswa sebelum menggunakan média strip story yaitu 55,25 dan nilai rata-rata siswa setelah menggunakan média strip story adalah 86,25 sehingga menghasilkan gain sebesar 31,0%. Peningkatan kemampuan menulis siswa juga dapat dilihat dari hasil uji hipotésis yang menunjukan thitung (18,4) > ttabél (2,76) artinya bahwa ada
perbedaan yang signifikan antara hasil pembelajaran sebelum dan sesudah menggunakan media strip story. Dengan adanya perbedaan kemampuan siswa pada tes awal dan tes akhir dapat disimpulkan bahwa media strip story dapat meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda.
Kata kunci:
Strip Story Media, Menulis Aksara Sunda.
1)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd., dan Ade Sutisna, S.Pd. 2)Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI angkatan 2010.
(5)
Ranu Sudarmansyah, 2014
MEDIA OF STRIP STORY IN WRITING LEARNING SUNDANESE SCRIPT1)
(Quasi Experimental Study in Class X Saintek 1 SMA Laboratorium UPI Terms 2013/2014)
RANU SUDARMANSYAH 2)
ABSTRACT
This research background is importance of the use of instructional media in the teaching and learning process as well as the notion that the Sundanese script is difficult to learn and memorize so that will affect the sustainability of the Sundanese script regarded as one of the cultural assets. This study aimed to describe (1) the knowledge of students in writing Sundanese script using media of strip stories that include the ability of early (pre - test) and the ability of the end (post - test); (2) effectiveness of the media strip story in improving writing skills Sundanese script. The method used in this study is comrehend experimental design with one group pretest and posttest design. Data sources in this research is all of students in class X Saintek 1 Laboratorium Percontohan UPI terms 2013-2014 which amounts to 30 students. The research instrument used a structure description of the types of test questions rather literacy. The results of the study aimed an increase students' skills in writing Sundanese script. It can be seen of the test results. The average value of students before using the media story strip is 55,25 and the average value of students after using the media story strip was 86,25. So the gain is 31,00%. Increasing students' writing skills can also be seen from the hypothesis test results that show tscore (18.4) > ttable (2.76) means that
there is a significant differences between the learning outcomes before and after using the media strip story. So, we can be concluded that the media story strip can to improve students' skills in writing Sundanese script.
Keyword
Media Strip Story, Writing, Sundanese Script
1)This Skripsi supervised by Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd., and Ade Sutisna, S.Pd. 2)Student of Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI period 2010.
(6)
DAPTAR EUSI
Kaca
PANGJAJAP ... i
CATUR NUHUN ... ii
ABSTRAK ... v
DAPTAR EUSI ... vii
DAPTAR TABÉL ... xii
DAPTAR GAMBAR ... xiii
DAPTAR GRAFIK ... xiv
DAPTAR BAGAN ... xv
DAPTAR LAMPIRAN ... xvi
DAPTAR SINGGETAN ... xvii
BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang ... 1
1.2. Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1.Identifikasi Masalah ... 4
1.2.2.Watesan Masalah ... 4
1.3. Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1.Tujuan Umum ... 5
1.3.2.Tujuan Husus ... 5
1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1.Mangpaat Praktis ... 6
1.4.2.Mangpaat Tioritis ... 6
1.5. Raraga Tulisan ... 7
BAB II RARAGA TIORI 2.1. Ulikan Tiori ... 8
2.1.1. Nulis ... 8
2.1.1.1. Wangenan Nulis ... 8
(7)
2.1.1.3. Mangpaat Nulis ... 10
2.1.1.4. Pangajaran Nulis ... 11
2.1.1.5. Téhnik-téhnik Pangajaran Nulis ... 11
2.1.2. Aksara Sunda ... 12
2.1.2.1. Wangenan Aksara Sunda ... 12
2.1.2.2. Tipologi Aksara Sunda ... 13
2.1.2.3. Sajarah Aksara Sunda di Tatar Sunda ... 13
2.1.2.4. Standarisasi Aksara Sunda ... 16
2.1.2.5. Wujud aksara Sunda ... 17
2.1.2.6. Aksara Sunda Standar ... 19
2.1.2.6.1. Aksara Swara ... 19
2.1.2.6.2. Aksara Ngalagena ... 20
2.1.2.6.3. Rarangkén ... 20
2.1.2.6.4. Angka ... 22
2.1.2.6.5. Tanda Baca ... 22
2.1.3. Média Pangajaran ... 23
2.1.3.1. Wangenan Média Pangajaran ... 23
2.1.3.2. Ciri-ciri Média Pangajaran ... 24
2.1.3.3. Pungsi Média Pangajaran ... 25
2.1.3.3.1. Média Pangajaran salaku Sumber Diajar ... 25
2.1.3.3.2. Pungsi Semantik ... 25
2.1.3.3.3. Pungsi Manipulatif ... 26
2.1.3.3.4. Pungsi Psikologis ... 27
2.1.3.4. Klasifikasi Média Pangajaran ... 28
2.1.3.4.1. Média dumasar kana Ciri Fisik ... 28
2.1.3.4.2. Média dumasar kana Unsur Intina ... 28
2.1.3.4.3. Média dumasar kana Pangalaman Diajar ... 30
2.1.3.4.4. Média dumasar kana Cara Makéna ... 31
2.1.3.5. Kritéria Milih Média Pangajaran ... 31
2.1.4. Média Strip Story ... 33
(8)
2.1.4.2. Mangpaat Média Strip Story ... 33
2.1.4.3. Léngkah-Léngkah Pangajaran Strip Story ... 34
2.1.4.4. Média Strip Story dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda ... 35
2.2. Raraga Pamikiran ... 37
2.3. Anggapan Dasar jeung Hipotesis ... 39
2.3.1. Anggapan Dasar ... 39
2.3.2. Hipotesis ... 40
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Sumber Data ... 41
3.2. Désain Panalungtikan ... 41
3.3. Métode Panalungtikan ... 42
3.4. Variabel jeung Wangenan Operasional ... 43
3.4.1. Variabel Panalungtikan ... 43
3.4.2. Wangenan Operasional ... 44
3.4.2.1. Média stip story ... 44
3.4.2.2. Nulis Aksara Sunda ... 44
3.5. Instrumén Panalungtikan ... 45
3.6. Prosedur Panalungtikan ... 48
3.7. Téhnik Ngumpulkeun Data ... 49
3.8. Téhnik Nganalisis Data ... 50
3.8.1. Uji Sipat Data ... 54
3.8.1.1. Uji Normalitas ... 54
3.8.1.2. Uji Homogénitas ... 59
3.8.2. Uji Gain ... 61
3.8.3. Uji Hipotésis ... 62
3.8.3.1. Uji Hipotésis Ngagunakeun Statistik Paramétrik ... 62
(9)
BAB IV ANALISIS DATA JEUNG PEDARAN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA NGAGUNAKEUN MÉDIA STRIP STORY
4.1. Prak-prakan Ngagunakeun Média Strip Story dina Pangajaran Nulis
Aksara Sunda ... 66
4.1.1.Tahap Nataharkeun Pangajaran Nulis Aksara Sunda Ngagunakeun Média Strip Story ... 66
4.1.2.Tahap Prak-prakanana Pangajaran Nulis Aksara Sunda Ngagunakeun Média Strip Story ... 69
4.1.3.Tahap Évaluasi Pangajaran Nulis Aksara Sunda Ngagunakeun Média Strip Story ... 74
4.2. Analisis Kamampuh Siswa Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI Taun Ajaran 2013-2014 dina Nulis Aksara Sunda saméméh jeung sanggeus Ngagunakeun Média Strip Story ... 75
4.2.1.Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI Taun Ajaran 2013-2014 saméméh Ngagunakeun Média Strip Story ... 75
4.2.2.Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI Taun Ajaran 2013-2014 sanggeus Ngagunakeun Média Strip Story ... 79
4.3. Analisis Béda Signifikansi antara Kamampuh Awal jeung Kamampuh Ahir Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI Taun Ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus Ngagunakeun Média Strip Story ... 84
4.3.1.Uji Sifat Data ... 84
4.3.1.1. Uji Normalitas Data Tés Awal ... 85
4.3.1.2. Uji Normalitas Data Tés Ahir ... 90
4.3.1.3. Uji Homogénitas Data Tés Awal jeung Tés Ahir ... 96
4.3.2.Uji Gain ... 97
(10)
4.4.Pedaran Pangaruh Média Strip Story dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI Taun Ajaran
2013-2014 ... 102
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1.Kacindekan ... 104
5.2.Rékoméndasi ... 105
DAPTAR PUSTAKA ... 107
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 110
(11)
Ranu Sudarmansyah, 2014
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang Tukang Masalah
Kagiatan nulis mangrupa kagiatan ngébréhkeun idé jeung gagasan nu aya dina pikiran kana wangun tinulis. Nulis kaasup kana salah sahiji aspék kaparigelan basa anu kudu dicangking ku murid salian ti ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Demi ari kagiatan nulis téh miboga sipat produktif jeung éksprésif. Produktif hartina kagiatan nulis bisa ngahasilkeun hiji karya dina wangun tulisan, sedengkeun sipat éksprésif dina nulis hartina tulisan téh minangka ébréhan idé jeung pikiran panulisna.
Pangajaran nulis masih kénéh jadi bahan panalungtikan anu remen dilaksanakeun ku para panalungtik. Ieu hal téh lantaran lobana pasualan anu karandapan di sabudeureun pangajaran nulis. Pasualan dasar nu nyampak nya éta héngkérna kamampuh siswa dina nulis. Tina rupaning panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun saméméhna, katitén yén kamampuh nulis ti mimiti siswa sakola dasar nepi ka paguron luhur masih kénéh asor. Teu saeutik murid tingkat sakola dasar jeung menengah anu can bisa nulis kalawan hasil anu nyugemakeun. Disagigireun éta kabiasaan niron tulisan batur tapi teu dibarung ku cara nyutat anu bener beuki dieu beuki loba. Balukarna kasus plagiatisme beuki meuweuh. Ku ayana éta kaayaan, matak teu salah lamun Taufik Ismail dina Abidin (2012:190) nyebutkeun yén „bangsa Indonesia mah rabun maca jeung lumpuh nulis’.
Pasualan séjén nu leuwih jero deui nya éta tingkat kamampuh nulis ngagunakeun aksara séjén salian ti aksara Latén anu héngkér pisan. Cacakan maké aksara latén gé geus jarang nu bisa nyipta tulisan nu hadé, komo deui lamun kudu nulis maké aksara Sunda nu teu ilahar dipaké nulis di jaman ayeuna.
Kagiatan nulis dina enas-enasna moal bisa leupas tina tulisan salaku objékna jeung aksara minangka média tinulis atawa anu ngawangun hiji tulisan. Komo lamun ningali kana pamadegan Tarigan (2008:3) anu nyebutkeun yén nulis téh nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma. Beuki jéntré waé yén nulis téh raket pisan jeung aksara.
(12)
Patali jeung aksara, teu saban daérah ngabogaan tata aksara sorangan. Béda deui jeung di tatar Sunda. Urang Sunda ti jaman baheula geus miboga ciri mandiri minangka jati dirina dina wangun aksara anu disebut aksara Sunda. Aksara Sunda buhun mimiti kapanggih dina naskah-naskah ti abad ka XV, anu ditalungtik ku Holle taun 1867 (Mulyanto, 2012:10). Sawatara bukti tinulisna nya éta naskah Bujangga Manik, Naskah Carita Parahiyangan, naskah SSKS, naskah Sewaka Darma, naskah Ratu Pakuan jeung Prasasti nu aya di Astana gedé anu ditulis dina aksara jeung basa Sunda buhun (Ruhaliah, 2012:2). Éta bukti-bukti téh nandakeun yén karuhun urang Sunda geus bisa ngawangun komunikasi tinulis atawa tradisi tulisan. Ku ayana éta tradisi tulisan téh mangka generasi saterusna bisa manggihan informasi penting ngeunaan sajarah, ajén-inajén kahirupan jeung aspék budaya liana anu diwariskeun ti karuhun.
Dina raraga ngaraksa jeung ngariksa warisan ti karuhun urang hususna nu patali jeung kaaksaraan (aksara Sunda), kiwari geus aya standarisasi aksara Sunda anu ditetepkeun ku UNICODE. Ku ayana éta standarisasi, dipiharep aksara Sunda bisa tetep diparaké. Tarékah séjénna anu dilaksanakeun pikeun ngawanohkeun aksara Sunda ka generasi ngora, kiwari aksara Sunda jadi salah sahiji materi nu kaunggel boh dina Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD) nulis (kurikulum 2006) boh dina Kompeténsi Inti (KI) jeung Kompeténsi Dasar (KD) dina kurikulum 2013 anu kudu diajarkeun di sakola tur wajib dikawasa ku murid.
Pangajaran nulis aksara Sunda téh dipayungan ku Perda Jabar no 5 taun 2003 anu saterusna diturunkeun dina SKKD atawa KIKD kelas X. Sanajan aya papayung nu jelas, tapi dina lajuning lakuna loba kénéh pasualan nu karandapan, saperti pasualan anu patali jeung alokasi waktu pangajaran, kurangna minat siswa kana diajar aksara Sunda lantaran dianggap hésé dina ngapalkeun aksarana, hésé diulikna, sarta wangun aksarana béda jeung aksara Latén. Balukarna kamampuh siswa nulis aksara Sunda héngkér pisan. Pasualan séjénna anu jadi bangbaluh nya éta kurangna kamampuh guru dina ngawasa matéri aksara Sunda. Teu saeutik guru basa Sunda nu teu apaleun kana wangun aksara Sunda. Antukna guru kurang nyangking kana bahan pangajaran. Kajaba ti éta ge, guru kurang parigel dina nyipta jeung ngalarapkeun média pangajaran.
(13)
Dicantumkeunna materi ajar aksara Sunda di kelas X anu ngan samet tahap ngawanohkeun wungkul, tangtuna diperlukeun média pangajaran anu sipatna bisa ngarojong kana daya inget (memory) murid dina nyangkem matéri aksara Sunda. Ku kituna média pangajaran miboga peran penting pikeun ngirut panitén siswa sangkan daék diajar aksara Sunda kalawan daria. Gagne jeung Briggs dina Arsyad (2009:3) ngébréhkeun yén média pangajaran nya éta alat anu digunakeun pikeun nepikeun matéri pangajaran. Éta alat téh bisa mangrupa buku, tape recorder, film,
slide, poto, gambar, grafik, jeung komputer.
Panalungtikan ngeunaan pangajaran aksara Sunda di sakola téh lain panalungtikan nu munggaran, aya sawatara panalungtikan nu kungsi dilakukeun saméméhna ngeunaan média nu dipaké dina ngajarkeun aksara Sunda di sakola. Taun 2012-2013 Erin Ervani ngayakeun panalungtikan anu judulna “Média Flash
Card pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda”. Udagan
diayakeunana éta panalungtikan téh di antarana pikeun: (1) ngadéskripsikeun kamampuh murid dina nulis aksara Sunda ngagunakeun média flash card; (2) ngaronjatkeun kamampuh murid dina nulis aksara Sunda sanggeus ngagunakeun média flash card; jeung (3) ngukur kamampuh nulis aksara Sunda di awal
(pre-test) jeung di ahir (pasca-test). Bédana panalungtikan “Média Flash Card pikeun
Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda” jeung ieu panalungtikan téh nya éta dina jenis média anu dipakéna jeung léngkah-léngkah pangajaranana sarta métode panalungtikan anu dipakéna. Dina ieu panalungtikan, média pangajaran anu dipaké nya eta média strip story kalawan métode panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.
Dina ieu panalungtikan aya hiji variabel bébas jeung hiji variabel kauger. Variabel bébasna nya éta média pangajaran strip story sedengkeun variabel kaugerna nya éta nulis aksara Sunda. Média pangajaran strip story nya éta salah sahiji média visual anu ngagunakeun potongan-potongan kertas dina nepikeun matéri ajarna (Arsyad, 2009:122). Strip Story ilaharna digunakeun dina ngajarkeun basa deungeun (asing) lantaran bisa mantuan murid dina nyangkem kosa kecap anyar. Lumangsungna prosés diajar anu ngawengku kana tahap ngawanohkeun sacara gurat badagna ku guru, saterusna siswa dikelompokkeun
(14)
pikeun maham wangun aksara Sunda. Dina éta proses, boh guru boh siswa, duanana pada-pada aktif. Siswa dibéré stimulan sangkan dina lumangsungna kerja kelompok, siswa jeung batur kelompokna bisa diajar maham kana rupaning wangun-wangun aksara Sunda kalawan dibimbing ku guruna.
Média pangajaran strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda, saeutikna boga tilu hasil nya éta jadi pasilitas pangajaran dina nepikeun matéri ajar aksara Sunda, méré pamahaman anu gancang ka siswa pikeun nulis aksara Sunda jeung ayana kartu aksara Sunda bisa dijadikeun aksésoris berbasis tradisional sarupaning gantungan konci aksara Sunda. Ku kituna panalungtikan ngeunaan
“Média Strip Story dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén
di kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajar 2013/2014)” perlu diayakeun.
1.2.Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah nu diguar saméméhna, idéntifikasi masalah nu nyampak dina ieu panalungtikan nya éta héngkérna pangaweruh siswa ngeunaan aksara Sunda tur kurangna média pangajaran anu digunakeun dina pangajaran nulis aksara Sunda. Sangkan teu lega teuing ambahanana, hasil idéntifikasi masalah téh diwatesanan nya éta dina nulis aksara Sunda baku hasil standarisasi UNICODE kalawan ngagunakeun média Strip Story.
1.2.2. Rumusan Masalah
Tina idéntifikasi masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha prak-prakan ngagunakeun média strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda ka siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014?
b. Kumaha kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda saméméh ngagunaken média
(15)
c. Kumaha kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda sanggeus ngagunaken média
strip story?
d. Kumaha béda signifikansi antara kamampuh awal jeung kamampuh ahir nulis aksara Sunda siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média strip story?
1.3.Tujuan Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Umum
Ieu panalungtikan téh boga tujuan umum pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média strip story malah mandar bisa nambahan kaweruh siswa ngeunaan aksara Sunda. Lian ti éta gé, tujuan diayakeunna ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngahirup-huripkeun deui aksara daérah (Sunda) sangkan aksara Sunda salaku kabeungharan aksara daérah moal ilang kalindih ku jaman.
1.3.2. Tujuan Husus
Tujuan husus nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadéskripsikeun:
a. prosés pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média strip story di siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014. b. kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun
ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda saméméh ngagunaken média strip
story.
c. kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda sanggeus ngagunaken média strip
story.
d. béda signifikansi antara kamampuh awal jeung kamampuh ahir nulis aksara Sunda siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média strip story.
(16)
1.4.Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan média pangajaran anu hadé tur éféktif dina nepikeun matéri ajar aksara Sunda. Kajaba ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun dijadikeun hiji bahan literatur pangajaran di sakola hususna ngeunaan rupaning média pangajaran, anu tujuanana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis aksara Sunda.
1.4.2. Mangpaat Praktis
Lian ti mangpaat tioritis, dina ieu panalungtikan gé miboga mangpaat praktis pikeun sawatara unsur séjén saperti ieu di handap.
a) Dunya atikan
Ayana média pangajaran anu luyu jeung matéri ajar tur dipaké dina proses pangajaran dipiharep bisa ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa jeung sastra Sunda.
b) Panalungtik,
Panalungtik bisa meunang gambaran ngeunaan kamampuh nulis aksara Sunda saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story, tur bisa mikanyaho pangaruh média stip story dina pangajaran nulis aksara Sunda.
c) Guru
Guru dipiharep bisa nyieun rupa-rupa média pangajaran séjénna minangka alternatip pangajaran di kelas dina nepikeun materi ajar aksara Sunda sangkan siswa bisa mikaresep kana matéri aksara Sunda.
d) Siswa
Ayana média pangajaran anyar bisa nambahan pangalaman siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda hususna ngagunakeun média strip story.
(17)
1.5.Raraga Tulisan
Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun raraga tulisan pikeun ngagambarkaeun eusining panalungtikan kalawan sistematis. Lian ti éta ogé ku ayana ieu raraga tulisan téh dipiharep bisa nyieun ieu panalungtikan leuwih gampang hususna dina nyusun laporan panalungtikanana. Anapon raraga tulisan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:
BAB I Bubuka, dijéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu aya patalina jeung média pangajaran Strip Story dina pangajaran nulis aksara Sunda.
BAB II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Hipotésis Panalungtikan, dijéntrékeun tiori-tiori anu dipaké dina ieu panalungtikan. Medar ngeunaan média pangajaran Strip Story ti mimiti wangenan nepi ka léngkah-léngkahna, wangenan aksara Sunda katut kamekaranan, larapna média Strip Story dina pangajaran nulis aksara Sunda jeung anggapan dasar katut hipotésis diayakeunna ieu panalungtikan.
BAB III Metode Panalungtikan, dijéntrékeun métode panalungtikan dina ieu panalungtikan. Métode panalungtikan anu baris dipaké nya éta métode ékspérimén kuasi.
BAB IV Analisis Data jeung Pedaran Kamampuh Nulis Aksara Sunda Ngagunakeun Média Strip Story, dijéntrékeun hasil panalungtikan.
BAB V Kacindekan jeung rékoméndasi, dijéntrékeun kacindekan sarta rékoméndasi tina hasil panalungtikan pikeun nu maca ieu panalungtikan.
(18)
Ranu Sudarmansyah, 2014
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1. Data jeung Sumber Data
Sumber data mangrupa salah sahiji bagian penting tina hiji panalungtikan. Arikunto (2010:172) méré wangenan sumber data dina panalungtikan nya éta subjék anu ngahasilkeun data dina hiji panalungtikan.
Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Laboratorium Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI). Ieu sakola pernahna di jalan Senjaya Guru, nu aya di jero Kampus UPI Bumi Siliwangi. Sanajan ieu sakola téh ngadeg sahandapeun Yayasan (swasta), tapi sacara préstasi ieu sakola boga akréditasi
“A”. Minangka salah sahiji sakola favorit, teu anéh lamun siswa-siswi SMA
Laboratorium UPI asalna ti daérah-daérah anu jauh saperti Jawa Tengah, Jawa Timur, Jakarta, Makasar, Palembang jrrd.
Dina taun ajaran 2013-2014 di SMA Laboratorium UPI aya 20 kelas. Kelas XII jeung kelas XII aya 6 kelas (3 kelas IPA, 3 kelas IPS), sedengkeun kelas X aya 8 kelas, (4 kelas sainték jeung 4 kelas soshum). Husus kelas X, kurikulum anu diterapkeun nya éta kurikulum 2013. Tina dua puluh kelas, anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan téh ngan ukur sakelas.
Data dina ieu panalungtikan nya éta hasil tés awal jeung tés ahir siswa dina nulis aksara Sunda. Sedengkeun sumber datana nya éta siswa kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014. Anapon jumlah siswana nya éta 30 urang, siswa lalaki jumlahna 17 urang, siswa awéwé jumlahna 13 urang.
3.2. Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan nya éta gambaran ngeunaan hubungan antar variabel dina hiji panalungtikan, di jerona kaasup cara ngumpulkeun jeung cara nganalisis data (Darmadi, 2013:220).
Désain anu digunakeun nya éta One-Group Pretest and Posttest desaign, hartina dina ieu panalungtikan aya dua kali tés nu dilaksanakeun nya éta tés awal
(19)
Ranu Sudarmansyah, 2014
(tés saméméh dibéré perlakuan) jeung tés ahir (tés sanggeus dibéré perlakuan) kalayan teu ngagunakeun variabel kontrol. Sampelna ogé teu dipilih sacara acak. Ku kituna hasil perlakuan (treatmen) bisa ditingali ku cara ngabandingkeun hasil
pre-test jeung post-test. Struktur désain ieu panalungtikan bisa digambarkeun
saperti ieu di handap.
Katerangan :
O1 : Nilai Tés Awal O2 : Nilai Tés Ahir
X : Perlakuan/Treatment nu dilakukeun Pangaruh treatment O2-O1.
(Sugiyono, 2013:111)
3.3. Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan miboga peran penting dina hiji prosés panalungtikan lantaran minangka cara nu ilmiah jeung sistematis dina runtuyan panalungtikan. Ieu hal téh luyu jeung pamadegan Sugiyono (2013:3) nu ngébréhkeun yén métode panalungtikan nya éta cara ilmiah anu digunakeun pikeun meunangkeun data kalawan udagan nu tangtu. Dilarapkeunana métode panalungtikan dina hiji panalungtikan téh bisa mantuan urang dina nangtukeun tujuan panalungtikan, kaasup dina ngumpulkeun data nepi ka ngolah jeung nganalisis éta data.
Dina ieu panalungtikan, métode panalungtikan nu digunakeun nya éta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén nya éta panalungtikan anu sipatna semi ékspérimén. Ieu hal disababkeun ku ayana variabel-variabel nu sakuduna dikontrol tapi teu kakontrol. Balukarna validitas panalungtikan teu nyukupan kana ékspérimén murni (Panggabean, 1996:37).
Métode panalungtikan kuasi ékspérimén miboga udagan pikeun meunangkeun inpormasi nu mangrupa taksiran kana inpormasi nu dihasilkeun ku ékspérimén murni, dina kaayaan nu teu ngamungkinkeun pikeun ngontrol jeung ngamanipulasi sakur variabel nu rélevan (Kuswari, 2008:17).
(20)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Salila prosés panalungtikan, kamampuh siswa diukur dua kali nya éta saméméh jeung sanggeus dibéré perlakuan ngagunakeun média strip story. Tés awal (pre test) dilakukeun pikeun ngukur kamampuh awal, sedengkeun diahir pangajaran dilaksanakeun tés ahir (post test) pikeun mikanyaho kamampuh ahir sanggeus dibéré perlakuan ngagunakeun média strip story.
3.4. Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1. Variabel Panalungtikan
Variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon baé nu jadi objék panalungtikan tur geus ditetepkeun saméméhna pikeun diguar ku panalungtik anu saterusna dijieun hiji kacindekan (Sugiyono, 2013:60). Salian ti méré pamadegan ngeunaan wangenan variabel, Sugiyono gé nepikeun pamadeganana ngeunaan rupa-rupa wangun variabel. Dumasar kana hubungan antara hiji variabel jeung variabel séjénna, Sugiyono (2013:61-65) ngawincik variabel jadi lima, nya éta (1) variabel indepénden (bébas); (2) variabel depénden (kauger); (3) variabel moderator; (4) variabel intervening; jeung (5) variabel kontrol.
Variabel indepénden (bébas) nya éta variabel nu mangaruhan kana variabel kauger. Sedengkeun variabel depénden (kauger) nya éta variabel nu dipangaruhan ku variabel bébas. Ari variabel moderator méh sarua jeung variabel intervening, bédana ari variabel moderator mah mangaruhan hubungan antara variabel bébas jeung variabel kauger. Sedengkeun variabel intervening mah mangaruhan hubungan antara variabel bébas jeung variabel kauger jadi hubungan anu sipatna teu langsung tur teu bisa diukur. Variabel pamungkas nya éta variabel kontrol. Variabel kontrol sipatna konstan (stabil), jadi hubungan variabel bebas jeung variabel kauger téh teu dipangaruhan ku variabel luar nu teu ditalungtik.
Dumasar kana babagian variabel di luhur, variabel anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh ngan ukur variabel bébas jeung variabel kauger. Média strip
story dina ieu panalungtikan ka asup kana variabel bébas (variabel X), sabab
mangrupa variabel nu mangaruhan kana variabel séjén. Sedengkeun nulis aksara Sunda dina ieu panalungtikan ka asup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu kapangaruhan ku variabel séjénna (ku variabel bébas).
(21)
Ranu Sudarmansyah, 2014
3.4.2. Wangenan Operasional
Sakumaha anu geus diguar saméméhna, dina ieu panalungtikan téh aya dua variabel nya éta variabel bébas (média strip story) jeung variabel kauger (nulis aksara Sunda). Patali jeung éta variabel, hal saterusna nu dipigawé nya éta nyieun wangenan operasional tina éta variabel. Nurbaéti (2013:50) ngébréhkeun yén wangenan operasional nya éta penjabaran tina istilah-istilah nu aya patalina jeung variabel-variabel nu digunakeun dina hiji panalungtikan.
Wangenan operasional ngabogaan pungsi pikeun nyingkahan pamahaman séjén (multitafsir) tina variabel panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan puguh maksud jeung tujuanana tur bisa diukur kalawan teu nimbulkeun tapsiran anu béda ti pamaca, ieu di handap baris dipedar istilah-istilah anu dipaké dina ieu panalungtikan.
3.4.2.1. Média stip story
Média stip story nya éta média pangajaran anu ngagunakeun potongan-potongan kertas. Ieu média téh ka asup kana média visual dua diménsi tan gerak. Média strip story téh hasil pengembangan tina média visual nu méh sarua jeung média flash card. Bédana dina média strip story mah geus ditangtukeun léngkah-léngkah pangajaranana anu ngawengku kana 12 léngkah-léngkah saperti nu diguar dina bab II, sedengkeun dina flash card mah teu ditangtukeun.
Média stip story dina ieu panalungtikan nya éta média pangajaran ngagunakeun potongan-potongan kertas anu eusina aksara Sunda kalawan ngagunakeun 12 léngkah nu geus ditangtukeun dina bab saméméhna.
3.4.2.2. Nulis Aksara Sunda
Nulis Aksara Sunda nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik minangka ébréhan tina idé jeung gagasan atawa basa hiji jalma nepi ka jalma séjén bisa nyangkem éta basa ngagunakeun sistem ortografi masarakat Sunda anu disebut aksara Sunda. Anapon aksara Sunda nu dipaké nya éta wangun aksara Sunda baku hasil standarisasi ti UNICODE.
(22)
Ranu Sudarmansyah, 2014
3.5. Instrumén Panalungtikan
Alus henteuna hiji panalungtikan bisa dipangaruhan ku intrumén panalungtikan nu dipakéna. Intrumén dina hiji panalungtikan miboga pungsi salaku alat pikeun nyokot atawa ngumpulkeun data. Numutkeun Arikunto (2010: 203) instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna ogé leuwih lengkep, jeung sistematis anu ahirna data jadi babari diolah.
Minangka alat pikeun ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan dibadi jadi sababaraha rupa. Ieu hal téh disaluyukeun jeung téhnik panalungtikan tur jenis data nu dibutuhkeun ku panalungtik. Kuswari (2008:19) ngabagi intrumén panalungtikan jadi opat rupa nya éta observasi, interview (wawancara), question (angkét) jeung tés.
Observasi nya éta kagiatan ngimeutan kana hiji objék sacara teleb ngagunakeun sakabéh indra (Kuswari, 2008:20). Observasi biasana leuwih komplék ti batan wawancara jeung angkét. Intrumén tina observasi biasa ngagunakeun lembar observasi.
Angkét nya éta kumpulan patalekan anu kudu dilengkepan ku résponden, ilaharna dina wangun tinulis. Wangun angkét kabagi jadi angkét terbuka (jawaban teu disadiakeun) jeung angkét tertutup (jawaban diwatesanana). Sedengkeun Wawancara nya éta nya éta kagiatan ngumpulkeun data ku cara ngajukeun patalekan sacara lisan. Sifat jawabanana teu diwatesanan (Rusefendi, 2005:121 jeung 123).
Dina ieu panalungtikan, téhnik jeung instrumén anu dipaké nya éta téhnik tés kalawan ngagunakeun instrumén lembar tés. Téhnik tés nya éta alat ukur nu dibikeun ka individu pikeun meunangkeun jawaban-jawaban nu sipatna bener boh sacara tinulis boh sacara lisan (Sudjana & Rivai, 2010:100). Téhnik tés anu digunakeun nya éta tés uraian terstruktur wangun alih aksara. Sedengkeun lembar tés nya éta lembar eusian tinulis nu digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda. Dina ieu lembar tés aya sapuluh soal alih aksara dina wangun kecap. Éta soal ngawengku kana aksara ngalagena, aksara swara, angka jeung cara ngagunakeun rarangkén.
(23)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Lembar soal tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa ditingali tina gambar ieu di handap.
Upama ku urang ditingali tina sapuluh soal tés di luhur, aya nu mangrupa kecap rundayan aya ogé nu mangrupa kecap salancar (dasar) jeung sa-soal mangrupa soal angka anu gumulung jadi ngaran taun. Ieu hartina sakur soal di luhur miboga harti nu tangtu. Kajaba ti éta, tina soal di luhur ogé aya unsur aksara ngalagena, aksara swara, angka jeung rarangkén dina aksara Sunda. Sangkan leuwih jéntré deui, analisis éta soal bisa ditingali tina tabél ieu di handap.
Tabél 3.1.
Analisis Soal Tes Aksara Sunda
No Soal Wangun
Kecap Harti
Komponén aksara Sunda ngalagena swara rarangkén
1 Euis salancar ngaran
jelma /sa/
/eu/
/i/ pamaéh
2 Uleman rundayan ondangan;
pangangkir
/la/ /ma/ /na/.
/u/ pamepet paméh Wasta :
Kelas :
Robah kecap ieu di handap kana aksara Sunda!
1. Euis =
2. Uleman =
3. Gebyar =
4. Coplok =
5. Nyakraan =
6. Karémbong = 7. Ditoél =
8. Wahyu =
9. Ngahajakeun =
(24)
Ranu Sudarmansyah, 2014
3 Gebyar salancar
lampu minyak tanah nu anyar /ga/ /ba/ pamepet pamingkal panglayar
4 Coplok salancar
dibasakeun kana naon-naon nu udar sorangan /ca/ /pa/ /ka/ panolong panyiku pamaéh
5 Nyakraan rundayan méré tanda cakra (X)
/nya/ /ka/ /na/
/a/ panyakra pamaéh
6 Karémbong salancar
kekemben; ka asup papakéan awéwé /ka/ /ra/ /ma/ /ba/ paneling pamaéh panolong panyecek
7 Ditoél rundayan
kaayaan nalika awak urang aya nu noel. /da/ /ta/ /la/ /é/ panghulu panolong pamaéh
8 Wahyu salancar
pitulung; dawuhan Gusti /wa/ /ya/ pangwisad panyuku
9 Ngahajakeun rundayan
ngawungkul henteu diselang ku nanaon; /nga/ /ha/ /ja/ /ka/ /na/ paneuleung pamaéh
10 1945 angka
taun indonésia merdéka
Angka
Tina tabél di luhur bisa dicindekkeun yén méh dina sapuluh soalna aya aksara ngalagena jeung rarangkén sarta opat soal (nomer 1, 2, 5 jueng 7) nu aya aksara swara. Ieu hartina, aksara ngalagena (tan serepan) nu jumlahna 18 aksara jeung 13 rarangkén dina aksara Sunda geus diébréhkeun dina éta soal. Sedengkeun aksara swara nu jumlahna 7 aksara, ngan diabuskeun 5 aksara. Jadi aya 2 aksara swara nu teu diasupkeun, nya éta aksara /o/ jeung /e/ pepet. Pon kitu deui dina angka. Tina sapuluh angka (ti 0-9), nu diasupkeun ngan opat angka nu aya disoal nomer 10.
(25)
Ranu Sudarmansyah, 2014
3.6. Prosedur Panalungtikan
Panalungtikan lain mangrupa hal anu gampang keur dilaksanakeun. Ku kituna diperlukeun prosedur atawa léngkah-léngkah panalungtukan. Ayana prosedur panalungtikan téh bisa mantuan urang dina ngalaksanakeun panalungtikan sangkan éta panalungtikan bisa sistematis. Prosedur panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha léngkah saperti nu digambarkeun dina bagan 3.1. ieu di handap.
Bagan 3.1. Prosedur Panalungtikan
Dina bagan di luhur bisa katingali yén ieu panalungtikan téh dimimitian ku milih masalah anu satuluyna éta masalah téh diidéntifikasi, diwatesanan, sarta dirumuskeun. Rumusan masalah ilaharna digambarkeun dina wangun patalékan. Sanggeus netepkeun rumusan masalah, hal saterusna nu dilakukeun nya éta néangan tatapakan tiori pikeun ngajawab éta pasualan. Jawaban sacara tiori anu sipatna saheulaanan pikeun ngajawab rumusan masalah disebut hipotésis. Hipotésis nu geus dirumuskeun tuluy dibuktikeun sacara émpiris ngaliwatan panalungtikan di lapangan.
Rumusan Masalah
Raraga Tiori
Ngarumuskeun Hipotésis
Ngumpulkeun Data
Analisis Data
Kacindekan jeung Saran
Nangtukeun Instrumén
Nguji Instrumén Nangtukeun
(26)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Prosés utama tina panalungtikan di lapangan téh nya éta ngumpulkeun data jeung nganalisis data. Dina prosés ngumpulkeun data, panalungtik nangtukeun sumber data jeung nyieun intrumén nu baris dipaké dina ngumpulkeun data. Saterusna éta instrumén téh di uji ngaliwatan uji validitas jeung reliabilitas. Dina ieu panalungtikan, instrumén diuji ku cara dikonsultasikeun (judgment) ka ahli. Sanggeus dikonsultasikeun ka tilu urang ahli, éta intrumén téh digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti sumber data nya éta kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014.
Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis jeung dipedar pikeun ngajawab rumusan masalah jeung hipotésis. Dina nganalisis data panalungtik ngagunakeun statistik paramétik atawa statistik non paramétik. Ieu hal téh gumantung kana normal henteuna distribusi data. Saupama distribusi data normal, mangka analisis data ngagunakeun statistik paramétik. Sedengkeun lamun distribusi data teu normal, data dianalisis ngagunakeun statistik non paramétik.
Léngkah anu pamungkas nya éta nyindekkeun jeung méré saran. Tina hasil analisis data saterusna panalungtik nyieun kacindekan anu eusina bisa ngajawab sakur rumusan masalah jeung hipotésis nu dijieun saméméhna. Kajaba ti éta gé panalungtik méré saran atawa pamanggihna ngeunaan éta hasil panalungtikan.
3.7. Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés tulis wangun alih aksara. Tés tulis digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 dina nulis aksara Sunda saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média strip story.
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh ngaliwatan sababaraha tahapan saperti nu diébréhkeun ieu di handap.
1) Siswa dibéré tés awal pikeun ngukur kamampuh awal siswa dina nulis aksara Sunda;
2) Sabada mikanyaho hasil tés awal siswa, panalungtik nyieun jeung nataharkeun média strip sory nu baris dipaké dina prosés pangajaran.
(27)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Salian ti éta ogé, panalungtik ngarumuskeun téhnik pangajaran nu rék digunakeun.
3) Nepikeun matéri aksara Sunda dina prosés diajar ngajar kalawan ngalarapkeun média strip story dina lumangsungna prosés pangajaran. Ieu kagiatan téh disebut ogé méré treatment (perlakuan) kana variabel nu geus ditangtukeun.
4) Sanggeus ngalaksanakeun treatment ngagunakeun média strip sory dina ngajarkeun aksara Sunda, saterusna diayakeun tés ahir pikeun mikanyaho kamampuh ahir siswa dina nulis aksara Sunda kalawan ngagunakeun média strip sory.
3.8. Téhnik Nganalisis Data
Data anu geus dikumpulkeun saterusna dianalisis. Analisis data téh boga udagan pikeun ngajawab rumusan masalah jeung hipotésis anu geus ditetepkeun saméméhna.
Data hasil panalungtikan ieu téh ditujukeun pikeun ngajawab masalah-masalah nu luyu jeung rumusan masalah-masalah tur hipotésis saméméhna nu diébréhkeun ieu di handap.
a. Kumaha prak-prakan ngagunakeun média strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda ka siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014?
b. Kumaha kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda saméméh ngagunaken média strip story?
c. Kumaha kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajar 2013-2014 dina nulis aksara Sunda sanggeus ngagunaken média strip story?
d. Kumaha béda signifikansi antara kamampuh awal jeung kamampuh ahir nulis aksara Sunda siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium UPI taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média strip
(28)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Anapon hipotésis nu geus ditetepkeun saméméhna diébréhkeun ieu di handap. a. (Ha), aya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil tés ahir
siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sabada ngagunakeun média stip story.
b. (Ho), taya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil tés ahir
siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sabada ngagunakeun ngagunakeun média stip story.
Dina ngajawab rumusan masalah jeung hipotésis di luhur, dilakukeun sababaraha léngkah dina nganalisis data saperti ieu di handap.
1) Mariksa hasil pagawéan siswa dina tés awal jeung hasil tés ahir.
2) Méré peunteun kana hasil tés siswa kalawan ngagunakeun pedoman meunteun nu jelas. Arifin (2009:129) ngawincik métode penskoran jadi tilu, nya éta métode per soal (whole method), métode per lembar (separated method) jeung métode nyilang (cross method). Dumasar kana éta pamadegan, métode anu dina ieu panalungtikan nya éta métode per soal (whole method). Anapon format skala peunteun nu digunakeun bisa ditingali tina table ieu di handap.
Tabél 3.2.
Format Skala Peunteun Nulis Aksara Sunda
No Soal Aspék nu dipeunteun Skala
Peunteun ∑
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)
1 Euis ngalagena
(sa)
swara
(eu, i) pamaéh 2,5 5 2,5 10
2 Uleman ngalagena
(la, na)
swara
(u) pamepet 5 2,5 2,5 10
3 Gebyar ngalagena
(ga,ba) pamingkal panglayar 5 2,5 2,5 10
4 Coplok ngalagena
(29)
Ranu Sudarmansyah, 2014
5 Nyakraan ngalagena
(nya, ka)
swara
(a) panyakra 5 2,5 2,5 10
6 Karémbong ngalagena
(ra, ma) panéléng panyecek 5 2,5 2,5 10
7 Ditoél ngalagena
(da, ta)
swara
(é) panghulu 5 2,5 2,5 10
8 Wahyu ngalagena
(wa, ya) panyuku pangwisad 5 2,5 2,5 10 9 Ngahajakeun
ngalagena
(nga, ha, ja) paneuleung - 7,5 2,5 - 10
10 1945 angka - - Nilai tiap
angka 2,5 10
JUMLAH 100
Dumasar kana format skala peunteun nulis aksara Sunda nu geus ditetepkeun, skor maksimal siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir siswa (dina unggal tés) kalayan ngagunakeun rumus:
Katerangan:
P = Peunteun
∑ skor siswa = jumlah peunteun siswa
∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal
3) Nyieun tabél tabulasi data sangkan dina ngolah peunteun siswa jadi leuwih gampang jeung jéntré. Salian ti éta gé, ku ayana data nu ditabulasikeun gé bisa dipaké pikeun nguji hipotésis. Data nu ditabulasikeun bisa ditingali tina tabél ieu di handap.
(30)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Tabél 3.3.
Tabulasi Kamampuh Siswa dina Nulis Aksara Sunda
KM
Kategori Penilaian
q r
aksara Rarangkén angka
a b c d e f g h i j k l m n o p
T CT Rata-rata kelas
Keterangan:
KM = Kode Murid k = Rarangkén “Pamingkal”
a = Aksara Swara l = Rarangkén “Pamaéh”
b = Aksara Ngalagena m = Rarangkén “Panyuku”
c = Rarangkén “Panghulu” n = Rarangkén “Panyiku”
d = Rarangkén “Pamepet” o = Rarangkén “Panyakra”
e = Rarangkén “Paneuleung” p = Angka
f = Rarangkén “Panglayar” q = Peunteun
g = Rarangkén “Panyecek” r = Kategori
h = Rarangkén “Panéléng” T = Tuntas
i = Rarangkén “Panolong” CT = Can Tuntas
j = Rarangkén “Pangwisad”
Kategori:
- Peunteun ≥ 75 dianggap “Tuntas”, hartina siswa geus mampuh nulis aksara Sunda.
- Peunteun ≤ 75 dianggap “Can Tuntas”, hartina siswa dianggap can mampuh nulis aksara Sunda.
4) Hal saterusna nu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta nguji hipotésis. Dina nguji hipotésis, panalungtik ngagunakeun statistik anu ngawengku uji sipat data, uji gain jeung uji hipotésis.
(31)
Ranu Sudarmansyah, 2014 3.8.1. Uji Sipat Data
Uji sipat data nya éta prosés nguji data nu geus dikumpulkeun ngaliwatan sawatara tahapan uji. Uji sipat data nu dilakukeun dina ieu panalungtikan ngawengku kana uji normalitas jeung uji homogénitas.
3.8.1.1. Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sifat data nu pungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Uji normalitas data bisa dilakukeun ngaliwatan sababaraha téhnik di antarana téhnik Kertas Peluang jeung
Chi Kuadrat. Dina ieu uji normalitas data, téhnik anu digunakeun nya éta téhnik chi kuadrat (X2).
Dina ngalarapkeun téhnik chi kuadrat, aya sababaraha léngkah anu kudu dilaksanakeun saperti ieu di handap.
1. Nangtukeun peunteun nu panggedéna jeung pangleutikna. 2. Ngitung Rentang Niléy (Range).
Range nya éta béda antara niléy nu panggedéna jeung niléy nu
pangleutikna dina hiji distribusi data. Range lain ukuran variabilitas anu hadé lantaran sipat tina range ngan ukur méré éstimasi variabilitas nu gancang tur kasar. Beuki luhur niléy range tina hiji data, nuduhkeun yén niléy-niléyna leuwih lega (Darmadi, 2013:313). Dina ngitung rentang niléy (range) rumus nu di gunakeun ny éta saperti ieu di handap.
Katerangan:
r = rentang atawa range Xmax = niléy panggedéna
Xmin = niléy pangleutikna
(Darmadi, 2013:313) 3. Nangtukeun Jumlah Kelas Interval (k).
Jumlah kelas interval nya éta lobana interval nu dipaké dina sebaran data. Lamun jumlah kelas inter saeutik, berarti informasi data teu lengkep
(32)
Ranu Sudarmansyah, 2014
lantaran sebaran data leuwih lega. Jumlah kelas interval diitung dumasar kana rumus émpiris Sturgess saperti ieu di handap.
Keterangan :
k = jumlah kelas interval n = lobana data
3,3 = bilangan konstan
(Sudjana, 2010:130) 4. Nangtukeun Panjang Kelas Interval (p)
Interval kelas atawa panjang kelas nya éta béda data nu panggedéna jeung pangleutikna sarta lobana kelas. Dina ngitung panjang kelas interval ngagunakeun rumus ieu di handap.
Keterangan:
p = panjang kelas (interval kelas) r = rentang
k = banyaknya kelas
(Subana, 2000:39) 5. Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir. Tabél frékuénsi
peunteun bisa ditingali tina tabél ieu di handap. Tabél 3.4
Format Frékuénsi Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir Siswa
No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1 2
∑
6. Ngitung Rata-Rata (Mean) Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir.
Rata-rata (mean) nya éta niléy rata-rata (aritmétika) tina hiji data. Mean keur data tunggal diitung ku cara ngajumlahkeun kabéh data terus
k = 1 + 3,3 log n
(33)
Ranu Sudarmansyah, 2014
dibagi ku lobana data. Sedengkeun mean keur data kelompok diitung ku cara ngalikeun nilai tengah tina unggal interval kelas jeung frékuénsi tina unggal kelas (Siregar, 2011:20-21).
Dina ieu panalungtikan rumus mean anu digunakeun nya éta rata-rata (mean) itung data kelompok anu digambarkeun dina rumus ieu di handap.
Keterangan:
̅ = rata-rata itung (mean)
∑ = jumlah
fi = frékuénsi data
xi = niléy tengah
(Subana, 2000:63) 7. Ngitung Standar Déviasi (sd)
Standar déviasi (simpangan baku) nya éta niléy nu ngagambarkeun tingkat variasi tina hiji kelompok data. Sumpangan baku lamun dikuadratkeun hasilna jadi varians (s2) (Usman & Akbar, 2003:95). Simpangan baku anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa ditingali tina rumus ieu di handap.
(Usman, 2003:95) 8. Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan) kalawan ngagunakeun sababaraha léngkah. Anapon léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.
a. Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi saperti ieu di handap.
Tabel 3.5
Perhitungan Chi Kuadrat.
̅ ∑ ∑
(34)
Ranu Sudarmansyah, 2014 Kelas
Interval fo Bk Z Ztabél L fh
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
∑
Katerangan:
Kelas Interval : lobana kelas interval ngagunakeun aturan Strugess
fo : frékuénsi observasi
Bk : batas kelas
Z : angka baku (transformasi normal standar bébas kelas) Ztabél : niléy Z tina tabél distribusi data normal
L : lega kelas interval
Fh : frékuénsi ékspéktasi
(Subana, 2000: 125) b. Nangtukeun frékuénsi observasi (fo), nya éta lobana data nu kaasup
kana hiji kelas interval. Nilai fo bisa ditingali tina nilai frékuénsi data
kelompok nu geus dijieun saméméhna.
c. Nangtukeun batas kelas interval (bk).
Batas kelas nya éta niléy tepi kelas handap jeung tepi kelas luhur dina hiji interval kelas data. Batas kelas tepi handap diitung ku cara ngurangan 0,5, sedengkeun batas kelas tepi luhur diitung ku cara nambahkeun 0,5 (Riduan, 2013:189).
d. Ngitung Z atawa angka baku (transformasi normal standar kelas). Angka baku nya éta ukuran posisi relatif anu digunakeun lamun data ngagambarkeun hiji skala interval. Nilai Z ngagambarkeun sakumaha jauhna hiji nilai kana mean dina istilah satuan déviasi standar (Sd) (Darmadi, 2013: 317). Dumasar kana pamadegan di luhur, Zitung
bisa digambarkeun jeung diitung ngagunakeun rumus ieu di handap.
(Riduan, 2013:189) ̅
(35)
Ranu Sudarmansyah, 2014
e. Nangtukeun Ztabél dumasar kana Z(itung) kalawan ningali kana distribusi
tabél Z.
f. Ngitung legana unggal kelas interval (L) dilakukeun ngagunakeun 2 rumus ieu di handap.
Rumus 1
Rumus 2
(Riduan, 2013:193)
Dina ngitung kabéh luas kelas interval, boh anu niléyna sahandapeun rata-rata, boh niléy anu saluhureun rata-rata rumus anu digunakeun nya éta rumus ka-1, iwal dina ngitung luas kelas interval anu niléyna aya dina kelas interval anu jumlah frékuénsina panglobana, rumus anu digunakeun nya éta rumus ka-2.
g. Ngitung frékuénsi ékspéktasi/harapan (fh).
(Panggabéan, 1996: 114)
h. Nangtukeun niléy chi kuadrat (X2)
(Sudjana, 2010:145)
i. Nangtukeun derajat kebebasan (dk)
L = Ztabél1 – Ztabél2
fh = n x L
∑
(36)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Derajat kebebasan (dk) nya éta fungsi tina faktor-faktor saperti jumlah subjék jeung jumlah kelompok (Darmadi, 2013:328). Derajat kebebasan bisa diitung maké rumus ieu di handap.
(Usman, 200:279) j. Nangtukeun harga X2tabel kalawan ningali kana distribusi tabél chi
kuadrat.
k. Nangtukeun normalitas data kalawan ngagunakeun kritéria ieu di handap.
(1) Lamun X2itung < X2tabél hartina distribusi data normal.
(2) Lamun X2itung > X2tabél hartina distribusi data teu normal.
3.8.1.2. Uji Homogénitas
Uji homogénitas disebut ogé uji kesamaan dua varians. Uji kesamaan dua varians digunakeun pikeun nguji homogén henteuna éta varians ku cara ngabandingkeun dua varians-na. Upama varians tina éta data sarua niléyna, mangka uji homogénitas teu kudu dilakukeun lantaran data geus dianggap homogén. Tapi lamun varians tina éta data béda (teu sarua gedéna), mangka uji homogénitas kudu dilakukeun ngaliwatan uji kesamaan dua varians. Saméméh urang ngalaksanakeun uji homogénitas, aya sarat anu kudu dicumponan nya éta sifat data kudu miboga distribusi nu normal (Usman, 2003:133).
Dina ieu panalungtikan, uji homogénitas dilaksanakeun dumasar kana pamadegan Sudjana (2005:95) jeung Panggabéan (1996:115) ngaliwatan sababaraha léngkah anu dilakukeun, di antarana saperti ieu di handap.
1) Ngitung heula varians tina masing-masing kelompok data. Varians tés awal diitung ngagunakeun rumus:
dk = k – 3
∑ ∑
(37)
Ranu Sudarmansyah, 2014 Katerangan:
S12 = varians tés awal
fi = frékuénsi
xi = niléy tengah n = jumlah data
Varians tés ahir diitung ngagunakeun rumus:
Katerangan:
S12 = varians tés ahir
fi = frékuénsi
xi = niléy tengah
n = jumlah data
(Sudjana, 2005:95) 2) Ngitung harga varians ku cara ngabandingkeun hasil varians tés awal jeung tés ahir. Sacara matématik bisa dirumuskeun saperti rumus ieu di tukang.
Katerangan :
F = harga variasi
s2b = variasi nu panggedéna
s2k = variasi nu pangleutikna
(Panggabéan, 1996:115) 3) Ngitung derajat kabébasan (dk) pikeun nangtukeun Ftabel ngagunakeun
rumus ieu di handap.
Katerangan:
dk1 = dk pembilang dk2 = dk penyebut
∑
∑
dk1 = n – 1 dk2 = n – 1
(38)
Ranu Sudarmansyah, 2014
k = jumlah variable bebas jeung kauger n = lobana sampel
(Riduwan, 2013:186) 4) Ngabandingkeun Fitung jeung Ftabel
5) Nyieun kacindekan atawa nangtukeun homogén henteuna éta data dumasar kana kritéria ieu di handap.
a) Saupama Fitung < Ftabél hartina éta varians téh homogén.
b) Saupama Fitung > Ftabél hartina éta varians téh teu homogén.
3.8.2. Uji Gain
Tahapan saterusna dina ngolah data nya éta nguji gain. Dina prosés ngolah data, uji gain miboga pungsi pikeun nangtukeun aya henteuna béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain mangrupa gambaran anu bisa dipaké pikeun ngagambarkeun pangaruh média strip sory dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014.
Rumusan anu dipaké pikeun ngajawab aya henteuna béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir sanggeus dibéré perlakuan, bisa dirumuskeun saperti ieu di handap.
(ha) : ̅pretés ≠ ̅postés, hartina aya béda anu signifikan antara jumlah rata-
rata tés awal jeung jumlah rata-rata tés ahir.
(ho) : ̅pretés = ̅postés, hartina taya béda anu signifikan antara jumlah rata-
rata tés awal jeung jumlah rata-rata tés ahir.
Dina ngébréhkeun datana baris make tabél anu dicutat tina Darmadi (2013:180) ngeunaan uji jumlah data tés awal jeung data tés ahir kalawan diitung selisih (déviasina).
Tabél 3.6
Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun
No Ngaran
Siswa
Peunteun Pretés
(x1)
Peunteun Postés
(x2)
D D2
(39)
Ranu Sudarmansyah, 2014
∑
̅
3.8.3. Uji Hipotésis
Uji hipotésis digunakeun pikeun ngukur bebeneran tina hipotésis nu digunakeun saméméhna. Aya dua istilah nu ilahar dina nguji hipotésis, nya éta narima kana éta hipotésis atawa nolak kana éta hipotésis. Saupama hipotésis kerja (ha) ditarima jeung hipotésis nol (ho) ditolak, mangka bisa disebutkeun yén éta
panalungtikan téh geus mampuh ngahontal tujuan panalungtikan anu geus dirarancang saméméhna. Pon kitu deui sabalikna, lamun hipotesis nol (ho) ditarima jeung hipotésis kerja (ha) ditolak, hartina udagan tina éta panalungtikan téh can bisa dihontal.
Dina nguji hipotésis, panalungtik bisa ngagunakekun dua cara dumasar kana distribusi datana. Saupama tina hasil uji normalitas data, kapanggih yén distribusi datana normal mangka panalungtik bisa nguji hipotésis ngagunakeun statistik paramétris kalawan métode t test (tés signifikansi). Tapi saupama tina hasil uji normalitas data nuduhkeun yén distribusi data teu normal, mangka panalungtik kudu ngagunakeun statistik non-paramétik kalayan ngagunakeun uji wilcixon.
Dina ieu panalungtikan, hipotésis baris diuji maké métode t test saupama distribusi data normal jeung maké métode uji wilcoxon lamun distribusi datana normal.
3.8.3.1. Uji Hipotésis Ngagunakeun Statistik Paramétrik.
Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina nguji hipotésis kalawan ngagunakeun métode uji t test (uji signifikansi) ngawengku ieu di handap.
(40)
Ranu Sudarmansyah, 2014
1. Nangtukeun rata-rata (mean) tina béda tés awal jeung tés ahir kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap.
(Subana, 2000:131)
2. Ngitung derajat kebebasan dumasar kana rumus ieu di handap.
(Darmadi, 2013:348) 3. Ngitung jumlah kuadrat déviasi (varians) kalawan ngagunakeun rumus ieu
di handap.
(Darmadi, 2013:349) 4. Ngitung t (signifikansi), kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap.
Katerangan:
T = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda hasil tés awal jeung tés ahir
∑x2d = jumlah kuadrat déviasi (varians) N = jumlah subjék data.
(Subana, 2000:331) 5. Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kritéria ieu di
handap.
Gambaran hipotésis: Ha: x ≠ y
Ho: x = y Tafsiran :
∑
Dk = n-1
∑ ∑ ∑
(41)
Ranu Sudarmansyah, 2014
(1) Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis kerja (ha) ditarima jeung
hipotésis nol (ho) ditolak. Ieu hartina aya béda nu signifikan antara
hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story.
(2) Saupama titung < ttabél, hartina hipotésis kerja (ha) ditolak jeung
hipotésis nol (ho) ditarima. Ieu hartina taya béda nu signifikan antara
hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story.
3.8.3.2. Uji Hipotésis Ngagunakeun Statistik Non-Paramétrik.
Salah sahiji cara nguji hipotésis ngagunakeun statistik nonparamétik nya éta maké uji wilcoxon. Uji wilcoxon mangrupa téhnik nguji hipotésis saupama sifat datana teu miboga distribusi nu normal. Sudjana (1975:437) méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkah nu digunakeun dina uji wilcoxon kalawan dibarung ku tabél bantu saperti ieu di tukang.
Tabél 3.7 Tabél Uji Wolcoxon
KS XAI XBI Béda Tanda Jenjang
XAI-XBI Jenjang + -
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Katerangan:
XAI = peunteun tés awal XBI = peunteun tés ahir
Léngkah-léngkahna ngawengku ieu di handap.
(1) Ngasupkeun peunteun tés awal siswa kana kolom k-2 (XAI). (2) Ngasupkeun peunteun tés ahir siswa kana kolom k-3 (XBI).
(42)
Ranu Sudarmansyah, 2014
(3) Ngitung béda antara tés awal jeung tés ahir, tuluy ngasupkeun hasilna kana kolom 4.
(4) Nangtukeun jengjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna.
(5) Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa niléy jengjangna.
(6) Sanggeus diurutkeun, saterusna ngasupkeun niléy jengjang kana kolom ka-5.
(7) Ngasupkeun niléy jengjang anu positif kana kolom ka-6, saupama aya niléy jenjang anu négatip asupkeun kana kolom ka-7.
(8) Ngabandingkeun witung jeung wtabél ku cara ningali kana tabél harga kritis
uji wilcoxon.
(9) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kriteria ieu di handap. (a) Saupama witung < wtabél, dumasar tarap nyata nu ditangtukeun, berati
hipotésis kerja (ha) ditarima. Ieu hartina aya béda nu signifikan antara
hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story.
(b) Saupama witung > wtabél, dumasar tarap nyata nu ditangtukeun, berati
hipotésis kerja (ha) ditolak. Ieu hartina taya béda nu signifikan antara
hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story.
(43)
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI
5.1. Kacindekan
Léngkah pamungkas nu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta nyusun kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan disusun dumasar kana data nu geus dikumpulkeun, dianalisis, jeung dipedar di bab saméméhna. Ku ayana ieu kacindekan dipiharep bisa ngajawab sakur pasualan nu aya dina rumusan masalah jeung bisa méré gambaran umum ka nu maca sangkan bisa nyangkem kana hasil panalungtikan. Anapon kacindekan dina ieu panalungtikan ngawengku kana sawatara hal saperti ieu di handap.
1) Prosés pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média strip story lumangsung dina waktu 3 minggu (tilu kali pertemuan) kalawan ngaliwatan dua belas léngkah anu disusun sacara sistematis dumasar kana conto nu diébréhkeun ku Arsyad (2009:122). Salila lumangsungna prosés pangajaran ngagunakeun média strip story, siswa leuwih aktif ti batan guru lantaran siswa ngalaman prosés 5 M (mengamati, menanya, menalar, mencoba, jeung
mengkomunikasikan).
2) Kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média strip story ngaronjat. Ieu katingali tina hasil tés awal jeung tés ahir. Saméméh ngagunakeun média strip story kapanggih yén 27 urang siswa atawa 90% siswa niléyna < 75 kalawan katégori can mampuh jeung 3 urang siswa atawa 10% siswa niléyna ≥ 75 kalawan katégori mampuh. Sedengkeun sanggeus ngagunakeun média strip story kapanggih yén saurang siswa atawa 3,3% siswa niléyna < 75 kalawan katégori can mampuh jeung 29
urang siswa atawa 96,7% siswa niléyna ≥ 75 kalawan katégori mampuh.
3) Aya béda anu signifikan antara hasil tés awal saméméh ngagunakeun média
strip story jeung hasil tés ahir sanggeus ngagunakeun média strip story. Tina
hasil uji gain, rata-rata tés awal siswa nya éta 55,25 sedengkeun rata-rata tés ahir siswa nya éta 86,25. Ku kituna kapanggih rata-rata gainna nya éta 31,00.
(44)
4) Média strip story bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda. Ieu dibuktikeun ku hasil uji hipotésis anu ngébréhkeun yén titung > ttabél.
Dumasar kana hasil itungan uji hipotésis, titung niléyna 18,4. Sedengkeun ttabél
hargana 2,76 kalawan derajat kepercayaan 99%. Ku kituna bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (ha) bisa ditarima, sedengkeun hipotésis nol (ho) ditolak. Ieu hartina aya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story..
Dumasar kana pedaran di luhur, sacara gurat badagna bisa dicindekkeun yén média strip story mampuh ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 dina nulis aksara Sunda.
5.2. Rékomendasi
Sanggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 kalawan mikanyaho kana hasilna, panalungtik ngarékoméndasikeun sababaraha hal, di antarana:
(1) Média strip story bisa dijadikeun alternatif dina ngajarkeun pangajaran lianna, boh matéri séjénna dina pangajaran basa Sunda boh matéri saluareun pangajaran basa Sunda, lantaran bisa ngaronjatkeun aktivitas siswa di jero kelas tur mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa, hususna dina nulis aksara Sunda;
(2) Sangkan hasil tina ieu panalungtikan bisa digeneralisasikeun kana populasi anu leuwih jembar, ku kituna diperlukeun pisan panalungtikan ékspérimén murni ngeunaan média strip story;
(3) Gunakeun média pangajaran séjénna, boh anu sipatna visual boh anu sifatna média audio-visual dina ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda;
(45)
(4) Panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak jeung produktif deui dina nataharkeun jeung ngamekarkeun média strip story nu dipaké dina prosés pangajaran; jeung
(5) Salian ti dijieun média, strip story gé bisa dijadikeun aksésoris séjénna anu bisa nambahan pangaweruh, saperti gantungan tas, gantungan konci, jeung stiker aksara Sunda lantaran wangun média strip story anu basajan tur bisa dibawa kamana-mana.
(46)
Ranu Sudarmansyah, 2014
DAPTAR PUSTAKA
Achmad, A. 2003. Makalah Penerapan Media Visual dalam Proses Belajar
Mengajar. Makasar: teu diterbitkeun.
Abidin, Y. 2012. Pembelajaran Bahasa Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: Refika Aditama
Arsyad, A. 2009. Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Arifin, Z. 2009. Evaluasi Pembelajaran. Bandung: Rosdakarya.
Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Bandung: Rinéka Cipta.
Asyhar, R. 2012. Kreatif Mengembangkan Media Pembelajaran. Jakarta: Referensi. Baidillah, I, spk. 2010. Aksara Sunda: Pangajaran Maca jeung Nulis Aksara Sunda
pikeu Guru jeung Murid SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA. Bandung: CV.
Walatra.
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Darmadi, H. 2013. Dimensi-dimensi Metode Penelitian Pendidikan dan Sosial:
Konsep Dasar dan Implementasinya. Bandung: Alfabeta.
Darsa, U.A. 2005. Aksara Sunda dan Sistem Tata Tulisnya. Bandung: CV. Walatra. Daryanto. 2013. Media Pangajaran:Peranannya Sangat Penting dalam Mencapai
Tujuan Pembelajaran. Yogyakarta: Gava Media.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia: Edisi
Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi
Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung : Disdik Jabar.
Ervani, E. 2013. Média Flash Card pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara
Sunda. Skripsi JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkan.
Hamalik, O. 2009. Pendekatan Baru Strategi Belajar Mengajar Berdasarkan CBSA. Bandung : Sinar Baru Algensindo.
(47)
Hasanah, M. 2010.Upaya Peningkatkan Hafalan Siswa dengan Menggunakan Media Pembelajaran Strip Story pada Mata Pelajaran Al-Qur’an Al-Hadits. Skripsi
Mahasiswa Jurusan PAI UIN SGD: teu diterbitkeun.
Kuswari, U. 2008. Penelitian Pendidikan Bahasa. Universitas Pendidikan Indonesia. Lembar UU no 20 tahun 2003 tentang Sistem Pendidikan Nasional.
Lembar SK Gubernur Jawa Barat nomor :434/SK.614-DisPK/99 tanggal 16 Juni 1999 ngeunaan Pembakuan Aksara Sunda
Mulyanto. 2012. Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku Kaganga. Bandung: Kiblat
Munadi, Y. 2010. Media Pembelajaran: sebuah Pendekatan Baru. Jakarta: GP Press Nurbaeti, S. 2013. Model Memorization Metode Mnemonik dina Pangajaran Nulis
Aksara Sunda. Skripsi JPBD FPBS UPI Bandung:tei diterbitkeun.
Nurjanah, N. 2007. Handout Tiori Nulis. Diterbitkeun ku JPBD FPBS UPI. Nurjanah, N. 2009. Teori jeung Pangajaran Kaparigelan Nulis. Diterbitkeun ku
JPBD FPBS UPI.
Panggabean, L. 1996. Penelitian Pendidikan. Bandung : IKIP
Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. 2012. Universitas Pendidikan Indonesia.
Peraturan Daerah Nomor 5 Tahun 2003 tentang Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah. Pemerinth Provinsi Jawa Barat.
Peraturan Daerah Nomor 09 Tahun 2012 tentang Penggunaan, Pemeliharaan dan Pengembangan Bahasa, Sastra dan Aksara Sunda. Dinas Pendidikan Kota Bandung.
Riduwan. 2013. Dasar-dasar Statistika. Bandung: Alfabeta.
Ruhaliah. 2012. Pediman Ringkas: Transliterasi, Edisi dan Terjemahan: Aksara
Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: CV Wahana Grafika.
Rusefendi, H.E.T. 2005. Dasar-dasar Penelitian Pendidikan & Bidang Non-Eksakta
Lainnya. Bandung: Tarsito.
Sadiman, A.S, spk. 2012. Media Pendidikan: Pengertian, Pengembangan dan
(48)
Siregar, S. 2011. Statistika Deskriptip untuk Penelitian. Jakarta: Rajawali Pers. Subana, dkk. 2000. Statistik Pendidikan. Bandung: Pustaka Jaya.
Sudaryat, Y. spk. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sugiyono. 2013. Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sudjana. 2005. Metode Stasitika. Bandung: Tarsito.
Sudjana, N. & Ahmad R. 2010. Penelitian dan Penilaian Pendidikan. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Sudjana, N & Ahmad R. 2011. Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo. Sukiman. 2012. Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Pedagogia. Suryani, E. 2011. Calakan Aksara, Basa, Sastra katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia
Indonesia.
Suryani, E. 2011. Kamahéran jeung Kaparigelan Aksara Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tarigan, H. G. 2008. Menulis: Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tim UNICODE Aksara Sunda. 2008. Direktori Aksara Sunda Untuk Unicode. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
(1)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Media strip story dina pangajaran nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI
5.1. Kacindekan
Léngkah pamungkas nu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta nyusun kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan disusun dumasar kana data nu geus dikumpulkeun, dianalisis, jeung dipedar di bab saméméhna. Ku ayana ieu kacindekan dipiharep bisa ngajawab sakur pasualan nu aya dina rumusan masalah jeung bisa méré gambaran umum ka nu maca sangkan bisa nyangkem kana hasil panalungtikan. Anapon kacindekan dina ieu panalungtikan ngawengku kana sawatara hal saperti ieu di handap.
1) Prosés pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média strip story
lumangsung dina waktu 3 minggu (tilu kali pertemuan) kalawan ngaliwatan dua belas léngkah anu disusun sacara sistematis dumasar kana conto nu diébréhkeun ku Arsyad (2009:122). Salila lumangsungna prosés pangajaran ngagunakeun média strip story, siswa leuwih aktif ti batan guru lantaran siswa ngalaman prosés 5 M (mengamati, menanya, menalar, mencoba, jeung
mengkomunikasikan).
2) Kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun média strip story ngaronjat. Ieu katingali tina hasil tés awal jeung tés ahir. Saméméh ngagunakeun média strip story kapanggih yén 27 urang siswa atawa 90% siswa niléyna < 75 kalawan katégori can mampuh jeung 3
urang siswa atawa 10% siswa niléyna ≥ 75 kalawan katégori mampuh.
Sedengkeun sanggeus ngagunakeun média strip story kapanggih yén saurang siswa atawa 3,3% siswa niléyna < 75 kalawan katégori can mampuh jeung 29
urang siswa atawa 96,7% siswa niléyna ≥ 75 kalawan katégori mampuh.
3) Aya béda anu signifikan antara hasil tés awal saméméh ngagunakeun média
strip story jeung hasil tés ahir sanggeus ngagunakeun média strip story. Tina
hasil uji gain, rata-rata tés awal siswa nya éta 55,25 sedengkeun rata-rata tés ahir siswa nya éta 86,25. Ku kituna kapanggih rata-rata gainna nya éta 31,00.
(2)
4) Média strip story bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda. Ieu dibuktikeun ku hasil uji hipotésis anu ngébréhkeun yén titung > ttabél.
Dumasar kana hasil itungan uji hipotésis, titung niléyna 18,4. Sedengkeun ttabél
hargana 2,76 kalawan derajat kepercayaan 99%. Ku kituna bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (ha) bisa ditarima, sedengkeun hipotésis nol (ho) ditolak. Ieu hartina aya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil tés ahir siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média stip story..
Dumasar kana pedaran di luhur, sacara gurat badagna bisa dicindekkeun yén média strip story mampuh ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas X Sainték 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 dina nulis aksara Sunda.
5.2. Rékomendasi
Sanggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X Saintek 1 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013-2014 kalawan mikanyaho kana hasilna, panalungtik ngarékoméndasikeun sababaraha hal, di antarana:
(1) Média strip story bisa dijadikeun alternatif dina ngajarkeun pangajaran lianna, boh matéri séjénna dina pangajaran basa Sunda boh matéri saluareun pangajaran basa Sunda, lantaran bisa ngaronjatkeun aktivitas siswa di jero kelas tur mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa, hususna dina nulis aksara Sunda;
(2) Sangkan hasil tina ieu panalungtikan bisa digeneralisasikeun kana populasi anu leuwih jembar, ku kituna diperlukeun pisan panalungtikan ékspérimén murni ngeunaan média strip story;
(3) Gunakeun média pangajaran séjénna, boh anu sipatna visual boh anu sifatna
(3)
106
Ranu Sudarmansyah, 2014
Media strip story dina pangajaran nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(4) Panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak jeung produktif deui dina nataharkeun jeung ngamekarkeun média strip story nu dipaké dina prosés pangajaran; jeung
(5) Salian ti dijieun média, strip story gé bisa dijadikeun aksésoris séjénna anu bisa nambahan pangaweruh, saperti gantungan tas, gantungan konci, jeung stiker aksara Sunda lantaran wangun média strip story anu basajan tur bisa dibawa kamana-mana.
(4)
Ranu Sudarmansyah, 2014
Media strip story dina pangajaran nulis aksara sunda
DAPTAR PUSTAKA
Achmad, A. 2003. Makalah Penerapan Media Visual dalam Proses Belajar
Mengajar. Makasar: teu diterbitkeun.
Abidin, Y. 2012. Pembelajaran Bahasa Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: Refika Aditama
Arsyad, A. 2009. Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Arifin, Z. 2009. Evaluasi Pembelajaran. Bandung: Rosdakarya.
Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Bandung: Rinéka Cipta.
Asyhar, R. 2012. Kreatif Mengembangkan Media Pembelajaran. Jakarta: Referensi. Baidillah, I, spk. 2010. Aksara Sunda: Pangajaran Maca jeung Nulis Aksara Sunda
pikeu Guru jeung Murid SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA. Bandung: CV.
Walatra.
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Darmadi, H. 2013. Dimensi-dimensi Metode Penelitian Pendidikan dan Sosial:
Konsep Dasar dan Implementasinya. Bandung: Alfabeta.
Darsa, U.A. 2005. Aksara Sunda dan Sistem Tata Tulisnya. Bandung: CV. Walatra. Daryanto. 2013. Media Pangajaran:Peranannya Sangat Penting dalam Mencapai
Tujuan Pembelajaran. Yogyakarta: Gava Media.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia: Edisi
Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi
Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung : Disdik Jabar.
Ervani, E. 2013. Média Flash Card pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara
Sunda. Skripsi JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkan.
Hamalik, O. 2009. Pendekatan Baru Strategi Belajar Mengajar Berdasarkan CBSA. Bandung : Sinar Baru Algensindo.
(5)
108
Ranu Sudarmansyah, 2014
Media strip story dina pangajaran nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Hasanah, M. 2010.Upaya Peningkatkan Hafalan Siswa dengan Menggunakan Media
Pembelajaran Strip Story pada Mata Pelajaran Al-Qur’an Al-Hadits. Skripsi
Mahasiswa Jurusan PAI UIN SGD: teu diterbitkeun.
Kuswari, U. 2008. Penelitian Pendidikan Bahasa. Universitas Pendidikan Indonesia. Lembar UU no 20 tahun 2003 tentang Sistem Pendidikan Nasional.
Lembar SK Gubernur Jawa Barat nomor :434/SK.614-DisPK/99 tanggal 16 Juni 1999 ngeunaan Pembakuan Aksara Sunda
Mulyanto. 2012. Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku Kaganga. Bandung: Kiblat
Munadi, Y. 2010. Media Pembelajaran: sebuah Pendekatan Baru. Jakarta: GP Press Nurbaeti, S. 2013. Model Memorization Metode Mnemonik dina Pangajaran Nulis
Aksara Sunda. Skripsi JPBD FPBS UPI Bandung:tei diterbitkeun.
Nurjanah, N. 2007. Handout Tiori Nulis. Diterbitkeun ku JPBD FPBS UPI. Nurjanah, N. 2009. Teori jeung Pangajaran Kaparigelan Nulis. Diterbitkeun ku
JPBD FPBS UPI.
Panggabean, L. 1996. Penelitian Pendidikan. Bandung : IKIP
Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. 2012. Universitas Pendidikan Indonesia.
Peraturan Daerah Nomor 5 Tahun 2003 tentang Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah. Pemerinth Provinsi Jawa Barat.
Peraturan Daerah Nomor 09 Tahun 2012 tentang Penggunaan, Pemeliharaan dan Pengembangan Bahasa, Sastra dan Aksara Sunda. Dinas Pendidikan Kota Bandung.
Riduwan. 2013. Dasar-dasar Statistika. Bandung: Alfabeta.
Ruhaliah. 2012. Pediman Ringkas: Transliterasi, Edisi dan Terjemahan: Aksara
Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: CV Wahana Grafika.
Rusefendi, H.E.T. 2005. Dasar-dasar Penelitian Pendidikan & Bidang Non-Eksakta
Lainnya. Bandung: Tarsito.
Sadiman, A.S, spk. 2012. Media Pendidikan: Pengertian, Pengembangan dan
(6)
Siregar, S. 2011. Statistika Deskriptip untuk Penelitian. Jakarta: Rajawali Pers. Subana, dkk. 2000. Statistik Pendidikan. Bandung: Pustaka Jaya.
Sudaryat, Y. spk. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sugiyono. 2013. Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sudjana. 2005. Metode Stasitika. Bandung: Tarsito.
Sudjana, N. & Ahmad R. 2010. Penelitian dan Penilaian Pendidikan. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Sudjana, N & Ahmad R. 2011. Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo. Sukiman. 2012. Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Pedagogia. Suryani, E. 2011. Calakan Aksara, Basa, Sastra katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia
Indonesia.
Suryani, E. 2011. Kamahéran jeung Kaparigelan Aksara Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tarigan, H. G. 2008. Menulis: Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tim UNICODE Aksara Sunda. 2008. Direktori Aksara Sunda Untuk Unicode. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat